• Tidak ada hasil yang ditemukan

DISTRIBUSI PUPUH NU DIGUNAKEUN

4.4 Ajén Budaya Wawacan Pangantén Tujuh

4.4.1 Ajén Kapercayaan

Unggal masarakat, ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan, pon kitu deui masarakat Sunda. Bisa katitén tina ieu eusi wawacan nu nyaritakeun kisah para nabi, aya sababaraha hal anu raket patalina jeung ajén kapercayaan atawa ajén kaagamaan, di antarana taat kana paréntah Alloh SWT, perkara ibadah, sipat wajib Alloh swt jeung rosul-Na, mu’jijat para rosul, tatakrama, jst.

(1) Taat kana paréntah Allah SWT

Dina ieu wawacan, Malaikat Jibril gancang ngalaksanakeun paréntah ti Pangéran pikeun nyebit daging Nabi Adam, tina iga beulah kénca. Dina ieu cutatan, katitén kataatan Malaikat Jibril jeung Nabi Adam ka Pangéran. Éta hal ka asup kana ajén ka agamaan nu aya dina carita Wawacan Pangantén Tujuh.

Sigeugkeun kocap Yang Widi, ka Malak Djibril nimbalan, Adam kudu di dodoho, sebit saeutik dagingna, tina iga wekasan, atawana iga burung, anu sabeulah ti kénca (1: 16)

Enggal Malaikat Jibril, tumandang titahing Sukma, nyebit dagingna sasebit, disembahkeun ka Pangéran, Adam hanteu ngarasa, henteu nyeri henteu paur, hanteu bohak hanteu nyeda. (1: 17)

(2) Kataatan Para Malaikat jeung Widadari ka Allah SWT

Dina ieu cutatan, katitén sakabéh Malaikat jeung Widadari di paréntah ku Alloh SWT pikeun tatahar sawarga lantaran rék ngawinkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa di sawarga. Perkara anu ngajelaskeun ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Sigeug gentos kacarita, kersana Gusti Yang Widi, nimbalan ka malaikat, kudu tetelah sawarga, jeung para widadari,

kudu midang sarwa ngempur, anéh urang sawarga,

ibur pahibut,

pakupis cara urang dangdan rék ngangkat karia. (2: 40)

(3) Sarat Sahna Nikah

Saméméh Nabi Muhammad SAW ngalaksanakeun akad nikah, aya salah sahiji sarat anu kudu ditedunan, nya éta mas kawin. Sakumaha diparéntahkeun ku Alloh SWT ka para mu’min. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Kangjeng Nabi Adam maca, solawat sapuluh kali,

ka kangjeng Nabi Muhammad, nyéta ngencengan mas kawin, ayeuna Adam kenging, reujeung Hawa pagugulung, dibeuli ku solawat,

piwarangan Sang Yang Widi, kitu deui anu mu’min di paréntah (2: 52)

(4) Solat

Dina ieu cutatan, katitén aya rupa-rupa ibadah anu dilaksanakeun ku para nabi jeung sahabat, di antarana solat, ngadu’a, jeung ucapan sukur ka Pangéran. Nabi Yusuf ngalaksanakeun solat minangka bukti kataatanana ka Alloh SWT. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Eukeur makungkung tapakur, keur ngahening mujasmedi, tegesna nukeur netepan, keur solat tenget ka Gusti, Nabi Yusuf ngadagoan, dédéhém di téngah bumi. (4: 103)

(5) Ngadu’a

Dina ieu cutatan, katitén Siti Julaéha keur ngadu’a, méntah pituduh, munajat sabari ceurik ka Alloh SWT sanggeus manéhna asup Islam. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

Teu kélékéd keran Ratna Dewi, tuluy ngucap kalimah syahadat, tapékong geus dirorod,

dipiceun kanu jauh,

dumadak meunang ilham, pitulung Yang Agung,

tengah-tengah peuting kocap, Nyi Julaéha munajat barina nangis, pokna Ya Ilahana.

(3: 71)

(6) Ucapan Sukur ka Gusti Allah SWT

Dina dua’ana, Siti Julaéha teu hilap ngucapkeun sukur ka Alloh SWT anu geus ngadamel anjeunna jeun méré rohmat nu welas asih. Perkara ngeunaan éta hal, bisa katitén saperti ieu di handap.

kalepasan pok-pok nyebut, Subhanallahu Maha Suci, Pangéran Kawasa Kersa, ngadamel abdi Gusti, kaula ngadi raja,

ku rohmat nu welas asih. (4: 79)

(7) Amanah

Dina ieu cutatan, katitén sikep Nabi Suéb anu ngajaga amanah ti jalma nu kungsi nitipkeun iteuk ka anjeunna (Malaikat Jibril), lantaran sieun katempuhan. Nepi ka Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa.

Kudu dihilikeun deui, éta mah iteuk titipan, iteuk pihapé nu sején, anu urang ogé loba, milih nu panghadena, aya anu leuwih alus, Nabi Musa teu bahula. (2: 188)

Sueb bawaning ku inggis, sieun jadi katempuhan, ku nu mihapé baréto, jaba ti sieun karamna, make barang titipan, Nabi Musa anu pangguh, nurutkeun karépna tongkat. (2: 193)

(8) Mu’jizat

Mu’jizat nya éta, kamampuan luar biasa ti Allah SWT nu dipimilik ku para nabi jeung rosul. Dina ieu cutatan, katitén mu’jizat Nabi Musa, nya éta iteukna nu sakti, saupama ditancebkeun kana taneuh bisa ngaluarkeun cai.

Sanggeus Kangjeng Nabi Musa lilir, ningali iteuk baseuh baloboran, pinuh ku getih lambokot, kagétna mah geus tangtu, lamun Musa butuh ku cai, dicocogkeun iteukna, kana tanah mancur,

sirah cai ngandak-ngandak,

lamun Musa lapar iteuk sok ngajadi, tangkaling bungbuahan.

(3: 207)

(7) Sipat Wajib Nabi jeung Rosul

Sipat wajib pikeun nabi jeung rosul aya opat, nya éta sidik, amanah, patonah, jeung tablig. Dina ieu cutatan, katitén Nabi Muhammad SAW nu miboga sipat sidik, amanah, tablig, jeung patonah.

Laa ilaha illahu, Muhammad Rosullahi, gamparan téh Rosulullah,

nu Sidik amanat tablig, saéstuna anu patonah, nu ngaleungitkeun prihatin. (4: 571)

(8) Wahyu

Wahyu nya éta omongan Allah SWT anu diturunkeun ka para nabi jeung rosul anu mangrupa ayat-ayat Alqur’an. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Kangjeng Nabi Sollalohu Alaéhi Wasallim maos ayat-ayat, Anu bieu candak Djibril,

Kieu ungel ayat wahyuning Pangéran. (10: 680)

Innaladina Yaau bilipki usbatun minkum laatah, Subuhu syarrun lakum bal hua khoerun lakum likum, Lin riim minhum lahu adhaabun adhi.

(10: 681)

Hartina éta dalil wahyuning Yang Widi, Saéstu éstuna,

Jalma anu ting kecewis anu datang gawé-gawé mawa béja. (10: 682)

Tina cutatan di luhur, bica katitén yén Nabi Muhammad narima wahyu ti Allah SWT anu ngajelaskeun jalma-jalma anu ting kecewis ngomongkeun kagoréngan batur bakal meunang balesan dosa kana pagawéanna.

Dokumen terkait