• Tidak ada hasil yang ditemukan

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TARJAMAH QUR’AN ANALISIS STRUKTUR JEUNG SÉMANTIK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TARJAMAH QUR’AN ANALISIS STRUKTUR JEUNG SÉMANTIK."

Copied!
39
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

Kaca:

PERNYATAAN……… iv

ABSTRAK (BASA INDONÉSIA)….……….. v

ABSTRAK (BASA SUNDA)………... vi

ABSTRACT………... vii

PANGJAJAP……… viii

KEDALING NUHUN………... ix

DAPTAR EUSI……… xi

DAPTAR AKRONIM JEUNG WANCAHAN………... xiv

DAPTAR BAGAN………... xv

DAPTAR GAMBAR……… xvii

DAPTAR TABÉL ……… xviii

BAB I BUBUKA………... 1

1.1 Kasang Tukang………... 1

1.2 Rumusan Masalah………... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan..………... 7

1.3.1 Tujuan Umum……….. 7

1.3.2 Tujuan Husus………... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan………. 8

1.4.1 Mangpaat Praktis……….. 8

1.4.2 Mangpaat Tioritis………. 9

(2)

BAB II ULIKAN KALIMAH DINA TARJAMAH QUR’AN,

ASUMSI, JEUNG RARAGA MIKIR………. 11

2.1 Kalimah………... 11

2.1.1 Wangenan Kalimah……….. 11

2.1.2 Ciri-ciri Kalimah……….. 13

2.1.3 Unsur Kalimah………. 15

2.1.4 Papasingan Kalimah………. 17

2.1.5 Fungsi, Katégori, Harti, jeung Hubungan Sémantis dina Kalimah.. 46

2.2 Tarjamah Qur'an……….. 50

2.2.1 Wangenan Tarjamah……… 50

2.2.2 Wanda Tarjamah……….. 53

2.2.3 Prosés Narjamahkeun………... 55

2.2.4 Ngésérna Tarjamahan……….. 56

2.2.5 Adegan Kalimah Basa Arab………. 57

2.3 Asumsi……… 60

2.4 Raraga Mikir………... 60

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN……… 62

3.1 Métode Panalungtikan………. 62

3.2 Disain Panalungtikan……….. 62

3.3 Wangenan Operasional………... 64

3.4 Sumber Data……… 65

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data………. 68

(3)

3.7 Prosedur Analisis Data……… 71

BAB IV ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TARJAMAH QUR’AN……… 73

4.1 Data Kalimah Tarjamah Qur'an……….. 73

4.2 Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur'an……….. 95

4.2.1 Adegan Kalimah Salancar……… 95

4.2.2 Adegan Kalimah Rangkepan………... 101

4.2.3 Adegan Kalimah Teu Sampurna……….. 178

4.2.4 Rékapitulasi Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur'an.. 190

4.3 Tatali Harti dina Kalimah Tarjamah Qur'an………...………… 195

4.3.1 Tatali Harti Antarunsur dina Kalimah Salancar 195 4.3.2 Tatali Harti Antarklausa dina Kalimah Rangkepan………. 200

4.4 Kahasan Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur'an……... 224

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN………... 228

5.1 Kacindekan………... 228

5.2 Saran……… 231

DAPTAR PUSTAKA………... 233

DAPTAR KAMUS………... 236

RIWAYAT HIRUP………... 238

(4)

DAPTAR AKRONIM JEUNG WANCAHAN

B: Barang

C: Caritaan

F: Frasa

FB: Frasa Barang

FG: Frasa Pagawéan

FS: Frasa Sipat

G: Pagawéan

Hub.: Hubungan

Infi.: Intonasi Final

Infivok.: Intonasi Final Vokatif

J: Jejer

K: Katerangan

Konj.: Konjungsi

Koor.: Koordinatif Subor.: Subordinatif

U: Udagan

Pang.: Panglengkep

(5)

DAPTAR BAGAN

Kaca:

Bagan 2.1 Unsur Kalimah………..………... 15

Bagan 2.2 Papasingan Kalimah Dumasar kana Kalengkepan Unsur Pangwangunna jeung Jumlah Klausana………... 19 Bagan 2.3 Papasingan Kalimah Dumasar kana Katégori Kecap/ Frasa Caritaanana jeung Dumasar kana Fungsina …………..……….. 20 Bagan 2.4 Papasingan Kalimah Dumasar kana Kalengkepan Unsurna 21 Bagan 2.5 Raraga Mikir………...……… 61

Bagan 4.1 Pola III Data Nomer 16 Kalimah Satata………... 103

Bagan 4.2 Pola III Data Nomer 22 Kalimah Satata………... 104

Bagan 4.3 Pola III Data Nomer 36 Kalimah Satata………... 105

Bagan 4.4 Pola III Data Nomer 51 Kalimah Satata………... 106

Bagan 4.5 Pola III Data Nomer 55 Kalimah Satata…..………... 107

Bagan 4.6 Pola IVa1 Data Nomer 20 Kalimah Sumélér………. 109

Bagan 4.7 Pola IVa1 Data Nomer 62 Kalimah Sumélér ……….... 110

Bagan 4.8 Pola IVa1 Data Nomer 105 Kalimah Sumélér ……….. 112

Bagan 4.9 Pola IVa1 Data Nomer 108 Kalimah Sumélér ……….. 113

Bagan 4.10 Pola IVa1 Data Nomer 123 Kalimah Sumélér ………. 114

Bagan 4.11 Pola IVa2 Data Nomer 80 Kalimah Sumélér ……….. 116

Bagan 4.12 Pola IVa2 Data Nomer 88 Kalimah Sumélér ……….. 117

Bagan 4.13 Pola IVa2 Data Nomer 106 Kalimah Sumélér ………. 118

(6)

Bagan 4.15 Pola IVa2 Data Nomer 160 Kalimah Sumélér ………. 121

Bagan 4.16 Pola IVa3 Data Nomer 2 Kalimah Sumélér……….. 123

Bagan 4.17 Pola IVa3 Data Nomer 72 Kalimah Sumélér ……….. 126

Bagan 4.18 Pola IVa4 Data Nomer 45 Kalimah Sumélér ……….. 128

Bagan 4.19 Pola IVa4 Data Nomer 94 Kalimah Sumélér ……….. 130

Bagan 4.20 Pola IVb1 Data Nomer 48 Kalimah Sumélér ……….. 132

Bagan 4.21 Pola IVb2 Data Nomer 58 Kalimah Sumélér ……….. 134

Bagan 4.22 Pola IVb2 Data Nomer 67 Kalimah Sumélér ………... 136

Bagan 4.23 Pola IVb2 Data Nomer 96 Kalimah Sumélér ………... 138

Bagan 4.24 Pola IVb2 Data Nomer 104 Kalimah Sumélér ……… 140

Bagan 4.25 Pola IVb3 Data Nomer 64 Kalimah Sumélér ………... 143

Bagan 4.26 Pola IVb4 Data Nomer 41 Kalimah Sumélér ………... 147

Bagan 4.27 Pola IVb5 Data Nomer 91 Kalimah Sumélér ………... 151

Bagan 4.28 Pola IVb6 Data Nomer 103 Kalimah Sumélér ………. 156

Bagan 4.29 Pola IVc1 Data Nomer 86 Kalimah Sumélér ……….. 159

Bagan 4.30 Pola IVc2 Data Nomer 78 Kalimah Sumélér ……….. 162

Bagan 4.31 Pola IVc3 Data Nomer 13 Kalimah Sumélér ……….. 165

Bagan 4.32 Pola IVc4 Data Nomer 37 Kalimah Sumélér ……….. 169

Bagan 4.33 Pola IVd1 Data Nomer 31 Kalimah Sumélér ……….. 171

Bagan 4.34 Pola IVd2 Data Nomer 18 Kalimah Sumélér ……….. 175

(7)

DAPTAR GAMBAR

Kaca:

Gambar 2.1 Pola-pola Adegan Kalimah Basajan 37

Gambar 2.2 Pola-pola Adegan Kalimah Jembar………... 38

Gambar 2.3 Pola-pola Adegan Kalimah Satata……… 39

Gambar 2.4 Pola-pola Adegan Kalimah Sumélér Bagian I……….. 40

Gambar 2.5 Pola Adegan Kalimah Sumélér Bagian II………. 41

Gambar 2.6 Pola-pola Adegan Kalimah Teu Sampurna…………... 42

Gambar 2.7 Pola-pola Adegan Kalimah Pagawéan………... 43

Gambar 2.8 Pola-pola Adegan Kalimah Tan Pagawéan…………... 44

Gambar 2.9 Pola-pola Adegan Kalimah nu Dipasing-pasing Dumasar kana Fungsina………... 45

Gambar 3.1 Conto Kartu Data……….. 70

Gambar 4.1 Adegan Pola Va (Kalimah Runtuyan)……….. 179

Gambar 4.2 Adegan Pola Vb (Kalimah Singgetan)……….. 182

(8)

DAPTAR TABÉL

Kaca:

Tabél 3.1 Kitab Tarjamah Qur'an Basa Sunda anu Kungsi Terbit……... 65

Tabél 3.2 Sampel……….. 68

Tabél 4.1 Rékapitulasi Adegan kalimah Basa Sunda dina Tarjamah

Qur'an……… 191

Tabél 4.2 Rékapitulasi Wangun Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah

Qur'an……… 194

Tabél 4.3 Rékapitulasi Tatali Harti dina Kalimah Salancar………. 199 Tabél 4.4 Rékapitulasi Tatalii Harti Antarklausa dina Kalimah

Rangkepan……… 223

Tabél 4.5 Konjungsi Koordinatif anu Nyicingan Posisi Hareup dina Kalimah Tarjamah Qur'an Pananda Kalimah

(9)

DAPTAR AKRONIM JEUNG WANCAHAN

DAPTAR BAGAN

DAPTAR GAMBAR

(10)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Qur'an téh kitab suci pikeun umat Islam anu eusina mangrupa pituduh, paréntah, ajakan, larangan, carita (kisah), jeung warta anu diturunkeun sangkan manusa meunang kabagjaan jeung katengtreman hirup di dunya katut ahérat.

Nainggolan (1996: 23) nyebutkeun Qur'an téh kalam Ilahi anu mutlak benerna, élmu Alloh, pituduh, pangéling, ubar, pituah, hikmah, hukum, roh, cahaya, pangbéda antara nu hadé jeung nu goréng, sarta antara nu bener jeung nu salah anu disucikeun ku Alloh, kahadéan anu datang ti Alloh pikeun jalma-jalma anu ariman dina hiji kitab anu ngagunakeun basa Arab sarta diturunkeun ku Alloh SWT ka Nabi Muhammad ngaliwatan malaikat Jibril.

Qur'an surat Al-Baqoroh ayat 2 nétélakeun



pituduh (hidayah) pikeun jalma-jalma nu tarakwa”.

Kana ayat di luhur, Software Qur'an in Word napsirkeun kieu:

(11)

Sayyid Quthb (1992: 46) nétélakeun tapsirna kana ayat 2 surat Al-Baqoroh yén Qur'an téh pituduh anu ngabédakeun antara anu hak jeung anu batil, pituduh pikeun jalma-jalma anu tarakwa.

Demikian pulalah Al-Qur'an tersusun dari huruf-huruf dan kata-kata. Sedangkan dari huruf-huruf dan kata-kata ini, Allah menciptakan Al-Qur'an dan Al-Furqan, kitab pembeda antara yang hak dan yang batil. Perbedaan antara apa yang diciptakan manusia dan yang diciptakan Allah dari huruf dan kata-kata ini adalah seperti perbedaan antara tubuh kasar yang mati dengan roh yang terus berdenyut dan bergerak. Dan itulah gambaran antara kehidupan dan hakikat kehidupan.

... ‘Kitab Al-Qur'an ini tidak ada keraguan padanya, petunjuk bagi mereka yang bertakwa.’ Petunjuk itulah hakikatnya, petunjuk itulah tabiatnya, petunjuk itulah eksistensinya. Akan tetapi bagi siapakah gerangan petunjuk itu? Untuk siapakah kitab ini menjadi petunjuk, cahaya, pemandu, penasihat, dan pemberi penjelasan? Bagi orang-orang yang bertakwa.

Dina hadis Rosululloh SAW, sering disebutkeun kautamaan maca, ngulik, jeung ngamalkeun Qur'an, di antarana waé, Abu Umamah Al-Bahili nétélakeun,

(12)

kudu paham kana Qur‟an, sok sanajan dirina lain panyatur basa Arab. Ramli, (1974:VII) nétélakeun ngeunaan pentingna paham kana eusining Qur'an,

Imam Al-Qurtuby Rohimahulloh nu kakoncara mahérna dina bagbagan élmu tapsir Qur'an kantos sasauran anu ringkesna mah kieu: Kalintang peryogina kanggo nu kagungan Qur'an (nu ngaos Qur'an), uninga kana pamaksadan-pamaksadan Gusti Alloh SWT (dina éta Qur'an) sareng naon-naon anu dipardukeun ku Mantenna. Upamina seug ngartos mah (kana ma‟na-ma‟nana éta Qur'an téa), tangtos bakal tiasa ngalap mangpaatna. Anu saterasna tiasa ngamalkeunana dibarung ku kayakinan anu saleres-leresna. Sawangsulna kacida awonna-saur ajeunna- pikeun nu kagungan Qur'an sarta maca ayat-ayat faroidna, ayat-ayat ahkamna, sareng sanés-sanésna bari henteu ngartos kana pimaksadeunana. Badé kumaha tiasa leres ngamalkeunana sareng tiasa ngalap mangpaatna lamun seug teu bari ngartos kana pimaksadeunana. Henteu aya béntenna sareng kaldé anu ngagandong buku-buku dina tonggongna.

Djawad Dahlan (2010: 10) nétélakeun ogé pentingna ngaguar eusining Qur'an:

Urang sadaya perlu ngotéktak eusining Qur'an, sangkan Qur'an bener- bener jadi pituduh jalan dina raraga ngalakonan hirup sangkan bagja dunya-ahérat. Pikeun naratas jalan kana kabagjaan, urang sadaya wajib ngulik kana eusining Qur'an, ngaguar ma‟nana, nepi ka betah ngamalkeunana. Insyaalloh urang sadaya bakal langkung deuheus ka Alloh SWT nu bakal maparin tempat nu pinuh ku kani‟matan di dunyana tur kénging martabat nu luhung di ahérat engké.

(13)

Kitu deui di tatar Sunda, disebutkeun yén narjamahkeun Qur‟an kana basa Sunda geus dipilampah ti taun 1927 mula. Saperti anu ditétélakeun ku Usép Romli dina makalahna:

Ku ayana tarjamahan Qur‟an, balaréa urang Sunda nu rata-rata awam kana basa Arab, saeutikna bisa ngarti kana eusi Qur‟an, nu ngawengku akidah, ahlak, hukum, kisah, siyasah (politik), jeung paélmuan. Turta apal kana dadasar diturunkeunana Qur‟an, nya éta halal, haram, muhkam, mutasyabih jeung amtsal, katut prinsip ngagunakeunana: nu halal amalkeun, nu haram singkahan, nu muhkam tuturkeun, nu mutasyabih dipercaya, nu amtsal pieunteungeun.

Ku kituna, tarjamah Qur‟an dina basa Sunda, ti jaman ka jaman, tara kungsi suwung. Ti mimiti Qur’an Sundawiyah wedalan TB Syamsiah, Solo (1927), Tafsir Hibarna Kol. Isa Edris (1932), Al-Amin: Al Qur’an Tarjamah Sunda karya KH Qomaruddin Saleh, HAA Dahlan jeung Yus Rusamsi (1971), Al-Kitabul Mubin karya KH M. Romli (1974), Tafsir Qur’an Basa Sunda, tarjamahan Sayudi, tina tarjamahan Qur‟an basa Indonesia, karya H.Oemar Bakry-Bachtiar Surin (1991), Nur Hidayah, Saritilawah Qur’an Basa Sunda karya RH Hidayat Suryalaga (1994), Ayat Suci Lenyepaneun karya E.Hasim (1984), Al-Munir, Tarjamah Qur’an Basa Sunda karya Prof.,Dr.H.Djawad Dahlan (2005), Al-Qur’an Miwah

Tarjamah dina Basa Sunda ti Proyek Penerbitan Mushaf Qur‟an Sundawy,

Pemprov Jawa Barat (2005), jeung sajabana, anu teu mustahil teu kaimeutan.

Adegan kalimah tarjamah Qur'an basa Sunda aya bédana jeung adegan kalimah basa Sunda. Kahasan adegan kalimah dina tarjamah Qur'an perlu ditalungtik sangkan pamahaman kana eusining Qur'an leuwih hadé.

(14)

pikeun mikanyaho (1) merenah-henteuna; (2) jelas-henteuna; (3) jeung wajar-henteuna tarjamahan. Ieu pagawéan téh bisa dipilampah ku (1) panarjamahna sorangan; (2) ku anu husus meunteun; (3) ku konsultan; (4) ogé ku „peninjau‟. Opat pihak anu disebut di luhur, meunteun kualitas tarjamah ku cara ngabandingkeun tarjamah jeung nas sumber, narjamahkeun deui nas sumber, meunteun kapaham henteuna hasil tarjamah, ngukur „keterbacaan‟ nas, jeung meunteun konsisténsi tarjamahan. Sok sanajan kitu, henteu sakabéh hasil tarjamah bisa dipeunteun kalawan téknik-téknik anu disebut tadi. Ayat-ayat Qur'an, upamana hésé diukur ku jalan narjamahkeun deui, lantaran apan Qur'an mah firman Alloh anu taya bandingna.

Ku kitu ku kieu, hasil tarjamahan téh sawadina kudu babari kaharti ku pamacana. Ku lantaran kitu, satéka-téka upaya narjamahkeun Qur‟an téh kudu enya-enya luyu jeung kaédah basa Sunda bari henteu méngparkeun ma‟nana.

Pikeun mikanyaho kumaha adeg-pangadeg kalimah dina tarjamah Qur'an, perlu aya panalungtikan.

(15)

Kalimah basa Sunda ditalungtik ogé ku NR Setyawati (2011), kalawan judul “Kalimah Aktif dina Basa Sunda, Tilikan Struktur jeung Sémantis.” Di dinya ditalungtik ngeunaan kalimah aktif salancar (basajan-jembar) jeung kalimah ngantét. Anu jadi sumber datana nya éta kalimah basa Sunda anu kaunggel dina média citak basa Sunda saperti majalah katut buku.

Mémang deuih, panalungtikan ngeunaan tarjamah Qur'an kungsi aya, di antarana dilaksanakeun ku Syihabuddin (2000), judulna “Prosedur Penerjemahan Nas Keagamaan dan Keterpahamannya: Telaah Ihwal Teknik, Kualitas Terjemahan, Hukum, dan Pengajarannya.” Surjakusumah (2002) ogé kungsi nalungtik ngeunaan tarjamah Qur'an, judulna "Fenomena Kastrasi Linguistik dan Transposisi dalam Teks Terjemahan dan Implikasinya bagi Pembelajaran Penerjemahan.” Panalungtikan anu disebutkeun pamungkas, duanana dina basa Indonésia tur ngeunaan tarjamah Qur'an basa Indonésia.

Ulikan formal utamana dina wangun tésis ngeunaan adegan kalimah dina tarjamah Qur'an basa Sunda tacan kungsi aya. Palebah dieu, panalungtikan ngeunaan adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an basa Sunda kacida diperlukeunana lantaran bisa ngaguar leunjeuran kalimah anu dipaké. Ku kituna, ieu panalungtikan anu judulna “Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur'an, Analisis Struktur jeung Sémantik” dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Dina panarjamahan aya prosés mindahkeun ma‟na tina basa asal kana basa

(16)

jeung basa lianna béda, tinangtu bakal aya sawatara masalah anu disanghareupan ku panarjamah jeung ku jalma-jalma anu maca tarjamah. Masalah ti mimiti adegan kalimah anu béda ti ilaharna, harti anu samar jeung ambigu, nepi ka timbulna rupa-rupa tapsiran ti nu maca, jeung réa-réa deui anu patula-patali jeung adegan kalimah, hususna dina tarjamah Qur'an. Upama diwincik, bakal jadi daptar anu panjang. Ku kituna, masalah-masalah perlu dirumuskeun dina wangun pertanyaan-pertanyaan, sakumaha ceuk Alwasilah (2003: 131), ayana pertanyaan sangkan panalungtik fokus; matalikeun pertanyaan jeung tujuan panalungtikan dina rangkay konséptual jeung dina milampah panalungtikan. Rumusan masalah diwincik dina pertanyaan-pertanyaan ieu di handap.

a. Kumaha adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur‟an basa Sunda?

b. Kumaha ma‟na kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur‟an basa Sunda? Kumaha peran sémantis unsur-unsur kalimah salancar jeung kumaha hubungan sémantis antarklausa dina kalimah ngantét?

c. Kumaha kahasan adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an basa Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus sakumaha dipedar ieu di handap.

(17)

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta ngulik ngeunaan adegan kalimah dina tarjamah Qur'an basa Sunda; mikaharti Qur'an ngaliwatan analisis adegan kalimah tarjamahna; neuleuman eusining Qur'an ngaliwatan panalungtikan tarjamah Qur'an basa Sunda dina raraga ngaronjatkeun katakwaan ka Alloh SWT.

1.3.2. Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta nganalisis tur ngadéskripsikeun: a. adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur‟an basa Sunda;

b. ma‟na kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur‟an basa Sunda anu ngawengku peran sémantis unsur-unsur kalimah salancar katut hubungan sémantis antarklausa dina kalimah ngantét; jeung

c. kahasan adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an basa Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat panalungtikan ngawengku mangpaat praktis jeung mangpaat tioritis sakumaha dipedar di handap.

1.4.1 Mangpaat Praktis

(18)

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritisna, ieu panalungtikan bakal ngaronjatkeun kabeungharan ulikan ngeunaan sintaksis basa Sunda, hususna tarjamah Qur‟an dina basa Sunda, utamana wangun formal mangrupa tésis. Ieu ulikan dipiharep bisa manggihan formula ngeunaan adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an. Hasil ulikan ieu panalungtikan bisa dijieun titik pamiangan pikeun ulikan-ulikan satuluyna anu leuwih lega tur jero.

1.5 Sistematika Laporan Panalungtikan

Laporan panalungtikan disusun dina wangun tésis kalawan sistimatika ieu di handap.

Bab I Bubuka, medar perkara kasang tukang, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, tur sistematika laporan panalungtikan.

Bab II Ulikan Kalimah dina Tarjamah Qur'an, Asumsi jeung Raraga Mikir. Diguar tiori-tiori ngeunaan kalimah, utamana kalimah basa Sunda katut tiori-tiori ngeunaan tarjamah, utamana tarjamah Qur'an. Lian ti éta, dipedar perkara asumsi jeung raraga mikir (kerangka berpikir).

(19)

Bab IV Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur'an, medar perkara data kalimah, analisis adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an, ma‟na kalimah (peran sémantis jeung hubungan sémantis), katut kahasan adegan

kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an.

(20)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa cara pikeun matotoskeun masalah panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang heula sacara gemet, anu maksudna sangkan meunang fakta jeung kacindekan sangkan bisa mikaharti, ngajelaskeun, ngaramalkeun, jeung ngadalikeun kaayaan. Métode mangrupa cara digawé sangkan paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan (Syamsudin jeung Damaianti, 2006: 14).

Ieu panalungtikan dipilampah kalawan ngagunakeun métode distribusional jeung téknik analisis unsur langsung (Immediete Constituent/analisis konstituen). Nurutkeun Kridalaksana, métode distribusional nya éta “metode analisis bahasa yang memerikan distribusi unsur-unsur fonologis, gramatikal atau leksikal, dalam

satuan yang lebih besar misalnya morfem dalam kata, atau frasa dalam klausa”

(2001: 13). Analisis unsur langsung nya éta “analisis kalimat atas unsur-unsur yang lebih kecil; setiap konsituen yang dapat dianalisis dapat dianalisis lagi atas

konstituén, sehingga kalimat dapat dipandang sebagai terjadi atas

lapisan-lapisan konstituen” (2001: 13).

3.2 Disain Panalungtikan

(21)

analysis techniques or methods that the researcher intends to use (Fraenkel jeung

Wallen, 2007: G-7). Disain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun data dina raraga ngajawab pertanyaan panalungtikan, ogé téknik analisis atawa métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik.

Gemblengan rencana anu rék dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nyoko kana panalungtikan kualitatif. Dina ieu panalungtikan, modus métode anu digunakeun nya éta métode distribusional, sakumaha anu dipedar dina bagian 3.1 anu dilaksanakeun langsung ku panalungtik. Akar filsafatna nya éta fénoménologi. Dina fénoménologi, nurutkeun Poedjawijatna (1994: 140), manusa henteu nyiptakeun ajén tingkah laku, tapi manusa ngaku kana ajén-ajén sarta dina kahirupanana éta ajén-ajén téh diturut. Filsafat fénoménologi nurutkeun Anshory (2012), meredih sangkan panalungtik icikibung salaku subjék sakaligus objék dina panalungtikan. Panalungtik lumampah salaku instrumén ngama’naan réalitas,

(22)

panalungtikan lian ku panalungtik séjén anu nuduhkeun yén ieu panalungtikan téh valid tur réaliabel.

3.3 Wangenan Operasional

Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta ieu di handap.

a. Adegan kalimah nya éta tata susun kalimah katut babagianana. Contona

kalimah “Kuring ngala lauk kamari.” mibanda adegan anu polana jejer,

caritaan, udagan, jeung katerangan (J+C+U+K).

b. Basa Sunda nya éta basa indung urang Sunda anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda boh di luareun tatar Sunda; dina hal ieu, basa Sunda dipaké dina tarjamah Qur'an.

c. Tarjamah nya éta hasil prosés mindahkeun basa sumber kana basa sasaran

kalawan ngungkabkeun deui ma’na basa sumber kalawan ngagunakeun adegan basa sasaran.

d. Qur'an nya éta kitab suci umat agama Islam anu diwahyukeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW ngaliwatan Malaikat Jibril.

e. Analisis struktur nyoko kana rucatan fungsi jeung katégori kalimah dina tarjamah Qur'an saperti J: K/FB jeung C: K/FG.

Conto 1 Kalimah Salancar: Kuring maca buku. Analisis Struktur: J:KB + C:KG + U:KB

(23)

Analisis struktur: K: Klausa Sélér Waktu + J:KB + C:FG

f. Analisis sémantik nyoko kana peran sémantis unsur kalimah salancar jeung hubungan sémantis antarklausa dina kalimah rangkepan.

Conto 1 kalimah salancar: Kuring maca buku. Analisis sémantik: palaku + kalakuan + pangrandap.

Conto 2 kalimah rangkepan: Basa datang, manéhna keur diuk. Analisis sémantik: hubungan waktu (témporal).

3.4 Sumber Data

Sumber data ieu panalungtikan nya éta kitab tarjamah Qur'an dina basa Sunda. Kaidéntifikasi kitab tarjamah Qur'an basa Sunda anu kungsi terbit, saperti dina tabél ieu:

Tabel 3.1

Kitab Tarjamah Qur'an Basa Sunda anu Kungsi Terbit

No Judul Tarjamah Panyusun Taun

Terbit

1 2 3 4

1. Qur’an Sundawiyah (Teu kacatur) 1927

(24)

1 2 3 4

5. Tafsir Qur'an basa Sunda

H. Oemar Bakry jeung Bachtiar Surin (Tarjamah ku Sayudi)

1991

6. Nur Hidayah, Saritilawah

Qur’an Basa Sunda R.H. Hidayat Suryalaga 1994

7. Ayat Suci Lenyepaneun E. Hasim 1984

8. Al-Munir, Tarjamah Qur’an

Basa Sunda

Prof.Dr.H.Djawad

Dahlan 2005

9. Al-Qur’an Miwah Tarjamah

dina Basa Sunda

Tina sajumlahing kitab tarjamah anu diwincik di luhur, dicokot hiji kitab tarjamah anu judulna Al-Amin, Al-Qur'an Tarjamah Sunda, susunan K.H. Qamaruddin Shaleh, H.A.A Dahlan, jeung Yus Rusamsi, diterbitkeun ku CV Diponegoro, Bandung, taun 2003 mangrupa citakan ka-5 pikeun sumber data.

Pikeun ngalengkepan déskripsi hasil analisis, dina raraga mikaweruh

ma’na kalimah tarjamah, dipedar tarjamah/tafsir kalawan nyumber kana kitab tarjamah Ayat Suci Lenyepaneun susunan E. hasin (1984) tur dilengkepan ku tafsir Fizhilalil Qur'an susunan Sayyid Quthb (2001).

(25)

Ieu sumber data kaasup kana sumber data paper. Sakumaha ceuk Arikunto, sumber data paper téh mangrupa simbol bisa mangrupa kertas atawa barang anu digunakeun dina métode dokuméntasi (2002: 107).

Tina kitab Al-Amin, Al-Qur'an Tarjamah Sunda, kacatet 6316 ayat, anu ngawengku Surat Makiyah sajumlah 4735 ayat, Surat Madaniyah sajumlah 1503 ayat, jeung Surat Makiyah-Madaniyah sajumlah 78 ayat. Éta ayat-ayat téh mangrupa populasi panalungtikan.

Tina populasi panalungtikan, dipilih 100 ayat anu réprésentatif pikeun dijadikeun sampel, kalawan téknik milih sampel sacara purposif, kalawan tinimbangan, waktu, tanaga, jeung waragad anu kawatesanan, tur éta sampel téh bakal nganteurkeun panalungtik kana tujuan anu geus ditangtukeun, nya éta di antarana manggihkeun kahasan adegan kalimah tarjamah Qur'an basa Sunda.

Sudjana nyebutkeun, dina sampel purposif, sampel ditangtukeun kalawan tinimbangan anu tangtu diluyukeun kana tujuan panalungtikan. Can aya rumus anu pasti jeung ditarima sakumna pihak pikeun nangtukeun lobana sampel, sabab gumantung kana karakteristik jeung lobana populasi, tujuan panalungtikan, alat/instrumén anu digunakeun, sarta faktor teknis séjénna saperti waragad, waktu, tanaga, jeung lianna (2004: 96). Fraenkel jeung Wallen nyebutkeun, “Purposive sample/sampling is a nonrandom sample selected because prior knowledge

suggests it is representative, or because those selected have needed information

(26)

Arikunto (2010: 183), sampel purposif atawa sampel anu mibanda tujuan dilaksanakeun lantaran rupa-rupa tinimbangan saperti waktu tanaga, jeung waragad anu kawatesanan.

Wincikan sampel anu dimaksud katitén dina tabél ieu:

Tabél 3.2

(27)

Ari léngkah-léngkahna dina ngumpulkeun data téh kieu.

a. Obsérvasi jeung indéksing kana sajumlahing kitab tarjamah jeung tafsir Qur'an;

b. Nangtukeun judul kitab tarjamah anu baris dijadikeun sumber data; c. Ngitung jumlah ayat tur nyieun daftarna;

d. Nangtukeun 50 ayat Madaniyah jeung 50 ayat Makiyah pikeun sampel panalungtikan;

e. Nangtukeun ngaran surat jeung nomer ayat anu rék dijadikeun sampel panalungtikan.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan téh mangrupa alat pikeun ngumpulkeun data atawa cara pikeun ngajaring data anu diperlukeun pikeun ngajawab pertanyaan panalungtikan (Arikunto, 2002: 102).

(28)

No: 76 4/34/5

Saéstuna Alloh téh Maha Luhung, Maha Agung. Klausa 1: Saéstuna/Alloh téh/Maha Luhung Klausa 2: Maha Agung

Adegan

Klausa 1: Klausa Bébas: K:Modalitas/Kapastian + J:FB/Palaku + C:KG Statif/Kalakuan Statif

Klausa 2: Klausa Bébas: C:KG Statif/Kalakuan Statif Gemblengan adegan kalimah: Klausa 1 Klausa Bébas

(K:Modalitas/Kapastian + J:FB/Palaku + C:KG Statif/Kaakuan Statif) + Klausa 2 Klausa Bébas (C:KG Statif/Kalakuan Statif) + Infi.

Papasingan

Wangun kalimah rangkepan satata, tatali harti jumlah, kalimah pagawéan statif. Catetan: konjungsi koordinatif minangka pananda tatali jumlah nyamuni, diganti ku tanda koma (,).

Gambar 3.1 Conto Kartu Data

Kartu data di luhur nerangkeun kieu:

(29)

kalimah, tatali harti antarklausa upama diwangun ku dua klausa atawa leuwih. Dipungkas ku catetan, upama aya hal-hal anu katimbang perlu pikeun dicatet.

3.7 Prosedur Analisis Data

Prosedur anu dipilampah dina ieu panalungtikan nya éta maca kalawan gemet sampel panalungtikan. Data kalimah tarjamah diketik dina instrumén panalungtikan anu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan dianalisis ku cara ngarucat kalimah kalawan ngagunakeun tiori anu geus ditangtukeun.

Nganalisis data basa dilaksanakeun ku cara téknik analisis unsur langsung (Immediette constituent). Kalimah anu nyampak mangrupa data basa dirucat kana unsur-unsur langsung pangwangunna, ditangtukeun fungsi sintaksisna, dirucat katégori anu ngeusian fungsi-fungsina, dirucat peran sémantisna upama mangrupa kalimah salancar, tur dirucat hubungan sémantis antarklausana upama mangrupa kalimah rangkepan. Hasil rucatan dipasing-pasing kaasup kana papasingan kalimah nu mana, ditungtik upama aya hal-hal anu has anu husus dina adegan kalimahna, dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun tur pamungkas dijieun kacindekanana.

Pikeun jéntréna, léngkah-léngkah analisis diwincik ieu di handap.

a. Ngodeuan data;

b. Ngetik kalimah tarjamah dina kartu data per kalimah;

(30)

f. Nganalisis peran sémantis dina unggal fungsi atawa hubungan sémantis antarklausa (upama kalimah diwangun ku dua klausa atawa leuwih); g. Nangtukeun papasingan kalimah;

h. Nyatetkeun hal-hal anu kaitung perlu dicatet;

i. Ngitung frékuénsi adegan kalimah anu nyampak dina hasil analisis;

j. Ngitung frékuénsi tatali harti antarklausa dina kalimah rangkepan anu nyampak dina hasil analisis;

k. Nyieun rékapitulasi adegan kalimah katut tatali harti; l. Nimukeun kahasan adegan kalimah tarjamah;

m. Ngadéskripsikeun adegan kalimah tarjamah anu nyampak tina hasil analisis;

(31)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dina bagian ahir ieu dicindekkeun hal-hal anu kapanggih tina panalungtikan.

Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I mangrupa kalimah salancar basajan, Pola II mangrupa kalimah salancar jembar, Pola III mangrupa kalimah rangkepan satata, Pola IV mangrupa kalimah rangkepan sumélér, jeung Pola V mangrupa kalimah teu sampurna.

Masing-masing pola aya anu mibanda variasi, aya anu henteu. Dina Pola I teu aya variasi. Pola I mangrupa kalimah salancar basajan susun invérsi diwangun ku hiji caritaan jeung hiji jejer, ditungtungan ku intonasi final.

Pola II aya dua variasi, nya éta Pola IIa jeung Pola IIb. Pola IIa diwangun ku unsur Jejer, Caritaan, jeung Katerangan, ditungtungan ku intonasi final. Pola IIb diwangun ku unsur Jejer, Caritaan, Udagan, jeung Katerangan, tur intonasi final. Dina Pola IIa aya tilu variasi, nya éta Pola IIa1, diwangun ku Jejer, Caritaan, Katerangan, tur intonasi final; Pola IIa2, diwangun Jejer, Caritaan, Katerangan 1, jeung Katerangan 2, dipungkas ku intonasi final. Pola IIa3 diwangun ku Jejer, Caritaan, Katerangan 1, Katerangan 2, jeung Katerangan 3, dipungkas ku intonasi final.

(32)

Dina Pola IV aya lima variasi nya éta Pola IVa, Pola IVb, Pola IVc, Pola IVd jeung Pola IVe. Dina Pola IVa, kalimah diwangun ku hiji klausa lulugu dibarengan ku klausa sélér. Dina pola IVb, kalimah diwangun ku dua klausa lulugu dibarengan ku klausa sélér. Dina Pola IVc, kalimah diwangun ku tilu klausa lulugu dibarengan ku klausa sélér. Dina Pola IVd, kalimah diwangun ku opat klausa lulugu dibarengan ku klausa sélér. Dina pola IVe kalimah diwangun ku lima klausa lulugu dibarengan ku klausa sélér. Jumlah klausa sélér anu marengan klausa lulugu nangtukeun sub pola-sub pola.

Dina Pola V aya opat variasi, nya éta Pola Va mangrupa kalimah runtuyan, Pola Vb mangrupa kalimah singgetan, Pola Vc mangrupa kalimah sambungan, jeung Pola Vd mangrupa kalimah singget.

Tatali harti anu muncul dina tarjamah Qur'an aya dua, nya éta tatali harti antarunsur dina kalimah salancar, jeung tatali harti antarklausa dina kalimah sumélér.

Tatali harti antarunsur dina kalimah salancar aya lima, nya éta (1) tatali digolongkeun-panggolong, (2) tatali palaku-kalakuan, jeung (3) tatali pangrandap-kaayaan, (4) tatali harti pangrandap-kalakuan, jeung (5) tatali harti perenahna-diperenahkeun.

Tatali harti antarklausa dina kalimah rangkepan anu kapanggih dina kalimah tarjamah Qur'an basa Sunda aya dua nya éta tatali harti antarklausa dina kalimah rangkepan satata, jeung tatali harti antarklausa dina kalimah sumélér.

(33)

éta (1) akibat, (2) babandingan, (3) cara, (4) iwal, (5) pangécés, (6) pertélaan, (7) sabab, (8) sarat, (9) tujuan, jeung (10) waktu.

Dina kalimah rangkepan kapanggih tatali harti anu leuwih ti hiji dina sakalimat. Tatali harti saperti kitu muncul dina kalimah rangkepan anu paling saeutik ngandung dua klausa sélér. Hal éta nimbulkeun pasualan lebah katagorisasi/klasifikasi. Arék digolongkeun kana papasingan mana kalimah anu wandana kitu. Perlu kritéria anu jelas pikeun matotoskeunana.

Kahasan kalimah tarjamah Qur'an bisa ditilik tina jumlah klausana. Jumlah klausa dina kalimah tarjamah Qur'an basa Sunda anu mangrupa kalimah rangkepan variatif, antara dua tepi ka 11 klausa. Jumlah klausa anu dominan hadir nya éta dua.

Kahasan séjénna katitén dina adegan kalimah. Adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an, sarua jeung adegan kalimah basa Sunda umumna, tapi dina tarjamah Qur'an loba digunakeun adegan-adegan kalimah teu sampurna. Kalimah teu sampurna anu dominan muncul nya éta kalimah runtuyan, dicirian ku ayana konjungsi koordinatif di awal kalimah. Konjungsi koordinatif anu muncul di awal kalimah nya éta jeung, sarta, tuluy, malah, tapi, padahal.

(34)

yatim, pituduh-pituduh pikeun enas-enasna mah ngangkat harkat darajat kaom wanita, sina bébas tina kungkungan sipat-sipat jeung aturan-aturan jahiliyyah.

5.2 Saran

Panalungtikan ngeunaan kalimah tarjamah Qur'an basa Sunda ieu moal boa héngkér kénéh tur déét kénéh. Ku kituna, diperlukeun panalungtikan-panalungtikan saterusna anu leuwih nyosok jero jeung leuwih gemet kana tarjamah Qur'an basa Sunda, sedengkeun tilikan jeung puseur panitén panalungtikan ngeunaan Qur'an jeung tarjamahna bisa tina rupa-rupa jihat. Ieu hal dipiharep bakal jadi garapan anu daria jeung narik ati pikeun panalungtik-panalungtik satuluyna. Pasualan anu timbul tur teu kungsi kapatotoskeun dina ieu panalungtikan, dipiharep bisa jadi bahan ulikan pikeun panalungtik-panalungtik lianna.

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Pascasarjana UPI salaku lembaga atikan basa Sunda tingkat luhur, taya salahna ngoréhan tarjamah Qur'an basa Sunda pikeun diajarkeun, ditalungtik tina jihat linguistikna, boh ku para mahasiswana boh ku dosén-dosénna.

(35)

henteu kahontal sacara nyugemakeun. Ku kituna, geus waktuna miceun anggapan yén pangajaran katatabasaan teu penting, sangkan murid parigel ngagunakeun basa lantaran weruh kana kaédah-kaédahna.

(36)

DAPTAR PUSTAKA

Al-Aridl, Ali Hasan. 1994. Sejarah dan Metodologi Tafsir. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Abdulman (2011). Studi Morfosintaksis tentang Pemakaian Vérba Transitif dalam Al-Qur'an Surah Al-Kahfi. Tesis Magister SPS UPI Bandung.

Al-Farisi, M. Z. (2011). Pedoman Penerjemahan Arab Indonesia. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Alwasilah, A.C. (2003). Pokoknya Kualitatif. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Anshory, M (2012). Mengenal Filsafat Fenomenologi. [Online] Nyampak:

http://makmum-anshory.blogspot.com/2009/05/mengenal-filsafat-fenomenologi.html [20 april 2012].

Anwar, R. (2002). Cara Praktis Belajar dan Memahami Bahasa Al-Qur'an (Jilid 1, 2, 3). Bandung: Alma’arif.

Arifin, G. (2009). Membuka Pintu Rahmat dengan Membaca Al-Qur'an. Jakarta: Zikrul Hakim.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi Revisi). Jakarta: Rineka Cipta.

Asyarie, S. (1984). Indeks Al-Qur'an. Bandung: Pustaka.

(37)

Dahlan, Dj. (2010). Al-Munir Al-Qur'an Tarjamah Sunda. Bandung: Pustaka Fithri.

Fraenkel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research in Education (Seventh Edition). San Fransisco: Mc Graw Hill Higher

Education.

Hatim, B. (2001). Teaching and Researching Translation. Harlow: Pearson Education.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press.

Mufid, N. jeung Kaserun. (2007). Buku Pintar Menerjemah Arab-Indonesia. Surabaya: Pustaka Progressif.

Muhidin, A. (2011). Nahwu Shorof Tadrijy. Depok: Khazanah Mimbar Plus. Nainggolan, Z.S. (1996). Rahasia Empat Belas Nama Al-Qur'an. Jakarta: Kalam

Mulia.

Newmark, P. (1984). Approaches to Translation. Oxford: Pergamon Press. Parera, J.D. (1991). Sintaksis (Edisi Kedua). Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. Prawirasumantri, A. spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Poedjawijatna. (1994). Pembimbing ke Arah Alam Filsafat. Jakarta: Rineka Cipta. Quthb, S. (2001). Tafsir Fizhilalil Qur'an (Jilid 1 jeung 12). Jakarta: Gema Insani

Press.

(38)

Ramli, Mhd. (1974). Tafsir Qur’an Sunda. Bandung: Alma’arif.

Robins R.H. (1995). Sejarah Singkat Linguistik (Edisi Ketiga) (Tarjamah Asril Marjohan). Bandung: ITB.

Shaleh, Q. spk. (2003). Al-Amin Al-Qur'an Tarjamah Sunda (Citakan ka-5). Bandung: Diponegoro.

Simatupang, M.D.S. (2000). Pengantar Teori Terjemahan. Jakarta: Depdiknas. Sudaryat, Y. (2003). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.

Sudaryat, Y. spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjana, N. jeung Ibrahim. (2004). Penelitian dan Penilaian Pendidikan (Citakan

ka-3). Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Suryawinata, Z. (1989). Terjemahan: Pengantar Teori dan Praktek. Jakarta: Depdikbud.

Syamsuddin jeung Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Syihabudin. (2000). Prosedur Penerjemahan Nas Keagamaan dan Keterpahamannya. Disertasi Doktor SPS UPI Bandung: Teu Diterbitkeun.

Ullman, S. (2009). Pengantar Semantik. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2011). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(39)

DAPTAR KAMUS

Alwi, H. (Éditor). (2005). Kamus Besar Bahasa Indonesia (Edisi Ketiga). Jakarta: Depdiknas.

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Kridalaksana, H. (2001). Kamus Linguistik (Edisi Ketiga). Jakarta: Gramedia. Munawwir, A. W. (1997). Kamus Arab-Indonesia (Cetakan ke-5). Surabaya:

Pustaka Progressif.

Poerwadarminta, W.J.S. (1984). Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Procter, P. (Éditor). (1981). Longman Dictionary of Contemporary English. Great Britain: The Pitman Press.

Gambar

Tabel 3.1
Gambar 3.1 Conto Kartu Data

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap pancén nu aya dina karangan éksposisi kelas VII-11 SMPN 43 Bandung, ditilik tina segi

Tés nyaéta mangrupa salasahiji téhnik pikeun ngukur kamampuh hiji sampel tina hiji paripolah individu nu dités (Kuswari, 2010, kc. Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana

Bab IV Hasil Analisis jeung Pembahasan, midangkeun hasil transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén, ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sumber

1) Campur kode nya éta makéna dua unsur basa dina hiji omongan anu ngagunakeun hiji basa di mana antara unsur kahiji jeung séjénna silih mangaruhan

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap. 1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh

semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Didadarkeun ogé pedaran hasil panalungtikan.. 5) Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Eusina mangrupa kacindekan tina

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..