• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

No. 858/FPBS/0251/2015

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG

DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Ai Karlina NIM 1102250

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Halaman Hak Cipta

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG

DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Oleh

Ai Karlina

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Ai Karlina 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI

KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII1

Ai Karlina2

ABSTRAK

Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku kurangna pangaweruh masarakat Kota Bandung kana kasenian Ulin Barong. Kiwari, masarakat leuwih resep kana kabudayaan atawa kasenian deungeun dibandingkeun jeung kabudayaanna sorangan. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun asal-muasal, fungsi, unsur-unsur seni, prak-prakan jeung ajén éstétis nu nyangkaruk dina kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung, sarta hasilna dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca di SMA. Hasil ieu panalungtikan ngawengku tilu hal, nya éta: 1) asal-muasal kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung nu miboga fungsi minangka sarana hiburan jeung ritual pikeun nurunkeun hujan, 2) pintonan kasenian Ulin Barong dimimitian ku tahapan tatahar, pintonan, jeung panutup, 3) ajén éstétis dina kasenian Ulin Barong ieu aya dina unsur seni nu aya dijerona saperti gerakan, rupa barongna, kostum, jeung tatabeuhan nu mirigna. Tina hasil analisis bisa disimpulkeun yén kasenian Ulin Barong nu aya di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca di SMA kelas XII. Salian ti kitu, dipiharep ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh, sarta masarakat reueus kana kasenian nu aya di sabudeureunana,

Kecap Galeuh: ajén éstétis, kasenian ulin barong, pangajaran maca.

1

Penyusunan ieu skripsi diaping ku Drs. H. O Solehudin, M.Pd., dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.

2

(5)

vi

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI

KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII3

Ai Karlina4

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pengetahuan masyarakat Kota Bandung tentang kesenian Ulin Barong. Masyarakat pada jaman sekarang lebih senang dengan kebudayaan atau kesenian dari negara lain dibandingkan dengan budayanya sendiri. Tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan , fungsi, unsur-unsur seni, ragkaian proses, dan nilai éstétis yang terdapat di dalam Kesenian Ulin Barong yang berada di Kelurahan Sekeloa Kecamatan Coblong Kota Bandung, serta hasilnya dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca di SMA. Adapun hasil penelitian ini menyangkut tiga hal, yaitu: 1) asal-muasal kesenian Ulin Barong di Kelurahan Sekeloa Kecamatan Coblong Kota Bandung berfungsi sebagai sarana hiburan dan ritual untuk menurunkan hujan, 2) pelaksanaan kesenian Ulin Barong ini dimulai melalui proses persiapan, penampilan, dan penutup, 3) nilai estetis di dalam kasenian Ulin Barong ini terdapat pada unsur seni yang ada di dalamnya seperti gerakan, rupa barongnya, tata busana, dan alat musik pengiring. Dari hasil analisis tersebut dapat disimpulkan bahwa kesenian Ulin Barong di Kelurahan Sekeloa Kecamatan Coblong Kota Bandung ini dapat dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca di SMA kelas XII. Selain itu, diharapkan penelitian ini dapat menambah ilmu pengetahuan, dan masyarakat bangga terhadap kesenian yang ada di lingkungan sekitarnya.

Kata Kunci: nilai estetis, kasenian ulin barong, pembelajaran membaca.

3

Penyusunan skripsi ini dibawah bimbingan Drs. H. O Solehudin, M.Pd., dan Dr. Ruswendi Permana,

M.Hum. 4

(6)

vii

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI

KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII5

Ai Karlina6

ABSTRACT

The background of this study is the lack of knowledge regarding Ulin Barong art among the people of Bandung city. In today’s society, people are more pleased with culture or art from other countries than their own culture. The aims of this study are to describe the origin, the function, the art’s elements, the sequence of processes, and the aesthetic value contained in Ulin Barong art in Sekelola Village, Coblong District, Bandung City. Besides, the findings of this study can be used as the reading learning material alternative in Senior High School. The findings of this study cover three points: 1) the origin of Ulin Barong art in Sekelola Village, Coblong District, Bandung City which has a function as a tool and ritual to make rain fall, 2) the realization processes of Ulin Barong from the preparation process, execution, and closing, 3) the aesthetic value in Ulin Barong art which can be found on the art’s elements, movements, the mask design, costumes, and the music instruments. From the analysis, it can be assumed that Ulin Barong art can be used as the teaching reading material alternative for grade XII in Senior High School. Furthermore, the findings of this study can enrich the knowledge, and make the people proud of existing arts in their environment.

Keywords: aesthetic value, ulin barong art, reading learning.

5

Penyusunan ieu skripsi diaping ku Drs. H. O Solehudin, M.Pd., dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.

6

(7)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK... v

DAPTAR EUSI ... viii

DAPTAR TABÉL... xii

DAPTAR BAGAN ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

DAPTAR SINGGETAN ... xv

DAPTAR GAMBAR ... xvi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus... 4

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan... 6

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 7

2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Éstétika ... 7

2.1.1.1 Wangenan Éstétika ... 7

2.1.1.2 Éstétika jeung Seni ... 7

2.1.1.3 Ajén Éstétika jeung Ajén Seni ... 9

(8)

ix

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1.5 Ajén Seni ... 11

2.1.1.6 Filsafat Seni... 12

2.1.2 Kasenian ... 12

2.1.2.1 Wangenan Kasenian ... 12

2.1.2.2 Fungsi Kasenian ... 13

2.1.3 Kasenian Ulin Barong ... 14

2.1.3.1 Wangenan Kasenian Ulin Barong ... 14

2.1.3.2 Sajarah Kasenian Ulin Barong ... 14

2.1.3.3 Fungsi Kasenian Ulin Barong ... 15

2.1.4 Bahan Pangajaran ... 15

2.1.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 15

2.1.4.2 Tujuan Pangajaran ... 16

2.1.4.3 Kriteria Milih Bahan Pangajaran... 16

2.1.5 Bahan Pangajaran Maca ... 17

2.1.5.1 Pangajaran Maca ... 17

2.1.5.2 Prinsip Pangajaran Maca ... 17

2.1.5.3 Kamampuh Maca ... 18

2.1.5.4 Mekarkeun Pangajaran Maca ... 18

2.1.5.5 SKKD Bahasa jeung Sastra Sunda... 19

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 21

2.3 KalungguhanTiori ... 22

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 23

3.1 Desain Panalungtikan ... 24

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan ... 25

3.2.1 Partisipan ... 25

3.2.2 Tempat Panalungtikan ... 25

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 27

3.3.1 Léngkah Tatahar... 27

3.3.2 Ngumpulkeun Data ... 27

3.3.3 Instrumén Panalungtikan... 28

(9)

x

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4.1 Tatahar... 30

3.4.2 Tabulasi ... 30

3.4.3 Dipakéna Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan ... 30

3.5 Wangenan Operasional ... 31

BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN ... 32

4.1 Asal- muasal Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa ... 32

4.1.1 Fungsi Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa ... 35

4.2 Prak-prakan Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa ... 35

4.3 Unsur-unsur Seni nu Nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong ... 37

4.3.1 Unsur Seni Tari atawa Gerakan ... 38

4.3.2 Unsur Seni Musik atawa Waditra... 41

4.3.3 Unsur Seni Sora atawa Lalaguan ... 44

4.3.4 Unsur Seni Rupa... 45

4.3.5 Unsur Seni Busana ... 46

4.4 Ajén Éstétika dina Kasenian Ulin Barong dumasar kana tiori Kant ... 47

4.4.1 Ajén Éstétis atawa Ajén Murni ... 47

4.4.2 Ajén Ékstra atawa Ajén Tambahan ... 48

4.4.3 Ajén Éstétis Dumasar kana Téori Intrinsik ... 49

4.4.4 Ajén Éstétis Dumasar kana Téori Ékstrinsik ... 49

4.4.5 Ajén Éstetis Dumasar kana Téori Serba Intelektual... 50

4.4.6 Ajén Éstétis Dumasar kana Tiori Kataris ... 50

4.4.7 Larapna pikeun Bahan Ajar... 50

4.5 Bahan Ajar nu dijieun pikeun Pangajaran Maca Bahasan Ngeunaan Kasenian di kelas XII ... 51

4.5.1 Bahan Pangajaran ... 52

4.5.2 RPP... 55

4.5.3 Évaluasi ... 55

4.5.3.1 Latihan Soal... 55

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI... 57

(10)

xi

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Rékoméndasi ... 58

DAPTAR PUSTAKA ...60

LAMPIRAN ...62

(11)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Bangsa Indonesia mangrupa bangsa multikultural nu miboga karakteristik budaya anu loba rupana. Unggal sélér bangsa tangtu miboga struktur budayana séwang-séwangan. Sanajan kitu, sakabéh karakteristik budaya ti unggal sélér bangsa Indonesia mangrupa harga diri bangsa sacara nasional. Hiji bangsa tangtu miboga kabudayaan. Koentjaraningrat (1985, kc.1) nétélakeun yén para ahli élmu sosial ngartikeun konsép kabudayaan dina harti nu lega nya éta sakabéh hal tina pamikiran, karya jeung hasil karya manusa nu teu ngakar kana naluri sarta manusa teu bisa ngahasilkeun éta kabudayaan iwal tina prosés diajar.

(12)

2

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kasenian Ulin Barong anu munggaran di Kalurahan Sékéloa aya dina taun 1901 anu disesepuhan ku Mohammad Tarwi. Kasenian Ulin Barong nu disesepuhan ku Mohammad Tarwi mangrupa cikal bakal Kasenian Ulin Baronng nu disesepuhan ku Abdul Rachim. Kasenian Ulin Barong anu disesepuhan ku No 431/62-disbudpar/2009. Pa Atjéng teu kaleuleuwihi ngadaptarkeun Kasenian Ulin Barong ka disparbud, ku sabab Kasenian Ulin Barong miboga ajén inajen salah sahijina nya éta ajén éstétika. Ajén éstétika Kasenian Ulin Barong nya éta ajén kaéndahan dumasar kana patokan eusi Kasenian Ulin Barongna sorangan. Kasenian Ulin Barong dirojong ku sababaraha unsur seni, nya éta seni tari, seni musik, seni rupa, jeung seni sora anu gumulung jadi karya seni kreasi anu teu leupas tina ajén-inajén kasundaan anu nembongkeun kaéndahan atawa éstétika.

Numutkeun Kattsof (dina Kartika jeung Perwira, 2004, kc.6) éstétika nya éta cabang filsafat ngeunaan ngeunaan struktur jeung peranan (role) dina kaéndahan, hususna seni. Ajén éstétika nu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong aya dina gerakan rudatna, wangun barongna saperti warna, jeung rupana. Kitu deui kaéndahan nu aya dina alat musik nu mirig Kasenian Ulin Barong waktu minton.

(13)

3

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

saupamana kasenian tradisional warisan ti karuhun leungit mangka harga diri bangsa ogé bisa leungit. Salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé kasenianana nya éta ku cara nerapkeun kasenian dina pangajaran di sakola-sakola.

Pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola miboga udagan pikeun ngajén jeung nimbulkeun rasa kareueus kana basa jeung sastra Sunda. Siswa bisa nganalisis ajén-inajén nu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong nu kaasup kana bahasan budaya nu luyu jeung Standar Kompetensi Kompetensi Dasar di kurikulum KTSP 2006 di kelas XII. Standar Kompetensi (SK) 12.3, nyaéta“Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa

artikel, carita buhun, dan bahasan”. Kompeténsi Dasar (KD) 12.3.3, nyaéta

Membaca bahasan tentang kesenian”. (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

2012, kc. 124).

Hasil panalungtikan ngeunaan kasenian dina wangun skripsi ku mahasiswa Universitas Pendidikan Indonesia Bandung, di antarana: (1) Ajén Éstétika dina

Kasenian Lodaya Winduraja di Yayasan Galoeh Ethnic Winduraja Désa

Winduraja Kecamatan Kawali pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA

kelas XII ku Reni Anggraeni (2014); jeung (2) Kasenian Brung-Brung di

Kalurahan Ledeng Kacamatan Cidadap Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran

Maca di SMA (Ulikan Struktural-Semiotik) ku Dwi Komarasari (2014).Sangkan

hasil panalungtikan ieu dipikanyaho ku nonoman Sunda, hususna pasa siswa salaku generasi panerus, hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola-sakola anu aya di daérah Jawa Barat hususna Kota Bandung. Pangajaran Basa Sunda ngawengku widang basa, sastra jeung kaparigelan. Ku ayana pangajaran Basa Sunda, siswa dipiharep wanoh jeung nyangkem kana tujuan pangajaran, sarta ieu hal mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé kabudayaan sangkan teu kadéséh ku bangsa deungeun.

(14)

4

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kacamatan Coblong Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Kelas XII” perlu dilaksanakeun pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran di sakola.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan bisa diidéntifikasi jadi sababaraha masalah anu patalina jeung a) perluna ngamumulé warisan kabudayaan anu sumebar di masarakat sangkan bisa dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b) jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun, disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké, c) téks kasenian mangrupa salasahiji media anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran Maca di SMA, sarta salasahiji tarékah dina ngamumulé warisan kabudayaan.

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan anu aya di luhur, aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1) asal- muasal ayana Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa? 2) kumaha prak-prakan Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa?

3) unsur-unsur seni naon waé anu aya dina Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa?

4) naon waé ajén éstétika anu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong di Kalurahan Sékéloa?

5) kumaha larapna hasil panalungtikan dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

(15)

5

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta:

1) pikeun maluruh jeung medar asal-muasal ayana Kasenian Ulin Barong;

2) pikeun maluruh jeung medar runtuyan prak-prakan mintonkeun Kasenian Ulin Barong;

3) pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun unsur-unsur seni nu nyampak dina Kasenian Ulin Barong;

4) pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis nu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong; sarta

5) pikeun ngadéskripsikeun luyu henteuna hasil panalungtikan dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan tèh dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh jeung apresiasi budaya hususna kasenian, sarta pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda ngeunaan bahasan budaya Sunda pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih jero ngeunaan kasenian nu aya disabudeureuna, nambahan pangaweruh dina widang budaya Sunda, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya ;

(16)

6

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) pikeun guru, bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan pangajaran, ku cara ngalarapkeun ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jadi bahan pangajaran; jeung

4) pikeun siswa, bisa mikawanoh kasenian nu aya di sabudeureuna jeung paham kana éstétika dina kabudayaan.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah nu ditalungtik, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi.

Dina bab II eusina tiori-tiori ngeunaan ajén éstétis dina Kasenian Ulin Barong jeung bahan pangajaran nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah anu ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori.

Dina bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, analisis data, sarta wangenan operasional.

Dina bab IV eusina ngeunaan analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan anu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab II.

(17)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun maksud tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya (Sugiono, 2010, kc. 8).

(18)

24

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1 Désain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa talaah pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data jeung nyieun laporan panalungtikan.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

Permasalahan Ngadéskripsikeun:

1. Asal-muasal kasenian Ulin Barong 2. Prak-prakan kasenian Ulin Barong

3. Unsur-unsur seni nu aya dina kasenian Ulin Barong 4. Ajén éstétis dina kasenian Ulin Barong

5. Larapna kana bahan pangajaran maca di SMA kelas XII

Ngumpulkeun Data

(talaah pustaka, observasi, wawancara)

Ngolah Data

Nyieun Kacindekan

(19)

25

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan 3.2.1 Partisipan

Partisipan nya éta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nya éta unsur masarakat nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Partisipan bisa disebut ogé sumber data.

(20)

26

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2013, jumlah Kepala Keluarga nya éta 4.690 KK sedengkeun jumlah pendudukna nya éta 25.699 jiwa, anu komposisina 13.365 lalaki jeung 12.334 awéwé. Ditilik tina jumlah kepadatan penduduk nya éta 25.991 jiwa/Ha sarta ditilik tina

pertumbuhan penduduk, intensitas populasina bakal terus nambahan ti taun ka

taun.

Kaayaan géografis Kalurahan Sékéloa ditilik tina luhurna nya éta 725 di

atas permukaan air laut. Suhu rata-rata 26° sélsius anu curah hujan rata-rata per

taun nya éta 2433,63 mm/th anu rata-rata hujanna 45 poé. Legana Kalurahan Sékéloa téh 117 Ha, 50% wilayahna diwangun ku dataran anu umpak-umpakan. Sacara administratif wates kalurahan Sékéloa nya éta:

- Beulah Kalér : Kalurahan Dago

- Beulah Kidul : Kalurahan Sadang Sérang - Beulah Wétan : Kalurahan Lebak Gedé - Beulah Kulon : Kalurahan Cibeunying Kalér

Pakasaban masarakat di Kalurahan Sékéloa lolobana nya éta pelajar atawa mahasiswa 7.600 jiwa, buruh 2.131 jiwa, pagawé swasta 2.105 jiwa, PNS Kalurahan Sékéloa sadar kana pendidikan disagigireun wilayahna nu strategis pikeun diajar ogé wilayahna deukeut jeung pusat pamaréntahan Kota Bandung.

Agama jeung kapercayaan masarakat Kalurahan Sékéloa kawilang komplit sabab loba masarakat pindahan ka Kalurahan Sékéloa nu ngadon diajar, tapi lolobana ngagem agama Islam. Basa nu digunakeun dina hirup kumbuhna sapopoé di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong lolobana ngagunakeun basa Sunda, salian ti éta ogé aya nu ngaguakeun basa nasional nya éta basa Indonésia.

(21)

27

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) ieu tempat mangrupa pusat informasi nu panglengkepna ngeunaan Kasenian Ulin Barong;

2) dina ieu tempat, mimiti mekarna Kasenian Ulin Barong nu diluluguan ku inohong di Kalurahan Sékéloa;

3) kagiatan latihan Kasenian Ulin Barong tempatna di sabudeureun Kalurahan Sékéloa sabab palaku dina ieu kasenian ogé hampir sakabéhna mangrupa warga Kalurahan Sékéloa

4) di ieu tempat aya waktu rutin nu sacara husus pikeun minton ieu kasenian.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu pangpentingna dina hiji panalungtikan. Nurutkeun Sugiono (2010, kc. 224), ngumpulkeun data bisa dilakukeun dina sababaraha kaayaan, sababaraha sumber, jeung sababaraha cara. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina téhnik ngumpulkeun data aya tilu bagian nyaéta léngkah tatahar saacan panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung instrumén panalungtikan saperti nu dipedar ieu di handap.

3.3.1 Léngkah Tatahar

Saméméh panalungtikan, aya sababaraha léngkah nu kudu dipilampah sarta disiapkeun sangkan panalungtikan bisa lumangsung sacara lancar. Léngkah-léngkah tatahar dina ieu panalungtikan nyaéta:

1) ngajukeun judul panalungtikan;

2) nangtukeun masalah jeung objék nu rék ditalungtik;

3) ngumpulkeun sumber data panalungtikan ku cara talaah pustaka; jeung 4) nyieun proposal panalungtikan.

3.3.2 Ngumpulkeun Data

Téhnik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta: studi pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

(22)

28

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik studi pustaka dipilampah ku cara ngumpulkeun data tina sumber-sumber tinulis nu mangrupa buku. Ieu téhnik pikeun ngadeudeulan tiori sarta ngabandingkeun tiori jeung kanyataan di lapangan.

2) Obsérvasi

Nurutkeun Marshall (dina Sugiono, 2010, kc. 226), ngaliwatan obsérvasi,

panalungtik diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina paripolah éta sorangan.

Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun nalungtik kumaha prak-prakana kasenian Ulin Barong, boh sacara langsung boh ngaliwatan media video.

3) Wawancara

Nurutkeun Sugiono (2010, kc. 231), wawancara digunakeun minangka téhnik ngumpulkeun data upamana panalungtik ngalakukeun studi pikeun niténan masalah nu kudu ditalungtik sarta bisa nyaho ngeunaan hal nu ditalungtik ti réspondén sacara leuwih jéntré. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara tokoh, pamaén, jeung masarakat nu wanoh kana Kasenian Ulin Barong

4) Dokuméntasi

Dokumén nya éta catetan kajadian nu geus karandapan (Sugiono, 2010, kc.240). Téhnik dokuméntasi mangrupa bukti ngalaksanakeun observasi langsung, digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar, foto, video (audio, visual) nu tujuanana pikeun ngadeudeulan data sangkan diolah jeung dianalisis kalawan jéntré.

3.3.3 Instrumén Panalungtikan 1. Alat Foto

Foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (visual) dina prak-prakan gelarna kasenian Ulin Barong sarta gambar narasumber nu diwawancara. Dina ieu panalungtikan, alat pikeun moto nya éta kaméra digital jeung handphone.

(23)

29

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Alat rekam digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan sarta digunakeun dina waktu kasenian Ulin Barong keur gelar. Dina ieu panalungtikan, alat video nu digunakeun nya éta kaméra digital.

3. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat nu apal kana Kasenian Ulin Barong. Pedoman wawancara nyaéta runtuyan pertanyaan nu ditanyakeun ka informan dina waktu wawancara ngeunaan Kasenian Ulin Barong nu digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.2

Daftar Pertanyaan dina Pedoman Wawancara

Rumusan Pertanyaan-Pertanyaan Wawancara

(1) (2)

Asal-Muasal 1. Ti iraha ayana Kasenian Ulin Barong téh?

2. Saha waé nu mimiti mekarkeun Kasenian Ulin Barong? 3. Naha bet dingaranan Kasenian Ulin Barong?

4. Naon kasang tukang diadegkeun Kasenian Ulin Barong?

Prak-prakan 5. Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh pagelaran Ulin Barong dipintonkeun?

6. Lagu naon nu dipaké mirig dina Kasenian Ulin Barong? 7. Di mana tempat pagelaranna?

8. Iraha Kasenian Ulin Barong dipagelarkeun?

9. Sabaraha lila pintonan Ulin Barong dina unggal pagelaranana? 10. Kumaha tahapan dina prak-prakan Kasenian Ulin Barong? Pakakas 11. Naon waé waditra nu dipaké pikeun mirig Kasenian Ulin

(24)

30

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

12. Aya katangtuan husus teu, dina milih kostum nu dipaké atawa pamaén Kasenian Ulin Barong téh?

13. Kumaha parobahan kostum Kasenian Ulin Barong nepi ka ayeuna?

Ajén éstétis 14. Naon udagan diciptakeunna Kasenian Ulin Barong?

15. Naon mangpaat nu dirasakeun ku masarakat Sékéloa ku ayana Kasenian Ulin Barong?

16. Masih luyu teu ieu kasenian dipagelarkeun dina jaman kiwari? Cara

ngamumulé

17. Kumaha carana sangkan ieu kasenian teu leungit? 18. Kumaha harepan pikeun ieu kasenian ka hareupna?

19. Usaha naon nu geus dilakukeun ku Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan Kota Bandung pikeun ngariksa ieu kasenian?

3.4 Analisis Data

Sabada data kakumpul tina hasil ngumpulkeun data, data kudu buru-buru digarap ku nu nalungtik. Dina tahapan analisis data atawa ngolah data mangrupa léngkap katalitian dina ngalaksanakeunana. Nurutkeun Arikunto (dina Rahayu, 2013, kc.31) sacara umum analisis data ngawengku tilu léngkah nya éta: 1) tatahar; 2) tabulasi; jeung 3) dipakéna data luyu jeung pamarekan nu ditalungtik.

3.4.1 Tatahar

Nu kaasup kana kagiatan tatahar, nya éta:

1) mariksa ngaran jeung kalengkepan identitas narasumber, hal ieu patali jeung validitas data;

2) mariksa kalengkepan data, maksudna mariksa eusi instrumén ngumpulkeun data sangkan nalika aya nu kurang bisa buru-buru ditambahan; jeung

3) mariksa rupa-rupa data, maksudna bisi aya data nu teu luyu jeung kahayang panalungtik.

(25)

31

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabulasi nya éta prosés ngahijikeun data anu kapanggih dina prosés panalungtikan. Satuluyna data diolah dumasar gundukanana. Kagiatan dina tabulasi di antarana:

1) ngumpulkeun sakabéh data nu kapanggih dina hasil studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi;

2) masing- masingkeun data dumasar gundukanana;

3) ngarobah data, diluyukeun jeung téhnik analisis nu rék dipaké; jeung

4) nyieun pengkodean data ka sakabéh variabel ngarah data leuwih gampang diolah jeung hasilna leuwih alus

3.4.3 Dipakéna Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan

Data-data nu geus ditabulasi satuluyna diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan: 1) iraha ayana Kasenian Ulin Barong; prak-prakan mintonkeun Kasenian Ulin Barong; ngadéskripsikeun unsur-unsur seni nu nyampak dina Kasenian Ulin Barong; ajén éstétis nu nyangkaruk dina Kasenian Ulin Barong; sarta luyu henteuna hasil panalungtikan dijadikeun alternatif bahan pangajaran di SMA.

3.5 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Éstétis Dina Kasenian Ulin Barong

Di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII”. Dina ieu panalungtikan diperlukeun katerangan anu jéntré sangkan némbongken rupa-rupa tapsiran, ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtikan.

1. Ajén Éstétika

Ajén éstétika nya éta cabang élmu filsafat anu museur kana kaéndahan hiji hal. Luyu jeung pamadegan Sumardjo (2000, kc. 33) yén éstétika nya éta filsafat ngeunaan kaéndahan anu aya di alam ogé rupa-rupa barang seni hasil jieunan manusa.

(26)

32

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kasenian Ulin Barong mangrupa kasenian nu dipangaruhan ku budaya Cina sarta dikréasikeun tur dirobah jadi kasenian tradisional Sunda, nepi ka miboga ciri has na sorangan tur béda jeung Kasenian Barongsay Cina.

3. Bahan Pangajaran Maca

(27)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Éstétis Dina Kasenian Ulin Barong Di Kalurahan Sékéloa Kacamatan Coblong Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII”. Ieu panalungtikan nyoko kana ajén éstétis. Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif kalayan studi pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nya éta gambaran umum tempat panalungtikan, asal-muasal kasenian Ulin Barong, prak-prakan kasenian Ulin Barong, ajén éstétis kasenian Ulin Barong, unsur-unsur seni nu nyangkaruk dina kesenian Ulin Barong, sarta luyu henteuna dijadikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

Kasenian Ulin Barong mimiti aya di Kalurahan Sékéloa dina taun 1901. Bapa Mohamad Tarwi, Bapa Abo, jeung Abah Suryadi Karta nya éta tilu inohong nu mekarkeun kasenian Ulin Barong nu aya di Kalurahan Sékéloa. Pintonan kasenian Ulin Barong kabagi jadi tilu tahap nya éta tahap tatahar, tahap midangkeun, jeung tahap pamungkas. Tahap kahiji nya éta tatahar nu dilakukeun saméméh pintonan nu miboga tujuan sangkan pintonan kasenian Ulin Barong lumangsung kalayan lancar. Sabab kasuksésan hiji pintonan bisa ditilik tina tahap mimiti, ku cara ngayakeun latihan saméméh pintonan. Tahap kadua nya éta tahap midangkeun kasenian Ulin Barong. Tahap katilu nya éta tahap pamungkas

Kiwari kasenian Ulin Barong miboga fungsi salaku sarana pikeun hiburan. Dina kanyataanana, kasenian tradisional hususna kasenian Ulin Barong geus jarang dipintonkeun sabab geus kadéséh ku kasenian modéren. Sesepuh kasenian Ulin Barong narekahan sangkan kasenian ulin barong henteu dipopohokeun ku masarakatna, ku cara ngarobah kasenian Ulin Barong luyu jeung kamekaran jaman. Parobahan kasenian Ulin Barong teu ngaleungitkeun identitas sarta ciri has tina kasenian Ulin Barong.

(28)

58

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

miboga kaéndahan nu bisa ditilik tina harmonisasi antar unsur-unsurna. Gerakan dina kasenian Ulin Barong mangrupa gerakan nu luyu jeung pola tatabeuhan nepi ka ngahasilkeun harmonisasi. Gerakan dina kasenian Ulin Barong di antarana nya éta, suliwa, nonjok, nahan, pamacan jeung pamonyét. Kostum nu dipaké dina kasenian Ulin Barong miboga fungsi pikeun kaéndahan. Tatabeuhan nu luyu jeung pola bakal ngahasilkeun harmonisasi antara tatabeuhan upama dini’matan ku alat pangrungu. Sair nu digunakeun dina kasenian Ulin Barong nyangaruk ajén éstétis upamana ditilik tina téma, nada, jeung amanatna.

Ajén éstétis murni nu katitén dina kasenian Ulin Barong nya éta aya dina wangun gerakan kasenian Ulin barongna sorangan, sedengkeun ajén ékstra éstétis nyampak dina dedeg pangadegna manusa, alam jeung sasatoan nu aya dina kasenian Ulin Barong. Minangka lajuning laku tina analisis ajén éstétis, pedaran kasenian Ulin Barong dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Bahasan kasenian aya dina SKKD Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan 2006 nu aya di SMA kelas XII. Ku kituna, ajén éstétis dina kasenian Ulin Barong dijadikeun téks pikeun bahan ajar maca.

5.2 Rékoméndasi

Sawatara saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak nu patali jeung ieu panalungtikan nya éta mahasiswa nu rék nalungtik, seniman kasenian Ulin Barong, pamaréntah, masarakat jeung guru.

Mahasiswa nu rék nalungtik kasenian Ulin Barong dipiharep bisa leuwih lengkep dina ngadokuméntasikeun pagelaran kasenian Ulin Barong sorangan. Mahasiswa nu rék nalungtik ieu kasenian ogé dipiharep bisa leuwih imeut dina ngadéskripsikeun jeung nganalisis hasil panalungtikan, sabab dina ieu kasenian masih beunghar ku ajén-inajén nu séjénna.

(29)

59

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aya nu ngondang maén teu ngadadak néangan pamaén jeung latihan heula. Ku kituna, kudu aya latihan rutin jeung muguhkeun anggota, sarta dipiharep kasejahteraan unggal grup leuwih walatra.

Pamaréntah dipiharep bisa ngadokuméntasikeun kabudayaan daérahna sorangan sangkan ka hareupna bisa dijadikeun arsip daérah. Salian ti kitu dipiharep ogé arsip-arsip kabudayaan bisa disusun sacara rapih jeung lengkep., sabab informasi nu mimiti ditéang ku panalungtik nya éta data ti Dinas Kebudayaan jeung Pariwisata heula. Salian ti éta, pamaréntah kudu merhatikeun kasejahteraan seniman-seniman nu ngariksa kabudayaan daérahna. Hadéna mah nyieun Perda nu ngatur ngeunaan kasejahteraan seniman.

Masarakat bisa ngaprésiasi jeung wanoh kana kasenian daérahna sorangan. Salah sahijina ku cara nanggap ieu kasenian dina acara-acara gedé. Ku cara kitu, masarakat bisa ngabantu dina ngawanohkeun ieu kasenian ka nu séjén. Sacara teu langsung ogé geus ngamumulé ieu kasenian sangkan teu leungit.

(30)

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Agustina, P.A. (2013). Ajén Éstétika dina Kasenian Rudat di Dusun Cirahayu Désa Subang Kacamatan Subang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di Kelas VIII. Skripsi UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Anggraeni, Reni. (2014). Ajén Éstétika dina Kasenian Lodaya Winduraja di Yayasan Galoeh Ethnic Winduraja Désa Winduraja Kecamatan Kawali pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XII. Skripsi UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Depdiknas. (2014). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonésia.

Djelantik, A.M.M.(1999). Estetika Sebuah Pengantar. Bandung: Masyarakat Seni Pertunjukan Indonesia.

Haerudin, D & Kardana, K, (2013). Telaah Buku Ajar. Bandung: JPBD UPI

Kartika, D.S & Perwira, N.G. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Gramedia.

Koentjaraningrat.(1985). Kebudayaan Metalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat.(2002). Kebudayaan Metalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pusaka Utama.

(31)

61

Ai Karlina, 2015

AJÉN ÉSTÉTIS D INA KASENIAN ULIN BARONG

D I KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BAND UNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Liliweri, A. (2014). Pengantar Studi Kebudayaan. Nusamedia

Mauludin, Uu. (2011). Seni Pertunjukan Rudat Doyong Subang Kuningan. Skripsi UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Masduki, Aam. (2005). Kesenian Tradsisional Provinsi Banten. Departemen Kebudayaan dan Pariwisata Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung. [online]. Tersedia:

http://wisatadanbudaya.blogspot.com/2009/11/kesenian-rudat.html

Sugiono, (2010). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta

Sumardjo, Jakob. (2000). Filsafat Seni. Bandung: ITB.

Tarigan. H.G. (1979). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa

Tarigan. H. G. (1983). Membaca Ekspresif. Bandung: Angkasa

Referensi

Dokumen terkait

ngéléhkeun beladiri Tartar. Pintonan dina ieu kasenian téh dirojong ku dua unsur seni, nya éta seni bela diri, jeung seni musik, anu gumulung jadi karya seni

Data anu geus dikumpulkeun dina panalungtikan, satuluyna dianalisis ngagunakeun metode déskriptif. Anu dideskripsikeunana nya éta prak-prakan pagelaran kasenian wayang

Notosoejitno, Olah Raga Pencak Silat (2008) disusun ku Nur Dyah Naharsari, Menyelami Pencak Silat disusun ku Ir. Tina éta judul-judul panalungtikan tacan aya

Handycam digunakeun pikeun ngarékam vidio prak-prakan kasenian Bringbrung sarta ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman jeung aprésiator kasenian

Dina hal ieu kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétika murni (intrinsik), ajén ékstra éstétika (ékstrinsik), ajén éstétika dumasar kana tiori sarwa

Skripsi ini berjudul “ Ajén Éstétis Kasenian Gembyung di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII ”. Penelitian ini membahas nilai estetis Kesenian

Mangpaat tioritis tina panalungtikan ieu nya éta pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda di sakola, sarta bisa nambahan élmu pangaweruh sastra hususna kana

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah anu aya dina upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun bahan