• Tidak ada hasil yang ditemukan

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW)PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW)PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

No. 701/FPBS/0251/2014

WULANDARI SAPUTRI, 2014

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW)

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

WULANDARI SAPUTRI

NIM 1005953

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

No. 701/FPBS/0251/2014

WULANDARI SAPUTRI, 2014

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2014

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW)

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

(StudiKuasiÉkspériménkaSiswaKelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung TaunAjaran 2013/2014)

ku

WulandariSaputri

diajengkeunpikeunnyumponansalasahijisaratnyangkinggelar

SarjanaPendidikanBahasa Daerah

© WulandariSaputri2014 Universitas Pendidikan Indonesia

(3)

No. 701/FPBS/0251/2014

WULANDARI SAPUTRI, 2014

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(4)

No. 701/FPBS/0251/2014

WULANDARI SAPUTRI, 2014

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

(5)

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

TÉHNIK PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW)PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA DINA NULIS LAPORAN LALAMPAHAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)

WULANDARI SAPUTRI2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masih banyaknya siswa yang mengalami kesulitan dalam menggunakan tatakrama bahasa Sunda pada aspek menulis, sehingga harus dibantu dengan menggunakan teknik pembelajaran. Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan (1) kemampuan siswa menggunakan tatakrama bahasa Sunda dalam menulis laporan perjalanan sebelum menggunakan teknik pembelajaran Think-Talk-Write (TTW); (2) kemampuan siswa menggunakan tatakrama bahasa Sunda dalam menulis laporan perjalanan sesudah menggunakan teknik pembelajaran Think-Talk-Write (TTW); dan (3) perbedaan yang signifikan sebelum dan sesudah menggunakan teknik pembelajaran Think-Talk-Write (TTW) pada pembelajaran menggunakan tatakrama bahasa Sunda dalam menulis laporan perjalanan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen, dengan menggunakan teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan yaitu lembar tes soal. Dari hasil analisis pretest dan posttest, kemampuan menggunakan tatakrama bahasa Sunda dalam menulis laporan perjalanan siswa mengalami peningkatan. Dari hasil pretest diperoleh rata-rata kelas yaitu 51,44 dan pada hasil posttest mengalami peningkatan menjadi 75,33. Dari uji gain menunjukan bahwa terdapat perbedaan yang signifikan antara kemampuan sebelum dan sesudah menggunakan teknik Think-Talk-Write (TTW) , yaitu 23,89. Dari hasil uji hipotesis diperoleh thitung (11,76) > ttabél, (2,42), hal ini menyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol (Ho) ditolak. Berdasarkan hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa teknik pembelajaran Think-Talk-Write (TTW) dalam meningkatkan kemampuan menggunakan tatakrama bahasa Sunda dalam menulis laporan perjalanan siswa kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung tahun ajaran 2013/2014 bisa digunakan.

Kata Kunci: teknik pembelajaran Think-Talk-Write (TTW), tatakrama bahasa Sunda, nulis laporan perjalanan.

1

1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Drs.H.O.Solehudin, M.Pd dan Hernawan,

(6)

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE USE OF THINK-TALK-WRITE (TTW) LEARNING TECHNIQUE IN IMPROVING STUDENTS’ ABILITY IN USING SUNDANESE

MANNERS

IN WRITING JOURNEY REPORT

(Quasi-Experimental study of VIII-E Students in 45 Junior High School Bandung2013/2014)1)

WULANDARI SAPUTRI2)

ABSTRACT

This study was conducted due to the difficulties which are experienced by many students in using Sundanese manners in aspect of writing, therefore the students should be helped by using learning technique. This study aims at describing

students’ ability in using Sundanese manners in writing a journey report before using Think-Talk-Write (TTW) learning technique, students’ ability using Sundanese manners in writing a journey report after using Think-Talk-Write (TTW) learning technique, and the significant difference between before and after using Think-Talk-Write (TTW) learning technique in writing a journey report. The method used in this study was quasi-experimental method. The technique used in this study was test technique. And the instrument used was worksheet. From the pretest and posttest analysis, it was found that there was an improvement of

students’ ability in using Sundanese manners in writing a journey report. From the

result of pretest it was gained the mean score of the class which was 51,44, meanwhile it was an improvement from the result of posttest, which was 75,33. From the gain test it is shown that there was significant difference between

students’ ability before and after using Think-Talk-Write (TTW) technique, with the mean difference 23,89. The result of hypotheses test wasthitung (11,76)>ttabél(2,42). It stated that Ha is accepted and null hypotheses (Ho) is rejected. Based on the result of this study, it can be concluded that the Think-Talk-Write (TTW) learning technique can be used in improving class VIII-E of 45

Junior High School Bandung students’ ability in using Sundanese manners in

writing a journey report.

(7)

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Keywords: think-talk-writetechnique, Sundanese manners, writing a journey report.

1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Drs.H.O.Solehudin, M.Pd dan Hernawan,

S.Pd.,M.Pd.

(8)

1

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Dina ngagunakeun basa Sunda, teu leupas tina makéna tatakrama basa Sunda. Kamahéran dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda saenyana diluyukeun jeung umur, kalungguhan, situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana. Pentingna ngagunakeun tatakrama basa Sunda nyaéta sangkan masarakat Sunda bisa silihajénan, silihhormat, silihasah, silihasuh, jeung leuwihna bisa miboga paripolah nu luhung dina campur gaul. Ku ayana tatakrama basa Sunda éta hal téh bisa diwujudkeun.

Ayana ragam hormat dina basa Sunda ngébréhkeun kautamaan budi. tatakrama basa Sunda nuduhkeun yén basa Sunda téh beunghar ku basa nepi ka aya paribasana hadé ku omong goréng ku omong, hadé tata hadé basa, sarta hadé gogog hadé tagog. Éta hal méré gambaran urang Sunda téh soméah, marahmay, teu lebar ku basa. Ku kituna, basa Sunda wajib dipiara, dimumulé ku jalan digunakeun basana kalayan ngagunakeun ogé tatakrama basana salaku cicirén urang Sunda. Ngagunakeun basa Sunda lain di imah waé salaku média komunikasi, tapi leuwih alusna dina pangajaran di sakola ogé boh dina nyarita boh dina ngaregepkeun, atawa dina maca jeung nulis.

(9)

2

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina pangajaran di sakola, kaparigelan nulis mangrupa salasahiji tina opat aspék kaparigelan basa nu geus disebutkeun di luhur. “Nulis digunakeun pikeun ngalaporkeun atawa méré nyaho, jeung mangaruhan. Éta hal miboga maksud jeung tujuan nu bisa dihontal ku jalma-jalma nu bisa nyusun pikiranana jeung bisa ngébréhkeunnana kalayan jelas, maksudna jelas gumantung kana pikiranana, organisasi, ngagunakeun kekecapanana jeung struktur kalimah” Morsey (Tarigan,

2008, kc. 4).

Jaman kiwari ngagunakeun tatakrama basa téh kawilang héngkér pisan. Dina kahirupan sapopoé, urang Sunda loba nu henteu ngagunakeun basa Sunda komo deui dina ngagunakeun tatakrama basa Sundana mah. Éta hal ku sabab loba kolot-kolotna nu teu ngawanohkeun jeung teu ngalarapkeun basa Sunda ka barudakna. Alesanna rupa-rupa, diantarana lantaran hésé ngagunakeun tatakrama basana, sieun salah, jeung géngsi.

Héséna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda di jaman kiwari, alatan budaya batur geus asup jeung mangaruhan kana budaya Sunda. Salian ti éta euweuh filterisasi, nu matak ngabalukarkeun masalah nu gedé. Kaasup masalah siswa nu nyebutkeun makéna basa Sunda mah hésé, komo jeung ngagunakeun tatakrama basa Sundana mah boh lisan boh tinulis.

Dumasar hasil obsérvasi tanggal 28 Nopémber 2013 di SMP Negeri 45 Bandung, siswa VIII-E taun ajaran 2013/2014, tétéla miboga masalah kurangna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina basa tinulis. Sajaba ti éta, tina pangajaran nulis téhnik pangajaran anu digunakeun ku guru masih konvénsional. Nilik kana éta hal perlu hiji tarékah pikeun ngungkulanana.

(10)

3

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bentuk surat, ésai, laporan, sisindiran dan guguritan sarta kompeténsi dasarna 8.4.3 Menulis laporan (Disdik, 2007, kc. 96).

Dina pangajaran nulis diperlukeun stimulus nu mampuh ngaronjatkeun motivasi siswa. Ngaronjatkeun kaparigelan nulis, bisa dipimilik jeung dicangkem ku cara prakték tuluy-tuluyan. Prosés kréatif nulis ngagunakeun tatakrama basa Sunda nu merenah bisa dimekarkeun ti diri siswa éta sorangan. Salian ti latihan, téhnik pangajaran ogé penting pikeun ngarojong tujuan nu rék dihontal.

Téhnik pangajaran mangrupa hiji aspék penting nu digunakeun dina prosés pangajaran. Pikeun ngungkulan masalah nu diébréhkeun tadi, panalungtik milih hiji téhnik pangajaran, nyaéta think-talk-write (nu saterusna disingget TTW).

Nurutkeun Ansari nu dicutat ku Kuswari dina Iskandarwassid (2009, kc. 143) téhnik pangajaran TTW mimiti diwanohkeun ku Humker jeung Laughin. Ieu téhnik pangajaran didadasaran ku cara mikir, nyarita, jeung nulis. Galur TTW dimimitian ku partisipasi siswa dina mikir, sabada prosés maca. Tuluy kana prosés nyarita, ku cara sharing jeung babaturan saacan kana prosés nulis. Kaayaan saperti kitu, leuwih éféktif lamun dilakukeun ku cara dibagi kelompok nu heterogen antara 3-5 urang siswa. Dina éta kelompok, siswa diperedih sangkan maca, nyieun catetan leutik, ngajelaskeun, ngaregepkeun, ogé bisa silih tukeuran ide jeung babaturan kelompok tuluy ngébréhkeun ngaliwatan tulisan.

Saméméhna geus aya panalungtikan ngeunaan tatakrama basa Sunda, di antarana panalungtikan nu judulna:

“Kamampuh Ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda dina Nulis Surat Pribadi Siswa

SMA Pasundan 8 Bandung” ku Witri Ermawati Taun 2007”.

(11)

4

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dijadikeun sumber data panalungtikanna ogé béda, ari beunang Witri Ermawati mah siswa SMA Pasundan 8 Bandung sedengkeun dina ieu panalungtikan mah objék nu jadi sumber data panalungtikanna nyaéta siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014.

Lian ti skripsi nu di luhur nu geus diébréhkeun, aya ogé panalungtikan séjén nu ampir sarua jeung ieu panalungtikan nu judulna:

“Modél Pangajaran think-talk-write (TTW) dina Pangajaran Nulis Téks Hasil

Wawancara (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX SMP Negeri 1 Dayeuh Kolot Taun Ajaran 2010/2011) Ku Kemala Drama Putri 2011.

Sakumaha nu geus diébréhkeun di luhur, yén dina éta panalungtikan beunang Kemala Putri aya saruana aya bédana jeung ieu panalungtikan. Saruana aya dina ngagunakeun téhnik pangajaran TTW, tuluy ngukur kamampuhna dina aspék nulis. Sedengkeun bédana, éta panalungtikan teu maluruh kamampuh ngagunakeun tatakrama basa, objék nu jadi sumber datana ogé béda.

Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “Téhnik

Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda dina Nulis Laporan Lalampahan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

(12)

5

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan museur kana ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina ngagunakeun téhnik pangajaran TTW.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan leuwih écés ieu masalah panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan saméméh ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW)?

2) Kumaha kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan sabada ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW)?

3) Naha aya béda antara kamampuh SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW)?

1.3Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan. Tujuan dina ieu panalungtikan aya dua, nyaéta tujuan umum jeung tujuan husus. Sangkan leuwih écés bisa dipedar ieu di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

(13)

6

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun:

1) kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan saméméh ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW);

2) kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan sabada ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW); jeung

3) bédana antara tingkat kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Panalungtik miharep dina ieu panalungtikan bisa méré mangpaat boh keur panalungtik boh keur nu maca kaasup masarakat umum, lembaga atikan atawa pihak-pihak séjén nu miboga kapentingan kana ieu panalungtikan. Mangpaat nu dipiharep dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

(14)

7

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis nu dipiharep dina ieu panalungtikan nyaéta, pikeun 1) siswa, 2) guru, jeung 3) panalungtik.

1) Pikeun Siswa

Mangpaat pikeun siswa nyaéta, bisa leuwih resep nulis jeung nambahan pangaweruh ngagunakeun tatakrama basa Sunda nu merenah dina nulis laporan lalampahan.

2) Pikeun Guru

Mangpaat pikeun guru nyaéta, dipiharep ieu panalungtikan bisa jadi tinimbangan dina ngungkulan bahan pangajaran nalika ngalaksanakeun prosés KBM (kegiatan belajar mengajar). Teu heureut ngan nepi ka kitu waé, mangpaat pikeun guru bisa dijadikeun alternatif pangajaran jeung bisa jadi référénsi dina milih bahan pangajaran tur bisa mikanyaho siswa dina ngalarapkeun tatakrama basa Sunda pikeun bahan évaluasi.

3) Pikeun Panalungtik

Mangpaat pikeun panalungtik nyaéta ieu panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan téhnik pangajaran dina ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan.

1.5 Raraga Tulisan

(15)

8

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina bab II dipedar ngeunaan ulikan tiori, raraga mikir, jeung hipotesis panalungtikan.

Bab III eusina ngeunaan sumber data, disain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngumpulkeun data.

(16)

41

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nu digunakeun ku panalungtik nyaéta di SMP Negeri 45 Bandung, Jl. Yogyakarta No.1 Kec. Antapani Kidul. Sedengkeun subjék panalungtikan minangka sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014, nu jumlah siswana 36 siswa ngawengku 18 siswa lalaki, jeung 18 siswa awéwé.

Dina nangtukeun sumber data teu sagawayah, nyaéta ngagunakeun téhnik Sample Random Sampling. Téhnik Sample Random Sampling nyaéta téhnik ku cara nangtukeun anggota sampel tina populasi nu dilakukeun sacara acak, teu merhatikeun strata nu aya di jero populasi (Sugiono, 2013, kc. 120).

3.2 Disain Panalungtikan

Disain panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta disain one-group pretest-postest. Dina ieu disain dilakukeun dua kali panalungtikan nyaéta saacan ékspérimén jeung sabada ékspérimén, (O1) disebut niléi pretest atawa saacan dibéré treatment, jeung (O2) disebut niléi posttest atawa sabada dibéré treatment. Ari simbol X digunakeun sabagé simbol treatment tina rancangan. Pangaruh treatment kana préstasi hasil siswa nya éta (O2 – O1) (Sugiyono, 2013, kc. 111). Sangkan leuwih jéntré bisa dititétan ieu di handap.

Katerangan: O1 = Pretest X = Treatment O2 = Posttest

(17)

42

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Métode asal kecap tina methodos (Yunani) nu hartina jalan atawa cara. Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 203). Dina ieu panalungtikan digunakeun métode kuasi ékspérimén.

Métode kuasi ékspérimén dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun meunangkeun data kamampuh siswa kelas VIII-E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik pangajaran TTW.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih jéntré sarta henteu nimbulkeun sawangan nu béda-béda kana judul panalungtikan, ku kituna perlu dirumuskeun ngeunaan wangun-wangun operasional atawa istilah-istilah nu dipaké. Istilah nu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta 1) téhnik pangajaran TTW, 2) tatakrama basa Sunda jeung 3) nulis laporan lalampahan. Sangkan leuwih jéntré, dipedar ieu di handap.

3.4.1 Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (TTW)

Téhnik pangajaran TTW nyaéta salasahiji téhnik pangajaran nu digunakeun ku guru dina nepikeun pangajaran di kelas.

Tujuan inti tina téhnik pangajaran TTW ieu miboga tilu unsur kagiatan penting nyaéta dimimitian ku cara think (mikir) nganalilis masalah, tuluy kana talk (nyarita) jeung kelompok silih tukeur pamadegan, nu pamungkas write (nulis) nuliskeun naon-naon waé nu kapanggih ti mimiti nepi ka ahir dina kagiatan diajar.

(18)

43

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tatakrama basa Sunda nyaéta tatakrama makéna basa Sunda dina hirup kumbuhna di lingkungan masarakat. Jaman baheula, tatakrama basa téh digunakeun pikeun ngabédakeun status sosial, antara golongan ménak jeung golongan cacah. Jaman kiwari, geus robah gunana pikeun silih hormat, silih ajénan papada manusa. Ku kituna, ngagunakeun tatakrama basa diluyukeun jeung kaayaan anu nyarita, nu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana. Umumna tatakrama basa Sunda téh aya opat, nyaéta basa lemes keur ka batur, basa lemes keur ka sorangan, basa kasar jeung basa loma.

3.4.3 Nulis Laporan Lalampahan

Nulis laporan lalampahan nyaéta nulis laporan nu tujuanana pikeun ngalaporkeun atawa méré informasi ngeunaan naon-naon nu geus dialaman. Dina ieu panalungtikan nu dimaksud nulis laporan lalampahan téh nyaéta tulisan laporan lalampahan siswa kelas VIII-E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, leuwih lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari dikokolakeun. Dina ieu panalungtikan instrumén téh gunana pikeun ngukur kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina maké basa lemes, basa loma jeung basa kasar. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta padoman tés.

(19)

44

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1 Kisi-kisi Tés

No Variabel Panalungtikan Indikator

1 Kamampuh ngagunakeun

tatakrama basa Sunda -- Pangaweruh ngagunakeun basa loma Pangaweruh ngagunakeun basa lemes keur ka sorangan

- Pangaweruh ngagunakeun basa lemes keur ka batur

Tés soal nu dijadikeun tés panalungtikan dina meunangkeun data panalungtikan nu digunakeun ku panalungtik saperti ieu di handap:

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji tarékah nu digunakeun dina panalungtikan, ngagunakeun métode nu tangtu sangkan tujuan sasaran nu dipikahayang dina hiji panalungtikan bisa kahontal (Suyatna, 2002, kc. 18). Dina téhnik panalungtikan ngawengku dua téhnik nyaéta téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data.

Pancén Tés Nulis Laporan Lalampahan (Perjalanan) !

Pék ku hidep tulis laporan ngeunaan lalampahan (perjalanan) hidep ka:

a) Study Tour ka Yogyakartatanggal 8, 9, 10 Désémber 2013 jeung rombongan SMP Negeri 45 Bandung; atawa

b) Lalampahan pribadi hidep nu séjén, rék jeung babaturan atawa kulawarga.

(20)

45

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Tés nyaéta mangrupa salasahiji téhnik pikeun ngukur kamampuh hiji sampel tina hiji paripolah individu nu dités (Kuswari, 2010, kc. 163).

Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana pikeun ngumpulkeun data hasil nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda saméméh jeung sabada dibéré treatment. Jadi, tés nu dibikeun ka siswa téh aya dua kali tés.

Tés anu kahiji mangrupa tés pretest, nyaéta digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh awal ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun TTW. Tés nu kadua mangrupa tés postest, nyaéta digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa SMP Negeri 45 Bandung kelas VIII-E taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik TTW.

Jumlah soal dina ieu panalungtikan aya hiji, nu dijerona aya dua pilihan antara a jeung b pikeun siswa milih salasahiji téma dina nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda.

Wangun soal nu digunakeun dina ieu panalungtikan ogé nyaéta wangun soal unjuk kerja atawa éséy.

Sabada dijéntrékeun di luhur, yén téhnik dina ngumpulkeun data téh ngaliwatan téhnik tés, anapon kitu aya léngkah-léngkahna nyaéta saperti ieu di handap.

1) Tés awal (pretest) anu ngawengku:

a) panalungtik nerangkeun tujuan tés jeung tujuan panalungtikan;

b) panalungtik ngabagikeun soal tés awal anu geus aya lembar jawabanna;

(21)

46

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) satulyna siswa ngumpulkeun hasil tés awal (pretest) nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda.

2) Méré perlakuan (treatment) pikeun méré pangaruh sangkan ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan bisa ngaronjat ku ngagunakeun ogé téhnik pangajaran TTW.

3) Tés ahir (postest) nu ngawengku:

a) panalungtik méré matéri ngeunaan tatakrama basa Sunda jeung léngkah-léngkah nulis laporan lalampahan;

b) panalungtik méré treatment ngagunakeun téhnik pangajaran TTW; c) panalungtik nerangkeun tujuan tés ahir posttest;

d) panalungtik ngabagikeun soal tés ahir (pretest), soalna sarua jeung soal awal (posttest) nu geus aya lembar jawabanna;

e) siswa nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda nu merenah; jeung

f) satuluyna siswa ngumpulkeun hasil tés ahir nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda nu merenah.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

(22)

47

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6.2.1 Léngkah-léngkah Ngolah Data

Dina ieu sub bab dipedar léngkah-léngkah dina ngolah data. Téhnik dina ngolah data nya éta ngawengku léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

1) mariksa hasil nulis laporan lalampahan ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa tina tés awal pretest jeung tés ahir posttest;

2) milah-milah basa dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda nu bener tina hasil tulisan siswa;

3) meunteun hasil nulis laporan lalampahan siswa dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda tés awal pretest jeung tés ahir posttest;

4) nangtukeun kritéria nu pangalusna kana hasil nulis laporan ngagunakeun tatakrama basa Sunda;

5) uji sipat data; 6) uji gain; jeung 7) uji hipotésis.

Sanggeus léngkah dina téhnik ngolah data nu kahiji jeung kadua dilaksanakeun, satuluyna léngkah nu katilu nyaéta méré peunteun. Sangkan leuwih écés bakal dipedar ieu di handap.

Pikeun mikanyaho frékuénsi peunteun pangajaran tatakrama basa Sunda, panalungtik ngadéskripsikeunana kalawan ngagunakeun kritéria:

Tabél 3.2 Kritéria Peunteun

No Aspék Skor Idéal

1 Ngagunakeun basa loma 10

2 Ngagunakeun basa lemes keur ka sorangan

10 3 Ngagunakeun basa lemes

keur ka batur 10

(23)

48

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Katerangan skala skor:

0 – 3 = Teu merenah pisan

4 – 6 = Kurang merenah, masih loba nu salah dina ngalarapkeunana 7 – 8 = Merenah, tapi masih aya saeutik nu salah dina ngalarapkeunna 9 –10 = Merenah pisan

Skor nu kahontal ku siswa dirobah jadi skor atah bersih kalawan ngagunakeun rumus:

Uji sipat data gunana pikeun nguji sipat data. Dina uji sipat data aya léngkah-léngkahna, mimiti dilakukeun ku cara 1) uji normalitas, jeung 2) uji homogénitas. Leuwih jéntréna dipedar ieu di handap.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas tujuanana pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa mibanda distribusi anu normal. Salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata, nangtukeun yén data téh mibanda sipat anu normal atawa teu normal, bisa digunakeun rumus chi kuadrat (x2).

(24)

49

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna. b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

c) Nangtukeun jumlah kelas interval (k) K = 1 + 3,3 log n

d) Nangtukeun panjang kelas interval (p) P =

e) Ngitung rata-rata standar déviasi kalawan ngagunakeun tabél 3.4.

Tabél 3.4

Distribusi Frékuénsi Peunteun Pretest jeung Posttest

Kelas Interval

f

i

x

i

x

i

2

f

i

.x

i

fi. x

i

2

Jumlah

(1) Pikeun néangan rata-rata ngagunakeun rumus:

x =fixifi

Katerangan:

x = rata-rata (méan) ∑ = jumlah (sigma) fi = jumlah data xi = nilai tengah

(25)

50

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(2) Néangan standar déviasi ngagunakeun rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 95)

f) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan).

Tabél 3.5

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi (Perkiraan)

Kelas

Interval Oi Bk Zitung Ztabel L Ei (Oi Ei) 2

Ei

X2

(1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan). (2) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi)

(3) Nangtukeun batas kelas (bk)

(4) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

Z =

(5) Nangtukeun Ztabel

(6) Ngitung legana unggal kelas interval (L) L =

-

(7) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei) SD =

(26)

51

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ei = n × L

(8) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

X2=

(Sudjana, 2005, kc. 273) g) Nangtukeun derajat kebébasan

dk = k - 3

(Sudjana, 2005, kc. 293) h) Nangtukeun harga X2 tabel

i) Nangtukeun normal henteuna distribusi data ngaliwatan kritéria ieu di handap.

x

2itung

< x

2tabel hartina distribusi data normal, tapi upamana

x

2itung

>

x

2tabel hartina distribusi data teu normal

(Arikunto, 2010, kc. 363)

2) Uji Homogénitas

Tujuan dilakukeunana uji homogénitas nyaéta pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna nyaéta ngagunakeun léngkah-léngkah saperti ieu di handap. a) Nangtukeun skor variabel x pretest jeung posttest.

fx2 =

∑ (fx)2 =

(27)

52

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

S

2=

c) Hasil tina variasi diasupkeun kana distribusi F kalawan ngagunakeun rumus: F =S12

S22

d) Nangtukeun derajat kebébasan db = n – 1

e) Nangtukeun F tabél

f) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria:

Fitung < Ftabel hartina variansi sampel homogén, S12 = S22 tapiupama Fitung < Ftabel hartina variansi sampel teu homogén.

3.6.2.3 Uji Gain

Uji gain dilakukeun pikeun ngabandingkeun rata-rata skor peunteun tés awal jeung tés ahir. Dina uji gain aya opat lénngkah diantarana:

1) Nangtukeun gain ngagunakeun tabél ieu di handap. Tabel 3.6

Uji Gain Pretest jeung Posttest

No Pratés Postést D(gain) d2

1 2 Jst

∑ Rata-rata

3.6.2.4 Uji Hipotésis

Dina nguji hipotésis, léngkah-léngkahna nya éta ieu di handap.

(28)

53

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Nangtukeun darajat kebebasan (db) Db = n -1

3) Néangan jumlah kuadrat déviasi (titung) x2d = d2 –

t = Md

(Arikunto, 2010, kc. 125) Katerangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

= jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjék dina sampel

4) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis titung > ttabél hartina hipotésis ditarima, tapi upama titung < ttabél hartina hipotésis teu ditarima.

(29)

80

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat, ngeunaan bedana kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda saméméh ngagunakeun téhnik pangajaran TTW dina nulis laporan lalampahan siswa kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014, bisa katitén tina hasilna yén rata-rata unggal aspék nyaéta aspék kamampuh ngagunakeun basa loma nyaéta 5,91; aspék ngagunakeun basa lemes keur ka sorangan nyaéta 4,72; jeung aspék ngagunakeun basa lemes keur ka batur nyaéta 4,97. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspék nyaéta 15,52 kalawan rata-rata peunteun 51,44 nu kagolong katégori peunteun kurang mampuh. Hartina yén kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda saméméh ngagunakeun téhnik pangajaran TTW, hasilna can nyugemakeun lantaran can mampuh ngahontal niléi KKM pelajaran basa Sunda nyaéta 75.

Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VIII-E di SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun téhnik pangajaran TTW, bisa katitén tina hasil rata-rata unggal aspék siswa dina kamampuh ngagunakeun basa loma nyaéta 6,88; aspek kamampuh ngagunakeun basa lemes keur sorangan nyaéta 7,72; jeung aspék kamampuh ngagunakeun basa lemes keur ka sorangan nyaéta 8,02. Jadi, rata-rata ahir tina sakabéh aspék nyaéta 22,57 kalawan rata-rata peunteun 75,33 nu kagolong katégori peunteun mampuh. Hartina yén kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda sabada ngagunakeun téhnik pangajaran TTW, hasilna nyugemakeun lantaran geus bisa ngahontal niléi KKM pelajaran basa Sunda nyaéta 75.

(30)

81

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lalampahan siswa kelas VIII-E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014. Katitén tina hasil pretest nyaéta 51,44, hasil posttest 75,33, hasil béda signifikan gainna nyaéta 23,17. Éta hal bisa dibuktikeun ogé tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung (11,76) > ttabél, (2,42), jadi bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis (Ho) ditolak. Hartina, aya béda nu signifikan antara hasil pretest jeung hasil posttest saméméh jeung sabada ngagunakeun téhnik pangajaran TTW, atawa téhnik pangajaran TTW bisa ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina Nulis laporan lalampahan Siswa Kelas VIII-E SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2013/2014.

5.2 Saran

Sabada ieu panalungtikan dilaksanakeun, aya sababaraha saran nu baris ditepikeun ku panalungtik nyaéta:

1) ku sabab ieu téhnik TTW bisa ngaronjatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan, ku kituna ieu téhnik pangajaran bisa dijadikeun salasahiji alternatif nu bisa digunakeun ku guru dina mantuan ngahontalna kagiatan diajar ngajar ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina nulis laporan lalampahan; jeung

2) pikeun leuwih ngabuktikeun ngaronjatna kamampuh nu séjén dina

(31)

82

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: RinekaCipta.

Danadibrata R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Pemerintah Provinsi Jawa Barat.

D. Nugraha (2012). Ngamumulé Basa Sunda. Bandung: CV. Yrama Widya.

Ermawati, Witri. (2007). Kamampuh Ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda dina Nulis Surat Pribadi Siswa SMA Pasundan 8 Bandung. SKRIPSI. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Faturohman. (1982). Tatabasa Sunda. Bandung: Djatnika.

Ipass, Kanjo Ian. (2012). Pengertian, Pendekatan, Metode, Teknik, Model, dan Strategi

Pembelajaran. [online]. Aya

dina:http://jaririndu.blogspot.com/2012/09/pengertian-pendekatan-metode teknik.html. Diunggah 12 Januari 2014 09.29 WIB.

Iskandarwassid. spk. (2009). Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.

Iskandarwassid & Sunendar. (2013). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya (Rosda).

Iyosrosmana. (2009). Undak Usuk Bahasa Sunda. [online]. Aya dina: http://iyosrosmana.wordpress.com/2009/05/20/undak-usuk-bahasa-sunda/ . Diakses 28 Januari 2014.

Jurusan Pendidikan Basa Daérah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press

Kosasih. (2012). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: CV Yrama Widya. Kuswari, U. (2010). Évaluasi Pembelajaran Bahasa. Bandung: CV. Wahana Karya

(32)

83

WULANDARI SAPUTRI, 2014

Téhnik Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Dina Nulis Laporan Lalampahan

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Nurgiyantoro, Burhan. (2012). Penilaian Pembelajaran Bahasa Berbasis Kompetensi.Yogyakarta: BPFE-Yogyakarta.

Nurjanah, Nunuy. (2009). Téori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI Bandung.

Putri, Drama Kemala. (2011). Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Pangajaran Nulis Téks Hasil Wawancara (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX SMP Negeri 1 Dayeuh Kolot Taun Ajaran 2010/2011). SKRIPSI. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Semi, A. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa. Sudaryat. spk. (2007a). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: YramaWidya. Sudaryat. spk. (2011b). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: PT. Tarsito Bandung. Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: PT Alfabeta.

Syamsuddin & Damaianti, V. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Tamsyah. spk. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia. Tamsyah. (2011). Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Tarigan, H. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tanpa ngaran. (2012). Pengertian Laporan. [online]. Aya dina: http//leonheart94.blogspot.com/2012/01pengertian-laporan.html). Diunggah 12 Januari 2014 09.45 WIB.

Gambar

h) i)Nangtukeun harga X2 tabel  Nangtukeun normal henteuna distribusi data ngaliwatan kritéria ieu di handap
Uji Gain Tabel 3.6 Pretest jeung Posttest

Referensi

Dokumen terkait

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

PUISI, GURINDAM DUA BELAS, KAJIAN SEMIOTIK, DAN PENGAJARAN SASTRA A.. Pengertian

Hasil penelitian ini menunjukkan adanya pengaruh pola asuh orang tua terhadap karakter a nak kelas B di PAUD Nurul Qur’ani Jalan Otonom Gorda Bandung terlihat dari

Berdasarkan hasil penelitian yang dilakukan, sistem penyelesaian masalah yang dilakukan di Mukim Ladang Lemisik berpedoman pada Qanun (Peraturan Pemerintah Provinsi Aceh) Nomor

dalam posisi cukup dan aman// Mendag menambahkan/ hasil pertemuan dengan para pihak/ terkait yang berhubungan dengan gula/ stok gula di dalam negeri sampai akhir 2009

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Daftar Riwayat Hidup Mochtar Lubis. Universitas