• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Ai Kurnia Ilham Nurdinia 1009125

(2)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014

Halaman Hak Cipta untuk Mahasiswa S1

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA

Pasundan 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Ai Kurnia Ilham Nurdinia

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ai Kurnia Ilham Nurdinia 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

(3)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

AI KURNIA ILHAM NURDINIA

1009125

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NAGDONGÉNG

(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Usép Kuswari, M.Pd.

NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Ade Sutisna S.Pd.

NIP 197607312001121001

(4)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.

(5)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)

Oleh

Ai Kurnia Ilham Nurdinia2)

ABSTRAK

Latar belakang dari penelitian ini adalah pentingnya kemampuan berbicara dengan menggunakan bahasa Sunda, dan penggunaan media pembelajaran dalam kegiatan belajar-mengajar. Tujuannya yaitu untuk meningkatkan kemampuan berbicara siswa melalaui pelajaran bercerita menggunakan media gambar seri. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah eksperimen murni, dengan menggunakan teknik tes. Dari hasil penelitian diketahui bahwa (1) rata-rata kemampuan bercerita siswa di kelas yang tidak menggunakan media gambar seri adalah 69,94 dengan persentase 15,63% atau 5 orang sudah mampuh untuk bercerita, sisanya 84,37% atau 27 orang belum mampuh bercerita, (2) rata-rata kemampuan bercerita siswa di kelas yang menggunakan media gambar seri adalah 76,2 dengan persentase 70,59% atau 24 orang sudah mampuh bercerita, sisanya 29,41% atau 10 orang belum mampuh bercerita, (3) berdasarkan uji hipotesis, t itung

(11,38) > t tabél (2,39), hal tersebut berarti bahwa hipotesisi diterima.

Oleh karena itu, dapat dinyatakan bahwa media gambar seri efektif untuk untuk meningkatkan kemampuan berbicara dibandingkan dengan tidak menggunakan media gambar seri di kelas X SMA

Pasundan 2 Bandung tahun pelajaran 2013/2014.

Kata kunci: media gambar seri, bercerita

1)

(6)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2)

Mahasiswi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

THE EFFECTIVENESS OF PICTURES SERIES AS THE MEDIA

TO INCREASE STUDENTS’ ABILITY IN STORY TELLING

(Experimental Study in Class X SMA Pasundan 2

Bandung School Year 2013/2014)

1)

By

Ai Kurnia Ilham Nurdinia2)

ABSTRACT

This study is motivated not only because of the importance of speaking ability to use Sundanese language but also the importance of using instructional media in teaching learning activity. The aim of this study is to increase speaking ability of the students through story telling by using pictures series. This study employs pure experimental method by using test technique. The results of the study show that (1) the average of speaking ability of the students in the class that does not use pictures series as the media is 69,94 with the percentage 15.63% or there are 5 students who have been able to tell the story, and the remaining 84.3% or there are 27 students who have not been able to tell the story, (2) the average of speaking ability of the students in the class which uses pictures series as the media is 76.2 with the percentage 70.59% or there are 24 students who have been able to tell the story, the remaining 29.41% or there are 10 students who have not been able to tell the story, (3) based on the hypothesis test, tarithmetic

(11.38) > ttable (2,39), it means that this hypothesis is acceptable.

Therefore, it can be said that pictures series are effective to improve speaking ability rather than does not use pictures series as the media in class X SMA Pasundan 2 Bandung school year 2013/2014.

(7)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1)

Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.

2)

(8)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa Sunda téh salasahiji mata pelajaran nu kawilang penting pikeun nyangking pangaweruh basa tur mahér dina maké éta basa. Luyu jeung pamadegan Nida jeung Haris (dina Tarigan, 1983, kc. 1) nu nétélakeun yén aya opat komponén nu kaasup kana kaparigelan makéna basa, nyaéta kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), kaparigelan nyarita (speaking skills), kaparigelan maca (reading skills), jeung kaparigelan nulis (writing skills).

Sakabéh aspék nu ditataan di luhur téh mangrupa hiji beungkeutan nu raket pisan patalina diantara nu hiji jeung nu lianna. Dumasar kana kaparigelan makéna basa, salasahiji kaparigelan nu kudu dicangking ku siswa téh nyaéta kaparigelan nyarita (speaking skills). Éta hal téh luyu jeung data nu aya, yén kaparigelan nyarita téh kaunggel oge dina SKKD (Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar) basa jeung sastra Sunda nu dikaluarkeun ku Disdik Jabar (2007, kc. 29). Lian ti éta salasaurang ahli nyaéta Nurgiyantoro (2010, kc. 399) ogé nétélakeun perkara pentingna kaparigelan nyarita:

...penguasaan bahasa lisan lebih fungsional dalam kehidupan sehari-hari. Oleh karena itu, kemampuan berbiara seharusnya mendapat perhatian yang cukup besar dalam pembelajaran bahasa dan tés kemampuan berbahasa.

(9)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

luhur téh luyu jeung artikel nu judulna “Menumbuhkan Minat Berbahasa Sunda” (Zanuar, 2012) nu nétélakeun yén:

Alih-alih bahasa Sunda, siswa sekolah lebih memilih pelajaran bahasa Innggris karena dinilai lebih modern. Bahkan, banyak siswa yang menganggap pelajaran bahasa Sunda lebih sulit dan tidak berkorelasi dengan perangkat pendidikan kekinian, seperti komputer misalnya. (“PR”, 23/9)

Dumasar kana pedaran di luhur, dianggap perlu aya tarékah pikeun ngungkulan éta bangbaluh, utamana bangbaluh dina kaparigelan nyarita. Salasahiji tarékah nu dimaksud nyaéta ngaliwatan pangajaran ngadongéng, nu dibarung ku média gambar séri.

Ngaliwatan pangajaran ngadongéng nu dibarung ku média gambar séri téh tangtuna bisa ngalatih siswa parigel nyarita maké basa Sunda, lian ti éta tina kamampuh ngadongéng ogé bisa nambahan pangaweruh siswa ngeunaan dongéng-dongéng nu aya di tatar Sunda.

Lian ti bangbaluh nu dipedar di luhur, tétéla dina prosés diajar ngajar téh tangtuna moal leupas tina peran serta nu jadi guru. Salaku tanaga pangajar, guru kudu parigel dina nepikeun bahan pangajaranana sangkan siswa ngarasa betah di kelas, jeung teu ngarasa bosen nalika nyanghareupan rupa-rupa pangajaran nu baris ditepikeun.

Salasahiji tarékah sangkan siswa betah kalayan teu ngarasa bosen nalika nyanghareupan pangajaran nu ditepikeun ku guru téh nyaéta guruna kudu miboga kamahéran dina maké média ajar.

(10)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina nepikeun pangajaran basa Sunda, hususna pikeun pangajaran ngadongéng, lian ti maké média pangajaran séjénna. Média pangajaran ieu téh bakal leuwih ngarangsang imajinasi, kaaktipan, sumanget, jeung ngamekarkeun kampuh siswa dina nyarita.

Ieu média gambar téh bisa dijieun kalayan rupa-rupa conto gambar, nu satuluyna disaluyukeun jeung matéri ajar nu baris ditepikeun ku guruna. Nu matak, ngaliwatan média gambar téh tangtu siswa bakal leuwih kataji, sok sanajan nu ngaranna bangbaluh mah tangtu bakal aya waé.

Luyu jeung bangabaluh nu geus dipedar di luhur, panulis ngayakeun panalungtikan nu judulna Éféktivitas Média Gambar Séri pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngadongéng (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) .

Aya sababaraha panalungtikan séjénna nu geus dilaksanakeun méh sarua jeung panalungtikan nu dilaksanakeun ku panulis, salasahijina nyaéta panalungtikan ngeunaan Éféktivitas Média Gambar dina Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Dongéng SMP YAPIDA Taun Pelajaran 2007/2008 nu dilaksanakeun ku Ainun Firdausi angkatan 2004. Dina éta panalungtikan, tétéla média gambar téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh maca dongéng.

Najan éta panalungtikan jenis médiana méh sarua nyaéta média gambar, jeung variabel panalungtikanana méh sarua. Tapi, nu méh sarupa éta téh dina kanyataanana mah tangtu aya wae bédana, nu jadi bédana nyaéta dina wangun médiana jeung variabel panalungtikanana.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, aya sawatara masalah nu diidentifikasi pikeun ditalungtik, saperti ieu di handap.

(11)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) Stratégi pangajaran ngadongéng nu dilarapkeun di sakola ku guru can bisa jadi solusi pikeun ngungkulan bangbaluh nu karandapan ku siswa dina pangajaran ngadongéng.

c) Guru masih maké métode pangajaran nu monoton, teu maké média séjén, tur leuwih loba méré téori batan prakték, nu ngabalukarkeun siswa ngarasa bosen.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah ieu panalungtikan di rumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

a) Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu teu ngagunakeun média gambar séri?

b) Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu ngagunakeun média gambar séri?

c) Naha ngagunakeun média gambar séri téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng tibatan teu ngagunakeun média gambar séri siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah nu dipedar di luhur, tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji éféktivitas média gambar séri pikeun ngaronjatkeun kamampu ngadongéng di kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014.

1.3.2 Tujuan Khusus

Sacara hususna ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a) kamampuh ngadongéng siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun

(12)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) kamampuh ngadongéng siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu ngagunakeun média gambar séri; jeung

c) éféktivitas ngagunakeun média gambar séri pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng tibatan teu ngagunakeun média gambar séri.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tiorotis

Tina ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa kapaluruh kumaha éféktifna média gambar séri dina pangajaran ngadongéng di kelas X SMA Pasundan 2 Bandung. Lian ti éta, tina ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa ngaronjatkeun kréatifitas guru dina nyiptakeun jeung ngagunakeun média pangajaran pikeun bahan pangajaran basa Sunda sangkan teu karasa monoton, tur bisa jadi sumbangan pikeun dunya atikan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan ditétélakeun ieu di handap. a) Guru

Dipiharep ieu panalungtikan téh bisa méré gambaran pikeun guru basa Sunda dina hususna, sangkan nambahan pangaweruhna ngeunaan média pangajaran, sarta bisa nangtukeun média pangajaran nu kumaha nu cocog pikeun dipaké dina pangajaran ngadongéng di SMA kelas X.

b) Siswa

Panalungtikan ieu téh dipiharep bisa méré pangaweruh ka siswa ngeunaan mangpaat média gambar séri pikeun ngalatih kamampuh nyarita, hususna ngadongéng. Lian ti éta dipiharep sangkan bisa ngaronjatkeun motivasi siswa pikeun mikaresep pangajaran basa Sunda.

(13)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Panalungtik bisa mikanyaho bédana kamampuh siswa sanggeus jeung saacan maké média gambar séri. Nepi ka apal kumaha éféktivitasna média gambar séri pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa hususna dina pangajaran ngadongéng. d) Nu maca

Hasil ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu maca, hususna ngeunaan mangpaat média gambar séri pikeun pangajaran ngadongéng.

1.5 Raraga Tulisan

Luyu jeung buku pedoman katut aturan nu aya, ieu panalungtikan téh disusun jadi lima bab. Bab I minangka bab munggaran dina ieu panalungtikan, dijerona medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeunana panalungtikan, mangpaat tina éta panalungtikan, katut sistematika penulisan ieu panalungtikan.

Bab II mangrupa bab nu eusina medar ngeunaan tiori-tiori nu patali jeung ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero deui ngeunaan ngadongéng, katut média pangajaranana, nyaéta média gambar séri. Lian ti éta, dina ieu bab didadarkeun ogé ngeunaan hipotésis nu eusina ngeunaan jawaban saheulaanan nu patali jeung bangbaluh panlungtikan.

Bab III nyaéta bab nu eusina medar ngeunaan métode panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan. Ieu bab téh eusina ngwengku ngeunaan lengkah-lengkah panalungtikan, prak-prakan panalungtikan, katut cara ngolah data tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun. Lian ti éta, ieu bab téh jadi dadasar pikeun nyusun bab satuluyna nya eta bab IV, lantaran ieu bab téh raket patalina jeung bab satuluyna.

(14)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngadongéng, jeung béda signifikan tina kamampuh siswa pikeun nangtukeun éféktif henteuna média nu digunakeun.

(15)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

3.1.1 Lokasi

Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Pasundan 2 Bandung nu alamatna di Jl. Cihampelas No. 167, Telepon/Fax 2030093, Bandung 40131.

3.1.2 Populasi jeung Sampel 3.1.2.1Populasi

Riduwan (2009, kc. 54) nétélakeun yén nu dimaksud populasi nyaéta objék atawa subjék nu aya dina hiji wilayah kalayan nyumponan sarat-sarat tinangtu nu patali jeung masalah panalungtikan. Dumasar kana éta pamadegan, ku kituna panulis ogé bisa nétélakeun yén nu jadi populasi dina ieu panalungtikan téh nyaéta siswa kelas X SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014. Kalayan rincianana ditétélakeun ieu di handap.

Tabél 3.1

Populasi Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung

Kelas Awéwé Lalaki Jumlah (f)

X-1 8 9 17

X-2 17 15 32

X-3 18 16 34

X-4 22 14 36

X-5 16 18 34

X-6 20 16 36

X-7 23 12 35

(16)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.2Sampel

Riduwan (2009, kc. 56) nétélakeun yén nu dimaksud sampel nyaéta bagian tina populasi nu mibanda ciri-ciri atawa kaayaan tinangtu nu baris ditalungtik. Téhnik nu dipaké pikeun nangtukeun nu jadi sampel pikeun ieu panalungtikan téh nyaéta maké téhnik probability sampling kalayan ngagunakeun cara simple random sampling nyaéta cara nangtukeun sampel dumasar kana anggota populasi kalayan maké sistem acak ku cara ngundi sakabéh kelas, tur teu merhatikeun strata atawa tingkatan éta anggota populasi. Dumasar kana hasil undian, sampel dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas X-2 jeung X-3 SMA Pasundan 2 Bandung taun ajaran 2013/2014, kalayan rincianana ditétélakeun ieu di handap.

Tabél 3.2

Sampel Panalungtikan Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung

Kelas Awéwé ♀ Lalaki ♂ Jumlah (f) Ket.

X-2 17 15 32 Kelas kontrol

X-3 18 16 34 Kelas ékspérimén

3.2 Desain Panalungtikan

(17)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ditalungtik bébédana dumasar kana tés nu ngan diayakeun sakali, nyaéta tés nu satuluyna dijadikeun posttest. Éta tés téh jadi acuan dina nangtukeun bébédana dumasar kana ayana perbédaan perlakuan. Nu jadi kelompok kontrol atawa nu teu maké média gambar (R), diayakeun tés bari teu dibéré perlakuan (X2) dina posttest (O2). Satuluyna, nu kaasup kana kelompok ékspérimén atawa kelompok

nu maké média gambar (R), tuluy diayakeun tés kalayan dibéré perlakuan (X1) ku

cara maké média gambar séri dina posttest (O1). Nu dina ahirna hasil tés ti dua

kelompok éta téh dibandingkeun kaéféktivanana, leuwih onjoy kénéh kelompok nu maké média gambar séri atawa nu teu maké média gambar séri.

Sacara umum, modél The Randomized Posttest Only Control Group Design téh bisa dijieun skémana saperti kieu:

Katerangan:

R = Kelompok nu dipilih sacara random

X1= perlakuan ku cara ngagunakeun média gambar

séri

X2 = tanpa perlakuan ngagunakeun média gambar

séri

O1 = tés kelompok nu dibéré perlakuan

O2 = tés kelompok nu teu dibéré perlakuan

3.3Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta ékspérimén murni kalayan ngagunakeun kelas kontrol jeung kelas ékspérimén. Nurutkeun Sukardi (2003) (dina Syamsudin & Damaianti, 2011, kc. 22), ieu métode téh mangrupa métode inti alatan dilaksanakeun kalayan kudu nyumponan tilu sarat, nyaéta kagiatan ngontrol, ngamanipulasi, jeung ngaobsérvasi. Métode ieu téh dipaké

R X1 O1

(18)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pikeun ngukur éféktivitas dina ngagunakeun média gambar pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita (ngadongéng) di SMA kelas X.

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 161) variabel téh nyaéta objék panalungtikan atawa naon waé nu jadi titik perhatian dina hiji panalungtikan. Variabel dina panalungtikan kabagi jadi dua, nya éa variabel penyebab nu sok disebut ogé variabel bébas atawa independent variable (X), jeung variabel akibat sok disebut ogé variabel kauger atawa dependent variable (Y).

Dumasar kana bagbagan varibel nu dipedar di luhur, média gambar séri dina ieu panalungtikan téh kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab média gambar séri dina ieu panalungtikan mangrupa variabel penyebab atawa variabel nu bisa mangaruhan kana variabel séjén, ari kamampuh ngadongéng dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab kamampuh ngadongéng mangrupa variabel akibat atawa variabel nu dipangaruhan ku variabel séjén.

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu aya kasalah pahaman pamaca dina nafsirkeun ieu panalungtikan, panulis ngajéntrékuen ieu judul dina wangenan operasional.

a. Média Gambar Séri

Média gambar séri dina ieu panalungtikan téh nyaéta salasahiji jenis média grafis dina wangun gambar nu ngaruntuy (berurutan) tina hiji adegan kana adegan séjénna, nu digunakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng di kelas X. Ieu média téh dilarapkeun ka kelas nu dijadikeun jadi kelas ékspérimén.

(19)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina ieu panalungtikan, kamampuh ngadongéng téh nyaéta kamampuh atawa kaparigelan dina nyaritakeun deui eusi dongéng atawa carita rékaan séjénna sacara lisan, kalayan merhatikeun kana sababaraha faktor nu ngarojong kaéféktifan panyatur dina ngadongéng. Faktor nu dimaksud nyaéta faktor nu patali jeung kabasaan kayaning lafal, lentong, jeung pamahaman eusi. Lian ti éta, aya ogé nu kaasup kana faktor non kabasaan kayaning éksprési, réngkak jeung peta.

Kamampuh ngadongéng téh nu jadi objék ulikan dina ieu panalungtikan, nu dilarapkeun ka siswa SMA Pasundan 2 Bandung kelas X-2 jeung X-3, kalayan ngabandingkeun antara kamampuh ngadongéng kelas nu ngagunakeun média gambar séri, jeung kelas nu teu ngagunakeun média gambar séri.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta instrumén tés objéktif dina wangun tés nu mangrupa tés performansi. Kuswari (2010, kc. 196) nétélakeun maksud pikeun maluruh kamampuh siswa dina ngagunakeun basa dina ngalakukeun komunikasi atawa némbongkeun aktivitas makéna basa. Tés performansi ieu téh dilakukeun ku cara ngayakeun tés lisan (prakték ngadongéng) dihareupeun kelas nu nekenkeun sangkan siswa bisa ngadongéng dumasar kana gambar-gambar nu geus disadiakeun. Ieu téhnik téh digunakeun lian ti nekenkeun kana kamampuh siswa dina nyarita, digunakeun ogé pikeun ngukur kumaha bédana kamampuh siswa nu dibéré perlakuan kalayan maké média gambar séri jeung nu teu dibéré perlakuan maké média gambar séri.

(20)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

instrumén panalungtikan pikeun kelas ékspérimén nyaéta kelas nu ngagunakeun média gambar séri. Instrumén nu dimaksud téh nyaéta ieu di handap.

Tabél 3.3

Format Tés Ngadongéng Kelas Kontrol (nu teu ngagunakeun média gambar séri)

Pancén kelompok

Pék baca téks dongéng nu geus dibagikeun ka unggal kelompok, tuluy engké praktékeun ngadongéngna di hareupeun kelas, kalayan katangtuanana saperti ieu di handap.

1. Unggal anggota kelompok nu masing-masing kelompokna aya genep urang, kudu ngadongéng di hareupeun kelas dumasar judul dongéng nu geus dibagikeun ka unggal kelompok.

2. Unggal anggota kelompok, ngadongéng dumasar adegan nu geus ditangtukeun.

3. Ngadongéngna kudu ngaruntuy dumasar adegan nu aya dina éta dongéng. 4. Ngadongéngna teu ngagunakeun média atawa alat peraga nanaon, kaasup

téks dongéng nu geus dibagikeun saméméhna.

5. Ngadongéngna dumasar kana basa sorangan, ulah gumantung kana téks dongéng nu geus dibagikeun saméméhna.

6. Aspék nu dipeunteun dina ngadongéngna nyaéta: a. lafal,

Format Tés Ngadongéng Kelompok Ékspérimén (nu ngagunakeun média gambar séri)

Pancén kelompok

Pék baca téks dongéng nu geus dibagikeun ka unggal kelompok, tuluy engké praktékeun ngadongéngna di hareupeun kelas, kalayan katangtuanana saperti ieu di handap.

(21)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2. Unggal anggota kelompok, ngadongéng dumasar adegan nu geus ditangtukeun.

3. Ngadongéngna kudu ngaruntuy dumasar adegan nu aya dina éta dongéng. 4. Ngadongéngna ngagunakeun média gambar séri nu geus dibagikeun

dumasar kana unggal adegan, pikeun alat bantu.

5. Ngadongéngna dumasar kana basa sorangan, ulah gumantung kana téks dongéng nu geus dibagikeun saméméhna, iwal ngacu kana média gambar séri nu geus dibagikeun.

6. Aspék nu dipeunteun dina ngadongéngna nyaéta: a. lafal,

b. lentong,

c. pamahaman eusi, d. éksprési,

e. réngkak jeung peta.

Luyu jeung instrumén nu dipedar di luhur, nu jadi skala acuan pikeun ngukur niléi variabel nu ditalungtik nyaéta

Tabél 3.5

Kisi-kisi Kritéria nu Diajén No Aspék Sasaran

1 Kabasaan

Lentong Lafal

Pamahaman eusi 2 Non kabasaan Éksprési

Réngkak jeung peta

Tabél 3.6

Format Meunteun Ngadongéng Wasta :

(22)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sasaran Aspek Kriteria Skala

Basa a. Lafal Jelas 50-100

b. lentong (tekenan, wirahma, randegan)

b. réngkak jeung peta saregep, merenah

50-100 Jumlah

Katerangan :

Skor maksimal keur tés ngadongéng téh nyaéta 500. Éta skor téh hasil tina dua aspék anu jadi acuan meunteun, nyaéta aspék kabasaan jeung aspék non kabasaan. Aspék kabasaan ngawengku lafal, lentong, jeung pemahaman eusi. Ari aspék non kabasaan ngawengku éksprési, réngkak jeung peta. Sakabéh aspék éta téh bobot niléina nyaéta ti 50 nepi ka 100. Skor pangleutikna nyaéta 50, panggedéna nyaéta 100. Déskripsi tina kritéria aspék peunteun kamampuh ngadongéng nu aya di luhur didadarkeun ieu di handap.

(23)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hadé

Aya kasalahan saeutik dina lafal

(24)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hadé pisan, teu kaleuleuwihi, saregep, merenah

Dina prak-prakan ngumpulkeun data pikeun ieu panalungtikan dilaksanakeun ku cara ngagunakeun tehnik tés. Tés nu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan dilaksanakeunana ngan dina sakali lawungan, nyaéta ku cara ngabandingkeun hasil tés di dua kelas, di kelas kontrol jeung di kelas ékspérimén. Anapon prak-prakan ngumpulkeun datana dilaksanakeun ku cara:

(25)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Asup ka kelas ékspérimén, ngajelaskeun téhnik ngadongéng maké média gambar séri;

c. Ngalakukeun tés di kelas ékspérimén.

3.7Téhnik Nganalisis Data

Sanggeus data kakumpulkeun kabéh, tuluy data diolah pikeun mikanyaho jawaban tina pasualan-pasualan nu aya dina ieu panalungtikan. Data nu diolah nyaéta hasil data ti kelompok kontrol jeung kelompok ékspérimén.

3.7.1 Analisis Hasil Tés

1) Mariksa hasil tés ngadongéng siswa kelas konrol jeung kelas ékspérimén; 2) Méré peunteun kana hasil tés siswa. Anu tujuanana pikeun mikanyaho

rata-rata peunteun siswa, kalawan maké rumus:

Katerangan:

P = Peunteun

∑B = Peunteun anu kahontal

∑KT = Peunteun Maksimal

Kategori = Peunteun > 75, siswa dianggap mampu ngadongéng Peunteun < 75, siswa dianggap can mampu ngadongéng

Tabel 3.8 Peunteun Tés

No Kode Siswa

Skor (50-100)

Skor Ahir Kategori A B C D E

1

P=

(26)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2 3 ....

Katerangan: A = Lafal B = Lentong

C = Pamahaman Eusi D = Éksprési

E = Réngkak, jeung Peta

3) Data peunteun siswa tuluy dianalisis.

3.7.2 Uji Sipat Data

Uji sipat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji normalitas dina ieu panalungtikan dilakukeun pikeun nangtukeun distribusi data, normal atawa henteuna éta data, ari uji homogénitas dilakukeun pikeun maluruh homogénitas data niléi siswa.

3.7.2.1Uji Normalitas

Uji normalitas téh dilaksanakeun pikeun maluruh normal atawa henteuna data tina hasil panalungtikan. Uji normalitas téh ngaliwatan sababarah léngkah ieu di handap.

a. Nangtukeun rentang skor (r)

r = skor pangluhurna – skor panghandapna

(dina Sudjana, 2005, kc. 91)

(27)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(dina Sudjana, 2005, kc. 47) c. Nangtukeun panjang kelas interval (P)

P =

(dina Sudjana, 2005, kc. 47) d. Nangtukeun derajat kabébasan

dk = k – 3

e. Nyieun tabél distribusi frékuénsi peunteun

Tabél 3.9

Distribusi Frékuénsi Peunteun

Peunteun(X) F f.X x=(X- f.x f.x2

f. Nangtukeun rata-rata skor X =

(dina Sudjana, 2005, kc. 67) g. Ngitung standar déviasi

sd =

h. Nyieun tabél perhitungan Chi kuadrat

Tabél 3.10

Perhitungan Chi Kuadrat

Kelas

Interval Oi

BK Z Ztabél

L Ei

Handap Luhur 1 2 1 2

(28)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saupamana x2 itung < x2 tabél hartina distribusi skor normal, sabalikna lamun

x2 itung > x2 tabél hartina distribusi skor teu normal.

(dina Sudjana, 2005, kc. 273)

3.7.2.2Uji homogénitas

Uji homogénitas dilakukeun pikeun maluruh homogén atawa henteuna variansi sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun éta hal, ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:

a. Ngitung skor variabel masing-masing:

1) Variansi kelas kontrol 2) Variansi kelas ékspérimén

b. Variansi masing-masing kelompok

1) Variansi kelas kontrol S1 =

(dina Sudjana, 2005, kc. 94)

2)

Variansi kelas ekspérimén

S2 =

(dina Sudjana, 2005, kc. 94) 3) Ngitung distribusi F

F =

(29)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dk1 = n – 1

dk2 = n – 1

5) Nangtukeun Ftabél

6) Uji homogénitas

F itung < F tabél hartina variansi sampel homogén, tapi saupama

F itung > Ftabél hartina data teu homogén.

Nangtukeun F tabél kalayan tingkat kapercayaan 99%

3.7.2.3 Uji hipotés

a. Ngitung t

t =

Katerangan :

X2 = rata-rata kelas ékspérimén

X1 = rata-rata kelas kontrol

S = standar deviasi kelompok ékspérimén S = standar deviasi kelompok kontrol N = jumlah siswa

b. Ngitung dk

dk = N1 – N2– 2

(30)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

(31)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKA JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan kacindekan jeung saran nu patali jeung panalungtikan nu geus dilaksanakaeun nyaéta ngeunaan “Éféktivitas Média Gambar Séri pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngadongéng (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”. Anapon pedaranana ieu di handap.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan dina bab IV, kamampuh ngadongéng siswa kelas X di SMA Pasundan 2 Bandung nu teu maké jeung nu maké média gambar bisa dicindekeun ieu di handap.

a. Kamampuh ngadongéng kelas nu teu ngagunakeun média gambar séri (X-2) tétéla masih kurang nyugemakeun, lantaran masih loba kénéh siswa nu can mampuh ngadongéng. Ieu hal dibuktikeun ku hasil rata-rata tés ngadongéng siswa nu masih kénéh handap, teu nyumponan kana KKM nyaéta 69,94. Dumasar kana aspék peniléian ngadongéng, hasil rata-rata ngadongéng siswa dumasar kana aspék lafal nyaéta 71,28, aspék lentong nyaéta 70,63, aspék pamahaman eusi nyaéta 71,00, aspék éksprési nyaéta 68,69, aspék réngkak jeung peta nyaéta 69,66. Éta sababna rata-rata siswa asup kana katégori teu lulus atawa can mampuh ngadongéng.

(32)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aspék éksprési nyaéta 73,5, aspék réngkak jeung peta nyaéta 74,0. Éta sababna rata-rata siswa asup kana katégori lulus atawa geus mampuh pikeun ngadongéng.

c. Dumasar kana hasil uji hipotésis ngagunakeun uji t kalayan ngagunakeun taraf kaperayaan 99%, titung 11,38 > t tabél 2,39, hipotésis dina ieu

panalungtikan téh ditarima. Hartina média gambar séri téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng tibatan teu ngagunakeun média gambar séri di siswa kelas X di SMA Pasundan 2 Bandung.

5.2 Saran

Sabada ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan éféktifitas média gambar séri pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngadongéng di kelas X, aya sababaraha saran pieun sawatara pihak, hususna pikeun guru basa Sunda, nyaéta ieu di handap.

a. Dumasar kana hasil panalungtikan, tétéla média gambar séri téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa, hususna dina kamampuh ngadongéng. Ku kituna, média gambar séri bisa jadi salasahiji alternatif guru pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran ngadongéng. b. Média gambar séri téh minangka salasahiji média pangajaran nu bisa

ngarojong jeung ngaronjatkeun kamampuh ogé minat siswa kana pangajaran basa Sunda. Lian ti média gambar séri loba pisan média séjénna nu bisa ngarojong lumangsungna kagiatan diajar ngajar sangkan kagiatan diajar ngajar leuwih hirup jeung teu monoton. Ku kituna guru salaku anu ngajar kudu bisa motékar jeung bisa ngulik média séjénna pikeun ngahudang minat jeung kamampuh siswa dina pangajaran basa Sunda saluyu jeung matéri nu baris ditepikeun.

(33)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA a) Buku

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian : Suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsjad, M. G & Mukti U S. (1988). Pembinaan kemampuan berbicara bahasa Indonesia. Jakarta: Erlangga.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas

Padjadjaran.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia : Ilmu gosip, dongeng, dan lain-lain. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Daryanto. (2012) Média pembelajaran. Bandung: PT. Sarana Tutorial Nurani Sejatera (SATU NUSA).

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus besar bahasa Indonesia : Pusat bahasa. Edisi keempat. Jakarta: PT Gramedia.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar kompetensi dan kompetensi dasar : Mata pelajaran bahasa dan sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Jabar.

Haerudin, D. & Suherman, A. (2013). Panganteur kaparigelan nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. Harjanto. (2008). Perencanaan pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Ibrahim, R. & Syaodih S, Nana. (2003). Perencanaan pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Iskandarwassid. (1996). Kamus istilah sastra (Pangdeudeul pangajaran sastra Sunda). Bandung: Geger Sunten.

Umbara, K. (2011). Dongéng-dongéng sasakala. Bandung: Geger Sunten.

(34)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Koswara, D. (2010). Racikan sastra : Pangdeudeul bahan perkuliahan sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Kuswari, U. (2010). Evaluasi pembelajaran bahasa. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Nurgiyantoro, B. (2010). Penilaian pembelajaran bahasa : Berbasis kompeténsi. Yogyakarta: BPFE.

Priyono, K. A. (2001). Terampil mendongeng. Jakarta: Grasindo.

Riduwan. (2009). Belajar mudah penelitian untuk guru-karyawan dan peneliti pemula. Bandung: Alfabeta.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan fonologi basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Sudjana. (2005). Metoda statistka. Bandung: Tarsito.

Sudjana, N. & Rivai, A. (2011). Média pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algasindo.

Syamsuddin, A. R. & Damaianti, V. S. (2009). Metode penelitian pendidikan bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Tamsyah, B. R. (2010). Dongéng-dongéng pinilih. Bandung: Manna Wasalwa. Tarigan, H. G. (1983). Bebicara : Sebagai suatu keterampilan berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman penulisan karya ilmiah. Bandung: UPI Press.

b) Karya Ilmiah

Juliar, E. (2013). Kaéféktifan modél make-a match jeung modél explicit instruction dina pangajaran nulis aksara Sunda (Panalungtikan ékspérimén ka siswa kelas X SMA N 1 Sukaresmi taun ajaran 2013/2014). Skripsi di FPBS Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung: teu diterbitkeun. Firdausi, A. (2008). Éféktivitas média gambar dina ngaronjatkeun kamampuh

(35)

Ai Kurnia Ilham Nurdinia, 2014

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR SÉRI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÉNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ratnaningrum, P. (2012). Média komik dina pangajaran nulis karangan narasi (Studi kuasi ékspérimén ka siswa kelas VII A SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2011/2012). Skripsi di FPBS Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung: teu diterbitkeun.

c) Internét

Zanuar. (2012). Menumbuhkan minat berbahasa Sunda. [Online]. Tersedia di:

Gambar

gambar seri adalah 69,94 dengan persentase 15,63% atau 5 orang sudah mampuh untuk bercerita, sisanya 84,37% atau 27 orang belum mampuh bercerita, (2) rata-rata kemampuan bercerita siswa di kelas
gambar séri dina ieu panalungtikan mangrupa variabel penyebab atawa variabel
Tabel 3.8 Peunteun Tés
Gambar Séri pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngadongéng (Studi Ékspérimén
+2

Referensi

Dokumen terkait

19 Roti Tawar 18 William Pemilik Kampung Kuliner Ayam Crispy 19 Sayful Pemilik GOR Pujasera Tela-tela/kentang 20 Agus Reza Pemilik Kampung Kuliner Ice Cream.. 21

Anggaran Pendapatan dan Belanja Negara (APBN) yang dikelola oleh pemerintah. pusat dan Anggaran pendapatan dan belanja Daerah (APBD) yang

Table 3.2 Kriteria Norma Penilaian Operan Basket

PENGARUH PEMAHAMAN STANDAR AKUNTANSI PEMERINTAHAN (SAP), PELATIHAN, AKUNTABILITAS, DAN TRANSPARANSI TERHADAP PENYUSUNAN LAPORAN KEUANGAN SKPD

Kegiatan operasi minyak dan gas bumi merupakan kegiatan yang sangat panjang dengan padat modal, berisiko dan berteknologi tinggi.Untuk meminimalisir dan membagi biaya dan risiko

Dalam pembuatan mind mapping peserta didik dituntut untuk menggunakan. gambar dan simbol; menggunakan warna; ide/gagasan ditulis

Halaman 1 RINCIAN APBD MENURUT URUSAN PEMERINTAHAN DAERAH, ORGANISASI, PENDAPATAN, BELANJA DAN

Instrumen dalam penelitian ini menggunakan dua instrumen, yaitu lembar observasi keterampilan kihon UKT FORKI (Federasi Olahraga Karate Do Indonesia) dan Self