• Tidak ada hasil yang ditemukan

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

No. 624/FPBS/0251/2013

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI

KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku Novika Dewi NIM. 0906796

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR

DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA

JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP

NEGERI 1 PURWADADI KECAMATAN

PURWADADI KABUPATEN CIAMIS

TAUN AJARAN 2012/2013

Oleh Novika Dewi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Novika Dewi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

NOVIKA DEWI NIM 0906796

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI

KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI

KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013 1)

Novika Dewi 2)

Abstrak

Skripsi ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) latar belakang dipakainya bahasa Sunda oleh guru dan murid SMP Negeri 1 Purwadadi dalam kehidupan sehari-harinya, (2) alih kode dan campur kode bahasa Jawa dan bahasa Indonesia pada bahasa Sunda dalam pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda di kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi, dan (3) jumlah kata bahasa Jawa dan bahasa Indonesia yang dipakai pada bahasa Sunda sebagai bahasa pengantar pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Pengumpulan datanya menggunakan tekhnik observasi, rekaman, dan angket dengan menggunakan instrumen berupa kartu data. Dari hasil analisis teks terhadap transkripsi hasil rekaman proses KBM pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi, ditemukan bahwa bahasa Sunda digunakan dalam kegiatan pembelajaran tersebut, tetapi mengalami gejala alih kode dan campur kode. Ditemukan ada 4 bentuk gejala alih kode dalam bahasa pengantar pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda, dari 855 kalimat ada 37 (4,32%) kalimat AK BS–BJ, 20 (2,33%) kalimat AK BS–BI, 14 (1,63%) kalimat AK BJ–BI, dan 4 (0,46%) kalimat AK BS–

BJ–BI. Serta ditemukan ada 4 bentuk gejala campur kode, pada kalimat CK BS–BJ ada 44 (5,14%) kalimat, ada 126 (14,73%) kalimat pada CK BS–BI, ada 3 (0,35%) sosial, dan kebiasaan pembicara dalam kehidupan sehari-harinya yang multi-lingual, serta bertujuan agar pendengarnya mampu menangkap maksud yang disampaikan oleh pembicara.

Kata Kunci: Campur kode, basa panganteur, pangajaran Basa jeung Sastra.

1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd.

(5)

CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSÉS PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI

KECAMATAN PURWADADI KABUPATEN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013

Novika Dewi

Abstract

This research paper aims to describe (1) background of Sundanese language is used by the teacher and the students of SMP Negeri 1 Purwadadi in their daily activities, (2) exchanged and combine code Javanese and Indonesian language to Sundanese in Sundanese language and literature subject at VII class of SMP Negeri 1 Purwadadi, and (3) number of words in Javanese and Indonesian that used in Sundanese language as inroduction language in Sundanese language and literature subject at SMP Negeri 1 Purwadadi. The method used is descriptive method. Procedure of collecting data used observation, record, and questionnaire and the data instrument used data card. The result from the text analysis of the transcription record of KBM process of Sundanese language and literature subject at SMP Negeri 1 Purwodadi, found that Sundanese language used in that lesson, but involve indication exchanged and combine code. There are found 4 types indication exchanged code in inroduction language of Sundanese language and literature subject, from 855 sentences there are 37 (4,32%) AK BS-BJ sentences, 20 (2,33%) AK BS-BI sentences, 14 (1,63%) AK BJ-BI sentences, and 4 (0,46%) AK BS-BJ-BI sentences. There are found 4 types indication combine codes in the CK BS-BJ sentences there are 44 (5,14%) sentences, 126 (14,73%) in CK BS-BI sentences, 3 (0,35%) in CK BJ-BI sentences, and 4 (0,46%) in CK BS-BJ-BJ-BI sentences. From the analysis above found that 36 (45%) Javanese language sentences and 44 (55%) Indonesian language sentences in exchange code. There are 40 (27,9%) Javanese language sentences and 103 (72,1%) Indonesian language sentences in combine code. Exchange and combine

code exist can’t be separated from an influence of another language as social function

effects, and speaker behavior in their daily activities which are multilingual, and the aims for the listener is able to understand the meaning conveyed by the speaker.

(6)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... vi

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR LAMPIRAN ... xii

DAFTAR SINGGETAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 6

1.2.1 Idéntifikasi Masalah... 6

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 7

1.3.1 Tujuan Umum ... 7

1.3.2 Tujuan Husus ... 7

1.4 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Raraga Tulisan ... 8

BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 9

2.1 Basa jeung Basa Sunda ... 9

2.2 Kalungguhan jeung Fungsi Basa ... 12

2.3 Ragam Basa Sunda ... 15

2.4 Basa Sunda dina Pangajaran di Sakola ... 16

(7)

vii

2.5.1 Alih Kode... 18

2.5.2 Campur Kode ... 20

2.6 Anggapan Dasar ... 21

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 23

3.1 Lokasi, Subjék Populasi, jeung Sampel Panalungtikan ... 23

3.1.1 Lokasi Panalungtikan... 23

3.1.2 Subjék Populasi Panalungtikan ... 24

3.1.3 Sampel Panalungtikan ... 25

3.2 Desain Panalungtikan ... 25

3.3 Metode Panalungtikan ... 26

3.4 Definisi Operasional ... 27

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 29

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 30

BAB IV ANALISIS CAMPUR KODE BASA PANGANTEUR DINA PROSES PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP NEGERI 1 PURWADADI KECAMATAN PURWADADI KABUPATÉN CIAMIS TAUN AJARAN 2012/2013 ... 32

4.1 Kasang Tukang Dipakéna Basa Sunda ku Guru jeung Murid SMP Negeri 1 Purwadadi dina Kahirupan Sapopoéna ... 32

4.1.1 Kasang Tukang Dipakéna Basa Sunda ku Guru SMP Negeri 1 Purwadadi dina Kahirupan Sapopoéna ... 32

4.1.1.1 Kasang Tukang Guru Kahiji ... 35

4.1.1.2 Kasang Tukang Guru Kadua ... 36

4.1.1.3 Kasang Tukang Guru Katilu ... 37

4.1.2 Kasang Tukang Dipakéna Basa Sunda ku Murid SMP Negeri 1 Purwadadi dina Kahirupan Sapopoéna ... 38

4.1.2.1 Sélér Bangsa Indung Murid ... 38

(8)

viii

4.1.2.3 Basa anu Digunakeun Sapopoé ku Murid ... 40

4.1.2.4 Basa Sunda dina Waktu Komunikasi Murid jeung Indung ... 41

4.1.2.5 Basa Sunda dina Waktu Komunikasi Murid jeung Bapa ... 43

4.1.2.6 Basa Sunda dina Waktu Komunikasi Murid jeung Dulur ... 45

4.1.2.7 Basa Sunda dina Waktu Komunikasi Murid jeung Tatangga ... 46

4.1.2.8 Basa Sunda dina Waktu Komunikasi Murid jeung Babaturan di Sakola ... 48

4.1.2.9 Basa Sunda minangka Basa Panganteur dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 49

4.1.2.10Basa Indonesia minangka Basa Panganteur dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 51

4.1.2.11Basa anu Digunakeun Nalika Jajan di Sakola ... 52

4.2 Analisis Alih Kode jeung Campur Kode Basa Jawa jeung Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di Kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi ... 53

4.2.1 Analisis Alih Kode dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di Kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi ... 53

4.2.1.1 Alih kode Basa Sunda kana Basa Jawa... 54

4.2.1.2 Alih kode Basa Sunda kana Basa Indonesia ... 58

4.2.1.3 Alih kode Basa Jawa kana Basa Indonesia ... 61

4.2.1.4 Alih kode Basa Sunda–Basa Jawa–Basa Indonesia ... 62

4.2.2 Analisis Campur Kode dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di Kelas VII SMP Negeri I Purwadadi ... 63

4.2.2.1Campur Kode Basa Sunda jeung Basa Jawa (CK BS–BJ) ... 64

4.2.2.2Campur Kode Basa Sunda jeung Basa Indonesia (CK BS–BI) ... 67

4.2.2.3Campur Kode Basa Jawa jeung Basa Indonesia (CK BJ–BI) ... 79

4.2.2.4Campur Kode Basa Sunda, Basa Jawa, jeung Basa Indonesia ... 80

4.3 Jumlah Kecap Alih Kode jeung Campur Kode Basa Jawa jeung Basa Indonesia anu Dipaké dina Basa Sunda salaku Basa Panganteur Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi ... 81

(9)

ix

4.3.1.1 Analisis Jumlah Kecap Gejala Alih Kode Basa Jawa ... 81

4.3.1.2 Analisis Jumlah Kecap Gejala Alih Kode Basa Indonesia ... 83

4.3.2 Jumlah Kecap Gejala Campur Kode... 86

4.3.2.1 Analisis Jumlah Kecap Gejala Campur Kode Basa Jawa ... 86

4.3.2.2 Analisis Jumlah Kecap Gejala Campur Kode Basa Indonesia ... 88

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 94

5.1 Kacindekan ... 94

5.2 Saran ... 96

DAFTAR PUSTAKA ... 97

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 99

(10)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan

Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa teu bisa leupas tina basana. Hakékat basa pikeun manusa nya éta pikeun alat komunikasi. Basa ogé bisa nepikeun pesen ti panyatur ka pamiarsa. Ieu hal nu jadi fungsi utama tina basa téh.

Dumasar kana hakékat jeung fungsi basa di luhur, aya sababaraha wangenan basa numutkeun para ahli, di antarana Wardhaugh (1972: 3) dina Sudaryat (2000: 6) yén basa téh nya éta sistem lambang sora nu arbitrér anu dipaké komunikasi ku manusa. “Language is systematic means of communicating ideas or feeling by the use of conventionalized signs, sounds, gestures or marks having understood meanings,” (Webster’s New Collegiate Dictionary, 1981: 641 dina Sudaryat, 2000: 6). Hartina, basa téh nya éta komunikasi idé atawa rasa anu sistematis anu dipaké minangka tanda, sora, jeung peta atawa polah nu konvénsional atawa museur kana harti anu dicangkem.

Nurutkeun Sudaryat (2000: 6), basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Lahirna basa Sunda bareng jeung lahirna budaya Sunda anu dipaké ku masarakatna nu aya di tatar Sunda atawa di saluareun tatar Sunda nu boga turunan urang Sunda. Basa Sunda dipaké keur sadirieun jeung keur batur. Keur sadirieun, nya éta dina waktu ngimpi, ngaduga, kukulutus, ngitung, jeung catetan poéan dina agénda pribadi. Keur batur, nalika palémék atawa komunikasi pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi ngarti kana basa Sunda jeung geus bisa maké basa Sunda.

(11)

2

ulama, boh murid, kabéh ngagunakeun basa Sunda pikeun dijadikeun alat komunikasi dina kahirupan sapopoéna, dina unggal kagiatan jeung aktivitas anu raket patalina jeung kahirupan sosial budaya anu makéna.

Lantaran basa Sunda dipaké ku balaréa, digunakeun ku masarakat nu hétérogén, ti rupa-rupa golongan masarakat anu miboga kasang tukang, kabiasaan, jeung interaksi sosial nu béda-béda, ku kituna muncul ragam (variasi) basa anu dipangaruhan ku faktor panyatur jeung pamakéanana. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu dicaritakeun.

Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaédah basa, boh tata basana boh undak usuk basana.

Dina pamakéan basa aya istilah undak-usuk basa atawa tatakrama basa anu dina enas-enasna mah mangrupa sopan santun dina makéna basa. Anapon wangenan undak-usuk basa anu jéntré nya éta, aturan sopan santun dina makéna basa anu disapukan ku warga masarakatna, guna pikeun silihormat jeung silihajénan, ogé mangrupa hiji sistem dina ngagunakeun ragam basa anu aya patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, sarta peran panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun (Sudaryat, spk., 2007: 294).

Dina nalika prosés komunikasi dipakéna tatakrama basa atawa undak usuk basa téh pikeun silihormat jeung silihajénan papada anu makéna. Ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat), ragam basa loma, jeung ragam basa kasar (teu hormat/cohag). Ragam basa lemes (hormat) aya dua rupa, nya éta lemes keur ka batur jeung lemes keur sorangan. Hal éta téh bisa katitén wujudna dina: (a) lisan atawa kecap, (b) pasemon, (c) rengkuh jeung peta, sarta (d) lentong anu merenah.

(12)

3

nganjurkeun jeung ngawajibkeun keur sakola-sakola nu aya di Tatar Priangan yén basa daérahna urang Jawa Barat, nya éta basa Sunda jadi pelajaran muatan lokal nu wajib diajarkeun ka sakumna murid nu sakola di unit sakola-sakola nu aya di Tatar Sunda.

Ieu hal saluyu jeung nu difasilitasan ku Pamaréntah, saperti anu diébréhkeun dina Perda Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah anu netepkeun basa daérah, nya di antarana basa Sunda kudu diajarkeun di atikan dasar di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No. 22/1999 ngeunaan Pemerintahan Daerah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD 1945 ngeunaan Pendidikan dan Kebudayaan sarta anu direkomendasi ku UNESCO taun 1999 ngeunaan pemeliharaan basa-basa indung, sarta Peraturan Pemerintah RI No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III Pasal 7 Ayat 3 – 8, anu unina yén ti mimiti SD/MI/SDLB, SMP/MTs./SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung SMK/MAK kudu aya pangajaran muatan lokal anu relevan (SKKD, 2007: 87).

Éta hal saluyu ogé anu dicindekkeun dina Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, yén basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi: (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jatidiri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di Sakola Dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim Éd., 1980: 151 dina Sudaryat, spk., 2007: 2).

SMP Negeri 1 Purwadadi nu pernahna aya di Dusun Karangpaningal Désa Karangpaningal Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis Provinsi Jawa Barat, dina prosés pangajaran jeung kagiatan diajarna, hususna dina pangajaran Bahasa

dan Sastra Sunda ngagunakeun basa panganteur basa Sunda, tapi geusan

(13)

4

Asupna jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat téh bisa mangaruhan kabudayaan urang Sunda, nu utamana mah mangaruhan kana basana. Éta hal anu nunjukkeun ayana kontak budaya antara budaya Sunda jeung budaya séjén anu ngawengku kontak basa anu baris ngabalukarkeun ayana kadwibasaan. Sacara sadar atawa teu sadar, tina éta hal bakal muncul masalah campur kode, nya éta pacampurna basa Sunda jeung basa Jawa nalika lumangsungna prosés diajar.

Sacara jéntré, Kridalaksana (2008: 40) nétélakeun naon nu disebut campur kode, yén “campur kode (code-mixing) adalah penggunaan satuan bahasa dari satu bahasa ke bahasa lain untuk memperluas gaya bahasa atau ragam bahasa, termasuk di dalamnya pemakaian kata, klausa, idiom, sapaan, dsb”. Nababan (1991: 32) dina Aslinda jeung Syafyahya (2007: 87) nétélakeun ciri anu pangmucunghulna dina campur kode nya éta dina situasi rinéh atawa dina situasi informal. Dina ieu situasi mah kajadian campur kode téh jarang dilakukeun, umpama dina ayana ogé éta kaayaan téh ku sabab taya deui kecap atawa ungkapan anu merenah pikeun ngaganti basa atawa ungkapan tina basa daérah atawa basa asing.

Dumasar kana unsur-unsur kabasaan, Suwito (1983: 78) dina Karsim (2010) nétélakeun yén campur kode bisa dipasing-pasing jadi sababaraha wujud, di antarana nya éta (1) sisipan unsur anu ngawujud kecap, (2) sisipan unsur anu ngawujud frasa, (3) sisipan unsur anu ngawujud wangun baster, (4) sisipan unsur anu ngawujud rajékan, (5) sisipan unsur anu ngawujud ungkapan atawa idiom, jeung (6) sisipan unsur anu ngawujud klausa.

Murid bakal hésé nyangkem kana pangajaran basa jeung sastra Sunda anu ditepikeun ku guru mata pelajaranna. Cukang lantaranna mah tina éta hal, nya éta nalika maranéhna aya di imah mah maranéhna téh ngagunakeun basa Jawa, ari nalika di sakola maranéhna ditungtut kudu bisa ngagunakeun basa Sunda jeung kudu bisa nyangkem kana pangajaran anu ditepikeun ku guruna. Tina éta hal pisan bakal nimukeun masalah téh, nya éta pagedrugna maksud atawa pesen tina omongan nu rék ditepikeun ka nu jadi lawan ngomongna.

(14)

5

masarakatna, utamana mah nalika murid aya di lingkungan pendidikan kudu mampuh ngagunakeun basa nu hadé jeung sopan, nya éta basana warga nu nyakola, minimalna mah murid kudu bisa nyangkem kana naon nu ditepikeun ku guruna nalika lumangsungna prosés diajar jeung ngajar, ogé jadi warga nagara nu produktif dina ngagunakeun jeung maké basana.

Panalungtikan ngeunaan campur kode basa Sunda salaku basa panganteur pangajaran dina prosés pangajaran tacan kungsi dilaksanakeun, aya ogé anu medar makéna basa di hiji sakola jeung nu medar campur kode di hiji wewengkon. Ieu baris disebutan, di antarana waé: (1) “Campur Kode Basa Jawa kana Basa Sunda

di Wewengkon Tangkolo Desa Tegalurung Kecamatan Cilamaya Kulon

Kabupaten Karawang” (Karsim, 2010), (2) “Makéna Basa Sunda di SD Negeri 3 Bojong Kacamatan Langkaplancar Kabupatén Ciamis” (N. Astrini Nursyamsiah,

2010), jeung (3) “Ragam Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II Désa Sukamulya Kacamatan Kutawaringin Kabupatén Ciamis” (Lilis

Lisnawati, 2010).

Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan-panalungtikan anu kungsi dilaksanakeun, saperti nu di sebutkeun di luhur tadi, nya éta ieu panalungtikan leuwih ngarungkab nu jadi masalah sacara nyoksrok jero kana hal campur kode basa Sunda dina basa panganteur pangajaran pikeun murid-murid SMP, sarta ieu panalungtikan medar ogé ngeunaan alih kode. Lian ti éta, ieu panalungtikan ngeunaan campur kode téh tacan kungsi aya di SMP mah, ku kituna panalungtikan ieu diayakeun pikeun murid-murid SMP. Murid-murid di sakola kasebut anu kapangaruhan ku kasang tukang basa indungna, nya éta leuwih dominan murid nu asalna ti kulawarga nu ngagunakeun basa Jawa dina komunikasi sapopoé jeung papada anggota kulawargana, ogé jeung masarakat nu aya disabudeureunna.

Dumasar kana ayana éta kasang tukang masalah di luhur, panalungtikan nu judulna “Campur Kode Basa Panganteur dina Prosés Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi Kecamatan Purwadadi Kabupatén

(15)

6

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

SMP Negeri 1 Purwadadi pernahna aya di Dusun Karangpaningal Désa Karangpaningal Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis. Éta sakola mangrupa lembaga formal nu kaasup ka daérah tatar Sunda (Jawa Barat) anu kaayaan warga sakolana leuwih dominan ti urang Jawa. Ku kituna tina éta hal nunjukkeun ayana kontak budaya antara budaya Sunda jeung budaya séjén, nya éta budaya Jawa anu ngawengku kontak basa nu baris ngabalukarkeun ayana kadwibasaan. Sacara sadar atawa teu sadar, tina éta hal bakal muncul masalah-masalah kabasaan lianna, di antarana nya éta ayana kajadian bilingualisme, diglosia, alih kode, campur kode, jrrd.

Sangkan museur kana masalah nu ditalungtik, puguh galur, jeung babari dianalisisna, ieu panalungtikan téh diwatesanan kana masalah campur kode jeung alih kode basa Jawa sarta basa Indonesia kana basa Sunda, hususna dina basa panganteur pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi Désa Purwadadi Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis. Ieu hal patali jeung samporétna waktu, biaya, katut tanaga nu nalungtik.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang sarta identifikasi/watesan masalah nu geus diébréhkeun di luhur, ieu masalah diwangun ku sababaraha patalékan saperti di handap:

1) Kumaha kasang tukang dipakéna basa Sunda ku guru jeung murid SMP Negeri 1 Purwadadi dina kahirupan sapopoéna?

2) Kumaha alih kode jeung campur kode basa Jawa jeung basa Indonesia kana basa Sunda dina pangajaran basa jeung sastra Sunda di kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi?

(16)

7

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho ayana kajadian alih kode jeung campur kode dina basa panganteur prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis, ogé pikeun ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan basa, alih kode, jeung campur kode.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, tujuan anu dipiharep bisa dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadeskripsikeun:

1) Kasang tukang dipakéna basa Sunda ku guru jeung murid SMP Negeri 1 Purwadadi dina kahirupan sapopoéna.

2) Alih kode jeung campur kode basa Jawa jeung basa Indonesia kana basa Sunda dina pangajaran basa jeung sastra Sunda di kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi.

3) Jumlah kecap basa Jawa jeung basa Indonesia anu dipaké dina basa Sunda salaku basa panganteur pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi.

1.4 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(17)

8

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat nu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan sacara praktis, nya éta:

1) Pikeun ngainformasikeun ngeunaan pentingna basa daérah (basa Sunda) salaku basa panganteur boh dina prosés pangajaran boh dina kagiatan sapopoé nu aya di Sekolah Menengah Pertama (SMP) kelas handap pikeun ngalancarkeun pangajaran-pangajaran nu lianna.

2) Sangkan basa Sunda dipaké, dimekarkeun, jeung dimangpaatkeun ku urang Sundana sorangan salaku nu boga éta basa, sangkan basa Sunda tetep hirup apanjang-apunjung di daérahna sorangan, ogé sangkan jati diri urang Sunda teu leungit ku alatan urang Sundana sorangan anu teu maké basana.

1.5 Raraga Tulisan

BAB I Bubuka, nya éta bab anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat/signifikansi panalungtikan, jeung raraga tulisan.

BAB II Ulikan Tiori jeung Anggapan Dasar, nya éta bab anu eusina ngawengku wangenan basa jeung basa Sunda, kalungguhan jeung fungsi basa, ragam basa Sunda, basa Sunda dina pangajaran di sakola, alih kode jeung campur kode, sarta anggapan dasar.

BAB III Métode Panalungtikan, nya éta bab anu eusina ngawengku lokasi, subjék populasi, jeung sampel panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, definisi operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik analisis data.

BAB IV Analisis Campur Kode Basa Panganteur dina Prosés Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi Kecamatan Purwadadi Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2012/2013, nya éta bab nu eusina ngawengku data jeung hasil panalungtikan.

BAB V Panutup, nya éta bab anu eusina ngawengku kacindekan jeung saran.

(18)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Subyék Populasi, jeung Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan mangrupa lokasi atawa tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun néang jeung maluruh sarta anu bakal ngahasilkeun informasi data anu dipilih nalika panalungtik fokus kana mikro prosés anu kompléks.

Désa Karangpaningal Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis mangrupa tempat dumukna masarakat nu hétérogén, ti rupa-rupa golongan masarakat anu miboga kasang tukang, kabiasaan, jeung interaksi sosial nu béda-béda. Nya di éta tempat ayana Sekolah Menengah Pertama, SMP Negeri 1 Purwadadi anu prosés pangajaran jeung kagiatan diajarna ngagunakeun basa panganteur basa Sunda, tapi geusan kapangaruhan ku basa Indonesia jeung basa Jawa alatan kaayaan warga sakolana anu leuwih dominan ti urang Jawa.

Asupna jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat téh bisa mangaruhan kabudayaan urang sunda, nu utamana mah mangaruhan kana basana. Sacara sadar atawa teu sadar, tina éta hal pisan bakal muncul masalah campur kode, nya éta pacampurna basa Sunda jeung basa Jawa nalika lumangsungna prosés komunikasi jeung lumangsungna proses diajar. Murid bakal meunangkeun bangbaluh nyangkem kana pangajaran basa jeung sastra Sunda anu ditepikeun ku éta guru mata pelajaran, upama éta murid-murid teu dibiasakeun ngagunakeun basa Sunda jeung teu dibéré pangajaran ngeunaan basa anu jadi basa daérahna.

(19)

24

Ku kituna luyu jeung naon-naon anu diébréhkeun di luhur, panalungtik nyokot lokasi dina ieu panalungtikan nya éta SMP Negeri 1 Purwadadi nu pernahna aya di Dusun Karangpaningal Désa Karangpaningal Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis Provinsi Jawa Barat.

3.1.2 Subjék Populasi Panalungtikan

Kecap populasi (population) sok disebut ogé universum, universe, jeung

universe of discourse. Wangenan populasi numutkeun para ahli, di antarana nya

éta numutkeun Gregory (Djailani, 1998: 107) dina Satori jeung Komariah (2009: 46) sacara jéntré nétélakeun populasi salaku objék sacara gembleng anu rélevan tina masalah nu ditalungtik. Populasi nya éta jumlah total tina sakabéh unit atawa élemén anu ngirut panalungtik (Kenneth D. Bailey: 85 dina Satori jeung Komariah, 2009: 46). Numutkeun Arikunto (2010: 173), populasi téh nya éta subjék panalungtikan sacara gembleng.

Luyu jeung pamadegan para ahli di luhur, Congelosi jeung Taylor (Djailani, 1998: 107) dina Satori jeung Komariah (2009: 46) ngébréhkeun yén populasi téh nya éta sakabéh unsur anu ditalungtik. Populasi bisa mangrupa organisme, salasaurang atawa sakelompok manusa, masarakat, organisasi, barang, objék, kajadian, atawa laporan anu sakabéhna miboga ciri nu kudu didefinisikeun sacara spésifik jeung teu ngaganda (Robert B. Burns, 2000: p.83 dina Satori jeung Komariah, 2009: 46).

Dumasar pamadegan-pamadegan para ahli di luhur, bisa dicindekkeun yén nu disebut populasi nya éta objék atawa subjék anu aya dina hiji wilayah topik panalungtikan sarta nyumponan sarat-sarat nu tangtu, patali jeung masalah anu ditalungtik.

(20)

25

3.1.3 Sampel Panalungtikan

Arikunto (2010: 174) nétélakeun yén nu disebut sampel téh nya éta sabagéan atawa wawakil tina populasi anu ditalungtik. Éta hal luyu jeung nu diébréhkeun ku Satori jeung Komariah (2009: 49) yén sampel nya éta sabagéan tina populasi. Nangtukeun sampel dina pamarekan kualitatif leuwih merenah disebut sumber data dina situasi sosial (social situation) nu tangtu anu jadi subjék panalungtikanana nya éta mangrupa wanda atawa barang, hiji hal atawa jelma anu di dirina nyangkaruk aya data ngeunaan objék anu rék ditalungtik.

Nurutkeun Arikunto (2010: 177-185), cara pikeun nangtukeun sampel panalungtikan nya éta salasahijina sampel random. Sampel random, sampel acak, atawa sampel campur, nya éta téhnik sampling nu cara nyokot sampelna ku cara ngadumaniskeun subjék-subjék nu aya di sajeroeun populasi nepi ka sakabéh éta subjék dianggap sarua. Ku kituna, panalungtik méré hak nu sarua unggal subjék pikeun meunangkeun kasempetan (chance) anu dipilih jadi sampel. Ku lantaran hak satiap subjék sarua, mangka panalungtik bisa leupas tina rasa ngaistimewakeun kana hiji atawa sababaraha subjék pikeun dijadikeun sampel.

Luyu jeung lokasi sarta subyék populasi panalungtikan nu geusan diébréhkeun, ogé luyu jeung naon-naon anu diébréhkeun ku para ahli di luhur, nu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan téh nya éta kelas VII. Tina éta kelas VII, panalungtik nyokot sampel ku cara random (acak) nya éta dipilih kelas VII-A, VII-F, jeung VII-H SMP Negeri 1 Purwadadi nu aya di Dusun Karangpaningal Désa Karangpaningal Kecamatan Purwadadi Kabupatén Ciamis. Ku kituna, dicokot tilu kelas tina éta entragan kelas VII pikeun panalungtikan.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prakna panalungtikan nepi ka pananya anu aya bisa dijawab.

(21)

26

campur kode, (2) observasi, (3) ngabagikeun angkét, (4) ngolah data, (5) nganalisis data, jeung (6) nyusun laporan panalungtikan.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Metode Panalungtikan

Métodologi anu digunakeun ku panalungtik dina ieu panalungtikanna nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta jeung sifat-sifat sacara faktual, sistematis, tur akurat (Suyatna, 2002: 14 dina Herni, 2011: 41). Dina harti luas, métode déskriptif ngawengku rupa-rupa panalungtikan anu taya pakuat-pakaitna kana hipotésis jeung ékspérimén, nu miboga tujuan pikeun ngadéskriptifkeun. Maksudna nya éta nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sifat-sifat populasi atawa daérah nu geus ditangtukeun.

Ngagunakeun métode déskriptif, campur kode basa panganteur dina prosés nepikeun pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi bakal

Maca buku anu medar ngeunaan basa, alih kode, jeung campur kode.

Observasi

Ngabagikeun angkét

Ngolah data

Nganalisis data

(22)

27

kapaluruh ku cara dikumpulkeun, dipasing-pasing, dianalisis, jeung nu pamungkas ditafsirkeun pikeun jadi hasil anu mangrupa data.

3.4 Definisi Operasional

Moh. Nazir (1999: 152) dina Astrini (2010: 41) nétélakeun yén wangenan operasional téh nya éta hiji wangenan pikeun hiji variabel ku cara méré harti atawa napsirkeun kagiatan atawa méré hiji operasional nu diperlukeun pikeun ngukur éta variabel.

Sangkan leuwih jéntré jeung babari dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, perlu ayana istilah-istilah anu digunakeun dina ieu judul panalungtikan. Di handap ieu baris dipedar wangenan tina istilah-istilah nu aya dina judul panalungtikan, di antarana nya éta:

1) Campur kode nya éta makéna dua unsur basa dina hiji omongan anu ngagunakeun hiji basa di mana antara unsur kahiji jeung séjénna silih mangaruhan sacara konsistén.

2) Basa panganteur pangajaran, nya éta alat pikeun sosialisasi manusa jeung sasamana dina prosés méré pangaweruh ka siswa jeung ngarubah kompeténsi manusa éta sorangan sangkan diajar jeung mikanyaho kana hiji hal anu tadina teu apal atawa teu bisa jadi apal jeung bisa, sarta pikeun jadi mahluk sosial anu miboga kompeténsi anu leuwih hadé.

(23)

28

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén mangrupa hal anu kawilang penting, sabab hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ogé ku instrumén anu digunakeun. Instrumén pikeun ngumpulkeun data téh bener-bener dirarancang heula, dijieun, sarta diperlukeun salila prosés panalungtikan dilaksanakeun.

Arikunto (1996: 150 dina Astrini (2010: 42) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data. Dina perkara ngumpulkeun data, ieu intrumén pikeun ngagampangkeun dina nganalisis pamakéan basana. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta instrumén anu mangrupa sistem kartu data. Cara nangtukeun kartu datana nya éta sakur basa atawa kecap anu kapanggih dina éta sumber hasil rékaman tuluy ditulis jeung dipindahkeun.

Data dina ieu panalungtikan dikumpulkeun ku cara obsérvasi, datang heula ka sakola anu jadi tempat atawa lokasi panalungtikan, nya éta SMP Negeri 1 Purwadadi. Data ngeunaan kasang tukang pamakéan basa sapopoé dikumpulkeun kalayan ngagunakeun angkét. Sedengkeun alat pikeun sadap rékam ngagunakeun camera digital, tablet, jeung hand phone salaku gaganti tape recorder. Maksud tina ngagunakeun éta alat rékaman nya éta pikeun ngagampangkeun panalungtik dina ngumpulkeun data. Salian ti ngagunakeun alat rékaman, digunakeun ogé catetan pikeun nyatet hal-hal anu dianggap penting.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Angkét anu ditujukeun ka warga sakola, di antarana nya éta angkét pikeun: a) Murid nu eusina 11 pananya ngeunaan dipakéna basa Sunda dina

kahirupan sapopoé.

b) Guru nu eusina 14 pananya ngeunaan dipakéna basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

2) Lambar transkripsi hasil rékaman warga sakola anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan, nya éta lambar transkripsi waktu prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda di kelas VII (kelas VII-A, VII-F, jeung VII-H).

(24)

29

Bagan 3.2

Conto Format Kartu Data

No. Data No. Data f

G % M %

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Frekuensi % %

Jumlah G M

%

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dumasar kana téhnik panalungtikan anu digunakeun, nya éta téhnik obsérvasi jeung téhnik sadap rékam. Téhnik obsérvasi dipaké pikeun nangtukeun sumber data panalungtikan. Ku ieu cara, panalungtik milu ancrub sacara langsung (milu partisipasi) ka lapangan pikeun nangtukeun tempat jeung ningali situasi lingkungan sarta populasi nu bakal ditalungtik. Salian ti éta, panalungtik ogé kalibet sacara langsung kumaha kajadian alih kode jeung campur kode anu digunakeun ku guru jeung murid di mana ngalakukeun sajumlahing komunikasi dina prosés KBM basa jeung sastra Sunda.

(25)

30

KBM, hususna nalika pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan jéntré bisa aya dina rékaman.

Ku kituna, téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik analisis data. Téhnik ngumpulkeun data ku cara obsérvasi nya éta ku cara ngabagikeun angkét, studi dokuméntasi, jeung téhnik sadap rékam. Ari téhnik quisioner (ngabagikeun angkét) nya éta téhnik anu dianggap leuwih pas pikeun ngumpulkeun data ti sumber data anu aya di lapangan.

Prosés ngumpulkeun data anu dilakukeun dina ieu panalungtikan, ngagunakeun sababaraha léngkah:

1) Nepungan kepala sekolah jeung guru anu dipaké sumber data. 2) Ngabagikeun angkét ka warga sakola (guru jeung murid).

3) Ngarékam basa panganteur dina prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda di kelas VII (VII-A, VII-F, jeung VII-H).

4) Ngarékam basa anu digunakeun dina prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda nalika lumangsungna éta KBM.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan ku cara nganalisis langsung data atawa nalungtik basa panganteur dina prosés nepikeun pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi luyu jeung tujuan panalungtikan, nya éta perkara alih kode jeung campur kode basa Jawa jeung basa Indonesia kana basa Sunda dina basa panganteur pangajaran basa jeung sastra Sunda.

Téhnik ngolah datana dumasar kana téori pamarekan tata basa struktural. Ieu di handap mangrupa léngkah-léngkah ngolah data anu dilaksanakeun ku panalungtik, di antarana nya éta:

1) Nyatet sakabéh data hasil rékaman nalika prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi.

(26)

31

3) Maca sakabéh data rékaman prosés pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi.

4) Nyusun papasingan basa Sunda dumasar kana alih kode jeung campur kode jumlah kecap basa Jawa jeung basa Indonesia tina basa Sunda.

5) Nganalisis jeung ngadéskripsikeun data. 6) Konsultasi jeung dosén pembimbing.

(27)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

(28)

95

jeung babaturanna di sakola anu ngagunakeun BS aya 9%, nu ngagunakeun BJ aya 22%, nu ngagunakeun BI aya 8%, anu ngagunakeun basa campuran BS–BJ aya 50%, jeung anu ngagunakeun basa campuran BS–BI aya 11%, anu ngarti kana BS minangka basa panganteur dina pangajaran basa jeung sastra Sunda aya 63,27% jeung anu satengah ngarti aya 36,73%, anu ngarti kana BI minangka basa panganteur dina pangajaran basa jeung sastra Sunda aya 97,96% jeung anu satengah ngarti aya 2,04%, sarta basa anu digunakeun nalika jajan di sakola ku murid nu ngagunakeun BS aya 45,55%, ngagunakeun BJ aya 6,93%, campuran BS–BJ aya 40,59%, jeung campuran BS–BI aya 6,93%.

2) Alih kode jeung campur kode basa Jawa jeung basa Indonesia kana basa Sunda dina pangajaran basa jeung sastra Sunda di kelas VII SMP Negeri 1 Purwadadi, nya éta kapanggih basa panganteur dina pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP Negeri 1 Purwadadi nya éta ngagunakeun basa Sunda, tapi dina éta basa panganteur kapanggih ayana basa Sunda anu ngalaman gejala alih kode jeung campur kode. Éta gejala alih kode nyampak dina kalimah alih kode BS–BJ aya 37 (4,32%) kalimah, AK BS–BI aya 21 (2,45%) kalimah, AK BI–BJ aya 14 (1,63%), jeung AK BS–BJ–BI aya 4 (0,46%) kalimah. Di sagigireun éta gejala alih kode, nyampak ogé gejala campur kode anu nyampak dina kalimah CK BS–BJ aya 44 (5,14%) kalimah, CK BS–BI aya 126 (14,73%) kalimah, CK BJ–BI aya 3 (0,35%) kalimah, jeung CK BS–BJ–BI aya 4 (0,46%) kalimah.

(29)

96

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung kacindekan anu geus diébréhkeun di luhur, aya sababaraha hal saran anu perlu dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelan dina ngagunakeun basa Sunda ku guru jeung murid sarta warga sakola SMP Negeri 1 Purwadadi nya éta di antarana:

1) Pikeun lembaga atikan formal nu aya di Jawa Barat, sangkan ngalaksanakeun peraturan anu geus ditangtukeun, yén nurutkeun Perda mata pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda wajib ditepikeun di sakola-sakola SD, SMP, jeung SMA. Ku kituna dipiharep satiap sakola mampuh ngamekarkeunana dina kagiatan-kagiatan anu aya di handapeun naungan sakola sangkan murid-murid leuwih reueus kana budayana jeung leuwih reueus dina maké basana.

2) Pikeun sakumna guru anu sacara langsung ancrub dina prosés KBM di sakola, hususna pikeun guru Basa Sunda, guru salaku anu ngatik ngadidik ngaping ngabina para muridna nu tangtuna bakal gedé pangaruhna pikeun digugu jeung ditiru, ku kituna dipiharep ngagunakeun basa Sunda pikeun murid nu tacan mampuh ngagunakeun basa Sunda bisa ngagunakeun jeung bisa leuwih ngamekarkeun deui pangaweruhna kana éta basa.

(30)

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi Revisi 2010). Jakarta: Rineka Cipta.

Aslinda. jeung Syafyahya, L. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.

Astrini-Nursyamsiah, N. (2010). “Makéna Basa Sunda di SD Negeri 3 Bojong

Kacamatan Langkaplancar Kabupatén Ciamis”. Skripsi di JPBD FPBS

UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Chaer, A. (2002). Psikolinguistik Kajian Teoritik. Jakarta: Rineka Cipta.

---. jeung Agustina, L. (2004). Sosiolinguistik Perkenalan Awal (Edisi Revisi). Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Jalan Dr. Radjiman No. 6 Telp. (022) 4264813.

Ekadjati, E. S. (1980). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Bandung: Girimukti Pusaka.

Hadi, A., Wikaya, A. jeung Faturohman, T. (1991). Peperenian Kandaga,

Unak-anik, Tutungkusan, jeung Rusiah Basa Sunda. Bandung: GegerSunten.

Herni-Nurkolbi, A. (2011). “Campur Kode Karangan Pangalaman Siswa Kelas

VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012”. Skripsi di JPBD FPBS

UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

(31)

98

Kridalaksana, H. (2008). Kamus Linguistik (Edisi Keempat). Jakarta: GramediaPustaka Utama.

Lisnawati, L. (2010). “Raga Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II Désa Sukamulya Kacamatan Kutawaringin Kabupatén

Bandung”. Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: tidakditerbitkan.

Rahayu-Tamsyah, B. (1991). Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

---. (1996). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Rosidi, A. et al. (1987). Polemik Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Mangle Panglipur.

Satori, D. jeung Komariah, A. (2009). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Solehudin, O. (2009). Handout Sosiolinguitik. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI (tidak diterbitkan).

Sudaryat, Y. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

---. (1995). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

---. (2000). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

---., Prawirasumantri, A. jeung Yudibrata, K. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Referensi

Dokumen terkait

Dari berbagai kegiatan positif tersebut ada pula kegiatan negatif yang di lakukan mahasiswa sehingga tingkat kasus pidana narkoba di yogyakarta juga meningkat karena mahasiswa

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

Alkansa no garante seguransa ne’e hanesanprioridade topu ka boot ida ba Timor-Leste no prosesu rekonstrusaun inklui dezenvolve forsa polísia profisional ho nomeasaun no promosaun

Perjanjian penjualan perumahan dengan menggunakan kontrak baku dianggap sah menurut KUH Perdata dan UUPK karena meskipun dibuat secara sepihak oleh pelaku usaha, dalam pasal ini

tersebut maka penulis tertarik untuk melakukan penelitian dengan judul “ Pengaruh rasio likuiditas, rasio solvabilitas dan rasio aktivitas terhadap laba perusahaan dagang di

Akan tetapi hal yang paling penting sebetulnya adalah sejauh mana pengelola dapat mensinergikan program-program perpustakaan dengan visi-misi sekolah serta kebutuhan kurikulum yang

Format ini diisi oleh kepala sekolah/madrasah sesuai dengan pelaksanaan visitasi yang sebenarnya dilakukan oleh asesor, sebagai bahan evaluasi bagi BAN-S/M untuk

Puji syukur penulis panjatkan kehadirat Allah SWT yang senantiasa memberikan rahmat dan hidayah- Nya sehingga skripsi yang berjudul” Meningkatkan Keterampilan Menulis