• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS STRUKTUR WAWACAN SURYA NINGRUM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII1).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS STRUKTUR WAWACAN SURYA NINGRUM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII1)."

Copied!
26
0
0

Teks penuh

(1)

No.704/FPBS/0251/2014

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun

Di sma kelas xii

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku Nurlaelasari NIM 1000114

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AnalisisStrukturWawacan Surya Ningrum

PikeunBahanPangajaranMacaCaritaBuhun Di SMA Kelas XII

Oleh Nurlaelasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa danSeni

© Nurlaelasari 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

(3)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

Nurlaelasari

ANALISIS STRUKTUR WAWACANSURYA NINGRUM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN

DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung Disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Agus Suherman, S.Pd., M.Hum

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan dan Seni

(4)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(5)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALISIS STRUKTUR WAWACAN SURYA NINGRUM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN

DI SMA KELAS XII1)

Nurlaelasari2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Analisis Struktur Wawacan Surya Ningrum pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita Buhun di SMA Kelas XII”. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan, mentransliterasi, dan menganalisis Wawacan Surya Ningrum, serta dijadikan bahan ajar. Metode yang digunakan yaitu metode deskriptif. Teknik yang digunakan yaitu teknik dokumentasi dan teknik studi pustaka. Peneliti menemukan fakta cerita: (1) Tokoh cerita yang bisa dibagi ke dalam tiga bagian, yaitu tokoh utama, tokoh kedua, dan tokoh tambahan. (2) Alur maju dalam cerita ini yaitu menceritakan kerajaan Banurungsih yang dipimpin oleh Surya Negara. (3) Latar terbagi ke dalam tiga: yaitu latar tempat berupa Negri Banurungsih, Negri Erum, dan Negri Nusantara. Latar waktu terbagi ke dalam dua yaitu latar titimangsa seperti siang, pagi; dan kurun waktu saperti empat puluh bulan, siang-malam. Latar suasana berupa suasana perang, senang, sedih, bingung, sengsara. (4) Tema dalam Wawacan Surya Ningrum ini yaitu kesetiaan Surya Ningrum terhadap Surya Ningrat serta dilengkapi dengan kisah memperebutkan Negri Banurungsih. Penelitian ini bermanfaat dan berguna untuk budaya Sunda, hususnya dalam cerita wawacan, serta bisa dijadikan bahan pembelajaran di sekolah ataupun di perkuliahan.

Kata Kunci: wawacan, struktur, bahan pembelajaran membaca

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum dan Agus Suherman, S.Pd.,

M.Hum.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

(6)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE ANALYSIS OF WAWACAN OF SURYA NINGRUM

INTENDED FOR THE TEACHING MATERIAL OF CARITA BUHUN

IN CLASS XII OF SENIOR HIGH SCHOOL1)

Nurlaelasari2) ABSTRACT

This research is aimed to describe, translate, analyse the Surya Ningrum wawacan, as well as to make it for the teaching material. The method of this research is descriptive method in which the technique is around documentation and labory study technique. The researcher finds the fact of the story: (1) The character can be devided into three parts. They are the main character, the second character and additional characters. (2) The plot in this story describes the forward story wchich tells about Banurungsih Kingdom whose leader is Surya Negara. (3) The backround is devided into 3 kinds. They are firstly is about the place which focuses on the Banurungsih, Erum and Nusantara countries. While the second part is about time which is described in a short and a long times. The last is the situation background which describes about war, happiness, sadness, confuse und misery. (4) The theme in this Wawacan is the loyalty of Surya Ningrum to ward Surya Ningrat wchich is completed with the story of a fight and rebute for Banurungsih Country forcely. This Research is benefit for the Sundanese culture, especially in the story of wawacan as well as it can be also teken advantage for the learning process at school at school and college.

Keywords: wawacan, structure, reading’s study material

1 This paper is guided by Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., and Ibu Dr. Hj. Nunuy

Nurjanah, M.Pd.

(7)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

(8)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

ABSTRAK ... vi

DAFTAR EUSI ... vii

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR LAMPIRAN ... xi

DAFTAR SINGGETAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5 Sistematika Panalungtikan ... 5

BAB II WAWACAN, STRUKTUR JEUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII 2.1 Wawacan ... 6

2.1.1 Wangenan Wawacan ... 6

2.1.2 Sajarah Kamekaran Wawacan ... 7

2.1.3 Klasifikasi Wawacan ... 8

2.1.4 Fungsi Wawacan ... 12

(9)

viii

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.1 Wangenan Struktur ... 13

2.2.2 Struktur Carita ... 14

2.2.2.1Palaku jeung Watek ... 14

2.2.2.2 Galur/Plot ... 15

2.2.2.3Latar/Setting ... 16

2.2.2.4Téma ... 16

2.3 Pangajaran Basa Sunda ... 17

2.3.1 Wangenan Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar ... 17

2.3.2 Fungsi Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar ... 17

2.3.3 Tujuan Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar ... 17

2.3.4 Bahan Pangajaran ... 18

2.3.5 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 18

2.3.6 Pangajaran Maca ... 19

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 23

3.2 Desain Panalungtikan ... 23

3.3 Metode Panalungtikan ... 24

3.4 Instrumen Panalungtikan ... 24

3.5 Téhnik Panalungtikan ... 25

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26

3.5.2 Téhnik Ngolah Data ... 26

3.6 Wangenan Oprasional ... 26

BAB IV ANALISIS STRUKTUR WAWACAN SURYA NINGRUM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN 4.1 Déskripsi Naskah ... 28

4.2 Transliterasi Naskah ... 33

4.3 Ringkesan Carita Naskah ... 137

(10)

ix

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.4.1 Tokoh jeung Watekna ... 145

4.4.2 Galur/Plot ... 163

4.4.3 Latar/Sétting ... 167

4.4.4 Téma ... 179

4.5 Bahan Ajar Maca Carita Buhun ... 179

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 193

5.2 Saran ... 194

DAFTAR PUSTAKA ... 195

LAMPIRAN ... 197

(11)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Karya sastra geus aya saméméh manusa maham kana sagala hal anu disebut sastra. Gumelarna téh taya lian alatan ayana motivasi ti diri manusa dina lakuning nyumponan pangabutuh batinna.

Karya sastra ogé mangrupa struktur anu kompléks. Ku kituna, sangkan bisa maham kana eusina, kudu dianalisis (Hill dina Pradopo, 2012, kc. 108). Dina prosés nganalisis tangtu kudu ngagunakeun salasahiji téori sastra, di antarana nya éta téori struktur.

Karya sastra anu aya di wilayah tatar Sunda, anu perlu disalametkeun dina wangun lisan, atawa wangun tinulis di antarana nyangkaruk dina naskah.

Kiwari, naskah Sunda loba anu leungit. Padahal, dina naskah-naskah téh bisa waé ngandung hal-hal anu penting pikeun masarakat jaman kiwari. Upamana waé ngandung sejarah, agama, adat-istiadat, mantra, paririmbon, sastra, jeung sajabana, anu ngandung ajén-ajén atawa pituduh ti karuhun pikeun masarakat Sunda. Hanjakalna, naskah-naskah téh loba anu ditulis dina kertas anu babari ruksak alatan teu dipiara ku nu bogana. Sakapeung éta naskah dianggap teu penting, sabab loba anu teu bisa maca naskah, atawa naskah téh dijadikeun barang anu sakral. Ku kituna aya sababaraha tarékah pikeun nyalametkeun eusi naskah, di antarana nya éta ku cara ditalungtik. Ieu panalungtikan téh bisa ku cara ditransliterasi, dianalisis, jeung bisa dijadikeun pikeun bahan ajar.

(12)

2

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

antarana ngadokuméntasikeun karya sastra buhun anu sipatna lisan atawa tulisan. Dina wangun dokuméntasi karya sastra buhun aya anu sipatna tinulis, nya éta wangun naskah. Saméméh aya buku nu dicetak, masarakat Indonesia geus wanoh kana wangun naskah.

Baried (1985, kc. 54) nétélakeun anu disebut naskah nya éta: “Objek penelitian filologi yang konkret yang berupa tulisan tangan yang menyimpan

berbagai ungkapan pikiran dan perasaan hasil budaya bangsa masa lampau

Dumasar wangenan di luhur, naskah mangrupa objék kajian filologi anu sipatna konkret. Ku kituna, panalungtikan wawacan perlu diayakeun pikeun ngariksa naskah nu sumebar di masarakat. Hanjakalna pikeun nalungtik naskah nu mangrupa koléksi pribadi téh sok hésé, ku sabab masarakat nganggap yén naskah téh benda sakral, jadi sok disumputkeun.

Ditilik tina eusina, naskah Sunda réa diréka dina wangun wawacan. Wawacan nya éta carita anu didangding, gelar dina wangun pupuh. Wawacan mangrupa karya sastra buhun pangaruh tina sastra Jawa, lantaran pupuh nu ngawangun leunjeuran carita dina wawacan téh asalna ti Jawa. Wawacan biasana sok ditembangkeun dina wangun seni beluk (Iskandarwassid, 2003, kc. 168).

Ieu panalungtikan leuwih museur sarta dihususkeun pikeun néangan struktur nu aya dina Wawacan Surya Ningrum nu disaluyukeun jeung KI-KD salaku bahan pangajaran di SMA, nya éta dina kaparigelan maca carita buhun.

Sakumaha katerangan di luhur, anu dijadikeun objék panalungtikan nya

éta Wawacan Surya Ningrum. Ieu Wawacan téh asalna ti Apih Usin. Perenahna di

(13)

3

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu wawacan eusina ngeunaan kasatiaan Surya Ningrum ka nu jadi salaki. Runtuyan caritana diwangun ku tokoh-tokoh tina pasipatan jalma, Surya Ningrat, Surya Ningrum, Raja Duryan, Raja Salkam, jeung réa-réa deui.

Dumasar kana Peraturan Daérah Jawa Barat nomer 5 taun 2003, Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda diwajibkeun ti mimiti SD nepi ka SMA. Ku kituna, dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) mata pelajaran basa jeung sastra Sunda kaasup kana muatan lokal anu wajib diajarkeun di SMA. Pangajaran basa jeung sastra Sunda ngabogaan tujuan pikeun ngajénan jeung nimbulkeun rasa reueus kana basa jeung sastra Sunda, paham kana basa jeung sastra Sunda, sarta mampuh maké basa Sunda kalawan bener tur merenah.

Panalungtikan ngeunaan naskah nu geus dilakukeun ku Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah di antarana.“Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” (Eva Novianti, 2004). “Analisis Struktur Wawacan Lokayanti” (Erni Rustini, 2005). “Analisis Struktur Wawacan Rara Mendut” (Rusmayanti, 2008). “Struktur jeung Ajén Moral dina Wawacan Simbar

Kancana pikeun Bahan Pangajaran di SMA” (Irman Aprisa Nugraha, 2009).

“Struktur dina Wawacan Carios Munada pikeun Bahan Pangajaran di SMA” (Rija, 2009). “Analisis Struktur jeung Ajén Moral dina Naskah Wawacan Ratu Déwi Maléka” (Dévi Cahyani Wulansari, 2009). “ Analisis jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Bahan Pangajaran di SMP” (Néndén Sri Utari, 2010)

Dumasar katerangan di luhur, Wawacan Surya Ningrum di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI nepi ka danget ieu can ditalungtik. Ku kituna kacida payusna upama diayakeun panalungtikan kana éta naskah dina wangun skripsi. Judul ieu panalungtikan téh nya éta “ Analisis Struktur Wawacan Surya

Ningrum pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita Buhun di SMA Kelas XII.

(14)

4

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sangkan ieu panalungtikan jéntré tur puguh guluyurna, sarta teu lega teuing, ku kituna perlu diwatesanan. Patali jeung éta hal, watesan masalah dina ieu panalungtikan téh nya éta:

a. Déskripsi Wawacan Surya Ningrum b. Transliterasi Wawacan Surya Ningrum

c. Analisis struktur nu ngawengku palaku, galur, latar, jeung téma?

d. Hasil analisis struktur Wawacan Surya Ningrum dijadikeun bahan pangajaran di SMA.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, rumusan masalah dina ieu panalungtikan bakal diwincik saperti ieu di handap:

a. Kumaha déskripsi Wawacan Surya Ningrum? b. Kumaha transliterasi Wawacan Surya Ningrum?

c. Kumaha analisis struktur nu ngawengku palaku, galur, latar, jeung téma? d. Kumaha ngalarapkeun hasil analisis struktur carita Wawacan Surya

Ningrum pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca carita buhun di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sakumaha anu diungkarakeun dina rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan ngabogaan tujuan anu baris dihontal, di antarana pikeun ngariksa budaya daérah anu aya dina naskah-naskah buhun sangkan dipikawanoh ku balaréa.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan ieu panalungtikan aya opat, nya éta:

(15)

5

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Ngaanalisis struktur Wawacan Surya Ningrum nu ngawengku palaku/watek, alur, latar, jeung téma.

d. Ngalarapkeun hasil analisis struktur carita Wawacan Surya Ningrum pikeun bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat:

1. pikeun ngaraksa jeung ngariksa karya sastra buhun sangkan teu leungit; 2. pikeun nambahan pangaweruh hususna kana paélmuan filologi;

3. pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan kasustraan Sunda, hususna genre wawacan; jeung

4. pikeun nambahan informasi ngeunaan kajian struktur anu aya dina Wawacan Surya Ningrum.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi Bab I

Bab 1 mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.

Bab II

Bab II mangrupa bab anu ngabahas ngeunaan téori-téori anu aya dina panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan wawacan, struktur, jeung bahan ajar maca carita buhun.

Bab III

(16)

6

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab IV

Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab dipedar sagemblengna hasil tina analisis panalungtikan anu dilaksanakeun. Hasil panalungtikan bisa katitén dina ieu bab.

Bab V

(17)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Wawacan

Surya Ningrum. Sumberna ieu wawacan téh ti Apih Usin, perenahna di Kampung

Tugu, Désa Cipeundeuy, Kacamatan Suradé, Kabupatén Sukabumi. Aksara anu digunakeun nya éta Arab Pégon jeung ngagunakeun basa Sunda, kandelna naskah 365 kaca, sarta ngagunakeun 14 pupuh (kanto). nya éta pupuh asmarandana, sinom, dangdagula, kinanti, durma, pucung, pangkur, gambuh, wirangrong, pupuh magatru, maskumambang, demung, mijil, jeung lambang.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan aya sababaraha léngkah nu dilakukeun, nya éta: (1) déskripsi naskah, (2) transliterasi naskah, (3) nganalisis téks, (4) kacindekan, jeung (5) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré dibagankeun ieu di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

Déskripsi Naskah Wawacan

Transliterasi Naskah Wawacan

(18)

24

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Metode Panalungtikan 3.3.1 Metode Panalungtikan

Istilah metode asalna tina kecap methodos (basa Latén), nu hartina

“tarékah”, stratégi, atawa siasat maham réalitas (kanyataan) dumasar léngkah-léngkah sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat. Fungsi metode nya éta pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2013, kc. 34).

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta metode déskriptif. Metode déskriptif nya éta metode panalungtikan pikeun ngagambarkeun karakteristik tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta nu nyampak dina objék panalungtikan (Ratna, 2013, kc. 53). Metode déskriptif anu digunakeun nya éta metode déskriptif analisis, nya éta pikeun ngadéskripsikeun Wawacan Surya

Ningrum nepi ka bisa kapaluruh kaayaan éta carita anu nyangkaruk dina

wawacan, anu saterusna dianalisis struktur carita anu ngawangun caritana (palaku/watek, galur, latar, jeung téma), jeung hasil analisisna dijadikeun pikeun bahan ajar.

3.4 Instrumen Panalungtikan Wawacan Surya Ningrum

Instrumen anu digunakeun dina panalungtikan kualitatif nya éta jalma anu nalungtik (human instrumént) (Sugiyono, 2008, kc. 306). Sanggeus ngarumuskeun masalah panalungtikan, mangka instrumén ngagunakeun triangulasi (gabungan) di antarana pedoman wawancara, jeung tala’ah Pustaka.

1) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun meunangkeun informasi ngeunaan naskah. Wawancara dilaksanakeun kalayan ngagunakeun patokan anu geus disusun tianggalna (wawancara terstruktur), mangrupa

(19)

25

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

daftar pertanyaan anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan. Anapon pertanyaan-pertanyaan anu digunakeun dina lambar wawancara di antarana:

1. Ti saha kenging naskah “Wawacan Surya Ningrum” téh?

2. Saha nu ngarang naskah “Wawacan Surya Ningrum” téh?

3. Noan fungsi naskah “Wawacan Surya Ningrum” téh? Boh

baheula, boh ayeuna?

4. Kumaha cara nyimpen éta naskah “Wawacan Surya Ningrum

téh?

5. Nalika éta naskah “Wawacan Surya Ningrum” katampi wedel

atawa tos ruksak?

6. Warna kertas naon nu digunakeun dina naskah “Wawacan

Surya Ningrum” téh?

7. Kumaha kaayaan naskah “Wawacan Surya Ningrum” téh?

8. Naon eusi karangan naskah “Wawacan Surya Ningrum” téh?

2) Kamera Digital

Kamera digital digunakeun pikeun ngartikeun sora dina prosés ngumpulkeun data.

3.5Téhnik Panalungtikan

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta dokumentasi jeung talaah pustaka.

1) Dokuméntasi

(20)

26

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ningrum. Naskah nu dipaké mangrupa duplikatna (hasil scan), sabab

lamun dipaké naskah nu asli bisi ruksak. 2) Téknik Tala’ah Pustaka

Talaah pustaka mangrupa téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data atawa bahan-bahan anu rék ditalungtik ku cara macaan sarta neuleuman eusi buku anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Talaah pustaka digunakeun salian ti néangan data, ogé pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subjék panalungtikan.

Pustaka nu ditalaah pikeun kapentingan ieu panalungtikan museur kana tilu hal sabudeureun bahasan wawacan, struktur caritana, jeung pangajaran maca carita buhun.

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun studi dokuméntasi.

Studi dokuméntasi dina téhnik ngumpulkeun data dilakukeun ku cara ngumpulkeun jeung maca téks atawa bahan-bahan, saperti macaan ngeunaan wawacan jeung transliterasina, struktur carita karya sastra, jeung dasar-dasar téori nu aya hubungan jeung panalungtikan.

3.5.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data digunakeun téhnik analisis téks. Ari léngkah-léngkahna nya éta:

1) Déskripsi jeung maca naskah Wawacan Surya Ningrum; 2) Ngatransliterasi naskah Wawacan Surya Ningrum; 3) Nganalisis struktur Wawacan Surya Ningrum, jeung;

4) Nyieun conto bahan ajar maca carita buhun pikeun SMA kelas XII luyu jeung KI-KD pangajaran basa jeung sastra Sunda, jeung;

(21)

27

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Wangenan Operasional a. Wawacan

Wawacan nya éta carita anu didangding, digelarna dina wangun pupuh. Wawacan mangrupa karya sastra buhun minangka pangaruh tina sastra Jawa, lantaran pupuh nu ngawangun leunjeuran carita dina wawacan téh asalna ti Jawa. Wawacan biasana sok ditembangkeun dina seni beluk (Iskandarwassid, 2003, kc. 168)

b. Analisis Struktur

Nurutkeun Abrams (dina Nurgiyantoro, 1998, kc. 36), struktur nya éta (susunan) anu negeskeun tina gambaran anu ngahasilkeun karangan hiji komponén nepi ka ngawujud jadi karya sastra.

Dina karya fiksi, unsur-unsur nu ngawangun struktur karya sastra téh di antarana: téma jeung masalah, fakta carita (alur, tokoh, latar), jeung sarana carita (sudut pandang, gaya basa, jeung suasana) (Stanton, 2012, kc. 22).

c. Bahan Pangajaran

Bahan ajar kudu sajalan jeung ukuran-ukuruan tina kurikulum nu digunakeun. Ku kituna guru kudu parigel milih bahan pangajaran jeung nangtukeun pangajaran nu baris ditepikeun ka murid sangkan éta bahan pangajaran téh luyu jeung katangtuan (Harjanto, 2008, kc. 222).

(22)

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Wawacan nya éta hiji carita anu didangding, digelar dina wangun pupuh. Wawacan dibaca ku cara ditembangkeun, ti tabuh 20.00 nepi ka jam 05.00. Ieu acara téh sok dipaké dina acara kawinan jeung sunatan.

Dumasar hasil analisis, dina ieu panalungtikan téh bisa dicindekeun saperti kieu:

1) naskah Wawacan Surya Ningrum mangrupa naskah kawilang heubeul, téks naskah ngagunakeun basa Sunda tur maké aksara Pégon. Bahan naskah dijieun tina kertas bodas sarta kandelna 365 kaca. Warna kertasna semu gading alatan geus heubeul, tapi tulisanna masih kabaca kénéh. Mangsi anu digunakeun warna hideung, mangsi warna beureum pikeun tanda baca.

2) Wawacan Surya Ningrum diwangun ku 14 pupuh, nya éta pupuh

asmarandana, sinom, dangdanggula, kinanti, durma, pucung, pangkur, gambuh, wirangrong, magatru, maskumambang, juru demung, mijil, jeung lambang. Téks salengkepna diwangun ku 1.271 pada.

3) Wawacan Surya Ningrum téh dipedar sacara struktur ngawengku fakta

carita (palaku/watek, galur/plot, latar/setting, jeung téma).

Hasil analisis dina palaku carita aya 29 palaku. Nu ngawengku, palaku utama (Surya Ningrum), palaku kadua (Surya Ningrat jeung Raja Duryan), sarta 26 palaku tambahan. Galur anu digunakeun dina ieu WawacanSurya

Ningrum nya éta galur mérélé, anu dimimitian ku nyaritakeun Karajaan

(23)

194

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ningrum nya éta nyaritakeun kasatiaan Surya Ningrum ka Surya Ningrat

nu dibungkus ku peristiwa marebutkeun Karajaan Banurungsih.

4) hasil tina panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina kaparigelan maca, nya éta maca carita buhun di SMA kelas XII. Hal ieu disaluyukeun jeung Kompetensi Inti jeung Kompetensi dasar (KI-KD).

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran anu ditepikeun jeung bakal ngaronjatkeun hasil kana aprésiasi karya sastra, di antarana ieu di handap:

1) Pikeun panalungtik sastra buhun (wawacan)

Sabada ngalakukeun panalungtikan, tétéla yén sastra buhun (hususna wawacan) loba ngandung ajén nu kawilang luhung. Ku kituna, naskah-naskah wawacan anu masih kénéh aya di masarakat kudu bisa ditalungtik jeung dipedar sangkan bisa kabaca jeung kaharti pikeun generasi muda. 2) Guru Basa Sunda

Sangkan guru basa Sunda miboga pangaweruh ngeunaan sastra buhun, hususna wawacan. Sarta bisa méré pangaweruh anu aya patalina jeung karya-karya sastra buhun atawa carita wawacan.

3) Pikeun Masarakat

Sangkan bisa ngahudangkeun rasa kareueus jeung karep pikeun hayang ngamumulé, sarta ngariksa karya sastra heubeul sangkan teu kaéréh ku kamekaran jaman.

4) Pikeun Lembaga Atikan

(24)

195

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

(25)

195

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Baried, S.B. et.al. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung UNPAD.

Departemen Pendidikan Nasional. (2013). Pendoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). Kurikulum 2013 Kompetensi Inti dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMA/SMK/MA. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djamarah, B.S. jeung Zain, Aswan. (2010). Strategi Belajar Mengajar (edisi révisi). Jakarta: Rineka Cipta.

Harjanto. (2008). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Heryana, A. (2011). Struktur Wawacan Jakasundang pikeun Bahan Pangajaran

Maca di SMP. Bandung: JPBD UPI. Henteu diterbitkeun.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, R. (2008). Panyawangan Sastra (Handout Téori Sastra ). Bandung: JPBD. UPI.

Jannah, A. Z. (2011). Analisis Struktur Wawacan Samaun pikeun Bahan

Pangajaran di SMA Kelas XII. Bandung: Skripsi JPBD FPBS UPI, Henteu

diterbitkeun.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa

Sunda (édisi revisi). Bandung: Sonagar Press.

Koswara, D. (2007). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

(26)

196

Nurlaelasari, 2014

Analisis struktur wawacan surya ningrum Pikeun bahan pangajaran maca carita buhun Di sma kelas xii

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LBBS.(1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung : Tarate.

Nurgiyantoro, B. (1998). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakata:Gajah Mada University Press

Pradopo, R .D. (2012). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik dan

Penerapannya.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, K. N. (2013). Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, A. (2009). Ngalanglang Kasustraan Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. ___________. (2011). Wawacan. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Ruhaliah. (2011). Wawacan Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: JPBD.

__________. (2011). Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan, Aksara Sunda Kuno,

Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: JPBD.

____________. (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD.

Stanton, R. (2012). Teori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sugihastuti. (2011). Teori Apresiasi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sugiono. 2008. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif,

dan R & D. Bandung:Alfabeta.

Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD,SLTP,SMU

jeung Umum. Bandung : CV Pustaka Setia.

_________. (2010). Kamus Lengkep

Sunda-Indonesia-Indonesia-Sunda-Sunda-Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

Referensi

Dokumen terkait

basa ogétata tulis. Dina nulis pangalaman pribadi, siswa kudu nyaho kana hakékat pangalaman pribadi sabenerna, éta hal bisa ngagampangkeun siswa dina nulis

Dina sistem basa, tangtu waé istilah tatanén téh raket patalina jeung basa hususna ngeunaan pakeman basa (idiom). Patali jeung sistem pakasaban, tatanén ngahuma

Data anu geus dikumpulkeun dina panalungtikan, satuluyna dianalisis ngagunakeun metode déskriptif. Anu dideskripsikeunana nya éta prak-prakan pagelaran kasenian wayang

Éta hal katitén yén naskah-naskah heubeul bisa méré sumbangan pikeun studi ngeunaan hiji bangsa atawa hiji kelompok sosial budaya anu ngalahirkeun éta naskah-naskah, lantaran

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

1) Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek

Dumasar SKKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda di tingkat SMA/SMK/MA kelas X, aya sababaraha matéri dina pangajaran nulis anu kudu ditepikeun ka siswa, di antarana nya éta

Naskah ini menceritakan mengenai kerajaan Galuh pada zaman dahulu. Diawali oleh cerita Ratu yang menguasai satu Negara. Ratu Bojong Galuh pergi melaksanakan apa