• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB IV AJÉN BUDAYA DINA WAWACAN PANGANTÉN TUJUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMP

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB IV AJÉN BUDAYA DINA WAWACAN PANGANTÉN TUJUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMP"

Copied!
77
0
0

Teks penuh

(1)

BAB IV

AJÉN BUDAYA DINA WAWACAN PANGANTÉN TUJUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMP

Dina ieu bab, anu dipedar ngeunaan déskripsi buku, tingkesan carita, unsur intrinsik, ajén budaya nu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh, jeung bahan pangajaran maca wawacan di SMP.

4.1 Déskripsi Buku

Déskripsi ieu wawacan, nya éta :

1) Judul : Wawacan Pangantén Tujuh

2) Asal Naskah : Dalem Istri R.A.A. Martanegara

3) Lokasi Ayana Naskah : Musium Prabu Geusan Ulun Sumedang 4) Transliterasi : R.A. Bulkini

5) Data Pisik Buku

a. Ukuran Buku : 8.5 inci x 14 inci b. Jumlah Kaca : 94 kaca

c. Jumlah Jajaran : 740 jajaran

d. Basa : Sunda

e. Aksara : Latén

(2)

4.2 Tingkesan Carita

Ieu riwayat dicaritakeun ku Anas bin Malik Rodiallahu Ta’ala. Dina hiji poé Rosulullah ngadeg di hareupeun para Muhajir, Soha jeung Ansor. Aya sahabat nanya ngeunaan ma’na poé Juma’ah. Rosulullah ngadadarkeun yén poé Juma’ah nya éta poé nikah. Ti dinya para sahabat gé ménta pedaran anu leuwih écés deui ka Rosulullah ngeunaan ieu masalah. Ringkesna ieu wawacan nyaritakeun ngeunaan tujuh pasang pangantén anu nikah dina poé Juma’ah. Poé Juma’ah dipaké nikah ku sababaraha nabi jeung sahabat, nya éta Nabi Adam ka Babu Hawa, Nabi Yusuf ka Julaéha, Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis, Nabi Musa ka Sapura, Nabi Muhammad ka Siti Hodijah, Nabi Muhammad ka Siti Aisah, jeung Ali ka Fatimah.

a) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa

Kacaritakeun Nabi Adam di sawarga ngarasa nyorangan euweuh nu maturan. Dina hiji waktu, Nabi Adam keur saré, Alloh SWT maréntahkeun ka Malaikat Jibril pikeun nyabut tulang igana Nabi Adam beulah kénca. Tina éta tulang, dijadikeun hiji awéwé geulis nya éta Babu Hawa. Alloh SWT ngahaja nyiptakeun Babu Hawa pikeun maturan Nabi Adam di sawarga. Nabi Adam ditibanan ku Pangéran, pangawelas, pangabogoh, kacintaan, jeung kanyaah ka istri-istri lumrahna. Hiji waktu, Nabi Adam kacida reuwasna waktu hudang nempo awéwé geulis saré di gigireunana. Nabi Adam bogoh ka Babu Hawa. Alloh SWT maréntahkeun ka sakabéh malaikat jeung widadari nu aya di sawarga

(3)

sangkan tatahar nyiapkeun acara pikeun ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa. Nabi Adam jeung Babu Hawa nikah dina poé Juma’ah.

b) Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha

Nabi Yusuf jadi budak beulian Raja Mesir, nya éta Raja Kitpir. Kitpir boga pamajikan ngaranna Julaéha. Nabi Yusuf dipiputra ku garwana. Julaéha kacida bogohna ka Nabi Yusuf, lantaran Nabi Yusuf téh kacida kasépna.

Hiji mangsa, Julaéha datang ngadeukeutan rék ngagoda, tapi Nabi Yusuf langsung ngejat, lumpat, Julaéha ngudag nepi ka komisna dibetot satarikna. Julaéha ngalaporkeun yén Nabi Yusuf nu ngahaja réh ngagoda manéhna. Ku kituna Nabi Yusuf dipenjara salila 13 taun.

Kaluarna ti penjara, Nabi Yusuf jadi Raja Mesir. Siti Julaéha robah jadi awéwé ngora geulis deuih. Nabi Yusuf katarik atina ku kageulisan Julaéha. Tapi Julaéha nolak cintana Nabi Yusuf. Ku pitulung ti Maharaja Rayan bin Walid, Nabi yusuf nikah jeung Julaéha. Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha dilaksanakeun dina poé Juma’ah.

c) Nikahna Nabi Musa jeung Sapura

Raja Fir’aon maréntahkeun ka sakabéh bala tentarana, réhna urang Bani Isroil anu ngajuru anak lalaki, kudu dipaéhan lantaran bakal jadi pimusuheun geus gedéna. Harita Dewi Hunah medalkeun orok lalaki, nya éta Nabi Musa. Lantaran sieun kapanggiheun ku Raja Fir’aon, nya geuwat Dewi Hunah malidkeun Nabi Musa ka Nil bari dipetian. Nabi Musa kapanggih ku pamajikan Raja Firaon, tuluy

(4)

dipiputra sarta bakal calon raja Mesir. Geus gedéna Nabi Musa dedegler taya kainggis, geus malawading ti raja. Nabi Musa nyangking agama Taohid. Mana-mana nu kapir, teu rempug jeung anjeunna, dicabok tuluy dipaéhan. Nabi Musa maéhan urang Kibti pikeun nulungan nu sangsara. Fir’aon nimbalan ka para prajuritna pikeun ngepung Nabi Musa tuluy dipaéhan. Nabi Musa bisa leupas tina kepungan Raja Firaon di Mesir tuluy kabur ti Mesir.

Nabi Musa datang ka Madyan tengah poé mentrang-mentring. Panas kaliwat saking, Nabi Musa ngiuhan di handapeun kai. Barang rék ngahub, dumadakan Nabi Musa manggihan nu ngangon embé jeung domba. Nabi Musa ningali di dinya campur awéwé jeung lalaki. Di antara nu ngangon Nabi Musa ningali aya budak awéwé duaan, misah ti nu loba, henteu ngilu pagelek, pabeulit. Disampeurkeun ku Nabi Musa. Kapanggih nu ngangonna dua istri lenjang leutik adi lanceuk, nya éta putrana Nabi Suéb. Ngaran budakna nya éta Siti Mursilah jeung Sapura. Nabi Musa bakal dipulung minantu ku Nabi Suéb. Nabi Suéb geus nyahoeun saméméhna yén nurutkeun ramalan, sing saha jalma nu bisa ngagulingkeun éta batu gedé mangka jelema bakal jadi rosul. Nabi Suéb ménta ka Nabi Musa sangkan ngawin anakna, Sapura.

Nabi Musa boga mu’jizat mangrupa iteuk anu sakti. Nikahna Nabi Musa jeung Sapura dina poé Juma’ah jeung nu dipaké mas kawinna, Nabi Musa kudu sanggup ngangon ingon-ingonna nya éta domba salila 10 taun. Lunas mas kawin ti nabi Musa saupama migawé éta pagawéan.

(5)

d) Nikahna Nabi Sulaéman jeung Ratu Bulqis

Nabi Sulaéman jadi raja ti ratu-ratu angin, manusa, jeung sasatoan. Karajaan Nabi Sulaéman dingaranan Nagri Sam. Bapa Nabi Sulaéman nya éta Nabi Daud. Nabi Sulaéman dibéré mu’jizat ku Alloh SWT, nya éta bisa ngadéngé sora ti kajauhan sanajan ngan ukur ngaharéwos. Nabi Sulaéman jeung para ponggawana, katut sakabéh ratu-ratu jalan-jalan ngurilingan nagrina. Di tengah-tengah perjalanan Nabi Sulaéman panggih jeung Hud-hud anu geus balangsiar ti nagri Yaman. Hud-hud nyaritakeun ka Nabi Sulaéman ngeunaan putri raja Yaman ngaranna Ratu Bulqis nu geulis kabina-bina. Bulqis miboga indung ti bangsa jin. Hud-hud diparéntah ku Nabi Sulaéman pikeun ngirim surat ka Ratu Bulqis anu eusina sangkan Bulqis bisa datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis teu yakin yén Nabi Sulaéman téh utusan Allah SWT. Pikeun nguji yén Nabi Sulaéman utusan Allah SWT, Bulqis ngutus Patih Mandar pikeun ngirimkeun upeti. Nurutkeun Bulqis, lamun Nabi Sulaéman narima éta upeti, hartina Sulaéman raja nu biasa sarua jeung raja-raja nu séjénna.

Ratu Bulqis datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis kacida reuwasna ningali istana Nabi Sulaéman nu kacida agréngna. Bulqis ngarasa anéh lantaran “arasy” nu manéhna, di Yaman, aya di istana Nabi Sulaéman. Nabi Sulaéman cinta ka Ratu Bulqis. Nikahna Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis dina poé Juma’ah. Nabi Sulaéman netep di Sam, sedengkeun Bulqis netep di Yaman.

(6)

e) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah

Sanggeus akina maot, Nabi Muhammad diasuh ku Abi Tolib, mamangna ti yuswana lima taun. Waktu Nabi Muhammad umurna lima likur taun, kacaritakeun mamang jeung bibina mikir, yén ayeuna geus waktuna Muhammad kawin tuluy boga pamajikan.

Nabi Muhammad ditarima gawé di tempatna Siti Hodijah. Muhammad dititah ku Siti Hodijah dagang jeung Maésaroh ka nagri di luareun Mekah. Sapaparat jalan, Maésaroh ngarasa anéh, lantaran awan hideung téh teu weléh aya mayungan Muhammad. Leumpang gé jadi iuh jeung barang dagangan téh gancang lakuna bari meunang bati anu gedé.

Kajadian anu lumangsung di tempat jual beuli, dicaritakeun sakabéhna ku Maésaroh ka Siti Hodijah. Sanggeus nyaho kajadianna, Siti Hodijah boga niat rék ngajadikeun Nabi Muhammad salaki. Kabéh jelema satuju kana niatan Siti Hodijah. Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah dina poé Juma’ah.

f) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah

Nabi Muhammad ngarasa, yén awéwé saperti Siti Hodijah anu luhung budi moal bisa kagantikeun. Mangka datang Malaikat Jibril anu ngajelaskeun, yén Alloh SWT geus ngawinkeun Muhammad jeung Siti Aisah puterina Abu Bakar di langit nu ka tujuh. Abu Bakar kacida bungahna narima lamaran Muhammad ka putrina Siti Aisah. Kitu deui Siti Aisah nu kacida bungahna dipikacinta ku Muhammad. Abu Bakar ngabéwarakeun ka para sahabat anu jonghok, yén Abu

(7)

Bakar seja ngawinkeun putrina, nu ngaranna Aisah ka Nabi Muhammad. Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah dina poé Juma’ah.

g) Nikahna Baginda Ali jeung Fatimah

Para sahabat nyarankeun sangkan Ali geura kawin ka Fatimah. Tapi Ali bingung lantaran segen ka Rasulullah. Fatimah umurna 14 taun geus cukup umur lamun boga salaki mah. Nabi Muhammad ngarasa sedih lantaran ibuna Fatimah tos teu aya. Turun Malaikat Jibril, Mikail, jeung Ridwan. Nabi Muhammad dibéré sagala kaperluan pikeun ngawinkeun Fatimah. Awalna Nabi Muhammad nolak paméréanana, lantaran kahayangna hadiah-hadiah kitu mah dibéré engké lamun di ahérat. Jibril ngajelaskeun, yén hadiah engké di ahérat mah lain deui, ieu mah husus pikeun kabutuhan ngawinkeun Fatimah.

Ali ngalamar Fatimah. Disaksian ku para sahabat. Nikahna Ali jeung Fatimah dina poé Juma’ah. Maskawinna mangrupa duit 500 dirham kontan. Fatimah nolak kana éta mas kawin. Mas kawin anu dipénta ku Fatimah nya éta sangkan bisa méré sapaat ka umat nabi, boh lalaki atawa awéwé nu maksiat jeung nu teu taat. Harita kénéh turun malaikat Jibril ngawahyukeun, yén geus ngabulkeun paménta Fatimah.

(8)

4.3 Unsur Intrinsik Wawacan Pangantén Tujuh

Dumasar kana watesan jeung rumusan masalah, analisis struktur wawacan dina ieu panalungtikan, nya éta unsur intrinsik Wawacan Pangantén Tujuh, di antarana téma, fakta carita (palaku, watek palaku, galur, jeung latar).

4.3.1 Téma

Téma mangrupa unsur anu penting, lantaran bisa nuduhkeun pasualan anu rék diasongkeun ku pangarang dina éta wawacan. Téma anu nyampak dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta nikah téh ibadah. Éta téma katitén tina masalah-masalah anu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta nikahna tujuh pasang pangantén, nabi jeung sahabat, anu dilaksanakeun dina poé Juma’ah. Éta hal ogé mangrupa bukti kataatan para nabi jeung sahabat kana paréntah Alloh SWT. Salian ti téma di luhur, aya ogé téma séjénna, nya éta kahirupan rumah tangga anu bener. Cutatan anu nuduhkeun kana éta perkara bisa katitén di handap.

Sabab enggeus kapilih, Ku para rosul anu mulya,

Poé Juma’ah geus dianggo nikahna ku Nabi Adam ka Babu Hawa téa,

ka dua ku Nabi Yusuf, kanggo nikah ka Djulaéha, (1: 5 )

Tilu Juma’ah diselir, dianggo nikah ku Musa, ka Sapura putra Suéb, ka opat Nabi Sulaéman,

(9)

nikah Ratu Bulqisah, kalima rosul panutup, nitah ka Ratu Hodijah. (1: 6)

Ka genep nikahna deui, Bulan Sawal poé Juma’ah, Nabi arandika kénéh, Katujuh anu nikah,

Poé Juma’ah anu mangkuk, Ali nikah ka Patimah. (1: 7)

4.3.2 Galur

Galur nya éta runtuyan kajadian nu disusun nepi ka ngahasilkeun leunjeuran carita. Galur dina Wawacan Pangantén Tujuh téh kaasup kana galur mérélé, lantaran di awal carita ngawanohkeun heula palakuna, tuluy ditéma ku rupa-rupa kajadiana nepi ka pungkasan carita.

Upama dititénan, galur Wawacan Pangantén Tujuh téh bisa dibagi sababaraha bagian carita, di antarana:

a) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa

1) Nabi Adam ditetepkeun di sawarga. Nabi Adam ngarasa sorangan euweuh bangsa manusa séjén nu maturan;

2) Alloh SWT maréntahkeun ka Malaikat Jibril pikeun nyebit dagingna tina iga beulah kénca, Nabi Adam henteu ngarasa;

(10)

3) Alloh SWT nyiptakeun hiji awéwé nu geulis tina éta daging pikeun maturan Nabi Adam di sawarga;

4) Nabi Adam kacida reuwasna, lantaran hudang saré ningali Babu Hawa aya di gigireunana, Nabi Adam bogoh ka Babu Hawa;

5) Alloh SWT maréntahkeun ka sakabéh malaikat jeung widadari pikeun tatahar di sawarga, lantaran rék ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa, Nabi Adam nikah jeung Babu Hawa maké maskawin solawat;

6) Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa dina poé Juma’ah.

b) Nikahna Nabi Yusuf jeung Siti Julaéha

1) Nabi Yusuf jadi budak beulian Raja Mesir, nya éta Raja Kitpir. Nabi Yusuf dipiputra ku pamajikanana, nya éta Siti Julaéha;

2) Hiji waktu, Julaéha datang ngadeukeutan rék ngagoda ka Nabi Yusuf, Nabi Yusuf dipitnah tuluy dilaporkeun yén Nabi Yusuf nu ngahaja réh ngagoda manéhna. Ku kituna Nabi Yusuf di penjara salila 13 taun;

3) Kaluarna ti penjara, Nabi Yusuf jadi Raja Mesir. Siti Julaéha robah jadi awéwé ngora geulis deuih. Nabi Yusuf katarik atina ku kageulisan Julaéha; 4) Ku pitulung ti Maharaja Rayan bin Walid, Nabi yusuf nikah jeung Julaéha.

Nikahna Nabi Yusuf jeung Julaéha dilaksanakeun dina poé Juma’ah.

b) Nikahna Nabi Musa jeung Sopura

1) Raja Fir’aon maréntahkeun ka sakabéh bala tentarana, réhna urang Bani Isroil anu ngajuru anak lalaki, kudu dipaéhan lantaran bakal jadi pimusuheun geus gedéna;

(11)

2) Harita Dewi Hunah medalkeun orok lalaki, nya éta Nabi Musa. Lantaran sieun kapanggiheun ku Raja Fir’aon, nya geuwat Dewi Hunah malidkeun Nabi Musa ka Nil bari dipetian;

3) Nabi Musa kapanggih ku pamajikan Raja Firaon tuluy dipiputra sarta bakal calon raja Mesir;

4) Geus gedéna Nabi Musa dedegler taya kainggis, geus malawading ti raja. Nabi Musa nyangking agama Taohid. Mana-mana nu kapir, teu rempug jeung anjeunna, dicabok tuluy dipaéhan;

5) Fir’aon nimbalan ka para prajuritna pikeun ngepung Nabi Musa tuluy dipaéhan. Nabi Musa bisa leupas tina kepungan Raja Firaon di Mesir tuluy kabur ti Mesir;

6) Nabi Musa datang ka Madyan, dumadakan Nabi Musa manggihan nu ngangon embé jeung domba;

7) Nabi Musa panggih jeung nu ngangon dua istri lenjang leutik adi lanceuk, nya éta putrana Nabi Suéb. Ngaran budakna nya éta Siti Mursilah jeung Sapura; 8) Nabi Musa bakal dipulung minantu ku Nabi Suéb. Nabi Suéb geus nyahoeun

saméméhna yén nurutkeun ramalan, sing saha jalma nu bisa ngagulingkeun éta batu gedé mangka jelema bakal jadi rosul;

9) Nabi Suéb ménta ka Nabi Musa sangkan ngawin anakna, Sapura;

10) Nabi Musa boga mu’jizat mangrupa iteuk anu sakti. Nikahna Nabi Musa jeung Sapura dina poé Juma’ah jeung nu dipaké mas kawinna, Nabi Musa kudu sanggup ngangon ingon-ingonna nya éta domba salila 10 taun.

(12)

d) Nikahna Nabi Sulaéman jeung Ratu Bulqis

1) Nabi Sulaéman jadi raja ti ratu-ratu angin, manusa, jeung sasatoan. Karajaan Nabi Sulaéman dingaranan Nagri Sam;

2) Nabi Sulaéman dibéré mu’jizat ku Alloh SWT, nya éta bisa ngadéngé sora ti kajauhan sanajan ngan ukur ngaharéwos;

3) Nabi Sulaéman jeung para ponggawana, katut sakabéh ratu-ratu jalan-jalan ngurilingan nagrina;

4) Di tengah-tengah perjalanan Nabi Sulaéman panggih jeung Hud-hud anu geus balangsiar ti nagri Yaman;

5) Hud-hud nyaritakeun ka Nabi Sulaéman ngeunaan putri raja Yaman ngaranna Ratu Bulqis nu geulis kabina-bina;

6) Hud-hud diparéntah ku Nabi Sulaéman pikeun ngirim surat ka Ratu Bulqis anu eusina sangkan Bulqis bisa datang ka karajaan Nabi Sulaéman;

7) Ratu Bulqis datang ka karajaan Nabi Sulaéman. Bulqis kacida reuwasna ningali istana Nabi Sulaéman nu kacida agréngna;

8) Nabi Sulaéman cinta ka Ratu Bulqis. Nikahna Nabi Sulaéman ka Ratu Bulqis dina poé Juma’ah.

e) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah

1) Sanggeus akina maot, Nabi Muhammad diasuh ku Abi Tolib, mamangna ti yuswana lima taun. Waktu Nabi Muhammad umurna lima likur taun, kacaritakeun mamang jeung bibina mikir, yén ayeuna geus waktuna Muhammad kawin tuluy boga pamajikan;

(13)

2) Nabi Muhammad ditarima gawé di tempatna Siti Hodijah;

3) Muhammad dititah ku Siti Hodijah dagang jeung Maésaroh ka nagri di luareun Mekah;

4) Sapaparat jalan, Maésaroh ngarasa anéh, lantaran awan hideung téh teu weléh aya mayungan Muhammad, leumpang gé jadi iuh jeung barang dagangan téh gancang lakuna bari meunang bati anu gedé;

5) Nabi Muhammad nempo lebaran urang Yahudi di garéja, dumadakan lampu-lampu garéja maruragan, cenah mah lamun aya kajadian saperti kitu, nandakeun yén Nabi ahir jaman geus turun pikeun ngarobah kapercayaan, Nabi Muhammad bisa lolos ku pitulung ti Maésaroh;

6) Kajadian anu lumangsung di tempat jual beuli, dicaritakeun sakabéhna ku Maésaroh ka Siti Hodijah;

7) Sanggeus nyaho kajadianna, Siti Hodijah boga niat rék ngajadikeun Nabi Muhammad salaki;

8) Kabéh jelema satuju kana niatan Siti Hodijah. Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Hodijah dina poé Juma’ah.

f) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah

1) Alloh SWT geus ngawinkeun Muhammad jeung Siti Aisah puterina Abu Bakar di langit nu ka tujuh;

2) Abu Bakar kacida bungahna narima lamaran Muhammad ka putrina Siti Aisah. Kitu deui Siti Aisah nu kacida bungahna dipikacinta ku Muhammad; 3) Abu Bakar ngabéwarakeun ka para sahabat anu jonghok, yén manéhna seja

(14)

4) Hiji waktu Aisah ngilu perang jeung Nabi Muhammad, balik perang Aisah ditinggalkeun ku rombonganana lantaran néangan kongkorongna nu leungit di tempat abdas;

5) Aisah panggih jeung Sofyan bin Ma’dhol, tuluy balik bareng naék kana luhureun onta, tina éta kajadian Aisah dipitnah ku ku hiji prajurit nepika sakabéh urang Madinah percaya kana éta omongan;

6) Turun Wahyu ti Alloh SWT anu nerangkeun, yén Aisah téh teu salah; 7) Nikahna Nabi Muhammad jeung Siti Aisah dina poé Juma’ah.

g) Nikahna Baginda Ali jeung Fatimah

1) Para sahabat nyarankeun sangkan Ali geura kawin ka Fatimah. Tapi Ali bingung lantaran segen ka Rasulullah;

2) Turun Malaikat Jibril, Mikail, jeung Ridwan. Nabi Muhammad dibéré sagala kaperluan pikeun ngawinkeun Fatimah;

3) Ali ngalamar Fatimah. Disaksian ku para sahabat;

4) Nikahna Ali jeung Fatimah dina poé Juma’ah. Mas kawinna mangrupa duit 500 dirham kontan. Fatimah nolak kana éta mas kawin. Mas kawin anu dipénta ku Fatimah nya éta sangkan méré bisa sapaat ka umat nabi, boh lalaki atawa awéwé nu maksiat jeung nu teu taat;

5) Harita kénéh turun malaikat Jibril ngawahyukeun, yén geus ngabulkeun paménta Fatimah.

(15)

4.3.3 Palaku jeung Watek Palaku

Palaku dina unggal wawacan atawa carita, geus tangtu bakal aya palaku atawa tokoh nu ngalalakon. Pungsi palaku dina carita kacida pentingna, sabab aya palaku-palaku nu jadi wadah pikeun ngedalkeun pikiran, perasaan, jeung harepan pangarang nu rék ditepikeun ka nu maca.

Ditilik tina warnana, palaku téh bisa dipasing-pasing deui dumasar kana karakterna. Di antarana palaku utama jeung palaku tambahan.

4.3.3.1 Palaku

Dina hiji wawacan, geus tangtu aya tokoh nu ngalalakon. Pungsi palaku dina carita kacida penting, lantaran aya palaku-palaku nu jadi wadah pikeun pikiran, rarasaan, jeung harepan pangarang nu rék ditepikeun ka nu maca. Palaku anu ngalalakon dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta:

1. Nabi Adam, 2. Babu Hawa, 3. Nabi Yusuf, 4. Siti Julaéha, 5. Nabi Musa, 6. Nabi Suéb, 7. Sapura,

8. Nabi Muhammad SAW, 9. Siti Hodijah,

(16)

11. Siti Aisah, 12. Baginda Ali, 13. Abu Bakar, 14. Fatimah.

Aya dua jenis palaku, nya éta palaku utama atawa palaku séntral jeung palaku bawahan. Dumasar kana peranna, anu jadi palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh téh nya éta Nabi Adam, Babu Hawa, Nabi Yusuf, Siti Julaéha, Nabi Musa, Sapura, Nabi Muhammad SAW, Siti Hodijah, Siti Aisah, Baginda Ali, jeung Fatimah.

Palaku bawahanana nya éta, Maésaroh, Nabi Suéb, Rahib, Abu Bakar, Hud-hud, Pira’on, Rayan bin Walid, hakim, Sofyan jeung Masthoh.

4.3.3.2 Watek Palaku

Numutkeun Stanton dina Burhan (2010:165), nyebutkeun yén istilah “karakter” (character) dina rupa-rupa literature bahasa inggris nyarankeun ka dua wangenan anu béda, nya éta salaku tokoh-tokoh carita anu dipintonkeun, jeung salaku sikep, ketertarikan, kahayang, émosi, tur prinsip moral anu aya dina tokoh-tokoh éta.

1) Nabi Yusuf

Nabi Yusuf nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén Nabi Yusuf miboga watek kasép, bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(17)

(a) Kasép

Dimumulé dihurmat dipusti, ku garwana dipiputra, Yusuf murangkalih kasép, yuswa tilu welas taun, lila-lila Yusuf katawis, cahyana lang gumilang, moncorong gumebyur, panon poé dina raray,

katingalna ngalangkang cara cermin, eunteung gugurilapan.

(3: 58)

2) Babu Hawa

Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Babu Hawa téh istrina Nabi Adam. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén Babu Hawa miboga watek geulis, manis, lemes, jeung berséka. Tabéat istri téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Geulis

Éta daging nu sasebit,

dikersakeun ku Yang Sukma jadi mirupa awéwé, nyéta jadi Babu Hawa,

luluhuring prasekar, diséléhan ku Yang Agung, kageulisan-kamanisan, (1: 8)

(b) Lemes Berseka

Manana tabéat istri, aralus lemes berséka, betah siram resep mesek, ampuh lungguh tara tanggah,

(18)

sabab di Babu Hawa, tabéat istri téh kumpul, diséléhkeun kabéh pisan. (1: 20)

(c) Lemes jeung Alus

Antiyem jeung anda lemi, kajatnikan-kajatnikan, kapantesan jeung pasemon, katimpuhan ka ampuhan, kalemesan kaalusan, karesikan ku Yang Agung, disoléhkeun ku Babu Hawa. (1: 19)

3) Siti Julaéha

Siti Julaéha nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Siti Julaéha téh istrina Nabi Yusuf. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén Siti Julaéha miboga watek geulis sarta kaédanan pisan ku Nabi Yusuf. Éta perkara bisa katitén dina cutatan di handap.

(a) Geulis

Katingal ku Nabi Yusuf, Moncongok olohok Nabi, Cek manahna éta saha, Istri geulis teuing,

Satungtung katingali mah, Simeuteun nabi ningalina. (4: 99)

(b) Kaédanan ku Yusuf Sabijilna ti jro buwi,

(19)

manah puyeng-puyang paying, kawayang anu wuyung,

cara hayam nu mahkan pikir, jut lungsur cat ungahna, ngalungsar ngalumbruk, tap eunteung jeung bedak cina, sipat mata sakedap tap kana sisir, jeung minyak pulas réma.

(3: 64) 4) Nabi Adam

Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Mikanyaah

Sigeung sabot kulem nabi, Di tibanan ku Pangéran, Pangawelas pangabogoh, Kacintaan jeung kanyaah, Katrésnaan kawatiran, Purwa lalaki nu baku, Mikawelas mikanyaah. (1: 21) (b) Mikacinta Mikawatir mikaasih, Mikarunya mikahéman, Mikacinta mikabogoh, Ka istri istri lumbrahna, Sabab di Nabi Adam, Tabéat lalaki kumpul, Ditibanan ku Pangéran. (1: 22)

(20)

5) Nabi Suéb

Nabi Suéb salah sahiji palaku tambahan dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Suéb téh bapana Siti Mursilah jeung Sopura. Nabi Suéb miboga watek bageur jeung amanah. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Bageur

Agus ulah ingkah deui, ti dieu ka mana-mana, tetep rereb heula baé, di dieu di imah kula, malah-malah mun suka, Agus dipulung minantu, hadé pilih anak kula. (2: 180)

(b) Amanah

Suéb bawaning ku inggis, sieun jadi katempuhan, ku nu mihapé baréto, jaba ti sieun karamna, maké barang titipan, Nabi Musa anu pangguh, nurutkeun karepna tongkat. (2: 193)

6) Nabi Musa

Nabi Musa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Musa téh anak angkatna Raja Pir’aon. Dina ieu wawacan ka gambarkeun yén Nabi Musa miboga watek handap asor jeung dedegler kana

(21)

sagala rupa kamaksiatan ogé kakupuran. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Dedegler

geus ageungna Nabi Musa, dedegler taya kainggis, geus malawading ti raja, ber agama nyangking Taohid, mana-mana nu kapir,

nu jeung anjeunna teu rempug, dicabok dipaéhan,

dua tilu bangsa Kibti,

dipaéhan nulungan nu sangsara. (2: 148)

(b) Handap Asor

Kuring dhoip hina nista, kuring lapar kuring pakir, ngeng sora tan katingalan, Musa manéh anu gering, euweuh leuwih ti Kami, dukun lepus anu manjur, manéh dgoip tur hina, euweuh nu leuwih ti Kami,

anu nginjén nu ngintip tingkahing jalma. (2: 157)

7) Pir’aon

Pir’aon nya éta salah sahiji raja di jaman Nabi Musa. Pir’aon salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Pir’aon miboga watek raja anu dengki jeung jahat. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(22)

Pang dipalidkeun sababna, siyeuneun ku raja dengki, nyéta Raja Piron téa, réhna urang Bani Isroil, nu ngajuru lalaki, ku Raja Piron dibunuh, euweuh nu dihirupan, sakur urang Bani Isroil,

sabab tangtu pimusuheun geus gedéna. (2: 145)

8) Sapura

Sapura salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Sapura téh anakna Nabi Suéb, istrina Nabi Musa. Sapura miboga watek istri anu leutik jeung éraan. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Istri nu Leutik

Sadongkapna pok nyarita, Ka rama dua istri,

Rama na téh Suéb téa, Nabi nu di Madyan linggih,

Ari putrana istri wawangi putra nu sepuh, Nyai siti Mursilah,

Wawangi nu leutik,

Enya éta disebut Siti Sapura. (2: 158)

(b) Éraan

Semu nu éraan pisan, ngaléngkah bareurat bitis, jigana kekedewetan, séjén raos reujeung tadi, mungguh ujar musonip, awéwé éta tangtu, lamun mimiti ningali,

(23)

lalaki nu nembé panggih,

boga rasa éra leumpang éta tanda. (2: 163)

9) Nabi Muhammad SAW

Nabi Muhammad SAW salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Muhammad téh salakina Siti Hodijad. Nabi Muhammad miboga watek jujur, sabar, Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Sabar

Diparéntah ku Mesarah mandor kuli, kuring badegana,

di kuah kieuh di cerdih,

kuring nurut henteu mungpang. (8: 443)

(b) Jujur

Mesem leleb Kangjeng Nabi, kula ti nagara bangsa Kurés, ngaran mah Muhammad téa, jalma katalangsara,

kula yatim pahatu,

geus henteu indung teu bapa. (1: 471)

10) Siti Hodijah

Siti Hodijah salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Siti Hodijah téh istrina Nabi Muhammad SAW, ménak Mekah nu pang beungharna. Siti Hodijah miboga watek istri nu beunghar jeung bageur. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(24)

(a) Beunghar

Hodijah téh putra Huwaelid,

ménak Mekah pang beungharna beunghar, randa nu ditilar maot,

ka mashur jegud punjul,

pangrungrungan ti mana mendi, dina sahiji mangsa,

Hodijah kacatur,

carita ka pamanna Warkoh, Putra Nopal sadérék Huwaelid, Warkoh paman Hodijah.

(3: 412) (b) Bageur

Cek Hodijah atuh sukur embi, puguh enya kurang kénéh jalma, nya singna kadieu baé,

Siti Atikah tuluy,

mulih deui lajeng ka bumi, nimbalan ka putra,

hayu urang Agus,

ngadeuheusan ka Hodijah,

bieu embi ka Hodijah geus pasini, masinikeun Muhammad.

(3: 424) 11) Siti Aisah

Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(25)

Taat ka nu jadi Bapa

Lamun Nyai geus di salin, ngadeuheus ka Rosulullah, sanggakeun ieu pangbaktos, kieu Nyai nya unjukan, dijurung ku pun bapa, nyanggakeun ieu pamundut, nu dipundut ku gamparan, (1: 611)

12) Baginda Ali

Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Segen ka Rosulullah

Keur di jalan manah senag-senig, Baginda li nu rék nanyaan, kawas rada mandog mayong, bongan pada ngajurung, na kumaha pipokeun aing,

ka Gusti Rosulullah teu acan katimu, tunda Ali keur di jalan,

kacarita heula Gusti Kangjeng Nabi, di bumina nyalira.

(3: 709) (b) Era

Parandédé mugen Ratna Dewi, hanteu kersa érék carogéan, jeung dawuhan Rosul ongkoh, ka sakur nu miunjuk,

(26)

ngarérémokeun Patimah, isin ku Yang Agung, kula mah ngan darma anak,

rék Patimah titipan Gusti Yang Widi, kitu sabda jungjungan.

(2: 707)

13) Abu Bakar

Babu Hawa nya éta salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Nabi Adam miboga watek kasép, mikawelas, mikacinta jeung mikanyaah ka istri. Tabéat lalaki téh sakabéhna kumpul. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

(a) Handap Asor

Pihatur Bubakar Sidik, nun sumuhun gaduh pisan, anak téa mah awéwé, nanging nista tanpa rupa, sinareng budak pisan, umur salapan taun, budak bala hideng pisan. (1: 602)

(b) Ngucap syukur ka Alloh SWT Bagénda Bubakar Sidik, bareng nguping Rosulullah, nyaur yén Gusti Yang Manon,

geus nikahkeun Rosulullah ka éta nu di gambar, ngagebeg manahna ratug,

bawaning sukur jeung bungah. (1: 605)

(27)

14) Fatimah

Fatimah salah sahiji palaku utama dina Wawacan Pangantén Tujuh. Fatimah miboga watek ridho. Éta watek bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Nyi Patimah ridho suka ati, Kana barang karidho Pangéran, Amung éta hadiah téh,

émutan kula Rosul,

montong teuing Gusti maparin, ayeuna keur di dunya,

masihan sakitu, engké baé di akhérat, sahur Jibril,

akhérat mah séjén deui, enggeus lengkep sadia. (3: 716)

4.3.4 Latar (setting)

Latar mangrupa salah sahiji unsur pangwangun carita anu kawilang penting. Latar nu kapanggih dina Wawacan Pangantén Tujuh nya éta latar tempat, latar waktu, jeung latar suasana.

4.3.4.1 Latar Tempat

Latar tempat nu kapanggih dina Wawacan Pangantén Tujuh, nya éta di sababaraha nagara, karajaan, jeung sawarga. Sangkan leuwih jéntré, satuluyna aya cutatan ngeunaan sababaraha tempat.

(28)

(a) Sawarga

Nabi Adam diciptakeun ku Alloh SWT pikeun netep di sawarga, di bangsal kancana. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Ditetepkeun di sawargi, Linggih di bangsal kencana, Beunangna midang panganggo, Hurung-hérang gilap mubyar, Sing sarwa inten emas,

Makutha geulang kangkalung, Mas tinaretes permata.

(1:9) (b) Langit

Waktu Adam jeung Hawa nikah, sakabéh Malaikat nu aya di langit diondang ka sawarga. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Kabéh para malaikat, Ti langit nu tujuh lapis, Di arondang ka sawarga, Kumpul taya anu kari, Lajeng Gusti Yang Widi, Muji datna anu Agung (2: 43)

(c) Karaton jeung Nagri Yaman

Bulqis netep di Nagri Yaman. Bulqis boga karaton nu agréng sarta bala tentara nu loba. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Sajéndralna nu diparéntah, Aya dua welas rébu opsir-opsir, Sanggeus wadul kitu hud-hud, Ka abdi maksa ngajak,

(29)

Ké Ki silah ayeuna mah urang kayu, Nyaraba heula ka Yaman,

Ngilikan karaton Bulqis. (5: 268)

(d) Pancuran

Siti Julaéha meunang pituduh ti aki-aki, sangkan indit ka hiji pancuran nu aya di leuweung tuluy mandi. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Aya pancuran di ditu, Nyi Djulaéha kudu mandi, gancangna nu mangun tembang, Djulaéha tidinya indit,

nya lajengna siram téa, kamurah asihing Gusti. (4: 96)

(d) Dapur Pameuleuman Roti

Karajaan Nabi Sulaéman kacida agréngna, euweuh nu bisa ngéléhkeun kana kakawasaanana. Dina éta karajaan aya dapur pameuleuman roti. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Aya dapur pameuleuman roti,

aya dapur paranti popolah tungku beusi sakabéh, puluh-puluh pariuk,

pangangenan pang liwet beusi, dina sapariukna,

sakali ngabubur, dicampur sapuluh onta,

henteu lébér geus kamuat kabéh sayagi, numpang dina amparan.

(30)

(e) Arpah

Arpah nya éta tempat diturunkeunana Nabi Adam jeung Babu Hawa sanggeus dipisahkeun salila 100 taun. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Adam lungsur ti sawarga ngalih, ka dunya poé Juma’ah

di Arpah nembéan amprok, jeung Ibu hawa tepung,

poé Juma’ah geus ting kulnting sami, silih téangan geus saratus taun, kakara tepang di Arpah poé Juma’ah sigeugkeun Adam reres kawin, gestos deui carita,

(3: 56) (f) Mesir

Nabi Musa dipiputra, dipiara ku raja Mesir nya éta Raja Kitpir, Nabi Musa bakal calon Raja Mesir. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Nu kadua panikahna nabi, Nabi Yusuf ka Siti Julaéha nya di poé Juma’ah kénéh, puwana Nabi Yusup, ka Julaéha ngajadi kawin, kieu asal-asalna,

nu di buru laku,

singgetna ringkes sing crita,

Nabi Yusuf awit digaleuh ku Kitpir, Ratu di Mesir téa.

(3: 57) (g) Bui

Nabi Yusuf dipitnah ku Siti Julaéha tuluy dihukum. Nabi Yusuf di hukum salila 13 taun di jero bui. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Rapet leket manah dalit meulit, peureum deukeut anggang ka tingalan, kelewer lur lar teu palér,

(31)

Kitpirul Ajid pupus, tinggal garwa dikatun lalis, angot Julaéha geus randa, manah wuwuh maju,

Baginda Yusup kaluar ti buina, Julaéha geus nini-nini,

Yusup jumeneng raja. (3: 63)

(h) Pangangonan

Hiji waktu Nabi Musa indit ka pangangonan rék ngangon embé jeung domba sabari mawa iteuk, dumadak ujug-ujug tunduh golédag wé saré. Éta iteuk sakti bisa ngajaga Nabi Musa salila saréna tina sagala mara bahaya nu datang. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Ti Musa ka Thalut Sang Aji, Raja Nabi Isroil téa,

hal teteken ka carios, saéstu tuhu punjul,

kala mangsa iteuk di cangking, ka Kangjeng Nabi Musa, dina hiji waktu,

nabi keur di pangangonan,

datang tunduh teu tahan golédag nabi, kulem handapeun gordah.

(32)

Tabél 4.1

Latar Tempat dina Wawacan Pangantén Tujuh

No Tempat

Wawacan Pangantén Tujuh

1 2 3 4 5 6 7 1 2 3 4 5 6 7 8 9 Sawarga Karaton Langit Pancuran Dapur Bui Gunung Gudang Pangangonan V V V V V V V V V V V V V V V V V V V

Tina éta tabél, katitén yén latar tempat anu pang lobana muncul dina ieu wawacan, nya éta sawarga jeung langit.

(33)

4.3.4.2 Latar Suasana

Suasana bisa dihartikeun rasa nu kaluar tina diri nu maca. Suasana téh bisa sedih, bungah, hariwang, jst. Suasana anu kagambar dina ieu wawacan nya éta hariwang, bungah, sedih, ramé, jeung ngambek.

(a) Sedih

Siti Julaéha kaédanan ku Nabi Yusuf, hartana beak dipaké meuli asihan jeung pélét tapi euweuh nu keuna hiji ogé. Tungtungna Julaéha ceurik sasambat kana tapékong. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Tungtungna mah Julaéha nangis, humandeuar sambat ka barhala, nu di sembah isuk soré,

rut-ngurut indung suku, mencil-mencil buahna bitis, sambatna kami samar, tulus meunang tahun, samar liwat meunang bulan, aduh Gusti Yusuf kaniaya teuing, teu nimbangkanu bingbang. (3: 67)

Yusup ngejat rék mukakeun kari, Ratna Dewi Julaéha nu ngudag, kersana rék ngancing panto, Yusup nu heula muru, bareng kana lawangna nepi, bray panto dumadakan, kasaradog Yusup, ku juragan kapegatan,

adul-adul Sang Ratna Julaéha nangis, isteri ka carogéna.

(34)

(b) Sieun

Dewi Hunah ngalahirkeun Nabi Musa, lantaran sieun kapanggiheun ku Raja Pir’aon tuluy orok téh dipalidkeun ka Nil. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Sieun ka pendak ku Raja, Pir’on anu juling dengki, nya geuwat di petian, dipalidkeun ka sungé Nil, wuri-wuri ka panggih, ku Pir’on nu bakal nyatru, dikukut dipiara,

didama-dama dipusti,

dipiputra dibakal dicalon raja. (2: 147)

(c) Keueung

Nabi Adam ngarasa nyorangan di sawarga, teu aya nu maturan. Nabi Adam ngarasa keueung manahna sanajan di ruing-riung ku para malaikat. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Tuang leueut ebog linggih, Ngan orokaya nyalira, Nabi Adam rarat-rérét,

Teu aya bangsa manusa, Rahos keueung manahna, Sanajan di ruing-riung, Ku para malaikat mah. (1: 11)

(35)

(d) Bungah

Raja Rayan bin Walid kacida bungahna, sabab Nabi Yusuf daékeun nikah jeung Siti Julaéha. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Sulton Rayan bungahna sa anak gunung, Ngadangu kang putra,

Jiga nu brangta téh teuing,

Nanging rada campur jeung héran manahna. (4: 132)

(e) Reuwas

Nabi Sulaéman kacida reuwasna sanggeus ningali Siti Julaéha nu asalna geus nini-nini robah jadi geulis deui. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Sulton Rayan énggalna miwarang nyaur, Ka Dewi Julaéha,

Barang srog Julaéha sumping,

Maha Raja ngagebeg kagét manahna. (4: 133)

(f) Ngambek

Nabi Sulaéman ambek, lantaran néangan Hud-hud teu kapanggih waé. Teuing kamana leungitna. Ti dinya Nabi Sulaéman nitah ka alap-alap pikeun néangan Hud-hud. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Nabi nimbalan lap-alap,

ngilab hud-hud sing kapanggih, weléh baé teu kapendak,

(36)

datang ka murang-maring, wera Sang Sulaéman bendu. taya deui nu awas,

kana tempat aya cai,

ti kapungkur ngan hud-hud baé nu awas. (2:245)

Tabél 4.2

Latar Suasana dina Wawacan Pangantén Tujuh

No Suasana Judul 1 2 3 4 5 6 7 1 2 3 4 5 6 Sedih Keueung Gumbira Sieun Reuwas Ngambek V V V V V V V V V V

Tina tabél di luhur, katitén yén latar suasana anu pang lobana muncul dina ieu wawacan, nya éta gumbira.

(37)

4.3.4.3 Latar waktu

Latar waktu dina Wawacan Pangantén Tujuh dibagi jadi sababaraha bagian, di antarana waktu sapoé sapeuting dumasar kana kajadian alam nya éta wanci isuk-isuk, poé Jum’ah jeung peuting. Éta latar waktu bisa katitén dina cutatan-cutatan di handap.

(a) Poé Jum’ah

Poé Juma’ah nya éta poé nu dipaké nikah ku sababaraha nabi jeung sahabat dina ieu wawacan. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Ngan sakitu nu jadi mamanis, caritana Adam sareng Hawa, kala mangsa papangantén, Adam ku Sang 1Yang Agung, di damelna nembé ngajai, nya dina Jum’ah téa, di Sawarga lungguh, awitna dina Poé Jum’ah,

Ibu Hawa di damelna ku Yang Widi, nya dina poé Jum’ah.

(3: 55) (b) Peuting

Nabi Musa rék dipaéhan ku Raja Pir’aon lantaran geus teu nurut kana paréntahna. Harita Nabi Musa kabur ti Mesir ka Madyan. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Pokna Musa geuwat-geuwat, minggat ngalolos ti Mesir, ajengan rék dipaéhan, ku Pir’on Sang Raja Mesir, enggeus mepek prajurit,

(38)

soldadu mang ratus-ratus, gancangna Nabi Musa,

jengkar minggat peuting-peuting,

los ka leuweung angkatna saparan-paran. (2: 151)

(c) Puluh-puluh Windu

Dina ieu wawacan, kagambarkeun kumaha sedihna Siti Julaéha pisah jeung Nabi Yusuf. Salila puluh-puluh windu kaédanan euweuh pegatna. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Lamun henteu laksana pinanggih, mugi balikeun mulang kacintaan, mugi ati kuring pepes,

balik mulang ka Yusuf, geus harépot kuring, mang pirang-pirang alam, puluh-puluh windu, kedanan taya pegatna,

Nyi Julaéha Nalangsa tengahing wengi, Kinanti nganres manah.

(3: 74) (c) Subuh

Dina ieu wawacan, Nabi Yusuf teu saré lantaran mikiran waé Siti Julaéha. Beurangna Nabi Yusuf singkil maké baju karajaan bari nyungkilang pedang. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Henteu kulem tas pisan datang ka subuh, Kocap geus beurangna,

Kangjeng Nabi Yusuf singkil,

Nganggo-nganggo Karajan nyung kilang pedang. (4: 115)

(39)

(e) Poé Isuk

Sanggeus dipanggihkeun ku Rayan bin Halid di karajaanana, Nabi Yusuf jeung Siti Julaéha ditikahkeun poé isuk, nya éta dina poé Juma’ah. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Ayeuna mah jadi kawin poé isuk, Yusuf ka Julaéha.

Sri Maha Rayan bin Halid, Ngagentraan ka Yusuf kaluar, (4: 140)

(f) Duhur

Nabi Sulaéman néangan Hud-hud nepi ka wanci lohor, tapi weléh teu kapanggih. Éta perkara bisa katitén dina ieu cutatan di handap.

Nabi nimbalan lap-alap,

ngilab hud-hud sing kapanggih, weléh baé teu kapendak,

waktu lohor geus rék ahir, datang ka murang-maring, wera Sang Sulaéman bendu. taya deui nu awas,

kana tempat aya cai,

ti kapungkur ngan hud-hud baé nu awas. (2:245)

(40)

Tabél 4.3

Latar Waktu dina Wawacan Pangantén Tujuh

No Waktu Judul 1 2 3 4 5 6 7 1 2 3 4 5 Poé Juma’ah Subuh Isuk-isuk Peuting Taun V V V V V V V V V V V V

Tina tabél di luhur, katitén yén latar waktu anu pang lobana muncul dina ieu wawacan, nya éta poé Juma’ah.

4.2.4.3 Pupuh nu Digunakeun

Pupuh nu digunakeun dina wawacan Pangantén Tujuh aya 10 pupuh. Guru lagu jeung guru wilangan, teu salawasna luyu jeung patokan nu geus ditangtukeun, aya padalisan nu jumlahna kurang tina patokan, aya ogé anu leuwih. Pupuh anu aya dina ieu wawacan, nya éta: Asmaradana, Sinom, Dangdanggula, Kinanti, Pangkur, Mijil, Magatru, Maskumambang, Gambuh, jeung Ladrang. Sangkan leuwih jéntré, dipedar ngeunaan distribusi pupuh dina wangun tabél.

(41)

TABÉL 4.4

DISTRIBUSI PUPUH NU DIGUNAKEUN

No Pupuh Frékuénsi Pupuh Total %

1 Asmarandana 30, 42, 32, 39 143 19,3 2 Sinom 24, 60, 20, 14, 42, 9 169 22,8 3 Dangdanggula 20, 23, 29, 23, 26 121 16,3 4 Kinanti 68, 44, 19 131 17,7 5 Pangkur 33, 38 71 9,6 6 Mijil 9 9 1,2 7 Magatru 27 27 3,6 8 Maskumambang 22 22 3 9 Gambuh 16 16 2,2 10 Ladrang 31 31 4,2 740 740 100

Tina éta tabél, katitén pisan yén pupuh anu pangmindengna digunakeun dina ieu wawacan nya éta Sinom, jumlahna aya 169 (22,8%).

4.4 Ajén Budaya Wawacan Pangantén Tujuh

Ajén budaya dina ieu panalungtikan, nya éta ajén anu raket patalina jeung kabudayaan. Kabudayaan sorangan bisa dihartikeun beungkeutan pikiran, jeung hasil karya manusa. Wangun budaya gelar dina sawatara unsur, di antarana réligi jeung kaparcayaan, sistem organisasi jeung kamasarakatan, basa, kasenian, élmu pangaweruh, jeung téhnologi katut pakakas.

(42)

Wujud kabudayaan bisa mangrupa idé-idé, gagasan, ajén-inajén, norma-norma, palanggeran, kagiatan manusa di masarakat, jeung pakakas hasil karya manusa. Di handap ieu mangrupa hasil analisis ngeunaan ajén-ajén budaya, anu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh.

4.4.1 Ajén Kapercayaan

Unggal masarakat, ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan, pon kitu deui masarakat Sunda. Bisa katitén tina ieu eusi wawacan nu nyaritakeun kisah para nabi, aya sababaraha hal anu raket patalina jeung ajén kapercayaan atawa ajén kaagamaan, di antarana taat kana paréntah Alloh SWT, perkara ibadah, sipat wajib Alloh swt jeung rosul-Na, mu’jijat para rosul, tatakrama, jst.

(1) Taat kana paréntah Allah SWT

Dina ieu wawacan, Malaikat Jibril gancang ngalaksanakeun paréntah ti Pangéran pikeun nyebit daging Nabi Adam, tina iga beulah kénca. Dina ieu cutatan, katitén kataatan Malaikat Jibril jeung Nabi Adam ka Pangéran. Éta hal ka asup kana ajén ka agamaan nu aya dina carita Wawacan Pangantén Tujuh.

Sigeugkeun kocap Yang Widi, ka Malak Djibril nimbalan, Adam kudu di dodoho, sebit saeutik dagingna, tina iga wekasan, atawana iga burung, anu sabeulah ti kénca (1: 16)

(43)

Enggal Malaikat Jibril, tumandang titahing Sukma, nyebit dagingna sasebit, disembahkeun ka Pangéran, Adam hanteu ngarasa, henteu nyeri henteu paur, hanteu bohak hanteu nyeda. (1: 17)

(2) Kataatan Para Malaikat jeung Widadari ka Allah SWT

Dina ieu cutatan, katitén sakabéh Malaikat jeung Widadari di paréntah ku Alloh SWT pikeun tatahar sawarga lantaran rék ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa di sawarga. Perkara anu ngajelaskeun ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Sigeug gentos kacarita, kersana Gusti Yang Widi, nimbalan ka malaikat, kudu tetelah sawarga, jeung para widadari,

kudu midang sarwa ngempur, anéh urang sawarga,

ibur pahibut,

pakupis cara urang dangdan rék ngangkat karia. (2: 40)

(3) Sarat Sahna Nikah

Saméméh Nabi Muhammad SAW ngalaksanakeun akad nikah, aya salah sahiji sarat anu kudu ditedunan, nya éta mas kawin. Sakumaha diparéntahkeun ku Alloh SWT ka para mu’min. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

(44)

Kangjeng Nabi Adam maca, solawat sapuluh kali,

ka kangjeng Nabi Muhammad, nyéta ngencengan mas kawin, ayeuna Adam kenging, reujeung Hawa pagugulung, dibeuli ku solawat,

piwarangan Sang Yang Widi, kitu deui anu mu’min di paréntah (2: 52)

(4) Solat

Dina ieu cutatan, katitén aya rupa-rupa ibadah anu dilaksanakeun ku para nabi jeung sahabat, di antarana solat, ngadu’a, jeung ucapan sukur ka Pangéran. Nabi Yusuf ngalaksanakeun solat minangka bukti kataatanana ka Alloh SWT. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Eukeur makungkung tapakur, keur ngahening mujasmedi, tegesna nukeur netepan, keur solat tenget ka Gusti, Nabi Yusuf ngadagoan, dédéhém di téngah bumi. (4: 103)

(5) Ngadu’a

Dina ieu cutatan, katitén Siti Julaéha keur ngadu’a, méntah pituduh, munajat sabari ceurik ka Alloh SWT sanggeus manéhna asup Islam. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Teu kélékéd keran Ratna Dewi, tuluy ngucap kalimah syahadat, tapékong geus dirorod,

dipiceun kanu jauh,

(45)

dumadak meunang ilham, pitulung Yang Agung,

tengah-tengah peuting kocap, Nyi Julaéha munajat barina nangis, pokna Ya Ilahana.

(3: 71)

(6) Ucapan Sukur ka Gusti Allah SWT

Dina dua’ana, Siti Julaéha teu hilap ngucapkeun sukur ka Alloh SWT anu geus ngadamel anjeunna jeun méré rohmat nu welas asih. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

kalepasan pok-pok nyebut, Subhanallahu Maha Suci, Pangéran Kawasa Kersa, ngadamel abdi Gusti, kaula ngadi raja,

ku rohmat nu welas asih. (4: 79)

(7) Amanah

Dina ieu cutatan, katitén sikep Nabi Suéb anu ngajaga amanah ti jalma nu kungsi nitipkeun iteuk ka anjeunna (Malaikat Jibril), lantaran sieun katempuhan. Nepi ka Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa.

Kudu dihilikeun deui, éta mah iteuk titipan, iteuk pihapé nu sején, anu urang ogé loba, milih nu panghadena, aya anu leuwih alus, Nabi Musa teu bahula. (2: 188)

(46)

Sueb bawaning ku inggis, sieun jadi katempuhan, ku nu mihapé baréto, jaba ti sieun karamna, make barang titipan, Nabi Musa anu pangguh, nurutkeun karépna tongkat. (2: 193)

(8) Mu’jizat

Mu’jizat nya éta, kamampuan luar biasa ti Allah SWT nu dipimilik ku para nabi jeung rosul. Dina ieu cutatan, katitén mu’jizat Nabi Musa, nya éta iteukna nu sakti, saupama ditancebkeun kana taneuh bisa ngaluarkeun cai.

Sanggeus Kangjeng Nabi Musa lilir, ningali iteuk baseuh baloboran, pinuh ku getih lambokot, kagétna mah geus tangtu, lamun Musa butuh ku cai, dicocogkeun iteukna, kana tanah mancur,

sirah cai ngandak-ngandak,

lamun Musa lapar iteuk sok ngajadi, tangkaling bungbuahan.

(3: 207)

(7) Sipat Wajib Nabi jeung Rosul

Sipat wajib pikeun nabi jeung rosul aya opat, nya éta sidik, amanah, patonah, jeung tablig. Dina ieu cutatan, katitén Nabi Muhammad SAW nu miboga sipat sidik, amanah, tablig, jeung patonah.

Laa ilaha illahu, Muhammad Rosullahi, gamparan téh Rosulullah,

(47)

nu Sidik amanat tablig, saéstuna anu patonah, nu ngaleungitkeun prihatin. (4: 571)

(8) Wahyu

Wahyu nya éta omongan Allah SWT anu diturunkeun ka para nabi jeung rosul anu mangrupa ayat-ayat Alqur’an. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Kangjeng Nabi Sollalohu Alaéhi Wasallim maos ayat-ayat, Anu bieu candak Djibril,

Kieu ungel ayat wahyuning Pangéran. (10: 680)

Innaladina Yaau bilipki usbatun minkum laatah, Subuhu syarrun lakum bal hua khoerun lakum likum, Lin riim minhum lahu adhaabun adhi.

(10: 681)

Hartina éta dalil wahyuning Yang Widi, Saéstu éstuna,

Jalma anu ting kecewis anu datang gawé-gawé mawa béja. (10: 682)

Tina cutatan di luhur, bica katitén yén Nabi Muhammad narima wahyu ti Allah SWT anu ngajelaskeun jalma-jalma anu ting kecewis ngomongkeun kagoréngan batur bakal meunang balesan dosa kana pagawéanna.

(48)

4.4.2. Sistem Organisasi jeung Kamasarakatan

Ajén kamasarakatan, nya éta ajén-ajén luhung anu aya di sabudeureun masarakat. Saperti, sistem organisasi, sistem pamaréntahan, adat-istiadat, tatakrama, jst. Dina ieu wawacan, katitén aya sababaraha adat istiadat dina kawinan. Di antarana aya sawéran, mas kawin, jeung iring-iringan dina kawinan.

(1) Hajat jeung Salametan (sawéran)

Hajat nya éta niat atawa kaperluan pikeun salametan. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Cékcok pada silih tanya, ieu téh rék naon deui, Sawarga tambah di pajang, dawuhan Gusti Yang Widi, hih Adam érek kawin, kudu disawér diawur, ku kembang kayu tuba, unggal-unggal widadari,

kudu nyangking hiji bokor jeung banéja. (2: 41)

Nyi Julaéha mayar sanggup naur kaul, mangsana diarak,

ngawur emas duit,

jeung permata dianggo nyawér helaran. (4: 141)

Dina ieu cutatan, katitén kariaan di sawarga anu disadiakeun ku para malaikat jeung widadari pikeun ngahajatkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa. Éta hajat disawér ku rupa-rupa kembang. Salian ti éta, aya ogé kariaan nikahna Nabi Yusuf jeung Siti Julaéha nu disawér ku duit emas jeung permata.

(49)

(2) Adat-istiadat dina Nikah

Adat- istiadat nikah nya éta kabiasaan anu dipaké dina upacara nikah. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Adat biasa paranti, geus salsé nu akad nikah, riungan di bumi Sueb, sadayana sukan-sukan, tuang leueut rendéngan, minangkana huap lingkung, walimatul urus hajat. (2: 184)

Dina ieu cutatan, katitén aya adat-istiadat nu dipaké dina walimah. Sanajan carita ieu wawacan kaasup carita para nabi, tapi adat nu dipaké dina walimah lain adat bangsa Arab tapi adat Sunda. ieu hal mungkin waé dikasangtukangan ku pangarang ieu wawacan. di antarana, Aya adat huap lingkung dina walimahan Nabi Musa jeung Sapura.

(3) Akad Nikah

Akad Nikah mangrupa salah sahiji rukun nikah. Kaasup runtutan acara dina walimah. Lamun dina nikah euweuh akad nikah, mangka éta nikahna teu sah nurutkeun agama Islam. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Gancangna nu mangun gurit, Musa milih ka Sapura, poé juma’ah Nabi Sueb, ngumpulkeun para punggawa, para Syeh pra Ulama,

akad nikah isuk-isuk, Sapura ka Nabi Musa. (2: 183)

(50)

Tina éta cutatan, katitén akad nikah nu dilaksanakeun ku pasangan Nabi Musa jeung Sapura isuk-isuk.

(4) Mas Kawin

Salah sahiji rukun nikah, nya éta mas kawin ti pihak lalaki ka pihak awéwé. Awéwé boga kah ménta mas kawin ka pihak lalaki, tapi mas kawin nu dipénta ulah nepi ka nyusahkeun ka pihak lalaki. Jadi kudu ngukur kana kamampuan. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Pihaturna engké heula, tadi Gusti Allah jangji, teu acan kongan ngopépang, bayaran heula mas kawin, huleng Adam rasa éling, bener dawuhan Yang Agung, mas kawin kudu kontan, sembah Adam ka Yang Widi, Ya Ilahi saeusi ieu Sawarga (2: 48)

Manéh Adam kudu maca, solawat sapuluh kali,

ku Rosul nu penganggeusan, Muhammad kakasih kami, nu jadi wit dumadi,

karuhuning sakabéh Ruh, kakara manéh kongang, sacombana tunggal resmi,

reujeung Hawa tebus heula solawat (2: 51)

Teu gaduh pikeun mas kawin, saur Suéb Ya he Musa,

mas kawinna teu kudu kentjeng, pang ngangonkeun baé domba, jero tahun dalapan,

(51)

jejegkeun sapuluh tahun, lunas mas kawin ti musa. (2: 182)

Dina éta cutatan, katitén Mas kawin anu dibikeun ku Nabi Adam ka Babu Hawa mangrupa maca solawat sapuluh kali, jeung mas kawin nu dibikeun ku Nabi Musa ka Sopura mangrupa ngangon embé salila sapuluh tahun.

(5) Bukti Kakawasaan Raja

Raja nya éta pamingpin dina hiji karajaan. Raja boga kakawasaan pangluhurna. Jaman Nabi Musa aya hiji raja anu dengki jeung jahat, ngaranna Raja Pir’aon. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Pang di palidkeun sababna, sieuneun ku Raja dengki, nya éta Raja Pir’aon téa, réhna urang bani Israil, nu ngajuru lalaki,

ku Raja Pir’aon dibunuh, euweuh nu dihirupan, sakur urang bani Isroil,

sabab tangtu pimusuheun geus gedéna. (2: 145)

Dina éta cutatan, katitén Raja Pir’aon dipikasieun ku rahayatna, sing saha jalma Bani Isroil anu teu tuhu kana paréntahna bakal dipaéhan.

(6) Hakim

Hakim boga hak pikeun mutuskeun saha nu salah, jeung nu bener. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Keur butuh pisan ku Hakim, nu buat mutuskeun inya, cing néda sampean baé, mang hukumkeun kaula, saur hakim nu datang,

(52)

gampang kula sanggup mutus, iteuk balangkeun ku Musa. (2: 199)

Bisa katitén, dina ieu cutatan Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa marebutkeun iteuk. Lantaran teu manggih jalan kaluarna, éta masalah dipasrahkeun ka hakim. Ti dinya bisa diputuskeun sacara adil, yén nu Nabi Musa nu boga hak kana éta iteuk.

(7) Jabatan di karajaan

Salian ti Raja, di karajaan ogé aya jabatan-jabatan séjén, di antarana waé ponggawa Bupati, Mentri, jeung Papatih. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Waktu masamoan agung, ponggawa Bupati Mantri, hémpak di payuneun Raja, nu tilu ratus Papatih, sareng opat ratus Raja, sami dumeuheus ka Bulkis. (4: 281)

Dina éta cutatan, bisa katitén waktu aya acara agung di karajaan Ratu Bulqis, sakabéh para ponggawa, bupati, Mentri. Tilu ratus papatih jeung opat ratus Raja datang ngadeuheus ka Ratu Bulqis.

(8) Sélér Bangsa

Unggal bangsa jeung nagara tangtu miboga sélér bangsa, lamun di Nagara Arab aya sélér bangsa asli, nya éta Badwi. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Badwi-badwi nu papanggih, ningal satria nonoman, simeuteun olohok bengong,

(53)

sigeg kocap Sang Hodijah, sabudal onta-onta,

di bumina kalem kabut, nguluwet juwet kaliwat. (1: 496)

Dina éta cutatan, bisa katitén sélér bangsa Arab (Badwi) nu panggih jeung Siti Hodijah. Unggal Badwi-badwi ditanya ku Hodijah ngeunaan Nabi Muhammad. Tapi badwi-badwi euweuh nu apalaeun.

(3) Bayaran budak beulian

Di jaman para nabi aya nu ngaranna budak beulian. Saha waé nu boga kakawasaan jeung nu boga duit bisa meuli budak. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Ku Nabi Yusuf kadangu, ditambalang manéh nini, urang mana saha ngaran, Nyi Julaéha melas asih, ieu nu meuli andika, ku emas pérak jeung duit. (4: 80)

Ku permata intan jamrut, ku sutra kapur kastori, nya ieu awak kaula,

nu tara saré beurang peuting, luput nginum carang dahar, kangen mangen konéng brangti. (4: 81)

Dina éta cutatan, katitén Nabi Yusuf jadi budak beulian raja Mesir. Nabi Yusuf dibeuli ku emas, pérak, duit, permata, jeung intan jamrud.

(54)

4.4.3. Ajén Basa

Basa nya éta alat patalimarga dina kahirupan papada manusa. Unggal sélér bangsa miboga basa nu can tangtu sarua. Dina ieu cutatan katitén aya basa nu dipaké dina komunikasi sapopoéna. Lantaran ieu wawacan nyaritakeun kisah para nabi, tangtuna waé basa anu dipaké, nya éta basa Arab. Salian ti éta aya sababaraha babasan jeung paribasa anu dipaké dina ieu wawacan.

1) Babasan jeung Paribasa

Babasan nya éta ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman. Paribasa nya éta ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa silokaning hirup ((Kamus Umum Basa Sunda, 51: 2007)). Dina cutatan di handap aya babasan dulang tinandé anu hartina ngaran istri mah kudu nurut ka salaki.

Mesem walon Babu Hawa. hih teu umum moal teuing, awéwé datang maranan, kuduna ogé lalaki, anu datang pribadi, lamun enya mikabutuh, dulang tinandé istri mah, kuliat nu brang teng galih,

Nabi Adam nyampeurkeun ka Ibu Hawa. (2: 36)

Cek babasan urang gunung ngarangkaskeun dungus, euweuh kira-kira,

Yusuf curinghak ningali,

gentak raja sasauran ah teu ketah. (4: 124)

(55)

Asa gedong pareum lampu,

tengah peuting peteng kalem kabut, cek babasan bale gedé jempé jempling, balé Bandung asa suwung,

babancong nu bangun kosong. (9: 579)

Tina cutatan di luhur, katitén aya sababaraha babasan jeung paribasa di antarana:

a. Dulang tinandé hartina pamajikan mah kudu nurutkeun salaki b. urang gunung ngarangkaskeun dungus hartina euweuh kira-kira

c. Asa gedong pareum lampu, bale gedé jempé jempling, Balé Bandung asa suwung, babancong nu bangun kosong hartina bakat ku jempling.

(2) Basa Arab

Basa mangrupa pakakas komunikasi antara manusa, unggal bangsa tangtu miboga basana sorangan, kitu deui bangsa Arab boga basa Arab. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Sabot Ratu Purti Abdas, pahibut nu rék arindit,

sunduk-sunduk geus dipasang, saontana masing-masing, palangki Ratu Putri,

geus dibébéyéng dijungjung, dingkat kana onta,

onta tutunggangan Putri, Marukan Sang Ratu Aisyah, (2: 637)

Dina éta cutatan, katitén basa nu digunakeun aya pangaruh tina basa Arab, di antarana aya kecap “Sunduk” nu hartina kardus.

(56)

4.4.4 Ajén Kasénian

Pikeun ngébréhkeun rasa éndah, gumbira, jst. Bisa diwujudkeun dina wangun karya seni. Seni di antarana, seni sora, seni rupa, seni tari, seni pahat, seni musik (kaasup seni musik tradisional), seni kasusastraan, jeung seni drama. Kasenian anu nyampak dina Wawacan Pangantén tujuh katitén dina ieu cutatan.

(1) Iring-iringan Pangantén

Nikahna Nabi Adam jeung Babu Hawa ramé pisan, geus disiapkeun saméméhna iring-iringan pangantén. Diayap ku malaikat, diaping ku widadari. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Diayap ku Malaikat, diaping ku Widadari, dijajar ku Wildan-wildan, daun kai ting arenit, nu sada setap musik,

nu sora pélog jeung degung, nu sada tarawangsa,

kakayon katebak angin,

riuh ramé kawih soraning gamelan. (2: 45)

(2) Hiburan dina panganténan

rupa-rupa hiburan geus disiapkeun pikeun ngabagéakeun pangantén, di antarana degung, tarawangsa, jeung kawih nu dipirig ku gamelan. Perkara anu nuduhkeun éta perkara, katitén ieu di handap.

Sadayana sukan-sukan, ramé manuk manyanyi, kawih sipir nadom tembang, narembang sora musik,

(57)

gamelan daun kai,

umyung degung Sawarga gung, disawérna teu kendat,

panyawér amrih wangi,

kekembangan amancawarna sosoca. (2: 46)

4.4.5. Ajén Pakasaban jeung Sistem Ékonomi

Dina ieu cutatan, kagambar yén pakasaban anu aya dina ieu carita wawacan téh, di antarana dagang. Éta hal bisa katitén dina lobana sudagar atawa padagang gedé. Aya ogé pakasaban ngangon embé, domba, sapi, sarta onta.

(1) Ngangon

Jaman harita, ngangon mangrupa salah sahiji pakasaban anu loba dipigawé ku bangsa Arab. Dina cutatan di handap, katitén pakasaban sapopoé bangsa Madyan nya éta ngangon embé jeung domba, sapi jeung onta. Kaasup putrina Nabi Suéb, nya éta Sapura jeung Siti Mursilah.

Teu kulem teu barang tuwang, geus meunang sapuluh peuting, jol sumping ka tanah Madyan, tengah poé mentrang-mentring, panas kaliwang saking,

muru kahandapeun kayu, rék ngahub Nabi Musa, dumadakan bareng nepi,

béh mendakan nu ngangon embé jeung domba. ( 2: 151)

(58)

Pagelek paheula-heula,

nginumkeun domba jeung kambing, reujeung sapi sarta onta,

campur awéwé lalaki, Nabi Musa ningali,

embé jeung domba sagunduk, misah ti nu loba,

heunteu pagelek pabeulit,

disampeurkeun ku satria Nabi Musa. (2: 152)

Sigeug iteuk kocap angon kambing, Nabi Musa jadina gombala,

dalapan tahun geus cumpon, Nabi Suéb ngadawuh,

ye he Musa kaling mas kawin, ayeuna geus lunas,

ku dalapan tahun, dua tahun deui tambah,

pikeun ama muruhkeun ngangon mimiti, ngitung poé ayeuna.

(3: 208) (2) Patani

Di karajaan Nabi Sulaéman kacaritakeun aya pakasaban tani, dina cutatan di handap, katitén aya patani anu ngupat ngomongkeun ngeunaan karajaan Nabi Sulaéman anu taya tanding.

Ki juru patani ngupat, pokna putra Daud mukti, mulya ngungkulan sasama, dipasihan ku Yang Widi, Karajaan taya tanding,

Kaprabon punjul ginunggung, mo aya deui Raja,

najan para Nabi-nabi,

nu mapakan kana kamulyaan Sulaéman. (2: 229)

(59)

4.4.6 Ajén Téhnologi

Téhnologi mangrupa salah sahiji unsur budaya hasil karya manusa. Téhnologi bisa ngawujud alat komunikasi, pakakas, pakarang perang, kadaharan, pakéan, jeung alat transportasi. Ngeunaan téhnologi nu nyampak dina ieu wawacan kaitung loba, sanajan caritana lumangsung dina jaman para nabi. Ajén téhnologi nu aya dina Wawacan Pangantén Tujuh bisa katitén dina ieu cutatan.

(1) Pakéan jeung perhiasan

Tina cutatan di luhur, katitén pakéan jeung perhiasan anu dipaké ku Babu hawa di sawarga. Babu Hawa maké tujuh puluh lapis sinjang sutra manca warni. Perhiasan nu dipaké ku Babu Hawa, nya éta siger mas pinetil, kembang goyang sunting anting, jeung gelang kalung ilat bahu,

Mangga lajengkeun carita, sanggeus Babu Hawa jadi, istri sampurna,

sembada ngungkulan widadari, meureun da geulis bibit, lajeng ku Gusti Yang Agung, dirias di anggoan,

sinjang sutra manca warni, tujuh puluh lapis sinjang sutra. (1: 31)

Parandéné Babu Hawa,

lengkéh angkéngna mapanting, teu ridu ku perhiasan,

nganggo siger mas pinetil, kembang goyang sunting anting, gelang kalung ilat bahu,

(60)

sanggeus reres nu midang, di linggihkeun dina korsi,

korsi emas mayunan kenap berlian. (1: 32)

Juriasna lima ratus, pakéan cara lalaki, di calana di makuta, tumpak kuda prikitingting, nyoréng pedang emas,ngangsar, belenyén pisan lalaki.

(4: 301)

Lalaki nu lima ratus, papakéan cara istri, niron awéwé di dinya, make geulang kalung anting, tumpak kuda di malayah, rarahab emas sutra wilis. (4: 302)

(2) Korsi emas jeung kenap berlian

Babu hawa nu geus dangdan, dilinggihkeun dina korsi emas mayunan kenap berlian. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saprti ieu di handap.

Parandéné Babu Hawa,

lengkéh angkéngna mapanting, teu ridu ku perhiasan,

nganggo siger mas pinetil, kembang goyang sunting anting, gelang kalung ilat bahu,

sanggeus reres nu midang, di linggihkeun dina korsi,

korsi emas mayunan kenap berlian. (1: 32)

(61)

(3) Ranjang kantil

Kenap nu nyanding jandéla, di payuneun ranjang kantil, ngagédéng ka Nabi Adam, tapi misah anggang deui, lain di tempat hiji, patingal sedeng paceluk, kocap Sang Nabi Adam,

rét ningali ka Babu Hawa ngarenjag. (1: 33)

(4) Gudang Béas Mesir

Gudang béas nya éta tempat paranti neudeun béas. Gudang béas Mesir hartina tempat neundeun béas pikeun masarakat Mesir. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Saumur opat welas taun, geus kitu Julaéha mulih, ngaliwat payuneun gudang, gudang béas raja Mesir, rambutna baseuh ngarunday, ngangsar digusur ka bumi. (4: 98)

(5) Pakéan keur Solat

Solat mangrupa kawajiban ibadah sakabéh umat muslim, dina ieu wawacan kagambar yén para nabi gé geus ngalaksanakeun solat. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Teu mamaga Nabi Yusuf, datang wateking lalaki, kojéngkang ka pajuaran, nyampeurkeun ka Ratna Dewi, Nyi Julaéha eukeur solat,

(62)

maké mukena jeung komis. (4: 109)

(6) Pakarang Perang

Pedang mangrupa salah sahiji pakarang. Kacaritakeun Nabi Yusup teu bisa saré lantaran mikiran Julaéha. Nabi Yusuf singkil make pakean karajaan nyungkilang pedang. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Henteu kulem tas pisan datang ka subuh, kocap geus beurangna,

Kangjeng Nabi Yusuf singkil,

nganggo-nganggo Karajan nyungkilang pedang. (4: 115)

(7) Kadaharan

Sagala rupa hadaharan jeung inuman aya di sawarga, sagala rupa nu haram di dunya, di sawarga mah jadi halal, diantarana aya bungbuahan, inuman nu matak mabok gé aya, anggur jeung susu. Di karajaan Nabi Sulaéman sakali masak téh kudu nyadiakeun opat rébu sapi, sarébu onta, opat puluh opat rébu embé, hayam, meri, japati jeung manila pikeun méré dahar sakabéh rahayatna. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Barang tuang warnis jinis, bungbuwahaning Sawarga, leuleueutan aya kabéh, sampanyeu bréndi madérah, saguwér arak tuak,

permut anggur madu susu, Adam sakawenang-wenang. (1: 10)

Referensi

Dokumen terkait

[r]

BESARNYA IURAN SEBAGAIMANA DIMAKSUD PADA AYAT (1), DIHITUNG BERDASARKAN RINCIAN IURAN UNTUK MASING-MASING TENAGA KERJA SESUAI DENGAN PROGRAM JAMINAN SOSIAL TENAGA

dengan tahapan levels of inquiry yang digunakan dalam penelitian ini hanya. dibatasi pada tahap discovery learning, interactive demonstration,

Hasil penelitian menunjukkan bahwa faktor yang mempengaruhi tingginya pemakaian kontrasepsi suntik berdasarkan urutan besarnya persentase adalah faktor sikap kategori positif

Jaminan yang dibayarkan kepada ahli waris dari peserta yang meninggal dunia bukan karena kecelakaan kerja, Tidak ada batasan waktu dan tempat, jaminan diberikan

Dalam penelitian ini tidak semua soal tes achievement yang digunakan berasal dari tes yang terstandar, maka instrumen tersebut harus diuji terlebih dahulu supaya

IMPLEMENTASI PEMBELAJARAN SEJARAH BERBASIS NILAI PERJUANGAN K.H.. SJAM’UN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Blend sampling and testing plans are revised to be more explicit (for example, when replicate blend samples should be assayed), and statistical approaches are used for the analysis