• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1205329 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1205329 Chapter1"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Nulis sajak mangrupa hiji kagiatan anu kawilang penting dina pangajaran nulis di sakola, sabab loba mangpaat anu dicangking ku siswa dina ieu kagiatan. Saperti mantuan siswa pikeun ngedalkeun eusi haté, ngawangun daya imajinasi, numuwuhkeun kréativitas, jeung daya pikirna.

Dina kanyataanna siswa kurang bisa ngedalkeun eusi haté ngaliwatan tulisan, siswa hésé ngawangun daya imajinasi, kréativitas, jeung daya pikir, kurangna kréativitas jeung inovasi guru dina nepikeun matéri pangajaran anu salila ieu lolobana maké métode tradisional, ogé loba kénéh guru nu ngan nepikeun matéri wungkul anu matak ngajadikeun siswa kurang bisa ngalarapkeun matéri kana wangun tulisan.

Sabenerna, éta masalah téh henteu ngan aya dina faktor internal siswa wungkul, tapi aya ogé dina faktor éksternalna, salasahijina nya éta siswa ngabutuhkeun suasana diajar anu anyar, kréatif, inovatif, jeung ngirut. Ieu hal mangrupa tugas guru pikeun ngokolakeun kelas, jeung bisa nepikeun matéri kalayan maké métode anu variatif.

Sabenerna loba cara nu bisa jadi tarékah guru pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis sajak, salasahiji alternatifna nya éta ngagunakeun média pangajaran. Média pangajaran nya éta alat atawa sarana pikeun nepikeun amanat atawa matéri pangajaran. Média miboga peran penting dina prosés diajar, salian ti ngahontal matéri pangajaran jeung tujuan pangajaran, ogé pikeun merangsangkaaktifan siswa dina pangajaran.

(2)

Origami nya éta kagiatan nilep kertas anu asalna ti Jepang. Nurutkeun Sumanto

(2006), origami nya éta hiji téknik berkarya seni atawa kerajinan anu umumna dijieun tina bahan kertas pikeun ngahasilkeun rinéka wangun hiasan, wangun fungsional, alat peraga jeung kréasi lianna (http://www.e-jurnal.com/2014/03/pengertianorigami. html?m=1).

Patali jeung hal éta, média anu dipilih dina ieu panalungtikan nya éta média origami, kusabab ieu média miboga kaonjoyan dina widang basa nya éta ningkatkeun kasadaran multikultural jeung aprésiasi, mekarkeun basa verbal, jeung kandaga kecap, mekarkeunkeun pamahaman maca, mekarkeun kaparigelan nulis kréatif, ngadongéng, ngailustrasikeun drama kréatif, jeung bonéka origami (Klub Origami Indonesia, 2006).

Salian ti kaonjoyanna dina widang basa, média origami ogé dipiharep bisa mantuan siswa pikeun numuwuhkeun daya imajinasina ngaliwatan wangun-wangun origami anu rinéka jeung warna origami anu matak ngirut pikeun panitén siswa.

Panalungtikan ngeunaan média origami nu geus dibaca, nya éta nu kahiji

“Média Origami pikeun Ngaronjatkeun Kamamapuh Nulis Karangan Pangalaman Pribadi (Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2014-2015)” anu ditalungtik ku Dendi Iman Fahroji (2014). Ieu panalungtikan miboga sasaruaan jeung bédana jeung panalungtikan di luhur. Sasaruaanna nya éta sarua ngagunakeun média origami. Bédana ari skripsi Dendi mah medar perkara nulis karangan pangalaman pribadi sedengkeun ieu panalungtikan medar perkara nulis sajak. Hasil dina ieu panalungtikan nya éta média origami éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang.

Kadua, panalungtikan nu dipedar ku Maryam Kiftiyah nu judulna

“Meningkatkan Kemampuan Motorik Halus melalui Metode Pemberian Tugas

(3)

nya éta média origami éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh motorik halus

siswa kelompok B3 ‘Aisyiyah 01 Kesugihan Kabupaten Cilacap.

Sabada maca panalungtikan di luhur, panalungtik kairut pisan ku média origami anu bisa mekarkeun daya imajinasi, kréativitas, anu luyu pikeun kelas VII. Dina prak-prakan pangajaran nulis sajak, siswa bisa leuwih kaasah dina cara mikirna.

Dumasar kana masalah-masalah anu geus dijéntrékeun di luhur, ieu panalungtikan dibéré judul “Média Origami pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII D SMPN 2 Lembang

Taun Ajaran 2015/2016)”

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Aya sababaraha masalah dina ieu panalungikan, nya éta ieu di handap. 1) Siswa ngarasa hésé kana basa Sunda;

2) Kurangna minat siswa dina pangajaran nulis, hususna nulis sajak; 3) Kurangna kaweruh siswa dina nulis sajak;

4) Kurangna inovasi dina nepikeun pangajaran.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa kelas VII D SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun média origami?

2) Kumaha kamampuh nulis sajak siswa kelas VII D SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun média origami?

(4)

1.3Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung masalah nu dipedar, ieu panalungtikan miboga tujuan anu baris dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu tujuan panalungtikan téh pikeun nguji média origami dina pangajaran nulis sajak siswa kelas VII D SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis sajak siswa kelas VII D SMPN 2 Lembang taun ajaran

2015/2016 saméméh ngagunakeun média origami.

2) kamampuh nulis sajak siswa kelas VII SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun média origami.

3) bédana antara kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média origami siswa kelas VII SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan média-média pangajaran hususna dina pangajaran nulis sajak, ogé bisa jadi alternatif pikeun guru nepikeun matéri pangajaranna di sakola sangkan siswa teu ngarasa bosen kana pangajaran basa Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1) Siswa

(5)

2) Guru

Mangpaat pikeun guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salasahiji alternatif média pikeun ngirut siswa dina pangajaran basa Sunda, hususna nulis sajak.

3) Panalungtik

Mangpaat pikeun panalungtik, bisa mikanyaho kamamapuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média origami siswa kelas VII SMPN 2 Lembang taun ajaran 2015/2016.

1.5Raraga Tulisan

Ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta Bab I bubuka, nu ngawengku judul panalungtikan, kasang tukang masalah, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan umum panalungtikan, tujuan husus panalungtikan, métode panalungtikan, mangpaat tioritis panalungtikan, mangpaat praktis panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II ulikan pustaka, nu ngawengku tiori média, média origami, tiori nulis, tiori sajak, média origami dina nulis sajak, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tiori.

Bab III métodologi panalungtikan nu ngawengku, desain panalungtikan, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, instrumen panalungtikan, téhnik ngolah data, jeung nganalisis data.

Bab IV hasil jeung pedaran nu ngawengku hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan Média Origami pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII D SMPN 2 Lembang Taun Ajaran 2015/2016).

Referensi

Dokumen terkait

Table 3.2 Kriteria Norma Penilaian Operan Basket

1.18 Personil Inti Personil Inti Personil Inti Personil Inti adalah tenaga ahli atau tenaga teknis yang akan ditempatkan secara penuh sesuai dengan persyaratan yang ditetapkan

[r]

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

[r]

Analisis Strategi Pengembangan Usaha Restoran Rice Bowl (Studi kasus pada Restoran Rice Bowl Botani Square, Bogor). Analisis Strategi Pengembangan Usaha Yoghurt (Studi pada Unit

Menggunakan uji Anova dua jalur, untuk mengetahui perbedaan peningkatan pemahaman konsep geometri dan kemampuan tilikan ruang antara siswa yang menggunakan pembelajaran

Studi ini memfokuskan pada permasalahan bagaimana posisi perusahaan terhadap lingkungan internal dan lingkungan eksternal serta strategi pemasaran apa yang tepat diterapkan