644/0251/FPBS/2013
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
STRUKTUR PUISI MANTRA
DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU
KABUPATÉN KARAWANG
PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
SKRIPSI
Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat
Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
EGI PRAJA SEPTIAN
NIM 0801337
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
644/0251/FPBS/2013
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
STRUKTUR PUISI MANTRA
DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG
PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Oleh Egi Praja Septian
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Egi Praja Septian 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
644/0251/FPBS/2013
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI
EGI PRAJA SEPTIAN NIM 0801337
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG
PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr.Ruhaliah, M.Hum. NIP. 196411101989032002
Pangaping II,
Retty Isnendes, S.Pd, M.Hum. NIP. 197212021999032001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
STRUKTUR PUISI MANTRA
DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG
PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X 1)
EGI PRAJA SEPTIAN 2) ABSTRAK
Skripsi ini berjudul Struktur Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan
Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang Pikeun Bahan Ajar Maca di SMA Kelas X. Penelitian ini bertujuan mengumpulkan puisi mantra di Désa Pangulah Selatan,
dengan mendeskripsikan teks puisi mantra, menganalisis unsur intrinsik (tema, rasa, nada, dan amanat) dalam puisi mantra, dan memilih puisi mantra untuk dijadikan bahan ajar membaca di SMA kelas X. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik studi pustaka, wawancara, observasi, dokumentasi, dan transkripsi. Hasil dari penelitian ini adalah: 1) terdeskripsinya 77 puisi mantra, yang terdiri atas: 31 asihan, 20 ajian, 9 jampé, 7 rajah, 7 jangjawokan, dan 3 singlar; 2) unsur intrinsik dalam penelitian adalah 30 mantra yang mencakup: 12 asihan, 7 ajian, 4 singlar, 3 jangjawokan, 2 jampé, dan 2 rajah. 2) unsur yang dianalisis dalam penelitian ini seperti unsur intrinsik (tema, rasa, nada, dan amanat), purwakanti, dan gaya bahasa. Hasil dari analisis ditemukan: a) unsur intrinsik: tema, tentang penyakit, agar disenangi orang lain, kesehatan, dll; rasa yang diantaranya untuk menyingkirkan mahluk gaib/halus, agar diberi perlindungan, dsb; nada, tentang mengajak beribadah kepada Alloh dan mensucikan diri dari segala yang bersifat kotor; dan amanat sering ditemukan adalah mengajak ke dalam kebaikan, berlindung dan beribadah kepada Allah; b) gaya basa yang sering ditemukan adalah mindoan (repetisi); dan c) purwakanti yang banyak ditemukan adalah maduswara; 3) Puisi mantra di Désa Pangulah Selatan bisa digunakan bahan ajar membaca 66 puisi mantra dan 11 yang tidak cocok dijadikan bahan ajar membaca. Berdasarkan penelitian yang dilakukan, diharapkan upaya pendokumentasian puisi mantra oleh masyarakat dan lembaga pemerintahan, agar nilai-nilai kebudayaan terjaga.
Kata kunci: Struktur, puisi mantra, bahan ajar membaca.
1)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah M.Hum, dan Retty Isnendes, S.Pd, M.Hum.
2)
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MANTRA POEM STRUCTURE
IN SOUTH PANGULAH, KOTA BARU, KARAWANG
TO BE LERNING MATERIAL IN SENIOR HIGH SCHOOL GRADE X 1)
EGI PRAJA SEPTIAN 2)
ABSTRACT
This paper’s title is Mantra Poem Structure in South Pangulah, Kota Baru,
Karawang to be Learning Material in Senior High School Grade X. This research
intended to collectmantra poems in South Pangulah, with mantra poem text description, analyzing the intrinsic elements (theme, sense, tone, and message) inside
mantra poem, and chose mantra poem to be the learning material as reading text in
Senior high school grade X. This research uses analytical descriptive method by using technique literature review, interview, observation, documentation, and transcription. The result of the research are: 1) there are 77 Mantra poems was described which are consist of: 31 asihan, 20 ajian, 9 jampe, 7 rajah, 7 jangjawokan, and 3 singlar, 2) The intrinsic elements found from the research there are 30 Mantra which consist of: 12 asihan, 7 ajian, 4 singlar, 3 jangjawokan, 2 jampe, and 2 rajah. 2) The intrinsic elements which are analyzed in this research are theme, sense, tone, message, purwakanti and language style. From the analysis, it is found: a) intrinsic elements: theme, about disease, in order to be liked by others, health, etc; sense which one of them to expel ghost, to ask protection, etc; tone, about inviting people to pray to Allah; b) language style which often be found was mindoan (repetition); and c)
purwakanti which often be found was maduswara; 3) Mantra poems in South
Pangulah can be used to be learning material. Base on the research that has been done, the author suggest that society and the official organization must document the poems which still exist around them in order to conserve the local culture.
Key words: Structure, Mantra Poem, Learning material
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR GAMBAR ... xii
DAPTAR SINGGETAN ... xiii
DAPTAR BAGAN ... xv
DAPTAR LAMBAR ANALISIS ... xvi
DAPTAR LAMPIRAN ... xvii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.2 RumusanMasalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.32 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.5 Raraga Nulis ... 6
BAB II MANTRA JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA PUISI 2.1 Mantra ... 7
2.1.1 Wangenan Mantra ... 7
2.1.2 Papasingan Mantra ... 8
2.1.3 Basa dina Puisi Mantra ... 12
2.1.4 Wirahma Mantra ... 12
2.1.5 Purwakanti Mantra ... 13
2.1.6 Eusi Puisi Mantra ... 17
2.1.7 Puisi Mantra jeung Kapercayaan Masarakat Sunda ... 17
2.2 Bahan Pangajaran Maca Puisi ... 21
2.2.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 21
2.2.2 Maca Puisi ... 21
2.2.3 Bahan Pangajaran Maca ... 25
2.2.4 Tujuan Pangajaran Maca ... 27
2.2.5 Kritéria Milih Bahan Ajar ... 28
2.2.6 Metodé Pangajaran ... 28
2.2.7 Téhnik Pangajaran ... 29
2.2.8 Évaluasi Pangajaran ... 29
2.2.9 Bébédaan Bahan Pangajaran jeung Buku Téks ... 29
2.2.10 Mangpaat Bahan Pangajaran ... 31
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 32
viii
3.1.2 Informan ... 34
3.1.3 Data Puisi Mantra ... 36
3.2 Désain Panalungtikan ... 37
3.3 Métode Panalungtikan ... 38
3.4 Wangenan Operasional ... 38
3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 39
3.6 Instrumén Panalungtikan ... 41
3.6.1 Pedoman Wawancara ... 42
3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 42
3.7.1 Tatahar... 42
3.7.2 Ngumpulkeun Data ... 43
3.7.3 Nganalisis Data ... 43
3.7.4 Nyusun Laporan ... 43
BAB IV PAPASINGAN PUISI MANTRA, UNSUR PUISI MANTRA, JEUNG NYUSUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X 4.1 Papasingan Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan ... 44
4.2 Analisis Struktur Puisi Mantra ... 47
4.3 Kacindekan Analisis ... 119
4.4 Bahan Ajar Maca Puisi di SMA Kelas X ... 120
4.4.1 Milih Bahan Ajar ... 120
4.4.2 Matéri Ajar Maca Puisi Mantra ... 126
4.4.3 Évaluasi ... 127
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
1
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Karya sastra nya éta bagian tina kasenian. Kasenian téh salasahiji unsur tina kabudayaan anu ngandung kaéndahan (éstétis). Salian ti ngandung ajén-inajen, karya sastra bisa nimbulkeun rupa-rupa rasa jeung ngandung mangpaat nu bisa mangaruhan jiwa ka nu macana.
Sastra Sunda diwengku ku tilu klasifikasi, nya éta wangun (wujudna), warna (waktu/mangsa sastra gelarna), jeung wanda (média nu dipaké). Wangun karya sastra nya éta puisi, prosa, jeung drama. Warna karya sastra Sunda nya éta jinis karya sastra dumasar kana waktu gelarna, nya éta heubeul jeung anyar. Wanda karya sastra Sunda mangrupa jinis karya sastra dumasar kana cara nepikeunana nepi ka ngawujud médiana. Wanda karya sastra Sunda nya éta lisan jeung tulisan.
Tina wangunna puisi téh nya éta karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ogé ungkara kalimahna henteu lancaran (henteu cara basa sapopoé). Tina warnana puisi Sunda aya nu disebut puisi buhun jeung puisi modérn. Tina wandana puisi Sunda aya nu gelar dina mangsa heubeul jeung mangsa modern. Tina wujudna puisi Sunda aya nu ngawujud: (1) carita, kayaning pantun jeung wawacan; (2) lain carita, kayaning: mantra, kakawihan, sair, jeung pupuh (Isnendes, 2010:21-22).
Puisi mantra kaasup kana puisi buhun wangun ugeran, sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna, guru wilanganana, jeung jumlah padalisan dina unggal padana.
2
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Mantra aya anu disebut mantra bodas ’putih’ (whitemagic) jeung hideung (blackmagic). Mantra bodas biasana dipaké pikeun média tatamba nu positif,
sedengkeun mantra hideung pikeun média tatamba nu négatif. Sangkan éta mantra téh dipibanda ku hiji jalma kudu nyumponan sarat anu ditangtukeun, miboga mantra biasana kudu nyumponan sarat nya éta ku cara ’meuli’ (Isnendes, 2008:4-5).
Mantra kaasup wangun puisi bébas anu ngandung kakuatan gaib nu dipakéna tara sagawayah. Dina mantra aya purwakanti jeung wirahma, nepi ka éndah diunikeunana. Ugeran atawa aturan puisi dina puisi mantra bakal karasa nalika dibacakeun atawa dipapatkeun. Maksudna sangkan bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan. Nilik tujuan anu baris dihontalna, mantra téh bisa dibagi dua golongan, nya éta (1) mantra pikeun kasalametan jeung kamaslahatan, upamana waé pikeun ngubaran anu gering atawa pikeun ngajaga kebon tina gangguan hama, (2) mantra pikeun ngabinasakeun anu lian, upamana waé teluh (Koswara, 2011:66).
Rusyana nyindekkeun yén tina rupa-rupa mantra téh digolongkeun jadi genep, nya éta: (1) jangjawokan; (2) asihan; (3) ajian; (4) rajah; (5) singlar; jeung (6) jampé. Nurutkeun Isnendes (2008-4), mantra digolongkeun kana tilu kritéria, nya éta: 1) tujuan dipakéna mantra, 2) mahluk lemes nu disambat, jeung 3) sarat-sarat mibanda mantra. Pikeun mikanyaho fungsi/kagunaanna mantra aya Mahluk lemes (ML) nya éta saha nu disambatna. Aya dua golongan mahluk lemes nu disambat, nya éta ML tina pangaruh Islam jeung ML tina non Islam. Tina éta kelompok dibagi deui jadi a) ML dianggap hade; sok nulungan manusa, b) ML nu dianggap jahat; nyusahkeun jeung ngaganggu manusa.
3
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
mantra (téks) jampé atawa ajian, tuluy caina diinumkeun ka anu gering. Tapi, kiwari mantra geus teu dipikawanoh ku masarakat, utamana ku barudak ngora, ku kituna éta mantra bisa tumpur lantaran masih réa puisi mantra anu can dikumpulkeun jeung ditalungtik. Padahal mantra mangrupa budaya tina wangun karya sastra lisan anu dipiboga ku masarakat daérah kitu deui urang Sunda. Ku kituna, kudu ditarékahan sangkan éta mantra teu tumpur di masarakat.
Mantra téh mangrupa sastra daérah anu kudu diriksa jeung dimumulé. Salah sahiji tarékahna ku cara ngayakeun panalungtikan. Hal ieu saluyu jeung Garis-garis Besar Haluan Negara (GBHN) dina ketetapan MPR Nomer IV/MPR/1978, nu nandeskeun yén:
“Kebudayaan Indonésia yang mencerminkan nilai-nilai luhur bangsa harus terus dipelihara, dan dikembangkan guna memperkuat penghayatan dan
pengalaman Pancasila, meningkatkan kualitas hidup, memperkuat
kepribadian bangsa, mempertebal rasa harga diri, dan kebanggaan nasional, memperkokoh jiwa dan kesatuan bangsa, serta mampu menjadi penggerak
bagi perwujudan cita-cita bangsa di masa depan”.
Patali jeung bahan pangajaran di sakola, ngajarkeun puisi aya dina pangajaran kaparigelan maca. Maca minangka aspék utama anu perlu dimekarkeun. Pangajaran maca puisi di SMA diakomodir di kelas X dina SK 10.3 KD 10.3.2. Pangajaran maca miboga tujuan sangkan siswa resep kana maca, média nu dipaké biasana ku média carita. Tangtu baé dina pangajaran maca, bisa ku cara diajarkeun rupa-rupa karya sastra, di antarana ngajarkeun puisi. Ku kituna, puisi dianggap penting dina pangajaran maca lantaran bisa ngahudangkeun karesep jeung kamampuh siswa dina maca.
Ngeunaan puisi mantra, geus aya nu nalungtik di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, ieu béréndélanana.
4
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2. “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi”, ku Retty Isnendes (1998);
3. “Inventarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di
SLTP”, ku Kiki Maria Hodijah (2003);
4. “Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén
Cianjur”, ku Dadang Gunawan (2004).
5. “Puisi Mantra di Kampung Ciareuleu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut”,
ku Aneu Nurlela (2008).
Tina sawatara judul di luhur can aya nu nalungtik perkara mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang, padahal di éta Desa téh réa kénéh mantra nu hirup di masarakat. Ku kituna, panalungtikan nu judulna “Struktur Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Ajar Maca di SMA Kelas X” perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
5
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang sarta pikeun dijadikeun bahan ajar maca di SMA kelas X.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana masalah dina panalungtikan ieu dirumuskeun nya éta:
1) Puisi mantra naon waé anu aya di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang?
2) Kumaha unsur intrinsik puisi mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang?
3) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar maca di SMA kelas X?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum nya éta pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda di sakola. Salian ti éta pikeun méré informasi ngeunaan puisi mantra anu aya di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan teh miboga tujuan saperti di handap.
1) Ngumpulkeun jeung ngadéskripsikeun puisi mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang.
2) Nganalisis unsur intrinsik puisi mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang.
6
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina panalungtikan ieu nya éta pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda di sakola, sarta bisa nambahan élmu pangaweruh sastra hususna kana karya sastra buhun (puisi mantra) anu aya di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep dina ieu panalungtikan nya éta: a) ngeuyeuban khasanah sastra Sunda hususna ngeunaan puisi buhun;
b) ngeuyeuban bahan pangajaran sastra buhun dina pangajaran basa Sunda ngeunaan aprésiasi sastrana;
c) numuwuhkeun karep jeung karesep dina ngamumulé sastra buhun.
1.5 Raraga Nulis
Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu skripsi sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Anapon sistematika dina nyusun ieu skripsi, nya éta:
1) BAB I : Bubuka medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga nulis.
2) BAB II : Medar ngeunaan konsép-konsép mantra jeung bahan pangajaran maca.
3) BAB III : Métode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data,
wangenan operasional, léngkah-léngkah panalungtikan. 4) BAB IV : Medar ngeunaan déskripsi puisi mantra, unsur intrinsik puisi
32
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Ieu lokasi panalungtikan pernahna di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang. Sacara topografis Désa Pangulah Selatan kaasup daérah dataran handap. Suhu alamna aya dina kaayaan panas jeung gedé angin. Lega daérahna ± 556,381 hektar. Désa Pangulah Selatan wates wilayahna nya éta di kulon watesna jeung Désa Jomin Barat jeung Timur, di kidul watesna Désa Wancimekar, di wetan watesna jeung Pangulah Utara, jeung di kaler watesna Pangulah Utara.
Nurutkeun data nu aya di Désa Pangulah Selatan taun 2012, jumlah pendudukna nya éta 12.903 urang, nu lalaki aya 6.576 urang, awéwé aya 6.327 urang, tina jumlah penduduk anu sakitu kabagi kana 3.064 Kepala Kelurga (KK). Wincikan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur bisa katitén dina profil Désa Pangulah Selatan.
Pakasaban masarakat Désa Pangulah Selatan nya éta patani 27%, nu ngingu ingon-ingon 0,1%, PNS 0,4%, padagang 38%, karyawan swasta 9%, pengusaha menengah 0,2%, montir 0,1%, jeung TNI/POLRI 0,1%. Salian ti éta, masarakat Désa Pangulah Selatan mangrupa masarakat agraris tradisional lantaran daérahna mangrupa daérah “pasawahan”.
33
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngagunakeun basa Sunda. salian ti éta aya ogé anu ngagunakeun basa nasional (Indonésia) lantaran teu sakabéh masarakatna urang Sunda.
Gambar 3.1
Peta Wilayah Désa Pangulah Selatan
Émpang Jalan Gang
……….. Wates Désa Lapang Désa Jalan Karéta
34
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.1.2 Informan
Anu jadi sumber data dina panalungtikan ieu nya éta masarakat wewengkon Pangulah Selatan anu apal kana puisi mantra, di antarana: (1) anu dianggap sesepuh di unggal wewengkon; (2) tokoh masarakat; (3) inohong di éta wewengkon; jeung (4) aparat désa.
35
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.1
36
3.1.3 Data Puisi Mantra
Data puisi mantra dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh puisi mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang anu geus dikumpulkeun ku panalungtik
Tabél 3.2
Data Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang
No Asihan Ajian Jampé Rajah Jangjawokan Singlar
1 2 3 4 5 6 7
01 01.01.001 01.02.002 01.04.004 05.17.038 02.01.008 01.03.003 02 02.02.009 01.05.005 02.06.013 05.18.039 02.11.018 01.06.006 03 02.04.011 01.07.007 08.01.058 06.01.047 06.04.050 02.05.012 04 02.08.015 02.03.010 08.02.059 06.02.048 07.03.053 02.07.014 05 02.09.016 03.01.019 08.03.060 08.05.062 07.04.054
06 02.10.017 04.01.021 09.03.070 08.08.065 09.06.073 07 03.02.020 05.09.030 09.04.071 08.10.067 09.07.074 08 05.01.022 05.10.031 09.05.072
09 05.02.023 05.11.032 10.01.077 10 05.03.024 05.12.033
37
Katerangan tina tabél 3.3
Angka 01.02.003 = (1) 01, (2) 02, (3) 003 (1) 01 = Nomer Informan (2) 02 = Nomer Mantra
(3) 003 = Nomer Jumlah Mantra 3.2 Désain Panalungtikan
Léngkah-léngkah nyusun ieu panalungtikan bisa dititénan dina bagan ieu di handap:
Bagan 3.1 Désain Panalungtikan
Studi pustaka
Observasi
Téknik wawancara
Téknik dokuméntasi
Nyieun Kacindekan Ngolah Data
Ngarumuskeun masalah
Ngarumuskeun anggapan dasar
Nangtukeun métode jeung téknik panalungtikan
Nangtukeun sumber data
38
3.3 Métode Panalungtikan
Métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Moh. Nazir (2005: 54) nétélakeun yén:
“Métode déskriptif adalah suatu métode dalam meneliti status sekelompok
manusia, suatu objék, suatu sét kondisi, suatu sistem pemikiran ataupun suatu kelas peristiwa pada masa sekarang. Tujuan dari penelitian déskriptif ini adalah untuk membuat déskripsi, gambaran atau lukisan secara sistématis, faktual dan aktual mengenai fakta-fakta, sifat-sifat serta hubungan antar
fénoména yang diselidiki.”
Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun, ngagambarkeun, jeung ngajéntrékeun kajadian anu lumangsung mangsa kiwari. Tujuanana nya éta pikeun ngadéskripsikeun jeung ngagambarkeun puisi mantra anu dikumpulkeun di wewengkon Pangulah Selatan.
3.4 Wangenan Operasional
Nurutkeun Nazir (2005:126), wangenan operasional teh nya éta:
“adalah suatu definisi yang diberikan kepada suatu variabel atau konstak
dengan cara memberikan arti, atau menspesifikasikan kegiatan, ataupun memberikan suatu operasional yang diperlukan untuk mengukur konstrak
atau variabel tersebut.“
Wangenan operasional dina panalungtikan ieu nya éta pikeun ngajelaskeun hal-hal anu poko jeung penting dina ieu judul. Patali jeung éta hal, istilah husus nu sacara oprasional dina ieu panalungtikan téh, nya éta:
1) Struktur
39
2) Puisi Mantra
Mantra téh hiji génré sastra nu geus aya ti mangsa heubeul. Mantra téh puisi bebas merdika, nu basana arkais jeung éstétis. Anu kaasup kana mantra téh nya éta: (1) jangjawokan; (2) asihan; (3) ajian; (4) rajah; (5) singlar; jeung (6) jampé.
3) Bahan Ajar
Dina pangajaran puisi, ambahan bahan ajarna dumasar kana KTSP Basa jeung Sastra Sunda kurikulum 2006. Bahan Pangajaran puisi baris ditepikeun di jenjang SMA kelas X seméster 2 SK 10.3 KD 10.3.2
3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun ku panyusun nya éta: 1) studi pustaka, 2) wawancara, 3) observasi, 4) dokuméntasi, jeung 5) transkripsi.
3.5.1 Studi Pustaka
Studi pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subyék panalungtikan.
3.5.2 Wawancara
Wawancara nya éta hiji paguneman nu dilakukeun ku anu ngawawancara pikeun meunangkeun informasi anu dibutuhkeun ti anu diwawancara. Nurutkeun Arikunto (2002:145-146) pelaksanaan wawancara bisa dipasing-pasing anu ngawengku: a) wawancara bébas (unguided interview), b) wawancara terpimpin
(guided interview), jeung c) wawancara bébas terpimpin.
a. wawancara bébas (unguided interview), dina ieu wawancara nu
ngawawancara bébas nanyakeun naon waé ka nu diwawancara, kalawan tetep teu leupas perhatian kana data naon anu bakal dikumpulkeun.
b. wawancara terpimpin (guided interview), nu ngawawancara biasana sok
40
c. wawancara bébas terpimpin, ieu wawancara mangrupa gabungan tina
wawancara bébas jeung wawancara terpimpin. Dina ieu wawancara nu
ngawawancara nyadiakeun patalékan sacara gurat badagna wungkul.
Téhnik wawancara pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta
wawancara bébas terpimpin. Nu diwawancarana nya éta masarakat di wewengkon
Pangulah Selatan, anu jadi sumber data (narasumber) katut informan pangrojong kana panalungtikan (perangkat désa, narasumber, jeung masarakat umum).
3.5.3 Observasi
Observasi nya éta niténan langsung hiji objek anu bakal ditalungtik. Dina kagiatan, observasi bisa dilakukeun ku cara tés, kuesionér, rékaman gambar, jeung rékaman sora (Arikunto, 2002:147).
Téhnik observasi dina ieu panalungtikan digunakeun sangkan meunang gambaran anu nyata ngeunaan kaayaan lokasi jeung objek anu ditalungtik.
Sacara gurat badagna, léngkah-léngkah observasi dina ieu panalungtikan, nya éta:
1. nengetan sapopoé masarakat di Désa Pangulah Selatan, naha masih kénéh ngagunakeun mantra atawa henteu;
2. ngayakeun wawancara bébas jeung kepala désa ngeunaan puisi mantra, naha dipibanda kénéh ku masarakat di Désa Pangulah Selatan, kalawan sakalian menta informasi ngeunaan saha-sahana anu sakirana boga mantra di unggal dusun;
3. turun ka lapangan pikeun ngungkab puisi mantra di unggal dusun; jeung 4. nepungan deui narasumber pikeun ngecék jeung ngalengkepan deui data,
pangpangna lamun aya nu teu kaharti atawa aya nu kurang jelas (diropéa tina Isnendes, 1998:31).
3.5.4 Dokuméntasi
41
data nya éta: 1) hasil panalungtikan langsung ka objék panalungtikan; 2) poto informan; 3) hasil ngawawancara ka informan.
Dumasar téhnik di luhur, tahap-tahap dina ngumpulkeun data, nya éta: 1) nyusun rarancang panalungtikan; 2) obsérvasi sarta ngumpulkeun data kalawan turun langsung ka lapangan; 3) ngayakeun wawancara; 4) ngadokuméntasikeun sarta ngainventarisir data nu kacangking.
3.5.5 Transkripsi
Transkripsi nya éta prosés mindahkeun data tina wangun audio visual anu ngawujud sora kana wangun tulisan. Téhnik transkripsi digunakeun pikeun ngarojong informasi data anu ngawujud rékaman vidéo jeung téks buku sangkan leuwih gampang ditalungtik.
3.6 Instrumén Panalungtikan
42
3.6.1 Pedoman Wawancara
Runtuyan poin-poin pananya dina tabél 3.1 mangrupa patokan dina wawancara ka informan. Daptar poin-poin patalékan éta ngan ukur gurat badagna. Hartina di lapangan bisa ditambahan salega-legana jeung salaluasa-laluasana.
Tabél 3.3 Pedoman Wawancara Ruang Lingkup Mantra
Data Informan Data Mantra
I II 2.2 Téks Mantra (Unina Mantra) 2.3 Asal Mantra
(ti saha, iraha, dimana, kumaha, jeung naon sarat pameulina)
2.4 Keur naon Pungsina 2.5 Cara Makéna
(kumaha, iraha, dimana, jeung naon sarat makéna)
Diropéa ku Septian tina tabél Isnendes (1998:33)
3.7 Lengkah-lengkah Panalungtikan
Gurat badag panalungtikan nu dilakonan kabagi kana sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, jeung nyusun laporan.
3.7.1 Tatahar
Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ngawengku: 1) néangan katerangan ngeunaan masalah anu rék ditalungtik, 2) ngajukeun judul panalungtikan,
43
3.7.2 Ngumpulkeun Data
Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:
1) macaan buku-buku sumber ngeunaan puisi mantra, jeung buku-buku penunjang séjénna pikeun bahan acuan;
2) obsérvasi ka lapangan, 3) wawancara ka narasumber, 4) ngumpulkeun data, sarta
5) konsultasi jeung dosén pangaping. 3.7.3 Nganalisis Data
Kagiatan nu dilaksanakeun ngawengku:
1) mariksa jeung ngaidéntifikasi data nu geus kakumpul, 2) nganalisis data,
3) nyieun kacindekan analisis, sarta 4) konsultasi ka dosén pangaping. 3.7.4 Nyusun Laporan
Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporan di dieu mangrupa wangun skripsi.
Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta: 1) Bab I Bubuka;
2) Bab II Mantra jeung Bahan Pangajaran Maca Puisi; 3) Bab III Métodologi Panalungtikan;
4) Bab IV Struktur Puisi Mantra di Désa Pangulah Selatan Kacamatan Kotabaru Kabupatén Karawang pikeun Bahan Ajar Maca di SMA Kelas X;
132
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Puisi mantra di Désa Pangulah Selatan masih kénéh nyampak jeung dipaké ku sabagian masarakatna. Sabada diayakeun panalungtikan di éta désa, ka kumpulkeun 77 puisi mantra ti 10 urang narasumber. Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis ngawengku: 1) déskripsi puisi mantra; 2) unsur intrinsik puisi mantra (téma, rasa, nada, jeung amanat); 3) larapan hasil panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar maca di SMA kelas X.
Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis, kacindekanana nya éta:
1) Puisi mantra anu ka kumpulkeun aya 77, nya éta: 31 asihan, 20 ajian, 9 jampé, 7 rajah, 7 jangjawokan, 3 singlar.
133
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
cakraswara, 19 mindoan kawit, 23 laraspurwa, 19 laraswekas, 24 larasmadya, 18 mindoan kecap, 9 mindoan wekas, 12 margaluyu,
3) Puisi mantra anu bisa dijadikeun bahan ajar maca aya 66 jeung nu teu bisa dijadikeun bahan ajar maca aya 11. Ku kituna, puisi mantra di Désa Pangulah Selatan réréana bisa dijadikeun bahan ajar maca di SMA Kelas X.
5.2 Saran
Dina nalungtik puisi mantra téh loba pisan mangpaatna, utamana bisa nambahan pangaweruh dina widang sastra jeung élmu lianna. Dumasar kana éta hal, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun ka lembaga, murid, mahasiswa, guru, jeung masarakat umum.
1) Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Karawang
Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Karawang dipiharep bisa leuwih ngainvéntarisir budaya jeung seni anu aya di Kabupatén Karawang.
2) Murid, Mahasiswa, jeung Guru
Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan ajar kana sastra atawa budaya Sunda, pikeun mahasiswa ka hareupna bisa ditalungtik deui kana garapan anu lewih husus, sangkan kaguar hal-hal séjén ngeunaan puisi mantra anu aya di tatar Sunda hususna di Désa Pangulah Selatan.
3) Masarakat Umum
134
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PABUKON
Buku
Arikunto, S. (2002). “Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek”. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R.A. (2009). “Kamus Basa Sunda. Bandung”. PT Kiblat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jabar. (2003). “Standar Kompetensi dan Kompetensi
Dasar”: Bandung: Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda
Iskandarwassid. (1992). “Kamus Istilah Sastra”. Bandung: Geger Sunten.
Isnendes, R. (2010). “Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Sastra
Sunda dan Indonesia”. Bandung: Daluang.
Nazir, Moh. Ph.D. (2005). “Metode Penelitian”. Bogor: Ghalia Indonesia.
Rusyana, Y. (1970). “Bagbagan Puisi Mantra Sunda”. Proyek Penelitian Pantun dan Folklore Sunda.
Salmun, M.A. (1963). “Kandaga Kasusastraan Sunda”. Bandung: Ganaco
Sudaryat. Y. dkk. (2007). “Makaya Basa jeung Sastra Sunda”. Bandung: Sonagar Press
Sumardjo, Jakob & Saini K.M. (1988). “Apresiasi Kesusastraan”. Jakarta: Gramedia
Tarigan, H.G. (1983). “Membaca Sebagai Suatu Keterlampilan Berbahasa”. Bandung: Angkasa
Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). “Pedoman Penulisan Karya Ilmiah”.
Bandung: UPI.
Waluyo, H.J. (1995). “Teori dan Apresiasi Puisi”. Jakarta: Erlangga.
Karya Imiah
Isnendes, R. (1998). “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupaten
Sukabumi” (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS
135
Egi Praja Septian, 2013
STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA PANGULAH SELATAN KACAMATAN KOTABARU KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA DI SMA KELAS X
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Nurlela, A. (2008). “Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang
Kabupaten Garut”: Inventarisasi jeung Analisis Ajen Estetis Struktur
(Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI.
Komalasari, T. (2013). “Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong
Kabupatén Bandung Barat Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas
XII” (Skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI Jurnal
Isnendes, R. (2002). Puisi Mantra di Kec. Nagrak Kab. Sukabumi: Analisis
Deskriptif Teks dan Konteks, dina Jurnal Bahasa dan Sastra Vol. 2. Bandung:
FPBS-UPI.
_ _ _ . (2008). Puisi Mantra: Sisi Terapi Hiji Hegemoni Sastra Residual (essay). Bandung: Cupumanik
_ _ _ . (2010). Téori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI.