• Tidak ada hasil yang ditemukan

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA."

Copied!
36
0
0

Teks penuh

(1)

No. 914/FPBS/0251/2016

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Nur Aisyah Suwanda NIM 1201959

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun

(2)

NUR AISYAH SUWANDA

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

(3)

Manglaksa kanyaah ngampar marengan léngkah

sapaparat jalan nu kasorang kaliwatan,

g

umuruh runtuyan du’a ngamalir

dina saban rénghap indung,

awor jeung kamelang nu mindeng digalindengkeun

dina wirid saban wanci,

muhara pangampura salawasna ngagenyas wening

(4)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif Bahan Pangajaran di SMA” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 22 Januari 2016 Yang membuat pernyataan,

(5)

PANGJAJAP

Allhamdulillahirobil’alamin, puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah swt, Dzat anu Mahasuci, anu parantos maparin rahmat, kurnia, sareng kakiatan tug dugi ka nu nyusun tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi, kalawan judul “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif Bahan Pangajaran di SMA”.

Salasahiji tujuan disusunna ieu skripsi nya éta pikeun nyumponan sarat ujian sidang jeung nyangking gelar Sarjana Pendidikan. Salian ti éta, ieu panalungtikan diajengkeun pikeun ngajembaran kandaga kecap, hususna pakeman basa.

Dina nyusun ieu skripsi tangtos seueur kakiranganana, jalaran kawatesanan ku kamampuh sareng pangaweruh nu nyusun. Jalaran kitu, kalintang dianti-antina kritik sareng saran kanggo ngadeudeulan ieu skripsi.

Pamungkas, mugia ieu skripsi téh aya mangpaatna dina enggoning ngaronjatkeun kaparigelan basa Sunda.

Bandung, 22 Januari 2016 Nu nyusun,

(6)

TAWIS NUHUN

Hiji kabingah anu tan wangenan nalika ieu skripsi réngsé dina waktos anu parantos diajam ti anggalna. Tawis nuhun nu pinuh ku rasa sukur, kasanggakeun ka Alloh nu Mahagofur nu ngaping, ngajaring sanubari, ngamalirkeun kaasih, katut pitulung-Na ka nu nyusun.

Alhamdulillahirobbilalamin, kalayan ridho tur pangersa Dzat anu Mahakawasa, dijaring pangaping kaasih Gusti, bangbaluh anu mindeng ngarobéda teu matak pugag kana léngkah. Pangrojong sareng pangdeudeul ti sadaya pihak nu teu kendat nyumangetan, ogé runtuyan pangdu’a sepuh janten obor sumanget nu mampu nyinglar bangbaluh, tug dugi ka réngséna ieu skripsi. Jalaran kitu, teu aya kecap anu tiasa dikedalkeun, iwal ti hatur nuhun ka sugri anu parantos anu wening ati, wening asih, rumojong ka nu nyusun. Hatur séwu nuhun kasanggakeun ka: 1. Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., salaku pangaping I, anu kalawan sabar

parantos ngaping sareng ngadeudeul dugi ka réngséna ieu skripsi;

2. Hernawan S.Pd., M.Pd., salaku pangaping II, anu teu weléh ngaping tur rumojong dina ngaréngsékeun ieu skripsi;

3. Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., salaku Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung;

(7)

5. Pun biang, Dra. Tuti Haryati, M.M. sareng pun bapa, Drs. Wawan Suwanda, M.M. anu salawasna nyumangetan, ngocorkeun kanyaah anu tanwangenan, tur ngamalirkeun pangdu’a siang kalawan wengi;

6. Bapa Apan sareng Bapa Dede salaku staf Tata Usaha Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung;

7. Téh Herma salaku staf Perpustakaan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung;

8. Pun adi Fahmi Ali Fajar Auliya, anu heureuyna mindeng janten pamecut sumanget;

9. Wa Endang, Wa Rita, Aceuk Hilmi, Téh Adé Hida, Téh Aci, Dé Apri, sareng A Yuga, anu salami di Bandung teu weléh nyumangetan, ngarojong, sareng ngabantosan pasualan anu patali sareng kuliah;

10. Kulawargi ti mamah sareng bapa anu salawasna rumojong du’a dugi ka réngséna ieu skripsi;

11. Ayi Setiadi, S.Pd. anu teu weléh nyumangetan, ngadu’akeun, sareng mindeng dirurungsing nalika baluweng dina nyusun ieu skripsi;

12. Nunik Nurul Noviandini, Lisa Aprisa Kartikasari, Vemy Silvia Herdiani, Nindia Lestari, batur sakapeurih, sarta pada-pada bajoang, silih rojong dina ngaréngsékeun ieu skripsi;

13. Dulur-dulur kelas-A entragan 2012, anu sasarengan dina rupaning kagiatan diskusi sareng kagiatan akademik lianna, sarta ngageuingkeun sareng masihan pangdeudeul salami kuliah.

14. Baraya Sunda entragan 2012 anu sami-sami bajoang ti kawit mitra Sunda dugi ka ayeuna badé lulusna, mugia tinekanan sadaya pamaksadan sareng tetep Saharti, Saati, Sapangaji!;

(8)

16. Téh Anit, Kang Yogi, Téh Deudeu (Bubun), Kang Dery (Wa Haji), Kang Dicky (Mamsdik), Téh Imé, Téh Orin, Téh Anih, Téh Malia, Téh Ilmi, téh Silvi, Kang Imam, Téh Mela, Kang Iman, Kang Risky, sareng lanceuk tingkat dugi ka entragan 2011, anu tos kersa ngabingbing, ngaping, masihan pangdeudeul, sareng ngalatih tari, hatur nuhun kana kasaéanana mugia élmu anu dilarapkeun barokah, amin;

17. Dwika, Noni, Shinta, Erna, Upéh, Unuy, Anisya, Inay, Riyan, Panca, Fina, sareng adi-adi entragan 2013, 2014, 2015 lianna, anu ngarojong kana kagiatan sareng perkuliahan salami sasarengan di DPBD;

18. Wargi Lisénda, sadia, satia, sajiwa, ngamumulé seni Sunda, salaku tempat ngébréhkeun minat sareng bakat dina widang seni hususna tari, mugia Lisénda langkung nanjeur deui;

19. Dulur-dulur, adi UKM Katumbiri FPBS ogé tempat ngébréhkeun minat sareng bakat dina widang seni. Mugia ieu UKM énggal téh langkung maju sarta langkung euyeub ku pangabisa dina widang senina;

20. Téh Anggun sareng Tari salaku batur caket di kosan anu sasarengan silih bantosan, sami-sami nyiar élmu, sareng tebih ti sepuh anu teu weléh nyumangetan sareng ngadu’akeun kalancaran réngséna ieu skripsi;

21. Wargi anu tepang di KKN Widianti (Bee), Adinda (Dinceu), Cynthia (Ade), Gustini (Ema), Fadilla (Mamdil), Pa Ketu Anton, A Andi, sareng Dede Pri, anu tali silaturrahmina tetep manteng dugi ka ayeuna sarta silih ngarojong sareng ngadu’akeun dina kalancaran kuliahna.

22. Réréncangan PPL SMP Kartika XIX-2 Bandung 2015 anu tos ngarojong sareng bajoang sasarengan dina ngaréngsékeun urusan anu patali sareng PPL&Skripsi;

23. Sareng sadaya pihak anu teu tiasa disebatkeun hiji-hiji, anu parantos ngarojong kalancaran dina nyiar luang pangalaman.

(9)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Nur Aisyah Suwanda ABSTRAK

Ieu panalungtikan didadasaran ku heureutna kandaga kecap basa Sunda anu dikawasa ku masarakat Sunda hususna siswa dina komunikasi, padahal salaku masarakat nu miboga ajén budaya, komunikasi ngaliwatan basa anu merenah tur sopan kacida diperlukeun pikeun ngawangun suasana akrab tanpa ngurangan eusi tina pesen anu ditepikeun. Heureutna kandaga kecap bisa dititénan dina intensitas ngalarapkeun basa Sunda, boh di lingkungan masarakat, boh di lingkungan sakola. Analisis data anu kapaluruh dina ieu panalungtikan, dijadikan alternatif bahan pangajaran kelas XI SMA, nya éta pikeun ngajembaran kandaga kecap siswa. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif jeung digunakeun téhnik talaah pustaka, ngaliwatan analisis unsur langsung. Anapon materi anu dipedar ngawengku (1) data pakeman basa katut hartina, (2) wanda pakeman basa, jeung (3) bahan ajar pakeman basa. Data anu kapaluruh aya 280 pakeman basa, anu dipasing-pasing dumasar wandana, nya éta 44 (15,7%) paribasa, 92 (32,9%) babasan, 38 (13,6%) gaya basa, 6 (2,1%) uga, 69 (24,6%) kecap injeuman (kiasan), 28 (10%) rakitan lantip, jeung 3 (1,1%) cacandran. Dumasar kriteria bahan ajar jeung kurikulum 2013, novel Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira bisa dijadikeun bahan pikeun nepikeun materi kabasaan, nya éta pangajaran kandaga kecap hususna pakeman basa.

Kecap Galeuh: pakeman basa, bahan ajar, novel, pembelajaran, kurikulum

(10)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2. Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Entragan 2012

IDIOM PADA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA UNTUK ALTERNATIF BAHAN PEMBELAJARAN DI SMA

Nur Aisyah Suwanda ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh minimnya kosa kata bahasa Sunda yang dikuasai oleh masyarakat Sunda khususnya siswa dalam berkomunikasi, padahal sebagai masyarakat yang berbudaya, komunikasi dengan bahasa yang santun sangat diperlukan untuk menjalin suasana akrab tanpa mengurangi isi dari pesan yang disampaikan. Minimnya kosa kata bahasa Sunda dapat dilihat dalam intensitas penggunaan bahasa Sunda, baik di lingkungan masyarakat ataupun di lingkungan sekolah. Analisis data yang diperoleh dalam penelitian ini dijadikan alternatif bahan pembelajaran kelas XI SMA, yaitu untuk memperluas kosa kata yang dimiliki siswa. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan teknik studi pustaka, melalui analisis unsur langsung. Adapun materi yang dibahas meliputi (1) data idiom berikut artinya, (2) klasifikasi idiom Sunda (pakeman basa), dan (3) bahan ajar idiom. Data yang diperoleh terdapat 280 idiom, berikut klasifikasinya meliputi 44 (15,7%) paribasa, 92 (32,9%) babasan, 38 (13,6%) gaya basa, 6 (2,1%) uga, 69 (24,6%) kecap injeuman (kiasan), 28 (10%) rakitan lantip, dan 3 (1,1%) cacandran. Berdasarkan kriteria bahan ajar dan kurikulum 2013, novel Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira bisa dijadikan bahan untuk menyampaikan materi kebahasaan, yaitu pembelajaran kosa kata khususnya idiom.

(11)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1. Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2. Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

THE IDIOMS ON NOVEL PANGÉRAN KORNEL WRITTEN BY R. MEMED SASTRAHADIPRAWIRA AS ALTERNATIVE OF TEACHING

MATERIAL AT SENIOR HIGH SCHOOL

Nur Aisyah Suwanda

ABSTRACT

This research is based on lack of Sundanese vocabularies known by Sundanese people especially students in having communication, whereas as cultured-society, having communication by using a good language is very needed to create an intimate situation without reducing the content of message which is conveyed. The lack of Sundannese vocabularies can be seen on intencity of Sundanese using whether in society or school environment. Data analysis obtained in this research are used as teaching material for Senior High School in the ninth grade, for improving student’s vocabularies. Method used in this research is descriptive method by using literary book technique, through immediate constituent (IC) analysis. Moreover, the material which is discussed are (1) the data of idioms as well as their meaning, (2) the classification of idioms, and (3) teaching material of idiom. From the data obtained, there are 280 idioms, the classification is 44 (15,7%) paribasa, 92 (32,9%) babasan, 38 (13,6%) gaya basa, 6

(2,1%) uga, 69 (24,6%) kecap injeuman (kiasan), 28 (10%) rakitan lantip, and 3 (1,1%) cacandran. Based on criteria of teaching material and curriculum 2013, the novel Pangeran Kornél written by R. Memed Sastrahadiprawira can be used as a tool to convey

the linguistic material, that is learning of vocabulary, especially idiom.

(12)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(13)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

DAPTAR SINGGETAN ... xvi

DAPTAR LAMPIRAN ... xvii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN PUSTAKA (TATAPAKAN TIORITIS) 2.1 Ulikan Pustaka ... 7

2.1.1 Pakeman Basa ... 7

2.1.1.1 Wangenan Pakeman Basa ... 7

2.1.1.2 Wanda Pakeman Basa ... 8

2.1.1.3 Pakeman Basa dina Novel ... 30

2.1.2 Bahan Pangajaran ... 31

(14)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.2.2 Pakeman Basa dina Kurikulum ... 32

2.1.2.3 Larapna Pangajaran Pakeman Basa ... 33

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 34

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtik ... 35

2.4 Raraga Mikir ... 36

2.5 Anggapan Dasar ... 37

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 38

3.2 Sumber Data ... 39

3.3 Ngumpulkeun data ... 40

3.3.1 Instrumén Pangumpul Data ... 40

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 41

3.4 Analisis Data ... 42

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 43

4.1.1 Data Pakeman Basa ... 43

4.1.2 Wanda Pakeman Basa ... 46

4.1.2.1 Paribasa ... 46

4.1.2.1.1 Paribasa Disawang tina Jumlah jeung Warna Unsurna... 49

4.1.2.1.2 Paribasa Disawang tina Maksudna... 51

4.1.2.1.3 Paribasa Disawang tina Cara Gelarna ... 53

4.1.2.1.4 Paribasa Disawang tina Sumber Babandinganana ... 54

4.1.2.2 Babasan ... 58

4.1.2.2.1 Wangunan Babasan ... 61

4.1.2.2.2 Sumber Babandingan Babasan ... 64

4.1.2.3 Gaya Basa winangun Pakeman Basa ... 65

4.1.2.3.1 Gaya Basa Ngupamakeun (Simile) ... 68

(15)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2.3.3 Gaya Basa Mijalma (Personifikasi) ... 70

4.1.2.3.4 Gaya Basa Ngasor (Litotes) ... 70

4.1.2.3.5 Gaya Basa Rarahulan (Hiperbol) ... 71

4.1.2.3.6 Gaya Basa Kadalon (Pleonasmeu) ... 71

4.1.2.3.7 Gaya Basa Kahanan (Epitet) ... 72

4.1.2.4 Uga ... 72

4.1.2.5 Caturrangga ... 74

4.1.2.6 Kecap Injeuman (kiasan) ... 74

4.1.2.7 Rakitan Lantip ... 76

4.1.2.8 Cacandran ... 79

4.1.3 Bahan Pangajaran Pakeman Basa dina Novel ... 80

4.1.3.1 Ambahan Bahan Ajar Pakeman Basa ... 81

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan... 86

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI 5.1 Kacindekan ... 88

5.2 Implikasi ... 89

5.3 Rékoméndasi ... 90

DAPTAR PUSTAKA ... 91

LAMPIRAN ... 93

(16)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR TABÉL

Tabél 2.1 Pamadegan dina Ungkara Babasan jeung Paribasa... 19

Tabel 2.2 Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar ... 35

Tabél 4.1 Data Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél ... 43

Tabél 4.2 Data Paribasa dina Novel Pangéran Kornél ... 47

Tabel 4.3 Jumlah Papasingan Paribasa dina Novel Pangéran Kornél ... 49

Tabél 4.4 Data Babasan dina Novel Pangéran Kornél ... 58

Tabél 4.5 Papasingan Babasan dumasar Wangun jeung Sumber Babandingan ... 61

Tabél 4.6 Data Gaya Basa dina Novel Pangéran Kornél ... 67

Tabél 4.7 Papasingan Gaya Basa dina Novel Pangéran Kornél ... 69

Tabél 4.8 Data Uga dina Novel Pangéran Kornél ... 72

Tabél 4.9 Data Kecap Injeuman (Kiasan) dina Novel Pangéran Kornél ... 74

Tabél 4.10 Data Rakitan Lantip dina Novel Pangéran Kornél ... 76

Tabél 4.11 Data Cacandran dina Novel Pangéran Kornél ... 79

(17)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR BAGAN

(18)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR SINGGETAN

11.3 : Pangajaran Kelas XI, Kompetensi Inti ka-3

11.3.4 : Pangajaran Kelas XI, Kompetensi Inti ka-3, Kompeténsi Dasar ka-4 11.3.4.1 : Pangajaran Kelas XI, Kompetensi Inti ka-3, Kompeténsi Dasar ka-4,

Indikator Pencapaian Kompetensi ka-1 -an : Rarangkén Tukang -an

C : Caritaan

DPBD : Departemen Pendidikan Bahasa Daérah FPBS : Fakulas Pendidikan Bahasa dan Sastra

J : Jejer

LBSS : Lembaga Basa jeung Sastra Sunda N- : Nasal

No. Data : Nomer data

P : Novel Pangéran Kornél

P/15/2/8/4 : Kode data novel Pangéran Kornél, kaca-15, paragraf-2, kalimah ka-8, gundukan kecap ka-4

Rdm : Rajékan dwimurni SMA : Sekolah Menengah Atas spk : Saparakanca

U : Udagan

UKM : Unit Kegiatan Mahasiswa

(19)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 Pengesahan Judul dan Penunjukan Dosen Pembimbing Skripsi ... 93

Lampiran 2 Data Pakeman Basa ... 94

Lampiran 3 Paribasa ...112

Lampiran 4 Papasingan Paribasa ...114

Lampiran 5 Babasan ...121

Lampiran 6 Papasingan Babasan ...123

Lampiran 7 Gaya Basa ...128

Lampiran 8 Papasingan Gaya Basa ...130

Lampiran 9 Uga...132

Lampiran 10 Kecap Injeuman (Kiasan) ...133

Lampiran 11 Rakitan Lantip ...135

Lampiran 12 Cacandran ...136

(20)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

(21)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Dina hirup kumbuh masarakat, komunikasi kacida diperlukeun pikeun patali marga jeung papadana. Komunikasi bakal mulus banglus tur taya pasalia antarpanyatur saupama ngagunakeun basa nu merenah. Dina prakna, mindeng kajadian nalika ngedalkeun hiji gagasan, pesen nu diungkarakeun ku panyatur teu nepi atawa teu luyu jeung tujuan. Bisa waé pamiarsa ngarasa kasigeung atawa teu ngarti kana obrolan nu ditepikeun. Éta hal bisa disingkahan saupama pamaké basa ngarti kana situasi, boh kaayaan nu diajak nyarita boh kaayaan lumangsungna komunikasi.

Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, masarakat hususna urang Sunda tara togmol ceplak pahang dina ngungkarakeun katugenahna, tapi sok dibalibirkeun, sabab masarakat kacida merhatikeun tata titi, tindak tanduk, paripolah dina kahirupan sapopoé kaasup dina komunikasi. Kabiasaan saperti kitu téh geus diwariskeun turun tumurun ti karuhun urang, malah réa ungkara dina komunikasi nu geus matok adeganana. Ungkara saperti kitu téh disebutna pakeman basa.

(22)

2

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ungkara nu dikedalkeun bakal méré pangaruh anu leleb karasana saupama puguh gékgékanana sarta merenah larapna luyu jeung situasi komunikasi. Anapon dina komunikasi sapopoé, pakeman basa (idiom) dilarapkeun sacara lisan atawa tinulis. Sawatara pangarang ngagunakeun pakeman basa jadi gaya basa anu has dina karyana. Katapisan ngagunakeun pakeman basa dina komunikasi ngébréhkeun sakumaha kandaga kecap anu dikawasa. Dina kaayaan masarakat Sunda kiwari, teu sakumna masarakat tapis kana ngedalkeun katugenahna ngaliwatan pakeman basa. Lian ti éta, sawatara kandaga kecap dianggap ahéng alatan teu ngarti kana maksud tina ungkara nu ngandung pakeman basa. Éta hal balukar tina mingkin saeutikna masarakat anu ngagunakeun basa Sunda di lingkungan sapopoé, saperti di lingkungan kulawarga, masarakat, atawa sakola.

Pangajaran basa Sunda nu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan heureutna kandaga kecap hususna anu patali jeung pakeman basa. Éta hal luyu jeung pedaran Haérudin jeung Kardana (2013, kc. 111) anu nétélakeun yén pangajaran kandaga kecap aya dina papayung pangajaran kamahéran basa, dina topik pangajaran maca, nyarita, nulis, jeung ngaregepkeun nu fungsina pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna, pangajaran anu dilarapkeun ka siswa kudu kontékstual tématis jeung eusi wacana sarta kudu miboga hubungan anu fungsional jeung lingkungan sangkan mibanda

ma’na. Alatan euyeubna kandaga kecap anu dikawasa, mangaruhan kana

lumangsungna komunikasi dina ngébréhkeun katugenah ngaliwatan hal anu katitén ku siswa dina kontéks makéna basa.

(23)

3

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ngawanohkeun kandaga kecap ka siswa magrupa tarékah pikeun ngaronjatkeun kamahéran basa.

Sacara umum wanda pakeman basa anu dipikawanoh ku siswa ngan sakur babasan, paribasa, jeung gaya basa wungkul, sedengkeun wanda pakeman basa lianna saperti uga, caturangga, rakitan lantip, jeung cacandran henteu dipikawanoh ku siswa. Ku kituna, perlu diwanohkeun deui wanda-wanda pakeman basa lianna anu dilarapkeun dina kalimah.

Dina Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013 (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 56) novel mangrupa bahan pangajaran anu dilarapkeun di SMA kelas XI. Novel anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Dina ieu novel euyeub ku istilah-istilah buhun utamana patali jeung wanda pakeman basa anu kiwari langka dilarapkeun dina wangun-wangun kalimah sapopoé saperti uga, rakitan lantip, jeung cacandran. Lian ti kandaga kecap, eusi dina ieu novel patali jeung sajarah Sunda pikeun ngajembaran pangaweruh anu patali jeung sajarah nu aya di tatar Sunda. Éta hal jadi dadasar nu nguatkeun dijadikeunana ieu novel salaku objék analisis ngeunaan pakeman basa ditilik tina segi semantik.

Panalungtikan nu patali jeung pakeman basa téh lain hal anu anyar. Saméméhna kungsi aya panalungtikan anu judulna: “Babasan jeung Paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Siswandi, 2005), “Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012), “Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda (Tilikan Stilistika jeung Semantik)” (Anita Nurul Fauziah, 2014), jeung “Babasan jeung Paribasa nu Ngandung Ngaran Babagian Awak (Tilikan Semantik)” (Femy Firmansyah, 2014).

(24)

4

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pakeman basa penting dilarapkeun dina pangajaran alatan nyampak dina rupa-rupa kagiatan komunikasi, boh lisan boh tinulis.

Sacara gembleng wanda pakeman basa anu dipatalikeun jeung pangajaran can kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan nu judulna “Pakeman Basa dina Novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun Alternatif

Bahan Pangajaran di SMA” dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa, caturangga, uga, kecap injeuman, rakitan lantip, jeung cacandran katut larapna dina pangajaran basa Sunda. Ku kituna, hal-hal nu jadi pasualan dina ieu panalungtikan baris didadarkeun ngaliwat kalimah pananya saperti di handap.

a. Naon waé pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira?

b. Kumaha wanda pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira?

c. Kumaha larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawirapikeun alternatif bahan pangajaran di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Unggal panalungtikan hakékatna miboga tujuan minangka hal anu hayang kahontal nalika ngayakeun panalungtikan. Luyu jeung rumusan masalah nu didadarkeun, ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

(25)

5

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh jeung medar semantik ngeunaan pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun opat hal, nya éta:

a. pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira;

b. wanda pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira; jeung

c. larapna pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira pikeun bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat, boh mangpaat tioritis boh mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh jeung ngeuyeuban kandaga kecap ngeunaan pakeman basa nu gumulung dina hirup kumbuh masarakat anu dipasing-pasing dumasar wanda pakeman basa. Jaba ti éta hasil tina ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu semantik.

1.4.2 Mangpaat Praktis

(26)

6

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Pikeun siswa, hasil panalungtikan ngawanohkeun jeung ngajembaran pangaweruh ngeunaan pakeman basa pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé.

c. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban kandaga kecap hususna ngeunaan pakeman basa nu kapaluruh dina Novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

1.5 Raraga Tulisan

Hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab saperti ieu di handap.

Bab I Bubuka, ngawengku kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Pustaka, ngawengku ulikan tiori, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung anggapan dasar.

Bab III Métode Panalungtikan, ngawengku desain panalungtikan, sumber data, jeung ngumpulkeun data anu eusina instrumén pangumpul data, jeung téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data.

Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, didéskripsikeun hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan pakeman basa anu kapaluruh dina novel

Pangéran Kornél, karangan R. Méméd Sastrahadiprawira dumasar hasil ngolah

jeung nganalisis luyu jeung rumusan masalah panalungtikan.

(27)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode deskriptif. Data anu dicangking mangrupa kekecapan anu eusina gambaran deskriptif ngeunaan wanda jeung harti pakeman basa dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Éta hal dirojong ku pamanggih Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 22) penelitian kualitatif adalah penelitian yang berangkat dari inkuiri naturalistik yang temuan-temuannya tidak diperoleh dari

prosedur penghitungan secara statistik. Sajalan jeung éta pedaran, Moleong

(2007, kc. 6) nétélakeun penelitian kualitatif adalah penelitian yang bermaksud untuk memahami fenomena tentang apa yang dialami oleh subjek penelitian misalnya perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll., secara holistik, dan dengan cara deskripsi dalam bentuk kata-kata dan bahasa, pada suatu konteks khusus

yang alamiah dan dengan memanfaatkan berbagai metode alamiah.

Métode deskriptif nurutkeun Arikunto (2013, kc. 3) nya éta penelitian yang dimaksudkan untuk menyelidiki keadaan, kondisi atau hal-hal lain yang sudah

disebutkan, yang hasilnya dipaparkan dalam bentuk laporan penelitian. Lian ti

éta, tujuan utama dina métode deskriptif nya éta ngagambarkeun sacara sistematis fakta jeung karakteristik objék atawa subjek anu ditalungtik. Sukardi (2007, kc. 157). Dumasar éta pedaran, metode déskriptif miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun, nyieun gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta nu aya di lapangan. Hal-hal anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan pakeman basa nu dipasing-pasing dumasar wandana anu kapaluruh dina novel Pangéran Kornél Karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.

(28)

41

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nangtukeun Rumusan Masalah :

- pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornel

- wanda pakeman basa dina novel Pangéran Kornel

- larapna pakeman basa dina pangajaran basa Sunda kelas XI

Ngumpulkeun Data

-Téhnik Ulikan Pustaka (Studi

Bibliografi)

Analisis jeung Deskripsi Data: - Mariksa data pakeman basa - Nyieun papasingan pakeman basa - Ngadeskripsikeun dumasar wanda jeung

hartina

- Nyusun bahan pangajaran

Nyieun Kacindekan

Nurutkeun Lofland jeung Lofland (dina Moleong 2007, kc. 157) sumber data utama dalam penelitian kualitatif ialah kata-kata dan tindakan selebihnya adalah

data tambahan seperti dokumen dan lain-lain. Lian ti éta Basrowi jeung Suwandi

(29)

42

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Anapon data dina ieu panalungtikan nya éta sakumna wanda pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Ari sumber datana nya éta novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira. Novel anu kandelna 151 kaca jeung ukuranna 20,5cm x 14,4cm ieu téh mangrupa wedalan PT Kiblat Buku Utama citakan kadua taun 2014, sedengkeun citakan kahijina medal taun 2009. Saenyana novel Pangéran

Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira geus medal taun 1978 ti

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Penerbitan Bacaan dan Sastra Indonesia dan Daerah.

Ieu novel kagolong kana novel sajarah, alatan eusina nyaritakeun sajarah anu aya di wewengkon tatar Sunda perenahna mah di Sumedang, Cadas Pangéran téa. Anu dicaritakeun lain ngan sakur wilayah Cadas Pangéran jeung wewengkon Sumedang wungkul, tapi wewengkon séjén saperti Limbangan, Bandung, Cianjur, Bogor, jeung wewengkon séjénna anu jadi saksi lalampahan Pangéran Kornél. Carita dina ieu novel dimimitian ku situasi Sumedang taun 1773. Satuluyna diébréhkeun lalampahan Radén Jamu atawa Pangéran Kusumadinata salaku bupati Sumedang anu sasalaman jeung Marsekal Daendels maké leungeun kénca. Alatan leungeun katuhuna siap nyekel landéan keris. Sulaya tina panyangka, ngaliwatan éta peristiwa, Daendels anu amarahna ngagugudag sarta nu tadina disangka bakal nibanan hukuman ka anjeuna, jadi nyurahan naon anu ditétélakeun ku Pangéran Kusumadinata perkara kateusanggupan rahayat neunggar cadas anu sakitu taringgulna alatan teu luyu jeung alat disadiakeun.

(30)

43

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kartu Data

Kode Data : P/15/2/8/4

Data : Cék paripaos téa mah raos kagunturan madu kaurugan menyan

putih sarta sadayana para wargi sami nadahkeun leungeun duanana ka langit, neneda ka nu Maha Wisésa, supados Dampal Dalem salamina ginuluran kawilujengan.

Nurutkeun Sugiyono (2013, kc. 102) instrumen penelitian adalah suatu alat

yang digunakan mengukur fenomena alam maupun sosial yang diamati. Anapon

instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Sakabéh data pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira disalin kana kartu data nu digunakeun sarta dibéré idéntitasna. Masing-masing idéntitas nuduhkeun judul novel, kaca, paragraf, posisi kalimah, posisi frasa atawa gundukan kecapna.

Saterusna éta data disalin kana tabél nu geus dipasing-pasing dumasar gelarna, warna jeung hartina. Anapon conto kartu datana saperti ieu di handap.

Bagan 3.2 Kartu Data

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

(31)

44

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangaweruh. Téhnik ulikan pustaka dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan (Arikunto, 2013, kc. 75).

Dumasar téhnik nu digunakeun, kawangun runtuyan léngkah-léngkah nu dilakukeun nalika ngumpulkeun data, nya éta:

a. nangtukeun sumber data;

b. maca novel Pangéran Kornél minangka sumber data nu dianalisis wangun pakeman basana;

c. nyirian pakeman basa dina novel dumasar papasinganana; jeung d. nyalin data pakeman basa kana kartu data nu geus disadiakeun.

3.4 Analisis Data

Bodgan (dina Sugiyono, 2013, kc. 244) nétélakeun analisis data adalah proses mencari dan menyusun secara sistematis data yang diperoleh dari hasil wawancara, catatan lapangan, dan bahan-bahan lain, sehingga dapat mudah

dipahami, dan temuannya dapat diinformasikan kepada orang lain. Dina ieu

panalungtikan, data nu geus dikumpulkeun téh tuluy diolah. Ari ngolah datana ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung (Immediate constituent (IC)

analysis). Analisis unsur langsung dipaké pikeun nganalisis unsur-unsur anu

ngawangun hiji basa (kecap, frasa, klausa, atawa kalimah) (Wijayanto, 2008). Unsur-unsur anu dianalisisna nya éta wangun, wanda, jeung harti pakeman basa. Anapon léngkah-léngkah dina nganalisis ieu data nya éta:

a. mariksa jeung narjamahkeun data pakeman basa anu geus dikumpulkeun; b. nyieun papasingan dumasar wanda pakeman basa;

c ngadeskripsikeun wanda pakeman basa;

d. nyieun kacindekan tina pakeman basa anu kapaluruh dina novel Pangéran

Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira; sarta

(32)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis jeung deskripsi data anu geus ditepikeun dina pedaran saméméhna ngeunaan pakeman basa katut larapna dina pangajaran di SMA, bisa dicindekeun saperti ieu di handap.

Kahiji, pakeman basa anu kapanggih dina novel Pangéran Kornél karangan

R. Méméd Sastrahadiprawira kapanggih 280 ungkara anu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa, uga, kecap injeuman (kiasan), rakitan lantip, jeung cacandran. Éta ungkara pakeman basa anu kapanggih téh aya dina wangun kecap, frasa, klausa, jeung kalimah anu teu bisa dihartikeun sacéréwélna atawa sacara gramatikal wungkul.

Kadua, Tina 280 ungkara, wanda pakeman basa anu kapanggih dina novel téh

ngawengku paribasa, babasan, gaya basa winangun pakeman basa, uga, kecap injeuman (kiasan), rakitan lantip, jeung cacandran. Jumlah data wanda pakeman basa anu kapanggih téh aya 44 (15,7%) paribasa, 92 (32,9%) babasan, 38 (13,57%) gaya basa, 6 (2,14%) uga, 69 (24,6%) kecap injeuman (kiasan), 28 (10%) rakitan lantip, jeung 3 (1,1%) cacandran.

(33)

89

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

paribasa ngaran barang 11 (25%), jeung paribasa ngaran laku lampah aya 9 (20,5%).

Babasan dipasing-pasing dumasar wangunan nya éta rundayan aya 40 (44%), kantétan aya 40 (43,5%), kantétan aya 37 (40,2%), frasa aya 15 (16,3%); jeung sumber babandinganana nya éta awak sakujur aya 65 (70,7%), sasatoan aya 6 (6,5%), tutuwuhan aya 2 (2,2%), kaayaan alam aya 5 (5,4%) jeung barang aya 14 (15,2%).

Sedengkeun gaya basa dipasing-pasing dumasar gundukanana. Gaya basa anu kapanggih dina novel téh nya éta simile aya 5 (13,16%), metafora aya 8 (21,05%), personifikasi aya 12 (31,58%), litotes aya 1 (2,63%), hiperbol aya 9 (23,68%), epitet aya 1 (2,63%), jeung pleonasme aya 2 (5,26%).

Katilu, pakeman basa anu aya dina novel bisa dijadikeun bahan pangajaran,

hususna ngeunaan papasingan katut harti tina ungkara pakeman basana. Sabada dianalisisna kritéria bahan ajar tur disaluyukeun jeung bahan pangajaran anu aya dina kurikulum 2013, ieu novel téh bisa dijadikeun alat pikeun nepikeun bahan pangajaran kabasaan nya éta pangajaran kandaga kecap, hususna pakeman basa.

Dumasar data anu dipedar di luhur, ébréh yén pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél téh euyeub pisan, tur bisa ditalungtik dumasar wandana, sarta bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA kelas XI.

5.2 Implikasi

Pakeman basa anu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira bisa dilarapkeun di sakola dina pangajaran novel kalayan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Siswa dibéré téks sempalan novel. 2) Siswa dibéré pancén maca éta téks.

3) Siswa nyirian pakeman basa anu aya dina éta téks.

(34)

90

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kacindekan jeung léngkah-léngkah di luhur, implikasi tina ieu panalungtikan bisa dititénan saperti ieu di handap.

Sabada nengetan, nganalisis, jeung ngalarapkeun pakeman basa nu aya dina novel Pangéran Kornél karangan R. Méméd Sastrahadiprawira, siswa mampu ngaronjatkeun kaparigelanana, saperti:

1) maham kana pakeman basa hususna ngeunaan wanda jeung hartina; 2) parigel dina nyieun kalimah nu ngandung pakeman basa;

3) aktif jeung kritis dina diskusi atawa matotoskeun pasualan kalayan ngagunakeun basa anu leuwih merenah.

5.3 Rékoméndasi

Sabada dilakukeun panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi anu perlu ditepikeun anu didadarkeun saperti ieu di handap.

Kahiji, dina ieu panalungtikan kakara dipedar pakeman basa nu ditalungtik

maké élmu semantik. Panalungtikan ngeunaan pakeman basa bisa ditalungtik tina rupa-rupa paélmuan saperti antropologi, filsafat, sosiologi, jeung sajabana.

Kadua, panalungtikan ngeunaan pakeman basa dina wangun tulisan boh lisan

masih saeutik. Dina ieu panalungtikan digunakeun novel atawa karya sastra wangun lancaran (prosa). Pakeman basa bisa kapanggih dina rupa-rupa wangun komunikasi, boh lisan boh tinulis, boh prosa boh fiksi.

Katilu, hasil tina ieu panalungtikan ngan sakur dijadikeun alternatif bahan

pangajaran. ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar larapna ieu panalungtikan.

Kaopat, Pakeman basa perlu dihirupkeun deui dina kahirupan sapopoé ngaliwatan

(35)

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2013). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Basrowi & Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2013). Pengantar Semantik Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

jeung Universitas Padjajaran.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat 2013. (2013). Kurikulum Tingkat Daerah Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Berbasis

Kurikulum 2013. Bandung: Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan

Kesenian.

Haérudin, D. & K. Kardana. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (JPBD) FPBS UPI.

Hidayat, R.T. spk. (2007). Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten

Listiani, A.G. (2015). Kecap Pagawéan dina Novel Prasasti nu Ngancik na Ati

Karangan Popon Saadah pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Bandung:

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Moleong, L.J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Rosidi, A. (2010). Babasan & Paribasa 2. Bandung: PT Kiblat Buku Utama Sastrahadiprawira, R.M. (2014). Pangéran Kornél. Bandung: PT Kiblat Buku

Utama.

Sudaryat, Y. (2003). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y., spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Préss

Sudaryat, Y., A. Prawirasumantri & K. Yudibrata. (2007). Tata Basa Sunda

(36)

92

Nur Aisyah Suwanda, 2015

PAKEMAN BASA DINA NOVEL PANGÉRAN KORNÉL KARANGAN R. MÉMÉD SASTRAHADIPRAWIRA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Penerbit Alfabeta.

Sukardi. (2007). Metode Penelitian Pendidikan. Yogyakarta: PT Bumi Aksara. Sastrawijaya, M.M, T. Muhtadin & M. Rukmini. (2010). Kamus Idiom

Sunda-Indonesia. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

Tamsyah, B.R. spk. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia. Tamsyah, B.R, D. Djuanda & T. Purmawati. (2010). 1000 Babasan jeung

Paribasa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2011). Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung: PT RajaGrafindo Persada.

Wijayanto, S. (2008). Linguistik sebagai Ilmu. [Outline]. Aya dina: http://cakrabuwana.files.wordpress.com/2008/09/arvan_bab-2_doc.pdf.

Referensi

Dokumen terkait

Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu, struktur prak-prakanana,

Dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Désa/Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang. Luyu jeung kasang tukang masalah nu geus

Rustandi Kartakusuma pikeun bahan ajar basa Sunda di SMA (tilikan stuktur jeung semantis) nya éta déskipsi ngeunaan jumlah, wangun, fungsi, jeung harti kecap

Brannen, Julia 2008 nétélakeun yén téhnik analisis data nya éta runtuyan kagiatan panalungtikan, dikelompokkeun, sistematisasi, ditalaah jeung verifikasi data

panalungtik nu teu ngagunakeun instrumén pengamatan. Observasi anu ditekenkeun dina ieu panalungtikan nya éta leuwih dipuseurkeun dina kagiatan siswa di sakola

Dina prosés nyiptakeunana, rumpaka kawih miboga unsur-unsur saperti: (1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra. Rumpaka kawih dina ieu

Salian ti éta, hal séjén nu ngabédakeun jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina ieu panalungtikan téh diguar struktur caritana (téma, fakta carita, jeung

Ngolah data dina ieu panalungtikan dimimitian ku ngawilah-wilah data saluyu jeung klasifikasi sarta kategori masing-masing. Ieu kagiatan téh lumangsung nepi ka kacangkingna