• Tidak ada hasil yang ditemukan

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII."

Copied!
22
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

CATUR PANUHUN ... ii

ABSTRAK ... v

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1. Watesan Masalah ... 4

1.2.2. Rumusan Masalah ... 4

1.3. Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1. Tujuan Umum ... 4

1.3.2. Tujuan Husus ... 5

1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1. Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2. Mangpaat Praktis ... 5

1.5. Raraga Tulisan ... 6

BAB II KASENIAN PENCA SILAT JEUNG PANGAJARAN 2.1 Kabudayaan ... 7

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 7

2.1.2 Wujud Kabudayaan ... 8

(2)

2.2 Ambahan Kasenian ... 13

2.3 Kasenian Penca Silat ... 14

2.3.1 Wangenan Penca Silat ... 14

2.3.2 Kamekaran Penca Silat ... 15

2.4 Istilah ... 17

2.4.1 Wangenan Istilah ... 17

2.4.2 Bédana Istilah jeung Kecap ... 18

2.5 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 19

2.6 Pangajaran Maca ... 21

2.6.1 Wangenan Maca ... 21

2.6.2 Tujuan Pangajaran Maca ... 21

2.7 Bahan Ajar ... 22

2.7.1 Kriteria Milih Bahan Ajar ... 23

2.7.2 Eusi Bahan Ajar ... 24

2.7.3 Prinsip-prinsip Bahan Ajar ... 24

2.7.4 Padika Bahan Ajar ... 25

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan ... 26

3.2 Desain Panalungtikan ... 28

3.3 Métodé Panalungtikan ... 29

3.4 Wangenan Operasional ... 29

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 30

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 30

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun data ... 30

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 31

3.7 Prosedur Panalungtikan ... 31

3.7.1 Prosedur Ngumpulkeun Data ... 32

(3)

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN

4.1 Kaayaan Kasenian Penca Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah di

Kabupatén Bandung ... 34

4.1.1 Cabang HPS Panglipur “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 36

4.1.2 Pakakas dina HPS Panglipur “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 38

4.1.2.1 Pakéan dina HPS “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 38

4.1.2.2 Sanjata dina HPS “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 40

4.1.2.3 Waditra dina HPS “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 41

4.1.2 Prak-prakan Magelarkeun Kasenian dina HPS Panglipur “Budaya Panglipur Giri Harja” ... 42

4.1.2.1 Tatahar Magelarkeun Kasenian Penca Silat ... 42

4.1.2.2 Eusi Magelarkeun Kasenian Penca Silat ... 43

4.1.2.3 Wanci Mintonkeun Kasenian Penca Silat ... 44

4.2 Déskripsi Istilah dina Kasenian Penca Silat ... 45

4.3 Papasingan Widang Istilah ... 62

4.3.1 Widang Istilah Jurus ... 62

4.3.2 Widang Istilah Gerak ... 63

4.3.3 Widang Istilah Pasamoan ... 64

4.3.4 Widang Istilah Sanjata jeung Properti ... 64

4.3.5 Widang Istilah Ngaran Gelar ... 65

4.3.6 Widang Istilah Ngaran Guru ... 65

4.3.7 Widang Istilah Papatah Guru ... 66

4.3.8 Widang Istilah Naékan Élmu ... 66

4.3.9 Widang IstilahWaditra jeung Panunjangna ... 67

4.4 Unsur Budaya dina Penca Silat ... 67

4.4.1 Sistem Kasenian ... 68

4.4.2 Sistem Religi jeung Sosial ... 69

4.4.3 Sistem Pangaweruh ... 70

4.5 Bahan Pangajaran Maca ... 72

4.5.1 Ambahan Pangajaran ... 72

(4)

4.5.3 Silabus ... 78

4.5.3 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran ... 80

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan ... 87

5.2 Saran ... 88

DAPTAR PUSTAKA ... 89

(5)

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang

Kabudayaan téh nya éta kabiasaan manusa nu aya dina kahirupan sapopoé jeung alamna. Kabudayaan tangtu loba pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu ngagem kana éta budaya. Indonesia miboga sababaraha sélér

bangsa anu ragem ku kabudayaan. Patali jeung éta hal, Koentjaraningrat (1985:205), nétélakeun yén kabudayaan téh miboga tujuh unsur budaya sacara universal, tegesna; 1) basa, 2) sistem pangaweruh, 3) organisasi sosial, 4) sistem

téhnologi, 5) sistem pakasaban, 6) sistem kapercayaan, jeung 7) sistem kasenian. Kasenian nya éta kabinangkitan nu ngahasilkeun barang atawa perkara nu éndah-éndah (éstétis) (KUBS, 1995:469), Ku lantaran ngandung ajén éstétis bakal nimbulkeun pangaruh atawa éfék nu leleb karasana. Upama dipatalikeun jeung salah sahiji fungsina, nya éta salaku sarana hiburan, nu bisa nimbulkeun kasugemaan batin manusa. Ku kituna kasenian téh moal leupas ti masarakat, sabab kasenian mangrupa ungkapan kréativitas manusa tina éta kabudayaan.

Dina kahirupan masarakat mekar dua jenis kasenian, nya éta kasenian tradisional jeung kasenian modern. Ieu kasenian nu mikaresepna bakal béda. Seni tradisional lahir jeung mekar sacara turun-tumurun, ku kituna leuwih loba dipikaresep ku kolot ti batan ku generasi ngora. Robahna jaman teu bisa disingkahan lantaran ieu hal nu ngabalukarkeun kurangna minat jeung aprésiasi kana widang kasenian tradisional. Ku kituna, perlu ditarékahan pikeun ngadokuméntasikeun kasenian tradisional Sunda, sangkan kasenian tradisional teu kaséréd ku kasenian modern. Salah sahiji kabudayaan nu aya di tatar Sunda nya éta kasenian Penca Silat.

(6)

ngéléhkeun beladiri Tartar. Pintonan dina ieu kasenian téh dirojong ku dua unsur seni, nya éta seni bela diri, jeung seni musik, anu gumulung jadi karya seni tradisional, tur teu leupas tina ajén-ajén kasundaan nu nyampak di sabudeureun urang sarta miboga istilah-istilah anu dipakéna saperti kasenian Penca Silat nu aya di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung.

Penca silat bagian tina budaya daérah anu kudu dimumulé jeung dipiara

kaayaanna ngarah tetep bisa lumangsung henteu kasilih ku pangaruh anu séjén. Penca Silat téh mangrupa warisan anu luhur ajénna titinggal para karuhun Sunda baheula, kiwari bisa dijadikeun bahan pikeun ngajembaran kabudayaan nasional. Kiwari Penca Silat jadi hiji pintonan atawa kasenian anu gunana pikeun hiburan. Baheula mah penca silat téh mangrupa seni bela diri nu tujuanna pikeun ngajaga diri sangkan teu diganggu ku musuh. Kiwari penca silat téh mangrupa seni pintonan bela diri anu tujuanna pikeun ngahibur ku gerakan-gerakan bela diri.

Kiwari kayaan seni tradisional téh geus kaséréd ku kasenian anu modérn. Hal ieu lain ngan ukur dibalukarkeun ku réana kasenian modern, tapi dibalukarkeun ogé ku heureutna pangaweruh generasi ngora kana éta kasenian. Salah sahiji tarekah pikeun ngajaga sangkan kasenian tradisional téh teu leungit, perlu diwanohkeun ka generasi ngora. Salah sahiji tarékahna nya éta diwanohkeun ngaliwatan dunya atikan anu tegesna dina lembaga pendidikan.

Pamaréntah méré kawijakan ka unggal pamaréntah daérah pikeun ngamekarkeun kurikulum muatan lokal. Kurikulum muatan lokal nya éta kurikulum anu diluyukeun jeung kayaan lingkungan, sosial, ekonomi, jeung budaya éta daérah. Ku kituna bahan kajian jeung bahan pangajaran gé kudu diluyukeun jeung pangabutuh di éta daérah. Hal ieu méré kasempetan pikeun

mekarkeun poténsi-poténsi kabeungharan budaya anu aya di daérahna, kaasup kabeungharan budaya anu aya di wewengkon Balééndah. Salah sahiji aset budaya

(7)

3

nyangking siswa diperedih mikawanoh istilah-istilah éta kasenian. Nepi ka éta siswa mikawanoh salah sahiji kabeungharan budaya nasional.

Panalungtikan istilah anu nyampak dina kasenian penca silat mangrupa bagian tina usaha ngamumulé ajén-inajén budaya bangsa sagemlengna. Lian ti éta panalungtikan nu dilakukeun di Kalurahan Balééndah ieu dipiharep boga mangpaat pikeun pangdeudeul dina ngamekarkeun kabudayaan éta sorangan,

utamana dina dunya atikan. Harepan ieu panalungtikan bisa dijadikeun salah sahiji alternatif bahan ajar bahasan ngeunaan kasenian di SMA kelas XII. Mangsa kiwari, hususna generasi ngora masih kénéh kurang wanoh kana kabudayaanana.

Nu nalungtik perkara istilah anu patali jeung kasenian kaitung loba anu geus dilaksanakeun, saperti anu kaugel dina judul-judul skripsi ieu di handap: 1) Istilah-Istilah dina Kasenian Celempungan di Kacamatan Pamulihan

Kabupaten Sumedang, ku Evi Lisnawati taun 2011;

2) Invéntarisasi Istilah-Isrtilah anu Nyampak dina Penca Silat Palérédan di Désa Sukatani Kacamatan Subang, ku Rizal Nazarudin taun 2007;

3) Istilah Kasenian Kuda Renggong Di Kabupatén Sumedang Pikeun Bahan Pangajaran Kandaga Kecap, ku Maesyaroh taun 2004;

4) Istilah-Istilah Organisasi Pamarentahan Masarakat Baduy di Desa Kanekes Kacamatan Leuwidamar Kabupatén Lebak Pikeun Bahan Kanadaga Kecap,

ku Lilis Wulansari taun 2003.

Kalayan nilik kana éta tinimbangan, ieu panalungtikan dibéré judul Istilah-Istilah dina Kasenian Pencak Silat Panglipur di Kalurahan Balééndah

Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung Pikeun Salah Sahiji Alternatif Bahan

Ajar Maca Bahasan Kasenian di SMA Kelas XII, tangtu baé aya bébédana jeung

kaistiméwaan antara judul nu baris ditalungtik jeung judul anu geus aya, di antarana: sumber data, istilah Kasenian Penca Silat Panglipur leuwih museur kana

(8)

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu diébréhkeun saméméhna, sangkan ieu panalungtikan leuwih museur sarta teu lega teuing ambahanna, perlu diwatesanan. Masalah anu baris ditalungtik téh nya éta ngeunaan istilah kasenian Penca Silat nu aya di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung anu ngawengku.

1) Kaayaan kasenian Penca Silat Panglipur;

2) Istilah anu aya dina kasenian Penca Silat Panglipur;

3) Luyu henteuna istilah-istilah kasenian Penca Silat Panglipur nu aya dina artikel pikeun bahan pangajaran maca bahasan kasenian.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang sarta watesan masalah nu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan téh bisa dirumuskeun saperti ieu di handap:

1) Kumaha kaayaan kasenian Pencak Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung?

2) Istilah-istilah naon waé anu aya dina kasenian Pencak Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung?

3) Luyu henteuna istilah-istilah kasenian Penca Silat Panglipur nu aya dina artikel pikeun bahan pangajaran maca bahasan ngeunaan kasenian

1.3Tujuan Panalungtikan

Dina hakékatna unggal panalungtikan miboga tujuan. Tujuan nya éta hal anu hayang kahontal dina panalungtikan.

Saluyu jeung watesan sarta rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

(9)

5

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun: 1) Kumaha kaayaan kasenian Penca Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah

Kabupatén Bandung;

2) Istilah anu aya dina kasenian Penca Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah

Kabupatén Bandung;

3) Luyu henteuna bahan pangajaran ngeunaan istilah dina kasenian Penca Silat Panglipur di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Saluyu jeung watesan sarta rumusan masalah nu geus dipedar di luhur, ieu panalungtikan miboga mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Pikeun ngajembaran kaweruh ngeunaan istilah-istilah anu nyampak dina kasenian Penca Silat. Salian ti éta ogé bisa ngawanohkeun kasenian ka masarakat umum. Ogé pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran maca ngeunaan istilah-istilah kasenian Penca Silat.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun sababaraha pihak, nya éta :

1) Pikeun guru ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun référénsi bahan

pangajaran.

2) Pikeun siswa ieu panalungtikan dipiharep bisa ngawanohkeun kana budaya

sorangan, ulah nepi ka teu wanoh kana budayana sorangan.

(10)

4) Pikeun masarakat ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun bahan kasadaran sangkan leuwih loba ngalibetkeun kasenian buhun hususna Penca Silat dina acara-acara.

5) Pikeun nu nalungtik ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajawab sagala rupa kapanasaran ngeunaan istila-istilah anu nyampak dina kasenian Penca Silat.

1.5Struktur Organisasi Skripsi

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab 1 mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah anu bakal ditalungtik, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi.

Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun téori-téori ngeunaan istilah, penca silat, jeung bahan pangajaran.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, wangenan operasional, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta prosedur dina ieu panalungtikan.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, ngaanalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan luyu henteuna istilah-istilah anu nyampak dina Penca Silat pikeun alternatif bahan ajar maca di SMA.

Bab V mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran

(11)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi

Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan

Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén Bandung. Ieu désa téh diwatesanan ku Désa Bojongsari (Kacamatan Bojongsoang) Beulah kalér, Beulah kidul diwatesanan ku Désa Bojongmanggu (Kacamatan Pameungpeuk), Beulah wetan diwatesanan ku Kalurahan Manggahang (Kacamatan Balééndah), jeung Beulah kulon diwatesanan ku Kalurahan Andir (Kacamatan Balééndah).

Sacara Topografi, Kalurahan Balééndah aya di dataran handap. Jarak ka Ibukota/Kecamatan nya éta 0,8 Km jeung jarak ka Ibu kota Kabupatén 16 Km. Warga Kalurahan Balééndah bulan januari 2013 jumlahna 50.995 urang/jiwa, nu ngawengku 25.641 urang lalaki jeung 25.354 urang awéwé. Jumlah kepala keluargana 14.039 KK. Éta jumlah téh nyebar di 20 RW nu ngawengku 80 RT (sumber, profil Kalurahan Balééndah taun 2013).

3.1.2 Sosial Budaya 1) Warga

Interaksi antar masarakat di Kacamatan Balééndah hususna Kelurahan Balééndah, kawilang alus dina kahirupan sapopoéna. Masarakatna masih kénéh mentingkeun kahirupan sosialna. Hal éta katitén dina waktu aya kapapaténan, sakabéh jalma sok hideng ngabantu-bantu najan ngan ukur tatangga lain baraya deukeut tapi sok harideng marantuan tatanggana, lain ngan ukur kapapaténan hungkul uapama aya anu hajat ogé biasana sok ngabantu-bantu, dina wangun

(12)

2) Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Kalurahan Balééndah anu geus heterogen. Kitu ogé dina agamana nu heterogen. Najan béda-béda dina nganut agamana tapi mayoritasna mah nganut agama Islam. katitén loba masjid jeung musola anu sumebar tibatan tempat ibadah anu lianna di éta Kalurahan. Kagiatan kaagamaan saperti pangajian rutin, masih

kénéh dilaksanakeun. Ti mimiti budak, bapa-bapa jeung ibu-ibu. Pangajian

barudak dilaksanakeun unggal poé ba’da asar. Pangajian ibu-ibu biasana

dilaksanakeun saminggu sakali, nya éta poé rebo ti mimiti jam 10.00 WIB nepi ka jam 12.00 WIB kadang-kadang nepika solat lojor babarengan. Saupama bapa-bapa, dilaksanakeun peuting dina malem senen ti mimiti ba’da isa nepika jam 22.00 WIB.

3) Basa

Masarakat anu geus heterogen, dina basa anu dipakéna ogé béda-béda, Lantaran di Balééndah loba masarakat anu lain pituin urang Sunda. Ku kituna basana ogé campur-campur. Sanajan kitu basa anu digunakeun ku masarakat Kalurahan Balééndah nya éta basa Sunda. Éta basa téh dipaké ku masarakat pikeun komunikasi dina hirup kumbuhna. Salian ti miboga pungsi salaku alat komunikasi, basa Sunda dipaké pikeun mekarkeun jeung ngarojong kabudayaan anu geus aya disabudeureun Kalurahan Balééndah. Salian ti éta basa Sunda dijadikeun cicirén minangka identitas yén masarakat Balééndah téh mangrupa sélér Sunda sok sanajan dina hirup kumbuhna loba kacampuran ku sélér séjén. Lantaran ulah jadi tamu di imah sorangan.

4) Pakasaban

Pakasaban masarakat di Kalurahan Balééndah ngawengku kana sababaraha widang pagawéan, ngan réréana mah jadi karyawan pabrik. Alatan kitu téh,

(13)

28

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun kieu:

Bagan 3.1 Galur Panalungtikan

Observasi

Talaah pustaka

Ngumpulkeun data

Ngolah data

(14)

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hiji hal.

Tujuan métode déskriptif nya éta nyieun gambaran sacara sistematis,

faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu didéskriptifkeun dina ieu panalungtikan nya éta istilah-istilah kasenian penca silat anu aya di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung.

Dina ngagunakeun ieu métode, lain ngan saukur ngumpulkeun sarta nyusun data ngeunaan istilah kasenian Penca Silat wungkul, tapi ogé ngawengku analisis ngeunaan éta data. Anu engkéna bisa nyieun hiji kacindekan sarta bisa diimplikasikeun dina wangun bahan pangajaran.

3.4 Wangenan Operasional 1) Istilah

Istilah mangrupa kecap atawa kantétan kecap nu kalawan gemet ngagambarkeun hiji konsép, prosés, kahanan, atawa sipat anu aya dina hiji widang.

2) Penca silat Panglipur

Penca silat nya éta hasil budidaya manusa Indonésia pikeun mertahankeun atawa ngabela éksisténsi jeung integrasina kana alam sabudeureunna pikeun ngahontal keselarasan hirup pikeun mngaronjatkeun Iman jeung Taqwa ka Gusti.

Panglipur mangrupa himpunan penca silat. Luyu jeung falsafah Panglipur

mangrupa singketan tina :

1) Pék Aranjeun Néangan Guru Luhung Ilmuna, Poma Ulah Ria (Takabur).

2) Pék Aranjeun Néangan Guru Luhung Ilmuna Pikeun Udageun Rasa. 3) Bahan Pangajaran

(15)

30

3.5 Instrumén Panalungtikan 3.5.1 Rékorder

Rékorder digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku ngarékam wawancara jeung narasumber.

3.5.2 Kaméra Foto

Kaméra foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar tur pikeun ngadokuméntasikeun gambar dina kagiatan panalungtikan, gerak dina silat,

pakakas/ properti, jeung waditra anu digunakeun dina Penca silat Panglipur. 3.5.3 Pedoman Wawancara

Numutkeun Sudjana dina Satori (2009:130) wawancara nya éta prosés ngumpulkeun data atawa informasi ngaliwatan tatap muka antara pihak anu ngawawancara (interviewer) jeung pihak anu diwawancara (interviewee).

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngabantu panalungtik ngawawancara narasumber. Tujuanna nya éta sangkan obrolan bisa museur kana tujuan anu baris dihontal. Format obsérvasi nu jadi acuan dina obsérvasi bisa ditabélkeun saperti ieu di handap:

Tabél 3.1 Format Obsérvasi

(16)

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

Ruang lingkup data

Data informan Patalékan

1. Wasta 2. Umur

3. Pakasaban 4. Alamat

5. Kalungguhan narasumber di masarakat

6. Kalungguhan narasumber di HPS Panglipur

1. Kumaha kaayaan kasenian Pencak Silat di Balééndah?

2. Kumaha sajarah HPS Panglipur?

3. Naon waé waditra, properti atawa sanjata anu dipaké dina Penca Silat?

4. Istilah-istilah naon waé anu aya dina kasenian Pencak Silat?

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta obsérvasi, wawancara, jeung talaah pustaka.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana: 1) Obsérvasi

(17)

32

2) Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téhnik pikeun nyangking bahan lisan (sumber lisan). Sasaran wawancara nya éta informasi anu dianggap nyaho kana seluk-beluk kasenian Penca Silat.

3) Talaah Pustaka

Talaah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun informasi ku cara ngumpulkeun data nua aya dina kamus, buku, jeung internet anu aya patalina jeung kasenian, hususna kasenian Penca Silat.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah ngolah data anu dilakukeun dina ieu panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap:

1) ngumpulkeun istilah anu nyampak dina kasenian Penca Silat tina Kamus Umum Basa Sunda, buku-buku sumber, sarta data tina hasil wawancara; 2) nyatét éta istilah kasenian;

3) ngaidéntifikasi istilah nu aya dina kasenian Penca Silat; 4) milah-milah data dumasar kana wangunna;

5) ngaanalisis data tina harti istilah nu aya dina kasenian Penca Silat;

6) nyieun kacindekan hasil analisis tina harti istilah anu aya dina kasenian Penca Silat.

3.7 Prosedur Panalungtikan

3.7.1 Prosedur Ngumpulkeun Data

Data panalungtikan dicokot tina sumber lisan jeung sumber tinulis. Sumber lisan nya éta data hasil wawancara ti sababaraha informan anu apal kana seluk beluk kasenian Penca Silat. Kabeneran informan anu diwawancara téh nya

(18)

1) niténan Kamus Umum Basa Sunda (LBSS:1995) jeung buku-buku sumber lianna anu aya patalina jeung kasenian Penca Silat;

2) nyirian kekecapan anu aya patalina jeung Kasenian Penca Silat; 3) niténan istilah anu aya dina kasenian Penca Silat hasil wawancara;

4) ngadaptarkeun babandingan istilah kasenian Penca Silat tina Kamus Umum Basa Sunda jeung istilah hasil wawancara.

3.7.2 Prosedur Ngolah Data

Sanggeus sakabéh data kakumpulkeun, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Tahap ngolah data mangrupa nyusun, nganalisis, sarta napsirkeun data anu geus kakumpulkeun nepi ka bisa nyusun hiji kacindekan. Léngkah-léngkahna nya éta :

1) mariksa jeung niténan data-data istilah anu aya dina kasenian Penca Silat, kira-kira data tina Kamus Umum Basa Sunda téh saluyu henteu jeung data hasil wawancara;

2) milah-milah data dumasar kana wangunna;

3) ngadéskripsikeun istilah anu aya dina kasenian Penca Silat;

4) nyieun babandingan istilah kasenian anu aya dina Kamus Umum Basa Sunda jeung hasil wawancara;

(19)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Sanggeus ngayakeun panalungtikan, nganalisis tur ngabandingkeun antara sumber tinulis saperti kamus, buku jeung hasil wawancara, bisa dicindekkeun sababaraha hal saperti ieu di handap.

1) Kasenian penca silat mangrupa wujud budaya, hasil cipta, rasa jeung karsa masarakat jaman baheula nalika ngabela atawa nyalametkeun diri ti musuh. ku robahna jaman, robah ogé pola pokir manusa, kitu ogé penca silat anu robah pungsi kiwari jeung baheula, jaman baheula mah penca silat dipaké pikeun mertahankeun diri, kiwari penca silat robah jadi seni pintonan anu dihibur ku gerakan-gerakan beladiri.

2) Numutkeun dina kamekaranna ayana Penca Silat luyu jeung kamekaran manusa, ku kituna penca silat mangrupa budaya titinggal karuhun. Katitén dina tujuan utama penca silat nya éta salaku ngabela diri, nyalametkeun diri ti gangguan musuh, saperti sato anu galak, ngalawan penjajah. Éta kajadian mangrupa ciri yén penca silat ayana ti jaman baheula nalika manusa ngalawan sato anu galak nepi ka jaman merdeka.

3) Dina kasenian penca silat Panglipur Kalurahan Balééndah Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung kapaluruh 159 (100%) istilah di antarana : istilah dina widang jurus aya 30 (19%), istilah dina widang pakakas atawa properti aya 10 (5,3%), istilah dina widang gerakan aya 42 (27%), istilah dina widang ngaran guru aya 6 (3,7%), istilah dina widang waditra jeung panunjangna aya 13 (7,2%), istilah dina widang pasamoan aya 6 (3,7%), istilah dina widang papatah guru ka murid aya 14 (4,8%), istilah dina widang

ngaran gelar aya 6 (3,7%), istilah dina widang naékan élmu aya 3 (2,5%), jeung istilah budaya anu nyampak dina seni penca silat aya 10 (5,3%).

(20)

Kakuatan, Agama Gambaran Kaalusan”, “Kakuatan Tanpa Kaalusan Durjana, Kaalusan Tanpa Kakuatan Héngkér” jeung “Penca Gambaran Gelut Tapi Lain Keur Gelut Tapi Bisa Dipaké Keur Gelut”.

5) Istilah-istilah anu aya dina kasenian Penca Silat bisa dijadikeun bahan pangajaran maca bahasan ngeunaan kasenian ka siswa SMA kelas XII.

5.2 Saran

Minangka bagian ahir tina ieu pedaran, dipidangkeun saran-saran saperti

di handap.

1) Ieu panalungtikan saukur bisa ngungkab pasualan-pasualan sacara gurat badagna wungkul, sarta wengkuan tempat panalungtikan anu kacida heureutna. Ku kituna, perluna aya panalungtikan anu séjén anu leuwih jero tur gembleng dina tempat panalungtikan anu leuwih lega.

2) Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh siswa sarta masarakat umum, hususna pikeun mikawanoh salah sahiji kabeungharan budaya anu kudu diajenan sarta dimumulé.

(21)

DAPTAR PABUKON

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian (Suatu Pendekatan Praktik, edisi revisi). Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda.

Effendi, Ridwan, spk. 2007. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Bandung: Kencana Prenada Media Group.

LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung : Tarate

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.

Koentjaraningrat. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi (edisi revisi). Jakarta : PT Rineka Cipta

Koentjaraningrat. 1997. Pengantar Antropologi (Pokok-Pokok Etnografi II). Jakarta : Rineka Cipta

Naharsari, Nur Dyah. 2008. Olahraga Pencak Silat. Jakarta : Ganeca Exact

Notosoejitno. 1997. Khazanah Pencak Silat. Jakarta

Rahman. 2000. Perencanaan Pengajaran Bahasa. Bandung: Fakultas Pendidikan

Bahasa dan Seni.

Rachman, Hisbullah. 1984 “sejarah dan perkembangngan pencak silat Indonesia” (makalah). Jakarta.

(22)

Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. 2004. Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang: Pamulang.

Sudaryat, Yayat. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, H. Guntur. 2008. Membaca (sebagai suatu keterampilan berbahasa).

Bandung: Angkasa

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Pres.

Skripsi

Maésyaroh, 2004. “Istilah Kasenian Kuda Réngggong di Kabupatén Sumedang

pikeun Bahan Pangajaran Kandaga Kecap Basa Sunda di SLTP”. Skripsi Sarjana

FPBS UPI Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Teu dipedalkeun.

Asisah, Nur. 2010. “Ajén-Inajén dina Kasenian Burok di Désa Pabedilan Wétan

Kacamatan Pabedilan Kabupatén Cirebon Pikeun Bahan Ajar di SMP”. Skripsi

Referensi

Dokumen terkait

Kegiatan operasi minyak dan gas bumi merupakan kegiatan yang sangat panjang dengan padat modal, berisiko dan berteknologi tinggi.Untuk meminimalisir dan membagi biaya dan risiko

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

(2) secara parsial, variabel periklanan mempunyai pengaruh positif dan signifikan terhadap variabel kesadaran merek pada Starbucks Coffee Shop Sun Plaza, Medan, (3) Hasil

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Pengaruh Kompetensi Individu Terhadap Kinerja Pegawai Di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |