• Tidak ada hasil yang ditemukan

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI."

Copied!
22
0
0

Teks penuh

(1)

No. 889/FPBS/0251/2015

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

SKRIPSI

Disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Rian Supriadi

1103576

DEPARTEMEN PENDIDIDKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN

DINA NASKAH

WAWACAN SULUK PANJI

Oleh Rian Supriadi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

©Rian Supriadi 2015

Universitas Pendidikan Indonesia Juli 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

(4)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN

DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

1

RIAN SUPRIADI

2

ABSTRAK

Ieu skripsi judulna “Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Panji”. Eusina ngadéskripsikeun naskah, nyusun hasil transliterasi naskah, sarta nganalisis ajén-ajén kaagamaanana. Métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif analitik, sedengkeun téhnik anu digunakeun nya éta téhnik studi pustaka, analisis data, sarta wawancara anu miboga fungsi keur ngalengkepan data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah Wawacan Suluk Panji. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun (1) ngadéskripsikeun, (2) nyusun transliterasi, jeung (3) nganalisis ajén-ajén kaagamaan anu aya dina naskah Wawacan Suluk Panji. Dumasar hasil panalungtikan, ajén-ajén ajaran Islam anu kapanggih ngawengku: (1) akidah, akhlak, jeung syari’ah/fiqih. Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran ajén kaislaman anu aya dina khasanah budaya jeung karya sastra Sunda, sarta pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan kaagamaan. Saran ditujukeun pikeun panalungtik, mahasiswa, jeung pihak umum dipiharep bisa ngajaga kabeungharan khasanah sastra jeung budaya Sunda ku cara teu mopohokeun titinggal karuhun anu miboga nilai katuladanan, sarta bisa maham kana ajén-ajén anu tetep saluyu jeung kahirupan.

Kecap galeuh:transliterasi, ajén kaagamaan.

1

Ieu skripsi diaping ku Dr. Dedi Koswara, M. Hum. jeung Dr. Ruhaliah, M.Hum. 2

(5)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERASI DAN NILAI KEAGAMAAN

DALAM NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

3

RIAN SUPRIADI

4

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Transliterasi dan Nilai Keagamaan dalam Naskah Wawacan Suluk Panji”. Isinya mendeskripsikan naskah, menyusun hasil transliterasi naskah, serta menganalisis nilai-nilai keagamaannya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analitik, sedangkan teknik yang digunakan, yaitu teknik studi pustaka, analisis data, serta wawancara yang berfungsi sebagai pelengkap data. Adapun sumber data dalam penelitian ini adalah naskah Wawacan Suluk Panji. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk (1) mendeskripsikan, (2) menyusun transliterasi, dan (3) menganalisis nilai-nilai keagamaan dalam naskah Wawacan Suluk Panji. Berdasarkan hasil penelitian, nilai-nilai ajaran Islam dalam naskah Wawacan Suluk Panji terdiri atas (1) akidah, (2) akhlak, dan (3) syariah/fikih. Hasil penelitian ini diharapkan dapat memperkaya nilai keislaman yang terdapat dalam khasanah budaya dan karya sastra Sunda, serta memperluas pengetahuan tentang keagamaan. Saran untuk peneliti, mahasiswa, dan pihak umum diharapkan agar mempertahankan kekayaan khasanah sastra dan budaya Sunda dengan tidak melupakan warisan leluhur yang memiliki nilai keteladanan, serta dapat memahami pola pikir yang tetap selaras dengan kehidupan.

Kata kunci: transliterasi, nilai keagamaan.

3

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M. Hum. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum. 4

(6)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

TRANSLITERATION AND RELIGION VALUES

IN MANUSCRIPT WAWACAN SULUK PANJI

5

RIAN SUPRIADI

6

ABSTRACT

This thesis entitled “Transliteration and Religion Values in Manuscript Wawacan Suluk Panji”. Contents description of the manuscript, arrange the result of manuscript transliteration as well as analyzing the value of religion. The methods used in this study is analytic method of descriptive, meanwhile techniques used is library view, data analysis and interview that function as a complement to the data. As for the source of data in this study is manuscript “Wawacan Suluk Panji”. The purposes of this study was to (1) describe, (2) transliterate, and (3) analyzing the value of religion in the manuscript “Wawacan Suluk Panji”. Based on the results of the research, religion values of the manuscript “Wawacan Suluk Panji” consist of (1) akidah, (2) akhlak, and (3)

syariah/fikih. The result of this study can enrich Islamic values contained in the cultural treasures and Sundanese literature, and expand knowledge of religion. Advice for researchers, university studend, and general side expected in order to maintain a wealth of literary and cultural treasures of Sundanese with not forgetting ancestors heritage that has many example, and can understand that remain in tune with life.

Key word: transliteration, religion values.

5

This thesis guided by Dr. Dedi Koswara, M. Hum. and Dr. Ruhaliah, M.Hum. 6

(7)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat pikeun Lembaga ... 4

1.4.3 Mangpaat Praktis ... 4

1.4.4 Mangpaat pikeun Masarakat ... 5

1. 5 Sistematika Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 6

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 27

(8)

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 29

3.1 Desain Panalungtikan ... 29

3.2 Sumber Data ... 30

3.3 Ngumpulkeun Data ... 31

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33

3.4 Analisis Data ... 33

BAB IV HASIL ANALISIS ... 34

4.1 Déskripsi Naskah ... 34

4.1.1Raratan Naskah ... 34

4.1.2 Tingkesan Carita ... 35

4.1.3 Pupuh nu Digunakeun ... 37

4.2 Transliterasi Naskah ... 38

4.3 Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Panji ... 137

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI ...166

5.1 Kacindekan ...166

5.2 Rékomendasi ...167

DAPTAR PUSTAKA ...168

LAMPIRAN ...170

(9)

1

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Tatar Sunda mangrupa hiji wewengkon di Indonesia nu euyeub ku

rupa-rupa kabudayaan. Kabudayaan nya éta sakumna kabiasaan manusa dina kahirupa-rupan

sapopoé jeung alam sabudeureunana nu dicangkem ngaliwatan prosés diajar.

Koentjaraningrat (2009, kc. 144) nétélakeun yén kabudayaan téh nya éta

keseluruhan sistem gagasan, tindakan dan hasil karya manusia dalam kehidupan

masyarakat yang dijadikan milik diri manusia dengan belajar. Dumasar kana éta

pamadegan, katitén yén sagala rupa pamikiran-pamikiran, laku lampah jeung hasil

karya manusa dina kahirupan di lingkungan masarakat kaasup kana kabudayaan.

Kabudayaan anu aya di tatar Sunda téh geus mekar ti baheula, boh dina

widang lisan boh dina tulisan. Salah sahiji kabudayaan Sunda dina widang tulisan

nya éta naskah atawa manuskript/handskript. Wujud kabudayaan dina wangun

naskah, mangrupa objék anu bisa dijadikeun tatapakan pikeun meunangkeun ajén

kahirupan. Eusina mangrupa eunteung tina kahirupan manusa jaman baheula nu

euyeub ku pangalaman, pangaweruh jeung ajaran.

Naskah téh nya éta tulisan leungeun anu eusina mangrupa téks hasil budaya

mangsa bihari. Saluyu jeung pamadegan Baried dina Pudjiastuti (2006, kc. 160)

nu nétélakeun yén naskah kuno nya éta sakabéh bahan tulisan leungeun nu

dijerona nyangkaruk rupaning ébrehéhan pikiran jeung ébréhan rasa nu mangrupa

budaya bangsa mangsa harita.

Aya sababaraha aksara anu dipaké dina naskah-naskah nu geus kapanggih di

Tatar Sunda, diantarana aksara Sunda Kuna, Buda/Gunung, Jawa (cacarakan),

Pégon, jeung Latén. Nurutkeun Ruhaliah (2012, kc. 1), naskah nu maké aksara

Pégon téh panglobana kapanggih. Naskah-naskah éta téh eusina bisa rupa-rupa

saperti karya sastra, sajarah, kaagamaan, jeung kabudayaan Sunda séjéna nu aya

dina mangsa harita.

Naskah-naskah Sunda buhun téh kaasup loba, boh nu geus jadi invéntaris

Perpustakaan Nasional atawa museum boh nu masih aya di masarakat.

(10)

2

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

ditalungtik tur dianalisis eusina ku sabab sok dianggap barang pusaka ku nu

bogana, jadi teu meunang dibuka atawa dibaca sagawayah. Malah biasana sok

dipusti-pusti tur diayakeun ritual-ritual husus dina poé-poé nu husus pikeun muka

naskah.

Téks atawa muatan naskah salah sahijina mangrupa wawacan. Nurutkeun

Koswara (2011, kc. 82), wawacan téh nya éta carita panjang anu dianggit maké

patokan pupuh. Sedengkeun Rosidi dina Ruhaliah (2011, kc. 9) nétélakeun yén

wawacan mangrupa salah sahiji wangun karya sastra Sunda dina wangun

dangding, dipiboga ku masarakat Sunda sanggeus ayana pangaruh ti Mataram.

Naskah Wawacan Suluk Panji mangrupa salah sahiji koléksi pribadi milik

Aep Saepuloh (48 taun), masarakat Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun

Kabupatén Bandung. Nurutkeun kateranganana, ieu naskah téh mangrupa warisan

titinggal ti karuhunna, nu ahirna nepi ka anjeunna. Aksara anu dipaké dina ieu

naskah téh nya éta aksara Pégon. Teu sakabéh jalma bisa maca aksara Pégon dina

mangsa ayeuna, ku kituna, sangkan eusi éta naskah leuwih gampang dibaca jeung

dipikaharti, kudu ditransliterasi heula kana aksara séjén. Aksara nu babari

dipikaharti nya éta aksara Latén, jadi naskah Wawacan Suluk Panji téh perlu

ditransliterasi kana aksara Latén sangkan leuwih gampang dianalisis.

Naskah Wawacan Suluk Panji téh diwangun ku rupaning pupuh tur

ngandung carita ngeunaan saré’at, hakékat, tarékat jeung ma’ripat anu patali jeung

ajaran Nabi. Ku kituna ieu naskah téh euyeub ku ajén-ajén kaagamaan anu

nyangkaruk di jerona.

Hasil tina ieu panalungtikan téh dipiharep bisa dijadikeun jalan pikeun

nambahan kabeungharan kosa kecap dina widang basa. Pikeun widang sastra, bisa

leuwih mikawanoh jeung leuwih neuleuman kana karya sastra buhun.

Panalungtikan ngeunaan naskah geus réa dilaksanakeun ku para mahasiswa.

Panalungtikan nu kungsi diayakeun saméméhna, di antarana “Struktur jeung Ajén

Agama Wawacan Bin Étam” ku Nenden Adilah (2006), “Analisis Struktur Carita

jeung Ajén Budaya Wawacan Régen Boncél Bupati Caringin pikeun Bahan

Pangajaran di SMP” ku Nenda Nurwendah (2009), “Wawacan Budiman: Analisis

Strukural Semiotik pikeun Bahan Ajar Maca Carita Buhun di SMA” ku M. Riza

(11)

3

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

pikeun Bahan Ajar Maca di SMA Kelas XII” ku Rindi Vaivti Melandi (2013),

“Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” ku Yulia Darmilah (2013), sarta “Transliterasi jeung Analisis

Struktural Naskah Wawacan Gandamanah” ku Euis Ratna Suminar (2014).

Niténan panalungtikan anu geus aya, loba nu nalungtik ngeunaan naskah

buhun, tapi can aya anu nalungtik naskah Wawacan Suluk Panji. Ieu naskah téh

eusina ngeunaan ajaran islam nu euyeub ku ajén-ajén kaagamaan.

Dikasangtukangan ku alesan nu dipedar saméméhna, ieu panalungtikan nu judulna

“Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Panji

penting dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus diébréhkeun di luhur, sangkan anu

jadi masalah dina ieu panalungtikan teu lega teuing ambahana, aya sawatara

rumusan masalah nu disusun dina wangun patalékan saperti ieu di handap:

1) Kumaha déskripsi wangun jeung eusi naskah Wawacan Suluk Panji?

2) Kumaha hasil transliterasi naskah Wawacan Suluk Panji?

3) Ajén kaagaman naon waé anu nyampak dina naskah Wawacan Suluk Panji?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal kagiatan panalungtikan tangtu mibanda tujuan. Ku kituna patali

jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh mibanda tujuan umum

jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Dumasar kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga

tujuan umum pikeun mekarkeun kabudayaan Sunda ku cara ngamumulé karya

sastra buhun titinggal karuhun, sangkan kanyahoan jeung bisa diaprésiasi ku

masarakat jaman kiwari. Panalungtikan ieu ogé miboga tujuan pikeun ngahudang

kasadaran masarakat sarta kalangan akademis ngeunaan kabudayaan Sunda,

utamana kana naskah Sunda buhun anu kiwari ajén-ajénna tetep luyu jeung

(12)

4

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Sangkan leuwih jéntré tina tujuan umum di luhur, satuluyna dipidangkeun

tujuan husus panalungtikan nu mangrupa jawaban tina rumusan masalah. Tujuan

hususna nya éta:

1) ngadéskripsikeun naskah Wawacan Suluk Panji;

2) nyusun hasil transliterasi naskah Wawacan Suluk Panji; sarta

3) ngadéskripsikeun ajén kaagamaan anu nyampak dina naskah WawacanSuluk

Panji.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré mangpaat, boh mangpaat tioritis

boh mangpaat praktis, mangpaat pikeun lembaga sarta pikeun masarakat.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, mangpaat ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngajaga

éksistensi warisan karuhun nu aya dina naskah-naskah klasik. Ku ayana filologi,

naskah-naskah nu geus rék musnah téh bisa kapaliré. Lian ti éta, hasil ieu

panalungtikan bisa digunakeun dina widang paélmuan séjénna.

1.4.2 Mangpaat pikeun Lembaga

Ngariksa basa jeung budaya daérah aya dina undang-undang sarta perda. Ieu

panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngahudang kasadaran masarakat sangkan

leuwih méré panitén sarta ngajaga kabeungharan basa jeung budaya daérah

hususna kabudayaan dina widang tinulis saperti naskah buhun.

1.4.3 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis ieu panalungtikan di antarana:

1) pikeun widang basa, bisa nambahan kabeungharan kosa kecap;

2) pikeun widang sastra, bisa leuwih mikawanoh jeung neuleuman kana karya

sastra buhun;

3) pikeun widang atikan, hasil transliterasi naskah Wawacan Suluk Panji ieu bisa

(13)

5

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

1.4.4 Mangpaat pikeun Masarakat

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan naskah buhun

sacara ringkes, sarta jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang leuwih apal kana

ajén kaagamaan anu nyampak dina naskah Wawacan Suluk Panji.

1.5 Sistematika Tulisan

Sistematika tulisan miboga pungsi pikeun méré gambaran ngeunaan

léngkah-léngkah dina panalungtikan. Ieu skripsi disusun jadi lima bab, saperti anu

dipedar ieu di handap.

BAB I mangrupa bubuka nu eusina nya éta: kasang tukang nulis ieu skripsi,

rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, sarta sistematika tulisan.

BAB II ulikan pustaka nu eusina mangrupa dasar tiori ngeunaan

transliterasi, wawacan, ajén kaagamaan, panalungtikan saméméhna, jeung

kalungguhan tioritis panalungtik.

BAB III mangrupa métode panalungtikan anu ngawengku desain

panalungtikan, sumber data dina ieu panalungtikan, tahapan ngumpulkeun data nu

ngawengku instrumen jeung téhnik ngumkpulkeun data, sarta analisis data.

BAB IV mangrupa hasil panalungtikan anu eusina ngabahas analisis data

anu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina bab II.

BAB V mangrupa bagian pamungkas tina skripsi. Eusina nyindekeun hasil

panalungtikan sarta méré saran atawa rékomendasi pikeun panalungtikan

(14)

29

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan

kualitatif nya éta panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa

kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, hal anu ditalungtikna ditalaah leuwih jero

sangkan bisa kacangkem ma’nana (Moleong dina Arikunto, 2010, kc. 22).

Sangkan ngahasilkeun panalungtikan anu hadé, tangtuna waé kudu dirojong

ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu rék dihontal. Métode anu dipaké

bakal mangaruhan kana léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun jeung

ngolah datana. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode

déskriptif. Kecap déskriptif asal kecapna tina basa Inggris to describe nu hartina

ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan atawa hal séjén.

Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun

ngagambarkeun sarta ngajelaskeun hiji hal, nu satuluyna dijéntrékeun dina

wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 3).

Métode déskriptif anu digunakeun nya éta métode déskriptif analitik.

Métode ieu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta nu satuluyna

dianalisis (Ratna, 2012, kc. 53). Ku kituna ieu panalungtikan ngagunakeun

métode déskriptif analitik nu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sarta nganalisis

ajén-ajén agama islam anu nyangkaruk dina naskah Wawacan Suluk Panji.

3.1 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa rarancang anu digunakeun ku panalungtik

pikeun meunangkeun data anu rék ditalungtik. Désain panalungtikan miboga

tujuan pikeun ngagambarkeun léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun

panalungtikan, ti mimiti néangan naskah, ngataransliterasi naskah, ngaidéntifikasi

masalah, ngarumuskeun tur ngawatesanan masalah, studi pustaka kana naskah

Wawacan Suluk Panji jeung sumber pustaka lianna nu ngarojong kana

panalungtikan, ngolah data, sarta nu pamungkas nyieun kacindekan tina hasil

panalungtikan. Désain panalungtikan nu dilaksanakeun dibagankeun saperti di

(15)

30

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sacara gurat badag, sumber data

ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung keretas atawa

dokumén (paper).

a. Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan

ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.

b. Tempat (place), nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing

atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode

obsérvasi.

c. Keretas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda

hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék

pikeun métode dokuméntasi.

Nilik kana pedaran di luhur, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan

mangrupa keretas atawa dokumén (paper). Keretas atawa dokuménna nya éta

naskah Wawacan Suluk Panji jeung sumber tinulis lianna. Ieu naskah téh asalna ti Naskah Transliterasi

Masalah Panalungtikan

Studi Pustaka

Analisis Data

Kacindekan

(16)

31

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

bapa Aep Saepuloh (48 taun), anu padumukanana di Dusun Péréng, Désa Talun,

Kacamatan Ibun, Kabupatén Bandung. Ieu naskah mangrupa koléksi pribadi

atawa warisan anu turun tumurun ti kulawargana. Ditulisna ti katuhu ka kénca

sarta ngagunakeun basa Sunda kalawan maké aksara Pégon. Keretas anu dipaké

nya éta keretas pabrik, kandelna 126 kaca sarta teu kapanggih watermark dina

keretasna. Ieu naskah dijadikeun sumber utama dina ieu panalungtikan.

Gambar 3.1

Jilid naskah Wawacan Suluk Panji

Jilid hareup Jilid tukang

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku

panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan panalungtikanana leuwih gampang

jeung hasilna hadé, hartina leuwih cermat, lengkep, jeung sistematis nepi ka

gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun di antarana saperti ieu di

handap.

a. Handphone, digunakeun pikeun ngarekam caritaan atawa data-data hasil

wawancara ngeunaan objék panalungtikan.

b. Kaméra digital, digunakeun pikeun nyokot gambar atawa ngadokuméntasikeun

(17)

32

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

c. Pedoman wawancara, mangrupa runtuyan patalékan, biasana ngawengku

idéntitas réspondén sarta poko-poko patalékan nu baris ditanyakeun ka

narasumber ngeunaan objék anu ditalungtik.

Pikeun maluruh idéntitas ngeunaan naskah, ieu di handap ditulis pedoman

wawancarana.

 Naon judul ieu naskah?

 Saha nu nulisna?

 Ti saha jeung ti mana meunangna ieu naskah?

 Kumaha pancakakina ka nu nulis ieu naskah?

 Kumaha prosés meunangna ieu naskah (meunang meuli, warisan, nginjeum, jsb)?

 Naha aya pasaratan nalika narima ieu naskah?

 Di mana disimpenna ieu naskah? Naha aya tempat husus?

 Naha aya pasaratan husus atawa ritual husus pikeun ngariksa ieu naskah?

 Kumaha kalungguhan ieu naskah dina kahirupan masarakat?

 Nanon fungsi ieu naskah? Kiwari masih sok dipaké atawa henteu?

 Saupama masih dipaké, tujuanna keur naon?

 Sanggeus maca ieu naskah, aya éfék atawa pangaruhna teu?

(18)

33

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

1) Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan anu

gunana pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung

objék panalungtikan

2) Téhnik Obsérvasi

Marshall dina (Sugiyono, 2010, kc. 316) ngajelaskeun yén dina obsérvasi

panalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah sarta ma’na tina éta paripolah.

3) Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma pikeun néangan

informasi jeung ideu ngaliwatan kagiatan tanya jawab nepi ka kapanggih hiji

ma’na tina hiji topik.

4) Téhnik Dokuméntasi

Sugiyono (2010, kc. 329), nétélakeun yén hasil panalungtikan bakal leuwih

bisa dipercaya upama dieuyeuban ku rupa-rupa bentuk dokuméntasi (foto, video,

karya tulis, seni nu geus aya saméméhna).

3.4 Analisis Data

Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah satuluyna anu

kudu dilakukeun nya éta ngolah data (analisis data). Léngkah-léngkah dina ngolah

data nya éta saperti di handap ieu.

a. Ngaidéntifikasi data (naskah)

b. Nyusun transliterasi naskah

c. Nganalisis data

d. Ngadéskripsikeun data

(19)

166

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Salah sahiji cara ngariksa budaya téh nya éta ku ngulik tur medar karya

sastrana, kaasup karya sastra buhun nu mangrupa wawacan. Ieu panalungtikan

miboga tujuan pikeun ngaguar ajén-ajén kaagamaan anu aya dina naskah

Wawacan Suluk Panji nu saacanna ditransliterasi heula. Transliterasi mangrupa

kagiatan ngaganti aksara ku aksara séjén tanpa ngarobah basa jeung hartina.

Kagiatan transliterasi mikabutuh puseur panitén anu gemet kalawan taliti, sangkan

eusi tina naskahna teu robah. Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta

métode déskriptif analitik. Métode ieu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun

fakta-fakta, nu satuluyna dianalisis. Analisis mangrupa prosés ngalarapkeun élmu atawa

kaweruh anu geus dicangking kana hal anu jadi obyék analisis. Sanggeus

dianalisis, ajén-ajén kaagamaan anu nyangkaruk dina naskah Wawacan Suluk

Panji katitén mangrupa ajén anu tetep luyu jeung kahirupan.

Naskah Wawacan Suluk Panji mangrupa hasil kabudayaan masarakat Sunda

dina wangun tulisan anu ngagambarkeun palasipah hirup, sarta euyeub ku

ajén-ajén kaagamaan. Amanat ti pangarang ditepikeun dina eusi naskah anu diwincik

dina wangun guneman antar pamaénna salaku tokoh carita.

Dumasar hasil transliterasi jeung analisis, ajén kaagamaan anu kapanggih

dina Wawacan Suluk Panji ngawengku kana akidah, akhlak, jeung syari’ah/fiqih.

Ajén kaagamaan nu kaasup kana akidah, nya éta kautamaan maca basmallah, taat

kana rukun iman, saréat, tarékat, hakékat, jeung maripat, rukun Islam, nyembah

ka Alloh, Al-Quran salaku sumber hukum, papastén poé ahir, Alloh maha

nyiptakeun, sakabéh jalma bakal maot, taohid, ulah ninggalkeun solat, Alloh Nu

Mahakawasa, sarta kun fayakun. Sedengkeun nu kaasup kana akhlak, nya éta adil,

sadrah diri, silih asih ka sasama, jeung nyingkahan sipat takabur.

Salian ti akidah jeung akhlak, aya ogé ajén kaagamaan nu kaasup kana

(20)

167

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

5.2 Rékomendasi

Wawacan téh mangrupa karya sastra buhun nu biasana ditulis dina naskah

(handschrift). Sanajan mangrupa karya sastra buhun, tapi di jerona euyeub ku

bahan lenyepaneun pikeun kahirupan sapopoé. Ku kituna kudu aya tarékah pikeun

ngaguar deui eusi nu aya dina naskah-naskah buhun. Lian ti éta, panalungtik ogé

boga saran pikeun pihak-pihak nu aya patalina jeung ieu panalungtikan, di

antarana:

1) pikeun panalungtik: dipiharep tumuwuhna kasadaran pikeun

ngaraksa-ngariksa tur mikacinta warisan kolot baheula, salah sahijina dina wangun

wawacan anu luhung ku ajén-ajén kahirupan;

2) pikeun sakumna pihak utamana anu tumali jeung lembaga/atikan:

dipiharep bisa ngarojong hasanah budaya Sunda anu mangrupa naskah ku

cara ngaruwat sarta ngawanohkeun deui kabeungharan budaya Sunda dina

wangun tulisan (wawacan) di jenjang atikan ti mimiti tingkat sakola dasar

nepi ka tingkat paguron luhur;

3) dina ieu panalungtikan ajén-ajén ajaran Islam sarta élmu pangaweruh

séjénna bisa ditalungtik deui ka hareupna, ku kituna panyusun miharep ieu

hasil panalungtikan réa mangpaatna, sarta ka hareupna aya panalungtik

(21)

168

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Ali, Mohammad Daud. (2010). Pendidikan Agama Islam. Jakarta: PT Raja

Grafindo Persada.

Alim, Muhammad. (2011). Pendidikan Agama Islam: Upaya Pembentukan

Pemikiran dan Kepribadian Muslim. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Al-Quran Tarjamah Sunda, Al-Amin. (2003). Bandung: Diponegoro.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Baried, Siti Baroroh., Spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat

Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunter.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

Koswara, Dedi. (2011). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: JPBD FPBS UPI.

Lembaga Basa Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Bahasa Sunda. Bandung:

Tarate.

Lubis, Nina Herlina., dkk. (2011). Sejarah Perkembangan Islam di Jawa Barat.

Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Cabang Jawa Barat bekerja sama

dengan Pemerintah Provinsi Jawa Barat.

Pudjiastuti, Titik. (2006). Naskah dan Studi Naskah. Bogor: Akademia.

Ratna, Nyoman Kutha. (2012). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra.

Yogyakarta: Putaka Pelajar.

(22)

169

Rian Supriadi, 2015

TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH WAWACAN SULUK PANJI

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas: Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan:

Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pégon. Bandung: JPBD FPBS

UPI.

Ruhaliah. (2011). Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS

UPI.

Salmun, Mas Atje. (1958). Kandaga Kasusastraan. Bandung: CV. Ganaco.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R & D. Bandung:

Alfabeta.

Tamsyah, Budi Rahayu., spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD,

SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu., spk. (1999). Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra

Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Sumber Skripsi:

Afriyanti, Eva. (2009). Ajen Atikan dina Naskah Wawacan Tata Cara Ngurus

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap pancén nu aya dina karangan éksposisi kelas VII-11 SMPN 43 Bandung, ditilik tina segi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra. © Rian

Panalungtikan dina ieu masalah miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun ajén atikan anu nyangkaruk dina Wawacan Juag Tati.. 1.3.2

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah anu aya dina upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun bahan

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis anu

1) Pikeun anu nalungtik, bisa jadi référénsi pikeun panalungtikan satuluyna nu aya patalina jeung rumpaka tembang Cianjuran tina segi struktural jeung ajén

Mangpaat praktis anu kapaluruh dina ieu panalungtikan nya éta. 1) Pikeun guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salah sahiji sumber référénsi jeung bisa ngeuyeuban

Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan, nyaéta pikeun ngeuyeuban pangaweruh panulis jeung pamaca ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna ngeunaan hal anu aya patalina