• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN-INAJÉN SOSIAL POLITIK MANGSA RÉFORMASI MASARAKAT SUNDA DINA CARITA PONDOK MAJALAH MANGLÉ JEUNG CUPUMANIK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN-INAJÉN SOSIAL POLITIK MANGSA RÉFORMASI MASARAKAT SUNDA DINA CARITA PONDOK MAJALAH MANGLÉ JEUNG CUPUMANIK."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... ix

DAFTAR TABÉL ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

DAFTARLAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan ... 4

1.2.1 WatesanMasalah Panalungtikan ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 5

1.3Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Wangenan Istilah ... 7

1.6 Sistematis Organisasi Tésis ... 10

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Tiori ... 12

2.1.1 Sosial Politik dina Jaman Réformasi di Indonésia ... 12

2.1.2 Sosial Politik jeung Sastra ... 17

2.1.3 Carita Pondok ... 19

2.1.4 Sémiotik ... 43

2.2 Anggapan Dasar ... 48

(2)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan ... 50

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 50

3.3 Nangtukeun Data ... 51

3.4 Instrumen Panalungtikan ... 52

3.5 Desain Panalungtikan ... 53

3.6 Prosédur Analisis Data ... 54

BAB IV AJÉN SOSIAL POLITIK MASARAKAT SUNDA MANGSA RÉFORMASI DINA CARITA PONDOK DINA MANGLÉ JEUNG CUPUMANIK 4.1 Déskripsi Data jeung Ringkesan Carita ... 57

4.1.1 Déskripsi Data ... 57

4.1.2 Ringkesan Carita ... 59

4.2 Analisis Struktur Intrinsik ... 66

4.2.1 Tema ... 68

4.2.2 Palaku ... 70

4.2.3 Kasang Tukang... 71

4.3 Interprétasi Tanda Indéks ... 72

4.4 Ajén-Inajén Sosial Politik Mangsa Réformasi Masarakat Sunda dina Carita Pondok ... 79

4.5 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 83

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 91

5.2 Saran ... 96

DAFTAR PUSTAKA ... 98

(3)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman sababaraha kali robah, ti mimiti jaman kolonial, perang kamerdékaan, sabada perang kamerdékaan, ordeu lama, ordeu baru, nepi ka jaman réformasi. Saéstuna, dina konsép kamekaran manusa mah kahirupan bangsa Indonésia téh geus dimimitian ti mangsa prasejarah mula. Parandéné kitu, patali jeung digunakeunana istilah bangsa Indonésia mah kahirupan masarakat Indonésia téh kacatetna dina mangsa kolonial tepi ka kiwari.

(4)

kolusi, jeung népotisme (KKN). Tina mahabuna kagiatan korupsi, kolusi, népotisme, tur ditambahan ku kasengkerna sawatara widang kahirupan dina jaman ordeu baru, ngalahirkeun jaman ordeu réformasi nu idéntik jeung mangsa atawa jaman keterbukaan dina sagala widang kahirupan.

Rupa-rupa aspék nu nyampak dina unggal pajamanan nu kaalaman ku bangsa Indonésia téh direkam salasahijina dina karya sastra winangun carita pondok (carpon). Sakumaha nurutkeun Rosidi dina bukuna Kesusastraan Sunda Dewasa Ini (1960), mimitina carita pondok dina sastra Sunda kacida dalitna jeung carita-carita lucu nu geus nyampak dina carita lisan masarakat Sunda. Sedengkeun dina buku Kanjut Kundang Rosidi (1963) nétélakeun yén carpon ogé raket patalina jeung panineungan, ngawawaas alam nu ngan kari wangwangan. Téma sarupa kitu téh kiwari leuwih dieuyeuban ku ngamangpaatkeun parobahan sosial nu kungsi kaalaman ku masarakat Sunda. Ieu parobahan dimangpaatkeun jadi kasang tukang nu euyeub ngabeungharan téma carpon dina basa Sunda.

Kalawan ngagunakeun istilah mimesis, Plato jeung Aristotélés matalikeun antara sastra jeung masarakatna salaku „eunteung‟. Béh dieuna, sawatara ulikan

(5)

kana kahirupan sabudeureunana diwujudkeun dina karya nu ngagambarkeun aspék-aspék kahirupan sabudeureun.

Minangka salasahiji wangun karya sastra, carita pondok ogé dipangaruhan ku téma-téma kahirupan sabudeureun, kaasup pasualan-pasualan sosial politik. Contona, nurutkeun rédaksi majalah Cupumanik dina panganteur édisi husus paradeu carita pondok (Juli 2011), diterbitkeunana sajumlahing carpon dina ieu édisi téh minangka usaha pikeun ngeuyeuban téma carpon ku pasualan-pasualan kahirupan sosial politik sabada réformasi. Pasualan-pasualan dina kahirupan sosial politik mangsa réformasi téh euyeub pisan, nepi ka réa ajén-inajénna nu bisa diungkab.

Dina hasanah sastra Sunda réa ulikan, utamana winangun makalah, skripsi, jeung tésis di sawatara paguron luhur, nu ngaguar rupa-rupa perkara nu nyangkaruk dina carita pondok. Contona skripsi nu judulna “Bahan jeung Conto Modél Pangajaran Aprésiasi Carita Pondok Basa Sunda pikeun SMP” nu ditulis

ku Eulis Héndrayani Saputra (JPBD IKIP Bandung, 1990), jeung “Ulikan

Semiotik kana Kumpulan Carpon Surat keur ka Sawarga Karangan Paguyuban Sastrawan Sunda Patrem” nu ditulis ku Yessy Hermawati (JPBD UPI, 2006).

Ulikan nu wangunna tésis contona beunang Darpan (SPs UPI, 2011) nu judulna “Génealogi Carita Pondok Sunda: Tilikan Postkolonial”. Sakumaha ébréh tina

(6)

poskolonialisme. Ulikan nu patali jeung ajén-inajén kahirupan ogé kungsi dilaksanakeun dina skripsi Yayu Aisyah (JPBD UPI, 2008) nu judulna “Ajén Patriotis dina Kumpulan Carita Pondok Oléh-Oléh Pertempuran Karangan Rukmana HS: Ulikan Struktural Semiotik”. Tina judulna katitén yén ulikan

museur kana maluruh sacara sémiotik ajén patriotis atawa kapahlawanan nu gelar tina kagiatan perang.

Ulikan perkara kahirupan sosial politik masarakat Sunda sakumaha nu nyampak dina carpon mah tacan kungsi dilaksanakeun. Dina ieu panalungtikan, ajén-inajén kahirupan sosial politik masarakat Sunda dina carpon téh dipedar. Puseur panitén ieu panalungtikan neueul kana perkara kahirupan sosial politik masarakat Sunda mangsa réformasi sakumaha nu ébréh dina carita pondok nu dimuat dina sawatara majalah basa Sunda jeung buku-buku kumpulan carpon nu dipedalkeun dina taun-taun sabada réformasi. Pikeun mikaweruh perkara éta hal kalawan leuwih jéntré jeung gembleng, diwewegan ku ulikan perkara aspék semiotik. Ngaliwatan pamarekan semiotik Pierce, tanda-tanda nu némbongkeun aspék sosial politik dina carpon téh dianalisis nepi ka bisa ngagambarkeun ajén-inajénna. Ku éta hal, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan dijudulan “Ajén-Inajén Kahirupan Sosial Politik Mangsa Réformasi Masarakat Sunda dina Carita Pondok Manglé jeung Cupumanik”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan

1.2.1 Watesan Masalah Panalungtikan

(7)

Pikeun maluruh kahirupan sosial politik masarakat Sunda sakumaha nu nyampak dina carpon, baris dipedar ngaliwatan studi sosiologi sastra nu diwewegan ku ulikan sémiotik Pierce. Pasualan sosial politik masarakat Sunda téh bisa ngawengku jaman kolonial, perang kamerdékaan, sabada perang kamerdékaan, ordeu lama, ordeu baru, nepi ka jaman réformasi. Sangkan teu lega teuing, pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan, perkara kahirupan sosial politik masarakat Sunda dina jaman sabada réformasi. Patali jeung aspék semiotik, teu sakabéhna dianalisis, tapi dipuseurkeun kana tanda indéks.

1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kana watesan di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

(1) Kumaha struktur intrinsik nu ngawengku téma, palaku, jeung kasang tukang dina carpon nu gelar mangsa réformasi?

(2) Tanda-tanda indéks naon baé anu némbongkeun ajén-inajén sosial politik masarakat Sunda dina carpon nu gelar mangsa réformasi?

(3) Kumaha ajén-inajén kahirupan sosial politik masarakat Sunda dina mangsa reformasi anu nyampak dina carita pondok?

1.3 Tujuan Panalungtikan

(8)

(1) ngadéskripsikeun struktur intrinsik nu ngawengku nu ngawengku téma, palaku, jeung kasang tukang dina carpon nu gelar mangsa réformasi;

(2) maluruh tanda anu sacara sémiotik némbongkeun ajén-inajén sosial politik masarakat Sunda dina carpon nu gelar mangsa réformasi; jeung

(3) nétélakeun ajén-inajén kahirupan sosial politik masarakat Sunda dina mangsa reformasi anu nyampak dina carita pondok.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif kana parobahan sosial dina kahirupan masarakatna.

2) Salaku bagian unsur budaya, déskripsi kahirupan sosial politik masarakat Sunda mangsa réformasi sakumaha nu nyampak dina carita pondok mangrupa bahan anu penting pikeun nyuprih ajén-inajén kamekaran kahirupan masarakat Sunda dina rupa-rupa widang;

(9)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Pikeun kaperluan praktis, ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran dina mata pelajaran Muatan Lokal Basa jeung Sastra Sunda di sakola, pangpangna nu patali jeung ajén-inajén karya sastra katut hubunganana jeung sastra salaku eunteung kahirupan. Salian ti bisa dimangpaatkeun pikeun bahan pangajaran basa, sastra jeung budaya Sunda, ajén-inajén kahirupan sosial politik masarakat Sunda nu kaungkab dina ieu panalungtikan ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran dina mata pelajaran-mata pelajaran lianna. Mata pelajaran nu bisa ngamangpaatkeun hasil ieu panalungtikan di antarana mata pelajaran Bahasa Indonésia, Kewarganegaraan (PKn), jeung Ilmu Pengetahuan Sosial (IPS), utamana nu patali jeung pedaran perkara démokrasi, sistem tata nagara, jeung sistem sosial masarakat.

1.5 Wangenan Istilah

Sangkan écés, sawatara istilah nu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun dumasar kana watesan-watesan sakumaha ieu di handap.

1) Ajén-inajén

(10)

2) Kahirupan Sosial Politik

Dina ieu panalungtikan, istilah kahirupan sosial politik ngandung harti urusan kamasarakatan, katatanagaraan, jeung kawijaksanaan atawa cara-cara ngatur hirup kumbuh hiji masarakat nu tangtu.

3) Masarakat Sunda

(11)

urang Sunda, mangka bisa disebut urang Sunda, kukituna dina kahirupanana kudu ngalaksanakeun jeung ngagunakeun norma-norma atawa ajén-ajén kasundaan; (2) Sunda Obyéktif, nya éta saupama hiji jalma dianggap ku batur urang Sunda, mangka éta jalma geus sakuduna kudu nyunda atawa ngaaktualisasikeun anggapan kasebut. Ku cara ngalaksanakeun jeung ngagunakeun norma-norma atawa ajén-ajén kasundaan; (3) Sunda genetik, nya éta hiji jalma nu sacara genetik lahir ti kolotna Urang Sunda pituin; (4) Sunda Sosiokultural, saupama indung bapana atawa salasahijina lain urang Sunda pituin, tapi paripolah sapopoéna nyunda, mangka bisa disebut urang Sunda; jeung (5) Sunda Geografis-Demografis, nya éta sakur nu cicing di tatar Sunda sacara géografis (sacara administratif disebut provinsi Jawa Barat). Sedengkeun Sedengkeun nurutkeun Rosidi (2009: 1-15), manusa Sunda téh nya éta manusa nu hirupna neuleuman sarta ngalaksanakeun ajén-inajén budaya Sunda. Istilah masarakat sorangan ngandung harti hirup kumbuh, pakumbuhan, atawa tempat campur gaul. Dina ieu panalungtikan, istilah masarakat Sunda téh dihartikeun salaku pakumbuhan urang Sunda nu dina kahirupan sapopoéna ngalaksanakeun ajén-inajén sosiokultural Sunda.

4) Carita Pondok

(12)

1.6 Sistematika Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan struktur organisasi sakumaha ieu di handap.

Bab I: Bubuka

Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung struktur organisasi tésis.

Bab II: Ulikan Tiori, Anggapan Dasar, jeung Raraga Mikir Dina ieu bab didadarkeun:

1) sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori:

- Sosial Politik dina Jaman Réformasi - Carita Pondok

- Semiotik

2) anggapan dasar nu digunakeun dina panalungtikan. 3) raraga mikir nu digunakeun dina panalungtikan. Bab III: Métode Panalungtikan

Ieu bab mertélakeun perkara métode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, jeung prosédur analisis data.

Bab IV: Ajén Sosial Politik Mangsa Réformasi dina Carpon

(13)

Bab V: Kacindekan jeung Saran

(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan sosiologi sastra anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan nyaéta kahirupan sosial politik masarakat Sunda sabada jaman réformasi sakumaha nu ébréh dina carita pondok. Pikeun mikaweruh perkara éta hal kalawan leuwih jéntré jeung gembleng, diwewegan ku ulikan perkara aspék sémiotik.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Tujuanana pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna. Data anu aya patalina jeung kahirupan sosial politik masarakat Sunda sabada jaman réformasi sakumaha nu ébréh dina carita pondok téh didéskripsikeun, dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun, ngolah data, sarta nyieun kacindekan jeung laporan. Sedengkeun téhnik ngumpulkeun datana ngawengku talaah pustaka jeung analisis téks.

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

(15)

pikeun mikaweruh éta objék, situasina, kontéksna, jeung ma’nana. Téhnik

observasi digunakeun dina niténan unsur-unsur pangwangun sajumlahing carita pondok nepi ka data pikeun kaperluan ieu panalungtikan bisa dicangking.

Téhnik dokuméntasi dina ieu panalungtikan mangrupa panglengkep tina téhnik observasi. Dokumén téh mangrupa sumber informasi nu lain manusa. Ku éta hal, dina ieu panalungtikan informasi atawa data dicangking lain ti narasumber, tapi tina rupa-rupa bahan wangun tinulis. Bahan-bahan tinulis téh ditilik eusina nepi ka kapaluruh data anu bisa ngarojong data poko nu kacangking ngaliwatan observasi. Sawatara bahan tinulis anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan di antarana buku, artikel, jeung éséy.

3.3 Nangtukeun Data

Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan gumantung kana rangkay analisis jeung rangkay mikir anu geus ditangtukeun. Pikeun nohonan butuhan sakumaha anu kaunggel dina rangkay analisis jeung rangkay mikir ka-sebut, diperlukeun data anu mangrupa carita pondok-carita pondok anu gelar dina jaman sabada réformasi. Ciri nu panggampangna pikeun nangtukeun éta carpon-carpon téh ditilik tina titimangsana, boh dijieunna boh dipedalkeunana. Carpon nu teu ngamuat titimangsana bisa jadi kaasup kana sampel ieu panalungtikan saupama némbongkeun jeung masualkeun aspék-aspék dina kahirupan jaman réformasi di Indonésia.

(16)

réformasi, kurang leuwih ti mangsa taun 1997 nepi ka kiwari, utamana nu nyampak dina buku-buku kumpulan carpon, majalah Manglé jeung

Cupumanik. Hasil-hasil panalungtikan saméméhna nu nu nalungtik ajén-inajén kahirupan masarakat Sunda dina carpon jeung karya sastra lianna ogé dimangpaatkeun salaku bahan babandingan jeung rékonstruksi aspék-aspék sosial politik.

Teu sakabéhna carita pondok dianalisis, tapi digunakeun sawatara sampel nu ditangtukeun ngaliwatan téhnik judgment sampling. Éta téhnik saéstuna teu jauh béda jeung purposive sampling. Nurutkeun Patton (Satori jeung Komariah, 2010:52), téhnik judgment sampling digunakeun dumasar kana tinimbangan milih kasus nu leubeut ku informasi pikeun ditalungtik sacara leuwih jero, kalawan dipatalikeun jeung tujuan panalungtikan. Dumasar kana éta hal, sampel dina ieu panalungtikan ngawengku 10 (sapuluh) carita pondok nu medal dina mangsa réformasi.

3.4 Instrumén Panalungtikan

(17)

Tabél 3.1

Padoman Analisis Téks

No. Aspék Analisis Sub Aspék

1. Déskripsi Téks a. Dadaran kontéks b. Ringkesan carita 2. Analisis Téks Analisis Tanda Sémiotik:

- Ikon - Indéks - Simbol 3. Ajén-inajén Sosial

Politik Masarakat Sunda dina Mangsa Réformasi

a. Manusa jeung Masarakatna b. Sistem Tatanagara

3.5 Désain Panalungtikan

(18)

Bagan 3.2: Alur Panalungtikan

3.6 Prosédur Analisis Data

Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif, nyaéta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan (réduksi data,

Jejer Panalungtikan

Ajén-Inajén Kahirupan Sosial Politik Masarakat Sunda dina Carita Pondok

Watesan Masalah

Pasualan anu ditalungtik téh diwatesanan, perkara kahirupan sosial politik masarakat Sunda dina jaman sabada reformasi. Patali jeung aspék semiotik, teu sakabéhna dianalisis, tapi

dipuseurkeun kana aspék tanda.

Rumusan Masalah

(1)Kumaha struktur intrinsik nu ngawengku téma, palaku, jeung kasang tukang dina carpon nu gelar sabada jaman réformasi?

(2)Tanda-tanda naon baé anu sacara sémiotik némbong-keun ajén-inajén sosial po-litik masarakat Sunda dina carpon nu gelar sabada jaman réformasi? (3)Kumaha ajén-inajén

kahi-rupan sosial politik masa-rakat Sunda dina jaman reformasi sakumaha anu nyampak dina carita pondok?

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun: (1)struktur intrinsik nu

ngawengku téma, palaku, jeung kasang tukang dina carpon nu gelar sabada jaman réformasi

(2)Tanda-tanda naon baé anu sacara sémiotik némbongkeun ajén-inajén sosial politik masarakat Sunda dina carpon nu gelar sabada jaman réformasi (3)ajén-inajén kahirupan

sosial politik masarakat Sunda dina jaman sabada reformasi sakumaha anu nyampak dina carita pondok

Métodologi

- Pamarekan: Kualitatif - Métode: Déskriptif

- Téhnik: Talaah Pustaka, Analisis Téks

Analisis Data

a. Struktur Instrinsik b. Tanda Semiotik c. Ajén-inajén Sospol

(19)

midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi) nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.3: Tehnik Analisis Interaktif (Miles jeung Huberman, 1992:16)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada dikla-sifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi, museurkeun, ngabasajan-keun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diséléksi ku jalan milah-milah kalawan

tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan

panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun (nga-rakit) atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyin-dekkeun jeung vérifikasi.

(20)

Saba-da éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicang-king.

Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi tanda sémiotik dina carita pondok anu patali jeung aspék sosial politik dina jaman réformasi bangsa Indonésia;

3) Nalaah kahirupan sosial politik masarakat Sunda sabada réformasi sakumaha nu ébréh dina carita pondok anu medal sabada jaman réformasi di Indonésia tina aspék manusa salaku pribadi, manusa jeung masarakatna, manusa jeung alam, sistem tatanagara, jeung kawijakan nagara; jeung

(21)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis patali jeung struktur intrinsik, tanda sémiotik, jeung ajén-inajén sosial politik dina carita pondok mangsa réformasi sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Tina jihat struktur intrinsik nu ngawengku téma, palaku, jeung kasang tukang, bisa dicindekkeun:

(22)

antara partéy politik ngaliwatan sistem parleméntér terbuka nyababkeun suasana jadi labil. Pamaréntahan lumangsung kalawan teu nyugemakeun, nu balukarna ngalaman parobahan-parobahan éléméntér tepi ka ahirna dianggap ngaliwatan sistem bikameral nu nguatkeun peran DPR jeung DPD salaku lembaga kontrol pamaréntah. Pon kitu deui sawatara béda sawangan ti unggal warganagara, ngalahirkeun situasi nu dinamis jeung terbuka. Dina ieu mangsa ogé kabébasan nepikeun informasi jeung sawangan téh dimangpaatkeun salega-legana. Salian ti parobahan sistem politikna sorangan, unggal parobahan nu lumangsung téh mawa pangaruh kana sistem sosial nu milu robah. parobahan masarakat (sosial) téh patali jeung ajén-inajén, norma-norma, pola-pola prilaku organisasi, susunan lembaga kamasarakatan, lapisan masarakat, kakawasaan jeung wewenang, interaksi sosial, jsté. Pon kitu deui, parobahan sosial téh pakait jeung parobahan unsur-unsur kabudayaan, boh nu sifatna matérial boh nu immaterial.

2) Palaku dina sapuluh carita pondok nu dijadikeun korpus data panalungtikan ngawengku palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama aya nu disebutkeun ngaranna saperti dina carita pondok-carita

pondok “Nu Luis”, “Razia”, “Cara Meunang”, “BLT”, jeung “Lain

Obrolan nu Sasari”. Aya deuih nu ukur maké istilah “kuring” saperti dina

carita pondok-carita pondok “Suratna Geus Katarima”, “Nu Arindit Wanci Janari”, “Dar Dér Dor”, “Isukan Jadi Anggota Déwan”, jeung

(23)

nyaéta Abuy (“Nu Luis”), Bu Ayi (“Razia”), Jang Narmi (“Cara

Meunang”), Nini Ucih (“BLT”), jeung Tarmini (“Lain Obrolan nu

Sasari”). Ari palaku tambahan di antarana nyaéta: Pa haji Sapé’i, Satpam,

Kang Didin, Kang Aép, nu meuli dagangan Abuy, Mang Ulis, kang kandi, Kang Rahmat, Pa Salim, pamajikan Kang Rahmat, Alvi, Iman, Sandi, Wanwan, Misbahul, Wita, Wiwit, Pa Asép, pulisi, Dédéh, awéwé nu arindit ka pasar wanci janari, Cépi, Enci, Nyi Emar, Anisa, lalaki salingkuhan Anisa, jalma kahiji, anggota tim, Bi rahmi, tukang kartu nama, Jang Udi, Pa Lurah, RT Ondi, Mang Hansip, Suhadi, bapana Sukarya, barudak, Si Tiam, Si Oji, babaturan Si Oji, Férry, Sudin, barudak ngora saabrulan, Pa Dédén, Tika, Réndy, Titin, jeung Iwa.

3) Anu jadi kasang tukang waktu dina sapuluh carita pondok anu dijadikeun sampel ieu panalungtikan, bisa dipastikeun aya dina jaman sabada gelarna réformasi, kurang leuwih ti taun 1998 ka béh dieu. Salian ti tina caritana, éta hal ogé katitén tina titimangsa dijieunna éta carita. Carita pondok

“Cara Meunang”, “BLT”, “Isukan Jadi Anggota Déwan”, “Bandéra

Luhureun Méga”, jeung “Lain Obrolan nu Sasari” mah leuwih écés

(24)

janari. Ari kasang tukang tempat nu nyampak di antarana kota, lembur, komplék pamukiman, hotél, réstoran, jeung sawah. Éta tempat téh teu disebutkeun atawa teu katitén di wewengkon mana-manana. Aya deuih disabit-sabit wewengkon Singaparna, Tasikmalaya. Tapi éta tempat teu patali langsung jeung carita.

b. Tina jihat interprétasi tanda indéks bisa ditétélakeun yén nu jadi pananda utama (prime signifier) téh nyaéta palaku-palaku carita. Aya nu kalungguhanana salaku palaku utama, aya deuih nu nyicingan kalungguhan salaku palaku tambahan. Pikeun palaku tambahan, kalungguhanana salaku pananda utama téh réhna jadi panghubung puseur carita nu dicaritakeun ku palaku utama. Samalah carita jeung konflik saéstuna museur dina diri palaku tambahan, ari palaku utama mah ukur nyaritakeun. Tanda indéks nu kapaluruh di antarana oposisi binér ra’yat biasa jeung ra’yat nu dianggap

leuwih luhur, jeung indéks ngaran palaku.

1) Tina pedaran téma jeung kasang tukang geus kagambar kumaha kondisi sosial politik masarakat di Tatar Sunda dina mangsa réformasi. Éta hal téh patali jeung kondisi masarakat sacara idéal jeung kanyataan nu disanghareupan. Antara kondisi idéal jeung kanyataan téh ngawangun oposisi binér dua lapisan masarakat nu hayang ditémbongkeun ku

pangarang, nyaéta masarakat biasa (ra’yat) jeung masarakat nu nyicingan

(25)

2) Indéks ngaran palaku diinterprétasikeun tina sajumlah ngaran palaku utama. Tina sapuluh carita pondok nu dianalisis, palaku utama nu ditétélakeun langsung ku ngaran ngawengku Abuy, Kang Kandi, Wita, Jang Narmi, Nini Ucih, jeung Tarmini. Salian ti nu disebutkeun ngaranna,

palaku utama lianna mah ukur disebutkeun salaku “Kuring”.

Ngaran-ngaran Abuy, Kang Kandi, Jang Narmi, Nini Ucih, jeung Tarmini némbongkeun ngaran nu biasa dipaké ku urang Sunda nu asalna tina golongan biasa. Salian ti némbongkeun golongan biasa, ngaran-ngaran nu ditatan di luhur némbongkeun ciri tradisional. Ngaran-ngaran palaku nu némbongkeun ciri tradisional téh bisa jadi ngagambarkeun kakangen ka pajamanan saméméh réformasi nu dianggap leuwih normal. Normalna jaman saméméh réformasi bisa ditilik atawa dianggap tina kahirupan sapopoé nu leuwih tingtrim, harga pangabutuh sapopoé kaitung murah, jeung salian ti éta.

(26)

nyangking wewenang resmi, pangpangna dina pasualan prak-prakan ngawangun politik jeung pamaréntahan, éféktifitas jeung éfisiénsi dina prak-prakan ngalaksanakeun kawijakan umum, sarta rasionalitas dina administrasi jeung oriéntasi kawijakan. Sedengkeun diménsi pangbéda, némbongkeun ayana lembaga-lembaga pamaréntahan jeung struktur katut fungsina sewing-séwangan dina hiji sistem politik. Kaliwatan diménsi pangbéda, aya konsépsi husus jeung spésialisasi fungsi tina sawatara peran politik. Salian ti éta, diménsi pangbéda ngalibetkeun ogé pasualan integrasi prosés-prosés jeung struktur-struktur nu rumit.

5.2 Saran

Sacara métodologis, ieu panalungtikan didadasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Carita pondok nu gelar dina jaman réformasi téh saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung karya-karya fiksi lianna.

(27)
(28)

DAFTAR PUSTAKA

Aisyah, Yayu. 2008. “Ajén Patriotis dina Kumpulan Carita Pondok Oléh-Oléh

PertempuranKarangan Rukmana H.S.: Ulikan Struktural Semiotik”. Skripsi di

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, FPBS, UPI. Teu diterbitkeun.

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan: Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Aliyah, Nur Aliawati. 2011. “Kapribadian Manusa Sunda dina Carpon mangsa

Taun 1950-an nepi ka Taun 2000-an”. Tésis di Program Studi pendidikan

bahasa dan Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana UPI. Teu diterbitkeun.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Aminuddin. 2002. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: SinarBaru A. Teeuw. 2003. Sastera dan Ilmu Sastera. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Darpan. 2011. “Généalogi Carita Pondok Sunda: Tilikan Postkolonial”. Tésis di

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana UPI. Teu diterbitkeun.

Ekadjati, Edi S. (Éditor). 1980. Kebudayaan Sunda dan Masyarakatnya.

Bandung: Girimukti.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evaluate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Hayati, A. jeung Winarno. 1990. Latihan Apresiasi Sastra. Malang: Yayasan Asih Asah Asuh.

Hills. J. Rust. 1987. Writing in General and The Short Story in Particular: An Informal Textbook. Boston: Houghton Mifflin.

Hoed, Benny H. 2011. Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.

Indrayana, Dénny. 2011. Indonesia Optimis. Jakarta: Bhuana Ilmu Populer. Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Jabrohim (ed). 2001. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Hanindita Graha Widya.

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

(29)

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Minderop, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor.

Nurgiyantoro, Burhan. 2007. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Panitia Kamus LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Pradopo, Djoko Rachmat. 1995. Beberapa Teori Sastra: Metode, Kritik, dan

Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip, Spk. 2000. Énsiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ratna, I Nyoman Kutha. 2004. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip jeung Rusman Sutiasumarga. 1963. Kandjut Kundang: Prosa jeung Puisi Sunda Sabada Perang. Jakarta: Balai Pustaka.

Rosidi, Ajip. 2009. Masa Depan Budaya Daerah: Kasus Bahasa dan Sejarah Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sejarah Sastra Sunda. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: CV. Gunung Larang.

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Satori, Djam’an jeung Aan Komariah. 2010. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Semi, M. Atar. 1988. Anatomi Sastra. Jakarta: Angkasa Raya.

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.

Stanton, Robert. 2007. An Introduction to Fiction. New York: Holt, Rinehart and Winston.

Sudjiman, Panuti. 1988. Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

(30)

Sumardjo, Jakob jeung Saini K.M. 1998. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 2004. Kesusastraan Melayu Rendah. Yogyakarta: Galang Press.

Suryalaga, Hidayat. 2010. Rawayan Jati: Kasundaan. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret University Press.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, Henry Guntur. 1985. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung:

PTAngkasa.

Tim UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wellek, Rene jeung Austin Warren. 1989. Teori Kesusastraan (tarjamahan Melani Budianta). Jakarta: Gramedia.

Referensi

Dokumen terkait

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

[r]

Dalam pembuatan mind mapping peserta didik dituntut untuk menggunakan. gambar dan simbol; menggunakan warna; ide/gagasan ditulis

dikenal oleh para petani, dan demikian juga sifat- sifat yang harus dimiliki oleh.. seorang penyuluh

memerinci serta menyusun rencana pelaksanaan Landreform pada taraf Daerah Tingkat I sesuai dengan peraturan Perundangan serta instruksi-instruksi\pedoman- pedoman dari

Analisis Strategi Pengembangan Usaha Restoran Rice Bowl (Studi kasus pada Restoran Rice Bowl Botani Square, Bogor). Analisis Strategi Pengembangan Usaha Yoghurt (Studi pada Unit

Sampel penelitian terdiri dari tiga buah benda uji tanah lempung swelling yang dicampur dengan pasir beton dan pasir pantai dengan persentase bervariasi yaitu 10%, 20%,

Sejauh ini baik, konsumen menerima dengan baik dengan hadirrnya Doorsmeer Pianggu ini oleh karena itu kami akan terus memaksimalkan pelayanan kami sehingga konsumen yang