• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

No. 571/FPBS/0251/2013

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT

CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG

KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

TIYA KOMALASARI

NIM 0900720

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

PERNYATAAN

Saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan

Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA

Kelas XII ini sepenuhnya karya saya sendiri. Tidak ada bagian di dalamnya yang

merupakan plagiat dari karya orang lain dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, februari 2013 Yang membuat pernyataan,

(3)

No. 571/FPBS/0251/2013

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

TIYA KOMALASARI

NIM 0900720

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum.

NIP. 196411101989032002

Pangaping II,

Retty Isnendes, S.Pd, M.Hum.

NIP. 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, MPd.

(4)

Tiya Komalasari, 2013

CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR

DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGJARAN MACA DI SMA KELAS XII1)

TIYA KOMALASARI2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajarn Maca di SMA Kelas XII. Penelitian ini berpangkal dari permasalahan pokok yaitu apakah terdapat nilai estetika atau nilai keindahan dalam kesenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Desa Cihideung Kecamatan Parongpong Kabupaten Bandung Barat. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) unsur-unsur seni yang terdapat pada kesenian penca silat Cakar Kumbang Kencana, 2) nilai estetis yang terdapat pada kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana dan (3) penelitian dapat dijadikan bahan pengajaran membaca di SMA Kelas XII. Dalam penelitian ini, digunakan metode deskriptif analisis dengan tehnik telaah pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah MP4, kamera digital, dan pedoman wawancara. Hasil penelitian ini adalah dalam kesenian penca silat Cakar Kumbang Kencana terdapat nilai estetika atau nilai keindahan yang ditemui pada unsur-unsur seni, manusia, juga alam yang ada pada kesenian penca silat Cakar Kumbang Kencana ini.

(5)

vi

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GAMBAR ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Identifikasi Rumusan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.32 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

(6)

BAB II ÉSTÉTIKA, PENCA SILAT, JEUNG BAHAN PANGAJARAN

2.1 Éstétika ... 8

2.1.1 Wangenan Éstétika ... 8

2.1.2 Éstétika jeung Seni ... 9

2.1.3 Ajén Éstétika jeung Ajén Seni ... 10

2.1.4 Ajén Éstétis ... 11

2.1.5 Ajén Seni ... 13

2.1.6 Filsafat Seni ... 13

2.2 Penca Silat ... 14

2.2.1 Wangenan Penca Silat ... 14

2.2.2 Sajarah Penca Silat Di Indonésia ... 15

2.2.3 Aliran jeung Paguron Penca Silat di Indonésia ... 15

2.2.4 Sajarah Kamekaran Penca Silat di Jawa Barat ... 17

2.2.5 Fungsi jeung Tujuan Penca Silat ... 20

2.3 Bahan Pangajaran ... 21

2.3.1 Wangenan Bahan pangajaran ... 22

2.3.2 Bahan pangajaran Maca ... 24

2.3.3 Tujuan pangajaran ... 24

2.3.4 Kritéria Milih Bahan Ajar ... 24

2.3.5 Metodé Pangajaran ... 25

2.3.6 Téhnik Pangajaran ... 25

2.3.7 Évaluasi Pangajaran ... 26

(7)

viii

2.3.9 Mangpaat Bahan Pangajaran ... 27

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ... 28

3.2 Desain Panalungtikan ... 29

3.3 Téhnik Panalungtikan ... 29

3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 29

3.3.2 Téhnik Analisis Data ... 30

3.4 Wangenan Operasional ... 30

3.5 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan ... 31

3.5.1 lokasi ... 31

3.5.2 Subjek Panalungtikan ... 32

3.6 Instrumen panalungtikan ... 33

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 36

3.7.1 Tatahar... 36

3.7.2 Ngumpulkeun Data ... 36

3.7.4 Nyusun Laporan ... 36

3.7.3 Nganalisis Data ... 36

3.7.4 Nyusun Laporan ... 36

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII 4.1 Unsur-unsur Seni dina Kasenian Pencak Silat Cakar Kumbang Kencana ... 38

(8)

4.1.2 Unsur Seni Waditra (Unsur Seni Musik) ... 46

4.1.3 Unsur Seni Sora (lalaguan) ... 49

4.1.4 Unsur Seni Busana ... 52

415 Unsur Seni Pakarang ... 55

4.2 Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana dumasar kana Teori Kant ... 55

4.2.1 Ajén Éstéstis atawa Ajén Murni ... 55

4.2.2 Ajén Ékstra Éstétis atawa Ajén Tambahan ... 56

4.2.3 Ajén Éstétis dumasar kana Téori Intrinsik ... 56

4.2.4 Ajén Éstetis dumasar kana Téori Ékstrinsik ... 57

4.2.5 Ajén Éstétis dumasar kana Téori Serba Inteléktual ... 58

4.2.6 Ajén Éstétis dumasar kana Téori Katarsis ... 58

4.3 Bahan Pangajaran Penca Silat Cakar Kumbang Kencana disusun pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII ... 60

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 66

5.2 Saran ... 67

DAPTAR PABUKON ... 68

LAMPIRAN-LAMPIRAN Surat Ijin ... 70

(9)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan nya éta kabiasaan hiji masarakat nu ditepikeun sacara turun tumurun ti generasi ka generasi. Hal ieu luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat (Suparto, 2007:39) yén kabudayaan téh mangrupa sakabéh gagasan jeung karya manusa nu kudu dibiasakeun kalayan diajar tina hasil budi pekerti.

Koentjaraningrat (199:205) nételakeun yén kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal nya éta: 1) basa, 2) sistem pangaweruh, 3) organisasi sosial, 4) sistem teknologi, 5) sisitem pakasaban, 6) sistem kapercayaan, 7) sistem kasenian. Dumasar kana unsur-unsur kabudayaan di luhur, Sunda henteu ngan saukur sélér bangsa nu aya di Indonésia. Sunda mibanda kabudayaan sorangan.

Bangsa Indonésia téh mangrupa bangsa multikultural sabab miboga karakteristik budaya nu rupa-rupa. Unggal sélér bangsa miboga struktur budaya sewang-sewangan. Sanajan kitu, sakabéh karakteristik budaya daérah ti sélér-sélér bangsa nu aya di Indonésia téh mangrupa harga diri bangsa sacara nasional.

Seni tradisional nu mangrupa bagian tina seni nasional Indonésia jadi salah sahiji unsur budaya Indonésia. Budaya téh jadi harga diri sélér bangsa. Saupamana seni tradisional tumpur, sarua jeung ngurangan atawa ngaleungitkeun harga diri hiji sélér bangsa. Tangtu ieu jadi pasualan bangsa nu penting. Tumpurna seni tradisional nyababkeun leungitna harga diri hiji sélér bangsa nu antukna nimbulkeun runtagna hiji bangsa. Ku sabab kitu, seni-seni tradisional kudu ditanjeurkeun deui, boh ku individu boh ku lembaga-lembaga.

(10)

dicindekkeun yén seni moal leupas tina kahirupan masarakat, sabab tumuwuhna seni gumantung ka masarakat nu ngarojongna.

Lajuning laku lampah manusa ti taun ka taun tangtu bakal robah kapangaruhan ku mekarna jaman. Kondisi masarakat jaman ayeuna geus robah, loba nu leuwih mentingkeun matéri tibatan kasenian. Malah aya nu nyebutkeun yén ngolah seni téh mangrupa hiji kagiatan nu taya gunana. Ku kituna, pengkaderan kasenian tara dipaliré. Padahal urang Sunda salaku ahli waris budaya Sunda geus sakuduna ngamumulé budaya Sunda ku cara miara kasenian nu hirup di kalangan rayat, sangkan éta seni téh teu tumpur.

Penca silat mangrupa salah sahiji tina sakitu lobana rupa jeung wanda olahraga nu aya di Jawa Barat. Ieu olahraga mibanda ajén palasipah hirup jeung ajén éstetis. Ajén éstétis penca silat nya éta ajén kaéndahan dumasar kana patokan jati diri penca silat (totalitas kedirian), corak, jiwa, sifat jeung watek nu sajati. Jati diri penca silat ngawengku palasipah budi jeung élmu nu luhung, énas-énasna penca silat (mental, bela diri, olahraga).

(11)

3

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

Geus aya sababaraha panalungtikan ngeunaan kasenian penca silat, judul-judulna diantarana; Tuturan tentang Pencak Silat dalam Tradisi Lisan Sunda (1996) disusun ku Yus Rusyana, Khazanah Pencak silat (1997) disusun ku

Notosoejitno, Olah Raga Pencak Silat (2008) disusun ku Nur Dyah Naharsari, Menyelami Pencak Silat disusun ku Ir. Murhananto, Buku Sejarah Pencak Silat

(2012) disusun ku O.j,Ef,Nk.

Tina éta judul-judul panalungtikan tacan aya nu nalungtik ngeunaan penca silat ti padepokan Cakar Kumbang Kencana di Désa Cihideung, komo upama dipatalikeun jeung bahan pangajaran di sakola. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Ajen Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII” perlu dilaksanakeun.

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Identifikasi Masalah

Sangkan teu lega teuing ambahanana, dina ieu panalungtikan saukur dipedar kajian unsur-unsur éstétika anu aya dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, nya éta

1) unsur-unsur seni naon waé anu aya dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat?;

(12)

3) kumaha bahan pangajaran penca silat Cakar Kumbang Kencana disusun pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum nya éta:

1) pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian nu aya di masarakat,

2) tuluy ngawanohkeun sajarah ayana kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat;

3) ngadéskripsikeun prak-prakan kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat;

4) mikawanoh maksud jeung tujuan ayana kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat;

5) ngadéskripsikeun jeung nganalisis ajén éstétis nu nyangkaruk dina

kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

(13)

5

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

2) ajén éstétis dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat;

3) kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat panalungtikan

Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat nu ngawengku:

1) sacara umum, ieu panalungtikan bisa méré sumbangan analisis keur kamajuan paélmuan budaya Sunda. Ti dieu bisa dicangking gambaran harti jeung pungsi sacara pungsional struktural dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana;

2) sacara husus, ieu panalungtikan bisa ngalegaan wawasan masarakat, nambahan pangaweruh salaku hiji pintonan anu unik, sangkan masarakat modern bisa nyindekkeun sanggeus maca atawa ningali langsung éta kasenian penca silat téh;

3) hasil panalungtikan ngeunaan kasenian penca silat bisa nambahan pangaweruh nu maca sangkan ieu kasenian bisa terus dipikawanoh; jeung 4) nyangking ajén éstétis nu nyangkaruk dina kasenian penca silat Cakar

Kumbang Kencana.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngalegaan élmu pangaweruh ngeunaan budaya, kabudayaan nu aya di masarakat Sunda hususna di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kabupatén Bandung Barat boh keur nu maca boh keur nu nalungtik boh keur masarakat sejenna.

(14)

Mangpaat panalungtikan nu dipiharep bisa;

1) nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana nu patalina jeung dunya atikan;

2) bisa dijadikeun salah sahiji sumber bahan pangajaran di SMA;

3) bisa dimangpaatkeun pikeun nambahan pangaweruh dina widang kabudayaan hususna kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana.

1.5 Raraga Tulisan

Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu skripsi sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Anapon sistematika dina nyusun ieu skripsi, nya éta:

1. Judul 2. Abstrak 3. Pangjajap 4. Daftar eusi 5. Eusi

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.3 Tujuan Panalungtikan

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.5 Raraga Tulisan

BAB II TINJAUAN PUSTAKA 2.1 Éstétika

(15)

7

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 2.3 Bahan pangajaran

3.5 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan 3.6 Instrumén Panalungtikan

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

BAB IV ANALISIS DATA JEUNG PEMBAHASAN HASIL PANALUNGTIKAN

4.1 Unsur seni dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana 4.1.1 Unsur seni tari jeung ibing

4.1.2 Unsur seni waditra (unsur seni musik) 4.1.3 Unsur seni sora (lalaguan)

4.1.4 Unsur seni busana 4.1.5 Unsur seni pakarang

4.2 Ajén éstétis dina kasenian penca silat dumasar kana teori Kant 4.2.1 Ajén éstétis atawa ajén murni

4.2.2 Ajén ekstra éstétis atawa ajén tambahan 4.2.3 Ajén éstétis dumasar kana teori intrinsik 4.2.4 Ajén éstétis dumasar kana teori ekstrinsik 4.2.5 Ajén éstétis dumasar kana teori serba intelektual 4.2.6 Ajén éstetis dumasar kana teori katarsis

(16)

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan

(17)

29

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu 3.2 Desain Panalungtikan

3.3 Téhnik Panalungtikan

Aya dua téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik analisis data.

3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data digunakeun sababaraha téhnik ngumpulkeun data, di antarana nya éta téhnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokumentasi.

Nangtukeun Masalah

 Studi pustaka  Observasi

 Téknik wawancara  Téknik dokuméntasi

Nyieun Kacindekan Ngolah Data  Ngarumuskeun masalah

 Ngarumuskeun anggapan dasar  Nangtukeun métode jeung

téknik panalungtikan  Nangtukeun sumber data

(18)

1) Téhnik telaah pustaka (sumber tinulis), nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ieu skripsi.

2) Tehnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha sajarah, kamekaran, fungsi, sarta prak-prakanana kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana téh.

3) Téhnik wawancara dimaksudkeun pikeun nyangking data langsung ti informan nu apal kana penca silat sangkan data-data nu kacangking bener-bener akurat. Ieu téhnik téh salah sahiji bagéan anu penting dina unggal survey. Ieu hal téh geus diécéskeun Moléong 2009:186) nya éta:

“Wawancara adalah percakapan dengan maksud tertentu. Percakapan itu dilakukan oleh dua pihak yang mengajukan pertanyaan, yaitu pewawancara (interviewer) yang mengajukan pertanyaan dan pewawancara (interviewee) yang memberikan jawaban atas pertanyaan itu”.

4) Téhnik dokumentasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakanana éta panalungtikan, jeung ngadokuméntasikeun naon wae nu ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir.

3.3.2 Téhnik Analisis Data

Sakabéh data tina hasil obsérvasi jeung wawancara satuluyna dikumpulkeun sarta dipasing-pasing pikeun kapentingan panalungtikan. Data anu dianggap ngarojong satuluyna dianalisis dumasar métode panalungtikan nu digunakeun.

3.4 Wangenan Operasional

Aya sababaraha istilah anu perlu dijéntrékeun nu aya patalina jeung panalungtikan sangkan engkéna henteu nimbulkeun salah tafsir.

(19)

31

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA

Kelas XII. Dina éta judul dipedar wangenan operasionalna.

1) Ajén nya éta nilai atawa harga.

2) Éstétika nya éta cabang tina elmu filsafat nu ngabahas ngeunaan kaéndahan jeung tanggapan manusa kana éta kaéndahan.

3) Kasenian mangrupa salah sahiji pakakas seni tina tujuh unsur budaya universal nya éta basa, sistem pangaweruh, organisasi sosial, sistem teknologi, sistem pakasaban, jeung sistem kapercayaan, kasenian.

4) Kampung Nyingkir nya éta tempat diayakeun panalungtikan nu pernahna aya di kabupatén Bandung Barat.

5) Penca nya éta gerakan bela diri anu miboga irama éndah tapi berstruktur. biasana dipintonkeun di tempat umum. Silat bisa waé asal kecap tina sila anu hartina watek, ahlak, atawa sipat (karakteristik). Misalna dina kecap susila jeung pancasila, miboga kakaitan jeung watek ahlak, sipat. Susila nu hartina watek atawa ahlak anu hade. Pancasila nya éta lima watek, sipat

3.5 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan

(20)

Ieu lokasi panalungtikan pernahna di Kampung Nyingkir RW. 02, RT. 01 Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat. Sacara topografis Kampung Nyingkir kaasup daerah dataran luhur. Suhu alamna Kampung Nyingkir aya dina kaayaan tiis jeung gede angin. Alamna masih keneh asri teu kapangaruhan ku polusi industri, jeung lega daerahna ± 357 hektar. Kampung Nyingkir Désa Cihideung miboga watas wilayah nya éta di kulon watesna jeung Désa Cigugur, di kidul watesna jeung Désa Ciwaruga jeung kota Bandung, di wetan watesna jeung Lembang, jeung di kaler watesna Sukawana.

Nurutkeun data nu aya di Désa Cihideung taun 2011, jumlah pendudukna nya éta 2.820 urang, nu lalaki aya 1.366 urang, awéwé aya 1.446 urang, tina jumlah penduduk anu sakitu kabagi kana 900 kepala kelurga (KK). Wincikan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur bisa katitén dina profil Désa Cihideung.

Pakasaban masarakat Kampung Nyingkir lolobana nya éta patani kembang, nu ngingu ingon-ingon, PNS, buruh pabrik, wiraswasta, jeung karyawan Banks aalian ti éta, masarakat Kampung Nyingkir Désa Cihideung mangrupa masarakat agraris tradisional lantaran daerahna mangrupa daerah “perkebunan”.

Atikan anu dilakonan ku masarakat Kampung Nyingkir Désa Cihideung nya éta: SD, SMP, SMA, nepi ka paguron luhur ogé dihontal. Agama jeung kapercayaan masarakat Kampung Nyingkir Désa Cihideung umumna ngagem agama Islam. Basa nu digunakeun dina hirup kumbuhna sapopoé di Kampung Nyingkir lolobana ngagunakeun basa Sunda. salian ti éta aya oge anu ngagunakeun basa nasional (Indonésia).

3.5.2 Subjek panalungtikan

Nu jadi subjek panalungtikan nya éta Kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir RW. 02, RT. 01 Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat.

(21)

33

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

lima jurus Syahbandar nya éta: jurus tunggal, jurus gabungan, jurus rasa, jurus “pernapasan”, jurus inti kakuatan/ tanaga, jeung jurus étika Syahbandar. Ieu jurus disebut ogé angkat jungjung nu ngaliwatan dua puteran nya éta “sentrifugal” maksudna nu ngakibatkeun puteran naek ka luhur saperti muihna angin sedengkeun “sentripétal” nya éta gerakan nu ngalabuhkeun lawan ka handap saperti muihna cai.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Kahontal henteuna tujuan panalungtikan ditangtukeun ku instrumén nu digunakeun. Anu dimaksud instrumén panalungtikan téh sakabéh alat atawa cara nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta: MP4, kamera digital, jeung pedoman wawancara.

1) MP4

MP4 digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara.

2) Kaméra Digital

Kaméra Digital digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan magelarkeun Kasenian Penca Silat.

3) Padoman Wawancara

(22)

Tabél 3.1

Daftar Informan No :

Wasta : Umur : Pakasaban : Atikan :

Alamat :

Kalungguhan :

Tabél 3.2

No. Pedoman wawancara

1) Iraha ngadegna padepokan penca silat Cakar Kumbang Kencana? 2) Saha nu ngadegkeunana?

3) Naon kasang tukang ngadegkeunana padepokan penca silat Cakar Kumbang Kencana?

4) Naha kasenian penca silat di Kampung Nyingkir ieu bét dingaranan Cakar Kumbang Kencana?

5) Naon waé kagiatanana? 6) Gerakan naon waé nu dipaké?

7) Persiapan naon waé nalika badé midangkeun?

8) Raksukan jeung waditra naon/nu kumaha nu dipaké nalika midangkeun kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana?

9) Nu kumaha kriteria anggota padepokan penca silat Cakar Kumbang Kencana?

(23)

35

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

11) Dina ngalatih di padepokan penca silat Cakar Kumbang Kencana téh naha resep atanapi aya hal-hal anu béda?

12) Aya pangaruhna teu kana yuswa dina latihan penca silat Cakar Kumbang Kencana?

13) Kinten-kinten saminggon sabaraha kali latihan? 14) kunaon bet raksukan téh kedah waé hideung? 15) Leres ieu téh penca silat buhun?

16) Naha ngalaman parobahan atawa henteu ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana téh?

17) Naon waé waditra anu dipaké dina mirig ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana?

18) Saacan prungna ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang kencana biasana sok aya persiapan husus atawa henteu? Saupama aya persiapan husus tina segi naon biasana?

19) Upami badé latihan sok aya sasajén teu?

20) Naon udagan Bapa (pelatih)/pengurus/murangkalih kana ieu kasenian penca silat?

21) Saupama ieu dijantenkeun bahan atawa model pangajaran kinten-kinten satuju atanapi henteu?

22) Unsur seni naon waé nu aya dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana?

23) Dina prak-prakan kasenian penca silat Cakar Kumbang sok aya husus jurus naon waé?

24) Biasana sok aya sabaraha wanda?

25) Dina penca silat buhun aya kembangna henteu?

(24)

27) Tingkatan naon dina penca silat anu ngajarkeun ngagunakeun pakarang?ss

28) Tina waditra, biasa nu sok dipaké jinis waditra nu kumaha? 29) Naha kedah aya sinden atanapi henteu?

30) Kinten-kinten jurus jeung gerakan nu kumaha nu cocog dipaké ku murangkalih sakola?

31) Biasana sok aya kidung atanapi henteu nalika prak-prakan mintonkeun?

32) Kedah nganggé iket atanapi henteu ?

33) Biasana sok aya ungkara ieu budak geus dieusian. Maksadna kumaha perkawis éta?

34) Aya beubeur nu sok dipaké, maksad beubeur nu dipaké numutkeun tingkatan atanapi henteu?

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Gurat badag panalungtikan nu dilakonan kabagi kana sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, jeung nyusun laporan.

3.7.1 Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ngawengku: 1) néangan katerangan ngeunaan masalah anu rék ditalungtik, 2) ngajukeun judul panalungtikan,

3) nyusun rarancang (proposal panalungtikan), sarta 4) konsultasi ka dosén pangaping.

3.7.2 Ngumpulkeun Data

(25)

37

Tiya Komalasari, 2013

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA

DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG

KABUPATÉN BANDUNG BARAT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia |Repository.upi.edu | Perpustakaan.upi.edu

1) macaan buku sumber ngeunaan ajén éstétis¸ penca silat, jeung buku-buku penunjang séjénna pikeun bahan acuan;

2) obsérvasi ka lapangan, 3) wawancara ka narasumber, 4) ngumpulkeun data, sarta

5) konsultasi jeung dosén pangaping. 3.7.3 Nganalisis Data

Kagiatan nu dilaksanakeun ngawengku:

1) mariksa jeung ngaidéntifikasi data nu geus kakumpul, 2) nganalisis data,

3) nyieun kacindekan analisis, sarta 4) konsultasi ka dosén pangaping. 3.7.4 Nyusun Laporan

Nyusun laporan mangrupa tahap anu pamungkas tina tahapan panalungtikan. Dina ieu laporan sagala hasil panalungtikan dipidangkeun. Laporan di dieu mangrupa wangun skripsi.

Anapon sistematika dina nyusun laporan, nya éta: 1) Bab I Bubuka;

2) Bab II Éstétika, Penca Silat, jeung Bahan Pangajaran; 3) Bab III Métodologi Panalungtikan;

4) Bab IV Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII;

(26)
(27)

66 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dina proses panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana lain wungkul miboga fungsi hiburan tapi oge, miboga fungsi nu séjén, nya éta fungsi beladiri, olahraga, ajaran karohanian, seni, jeung atikan. Dina mintonkeun kasenian penca silat taya sarat kudu nyadiakeun sasajén sakumaha ilaharna, cukup ku ngahaleuangkeun lagu

“Kembang Gadung” saacan pintonan dimimitian.

Dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana aya unsur seni lianna anu ngarojong kana ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana nya éta seni tari/ibing (koréografi), seni sora, seni musik karawitan (waditra), seni busana, jeung seni pakarang. Unsur-unsur nu geus ditataan tadi, peranna sarua penting lantaran lamun unsur dileungitkeun pagelaran kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana moal sampurna lantaran unsur nu hiji jeung nu séjénna silih lengkepan.

Dina panalungtikan, kapanggih ajén-ajén nu nyangkaruk dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana nya éta: ajén éstétis atawa ajén murni, ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan, ajén intrinsik, ajén ékstrinsik (formal), ajén dumasar téori serba intéléktual, ajén éstétis dumasar téori katarsis.

Ajén éstétis dina kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda, hususna matéri

ngeunaan budaya, nya éta “ Maca Bahasan Kasenian”. Pangajaran di SMA kelas

XII, nu disusun tina hasil panalungtikan nu dijudulan “Ajén Éstétis dina Kasenian Penca Silat Cakar Kumbang Kencana di Kampung Nyingkir Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran

(28)

5.2 Saran

Ieu saran ditepikeun ka lembaga, murid, mahasiswa, guru, jeung masarakat umum.

1) Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bandung Barat

Lembaga Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bandung Barat dipiharep leuwih ngainventarisir budaya jeung seni hususna kasenian tradisional nu aya di Kabupatén Bandung Barat kaasup kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana.

2) Murid, Mahasiswa, Guru

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda husus pikeun mahasiswa, loba keneh nu acan kaguar tina ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana. Atuh kaharep na, kacida hadéna lamun seug ieu kasenian téh ditalungtik deui dina garapan anu leuwih husus, sangkan kaguar hal-hal séjén pikeun ngawanohkeun deui ieu kasenian penca silat Cakar Kumbang Kencana.

3) Masarakat Umum

(29)

68

DAPTAR PABUKON

Arikunto, Suharsani. (2006). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Departemen Pendidikan Kebudayaan. (1996). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Dinas Pendidikan Provinsi Jabar. (2003). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar: Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung

Ekadjati, Edi S. (1995). Kebudayaan Sunda (Suatu Pedoman Sejarah). Jakarta: Pustaka Jaya

Faturohman, T, (tt). Ulikan Sastra: Pedaran Sastra Sunda pikeun Murid SMTP. Bandung: Djatnika.

Faturohman, Taufik. (1993). Ulikan Sastra. Bandung: CV Geger Sunten.

Gintings, Abdurrakhman. (2008). Esensi Praktik Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora

Hamalik, Oemar. (2009). Prosedur Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Bumi Aksara Herman Asep. (2012). Buku Sejarah Pencak Silat. Bandung: LBH

Kartika, Darsono S. (2007). Estetika. Bandung: Rekayasa Sains

Koentjaraningrat (1993). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Umum.

Koswara, Dedi. (2003). Racikan Sastra: Pangdeudeul Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

LBSS. (1997). Kamus Utama Basa Sunda. Bandung: Tarate.

(30)

Notosejitno. (1997). Khazanah Pencak Silat. Jakarta: CV. Sagung Seto Rosidi, Ajip, spk. (2000). Ensiklopedia Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya

Rusyana, Yus. (1996). Tuturan tentang Pencak Silat dalam Tradisi Lisan Sunda Seri Tradisi Lisan Nusantara. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Satjadibrata. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Utama Sumardjo, Jakob. (2000). Filsafat Seni. Bandung: ITB.

Surajiyo. (2005). Ilmu Filsafat Suatu Pengantar. Jakarta: Bumi Aksara. Sumber (http: // www. bandung.eu/2011/07/Pencak-Silat-di-tatar-sunda. hfm)

Suryabrata, Sumadi. (1989). Metode Penelitian. Jakarta: Rajawali

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Referensi

Dokumen terkait

Untuk mengatasi hambatan-hambatan dalam pelaksanaan prosedur peminjaman uang, pihak koperasi Kotamadya medan membentuk upaya: memberikan pembebanan dan sanksi serta membentuk

[Nama Ketua

Saya/Kami tidak memberikan informasi kepada Agen PT AXA Financial Indonesia (”Agen”) selain dari informasi yang tertulis dalam Surat Permintaan dan Agen tidak memberikan

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

Menganalisis data pretest dan postest. Langkah-langkah analisis data adalah sebagai berikut. a) Menganalisis hasil therapy siswa sebelum dan sesudah diberikan tindakan

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh