• Tidak ada hasil yang ditemukan

KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA KARYA DADAN SUTISNA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA KARYA DADAN SUTISNA."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

No.754/FPBS/0251/2014

KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA

KARYA DADAN SUTISNA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Erin Irtanti NIM 1000343

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA

KARYA DADAN SUTISNA

Oleh Erin Irtanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Erin Irtanti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

ERIN IRTANTI NIM 100343

KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA

KARYA DADAN SUTISNA

disaluyuan jeung disahkeun ku pangaping:

Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum. NIP. 19590614 198601 1 002

Pangaping II,

Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP. 19721202 199903 2 001

Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA KARYA DADAN SUTISNA1

Erin Irtanti 2

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk: 1) menganalisis struktur cerita melalui teori Robert Stanton yang terdiri dari tema, fakta cerita (alur, latar, tokoh dan penokohan), dan sarana sastra; 2) mengkaji tokoh dan penokohan melalui pendekatan psikoanalisis dalam novel sunda Sabalakana karya Dadan Sutisna. Metode penelitian menggunakan cara deskriptif analisis, yang dimulai dari menelaah data, mendeskripsikan, mengutip lalu menganalisis data. Hasil penelitian ini adalah: 1) novel ini memiliki struktur cerita yang lengkap; tema novel ini adalah krisis sosial dan politik yang tumbuh di kalangan masyarakat menengah; tokoh utama dalam novel ini adalah Santana, Lebé Unang, Gayatri – ditambah dengan beberapa tokoh tambahan; pelukisan tokoh menggunakan tehnik ekspositori dan dramatik; latar general dalam novel ini di lembur Cikawening dan lembur Sukalila; berlangsungnya cerita dalam novel ini selama tiga hari, dimulai dari Kamis sore (Minggu kedua bulan Rayagung); latar sosial dalam novel ini adalah latar politik dan latar sosial-kemasyarakatan yang ditandai dengan maraknya demokrasi dalam wujud pemilu; unsur-unsur alurnya meliputi: backtracking, suspense, foreshadowing, dan konflik; alur yang dipakai yaitu alur maju mundur dengan pusat cerita menggunakan métode romantic-ironic; gaya bahasa yang dipakai dalam novel ini diantaranya: gaya bahasa dialék, metafora, pleonasmeu, sinestesia, personifikasi, litotes, hiperbola, simile, eufimisme, ngasor, dan metonimia; 2) melalui beberapa tokoh dapat diketahui bahwa beberapa tokoh dalam novel ini mengalami naluri kematian dan kecemasan (anxietas) dengan wujud emosi seperti rasa salah yang dipendam, rasa benci, malu dan cinta. Konflik dalam diri tokoh menimbulkan mekanisme pertahanan dalam wujud proyeksi, pengalihan, rasionalisasi, dan reaksi formasi. Novel Sabalakana ini termasuk novel arus kesadaran dan melalui para tokohnya dapat diketahui bahwa pergolakan struktur kepribadian antara id, ego, dan superego dalam diri tokoh mempengaruhi watak para tokohnya.

1 Skripsi dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M. Hum., dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

(5)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Kata kunci: Psikoanalisis, Novel.

PSYCHOANALYSIS LESSON OF SABALAKANA NOVEL BY

DADAN SUTISNA

1

ERIN IRTANTI2

ABSTRACT

This research is intended to: 1) describe interns subtance by theory of Robert Stanton; themes, fact of story (plot, characters, setting), and kind of literature (point of view and model of language) and 2) character lesson use psychoanalysis of Sabalakana novel by Dadan Sutisna. The descriptive analys method was use in this study, while in order to gather the data needed, documentation technique and literature also was used. The result of analysis showed that interns subtance of Sabalakana novel by Dadan Sutisna had complete interns subtance those are theme, plot, characters, setting, point of view, and model of language. The theme is social politics problems who faces by under group of people. Plot of this novel use romantic ironic methods by the structure like backtracing, suspense, foreshadowing, and conflict. Setting of time are three days which started at Thursday until Saturday; setting of place are Cikawening village and Sukalila village; setting social of this story are social politics like democration. Main characters of this story are Santana, Gayatri, Lebe Unang, Rastiti. Models of language are dialek, methapor, pleonasm, synestesia, pesonifikasi, litotes, hiperbola, simile, euphimisme, ngasor, and methonimia. Personality structure which id, ego, and superego who growing a conflict and had affect to characters atittude. Characters who faces conflict starting to make self defense. Some characters had death instinct and anxietas which gain emotions like hate, love, shy, and fault. Personality showed by caharacters are jealous, loya to the rules, love, and greedy. Keywords: novel, psychoanalysis

(6)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

2

(7)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

PERNYATAAN ... i

PANGAJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

ABSTRAK ... v

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR GAMBAR ... x

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

(8)

vii

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB II NOVEL, STRUKTUR CARITA, JEUNG PSIKOANALISIS ... 7

2.1 Novel ... 7

2.2.2.1 Palaku jeung Watekna (Penokohan) ... 17

2.2.2.2 Latar atawa Sétting ... 20

2.3.1 Kasang Tukang Psikoanalisis ... 26

2.3.2 Psikoanalisis jeung Sastra ... 25

2.3.3 Poko-poko Tiori Freud Patali jeung Karibadian ... 27

2.3.4 Dinamika Kapribadian ... 31

(9)

viii

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.5 Sumber Data ... 36

BAB IV KAJIAN PSIKOANALISIS KANA NOVEL SABALAKANA KARYA DADAN SUTISNA ... 42

4.1 Analisis Struktural Novel Sabalakana ... 42

4.1.1 Ringkesan Novel Sabalakana ... 42

4.1.2 Téma jeung Masalah ... 56

4.1.3 Fakta Carita ... 62

4.1.3.1 Palaku jeung Watekna (Penokohan) ... 62

4.1.3.2 Latar atawa Sétting ... 76

4.1.3.3 Galur atawa Plot ... 94

4.1.4 Sarana Sastra ... 110

4.1.4.1 Puseur Panitén ... 110

4.1.4.2 Gaya Basa jeung Nada ... 111

4.2 Karakter jeung Penokohan dina Novel Sabalakana Disawang tina Pamarekan Psikoanalisis ... 116

4.2.1 Palaku jeung Penokohan ... 116

4.2.2 Hubungan Struktur Carita jeung Psikoanalisis ... 129

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 131

5.1 Kacindekan ... 131

(10)

ix

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA ... 134

LAMPIRAN ... 137

(11)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Sastra mangrupa kagiatan kréatif manusa atawa hasil réka cipta anu gelar dina médium basa, sarta mintonkeun rupaning kahirupan manusa jeung kaayaan alam harita. Sastra ogé bisa disebut minangka gambaran peradaban manusa sarta dianggap salaku gejala social, sabab sastra nu aya dina waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma sarta adat istiadat nu tumuwuh dina jamanna. Sanajan kitu, karya sastra sipatna fiksi atawa rékaan, bisa jadi mangrupa hasil pangalaman hirup manusa, bisa ogé mangrupa carita nu geus diréka ku panulis. Sastra mangrupa éksprési pribadi manusa nu mangrupa pangalaman, hasil mikir, rasa, ide, sumanget, kayakinan dina wangun gambaran kongkrit nu nimbulkeun perkara nu pikatajieun, kalawan basa minangka alatna.

Karya sastra téh aya tilu bagian: puisi, prosa jeung drama. Minangka salasahiji wanda prosa, novel mangrupa prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa tokoh, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi (Iskandarwassid, 1992, kc. 91).

Sastra jeung psikologi raket patalina dina kahirupan sabab patali jeung pasualan manusa salaku individu jeung mahluk sosial. Duanana ngamangpaatkeun dasar nu sarua nya éta pangalaman manusa. Pamarekan psikologi dianggap penting dina panalungtikan sastra.

(12)

2

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dimekarkeun; sarta panalungtikan ieu mantuan pikeun nganalisis karya sastra nu patali jeung aspék-aspék psikologis (Endraswara dina Minderop, 2011, kc. 2).

Panalungtikan psikologi sastra ngawengku tilu kamungkinan, salasahijina panalungtikan karakter para palaku nu aya dina karya sastra ngaliwatan analisis palaku jeung penokohan. Psikologi sastra boga tujuan pikeun ngaréngsékeun pasualan psikologi praktis dina nyangkem aspek-aspek nu aya dina karya sastra. Psikologi sastra ngaguar masalah nu aya patalina jeung unsur-unsur kajiwaan tokoh nu aya dina hiji karya

Nyurahan aspék psikolog dina karya sastra bisa ku cara neuleuman sawatara aliran psikologi, saperti psikoanalisis, béhaviorisme, jeung humanistik. Aspék psikologi dina karya sastra ditalungtik tina kajadian-kajadian anu dialaman ku para tokoh, tina kalimah-kalimah nu diucapkeun ku tokoh, atawa tina déskripsi jeung narasi pangarang dina téks. Pikeun nyangkem eusi karya, tangtu kudu maca téks, nganalisis, nalungtik kana puseur pasualan nu hayang dipaluruh.

Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran (Concise Oxford Dictionary dina Barry, 2010, kc. 113).

Ieu novel baris ditalungtik ngeunaan salasahiji unsur kajiwaan dina karya sastra nya éta ngeunaan psikoanalisis tokoh utama dina hiji karya sastra. Panalungtikan psikoanalisis sastra téh nya éta mangrupa cara nu dipaké pikeun nalungtik karya sastra ku cara ngidentifikasikeun aspék-aspék kajiwaan anu aya dina hiji karya sastra. Aspék-aspék kajiwaan bisa ditalungtik ku cara: maham unsur-unsur kajiwaan pangarang salaku panulis, maham unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra, maham unsur kajiwaan pamaca karya sastra (Ratna, 2009, kc. 343).

(13)

3

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sabalakana mangrupa kahirupan masarakat golongan handap nu hésé meunang

kaadilan. Kaum Balakasontang mangrupa gambaran kaum nu ‘termarjinalkan’

sarta dianggap minangka sumber masalah. Pamarekan psikologis nyoko kana analisis karya sastra boh intrinsik boh ékstrinsik. Dina analisis penokohan perlu dipaluruh ngeunaan paripolah tokoh, naha penokohan katerap panyakit neurosis, psikosis, jeung halusinasi. Wabah sabalakana nu aya dina caritaan novel Sabalakana ampir sarua jeung gejala psikosis, nya éta gangguan tilikan pribadi

balukar sindrom psikiatri, nyababkeun kateumampuhan hiji jalma dina ngajén réalita ku sabab kasieun dina fantasi dirina. Nepi ka ngarojong betusna kamarudahan nu mangrupa paripolah atawa omongan nu sacara jujur (balaka).

Dadan Sutisna sorangan nya éta pangarang nu dianggap poténsial. Dina taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Djatnika, 2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat, 2003), jeung Rasiah Kodeu Binér (Kiblat, 2010). Taun 2003 anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Tulisanana sering dimuat dina sawatara kalawarta saperti Manglé, Pikiran Rakyat, Kompas, jrrd.

Aya sawatara panalungtikan ngeunaan psikologi, anu kacatet ti mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI Bandung, dina wangun skripsi di anatarana: Sawangan Psikoanalisis kana Novel Pangantén Karya Deden Abdul Aziz (Andriany, 2005); Aspek Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya

Iskandarwassid (Hapitasari, 2005); Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat

Balabuh Karya Aam Amilia (Perdiwan, 2006); Tokoh Novel Pipisahan Karya

RAF (Kajian Psikologi Humanistik) (Gugun Dedi Guntara, 2008); Ulikan

Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan

Pangajaran Nyarita di SMP (Rida Lela Meiwindra, 2011); Kajian Psikologi

Humanistik kana Novel Déng Karya Godi Suwarna (Hudaya, 2012); Kajian

Psikologi Humanistik kana Kumpulan Carita Pondok Anak Jadah Karya Cecep

(14)

4

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu nalungtik aspék psikolog kalayan judul Kajian Psikoanalisis kana Novel Sabalakana Karya Dadan Sutisna. Anu

Novel Sabalakana karangan Dadan Sutisna mangrupa salasahiji wanda novel dina kasusastraan Sunda. Analisis psikoanalisis sastra ngawengku aspék kapribadian Sigmun Freud, psikologi tokoh jeung penokohan karya sastra. Aspék nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta psikologi tokoh jeung penokohan dina hiji karya sastra.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu nyusun ngarumuskeun masalah saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna?

2) Kumaha karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna disawang tina pamarekan psikoanalisis?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Dumasar kana kasang tukang katut rumusan masalah anu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngaguar aspek-aspék psikologis nu nyampak dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna kalawan maluruh unsur-unsur carita.

(15)

5

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngidentifikasi jeung ngadeskripsikeun:

1) struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna;

2) karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna disawang tina pamarekan psikoanalisis.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat teoritis pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan cara ngaaprésiasi karya sastra make sawangan psikoanalisis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis pikeun:

1) méré gambaran kumaha nganalisis atawa ngulik karya sastra hususna novel maké sawangan psikoanalisis;

2) sacara akademis panalungtik meunangkeun pangaweruh jeung wawasan ngeunaan psikoanalisis;

3) nambahan kabeungharan hasanah sastra Sunda sarta bisa dijadikeun bahan acuan kamekaran karya sastra Sunda;

4) bisa jadi sumber réperénsi pikeun akademisi sastra nu nalungtik sastra Sunda; 5) bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi dina

kamekaran sastra Sunda;

6) nambahan sarta méré gambaran interprétasi atawa analisis kana wanda novel.

(16)

6

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ieu skripsi disusun jadi lima bab nya éta Bab I, Bab II, Bab III, Bab IV, jeung Bab V.

Bab I mangrupa bagian munggaran dina karya tulis wangun skripsi. Eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga tulisan nu patali jeung kajian psikoanalisis.

Bab II. Medar ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut minangka kajian pustakana. Kajian pustaka miboga fungsi minangka landasan téoritik dina nyusun rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan. Dina kajian pustaka, panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu keur ditalungtik jeung tiori-tiori sarta hasil panalungtikan nu geus dilakukeun ku para ahli.

Dina ieu panalungtikan, kajian pustaka nu dipedar ngeunanaan wangenan novel, struktur novel nu ngawengku unsur-unsur carita Robert Stanton (téma, fakta carita, jeung sarana carita), tiori kapribadian Sigmund Freud jeung psikoanalisis.

Bab III. Medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi métode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, jeung analisis data.

Bab IV. Dina ieu bab dibagi jadi dua bagian nya éta analisis data nu patali jeung rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan, jeung pedaran intina atawa analisis temuan nu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab I.

Dina ieu panalungtikan, didéskrisikeun tur dianalisis struktur carita tina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna, sarta analisis palaku jeung penokohan carita disawang tina pamarekan psikoanalisis.

(17)

7

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

(18)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa gambaran umum panalungtikan nu baris dilaksanakeun. Desain panalungtikan diébréhkeun dina wangun bagan tahap panalungtikan nu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan digambarkeun dina bagan di handap.

Bagan 3.1

Bagan Desain Panalungtikan

3.2 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Ratna (2013, kc. 34) métode mangrupa cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun ngaguar runtuyan

sabab-IDÉNTIFIKASI MASALAH

NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH

STUDI PUSTAKA

NGUMPULKEUN DATA

NGOLAH DATA HASIL PANALUNGTIKAN

(19)

35

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

akibat. Métode panalungtikan mangrupa cara pikeun nyangkem pangaweruh atawa data ngeunaan objék nu tangtu luyu jeung kaayan objék tilikan nu diguar dina tiori pikeun kaperluan panalungtikan.

Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Métode déskriptif analisis mangrupa métode nu ngadéskripsikeun fakta-fakta, nu tujuanana pikeun nyangkem unsur-unsurna, tuluy dianalisis. Ieu métode nyoko kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif ngamangpaatkeun cara-cara napsirkeun jeung ngahasilkeun data-data dina wangun déskripsi atawa kekecapan tinulis.

3.3 Wangenan Operasional

Dina prakna panalungtikan, diperlukeun katerangan anu jéntré ngeunaan istilah-istilah anu dipaké, hususna kekecapan anu dipaké dina ieu judul panalungtikan. Di handap ieu mangrupa tapsiran harti tina istilah-istilah dina judul panalungtikan.

1) Psikoanalisis

Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran

2) Novel

Novel nya éta prosa rékaan (fiksi) nu naratip (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). (Iskandarwassid,1992, kc. 91)

3) Sabalakana

Sabalakana mangrupa novel nu asup nominasi Hadiah Sastra Rancagé 2014 karya

(20)

36

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

R.A. Danadibrata (2006, kc. ), sabalakana asalna tina kecap balaka, nu hartina ngaku kasalahan sorangan, jujur terus terang. Sabalakana nyaritakeun wabah kajujuran kana sagala rusiah.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta pakakas nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 192). Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta slip data, sangkan babari dina ngumpulkeun data panalungtikan.

3.5 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék asal (ti mana) data dicokot. Upama panalungtikan téh make dokuméntasi, dokumén mangrupa sumber data, ari eusi dokumén disebut subjék panalungtikan atawa variabel panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta novel Sabalakana karya Dadan Sutisna.

KARTU DATA

Psikoanalisis Palaku jeung Penokohan dina Sabalakana

(cutatan-cutatan psikoanalisis palaku jeung penokohan)

(21)

37

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.5.1 Déskripsi Novel

Gambar 3.1 Cover Novel Sabalakana

(22)

38

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

bab ka-17 ngawengku 13 kaca, bab ka-18 ngawengku 20 kaca, jeung bab ka-19 nu ngawengku 13 kaca.

Désain jilid atawa coverna ogé mangrupa hasil karancagéan Dadan Sutisna. Dina jilid hareupna katémbong aya gambaran siluét hiji wanoja sawawa nu neuteup anteb kana palebah panon poé nu cahyana méh surup. Di sabudeureunana ogé kagambar layung, siluét tatangkalan nu jangkung, sarta gambaran siluét tatangkalan nu teu pati jangkung. Warna dasar désain jilidna loba didominasi ku warna poék saperti hideung, sarta warna layung - konéng gedang jeung konéng. Di sisi handap cover nu latarna warna hideung aya tulisan Sabalakana, minangka judul novélna. Ditulis maké font warna bodas jeung font type nu teu biasa, saperti tulisan nu geus heubeul, sawaréhna kahapus, sarta aya gurat-gurat nu nambahan éstétika tulisanana. Di handapeun tulisan Sabalakana aya tulisan “Novél Sunda” minangka wangun karya sastra. Di handapeunna aya ngaran pangarangna, Dadan Sutisna, belah handapna deui aya ngaran penerbitna, Pustaka Jaya, nu ditulis maké font warna beureum. Dina jilid tukang aya gambaran tatangkalan saperti di leuweung ngan teu pati jelas kacirina. Sempalan sinopsis caritana jadi atra katingalina, sabab warnana kontras. Tulisan judul dina jilidna, siluét wanoja, jeung dominasi warnana nu poék siga nu hayang némbongkeun kesan mistis jeung rasa tunggara.

Saperti nu ditétélakeun ku Andriansyah (2014, kc. 28) Sabalakana mangrupa novel nu némbongkeun rasa marudah dina nyanghareupan „carut-marut‟ kaayaan sosial-budaya bangsa Indonesia. Ditulis maké gaya nyarita nu has ti pangarangna nu dibarung ku humor, intrik, jeung satir. Ngagambarkeun fénoména sosial nu kompléks; kamalaratan, modérnisasi, apatis, pangangguran, „kekerasan‟, sarta krisis kapercayaan ka pamingpin.

Sabalakana nyaritakeun wabah kajujuran tina betusna sagala rusiah. Caritana

(23)

39

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

panganténan, nu némbakna (Asép Jitu) tuluy masrahkeun manéh ka pulisi, ti dinya timbul kaahéngan di Désa Cikawening. Puluhan jalma katerap wabah sabalakana. Nu katerap wabah sabalakana kalayan jujur ngabetuskeun rusiah kagoréngan dirina. Timbul rupa-rupa réspon ti nu séjén kana „pernyataan‟ kajujuran. Ngarah wabah teu sumebar, nu katerap wabah sabalakana (disebut kaum Balakasontang) tuluy dikarantina di tempat husus (Balé Sagala). Kaum Balakasontang baruntak sabada ngalaman karacunan, kalaparan, aya ngagantung manéh, jeung kajadian tragis séjenna.

3.5.2 Biografi Singget Pangarang

Dadan Sutisna dibabarkeun di Pasirloa, Tanjungsari, Sumedang, 22 Pébruari 1978. Anjeunna mimiti ngarang ti SMP kénéh, tapi ngamimitian ngirimkeun tulisanana ka média massa mah basa anjeunna di SMA, taun 1995. Karanganana nu dimuat dina kalawarta Kudjang, Galura jeung Manglé mangrupa carita pondok jeung carita nyambung. Lolobana mah nulis carpon, tapi anjeunna ogé nulis novel, drama Sunda, feature artikel, nu dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakayat, Kompas, Républika, jsté. Anjeunna ogé remen nulis carita barudak, pangpangna dina

Manglé Alit jeung Mupu Kembang Galura (1996-2000). Kiwari anjeunna ogé sok

nulis fiksimini.

Karyana nu geus dibukukeun diantarana Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2003), Campaka Mangkak, antologi carpon (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Kanagan, antologi carpon (Geger Sunten, Bandung, 2004), Surat Cinta Pangarang

Sunda (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Dén Réktor (Djatnika, Bandung, 2001),

Ukur Banyol (PT. Manglé Panglipur, Bandung, 2000), Belajar Mudah Menggunakan

Internet (Cipta Utama Press, Bandung, 2007), 7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster

(24)

40

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Anjeunna kungsi jadi Pinunjul Harepan Pasanggiri Carita Pondok D. K. Ardiwinata (1997), Pinunjul Harepan Pasanggiri Novel D. K. Ardiwinata (1999), Pinunjul 1 Carita Rakyat Jabar, tulisanana “Purnama di Maronggé” (2000). Taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Djatnika, 2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat, 2003), jeung Rasiah Kodeu Binér (Kiblat, 2010). Taun 2003

anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Anjeunna resep uprak-oprék kana komputer, pangpangna mah ngadésain internét. Wébsite nu munggaran, Longsér: A Sundanese Folk Theatre, kapilih jadi finalis dina Adikarya Désain Indonésia 2003.

Taun 2008, anjeunna milu jadi tim nu marajian gelarna Unicode Aksara Sunda, minangka tarékah pikeun maténkeun éksisténsi aksara Sunda di tingkat Internasional nepi ka aksara Sunda jadi salasahiji aksara standar nu bisa dipaké dina komputer jeung dunya téknologi informasi. Ti taun 2002 anjeunna aktif dina organisasi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Di PP-SS anjeunna kapeto jadi pupuhu sarta kuncén wéb-site ppss.or.id. Anjeunna kungsi jadi wartawan Manglé. Kiwari sapopoéna jadi rédaktur majalah basa Sunda Cupumanik jeung éditor

di Penerbit Kiblat Buku Utama.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa cara atawa prosedur nu kudu dilakonan kalawan make métode nu tangtu anu satemenna bisa ngahontal kana tujuan panalungtikan. Téhnik dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik nganalisis data.

(25)

41

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka. Ieu téhnik dipaké nalika ngumpulkeun data nu baris dianalisis jeung nalika néangan sumber rujukan tiori atawa acuan dina ieu panalungtikan.

3.6.2 Téhnik Nganalisis Data

Data nu ditalungtik nya éta novel Sabalakana karya Dadan Sutisna. Sabada data kakumpul, tuluy dianalisis kalawan léngkah-léngkah atawa tahapan téhnik ngolah data sakumaha nu ditétélakeun di handap ieu.

1) Tahap Klasifikasi

Sabada eusi carita novel didéskripsikeun dina wangun sinopsis, tuluy diklasifikasikeun dumasar unsur caritana (nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita) nu baris dianalisis.

2) Tahap Analisis

Tahap analisis mangrupa tahap analisis kana data anu geus diklasikasikeun kana kelompokna sewing-séwangan. Dina ieu panalungtikan, novel Sabalakana dianalisis unsur prosana nu ngawengku téma, fakta carita jeung sarana carita. Analisis leuwih nyoko kana tokoh jeung penokohan patali jeung perkara nu rék dikaji nya éta psikoanalisis. Modél analisis nu dipaké nya maké analisis struktural (Isnendes, 2010, kc. 139-193) dina Kajian Sastra.

3) Tahap Deskripsi

Data nu geus dikumpulkeun tuluy dipatalikeun jeung masalah nu rék ditalungtik tuluy didéskripsikeun.. Dina ieu panalungtikan nu mimiti didéskripsikeun nya éta eusi carita novel Sabalakana nu ditulis dina wangun sinopsis.

(26)

42

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tahap interprétasi mangrupa tahap napsirkeun hasil data pikeun ngolah pamahaman nu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya éta napsirkeun data nu diébréhkeun dina slip data anu némbongkeun indikator psikoanalisis.

5) Tahap Évaluasi

(27)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Novel Sabalakana nu euyeub ku unsur kajiwaan nu ngajanggélék ngaliwatan tokoh jeung penokohan dikaji maké pamarekan psikoanalisis. Métode panalungtikan nu dipaké nya éta déskriptif analitik. Unsur-unsur carita dina novel Sabalakana dianalisis maké tiori Robert Stanton, nu ngawengku: téma carita, fakta carita (palaku jeung watek/penokohan, galur, latar), jeung sarana carita. Tujuanana sangkan bisa dipaluruh kasang tukang munculna masalah psikologi katut prosés jeung akibat tina kondisi psikologina. Karakter jeung watek (penokohan) para palakuna tuluy dianalisis maké pamarekan psikoanalisis.

Dumasar kana hasil analisis, aya sawatara hal nu bisa dicindekeun. Ieu novel miboga téma krisis sosial jeung pulitik nu tumuwuh di kalangan masarakat menengah ka handap. Palaku utama dina ieu novel nya éta Santana, Lebé Unang, Gayatri, jeung Rastiti. Palaku tambahan nu ngarojong sarta ngahirupkeun carita dina ieu novel kawilang loba. Téhnik nu dipaké pikeun ngalukiskeun tokoh dina ieu novel aya dua, nya éta: téhnik ékspositori jeung téhnik dramatik (dramatic). Téhnik dramatik dina ieu novel, dilukiskeun ngaliwatan: 1) pelukisan pikiran jeung rarasaan (portrayal of thought streem or of conscious thought), 2) réaksi palaku kana lingkungan (reaction

to event), 3) pelukisan lingkungan (discussion of environment, 4) paguneman

(28)

131

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

wangun démokrasi milih pipamingpineun. Unsur-unsur galur nu kapanggih dina novel Sabalakana nya éta: backtracking, suspense, foreshadowing, jeung konflik. Galur dina ieu novel maké galur bobok tengah sabab caritana teu berurutan, tapi

ngacak, ‘luluncatan’, maké puseur carita nu robah ti tokoh hiji ka tokoh séjén. Puseur carita nu dipaké nya éta métode romantic-ironic. Gaya basa nu dipaké nya éta: gaya basa dialék, métafora, pléonasmeu, sinéstésia, personifikasi, litotes, hiperbola, simile, eufimisme, ngasor, jeung métonimia.

Konsep struktur kapribadian nu ngawengku id, ego, jeung superego nu ngajanggélek dina diri tokoh nu aya dina ieu novel mangaruhan kana paripolah tokohna. Pagedrugna id, ego, jeung superego nimbulkeun sawatara konflik jeung emosi nu nimbulkeun mékanisme pertahanan dina diri tokoh. Tokoh Santana nu boga watek cinta mati ka Rastiti, ngalaman proyeksi ka Rastiti - minangka mékanisme pertahanan kana égo nu aya dina dirina, lantaran Santana teu narima cinta ti kolotna jeung kungsi terasing ti masarakat – pédah Santana dirorok ku akina nu kabaud komunis. Tokoh séjén, saperti kaom Balakasontang miboga watek nu sadar kana ajén kajujuran nu kuduna tumuwuh. Nu kaalaman ku kaom Balakasontang ampir sarua jeung gejala psikosis. Superego dina diri kaom Balakasontang mampuh ngéléhkeun id. Tokoh séjén aya nu némbongkeun watek nu timburuan, tukuh kana aturan,

galideur, sarakah, jsb. Sawatara tokoh boga naluri kematian jeung kahariwang dina dirina nu ngawujud émosi saperti rasa salah nu disidem, kakeuheul, éra, jeung cinta.

5.2Saran

(29)

132

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1) Panalungtik

Pikeun panalungtik hususna ka nu rék nalungtik garapan psikologi sastra kaasup psikoanalisis, kudu bisa maham cara nerapkeun pamarekan psikologi modérn kana talaah sastra sangkan euweuh kasalahpahaman. Panalungtik nu napak dina kasang tukang élmu sastra kudu maham ogé kana élmu psikologi sangkan hasil panalungtikan bisa nyugemakeun, henteu condong kana salasahiji élmu atawa beurat sabeulah. Salian ti éta, ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa jadi tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar, boh ngajembaran wengkuan analisis dumasar tiori nu tangtu, boh karya sastra nu dianalisisna.

2) Masarakat Akademik atawa Masarakat Pamaca

Masarakat akademik atawa masarakat pamaca dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh, pamahaman, jeung aprésiasi kana karya sastra, hususna pamahaman kana karya sastra nu boga tatapakan psikologi. Masarakat akademik atawa masarakat pamaca ogé dipiharep wanoh kana psikoanalisis dina karya sastra.

3) Lembaga Paélmuan

Lembaga paélmuan dipiharep bisa ngahudang karep kalangan akademisi tur kritikus sangkan terus ngaronjatkeun aprésiasi jeung kajian sastra nu patali jeung psikoanalisis atawa psikologi sastra.

4) Pangarang

(30)

133

Erin Irtanti, 2014

(31)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Andriansyah, A. (2014). Catatan “Sabalakana”. Galamedia, 20 Januari, hlm. 28. Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: Rineka

Cipta.

Barry, P. (2010). Beginning theory. Yogyakarta: Jalasutra.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1991). Kamus besar bahasa Indonesia Edisi Kedua. Jakarta: Balai Pustaka.

Faruk. (2012). Metode penelitian sastra. Yogyakarta. Pustaka Pelajar.

Freud, S. (2009). Pengantar umum psikoanalisis. Yogyakarta. Pustaka Pelajar. Iskandarwassid. (1992). Kamus istilah sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, C. R. (2010). Kajian sastra. Bandung: Daluang Publishing. ____. (2010). Teori Sastra. Bandung: CV. Wahana Karya Gafika.

Koswara, D. (2011). Racikan sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Minderop, A. (2005). Metode karakterisasi telaah fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

______. (2011). Psikologi sastra: Karya sastra, metode, teori, dan contoh kasus. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Nurgiyantoro, B. (2010). Teori pengkajian fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Pradopo, R. D. (2012). Beberapa teori sastra, metode kritik, dan penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, Ny K . (2003). Paradigma sosiologi sastra. Yogyakarta. Pustaka Pelajar. ______. (2013). Teori, metode, dan teknik penelitian sastra dari strukturalisme

(32)

126

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ruhaliah. (2010). Sajarah sastra sunda modern (Diktat Kuliah). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Y. (1978). Panyungsi sastra. Bandung: Gunung Larang.

Salahudin, A. (2014). Sunda “Sabalakana”. Pikiran Rakyat, 7 Februari, hlm. 28.

Semi, A. (2013). Kritik sastra. Bandung: Angkasa.

Semiun, Y. (2006). Teori kepribadian & terapi psikoanalitik Freud. Yogyakarta. Kanisius.

Stanton, R. (2012). Teori fiksi Robert Stanton. Yogyakarta. Pustaka Pelajar. Sudjiman, P. (1987) . Memahami cerita rekaan. Bandung: Pustaka Jaya. _____. (1990). Kamus istilah sastra. Jakarta: Universitas Indonesia Press.

Sumardjo, J & Saini K.M . (1986). Apresiasi kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia. Sumardi, S. (2010). Psikologi kepribadian. Jakarta: Rajawali Pers.

Sutisna, D. (2013). Sabalakana. Bandung: Pustaka Jaya.

Tarigan, H G. (1986). Prinsip-prinsip dasar sastra. Bandung: Angkasa.

Tim Penyusun. (2013). Pedoman penulisan karya ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wellek, R & Austin W. (1989). Teori kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia.

Wikipedia. (2013). Hadiah sastra rancage. [Online]. Tersedia: http://id.wikipedia.org/wiki/Hadiah_Sastra_Rancage. Diakses 12 Februari 2014.

Wikipedia. (2014). Politik uang. [Online]. Tersedia:

Gambar

Gambar 3.1 Cover Novel Sabalakana

Referensi

Dokumen terkait

Métode déskriptif analisis dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun struktur carita, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik anu aya dina

struktur carita, sarta ajén budaya nu kapanggih tina novel. BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékomémdasi tina hasil analisis. struktur jeung ajén budaya dina novel

Sawangan anu dipedar ngawengku tiori ngeunaan interférénsi, unsur léksikal nu patali jeung rélasi semantis (homonimi, sinonimi, jeung antonimi), unsur morfologis

mah anu dipaluruh téh perkara biografi pangarang ngaliwatan pamarekan sosiologi sastra anu dipatalikeun jeung fakta carita dina éta novel. Ieu panalungtikan béda

kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kaayaan,.. struktur prak-prakan jeung unsur sémiotik nu aya dina upacara adat gusaran di..

novel dina kasusastraan Sunda. Analisis psikoanalisis sastra ngawengku aspék kapribadian Sigmun Freud, psikologi tokoh jeung penokohan karya sastra. Aspék nu dipaké dina

wewengkon kulon jeung wewengkon wétan, sarta fungsi rajah carita pantun. Ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya

Tiori-tiori nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku kecap, kecap sulur, jeung bahan ajar. 9) nétélakeun yén nu disebut kecap ték nya éta wangun bébas anu lain frasa: