• Tidak ada hasil yang ditemukan

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN

BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA

(Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

Yayang Setia Asih

1)

,

Dedi Koswara

2)

, Ruswendi Permana

3)

Email: yayangsetiaa@yahoo.com, dedikoswara59@gmail.com,

rwdi_sunda@yahoo.com.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Kasang tukang dina ieu panalungtikan nyaéta kurangna motivasi jeung daya aprésiasi siswa kana budaya titinggal karuhun anu leubeut ku ajén-inajén kahirupan. Salah sahijina nyaéta kurang mikawanoh ngeunaan wawacan. Ieu panalungtikan boga tujuan: (1) ngaidéntifikasi Wawacan Siti Khadijah Dagang, (2) transliterasi

Wawacan Siti Khadijah Dagang (3) ngadéskripsikeun struktur carita nu ngawengku

fakta carita (palaku, galur, latar), jeung (4) nyusun bahan ajar maca carita buhun di kelas XII SMA. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif analitik, sarta ngagunakeun téhnik studi dokuméntasi. Data diolah ngagunakeun téhnik analisis téks. Wawacan Siti Khadijah Dagang ditulis ngagunakeun aksara Arab Pégon sarta ditransliterasi ngagunakeun aksara Latén. Hasil ieu panalungtikan nyaéta: 1) tokoh jeung watekna. Tokoh utama nyaéta Kangjeng Nabi Muhammad jeung Nyi Khadijah Déwi; 2) alur anu digunakeun nyaéta alur maju; 3) latar dina Wawacan Siti Khadijah

Dagang aya 49 latar anu kabagi kana tilu bagian: (1) latar tempat aya 11 (22,45%),

(2) latar waktu aya 22 (44,89%), jeung (3) latar suasana aya 16 (32,65%), sarta 4) pupuh anu digunakeun dina Wawacan Siti Khadijah Dagang aya 26 kanto tina 11 pupuh jeung 1114 pada. Pupuh anu panglobana dipaké nyaéta Pupuh Pangkur (13,37%), luyu jeung watek anu digambarkeun dina ieu wawacan nyaéta lumampah, nafsu atawa sadia rék perang. Sedengkeun pupuh anu pangsaeutikna dipaké nyaéta Pupuh Wirangrong (2,96%), luyu jeung watek dina ieu wawacan nyaéta éra, wirang, apes atawa rugi. Kitu deui tina hasil analisis pupuh, kapanggih kasalahan-kasalahan makéna guru wilangan jeung guru lagu.

Kecap Galeuh: wawacan, transliterasi, struktural, bahan ajar

1) Penulis Utama

(2)

3) Penulis penanggung Jawab 2

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG UNTUK

BAHAN AJAR MEMBACA CARITA BUHUN DI SMA

(Transliterasi dan Analisis Struktural)

Yayang Setia Asih

1)

,

Dedi Koswara

2)

, Ruswendi Permana

3)

Email: yayangsetiaa@yahoo.com, dedikoswara59@gmail.com,

rwdi_sunda@yahoo.com.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya motivasi serta daya apresiasi siswa terhadap budaya peninggalan nenek moyang yang sarat akan nila-nilai kehidupan. Salah satunya yaitu kurang mengenal mengenai wawacan. Penelitian ini bertujuan untuk: (1) mengidentifikasi Wawacan Siti Khadijah Dagang, (2) transliterasi

Wawacan Siti Khadijah Dagang, (3) mendeskripsikan struktur cerita yang meliputi

fakta cerita (pelaku, alur, latar), dan (4) menyusun bahan pembelajaran maca carita buhun di kelas XII SMA. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif analisis, dan menggunakan teknik studi dokumentasi. Data diolah menggunakan teknik analisis teks. Hasil dari penelitian ini adalah: 1) tokoh dan wataknya. Tokoh utama dalam Wawacan Siti Khadijah Dagang adalah Kangjeng Nabi Muhammad dan Nyi Khadijah Déwi; 2) alur yang digunakan adalah alur maju; 3) latar dalam Wawacan

Siti Khadijah Dagang ada 49 latar yang dibagi menjadi tiga bagian: (1) latar tempat

ada 11 (22,45%), (2) latar waktu ada 22 (44,89%), dan (3) latar suasana ada 16 (32,65%), serta 4) pupuh yang digunakan dalam Wawacan Siti Khadijah Dagang ada 26 kanto dari 11 pupuh yang terdiri dari 1114 pada. Pupuh yang paling banyak digunakan yaitu Pupuh Pangkur (13,37%), sesuai dengan watak yang digambarkan dalam wawacan ini adalah perjalanan, nafsu atau bersedia untuk perang. Sedangkan pupuh yang paling sedikit digunakan yaitu Pupuh Wirangrong (2,96%), sesuai dengan watak yang digambarkan dalam wawacan ini adalah malu, sial, atau rugi. Begitu pun dari hasil analisis pupuh, ditemukan kesalahan-kesalahan yang meliputi kesalahan pemakaian guru wilangan dan guru lagu.

Kata Kunci: wawacan, transliterasi, struktural, bahan ajar

(3)

2) Penulis Penanggung Jawab 1 3) Penulis Penanggung Jawab 2

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG FOR

LEARNING MATERIALS READ A ATTIC STORY AT

SENIOR HIGH SCHOOL

(Transliteration and Structural Studies)

Yayang Setia Asih

1)

,

Dedi Koswara

2)

, Ruswendi Permana

3)

Email: yayangsetiaa@yahoo.com, dedikoswara59@gmail.com,

rwdi_sunda@yahoo.com.

Local Language Education Department, FPBS, UPI

ABSTRACT

This research is motivated by the lack of student appreciation and motivation of the ancestral culture will be full of life values. One of them is less known about wawacan. This study is intended to: (1) identify Wawacan Siti Khadijah Dagang, (2) transliteration Wawacan Siti Khadijah Dagang, (3) describe the structure of the story includes the fact that the story (actors, plot, setting), and (4) developing learning materials read a attic stories in class XII Senior High School. The descriptive method was use in this study, while in order to gather the data needed, the documentation study technique was also used. The data wich had been collected was analyzed based on text analysis. The results of the analysis are: 1) character and disposition. The main character in Wawacan Siti Khadijah Dagang is Prophet Muhammad and Nyi Khadijah Dewi; 2) plots used are forward plot; 3) setting in Wawacan Siti Khadijah

Dagang there are 49 settings which is divided into three parts: (1) place settings there

are 11 (22,45%), (2) time settings there were 22 (44,89%), and (3) there are 16 environment settings (32,65%), and 4) pupuh used in Wawacan Siti Khadijah

Dagang total of 26 kanto from canto 11 of 1114 on be composed. The most used of

Pupuh is Pangkur (13,37%), appropriate with carachter to described on this story is talking about journey, lust or prepared for war. While the least used is Pupuh Wirangrong (2.96%), according to the character portrayed in this wawacan is shy, unlucky, or loss. So even from the analysis stanza, found errors include errors benchmark numbers and benchmark use the song.

(4)

1) Writter

2) Corespondent writter 1 3) Corespondent writter 2

(5)

Karya sastra mangrupa wadah pikeun ngébréhkeun pikiran, gagasan, cipta, rasa, jeung pangaweruh manusa. Karya sastra gumelar sangkan bisa nyumponan kabutuhan batin, sangkan bisa dipikaharti, jeung dimangpaatkeun ku manusa. Karya sastra nyaéta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis/kaéndahan sastra. Ku lantaran alatna basa, nya anu diarolah ku pangarang téh sakabéh poténsi éstétis anu kapimilik ku basa, kaasup rupa-rupa pungsina atawa makéna basa (Iskandarwassid, 2003: 138).

Karya sastra mangrupa budaya titinggal karuhun anu kudu dipaliré tur dimumulé. Salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé budaya titinggal karuhun téh nyaéta ku cara ngadokuméntasikeun karya sastra buhun dina wangun lisan atawa tinulis. Wangun karya sastra buhun dina wangun tinulis nyaéta naskah.

Naskah mangrupa budaya titinggal karuhun anu kacida pentingna. Sabab naskah mangrupa rékaman budaya masarakat dina mangsa anu geus kaliwat. Lian ti éta, naskah téh perlu ditalungtik sangkan kanyahoan eusina. Dina naskah ngandung ajén-inajén luhung anu mangrupa hasil cipta, rasa, jeung pangaweruh masarakat dina mangsa harita. Tina naskah ogé bisa méré informasi ngeunaan pola pikir, sikep, jeung tingkah laku masarakat dina mangsa harita.

Nurutkeun Baried, dkk. (1985: 4) eusi naskah ngawengku sagala aspék kahirupan sosial, politik, ekonomi, agama, kabudayaan, basa jeung sastra.

Nurutkeun Iskandarwassid (2003: 90) naskah nyaéta wacana (téks) hasil tulisan leungeun, biasana dibeundeul atawa dibukukeun (lain hasil citak); atawa, buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun. Lian ti mangrupa buku, tulisan dina daun lontar ogé disebut naskah.

Baried, dkk. (1985: 54) nétélakeun yén anu disebut naskah nyaéta:

Objek penelitan filologi adalah tulisan tangan yang menyimpan berbagai ungkapan pikiran dan perasaan sebagai hasil budaya bangsa masa lampau.

Dumasar wangenan di luhur, naskah mangrupa obyék kajian filologi anu sipatna kongkrét, eusina mangrupa ungkaban pikiran jeung cipta rasa hasil budaya masarakat dina mangsa nu geus kaliwat.

Ditilik tina eusina, naskah-naskah Sunda ngaguar ngeunaan agama, basa, hukum (adat), kamasarakatan, mitologi, atikan, élmu pangaweruh, mantra, paririmbon, uubaran, satra babad atawa sastra sajarah, sajarah, jeung kasenian (Ruhaliah, 2013: 72).

Salah sahiji warna naskah Sunda anu loba dihasilkeun nyaéta wawacan.

Wawacan nyaéta carita panjang anu dianggit maké patokan pupuh. Jalan caritana loba bagian-bagianana. Kitu deui palaku jeung tempat ngalalakon loba pisan. Atuh mangsa anu kacaturna ogé lila. Dina wawacan umumna sok aya hal-hal anu pamohalan mungguhing ceuk akal mah. Upamana palakuna sarakti, lain baé jelema, tapi jin, siluman, buta, déwa, jeung sajabana. Tapi wawacan anu teu ngandung pamohalan ogé aya (Rusyana, 1992: 111).

Karya sastra ogé mangrupa struktur anu kompléks. Ku kituna, sangkan bisa maham kana eusina karya sastra téh kudu dianalisis (Hill dina Pradopo, 2012:108). Dina prosés nganalisis tangtuna kudu maké salah sahiji pamarekan sastra. Anapon salah sahiji pamarekan anu digunakeun pikeun nganalisis karya sastra nyaéta ngagunakeun pamarekan struktural.

Konsep dasar nu jadi ciri has tiori struktural nyaéta anggapan yén karya sastra mangrupa struktur anu otonom nu ngan bisa dicangkem maksudna tina hiji gemblengan nu diwangun ku unsur-unsur nu ngarojongna. Ku lantaran kitu, karya sastra bisa dipaham; dicangkem téh dumasar struktur pangwangunna baé, leupas tina kasang tukang kasajarahan, leupas tina niat jeung kamampuh

(6)

pangarangna, leupas tina pangaruh nu dihontal ku pamacana. Jadi, nu penting mah close reading, nyaéta hiji proses pembacaan kalawan mikroskopi tina karya minangka ciciptan basa (Isnendes, 2010: 67).

Masalah dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kurang mikawanoh kana wawacan sarta loba masarakat anu henteu maliré kana naskah-naskah buhun. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngaidéntifikasi Wawacan Siti Khadijah Dagang, transliterasi Wawacan Siti Khadijah Dagang, ngadéskripsikeun struktur carita nu ngawengku fakta carita (palaku, galur, latar) dina naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang, jeung nyusun bahan ajar maca carita buhun di kelas XII SMA. MÉTODE

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif analitik, ku cara ngadéskripsikeun Naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang, nepi ka bisa kapaluruh kaayaan éta naskah, nu saterusna dianalisis struktur carita anu ngawangun caritana. Pikeun ngumpulkeun data, digunakeun téhnik studi dokuméntasi. Data diolah ngagunakeun téhnik analisis téks.

Sumber data atawa obyék dina ieu panalungtikan nyaéta Wawacan Siti Khadijah Dagang. Ieu wawacan mangrupa dokuméntasi pribadi. Sumberna ti Apih Usin, pernahna di Kampung Tugu, Desa Cipeundeuy, Kecamatan Surade, Kabupaten Sukabumi. Aksara anu digunakeunna nyaéta Arab Pégon jeung ngagunakeun Basa Sunda. Kandel naskahna 179 kaca, unggal kacana 13 jajar, sarta pupuh nu digunakeunna aya 11. Tina ieu sumber data ditalungtik jeung dipedar eusi jeung struktur carita pikeun dijadikeun populasi atawa sampel total.

HASIL JEUNG PEDARAN

Dina wengkuan karya fiksi, sacara gurat badag diwangun ku dua unsur nyaéta unsur jero (intrinsik) jeung unsur luar

(ékstrinsik). Unsur jero (intrinsik) nyaéta unsur-unsur anu ngawangun karya sastra éta sorangan, sedengkeun unsur luar (ékstrinsik) nyaéta unsur-unsur nu aya di saluareun karya sastra, tapi sacara teu langsung mangaruhan kana sistim organisasi karya sastra (Nurgiantoro, 2010: 23).

Karya sastra anu mangrupa rékaan téh, hakékatna mangrupa hiji struktur. Fungsi unsur-unsur nu aya dina éta karya sastra téh silih rojong antara nu hiji jeung nu séjénna. Unsur-unsur anu ngawangun leunjeuran carita nurutkeun Stanton (dina Koswara, 2011: 45), nyaéta: (1) téma carita, (2) fakta carita (palaku, galur, latar), jeung (3) sarana carita (point of view, gaya basa jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul).

Pikeun medar atawa nganalisis Wawacan Siti Khadijah Dagang téh diwatesanan kana fakta carita anu ngawengku palaku, galur, jeung latar.

Sanggeus kapaluruh kaayaan naskahna, struktur carita anu ngawangun caritana, saterusna Wawacan Siti Khadijah Dagang téh dijadikeun bahan pangajaran maca carita buhun di kelas XII SMA.

Dina buku SKKD Mata pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SMA/SMK/MA (2006: 124) disebutkeun yén standar kompetensi (SK) maca téh nyaéta mampu membaca untuk memahami dan menanggapi beragam bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan.

Tina éta standar kompetensi téh diluyukeun deui jeung kompetensi dasar anu luyu jeung ieu pedaran, nyaéta ngeunaan “membaca carita buhun”. Ieu SKKD téh diajarkeun pikeun kelas XII SMA/SMK/MA.

Naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang eusina nyaritakeun ngeunaan Siti Khadijah salaku sodagar anu beunghar tur kasohor nu aya di nagara Mekah, sarta Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu diajar dagang ka Siti Khadijah. Lalampahan Kangjeng Nabi Muhammad sarta sodagar-sodagar séjén anu indit ka

(7)

Nagri Syam pikeun nyiar kipayah. Nyebarkeun ajaran agama Islam sarta kahirupan Kangjeng Nabi Muhammad katut kulawargana.

Naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang diwangun ku 11 pupuh jeung diwangun ku 1114 pada, nyaéta

1) Dangdanggula 30 pada (2,69%) 2) Sinom 33 pada (2,96%) 3) Asmarandana 46 pada (4,13%) 4) Pangkur 42 pada (3,77%) 5) Pucung 78 pada (7,00%) 6) Magatru 56 pada (5,03%) 7) Wirangrong 33 pada (2,96%) 8) Durma 55 pada (4,94%) 9) Dangdanggula 47 pada (4,22%) 10) Sinom 38 pada (3,41%) 11) Kinanti 68 pada (6,10%) 12) Pangkur 48 pada (4,31%) 13) Dangdanggula 46 pada (4,13%) 14) Mijil: 54 pada (4,85%) 15) Kinanti 53 pada (4,76%) 16) Asmarandana 59 pada(5,21%) 17) Sinom 28 pada (2,51%) 18) Pangkur: 27 pada (2,42%) 19) Mijil 37 pada (3,32%) 20) Sinom 19 pada (1,72%) 21) Dangdanggula 19 pada (1,72%) 22) Asmarandana 32 pada (2,87%) 23) Kinanti 41 pada (3,68%) 24) Pangkur 32 pada (2,87%)

25) Lambang 66 pada (5,93%) jeung 26) Pucung 27 pada (2,42%).

Hasil analisis struktur Wawacan Siti Khadijah Dagang bisa dicindekkeun saperti kieu: anu jadi palaku dina ieu wawacan aya 58 urang, anu kabagi kana 2 palaku utama, 23 palaku kadua, jeung 33 palaku tambahan. Galur anu digunakeun dina ieu wawacan nyaéta galur marélé, lantaran di awal carita diwanohkeun heula kumaha kaayaan kahirupan palaku utama ti leutik nepi ka gedéna, lalampahan dagang ka nagara Syam, rupa-rupa kajadian nyaéta lobana halangan-harungan anu kaalaman di jalan salila lalampahan ka nagara Syam, kahirupan Kangjeng Nabi Muhammad jeung Nyi Khadijah Déwi sarta turunan-turunanna, ayana wahyu ti Allah

ngaliwatan Malaikat Jibril, lalampahan nyumebarkeun ajaran agama Islam, dipungkas ku ngajak urang kapir sangkan ninggalkeun agama kuna sarta pindah ka agama suci, nyaéta agama Islam. Latar carita dina ieu wawacan aya 49 latar, anu kabagi tilu bagian: (1) latar tempat aya 11 (22,45%), (2) latar waktu aya 22 (44,89%) jeung, (3) latar suasana aya 16 (32,65%). KACINDEKAN

Sabada ditalungtik, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun, nyaéta: Naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang sumberna ti Apih Usin, pernahna di Kampung Tugu, Desa Cipeundeuy, Kecamatan Surade, Kabupaten Sukabumi. Aksara anu digunakeunna nya éta Arab Pégon jeung ngagunakeun Basa Sunda. Kandel naskahna 179 kaca, unggal kacana 13 jajar, sarta pupuh nu digunakeunana aya 11.

Naskah Wawacan Siti Khadijah Dagang téh eusina nyaritakeun ngeunaan Siti Khadijah salaku sodagar anu beunghar tur kasohor nu aya di nagara Mekah, sarta Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu diajar dagang ka Siti Khadijah. Lalampahan Kangjeng Nabi Muhammad sarta sodagar-sodagar séjén anu indit ka Nagri Syam pikeun nyiar kipayah. Nyebarkeun ajaran agama Islam sarta kahirupan Kangjeng Nabi Muhammad katut kulawargana.

Hasil analisis struktur Wawacan Siti Khadijah Dagang bisa dicindekkeun saperti kieu: anu jadi palaku dina ieu wawacan aya 58 urang, anu kabagi kana 2 palaku utama, 23 palaku kadua, jeung 33 palaku tambahan. Galur anu digunakeun dina ieu wawacan nyaéta galur marélé, lantaran di awal carita diwanohkeun heula kumaha kaayaan kahirupan palaku utama ti leutik nepi ka gedéna, lalampahan dagang ka nagara Syam, rupa-rupa kajadian nya éta lobana halangan-harungan anu kaalaman di jalan salila lalampahan ka nagara Syam, kahirupan Kangjeng Nabi Muhammad jeung Nyi Khadijah sarta

(8)

turunan-turunanna, ayana wahyu ti Allah ngaliwatan Malaikat Jibril, lalampahan nyumebarkeun ajaran agama Islam, dipungkas ku ngajak urang kapir sangkan ninggalkeun agama kuna sarta pindah ka agama suci, nyaéta agama Islam. Latar carita dina ieu wawacan aya 49 latar, anu kabagi tilu bagian: (1) latar tempat aya 11 (22,45%), (2) latar waktu aya 22 (44,89%) jeung, (3) latar suasana aya 16 (32,65%).

Sanggeus ditransliterasi, katitén dina Wawacan Siti Khadijah Dagang téh lain ukur ngagunakeun basa Sunda. Tapi aya basa serepan séjén nyaéta basa Indonésia, Malayu, Sangsekerta, Arab, Pérsia, Walanda, Kawi, jeung Jawa.

Ditilik tina segi basana, Wawacan Siti Khadijah Dagang bisa kaharti ku siswa SMA. Tina segi sastrana, eusi carita ieu wawacan téh ngirut para siswa, sabab eusina ngeunaan timbal balik laku lampah manusa anu lampahna hadé tangtu wawalesna ogé hadé, kitu deui anu lampahna goréng tangtu wawalesna ogé goréng.

DAFTAR PUSTAKA

Baried, S.B. dkk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Dinas Pendidikan Prov. Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar; Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah

Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, R. (2010). Handout Tiori Sastra.

JPBD FPBS UPI.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra; Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Nurgiantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Pradopo, R.D. (2012). Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan

Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhaliah. (2013). Wawacan Sebuah Genre Sastra Sunda.

Rusyana, Y. (1992). Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Referensi

Dokumen terkait

Sabada dianalisis Wawacan Panji Wulung téh cocog pikeun alternatif bahan pangajaran di Kelas XII SMK lantaran bisa jadi picontoeun jeung pienteungeun dina kahirupan..

Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik) ” , anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kamekaran longsér anu jarang

Handycam digunakeun pikeun ngarékam vidio prak-prakan kasenian Bringbrung sarta ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman jeung aprésiator kasenian

Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh masarakat Désa Rancakalong Kacamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang, hususna ngeunaan seni

Salian ti éta, hal séjén nu ngabédakeun jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina ieu panalungtikan téh diguar struktur caritana (téma, fakta carita, jeung

Tawis nuhun anu taya bandingna, tawis sukur ka Gusti Allah nu Maha Esa, ku pituduh sareng ni’mat Anjeun-Na panulis tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi anu Judulna

Naskah ini menceritakan mengenai kerajaan Galuh pada zaman dahulu. Diawali oleh cerita Ratu yang menguasai satu Negara. Ratu Bojong Galuh pergi melaksanakan apa

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu: 1 masarakat umum