• Tidak ada hasil yang ditemukan

DISTRIBUSI PUPUH NU DIGUNAKEUN

4.4 Ajén Budaya Wawacan Pangantén Tujuh

4.4.2. Sistem Organisasi jeung Kamasarakatan

Ajén kamasarakatan, nya éta ajén-ajén luhung anu aya di sabudeureun masarakat. Saperti, sistem organisasi, sistem pamaréntahan, adat-istiadat, tatakrama, jst. Dina ieu wawacan, katitén aya sababaraha adat istiadat dina kawinan. Di antarana aya sawéran, mas kawin, jeung iring-iringan dina kawinan.

(1) Hajat jeung Salametan (sawéran)

Hajat nya éta niat atawa kaperluan pikeun salametan. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Cékcok pada silih tanya, ieu téh rék naon deui, Sawarga tambah di pajang, dawuhan Gusti Yang Widi, hih Adam érek kawin, kudu disawér diawur, ku kembang kayu tuba, unggal-unggal widadari,

kudu nyangking hiji bokor jeung banéja. (2: 41)

Nyi Julaéha mayar sanggup naur kaul, mangsana diarak,

ngawur emas duit,

jeung permata dianggo nyawér helaran. (4: 141)

Dina ieu cutatan, katitén kariaan di sawarga anu disadiakeun ku para malaikat jeung widadari pikeun ngahajatkeun Nabi Adam jeung Babu Hawa. Éta hajat disawér ku rupa-rupa kembang. Salian ti éta, aya ogé kariaan nikahna Nabi Yusuf jeung Siti Julaéha nu disawér ku duit emas jeung permata.

(2) Adat-istiadat dina Nikah

Adat- istiadat nikah nya éta kabiasaan anu dipaké dina upacara nikah. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Adat biasa paranti, geus salsé nu akad nikah, riungan di bumi Sueb, sadayana sukan-sukan, tuang leueut rendéngan, minangkana huap lingkung, walimatul urus hajat. (2: 184)

Dina ieu cutatan, katitén aya adat-istiadat nu dipaké dina walimah. Sanajan carita ieu wawacan kaasup carita para nabi, tapi adat nu dipaké dina walimah lain adat bangsa Arab tapi adat Sunda. ieu hal mungkin waé dikasangtukangan ku pangarang ieu wawacan. di antarana, Aya adat huap lingkung dina walimahan Nabi Musa jeung Sapura.

(3) Akad Nikah

Akad Nikah mangrupa salah sahiji rukun nikah. Kaasup runtutan acara dina walimah. Lamun dina nikah euweuh akad nikah, mangka éta nikahna teu sah nurutkeun agama Islam. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Gancangna nu mangun gurit, Musa milih ka Sapura, poé juma’ah Nabi Sueb, ngumpulkeun para punggawa, para Syeh pra Ulama,

akad nikah isuk-isuk, Sapura ka Nabi Musa. (2: 183)

Tina éta cutatan, katitén akad nikah nu dilaksanakeun ku pasangan Nabi Musa jeung Sapura isuk-isuk.

(4) Mas Kawin

Salah sahiji rukun nikah, nya éta mas kawin ti pihak lalaki ka pihak awéwé. Awéwé boga kah ménta mas kawin ka pihak lalaki, tapi mas kawin nu dipénta ulah nepi ka nyusahkeun ka pihak lalaki. Jadi kudu ngukur kana kamampuan. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Pihaturna engké heula, tadi Gusti Allah jangji, teu acan kongan ngopépang, bayaran heula mas kawin, huleng Adam rasa éling, bener dawuhan Yang Agung, mas kawin kudu kontan, sembah Adam ka Yang Widi, Ya Ilahi saeusi ieu Sawarga (2: 48)

Manéh Adam kudu maca, solawat sapuluh kali,

ku Rosul nu penganggeusan, Muhammad kakasih kami, nu jadi wit dumadi,

karuhuning sakabéh Ruh, kakara manéh kongang, sacombana tunggal resmi,

reujeung Hawa tebus heula solawat (2: 51)

Teu gaduh pikeun mas kawin, saur Suéb Ya he Musa,

mas kawinna teu kudu kentjeng, pang ngangonkeun baé domba, jero tahun dalapan,

jejegkeun sapuluh tahun, lunas mas kawin ti musa. (2: 182)

Dina éta cutatan, katitén Mas kawin anu dibikeun ku Nabi Adam ka Babu Hawa mangrupa maca solawat sapuluh kali, jeung mas kawin nu dibikeun ku Nabi Musa ka Sopura mangrupa ngangon embé salila sapuluh tahun.

(5) Bukti Kakawasaan Raja

Raja nya éta pamingpin dina hiji karajaan. Raja boga kakawasaan pangluhurna. Jaman Nabi Musa aya hiji raja anu dengki jeung jahat, ngaranna Raja Pir’aon. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Pang di palidkeun sababna, sieuneun ku Raja dengki, nya éta Raja Pir’aon téa, réhna urang bani Israil, nu ngajuru lalaki,

ku Raja Pir’aon dibunuh, euweuh nu dihirupan, sakur urang bani Isroil,

sabab tangtu pimusuheun geus gedéna. (2: 145)

Dina éta cutatan, katitén Raja Pir’aon dipikasieun ku rahayatna, sing saha jalma Bani Isroil anu teu tuhu kana paréntahna bakal dipaéhan.

(6) Hakim

Hakim boga hak pikeun mutuskeun saha nu salah, jeung nu bener. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Keur butuh pisan ku Hakim, nu buat mutuskeun inya, cing néda sampean baé, mang hukumkeun kaula, saur hakim nu datang,

gampang kula sanggup mutus, iteuk balangkeun ku Musa. (2: 199)

Bisa katitén, dina ieu cutatan Nabi Suéb paséa jeung Nabi Musa marebutkeun iteuk. Lantaran teu manggih jalan kaluarna, éta masalah dipasrahkeun ka hakim. Ti dinya bisa diputuskeun sacara adil, yén nu Nabi Musa nu boga hak kana éta iteuk.

(7) Jabatan di karajaan

Salian ti Raja, di karajaan ogé aya jabatan-jabatan séjén, di antarana waé ponggawa Bupati, Mentri, jeung Papatih. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Waktu masamoan agung, ponggawa Bupati Mantri, hémpak di payuneun Raja, nu tilu ratus Papatih, sareng opat ratus Raja, sami dumeuheus ka Bulkis. (4: 281)

Dina éta cutatan, bisa katitén waktu aya acara agung di karajaan Ratu Bulqis, sakabéh para ponggawa, bupati, Mentri. Tilu ratus papatih jeung opat ratus Raja datang ngadeuheus ka Ratu Bulqis.

(8) Sélér Bangsa

Unggal bangsa jeung nagara tangtu miboga sélér bangsa, lamun di Nagara Arab aya sélér bangsa asli, nya éta Badwi. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Badwi-badwi nu papanggih, ningal satria nonoman, simeuteun olohok bengong,

sigeg kocap Sang Hodijah, sabudal onta-onta,

di bumina kalem kabut, nguluwet juwet kaliwat. (1: 496)

Dina éta cutatan, bisa katitén sélér bangsa Arab (Badwi) nu panggih jeung Siti Hodijah. Unggal Badwi-badwi ditanya ku Hodijah ngeunaan Nabi Muhammad. Tapi badwi-badwi euweuh nu apalaeun.

(3) Bayaran budak beulian

Di jaman para nabi aya nu ngaranna budak beulian. Saha waé nu boga kakawasaan jeung nu boga duit bisa meuli budak. Perkara anu nuduhkeun éta hal, katitén ieu di handap.

Ku Nabi Yusuf kadangu, ditambalang manéh nini, urang mana saha ngaran, Nyi Julaéha melas asih, ieu nu meuli andika, ku emas pérak jeung duit. (4: 80)

Ku permata intan jamrut, ku sutra kapur kastori, nya ieu awak kaula,

nu tara saré beurang peuting, luput nginum carang dahar, kangen mangen konéng brangti. (4: 81)

Dina éta cutatan, katitén Nabi Yusuf jadi budak beulian raja Mesir. Nabi Yusuf dibeuli ku emas, pérak, duit, permata, jeung intan jamrud.

Dokumen terkait