ANALISIS STRUKTUR JEUNG AJÉN BUDAYA DINA NOVEL
BARUANG KA NU NGARORA KARYA D.K. ARDIWINATA
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
THAIFUR ABU YAZID NIM 1100940
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
Thaifur Abu Yazid, 2015
LEMBAR PENGESAHAN
THAIFUR ABU YAZID
NIM 1100940
ANALISIS STRUKTUR JEUNG AJÉN BUDAYA
DINA NOVEL BARUANG KA NU NGARORA KARYA D.K. ARDIWINATA
disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.
NIP 195901011986011001
Pangaping II,
Drs. H. O Solehudin, M.Pd.
NIP 195701011980021004
Kauninga ku
Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel
Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata
Oleh
Thaifur Abu Yazid
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
© Thaifur Abu Yazid 2015
Universitas Pendidikan Indonesia
Januari 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Thaifur Abu Yazid, 2015
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Maju mundurna hiji bangsa, salah sahijina bisa katitén tina budayana, sabab
dina hirup kumbuhna manusa moal leupas tina budaya. Salian ti éta, budaya ogé
ngabédakeun bangsa nu hiji jeung bangsa séjén. Numutkeun Koentjaraningrat
(2009, kc. 146) budaya téh mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa manusa.
Sedengkeun numutkeun Taylor (dina Soelaeman, 1990, kc. 10) nétélakeun yén
kabudayaan téh gemblengna tina hal nu kompléks, nu di jerona ngawengku
pangaweruh, mitos (kapercayaan), kasenian, moral, hukum, adat istiadat
(kabiasaan), sarta kamampuh lianna nu aya di masarakat.
Kaayaan géografis Indonésia nu kabagi ku sababaraha pulo, nyababkeun
Indonésia kabagi jadi sababaraha sélér bangsa nu miboga karakter nu béda-béda.
Éta ogé nu ngalantarankeun unggal sélér bangsa di Indonésia jadi miboga ciri has
séwang-séwangan dina budayana, salah sahijina nya éta budaya Sunda.
Masarakat Sunda nu mayoritas hirup di Jawa Barat geus katelah ku budayana,
salah sahijina dina widang kasenian. Masarakat Sunda miboga rupa-rupa kasenian,
salah sahijina seni sastra, saperti nu diébréhkeun ku Ajip Rosidi yén sastra téh nya
éta kasenian nu digelarkeun dina wangun basa (Rosidi, 2009, kc. 227).
Numutkeun René Wellek jeung Austin Warren, yén sastra mangrupa kagiatan
kréatif nu ngahasilkeun hiji karya seni (Wellek & Warren, 2014, kc.3). Salaku hiji
produk manusa, sastra tangtu miboga unsur pangwangunna, nu ngalantarankeun
éta sastra jadi hiji bungkeuleukan karya seni nu madeg mandiri. Saperti nu
kahirupan manusa. Salian pikeun panglipur haté atawa batin hiji jalma, sastra ogé
miboga mangpaat nu séjén. Luyu jeung konsép Horace (dina Isnendes, 2010, kc.
2
Éndah di dieu, maksudna karya sastra téh bisa méré kasenangan, kapuasan batin
pikeun nu maca. Salian ti éta karya sastra ogé mangpaat, hartina lain saukur
kagiatan heuheureuyan atawa miceunan waktu wungkul, tapi kagiatan anu daria;
mibanda tujuan; jeung oriéntasi.
Karya sastra nu kabagi jadi sababaraha wangun, aya wangun prosa, puisi,
jeung drama. Dina wangun prosa, karya sastra kabagi deui jadi sababaraha jenis,
salah sahijina nya éta novel. Novel munggaran nu aya di sastra Sunda nya éta
novel Baruang ka nu Ngarora karya Daéng Kanduruan Ardiwinata atawa D.K.
Ardiwinata, nu medal dina taun 1914 (Rosidi, 2009, kc. 103).
Minangka salah sahiji produk budaya, sastra (hususna novel) teu leupas tina
campur leungeun manusa salaku kréator-na. Kitu deui dina dunya sastra Sunda,
boh sastra heubeul, boh sastra modérn tangtu kapangaruhan ku budayana. Ku
kituna, karya sastra miboga peran penting dina dunya budaya. Numutkeun
Thomas Warton (dina Koswara, 2012, kc. 10) nétélakeun yén sastra téh gudang
adat istiadat, buku sumber sajarah peradaban, ku kituna sastra dianggap sabagé
dokumén sosial pikeun medar ihtisar sajarah sosial. Minangka salah sahiji unsur
budaya anu raket patalina jeung kahirupan sosial budaya nu ngarojong kana éta
karya sastra, salian pikeun nyumponan pangabutuh batin manusa, sastra ogé
miboga peran séjén nu kalintang penting pikeun kamajuan sélér bangsa, utamana
dina pasualan budaya.
Nilik kana kaayaan mangsa kiwari, masarakat nganggap karya sastra
utamana novel kurang penting. Masarakat nganggap yén karya sastra ngan saukur
hayalan pangarang (imajinasi) pikeun nyumponan pangabutuh batin wungkul.
Padalah di sagédéngeun éta, novel miboga bebeneran di jerona sarta miboga
ajén-inajén nu luhung. Salian ti éta, novel ogé lain ukur hasil tina implengan (hayalan)
pangarang. Leuwih ti éta, novel téh mangrupa titiron tina kahirupan nu saenyana.
Luyu jeung nu diébréhkeun ku Tamsyah (1996, kc. 171) yén novel téh nya éta
carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang.
Dumasar kana éta pamadegan, tangtu salah mun nganggap novel téh ngan saukur
karya meunang ngalamun. Dina enyana meunang ngalamun, novel ogé miboga
ajén bebeneran dina kahirupan, sabab novel dijieunna ku manusa (pangarang) nu
3
Thaifur Abu Yazid, 2015
novel atawa hasil karya manéhanana (pangarang) tangtu kapangaruhan ku
lingkungan sabudeureunana. Isnendes (2010, kc. 17) ngébréhkeun yén sastra
(hususna novel) téh mangrupa pakakas pikeun nuluykeun tradisi jeung révitalisasi
budaya. Hartina, novel minangka salah sahiji wangun karya sastra miboga konsép
ngawétkeun ajén-ajén tradisi jeung budaya nu aya di jerona.
Dumasar kana éta pamadegan, salian ti medar struktur pangwangunna tangtu
perlu diayakeunana panalungtikan ajén budaya nu nyangkaruk dina éta karya
sastra, sangkan masarakat bisa leuwih ngahargaan turta apal kana mangpaat karya
sastra dina harti nu jembar, nu salah sahijina salaku produk budaya nu tangtu
miboga ajén budaya nu luhung.
Dina ieu panalungtikan, baris nganalisis novel Baruang ka nu Ngarora
karangan D.K. Ardiwinata. Anapon panalungtikan saacanna nu nalungtik novel “Baruang ka nu Ngarora” téh nya éta: 1) “Babandingan Karakter Palaku Utama dina Novel Baruang ka nu Ngarora jeung Gogoda ka nu Ngarora” ku Tuti
Haryati Sri; 2) “Rarangkén Hareup dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya
D.K. Ardiwinata” ku Erna Lestari; 3) “Rarangkén Barung dina Novel Baruang ka
nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP” ku Nani.
Nilik kana éta judul, panalungtikan ngeunaan novel Baruang ka nu Ngarora
can aya nu maluruh ngeunaan budayana. Ku kituna, dina ieu panalungtikan,
panalungtik baris maluruh struktur pangwangunna nu mangrupa téma, fakta carita
jeung sarana carita, sarta maluruh ajén budaya aya dina novel Baruang ka nu
Ngarora. Sedengkeun judul ieu panalungtikan nya éta “Analisis Struktur jeung
Ajén Budaya dina Novel ‘Baruang ka nu Ngarora’ Karya D.K. Ardiwinata”.
1.2 Rumusan Masalah
Tina idéntifikasi masalah di luhur, sangkan leuwih jéntré ngeunaan masalah
dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap.
1) Kumaha déskripsi novel Baruang ka nu Ngarora?
2) Kumaha struktur carita tina novel Baruang ka nu Ngarora?
4
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan tina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta tujuan umum jeung
husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun
struktur jeung ajén-ajén budaya nu aya dina karya sastra wangun novel.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun:
1) Ngadéskripsikeun carita dina novel Baruang ka nu Ngarora;
2) Maluruh sarta ngadéskripsikeun struktur novel Baruang ka nu Ngarora;
3) Maluruh sarta ngadéskripsikeun ajén budaya nu aya dina novel Baruang ka
nu Ngarora.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis,
jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngajembaran
pangaweruh ngeunaan budaya jeung sastra Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:
1) Mangpaat pikeun panyusun nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh,
hususna ngeunaan ajén budaya jeung sastra;
2) Mangpaat pikeun masarakat nya éta pikeun référénsi ngeunaan ajén budaya
5
Thaifur Abu Yazid, 2015
1.5 Struktur Organisasi Skripsi
BAB I mangrupa bubuka nu eusina medar kasang tukang panalungtikan, rumusan
masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, sarta sistematika panulisan skripsi.
BAB II nu eusina medar ngeunaan tiori-tiori nu ngarojong kana ieu judul
panalungtikan, sarta diwewegan ku panalugtikan saméméhna.
BAB III eusina medar ngeunaan métodologi panalungtikan nu digunakeun dina
ieu panalungtikan, nu ngawengku: sumber data, desain panalungtikan, métode
panalungtikan, wangenan operasional, instrumén sarta téknik panalungtikan.
BAB IV medar hasil panalungtikan nu eusina ngawengku déskripsi novel,
struktur carita, sarta ajén budaya nu kapanggih tina novel.
BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékomémdasi tina hasil analisis
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, panalungtik maké pamarekan kualitatif. Ngaliwatan
pamarekan kualitatif bisa nyangking pamahaman sarta tafsiran nu nyosok jero tina ma’na, kanyataan sarta fakta nu rélevan. Numutkeun Moleong (dina Basrowi & Suwandi, 2008, kc. 187) yén panalungtikan kualitatif mibanda sipat déskriptif, ku
kituna data nu dikumpulkeun umumna mangrupa kekecapan atawa gambar.
Ku sabab éta, métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode
déskriptif. Ieu métode ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif, di antarana
ngajéntrékeun, nganalisis, jeung ngelompokkeun. Anapon nu didéskripsikeun dina
ieu panalungtikan nya éta deskripsi carita, struktur carita, sarta ajén budaya nu aya
dina novel Baruang ka nu Ngarora.
Salian ti métode, desain panalungtikan ogé diperlukeun dina prosés
panalungtikan. Desain panalungtikan nya éta sawangan atawa gambaran umum
ngeunaan prosés panalungtikan nu baris dilakonan. Anapon desain
panalungtikanna saperti di handap ieu:
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan Novel Baruang ka nu Ngarora
Kacindekan Tatahar
Ngumpulkeun Data: Studi Pustaka
Ngolah Data (nganalisis)
29
Thaifur Abu Yazid, 2015
3.2 Ngumpulkeun Data
3.2.1 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan nya éta benda atawa subjék pikeun
meunangkeun informasi atawa data. Sacara umum, sumber data bisa
diklasifikasikeun jadi tilu jenis nya éta: 1) person (jelema); 2) paper
(kertas/dokumén), jeung; 3) place (tempat) (Arikunto, 2010, kc. 172).
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku novel Baruang ka nu
Ngarora karya D.K. Ardiwinata. Ieu novel mangrupa novel Sunda munggaran nu
mimiti medal dina taun 1914. Buku nu dipaké mangrupa buku citakan taun 2013,
nu diwedalkeun ku Kiblat. Ieu buku mangrupa sumber data utama dina ieu
panalungtikan.
Gamar 3.1
Cover novel Baruang ka nu Ngarora terbitan kiblat (2013)
3.2.2 Instrumén Panalungtikan
Dina panalungtikan, tangtu diperlukeun instrumén panalungtikan pikeun
meunangkeun sumber data pikeun lumangsungna panalungtikan. Instrumén
panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu dipaké ku panalungtik dina
30
Data dina ieu panalungtikan nya éta hasil analisis struktur jeung ajén budaya
dina novel Baruang ka nu Ngarora. Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan
mangrupa kartu data anu fungsina pikeun nyimpen data-data nu dianalisis.
Anapon conto analisis datana, boh data unsur intrinsik, boh data ajén
budayana saperti ieu di handap:
Gambar 3.2
nya éta: (A1) kode téma; (B1) kode galur; (C1) kode palaku; (D1) kode latar; (E1)
kode sudut pandang; (F1) kode gaya basa; jeung (G1) kode suasana.
Salian maké kartu data, dina ieu panalungtikan ogé maké sistem tabél pikeun
ngumpulkeun hasil analisis unsur intrinsik sarta ajén budaya dina novel Baruang
ka nu Ngarora anu geus disimpen dina kartu data.
Tabél 3.1
Tabél unsur intrinsik novel Baruang ka nu Ngarora
No. Unsur Intrinsik Data Kode Data
31
tiori; 2) ajén ékonomi; 3) ajén éstétik; 4) ajén politik; jeung 5) ajén sosial. Salian
ti éta, ajén budaya ogé dipaluruh tina unsur-unsur budaya nu aya dina ieu novel.
Anapon datana saperti ieu di handap.
Gambar 3.3
Conto Data Analisis Unsur Budaya
Gambar 3.3 mangrupa kartu data unsur budaya. Kode nu aya dina éta kartu
data teu jauh béda jeung kartu data dina struktur jeung ajén budaya. Kode (A2)
mangrupa kode sistem réligi jeung kapercayaan, (1) nya éta nomer urut data; (38)
nya éta kode halaman; jeung (3) kode paragaraf. Anapon kode-kode unsur budaya
di antarana: (A2) sistem religi jeung upacara kapercayaan; (B2) sistem jeung
organisasi kamasarakatan; (C2) sistem pangaweruh; (D2) sistem basa; (E2)
kasenian; (F2) sistem pakasaban; sarta (G2) sistem téknologi. Hasil analisis unsur
budaya éta dikumpulkeun dina tabél ieu di handap. Kode data: A2/1/38/3
Ajén budaya nu dianalisis: Sistem réligi jeung kapercayaan
32
Tabél 3.2
Tabél unsur budaya novel Baruang ka nu Ngarora
No. Unsur Budaya Data Kode Data
Data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta novel Baruang ka nu Ngarora,
citakan kadua ku pamedal Kiblat Pustaka Utama taun 2013. Dina ieu
panalungtikan, téhnik ulikan pustaka dipaké pikeun meunangkeun data atawa
informasi nu aya patalina jeung struktur novel sarta ajén budaya anu nyampak
dina novel Baruang ka nu Ngarora.
Anapon lengkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta:
1) Maca sagemblengna téks novel;
2) Nyirian data anu patalina jeung struktur (unsur intrinsik novel) sarta unsur
kabudayaan;
3) Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data pikeun dianalisis.
3.3 Analisis Data
Numutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 192) analisis data téh
mangrupa usaha (prosés) milih jeung nglasifikasi data pikeun ngajawab masalah.
Pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan, panalungtik maké téhnik analisis
deskriptif pikeun nganalisis data nu mangrupa struktur novel (unsur intrinsik)
sarta unsur kabudayaan nu aya dina novel Baruang ka nu Ngarora. Léngkah dina
33
Thaifur Abu Yazid, 2015
1) Klasifikasi data (ngolom-ngolomkeun data);
2) Nganalisis data;
3) Nafsirkeun data;
4) Ngadéskripsikeun data; jeung
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Novel nu mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu raket pisan
patalina jeung lingkungan sosial katut budaya nu aya disabudeureun pangarangna.
Budaya mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu ngawujud kana
gagasan, tindakan, sarta benda pikeun nyumponan pangabutuh hirupna. Ku kituna,
novel tangtu miboga ajén budaya nu luyu jeung lingkungan sosial budayana, ka
asup novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata nu mangrupa novel
Sunda munggaran. Dina ieu panalungtikan ti mimiti tatahar, ngumpulkeun data,
nganalisis data, nepi ka nyusun laporan hasilna bisa dicindekkeun saperti ieu di
handap.
Novel mangrupa salah sahiji wujud karya sastra modern nu ditulis dina
wangun lancaran (naratif) nu nyaritakeun kajadian nu aya dina kahirupan sapopoé.
Novel nu mangrupa salah sahiji karya sastra dina wangun lancaran (prosa) miboga
struktur (unsur pangwangunna) sorangan nu ngawengku téma, fakta carita (plot,
palaku, jeung latar), sarta sarana carita (sudut pandang, gaya basa, jeung suasana).
Inti carita dina novel Baruang ka nu Ngarora nya éta nyaritakeun kahirupan
rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nu diruksak ku Aom Usman. Aom
Usman nu miboga gelar ménak ngajadikeun manéhna bisa laku lampah
sangeunahna, salah sahijina nya éta nyokot pamajikan batur. Lian ti éta, ieu novel
ogé pinuh ku ajén atikan sarta papatah sangkan hirup bener.
Saperti novel-novel séjénna, ieu novel diwangun ku unsur-unsur (struktur)
saperti téma, fakta, jeung sarana carita. Téma tina ieu novel nya éta sosial, nu
nyaritakeun kaayaan sosial dina jaman kolonial Walanda, nu harita masarakat
pribumi kabagi jadi dua golongan, nya éta golongan ménak jeung cacah.
Sedengkeun fakta carita nu aya ieu novel di antarana nya éta galur, palaku,
jeung latar. Galur tina ieu novel nya éta ngagunakeun galur mérélé (maju) nu
katitén tina kajadian-kajadianna nu ngaguluyur ti mimiti Ujang Kusén jeung Nyi
Rapiah nikah, nepi ka kudu pepegatan, sarta nepi ka hirupna teu puguh. Nu jadi
83
Thaifur Abu Yazid, 2015
Aom usman bisa digolongkeun kana palaku kadua nu jadi lawan tina palaku
utamana, ogé katambahan ku sababaraha palaku tambahan. Latar nu dipaké dina
ieu novel nya éta latar tempat sarta suasana Bandung dina mangsa pamaréntahan
Walanda.
Sarana carita dina ieu novel ngawengku judul, puseur panitén, gaya basa,
sarta suasana. Judul ieu novel geus jelas pisan Baruang ka nu Ngarora, nu hartina
racun pikeun nu ngarora, nu éta racun téh nu ngaruksak kana kulawargana Ujang
Kusén jeung Nyi Rapiah. Puseur panitén dina ieu novel nya éta ngagunakeun
sawangan jelema katilu nu sarwa nyaho. Gaya basa nu kapanggih dina ieu novel
aya sababaraha rupa, di antarana gaya basa personifikasi, simile, litotes, hiperbol,
jeung repetisi. Salian éta, aya ogé pakeman basa nu ngawengku babasan jeung
paribasa.
Sedengkeun ajén budaya dina ieu novel disawang tina sababaraha jenis, nya
éta: 1) ajén tiori, minangka idéntitas éta masarakat bisa katitén tina babasan jeung
paribasa nu aya dina masarakat, sarta paripolah éta masarakat; 2) ajén ékonomi,
minangka paédah (nilai guna) barang nu ngarojong pikeun nyumponan
pangabutuh hirupna nu saluyu jeung kaayaan alam sabudeureunana; 3) ajén
éstétik nu nyangkaruk dina ieu novel nu katitén tina cara ngagunakeun basa nu
murwakanti; 4) ajén politik nu timbul dina éta masarakat nu diakibatkeun ku
sistem pamaréntahan jaman harita; sarta 5) ajén sosial, minangka gambaran
kondisi masarakat nu kabagi jadi dua golongan, sarta sikep masarakat dina
campur gaul jeung masarakat nu séjén.
Ajén budaya dina ieu novel ogé katitén tina unsur-unsur budaya nu kasampak
dina ieu novel, saperti sistem kapercayaan, sistem organisasi kamasarakatan,
sistem basa, sistem pangaweruh, kasenian, sistem pakasaban, sarta sistem pakakas
jeung téknologi.
5.2 Saran
Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan struktur jeung ajén budaya dina
novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, di dieu aya sababaraha
hal atawa saran, boh saran pikeun masarakat, sakola, boh mahasiswa atawa
84
1) Masarakat
Pikeun masarakat dipiharep bisa ngarobah pola pikirna kana karya sastra
(hususna novel) yén dina novel atawa karya sastra séjénna miboga ajén
budaya, ku kituna ku cara maca karya sastra dipiharep masarakat bisa leuwih
apal kana budayana sorangan. Salian éta ieu hal bisa jadi ajang pikeun
ngamumulé sarta miara budaya sorangan sangkan masarakat Indonésia
(hususna Sunda) teu leungiteun idéntitas dirina, sabab budaya mangrupa
cicirén hiji bangsa.
2) Sakola
Pikeun sakola teu jauh béda jeung masarakat, sabab ajén budaya kudu
diwanohkeun ka budak ti leitik kénéh, sangkan jadi générasi panerus nu teu
leungiteun idéntitas bangsana sorangan.
3) Mahasiswa/Panalungtik
Pikeun mahasiswa sarta panalungtik nu séjén ulah bosen ngulik ngeunaan
budaya, hususna nu aya dina karya sastra. Sabab budaya bisa mekar luyu
jeung jaman, dina ieu panalungtikan nalungtik ngeunaan budaya nu aya dina
jaman kolonial Walanda, dina karya sastra Sunda nu séjénna tangtu miboga
ajén budaya séjénna nu luyu jeung mangsana. Sarta dipiharep bisa leuwih
ngajembaran élmu ngeunaan budaya jeung sastra, sarta dipiharep bisa