• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA BERBASIS KARAKTER DI SMP.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA BERBASIS KARAKTER DI SMP."

Copied!
57
0
0

Teks penuh

(1)

AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA

PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA

BERBASIS KARAKTER DI SMP

TESIS

Diajukeun pikeun nyumponan salahsahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

ACHMAD SOPIAN EFFENDI

NIM 1202076

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA

PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA

BERBASIS KARAKTER DI SMP

Oleh

ACHMAD SOPIAN EFFENDI

S.Pd UPI Bandung, 1999

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan(M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

(3)

© Achmad Sopian Effendi 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(4)

Lembar Pengesahan

Achmad Sopian Effendi, S.Pd NIM 1202076

AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA

BERBASIS KARAKTER DI SMP

Disaluyuan tur disahkeun ku: Pangaping I

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. NIP 19570401 198412 1 001

Pangaping II

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 19670710 199102 2 001

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung

(5)
(6)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB II KAJIAN TIORI, ASUMSI, JEUNG RARAGA MIKIR 9 2.1. Kajian Tiori

2.1.4. Bahan Pangajaran Basa Sunda

……… 29

2.1.4.1. Bahan Ajar

……… 29

2.1.4.2. Kurikulum Pangajaran Basa Sunda

……….. 34

2.2. Asumsi

……… 46

2.3. Raraga Mikir

……….. 46

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1. Data jeung Sumber Data

(8)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4. Wangenan Operasional

3.6. Tehnik Ngumpulkeun Data

………...

54

3.7. Analisis Data

………...

55

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG BAHASAN 4.1. HASIL PANALUNGTIKAN

………. 58

4.1.1. Data Paribasa Sunda

……… 58

4.1.2. Ajén-inajén Aqidah, Syariah, jeung Ahlak dina Paribasa Sunda

………... 60

4.1.2.1. Ajén-inajén Aqidah Dina Paribasa Sunda

……… 60

4.1.2.2. Ajén-inajén Syariah dina Paribasa Sunda

……….

70

4.1.2.2.1. Munakahat

………. 70

4.1.2.2.1.1. Hak Salaki, Kawajiban Awéwé

………... 71

4.1.2.2.1.2. Hak Pamajikan, Kawajiban Salaki

………. 72

4.1.2.2.2. Muamalat Husus (Ekonomi jeung

Bisnis)………..

75

4.1.2.2.2.1. Etika Ngurus Barang Produksi

………...

75

4.1.2.2.2.2. Etika Pengadaan Modal Usaha

………... 76

(9)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ………...

4.1.2.2.4. Politik, Bela Nagara, jeung Pamaréntahan

……… 104

4.1.2.3. Ahlak dina Paribasa Sunda

………... 117

4.1.2.3.1. Ahlak Manusa ka Dirina Sorangan

………....

117

4.1.2.3.2. Ahlak Manusa ka Pangéran

………...

4.1.2.3.4. Ahlak Manusa ka Sasama

………..

220

4.1.2.3.5. Ahlak Manusa ka Lingkungan

………...

(10)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4.1.2.3.5.1. Ahlak ka Lemah Cai

………... 285

4.1.2.3.5.2. Ahlak ka Lingkungan Sosial

……….. 289

4.1.2.3.5.3. Ahlak Lingkungan Pagawéan

………. 316

4.1.2.3.6. Ahlak Manusa kana Waktu

………... 339

4.1.3. Deskripsi Atikan Karakter dina Paribasa Sunda

……… 349

4.1.3.1. Atikan Karakter dina Aspek Aqidah

……… 349

4.1.3.2. Atikan Karakter dina Aspek Syariah

……… 351

4.1.3.2.1. Karakter dina Munakahat

………..

351

4.1.3.2.2. Karakter dina Muamalat Husus (Ekonomi jeung Bisnis) ……….

352

4.1.3.2.3. Karakter dina Hukum jeung Peradilan

………..

354

4.1.3.2.3.1.Karakter dina Hukum Konvensi

………... 354

4.1.3.2.3.2. Karakter dina Hukum Formal

……… 356

4.1.3.2.4. Karakter dina Pamaréntahan

………. 357

4.1.3.2.5. Politik jeung Béla Nagara

………..

358

4.1.3.3. Atikan Karakter dina Aspek Ahlak

………..

360

4.1.3.3.1. Karakter Ahlak ka Diri Sorangan

……….

360

4.1.3.3.2. Karakter Ahlak ka Pangéran

……….

370

4.1.3.3.3. Karakter Ahlak ka Kulawarga

………..

(11)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ………

4.1.3.3.5. Karakter Ahlak ka Lingkungan

……… 384

4.1.3.3.6. Karakter Ahlak Manusa kana Waktu

………...

392

4.2. BAHASAN

………...

395

4.2.1. Ajén-inajén Ka-Islaman dina Paribasa Sunda

……… 395

4.2.1.1. Aqidah dina Paribasa Sunda

………. 396

4.2.1.2. Syariah dina Paribasa Sunda

……… 398

4.2.1.3. Ahlak dina Paribasa Sunda

……….. 407

4.2.2. Atikan Karakter

……….. 421

4.2.2.1. Atikan Karakter dina Paribasa Sunda

……….. 421

4.2.2.2. Ajén-inajén Atikan Karakter Utama Nurutkeun Direktorat

Pembinaan SMP Kemendiknas RI

………...

428

BAB V MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA BERBASIS KARAKTER DI

SMP………...

444

5.1. Ambahan Bahan Ajar Paribasa Sunda

... 444 5.1.1. Materi Paribasa Sunda dina Kurikulum 2013

... 444

5.1.2. Tujuan Mekarkeun Bahan Pangajaran

... 445 5.1.2.1. Tujuan Umum

... 445 5.1.2.2. Tujuam Husus

... 445 5.1.3. Pamarekan Ngajarkeun Paribasa Sunda Berbasis Karakter

... 447

(12)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ... 5.2. Modél Bahan Pangajaran Paribasa Sunda

... 453

BAB VI KACINDEKAN JEUNG SARAN

………...

461

6.1. KACINDEKAN

………..

462

6.1.1. Ajén-inajén Kaislaman dina Paribasa Sunda ………...

462

6.1.2. Atikan Karakter dina Paribasa Sunda ...

463

6.1.3. Mekarkeun Bahan Ajar Basa Sunda Berbasis Karakter ...

465

6.2. SARAN

...

466

DAPTAR PUSTAKA

...

468

DAPTAR SUMBER DATA

...

(13)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR TABÉL

Tabél 4.1. Atikan Karakter dina Aspek Aqidah ... 349

Tabél 4.2. Atikan karakter dina Widang Munakahat ... 351

Tabél 4.3. Atikan karakter dina Widang Muamalat Husus... 353

Tabél 4.4. Atikan karakter dina Widang Konvensi Masarakat ... 354

Tabél 4.5. Atikan karakter dina Widang Hukum Formal ... 356

Tabél 4.6. Atikan karakter dina Widang Pamaréntahan ... 357

Tabél 4.7. Atikan karakter dina Widang Politik jeung Béla Nagara ... 359

Tabél 4.8. Karakter Ahlak Manusa Ka Dirina Sorangan ... 360

Tabél 4.9. Karakter Ahlak Manusa Ka Pangéranna ... 370

Tabél 4.10. Karakter Ahlak Manusa Ka Indung Bapana ... 371

Tabél 4.11. Karakter Ahlak Manusa Ka Anak-anakna ... 372

Tabél 4.12. Karakter Ahlak Manusa Ka Salaki/Pamajikanna ... 373

Tabél 4.13. Karakter Ahlak Manusa Ka Dulur jeung Baraya... 374

Tabél 4.14. Karakter Ahlak Manusa Ka Batur jeung Sasama ... 375

Tabél 4.15. Karakter Ahlak Manusa Ka Lemah Cai ... 384

Tabél 4.16. Karakter Ahlak Manusa Ka Lingkungan Sosial ... 385

Tabél 4.17. Karakter Ahlak Manusa Ka Lingkungan Pagawéan... 389

(14)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR BAGAN

2.1. Bagan Babagian Ajaran Islam ... 16

2.2. Bagan Raraga Mikir... 48

(15)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ABSTRAK

AJÉN-INAJÉN KAISLAMAN DINA PARIBASA SUNDA PIKEUN MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN

BASA SUNDA BERBASIS KARAKTER DI SMP

Achmad Sopian Effendi, S.Pd

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana FPBS UPI Bandung

Penelitian ini bertujuan memaparkan nilai-nilai keislaman yang terdapat dalam peribahasa Sunda sekaligus menggali nilai-nilai pendidikan karakter yang terkandung di dalamnya. Peribahasa Sunda merupakan untaian kata-kata idiomatik yang berperan sebagai dasar-dasar pendidikan moral masarakat yang diturunkan dari generasi ke generasi hingga saat ini. Karena perannya tersebut, peribahasa Sunda sarat dengan nilai-nilai luhur bangsa, termasuk di dalamnya terdapat nilai-nilai yang relevan dengan ajaran Islam sebagai agama mayoritas di tanah air. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif. Untuk memperoleh data digunakan teknik studi pustaka, intuisi (introspeksi), dan elisitasi. Data diolah dengan metode hermeneutik melalui analisis data langsung. Hasil penelitian ini adalah ditemukannya nilai-nilai keislaman pada hampir seluruh peribahasa Sunda, baik itu yang terdapat pada aspek keyakinan (aqidah), tata kehidupan sosial (muamalah), maupun pada aspek sikap dan tingkah-laku personal (akhlak). Dari data tersebut muncul tak kurang dari 95 butir nilai-nilai pendidikan karakter yang bisa dipastikan sebagi nilai-nilai karakter asli bangsa Indonésia yang berbasis budaya dan agama Islam. Nilai-nilai luhur tersebut bisa dijadikan acuan dasar pengembangan pendidikan berkarakter di tanah air.

(16)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ABSTRACK

ISLAMIC VALUES IN SUNDANESSE PROVERB TO DEVELOP SUNDANESSE LANGUAGE LEARNING MATERIAL BASED ON

CHARACTER IN SMP

Achmad Sopain Effendi, S.Pd

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana FPBS UPI Bandung

This research is aimed to explain the Islamic values in Sundanesse proverb and dig out the character values which is contain in it. Sundanesse proverb is the series of idiomatic words which has a role as a mass basic education morals handed down from generation to generation until now. Because of it’s role, Sundanesse proverb full of nobles values of a nation, including it’s relevance to the Islamic studies as majority religion in Indonesia. This research is using descriptive method. The data is obtained by using library study technique, intuition, and elisitation. The data were being processed by using hermeneutic method through direct analysis. The research found out the Islamic values in almost all the Sundanesse proverb, either in belief aspect (aqidah), social life (syariah), or behavioral moral aspect (ahlak). Fro m those data appear more than 95 character education values as the real character of Indonesian people based on culture and Islam can be the basic reference in develoving national education curriculum based on character in our country.

(17)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Padungdengan ngeunaan atikan berbasis karakter bangsa di tengah-tengah dunya atikan, utamana di kalangan akademisi beuki hangkeut. Hal kasebut

minangka respon tina gejala-gejala sosial masarakat ayeuna nu geus loba naringgalkeun ajén-inajén linuhung budaya bangsana sorangan. Karakter bangsa Indonésia nu kawentar ramah, sopan, jujur, religius, sauyunan, katompérnakeun geus mimiti kalindih ku pangaruh budaya deungeun nu

individualistis-materialistis. Lamun kondisi di luhur diantep atawa geus teu dianggap penting

pikeun dipikiran, tangtuna ajén-inajén linuhung nu salila ieu jadi identitas bangsa, lila-lila bakal leungit kaéréh ku budaya deungeun.

Bangsa nu bermartabat pasti moal mikeun ajén-inajén budayana kalindih ku budaya deungeun. Ku sabab kitu, mutlak kudu aya upaya pikeun ngahirup-hirup deui ajén-inajén budaya linuhung bangsa dina kahirupan sapopoé, utamana pikeun paragenerasi panerus ngaliwatan institusi atikan.

Didikan nu ditepikeun dina institusi atikan sawadina mangrupa wanda kabinangkitan budaya bangsa nu jadi tungtunan peradaban masarakatna. Ku sabab kitu, atikan generasi kudu ngalelemah kana ajén-inajén lokal genius nu muarana aya dina ajaran dasar agama (nilai absolute) jeung budaya. Élmu pangaweruh nu ditepikeun ka paragenerasi kudu nangtung dina dadasar

kagamaan jeung budaya bangsa, malah mandar hasil tina atikan lain waé bisa ngawangun generasi nu jembar wawasanna (universal), tapi ogé ngawangun generasi nu mibanda ahlak (karakter) jeung kapribadian nu pengkuh nyekel pageuh ajén-inajén agama jeung budaya bangsana nu linuhung, thinking

globally, acting locally .

(18)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sakumaha nu ditulis dina UU No. 20 Taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional dina Pasal 3, nu nétélakeun yén

Pendidikan nasional berfungsi mengembangkan kemampuan dan membentuk karakter serta peradaban bangsa yang bermartabat dalam rangka mencerdaskan kehidupan bangsa. Pendidikan nasional bertujuan untuk berkembangnya potensi peserta didik agar menjadi manusia yang beriman dan bertakwa kepada Tuhan Yang Maha Esa, berakhlak mulia, sehat, berilmu, cakap, kreatif, mandiri, dan menjadi warga negara yang demokratis serta bertanggung jawab.

Paribasa (pepatah Sunda) salaku salahsahiji sumber atikan moral masarakat asli Indonesia kacida cocogna dijadikeun bahan ulikan dina ngagali ajén-inajén atikan nu ngamuara kana ajén-inajén kagamaan jeung kabudayaan nasional. Ajén-inajén atikan nu muncul dipiharep jadi wanda petingan nu leuwih bisa ngarepresentasikeun karakter bangsa di banding jeung ajén-inajén atikan lian nu can puguh ti mana jujutanana.

Ajén-inajén petingan tadi ditransformasikeun ngaliwatan rekayasa kurikulum atikan berbasis karakter. Program pangajaran berbasis karakter di sakola dipiharep bisa ngajalankeun peran jeung fungsi institusi atikan salaku “agent of change” sangkan anak-incu di mangsa nu bakal datang bisa ngahirup-hirup deui ajén-inajén linuhung warisan bangsa, miboga tangtungan nu ajeg

salaku pribadi nu miboga martabat, gedé wiwaha, tur siap ngigelan parobahan katut tangtangan jaman.

Ngajanggélékkeun éta pangharepan merlukeun waktu nu teu sakeudeung, butuh usaha nu soson-soson, ajeg (konsisten), sarta tuluy-tumuluy. Munculna

sikep korup, hédonis, nepotis, materialistis nu lain waé dipintonkeun ku masarakat awam, tapi justru dicontoan ku golongan masarakat inajar nu jadi paraélit politik jeung birokrat nagara, lain ujug-ujug kitu waé aya, tapi ngaliwatan

(19)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mentingkeun cumponna angka-angka peunteun (formalitas) jeung kapinteran (kognitif-intelektual) batan ngawangun atawa mageuhkeun ajén-inajén kapribadian bangsa jadi tamiang meulit ka bitis, ngalahirkeun generasi nu piter tapi dipaké minteran lantaran teu dibarengan ku atikan mental-spiritual nu hadé.

Kaprihatinan nu sarupa masih témbong nepi ka kiwari dina konteks Ruang Lingkup Kurikulum Nasional nu can bisa méré tempat katut proporsi saimbang

antara atikan budaya lokal, nasional, jeung internasional. Aya-euweuhna pangajaran basa daérah sapinuhna dipasrahkeun ka pamaréntah daérahna séwang-séwangan jadi indikasi héngkérna karep ieu bangsa dina

numuwuhmekarkeun local genius nu aya dina atikan budaya (basa). Pamaréntah pusat teu milu tanggung jawab tehnis dina urusan pangajaran basa daérah nu jadi simbol identitas nasional, tapi anéhna pangajaran basa deungeun (asing) di sakola-sakola meunang perhatian nu kacida dariana. Éta kawijakan ngabalukarkeun handapna posisi basa daérah dina domain politik basa. Hasilna, beuki dieu beuki jarang generasi bangsa nu masih maké jeung ngamumulé basa daérahna sabab peran jeung fungsina diposisikeun dina tempat nu heureut tur leuwih handap batan basa nasional jeung basa deungeun (internasional). Kawijakan sarupa kitu jadi poténsi nu kuat kana leungitna basa-basa daérah di Nusantara salaku salahsahiji komponén budaya nasional nu paling deukeut jeung kahirupan masarakatna. Teu salah lamun generasi ngora kiwari beuki jauh tina budayana sorangan, tapi sabalikna leuwih deukeut jeung sumber-sumber budaya deungeun.

Kagagalan ngawariskeun karakter budaya bangsa (character building) kudu dianggap pasualan nu kacida pentingna pikeun diperhatikeun tur ditéangan bongbolonganana. Ku kituna, pola pamarekan atikan karakter dipiharep bisa jadi

salahsahiji bongbolongan pikeun ngawangun generasi di mangsa nu bakal datang miboga karakter jeung jati diri sakumaha nu jadi angen-angen dina konstitusi. Nu jadi pasualanana, ajén-inajén karakter kumaha nu dianggap bisa ngarepresentasikeun karakter bangsa, sabab naon hartina disebut atikan karakter

(20)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

patukangtonggong jeung ajén-inajén kagamaan nu jadi ageman masarakatna. Éta pamikiran kudu jadi léngkah awal miangna ieu bangsa ngawangun atikan berbasis karakter.

Pikeun ngajawab tangtangan di luhur, perlu ayana panalungtikan nu daria nuduhkeun kana ayana ajén-inajén karakter asli bangsa salaku sumber bahan ajaran di institusi atikan. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan ajén-inajén ka- Islaman dina paribasa Sunda perlu dilaksanakeun.

Sababaraha panalungtikan paribasa Sunda pakaitna jeung ajén-ajén karakter bangsa dilaksanakeun ku Sudaryat spk. (2012) nu judulna Reinterpretasi dan

Reformulasi Filsafat Pendidikan Sunda dalam Ungkapan Tradisional Laporan

Penelitian Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia. Dina kacindekan éta panalungtikan aya 141 babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén filsafat atikan Sunda nu diwincik kana lima bagian, nya éta (1) ajén filosofis trisula atikan Sunda; (2) ajén filosofis komponén atikan; (3) kualitas atikan Sunda; (4) kualitas manusa Sunda; jeung (5) sikep masarakat kana babasan jeung paribasa Sunda. Ieu panalungtikan leuwih museur kana ulikan filsafat atikan Sunda. Patalina jeung ajén-ajén atikan karakter bangsa kasabit dina ulikan Kualitas Manusia Sunda nu nétélakeun yén kualitas manusa Sunda miboga ciri manusa nu beradab atawa berkarakter, nya éta nyunda ‘berbudaya’, nyantri ‘agamis’, jeung nyakola ‘

akademis’ nu mampuh asup kana gapura panca waluya salaku karakter prilaku,

nya éta cageur, bageur, bener, pinter, tur singer, ditambah ku karakter panger. Panalungtikan nu sarupa tur dianggap panalungtikan nu panganyarna dilaksanakeun ku Sudaryat spk. taun 2013 judulna Nilai Pendidikan Karakter dan Moral Bangsa dalam Ungkapan Tradisional Sunda mangrupa laporan

panalungtikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakukltas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia Bandung. Hasil tina éta panalungtikan mangrupa :

(21)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2. Ajén –inajén moral bangsa dina paribasa Sunda nu pakait jeung moral (a) pengkuh agamana (spiritual quotient), (b) luhung élmuna (intellectual quotient), (c) jembar budayana ( emotional quotient), jeung (d) rancagé

gawéna (actional quotient).

Bédana jeung panalungtikan-panalungtikan di luhur, dina ieu panalungtikan leuwih museur kana analisis ajén-inajén karakter nu aya dina paribasa Sunda ditilik tina perspektif Islam. Satuluyna ajén-inajén karakter kasebut dijadikeun acuan pikeun nyieun bahan pangajaran basa Sunda berbasis atikan karakter.

Sapangaweuh Panyusun, panalungtikan nu medar ajén-inajén atikan karakter tina paribasa Sunda dina perspektif Islam can aya nu nalungtik sacara husus, ku kituna ieu panalungtikan nu judulna Ajén-inajén Kaislaman dina Paribasa Sunda pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter di SMP “ kacida pentingna dilaksanakeun malahmandar bisa jadi solusi alternatif pangajaran basa Sunda nu bisa ngawariskeun ajén-inajén linuhung

bangsa nu luyu jeung panadangan hidup urang Sunda dina perspektif budaya, kitu deui luyu jeung ajén-inajén karakter kaislaman dina perspektif agama. Ku cara kitu, bisa ditepikeun atikan nu ngarepresentasikeun karakter bangsa nu beragama tur berbudaya.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan di luhur, ieu panalungtikan medar ajén-inajén kaislaman dina paribasa Sunda pikeun mekarkeun bahan pangajaran basa Sunda berbasis karakter di SMP. Watesan masalah dina ieu panalungtikan

nyoko kana analisis eusi (harti /maksud) nu kakandung dina paribasa nu aya dina sababaraha sumber data tinulis ditilik tina perspektif ajaran Islam. Tilikan

ka-Islaman nu dimaksud nya éta kasaluyuan eusi atawa ma’na paribasa jeung eusi

(22)

gék-Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

gékanana dina tilu poko ajaran Islam (aqidah, syariah, jeung ahlak), lian ti éta dimunculkeun ajén-inajén atikan karakter dina éta paribasa nu luyu jeung ajaran agama Islam pikeun dijadikeun sumber atawa bahan ajar mata pangajaran basa jeung sastra Sunda berbasis karakter pikeum murid SMP.

1.2.2. Rumusan Masalah

Dina ieu panalungtikan dirumuskeun sababaraha hal saperti nu kasebut ieu di handap.

1) Paribasa naon waé nu ngandung ajén-inajén kaislaman?

2) Kumaha aspék aqidah, syariah, jeung ahlak dina paribasa Sunda?

3) Karakter naon waé nu aya dina paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman?

4) Kumaha lamun ajén-inajén kaislaman dina paribasa Sunda dijadikeun bahan pangajaran basa Sunda berbasis karakter?

1.3.Tujuan Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang katut rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan sacara umum ngadéskripsikeun ajén-inajén kaislaman jeung ajén-inajén atikan karakter dina paribasa Sunda pikeun dijadikeun bahan pangajaran.

1.3.2. Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan ngadéskripsikeun:

1) ajén-inajén kaislaman dina paribasa Sunda.

2) aspék aqidah, syariah, jeung ahlak dina paribasa Sunda.

3) atikan karakter dina paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman.

(23)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ayana ieu panalungtikan di antarana mangpaat nu sipatna tioritis jeung nu sipatna praktis.

1.4.1. Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat jeung kagunaan, di antarana waé:

1) Pikeun ngeuyeuban sababaraha panalungtikan paribasa Sunda nu ngabaladah perkara identifikasi tur inventarisasi paribasa Sunda nu mibanda ajén-inajén kaislaman pakaitna jeung atikan karakter di SMP.

2) Méré informasi ngeunaan ajén-inajén karakter bangsa nu sumberna tina paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman katut hubunganana jeung tilu widang poko ajaran Islam (aqidah, syariah, jeung ahlak).

1.4.2. Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis hususna pikeun nu nalungtik, guru, siswa, jeung masarakat.

1) Pikeun nu nalungtik,

Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa mikanyaho leuwih loba ngeunaan seuhseuhan ajén-inajén kaislamanan katut ajén-inajén karakter islami dina paribasa Sunda.

2) Pikeun siswa

Hasil panalungtikan bisa dijadikeun salahsahiji sumber bahan ajar siswa maham kana eusi jeung kandungan paribasa Sunda nu mibanda ajén-inajén kaislaman pikeun upaya pangwangunan karakter bangsa nu berbasis agama

(24)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan bisa dijadikeun salahsahiji sumber bahan ajar, hususna mata pangajaran basa jeung sastra Sunda berbasis karakter. Guru bisa mekarkeun deui hasil panalungtikan luyu jeung pamerdih kurikulum.

4) Pikeun masarakat

Hasil panalungtikan dipiharep bisa ngahudang masarakat kana ngarasa pentingna posisi paribasa Sunda dina konteks budaya pikeun kapentingan pangwangunan atikan mental spiritual generasi bangsa.

5) Pikeun Pamaréntah

Ieu panalungtikan dipiharep bisa nguatkeun posisi basa jeung budaya Sunda

salaku landasan filosofis pangwangunan nu kacida pentingna pikeun dipertahankeun tur ditumuwuhmekarkeun di tengah kahirupan masarakatna sangkan bisa ngahontal cita-cita pangwangunan.

1.5. Organisasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dibagi kana genep bab. Bab I mangrupa bubuka nu di jerona aya kasang tukang panalungtikan, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung organisasi panalungtikan.

Bab II mangrupa dadaran tina sababaraha tiori dina kajian pustaka, rarangka mikir, jeung anggapan dasar.

Satuluyna, pikeun méré gambaran kana lumangsungna proses panalungtikan, dina Bab III didadarkeun metodeu panalungtikan nu ngawengku (1) sumber data, (2) rarancang panalungtikan, (3) metodeu panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) ngumpulkeun data, jeung (6) ngolah data.

Dina Bab IV didadarkeun analisis panalungtikan ngeunaan (1) ajén-inajén ka-Islaman nu aya dina paribasa Sunda, (2) aspek aqidah, syariah, jeung ahlak

dina paribasa Sunda, jeung (3) atikan karakter dina paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman.

(25)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(26)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar rupa-rupa hal nu pakait jeung prosedur panalungtikan, nya éta (1) data jeung sumber data, (2) rarancang panalungtikan nu eusina kumahan galur panalungtikan dilumangsungkeun, (3) metode panalungtikan, nu ngabahas pamarekan jeung cara-cara panalungtikan, (4) wangenan operasional, nu méré watesan jeung kajelasan tehnis istilah-istilah nu dipaké dina panalungtikan, (5) instrumen panalungtikan, ngajelaskeun pakakas

panalungtikan nu dipaké ngumpulkeun data, (6) téhnik ngumpulkeun data, ngajelaskeun tehnik jeung prosedur ngumpulkeun data, jeung (7) nganalisis data, nu eusina ngeunaan panta-panta analisis data numutkeun prosedur nu tangtu.

3.1. Data jeung Sumber Data

Ieu panalungtikan medar paribasa Sunda minangka sumber data utama pikeun meunangkeun data-data panalungtikan nu wangunna mangrupa ajén-inajén kaislaman jeung ajén-inajén atikan karakter .

Pikeun meunangkeun data-data kasebut dipilih sababaraha sumber data tinulis nu mangrupa buku-buku kumpulan paribasa Sunda. Dipilihna sumber data tinulis ku tinimbangan: kahiji, leuwih gampang ngumpulkeun sampel data tina sumber nu dianggap kawilang heubeul gumelarna nepi ka nu panganyarna, jeung kaduana sumber tinulis dianggap leuwih standar/konstan batan ragam lisan nu

miboga sipat gampang ngalaman parobahan atawa loba béda versi (rédaksi) di masarakat pamakéna.

Sababaraha buku paribasa Sunda dipilih dumasar taun medalna kalayan

dianggap bisa ngawakilan tiap jamanna ( ukuran dekadeu), di antarana: (1) 700 Paribasa Sunda (Gandasudirja, 1970);

(2) Kumpulan Babasan jeung Paribasa (Djajawiguna & Kadarisman, 1983);

(3) Kamus Peribahasa Sunda-Indonesia (Sumantri, 1988);

(27)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu (5) Babasan jeung Paribasa Sunda (Sumarsono, 2007).

3.2. Rarancang Panalungtikan

Dina ieu bagian dipedar kumaha rarancang katut galur panalungtikan nu dilaksanakeun. Aya opat hal poko nu jadi puseur ulikan dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) ajén-inajén kaislaman nu aya dina paribasa Sunda, (2) aspék aqidah, syariah, jeung ahlak dina paribasa Sunda, (3) atikan karakter dina paribasa Sunda nu gandung ajén-inajén ka-Islaman, jeung (4) bahan ajar basa jeung sastra Sunda berbasis karakter budaya bangsa jeung agama di SMP.

3.1. Bagan Rarancang Panalungtikan.

MASALAH

- Atikan nasional merlukeun modél atikan karakter berbasis budaya jeung agama nu bisa ngawariskeun ajén-inajén linuhung bangsana; - Paribasa Sunda nu mibanda kasaluyuan jeung ajén-inajén agama (Islam)

mangrupa ajén-inajén hirup nu linuhung.

- Perlu kajian ajén-inajén karakter dina paribasa Sunda dina perspektif kaislaman. b. Analisis Unsur Langsung

DESKRIPSI DATA -Ajén-inajén kaislaman dina

paribasa Sunda;

-Aspék aqidah, syariah, jeung ahlak dina paribasa Sunda; -Ajén-inajén atikan karakter dina

paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman.

ANALISIS DATA

-Ajén-inajén kaislaman dina paribasa Sunda;

-Aspek aqidah, syariah, jeung ahlak dina paribasa Sunda;

-Ajén-inajén karakter dina paribasa Sunda nu ngandung ajén kaislaman.

(28)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bahan pangajaran basa & sastra

Sunda berbasis karakter

Kacindekan

3.3. Metode Panalungtikan

Ieu panalungtikan maké métode deskriptif-analitis anu kagolong kana wanda panalungtikan kualitatif atawa sok disebut ogé naturalistik sabab ieu panalungtikan dilaksanakeunn dina kondisi alamiah, aya ogé nu nyebut metode etnografi sabab miangna ieu metodeu tina panalungtikan antropologi budaya.

Sacara umum ieu panalungtikan sipatna kualitatif ku sabab data nu dikumpulkeun katut anlisis datana sacara kualitatif ( Sugiono, 2008:8).

Metodeu panalungtikan kualitatif didadasaran ku filsapat postpositivisme nu sering disebut paradigma interpretif jeung konstruktif, nu nganggap yén réalitas sosial mangrupa hal nu holistik atawa gembleng, kompleks, dinamis, pinuh ma‟na, jeung sipat hubungan gejalana interaktif. Obyék panalungtikan sipatna alamiah, nya éta obyek nu tumuwuh tur mekar saayana, teu dirékayasa ku panalungtik jeung ayana panalungtik teu mangarauhan kana dinamika obyék kasebut. Instrumén dina panalungtikan kualitatif nya éta manusa (human instrument), dina hal ieu nya éta panalungtik sorangan.

Métodeu kualitatif dipaké pikeun meunangkeun data nu nyosok jero, data

nu ngandung ma‟na sabab ma‟na mangrupa daya panalungtikann nu sabenerna. Ku kituna, data nu pasti mangrupa wangun ajén- inajén nu aya di satukangeun data nu nonggérak. Éta hal nu ngalantarankeun panalungtikan kualitatif teu nekenkeun kana kacindekan tapi leuwih nekenkeun kana ma‟na. Generalisasi dina panalungtikan kualitatif disebut transferability ( Sugiyono, 2008: 8-9).

Sakumaha anu geus disebutkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga sifat déskriptif-analitis. Unsur-unsur anu didadarkeunana nya éta: (1) ajén-inajén

(29)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4. Wangenan Operasional

Ieu panalungtikan miboga judul “ Ajén-inajén Kaislaman dina Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter di SMP ” nu tujuanana pikeun meunangkeun ajén-ajén atikan karakter islami tina paribasa Sunda pikeun dijadikeun sumber bahan pangajaran basa Sunda di SMP. Pikeun nyingkahan salah tafsir jeung salah sasaran, dina ieu panalungtikan didadarkeun sababaraha wangenan istilah sacara operasional.

a. Ajén-inajén Kaislaman

Ajén-ajén kaislaman nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta sistim nilai nu aya dina ajaran Islam sacara umum (hukum syara, étika, logika, éstétika,

jsb.) Éta ajén-ajén atawa niléy kaislaman ngababon kana dua sumber hukum utama , nya éta Al-Qur‟an jeung Al-Hadist. Ajén –inajén kaislaman mangrupa intipati ajaran Islam. Ku kituna perlu dipernahkeun dina 3 poko ajaran Islam, nya éta (1) aqidah, (2) syariah, jeung (3) ahlak.

b. Paribasa Sunda

Paribasa Sunda nu dimaksud di dieu nya éta salahsahiji pakeman basa nu aya dina basa Sunda. Istilah paribasa dina basa Indonesia disebut peribahasa, atawa proverb dina basa Inggris. Dina pamarekan kabasaan, paribasa sok diréndéngkeun jeung babasan. Sok sanajan kitu dina ieu panalungtikan ukur nalungtik perkara paribasa, teu kaasup nalungtik perkara babasan ku sabab miboga karakter nu béda.

Jadi nu dimaksud paribasa dina ieu panalungtikan nya éta pakeman basa nu runtuyan kecap-kecapna geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah atawa ditambahan jeung dikurangan sarta miboga harti atawa ma‟na nu jero mangrupa

naséhat atawa wawaran luang pikeun masarakat pamakéna. c. Bahan Pangajaran Basa Sunda

(30)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina rupa bahan nu ditepikeun dina prosés diajar. Bahan pangajaran dina prak-prakanana mangrupa dadaran nu eusina ngeunaan fakta-fakta, prinsip-prinsip, norma, nu raket pakaitna jeung perkara aturan, ajén-inajén, jeung sikep, sarta sapuratining kaparigelam motorik. Ku kituna eusi bahan pangajaran dina enas-enasna mangrupa pangaweruh, ajén-inajén, sikep, tindakan jeung kaparigelan nu eusina amanat, informasi, jeung ilustrasi nu mangrupa fakta, konsep, prinsip, jeung proses nu diarahkeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

Dina ieu panalungtikan bahan pangajaran nu dimaksud nya éta bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda sunda di SMP.

d. Atikan Karakter

Atikan karakter nu dimaksud nya éta atikan nu udaganana pikeun numuwuhkeun sikep, tabé‟at, jeung ahlak nu mulya ka para siswa di sakola ngaliwatan internalisasi ajén-inajén moral linuhung sangkan maranéhna mikanyaho, maham, jeung ngabiasakeun diri milampah kalakuan nu hadé, alus, mangpaat keur kahirupan dirina, lingkunganana, bangsa, jeung agamana.

3.5. Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan mangrupa alat pikeun ngumpulkeun sarta ngolah sumber data. Pikeun ngumpulkeun data diperlukeun ayana instrumen paranti ngumpulkeun éta data. Ku kituna luyu jeung tehnik nu dipaké dina ieu panalungtikan, alat atawa instrumen nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta dina wangun kartu data.

Kartu data dipaké pikeun ngawincik, ngolah, katut nganalisis sumber data nu wangunna mangrupa paribasa Sunda pikeun meunangkeun data panalungtikan tina buku-buku paribasa Sunda nu geus ditangtukeun. Dina éta kartu data

kaunggel hal-hal sarupa kieu di handap.

1) Sumber data mangrupa paribasa Sunda nu nomerna disusun sacara alpabetis; 2) Harti jeung ma‟na paribasa

(31)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. ungkara ayat qur‟an jeung atawa hadist luyu jeung ma‟na paribasa; b. katégori poko-poko ajaran Islam ( aqidah, syariah, jeung ahlak); c. ajén-inajén karakter nu kakandung

Sacara jelas bisa kagambarkeun dina conto ieu kartu data di handap.

KARTU DATA

( 7) Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. ( D: 5)

Harti : Ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora

Tafsir/Maksud: ( 1 ) Paribasa nu nuduhkeun kalakuan (goréng/kurang pantes)jalma nu geus kolot umurna tapi boga kahayang (ditunjukkeun ku kalakuanana) kawas budak ngora. Wawaran luang nu eusina naséhat sangkan jalma kudu mawas diri, ngukur umur jeung kalakuan awak sakujur

ANALISIS :

(32)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngumpulkeun data nu baris dipaké dina ieu panalungtikan didadarkeun ieu di handap.

Dina ieu panalungtikan dipaké tilu tehnik ngumpulkeun data, nya éta (1) tehnik studi pustaka, (2) tehnik intuisi, jeung (3) téhnik elisitasi.

a. Tehnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka disebut ogé studi bibliografi dipaké pikeun maluruh jeung ngumpulkeun sumber data paribasa Sunda tina sababaraha buku. Ngaliwatan téhnik teks sarupa kitu paribasa Sunda katut harti atawa ma‟nana dikumpulkeun, ditataan hiji-hijina.

b. Téhnik Intuisi atawa Introspeksi

Ieu téhnik introspeksi dipaké pikeun ngajaring data jeung informasi tina kaweruh panalungtik sorangan nu dina ieu situasi salaku informan. Satuluyna data nu kajaring ti panalungtik samodél kitu disebut data intuitif atawa data introspektif. Éta hal dilaksanakeun ku sabab panalungtik sorangan salaku urang

sunda pituin sarta ngagem agama Islam nu saeutik lobana mikaweruh kana seuhseuhan paribasa Sunda, kitu deui mikanyaho bagbagan agama Islam .

c. Téhnik Elisitasi

Upaya pikeun meunangkeun data nu acceptable mangka dipaké téhnik elisitasi pikeun nguji jeung ngakurkeun data nu geus dikumpulkeun ngaliwatan

tehnik intuisi. Éta data satuluyna disodorkeun ka native speaker lian ti diri panalungtik supaya kacék akur henteuna pamanggih panalungtik jeung urang sunda nu liana dina nafsirkeun ma‟na nu aya dina tiap-tiap paribasa nu dijadikeun data panalungtikan .

Runtuyan kagiatan ngumpulkeun data panalungtikan luyu jeung téhnik-téhnik panalungtikan nu didadarkeun di luhur. Ku kituna, moboga panta-panta

prosedur sarupa kieu:

a. Nangtukeun sumber data nu mangrupa paribasa Sunda tina sababaraha sumber tinulis;

(33)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Nangtukeun ayat-ayat Al-Qur‟an jeung atawa Hadist Rosul nu luyu jeung masing-masing paribasa kasebut;

d. Ngatur data sacara alpabetis; e. Nganomeran jeung ngodeuan data.

3.7. Analisis Data

Satutas data-data panalungtikan ngumpul, léngkah satuluyna nya éta analisis data. Data nu aya satuluyna dianalisis, didéskripsikeun, jeung ditafsirkeun luyu jeung téhnik jeung prosedur nu tangtu.

Metode nu dipaké pikeun napsirkeun paribasa Sunda nya éta metodeu hermeneotik. Sacara étimologi istilah hermeneotik asalna tina basa Yunani

hermeneuein nu hartina „napsirkeun‟. Kecap barangna hermenesia sacara harfiah hartina „tapsiran‟ atawa „interpretasi‟. Hermeneutik mangrupa prosés ngarobah hiji perkara atawa situasi tina kaayaan teu apal jadi ngarti ( Sumaryono, 1999: 24-23).

Analisis data paribasa Sunda dilaksanakeun sacara langsung ku cara nengetan identitas kecap-kecap katut ma‟na nu ngawanguna. Paribasa Sunda nu miboga gejala nu sarua dikumpulkeun jadi hiji kelompok, sedengkeun paribasa nu gejalana béda dipisahkeun asup kana kelompok nu liana nepi ka mernah dina tempat wincikanana sewang-séwangan.

Palmer, (2003: 15-36) yén aya tilu wangun harti hermeneuein nu ngagambarkeun proses analisa hermeneutika, nya éta (1) hermeneuein nu hartina

“to say” atawa nyaritakeun, (2) hermeneuein nu nuduhkeun harti “ to explain” ,

nekenkeun aspek pemehaman diskursif, (3) hermeneuein nu hartina “to translate

(34)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ku kituna prosés analisis hermeneutika sakurang-kurangna diwangun ku tilu tahap analisis nya éta proses maca teks, ngahartikeun atawa ngama‟naan, terus méré penafsiran teks.

Sumber data (paribasa Sunda) nu ditalungtik dipahami heula hartina, satuluyna didadarkeun ma‟nana, dijelaskeun maksudna, terus diinterpretasikeun dina kontéks pasualan nu keur ditalungtik luyu jeung tujuan-tujuan panalungtikan. Ngolah data panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan panta-panta saperti kieu di handap.

a. Ngaruntuykeun kabéh paribasa Sunda sacara alpabetis.

b. Nerjemahkeun (harti), ngama‟naan, ngajelaskeun maksud, jeung napsirkeun hiji-hijina paribasa Sunda.

c. Masangkeun ayat-ayat qur‟an atawa hadist nu luyu jeung eusi (ma‟na) masing -masing paribasa.

d. Ngawincik tur milah-milah paribasa Sunda nu ngandung ajén-inajén kaislaman kana tilu poko ajaran Islam, nyaéta:

1) aqidah; 2) syariah; jeung 3) ahlak.

e. Nganalisis ajén-inajén karakter nu aya dina pribasa nu ngandung ajén-inajén kaislaman.

f. Nyieun bahasan panalungtukan

g. Nyieun modél bahan ajar basa jeung sastra Sunda berbasis karakter budaya bangsa jeung agama Islam tina hasil panalungtikan.

h. Nyieun kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.

(35)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

MEKARKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA BERBASIS KARAKTER DI SMP

Luyu jeung tujuan panalungtikan, dina ieu bab V dipedar kumaha carana mekarkeun bahan pangajaran basa Sunda berbasis karakter di SMP tina hasil panalungtikan ajén-inajén kaislaman dina paribasa Sunda nu geus didadarkeun

dina bab-bab saméméhna.

5.1. Ambahan Bahan Ajar Paribasa Sunda

5.1.1. Materi Paribasa Sunda dina Kurikulum 2013

Materi pangajaran paribasa Sunda dina Kurikulum Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMP/MTs. taun 2013 aya dina salahsahiji aspék

pengembangan materi kosa kata di widang kebahasaan nu dina prinsipna méré kawenangan ka guru pikeun nyieun atawa nangtukeun bahan ajar nu diluyukeun jeung kompetensi katut tujuan pangajaran nu hayang kahontal (Disdik Provinsi Jawa Barat, 2013: 46).

Mekarkeun materi kosa kata (kandaga kecap) hartina lain ngajarkeun pangaweruh tiori basa, tapi kudu ngajanggélék dina kontéks makéna basa. Jadi, paribasa Sunda lain diajarkeun sacara mandiri dina wangun daptar sababaraha paribasa jeung hartina, tapi kudu dipaké dina konteks kahirupan sosial nu ngarojong siswa maham kana cara makéna basa, di jerona ngabantu siswa maham kana eusi paribasa. Leuwih jerona deui, konteks wacana pangajaran nu

disuguhkeun kudu bisa ngabantu siswa maham tur sadar kana perluna ngamalkeun ajén-inajén karakter nu kakandung dina éta paribasa.

Patalina jeung upaya mekarkeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda berbasis karakter nu sumberna tina ajén-inajén karakter nu kakandung dina

(36)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngaliwatan materi husus kabasaan ngeunaan ungkapan dan peribahasa (babasan jeung paribasa) dina materi ka-4, ngeunaan Idiom Basa Sunda kelas IX nu geus ditetepkeun dina Kurikulum 2013, Silabus Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMP/MTs kelas IX( Disdik Provinsi Jawa Barat, 2013 : 91).

5.1.2. Tujuan Mekarkeun Bahan Pangajaran

Tujuan mekarkeun bahan pangajaran basa Sunda berbasis karakter di SMP tina ajén-ajén karakter nu aya dina paribasa Sunda miboga tujuan sacara sacara umum, oge tujuan husus.

5.1.2.1. Tujuan Umum

Luyu jeung Tujuan Pendidikan Nasional Indonesia “Berkembangnya potensi peserta didik agar menjadi manusia beriman dan bertakwa kepada Tuhan

YangMaha Esa, berahlak mulia, sehat, berilmu, cakap, kréatif, mandiri, dan

menjadi warga negara yang demokratis serta bertanggung jawab” ( Bab II Pasal

3 UU RI No.20 Tahun 2003), sacara umum mekarkeun bahan pangajaran basa Sunda berbasis karakter miboga tujuan pikeun ngarojong kahontalna tujuan pendidikan nasional, sakumaha anu disebutkeun sacara yén,

Pendidikan karakter bertujuan untuk meningkatkan mutu penyelenggaraan dan hasil pendidikan di sekolah yang mengarah pada pencapaian pembentukan karakter atau ahlak mulia peserta didik secara utuh, terpadu, dan seimbang, sesuai standar kompetensi lulusan. Melalui pendidikan karakter diharapkan peserta didik di SMP mampu secara mandiri meningkatkan dan menggunakan pengetahuannya mengkaji dan menginternalisasi serta mempersonalisasi nilai-nilai karakter dan ahlak mulia sehingga terwujud dalam perilaku sehari-hari (Kemendiknas: 2010: 8).

5.1.2.2. Tujuan Husus

(37)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangajaran nu satuluyna kudu dijadikeun acuan pikeun nangtukeun tujuan pangajaran (intruksional) dina tiap rencana kagiatan pangajaran basa Sunda berbasis karakter.

Pikeun ngajalujuran kahontalna tujuan husus pangajaran basa Sunda berbasis karakter, pamaréntah ngaliwatan Kemendiknas ngaluarkeun

rambu-rambu atawa indikator hasil-henteuna penyelenggaraan atikan karakter dilaksanakeun ku hiji lembaga atikan.

Hasil-henteuna program atikan karakter bisa katitén ngaliwatan pencapaian indikator ku parasiswa sakumaha nu kaunggel dina Standar Kompetensi Lulusan

SMP, nu diantarana ngawengku hal-hal kieu di handap:

1. Mengamalkan ajaran agama yang dianut sesuai dengan tahap perkembangan remaja;

2. Memahami kekurangan dan kelebihan diri sendiri; 3. Menunjukkan sikap percaya diri;

4. Mematuhi aturan-aturan sosial yang berlaku dalam lingkungan yang lebih luas;

5. Menghargai keberagaman agama, budaya, suku, ras, dan golongan sosial ekonomi dalam lingkup nasional;

6. Mencari dan menerapkan informasi dari lingkungan sekitar dan sumber-sumber lain secara logis, kritis, dan kreatif;

7. Menunjukkan kemampuan berpikir logis, kritis, kreatif, dan inovatif; 8. Menunjukkan kemampuan belajar secara mandiri sesuai dengan

potensi yang dimilikinya;

9. Menunjukkan kemampuan menganalisis dan memecahkan masalah dalam kehidupan sehari-hari;

10.Mendeskripsikan gejala alam dan sosial;

11.Memanfaatkan lingkungan secara bertanggung jawab;

12.Menerapkan nilai-nilai kebersamaan dalam kehidupan bermasyarakat, berbangsa, dan bernegara demi terwujudnya persatuan dalam negara kesatuan Republik Indonesia;

13.Menghargai karya seni dan budaya nasional;

14.Menghargai tugas pekerjaan dan memiliki kemampuan untuk berkarya; 15.Menerapkan hidup bersih, sehat, bugar, aman, dan memanfaatkan

waktu luang dengan baik;

16.Berkomunikasi dan berinteraksi secara efektif dan santun;

17.Memahami hak dan kewajiban diri dan orang lain dalam pergaulan di masyarakat; Menghargai adanya perbedaan pendapat;

(38)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

19.Menunjukkan keterampilan menyimak, berbicara, membaca, dan menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Inggris sederhana;

20.Menguasai pengetahuan yang diperlukan untuk mengikuti pendidikan menengah;

21.Memiliki jiwa kewirausahaan.

Sacara idealis, tujuan mekarkeun bahan pangajaran tina ajén-inajén karakter

nu aya dina paribasa salian ti nu ditataan di luhur, oge ngajarkeun sakaligus

ngawaris generasi mikaweruh kana paribasa Sunda salaku sumber budaya

bangsana sorangan nu pinuh ku ajén-inajén linuhung malahmandar bisa

numuwuhkeun sikep kacinta jeung kareueus generasi kana budayana sorangan.

5.1.3. Pamarekan Ngajarkeun Paribasa Sunda Berbasis karakter

Sakumaha anu geus diteipikeun di luhur yén mekarkeun materi kosa kata

(kandaga kecap) hartina lain ngajarkeun pangaweruh tiori basa, tapi kudu

ngajanggélék dina kontéks makéna basa. Jadi, paribasa Sunda lain diajarkeun

sacara mandiri dina wangun daptar sababaraha paribasa jeung hartina, tapi kudu

dipaké dina konteks kahirupan sosial nu ngarojong siswa maham kana cara

makéna basa, di jerona ngabantu siswa maham kana eusi paribasa. Leuwih jerona

deui, konteks wacana pangajaran nu disuguhkeun kudu bisa ngabantu siswa

maham tur sadar kana perluna ngamalkeun ajén-inajén karakter nu kakandung

dina éta paribasa.

Ku kituna, bahan ajar kudu disodorkeun dina wangun wacana nu témana

mangrupa pasualan-pasualan nu aktual dina kahirupan (siswa) masarakat. Bahan

ajar paribasa Sunda dina wangun carita dipiharep bisa ngahudang karep siswa

kana suasana mikir nu leuwih komprehensif. Ngaliwatan kagiatan maca wacana,

suasana jeung pikiran siswa bakal kahudang milu aub ngungkulan

pasualan-pasualan nu disodorkeun dina carita, bisa leuwih kritis nu satuluyna dipiharep

kahudang pikeun méré kamandang dumasar kana rasa jeung pangaweruhna

séwang-séwangan. Ku cara kituna, modél bahan pangajaran paribasa Sunda

(39)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngarangsang tumuwuhna karakter siswa nu luyu jeung tujuan umum atikan

berbasis karakter bangsa.

Di handap aya sababaraha conto materi bahan ajar paribasa Sunda dina

wangun wacana tulis nu cocog pikeun ngajarkeun matéri paribasa Sunda berbasis

karakter di SMP.

Wacana 1

Ma Éroh

Ngaranna Ma Éroh. Pangawakan awéwé bedas tengah tuwuh nu hirup di

daérah pakampungan nyingkur di wewengkon pakidulan Tasikmalaya. Pakasaban sapopoéna tatanén. Naon nu saméméhna teu kungsi kapikiran ku masarakat sabudeureunana, bet ahirna jadi kanyataan. Masarakat nu aya di kampung Ma Éroh kawilang masarakat patani miskin lantaran sumber cai nu biasa ku pangeusi lembur dipaké nyaian lahan tatanén (nyawah) ukur ngandelkeun datangna cai hujan. Lamun datang mangsana halodo, loba masarakat di éta kampung nu kurang dahareun, malah sok sering kabéjakeun nepi ka loba nu kalaparan sabab lahan tatanén nu jadi andelan kahirupan masarakat éta kampung teu bisa ngadatangkeun hasil tatanén lantaran garing tarelaan euweuh cai.

Nya éta Ma Éroh nu ngarobah éta kampung jadi ma‟mur. Manéhna nu sakali-kali dibantuan ku anakna nu awéwé meulah pabukitan batu nu tarahal nyieun solokan pikeun ngalirkeun cai ka lahan pasawahan di éta lembur. Teu saeutik di antara warga éta kampung ngajebian kana usaha Ma Éroh lantaran ceuk maranéhna pamohalan usahana ngadatangkeun hasil. Pabukitan batu nu tarahal tur jarak nu kawilang jauh kana sumber cai lain pagawéan énténg nu bisa dilakukeun ku pangawakan awéwé. Ma Éroh teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan ku

(40)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

antukna ngadatangkeun hasil. Ma Éroh ahirna bisa ngaréngsékeun pagawéanana ngalirkeun cai ti sungapan ka lahan pasawahan nu aya di lemburna ngaliwatan irigasi meunang nyieun dirina salila mangtaun-taun. Lahan sawah nu tadina angar lamun datang usum halodo, sabada ayana irigasi meunag Ma Éroh mah bisa produktif sapanjang taun. Éta kampung jadi subur ma‟mur.

Béja perjuangan hésé-capé Ma Éroh nu tisuksuk tidungdung, dug hulu pet nyawa, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku mangtaun-taun ahirna nepi ka pamaréntah (harita jaman Presiden Soeharto). Tina éta jasa-jasana, ahirna harita Ma Éroh meunang pangleler Kalpataru ti Presiden Soeharto.

Dua puluh taun ti dinya aya béja, Ma Éroh gering parna. Kondisi kaséhatanana kacida piwatireunana. Awakna nu baheula cangker tur keker, duwuwuh ku sumanget hirup nu ngagedur, kiwari kari rungkang begang taya tangan pangawasa balukar tina mangtaun-taun nahan kanyeri tina kasakitna. Ma Éroh kapopohokeun. Hirupna tetep miskin. Jasana nu sakitu gedéna geuning teu matak mawa kahirupanana jadi leuwih ma‟mur.

Ajén-inajén moral naon nu diajarkeun tina prilaku hirup Ma Éroh? Saha nu kudu tanggung jawab nalika ma Éroh hirup sangsara?

(sumber : Model Pembelajaran Nilai, 2013: 182-183)

Wacana 2

Ihlas

Nalika i‟tikaf nungguan waktu solat Jumaah, aya hiji jamaah nu hirupna

miskin ngodok pésak ngaluarkeun duit Rp.2.000, terus diasupkeun kana kéncléng masjid nu biasa di kurilingkeun. Aya rasa éra nalika rék ngasupkeun éta duit, ku manéhna ditutupan ku leungeun kéncana . Éta Si jalma geus niat ti mimiti indit ti imahna. Duit nu dua rébu téh sabenerna ngahaja geus meunang misahkeun ti imahna kénéh tina duit manéhna nu kabéhna ngan sapuluh rébu pérak. Rasa ihlas bisa nyumbang ka masjid nyababkeun haténa bungah bisa ngadeudeul ku congo

(41)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

clik putih clak hérang terus jeung karidoan bari pinuh pangharepan dina hiji

mangsa Alloh méré kama‟muran hirupana. Satuluyna éta jalma bisa

ngalaksanakeun solat jumaahna kalayan husu.

Béda jeung jalma beunghar gigireunna nu boga rasa ieu aing uyah kidul bari jeung nyeungeut damar di suhunan. Nalika kéncléng masjid geus aya di hareupeunana, terus ngaluarkeun dompétna nu merekis ku duit lambaran saratus rébuan. Ngahaja dompét dibekéhkeun sangkan jalma-jalma nu disagigireuna nyahoeun lamun manéhna loba duit. Terus nyabut salambar saratus rebuah diasupkeun kana kencleng bari jeung rada ditonggérakkeun ngarah katingali ku nu

dariuk digigireunana yén manéhna nyumbang saratus rébu. Dina haténa nyarita, “jigana ngan aing nu panggedéna nyumbang ka masjid”. Haténa beuki bungah deui nalika pangurus ngalaporkeun keuangan masjid, ngaranna kasebut jalma nu panggedéna nyumbang ka éta masjid. Rasa bungah haté tadi nyababkeun manéhna inget waé kana sodakohna, malah terus kababawa dina solatna.

Ajén-inajén naon nu ditampilkeun ku éta jalma miskin? Ajén-inajén naon nu ditampilkeun ku éta jalma beunghar?

Tina carita di luhur, sikep nu mana nu paling mulya di payuneunAlloh, naha sikep jalma nu miskin, atawa sikep jalma nu beunghar? Naon alesanana?

(sumber : Model Pembelajaran Nilai, 2013: 183-184)

Wacana 3

Adat kakurung ku iga

(42)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

naékna “bersyarat”. Bilamana aya kabéjakeun bolos deui atawa teu asup sakola lantaran kasalahan nu sarupa, Si Adul bakal dikaluarkeun ku pihak sakola.

Aya dua bulanna Si Adul némbongkeun parobahan sikep, manéhna katingali rajin ka sakola, nepi ka hiji mangsa manéhna kaasup salahsaurang nu ditangtungkeun hareupeun lapang sakola sabab beunang ku razia polisi dina operasi “ Penertiban Siswa” nu dilaksanakeun ku pihak kepolisian. Si Adul jeung batur-baturna katangkep keur pésta miras di tempat PS dina waktu diajar. Surat sakit nu dikirimkeun ka sakola poé harita, singhoréng ngan akalna wungkul. Ti imah ka kolot bébéja rék ka sakola, padahal mah sakolana teu nepi, kalah

nyimpang ka tempat PS, Lampah si Adul bener-bener Cul dogdog tinggal igel. Tungtungna Si Adul katurug katutuh, lain waé ku pihak sakola dikaluarkeun, tapi urusanana jeung pulisi jadi maut ka puhu, nyusahkeun nu jadi kolot. Geus kitu mah kakara karasa ku tulang beuheungna yén kaduhung mah tara tiheula.

Pelajaran naon nu bisa katangkep tina carita di luhur? Kumaha sikep nu ditunjukkeun ku Si Adul?

5.1.4. Cara Meunteun

Kagiatan meunteun hasil diajar (evaluasi) ngajar kacida pentingna dina tiap program pangajaran sangkan bisa meunangkeun data nu akuntabel ngeunaan kahontal-henteuna tujuan pangajaran, boh pikeun nagtukeun ketercapaian kamampuh (kompetensi) siswa sacara pribadi, kitu deui evaluasi pikeun guru dina nagtukeun léngkah-léngkah pangajaran satuluyna sangkan leuwih efektif tur efisien.

Kagiatan meunteun (evaluasi) dina atikan berbasis karakter saeutikna kudu

bisa ngaakomodasi kapentingan meunteun opat ranah karakter sacara umum, nya éta:

1. Karakter nu sumberna tina olah hati di antarana nya éta beriman dan bertakwa, jujur, amanah, adil, tertib, taat aturan, bertanggung jawab, berempati, berani

(43)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2. Karakter nu sumberna tina olah pikir di antarana nya éta cerdas, kritis, kreatif, inovatif, ingin tahu, produktif, berorientasi ipteks, dan reflektif;

3. Karakter nu sumberna tina olah raga/kinestetika di antarana waé nya éta bersih, dan sehat, sportif, tangguh, andal, berdaya tahan, bersahabat, kooperatif,

determinatif, kompetitif, ceria, dan gigih; jeung

4. Karakter nu sumberna tina olah rasa dan karsa di antarana nya éta kemanusiaan, saling menghargai, gotong royong, kebersamaan, ramah, hormat,

toleran, nasionalis, peduli, kosmopolit (mendunia), mengutamakan kepentingan

umum, cinta tanah air (patriotis), bangga menggunakan bahasa dan produk

Indonesia, dinamis, kerja keras, dan beretos kerja.

Evaluasi atawa penilaian bisa dilaksanakeun ngaliwatan wangun tes jeung non tes. Wangun tes nu bisa dilaksanakeun pikeun meunteun kagiatan diajar basa Sunda berbais karakter bisa dina wangun tes lisan, tes tulis, jeung tes perbuatan. Wangun tes evaluasi non test biasana ngagunakeun skala sikep, daptar

pariksa (check list), kuisioner, portofolio, jurnal, cuplikan kerja, jsb.

Pikeun meunteun karakter nu patali jeung olah hati, olah raga/kinestetika, jeung olah rasa dan karsa kurang proporsional upama dilaksanakeun ngaliwatan tes tinulis, kitu deui tes lisan, tapi dipeunteun ngaliwatan kagiatan meunteun non tes. Dina prakprakanana guru ngalaksanakeun téhnik observasi (pengamatan) kalayan ngagunakeun instrumen pengamatan nu dirarancang bisa ngukur karakter olah hati, olah raga/kinestetika, jeung olah rasa dan karsa siswa ku cara ningali indikasi-inadikasi tina tingkah atawa sikep siswa, boh nalika diajar di kelas, boh keur kagiatan di luar kelas.

Pikeun meunteun karakter nu patali jeung olah pikir bisa ngaliwatan tehnik penilaian dina wangun tes oge bisa dina wangun non tes. Cara meunteun

(44)

Achmad Sopian Effendi, 2014

Ajén-inajén Kaislaman Dina Paribasa Sunda Pikeun Mekarkeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Berbasis Karakter Di SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2. Model Bahan Pangajaran Paribasa Sunda

Satuan Pendidikan : SMPN/MTs

Mata Pelajaran : Basa & Sastra Sunda Kelas / Semester : IX / 1

Materi Pangajaran : 4. Bahasan yang Mengandung Idiom

Kompetensi Inti :

9.1. Menghargai dan menghayati ajaran agama yang dianutnya

9.2. Menghargai dan menghayati perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, peduli (teloransi, gotong royong), santun, percaya diri, dan berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam dalam jangkauan pergaulan dan keberadaan-Nya.

9.3. Memahami dan menerapkan pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait fenomena dan kejadian tampak mata.

9.4. Mengolah, menyaji, dan menalar dalam ranah konkret (menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca, menghitung menggambar, dan mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandang/teori.

Referensi

Dokumen terkait

Panalungtikan ngeunaan ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal miboga tujuan pikeun miara jeung ngamumulé hasil karancagéan masarakat Sunda, hususna dina widang

Data anu geus dikumpulkeun dina panalungtikan, satuluyna dianalisis ngagunakeun metode déskriptif. Anu dideskripsikeunana nya éta prak-prakan pagelaran kasenian wayang

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

1) Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar,

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Struktur - Sémiotik jeung Ajén Moral dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa pikeun Bahan Pangajaran Maca

Tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadeskripsikeun struktur carita jeung ajén moral nu aya dina novél Carita Si Dirun karya Samsoedi, sarta dipatalikeun jeung bahan

Dumasar kana peranna, anu jadi palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh téh nya éta Nabi Adam, Babu Hawa, Nabi Yusuf, Siti Julaéha, Nabi Musa, Sapura, Nabi Muhammad