Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
NASKAH LONGSÉR KARYA H. R. HIDAYAT SURYALAGA
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA/MA/SMK
(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)
TÉSIS
Diajengkeun pikeun Nyumponan Sarat Nyangking
Magister Pendidikan
ku
ARIF FIRMANSYAH
NIM 1102593
PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA
SEKOLAH PASCASARJANA
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2013
NASKAH LONGSÉR KARYA H. R. HIDAYAT SURYALAGA
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA/MA/SMK
(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)
Oleh Arif Firmansyah S.Pd UPI Bandung, 2011
Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
©Arif Firmansyah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hak cipta dilindungi undang-undang.
Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difotocopy, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
LEMBAR PENGESAHAN
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Prof. Dr. Iskandarwassid, M. Pd NIDN 0002073902
Pangaping II,
Dr. Dedi Koswara, M. Hum NIP 19590614 198601 1 002
Kauningan ku,
Ketua Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dr. Yayat Sudaryat, M. Hum
ii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
NASKAH LONGSÉR KARYA H. R. HIDAYAT SURYALAGA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA/MA/SMK Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik)”, anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kamekaran longsér anu jarang kasebut deui. Pangna genré longsér melempem, lantaran carita-carita longsér anu dipintonkeun ti baheula geus teu saluyu deui jeung pangabutuh jaman kiwari. Teu réa pangarang nu sok nulis naskah drama Sunda, komo naskah longsér mah. Malah ganjor pisan mun dibandingkeun jeung nu sok nulis carpon, sajak, atawa novel. Lahan keur ngamuat naskah longsér gé samporét. Éta bisa katitén tina héséna néangan buku kumpulan naskah longsér. Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun karya sastra, hususna naskah longsér dumasar kana struktur pangwangunna anu satuluyna diulik sacara sémiotik sarta kumaha bahan pangajaranana di SMA/MA/SMK. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta ngagunakeun métode deskriptif analitis, sedengkeun métode anu husus dina ieu panalungtikan nya éta métode struktural-sémiotik. Métode struktural digunakeun pikeun ngadéskripsikeun struktur drama anu aya dina naskah longsér “Mad Toing” jeung “Tiodédad”, sedengkeun métode sémiotik dipaké pikeun ngadéskripsikeun ma’na anu aya dina éta naskah. Sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tina kumpulan naskah drama karya H. R. Hidayat Suryalaga, anu ditalungtikna nya éta dua naskah anu judulna “Mad Toing” jeung “Tiodédad”. Hasil panalungtikanna, dua naskah anu judulna “Mad Toing” jeung “Tiodédad”, miboga téma anu sarua, nya éta tema kamanusaan anu museur kana pasulan moral jeung pasualan-pasualan dina hirup kumbuhna. Saupama ditilik tina jihat semiotik dina naskah “Mad Toing” aya 7 ikon, 20 indéks, jeung 11 simbol, sedengkeun dina naskah “Tiodédad” katimu 10 ikon. 30 indéks, jeung 11 simbol. Panalungtikan ieu dijadikeun alternatif bahan ajar pikeun pangajaran drama di SMA/MA/SMK.
1) Ieu tesis dibimbing ku Prof. Dr. Iskandarwassid jeung Dr. Dedi Koswara, M. Hum.
ii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
NASKAH LONGSER KARYA H. R. HIDAYAT SURYALAGA UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN DI SMA/MA/SMK
(ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK) 1)
Oleh
Arif Firmansyah2)
ABSTRAK
Penelitian ini berjudul “Naskah Longser Karya H. R. Hidayat Suryalaga
Untuk Bahan Pembelajaran Di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik)”. Dewasa ini peminat drama longser semakin menurun, hal itu disebabkan oleh sajian cerita yang ditampilkan tidak sesuai dengan keadaan di masa sekarang. Tidak banyak pengarang yang menulis naskah drama Sunda, apalagi yang menulis naskah longser jika dibandingkan dengan penulis cerpen, novel, atau puisi. Lahan untuk memuat naskah longser pun terbatas, sehingga sulitnya mencari buku kumpulan naskah longser. Tujuan diadakan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan karya sastra, khususnya naskah longser berdasarkan struktur-semiotiknya kemudian diterapkan sebagai bahan pembelajaran di SMA/MA/SMK. Dalam pendeskripsian permasalahan tersebut, penulis menggunakan dua metode, yakni metode deskriptif analitis, dan struktural-semiotik. Kajian struktural digunakan untuk mendeskripsikan struktur drama sedangkan kajian semiotik digunakan dalam mendeskripsikan makna yang terdapat dalam naskah karya H. R. Hidayat Suryalaga yang berjudul “Mad
Toing”, dan “Tiodedad”. Sumber data yang digunakan dalam penelitian ini
adalah dari kumpulan naskah drama karya H. R. Hidayat Suryalaga yang tidak diterbitkan. Dan di fokuskan pada dua naskah longser yang berjudul “Mad
Toing” dan “Tiodedad”. Setelah proses identifikasi terhadap naskah longser
tersebut dapat dideskripsikan kedua naskah tersebut bertemakan tentang kemanusiaan yaitu mengenai masalah moral dan masalah sosial yang sedang berlangsung. Penemuan lainnya berdasarkan kajian semiotik yaitu, dalam naskah
“Mad Toing” terdapat 7 ikon, 20 indeks dan 11 simbol. Sedangkan dalam naskah
“Tiodedad” terdapat 10 ikon. 30 indeks dan 11 simbol. Berdasarkan hasil
ii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3) Tesis ini dibawah bimbingan Prof. Dr. Iskandarwassid dan Dr. Dedi Koswara, M. Hum. 4) Mahasiswa Program Studi Pendidikan dan Budaya Sunda SPs Universitas Pendidikan
Indonesia.
THE MANUSCRIPT “LONGSER” BY H. R. HIDAYAT SURYALAGA FOR LEARNING IN SMA/MA/SMK
(A STRUCTURALLY SEMIOTIC STUDY)1)
by
Arif Firmansyah2)
ABSTRACT
This research entitled “The Manuscript “Longser” by H. R. Hidayat Suryalaga for Learning in SMA/MA/SMK (A Structurally Semiotic Study). Nowdays longser drama devotee increasingly decline, this thing due to performance the story presented not suitable or in conflict with situation in period now. Not much author that write Sunda manuscript drama, beside that write longser manuscript in comparison with author short story, novel or poetry. Land longser to load manuscript is limited, so it is difficult ti find a book manuscript collection longser. Purpose of this study was conducted to identify and describle works of literature, in particular manuscript longser based on structure-semiotic then applied as a learning materian in SMA/MA/SMK. The description of these problem the authors, used two methods namely descriptive analytical method used in data processing, and structural-semiotic. Structural studies are used to describle the structure of the drama while semiotic studies are used to identify and describle the meaning contained in the text of manuscript by H. R. Hidayat Suryalaga entitled “Mad Toing” and “Tiodedad”. The data source used in this research is from the collection of drama manuscript by H. R. Hidayat Suryalaga that is not published. And focused of two longser manuscript entitled “Mad
Toing” and “Tiodedad”. After the identification of the manuscript longser can be
ii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
the form of two samples longser manuscript, the authors provide alternative teaching materials for teaching SMA/MA/SMK.
1) This thesis under the guidance of Prof. Dr. Iskandarwassid and Dr. Dedi Koswara, M. Hum. 2) University student of education language and cultural sundanese Sps University Education of
viii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
LEMBAR PERNYATAAN ... i
ABSTRAK BASA SUNDA ... ii
ABSTRAK BASA INDONESIA ... iii
ABSTRAK BASA INGGRIS ... iv
PANGJAJAP ... v
CATUR PANUHUN ... vi
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR TABÉL ... xii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiii
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5
1.2.1 Watesan Masalah ... 5
1.2.2 Rumusan Masalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6
1.3.1 Tujuan Umum ... 6
1.3.2 Tujuan Husus ... 6
1.4 Anggapan Dasar ... 6
1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 7
1.5.1 Mangpaat Téoritis ... 7
1.5.2 Mangpaat Praktis ... 7
1.6 Struktur Organisasi Tésis ... 7
BAB II DRAMA, LONGSÉR, STRUKTURAL-SÉMIOTIK, JEUNG BAHAN PANGAJARAN 2.1 Drama ... 9
2.1.1 Wangenan jeung Hakékat Drama ... 9
ix
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.3 Genre Drama ... 11
2.1.3.1 Genre Dumasar Eusi carita ... 11
2.1.3.2 Genre Dumasar Wangunna ... 12
2.1.3.3 Genre Dumasar Jamanna ... 13
2.1.3.4 Genre Dumasar Cara Nepikeunna ... 13
2.1.4 Unsur-Unsur Instrinsik Drama ... 13
2.1.5 Struktur Drama ... 14
2.1.5.1 Téma ... 14
2.1.5.2 Fakta Carita ... 15
2.1.5.3 Sarana Carita ... 21
2.1.6 Analisis Naskah Drama... 24
2.2 Drama Tradisional ... 25
2.2.1 Longsér ... 25
2.2.2 Wangun Pintonan Longsér Panca Warna ... 34
2.2.3 Pakém/Pola Baku dina Pintonan ... 38
2.4 Sémiotik ... 41
2.4.1 Wangenan Sémiotik ... 41
2.4.2 Sajarah jeung Kamekaran Sémiotik ... 43
2.4.3 Unsur-Unsur Sémiotik ... 44
2.5 Pangajaran Sastra/Drama di SMA/MA/SMK ... 47
2.5.1 Bahan Ajar di Dunya Atikan ... 47
2.5.2 Pangajaran Drama ... 48
2.5.3 Bahan Pangajaran Drama dina Buku Téks ... 49
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 53
3.2 Métode Panalungtikan ... 53
3.3 Wangenan Oprasional ... 54
x
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.5 Sumber Data... 57
3.6 Téhnik Panalungtikan ... 57
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 57
3.6.2 Téhnik ngolah Data ... 57
3.7 Pamarekan panalungtikan ... 58
BAB IV ANALISIS STRUKTUR PANGWANGUN DRAMA JEUNG SÉMIOTIK DINA NASKAH LONGSÉR “MAD TOING” JEUNG “TIODÉDAD” 4.1 Analisis Pangwangun Naskah Longsér “Mad Toing” ... 59
4.1.1 Ringkesan Carita “Mad Toing” ... 59
4.1.2 Téma ... 59
4.1.3 Fakta Carita ... 62
4.1.3.1 Alur ... 62
4.1.3.2 Tokoh jeung Penokohan ... 66
4.1.3.3 Latar ... 72
4.1.4 Sarana Carita ... 74
4.1.4.1 Puseur Implengan ... 74
xi
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2.2 Tanda Indéks ... 80
4.3.5.5 Wawacang/side text ... 103
4.3.5.6 Solilokui ... 103
4.3.5.7 Aside... 103
4.3.5.8 Épilog ... 104
4.4 Unsur Sémiotik dina Naskah Longsér “Tiodédad” ... 104
4.4.1 Tanda Ikon... 104
4.4.2 Tanda Indéks ... 106
4.4.3 Tanda Simbol ... 112
4.5 Bahan Ajar Pangajaran Drama di SMA/MA/SMK ... 114
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 118
xii
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAFTAR PUSTAKA ... 122 LAMPIRAN-LAMPIRAN
1
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Salasahiji cara pikeun ngawangun karakter bangsa nya éta ngaliwatan dunya atikan, anu hususna dina pangajaran sastra. Karya sastra dimangpaatkeun pikeun
média anu ngawangun kasadaran siswa dina ngalakonan kahirupan. Dina karya sastra aya ajén sosial budaya, ajén kamanusaan, ajén atikan, jsb.
Nurutkeun pamadegan Rusyana (1992: 7-8), sastra téh kagiatan kréatip, kagiatan nyipta, jeung kagiatan seni. Salian ti éta Pradopo dina Isnendes (2010: 5), nyebutkeun yén sastra téh mibanda sipat imajinatif, basana konotatif, sarta unsur éstétikna dominan.
Sastra Sunda, dumasar kana waktu gelarna dibagi kana dua rupa, nya éta sastra Sunda buhun (klasik) jeung sastra Sunda modérn (Koswara, 2011: 2). Genre sastra Sunda buhun aya carita pantun, wawacan, guguritan, mantra, sisindiran, jeung kakawihan. Genre sastra modérn aya sajak, novel, carpon, jeung drama. Nilik kana wangunna, karya sastra dibagi kana tilu wangun, nya éta puisi, prosa, jeung drama.
Tina sababaraha jenis sastra, salasahijina nya éta drama. Drama mangrupa carita fiksi dina wangun tulisan atawa kecap-kecap anu miboga unsur intrinsik jeung ékstrinsik. Nurutkeun Nurgiyantoro (2002: 4) drama nya éta karya fiksi anu diwangun ngaliwatan unsur intrinsikna misalna plot, latar, puseur implengan, jsb anu miboga sipat imajinatif.
Saupama nilik leuwih jero deui yén dina pangajaran drama aya bédana jeung
pangajaran sastra anu lianna, misalna sajak, dongéng, novel, jsb. Basa kaasup salasahiji unsur penting. Dina drama, basa miboga ragam basa lisan misalkeun
2
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tujuan utama dina diajar drama nya éta sangkan ngaragakeun hiji tokoh sacara merenah dina hiji pintonan. Neuleuman hiji pintonan kaasup hal anu teu gampang. Ku kituna, guru miboga tanggung jawab pikeun ngawanohkeun pangajaran drama. Tapi dina kanyataanna loba guru anu teu mampuh méré pangajaran drama anu hadé. Hal éta disababkeun guru teu ngawasa kana téori, guru kurang mampuh méré conto kumaha maén drama, atawa guru teu mampuh
méré pangajaran drama ngagunakeun métode anu luyu jeung kondisi siswana. Sabenerna di lingkungan siswa sapopoé (misalna TV, sandiwara, film, jsb) bisa dimangpaatkeun pikeun méré pangalaman siswa dina diajar drama. Tapi leuwih hadé deui saupama guru bisa méré gambaran ngeunaan prosés dramatisasi anu leuwih lengkep.
Sawatara naskah drama ditulis pikeun dipintonkeun. Jaman kiwari siswa leuwih resep ningali pintonan drama tibatan maca naskahna, salasahiji faktor anu nyababkeunna nya éta hésé néangan naskah drama anu diterbitkeun. Balukarna, telaah atawa kritik drama jadi barang langka.
Drama miboga struktur anu béda, nya éta ayana paguneman. Hal éta luyu jeung pamadegan di luhur yén naskah-naskah drama ditataharkeun pikeun dipintonkeun. Lian ti éta, drama ogé miboga unsur plot jeung karakter sakumaha anu aya dina karya fiksi. Tapi dina prosés ngamangpaatkeun basa, naskah drama karasa lengkep pungsina saupama geus dipintonkeun.
Dina drama kawatesanan ku sawatara hal, di antarana pangarangna anu teu bisa ngadéskripsikeun sakabéh kajadian anu dipikahayang, tempat pintonan, jeung setting kajadian. Kaunggulan drama saupama dibandingkeun jeung genre sastra lianna nya éta dina drama pangalaman anu aya bisa langsung ditarima ku nu
nongton, kitu deui aprésiator drama bisa langsung ngarasakeun jeung ngalaman kajadian.
3
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tangtu matak bosen ku sabab unsur kajadianna kurang katingali, kitu deui anu didéskripsikeunna ngan téma jeung dialog.
Drama mangrupa bagian karya seni anu dipikaresep ku nu maca jeung nu nontonna. Drama diwengku ku déskripsi kajadian, euyeub ku watek, pasualan, jeung unsur-unsur karya sastra lianna anu bisa dianalisis strukturna.
Dina pakumbuhan sastra Sunda, genre drama téh jarang kacaturkeun. Padahal
tradisi mintonkeun naskah drama geus ditaratas ti baheulana. Ti jaman Walanda anu disebut toneel atawa sandiwara. Ditéma ku jaman longsér, gending karasemén, nepi ka drama modérn.
Salasahiji genre drama Sunda nya éta longsér. Dina alam harita longsér mangrupa alat hiburan pikeun masarakat, tapi kadieukeun mah longsér téh geus jarang kasebut deui. Pangna genre longsér melempem, lantaran carita-carita longsér anu dipintonkeun ti baheula geus teu saluyu deui jeung pangabutuh jaman ayeuna, ku sabab hésé néangan naskah longsér. Dina mimiti ayana longsér, biasana dialog téh ditambul kitu baé, tapi ka jaman béh dieukeun mah longsér téh geus maraké naskah. pangarang téh kumaha éta naskah saupamana dipintonkeun, naha matak kataji anu lalajo atawa sabalikna. Aya ogé pangarang naskah longsér, kaasup sutradara, anu
ngudag sisi komédi sacara keleuleuwihi, anu teu merhatikeun ajén-inajén nu lianna, misalna ajén atikan.
4
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina milih bahan pangajaran aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun pikeun dijadikeun objék pangajaran. Prinsip dasar dina milih bahan pangajaran atawa matéri pangajaran kudu saluyu jeung kamampuh siswa. Bahan pangajaranana dipiharep bisa méré kontribusi dina nyangkem ajén nu luhung ngaliwatan budaya lokal dina wangun naskah drama, hususna longsér. Naskah anu miboga struktural-sémiotik jeung ajén atikan anu luhung luyu pikeun
dijadikeun bahan pangajaran. Ku sabab éta, dina pangajaran sastra kudu diklasifikasikeun dumasar kamampuh siswa.
Tina déskripsi di luhur aya sababaraha panalungtikan ngeunaan karya sastra genre drama, nya éta: (1) Ajén Moral dina Naskah Drama “Cucunguk” Karya Yosep Iskandar ku Hendi Perdiansyah taun 2007 ieu panalungtikan téh ngadéskripsikeun ajén moral anu aya dina naskah drama “cucunguk”; (2) Tinjauan Deskriptif Tentang Pertunjukan Drama di Desa Rancamanyar Kecamatan Pamengpeuk Kabupaten Bandung ku Ening Sekarningsih taun 1981; (3) Perbandingan Pergelaran Longser Panca Warna dengan “Juag Toéd, Nyiar Gawé, dan Kuncrut” ku Heri Hidayat taun 1997. (4) Aspék sosiologis Naskah drama “Cempor” R. Hidayat Suryalaga; Tilikan Strukturalisme Genetik ku Asri Afrilianti taun 2007 ieu panalungtikan dina wangun skripsi ngadéskripsikeun aspék sosiologis naskah drama cempor ngaliwatan tilikan strukturalisme genétik; (5) Stuktur dan Nilai Pendidikan Drama Tradisional Besutan dan Model Pembelajaran Sastra di Madrasah Aliyah Negeri Jombang taun 2011, ieu panalungtikan dina wangun tesis anu ngadéskripsikeun struktur jeung ajén atikan anu aya dina drama tradisional Besutan anu jadi bibit buit budaya ludruk jeung modél pangajaran sastra. Aya ogé dina wangun tesis lianna misalkeun judulna;
(6) Nilai Budaya, Tokoh, dan Penokohan Cerita Rakyat Jawa Barat ku Korrie Layun Lampan taun 2004; (7) Perbandingan Konvensi Struktur dan Makna Drama
Tradisional “Belenggu” Karya Armijn Pane dan Drama Tradisional “Bekisar Merah” Karya Ahmad Tohari sebagai Pembelajaran Apresiasi Sastra di SMA ku
5
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ku kituna, nilik kana sababaraha panalungtikan di luhur panalungtik kataji pisan pikeun nalungtik budaya ngaliwatan kajian struktural-semiotik, sarta bahan pangajaran drama anu dihususkeun kana naskah-naskah longsér. Kalawan judul
panalungtikan, “Naskah Longsér Karya H. R. Hidayat Suryalaga pikeun Bahan
Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik)”.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu di handap dipedar ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.
1.2.1 Watesan Masalah
Saupama maluruh ngeunaan naskah longsér sacara gembleng kalintang lega teuing ambahanana. Ku kituna dumasar tinimbangan waktu, biaya tur tanaga panalungtik, ieu panalungtikan diwatesanan tina ulikan struktural-sémiotik dina naskah longsér. Anu baris ditalungtikna dua naskah longsér karya H. R. Hidayat Suryalaga. Éta data téh baris jadi bahan pangajaran di SMA/MA/SMK.
Dina nalungtik naskah longsér diwatesanan ku ulikan sémiotik dumasar téori Charles Sander Pierce, nyoko kana patali kaayaan jeung wangun dasarna anu ngawengku:
a) ikon, tanda anu nunjukeun ayana hubungan anu sipatna alamiah antara pananda jeung pertandana;
b) indeks, hubungan kausal di antara representamen jeung objékna; c) simbol, hubungan antara penanda jeung petanda anu sipatna arbiter.
Ieu dumasar kana tinimbangan yén unsur poko anu pundamental tina sémiotik téh nya éta tilu unsur tadi.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah dina ieu panalungtikan, rumusan masalahna
diwangun ku kalimah tanya saperti ieu di handap.
6
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sastra (puseur implengan, gaya basa) jeung unsur drama (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawacang/side text, solilokui, aside, epilog)?
b. Ma’na (ikon, indéks jeung simbol) naon baé anu nyangkaruk tina naskah
longsér anu ditalungtik?
c. Kumaha bahan pangajaran drama anu luyu di SMA/MA/SMK?
1.3Tujuan Panalungtikan
Tujuan ieu panalungtikan, dibagi jadi tujuan umun jeung tujuan husus, anu dipedar saperti ieu di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Pikeun ngadéskripsikeun karya sastra, hususna naskah longsér dumasar kana struktur pangwanguna anu satuluyna diulik sacara sémiotik sarta kumaha bahan pangajaranana di SMA/MA/SMK.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan, nya éta:
a) ngadéskripsikeun struktur drama anu aya dina naskah longsér karya H. R. Hidayat Suryalaga anu ngawengku, téma, fakta carita (tokoh, setting, alur) jeung sarana carita (puseur implengan, gaya basa) jeung unsur drama (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawacang/side text, solilokui, aside, epilog); b) ngadéskripsikeun ma’na (ikon, indéks jeung simbol) anu nyangkaruk dina
naskah longsér anu ditalungtik;
c) ngararancang bahan pangajaran drama anu luyu di SMA/MA/SMK.
1.4Anggapan Dasar
Anggapan dasar nya éta hiji pamikiran anu bebeneranna ditarima ku panalungtik (Arikunto, 2006:5). Dina ieu panalungtikan, panalungtik miboga anggapan dasar, yén:
7
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. naskah longsér miboga struktur jeung unsur sémiotik anu mangrupa ciri tina karya sastra;
c. naskah longsér miboga ajén atikan anu luhung;
d. bahan pangajaran drama bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa sarta ngamekarkeun sumanget aprésiasi kana karya sastra.
1.5Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat dina ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagian, nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.
1.5.1 Mangpaat Téoritis
Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan pikeun ngawewegan téori saméméhna tur ngamekarkeun pangajaran basa Sunda di Sakola, anu saluyu jeung Standar Kompéténsi jeung Kompéténsi Dasar (SKKD) basa Sunda.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan sacara praktis, nya éta:
a) pikeun pamaréntah dina widang atikan, ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan pikeun milih bahan ajar anu saluyu jeung pangajaran di sakola; b) pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun référénsi tur ngeuyeuban
bahan ajar anu saluyu jeung pangajaran di sakola;
c) pikeun siswa, bisa dijadikeun sumber diajar tur méré pamarekan nu leuwih ngeunaan pangajaran drama;
d) pikeun panalungtik, méré gambaran ngeunaan Ulikan Struktural-Sémiotik Naskah Longsér Karya H. R. Hidayat Suryalaga pikeun Bahan Pangajaran di
SMA/MA/SMK.
8
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Struktur organisasi ieu panalungtikan diébréhkeun dina wangun saperti di handap.
BAB I BUBUKA
Dina bab bubuka diwangun ku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, anggapan dasar, mangpaat panalungtikan jeung struktur organisasi tésis.
BAB II DRAMA, LONGSÉR, JEUNG STRUKTURAL-SÉMIOTIK, JEUNG BAHAN PANGAJARAN.
Dina ieu bab dipedar ngeunaan déskripsi tina téori-téori drama hususna drama tradisional nya éta longsér, téori ngeunaan struktur drama jeung téori struktural sémiotik jeung bahan pangajaranana.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Ieu bab medar ngeunaan métode panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung analisis data.
BAB IV ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK DINA NASKAH LONGSÉR KARYA H. R. HIDAYAT SURYALAGA SARTA BAHAN PANGAJARANANA DI SMA/MA/SMK
Ieu bab mangrupa puseur tina panalungtikan, nya éta ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, ngagunakeun ulikan struktural-sémiotik, sarta bahan
pangajaranana di SMA/MA/SMK tina naskah karya H. R Hidayat Suryalaga anu judulna “Mad Toing” jeung “Tiodédad”.
9
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
53
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) maca naskah longsér, (2) nganalisis struktur drama, (3) nganalisis ma’na, (4) ngolah data, (5)
ngadéskripsikeun data, (6) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré deui, dibagankeun saperti ieu di handap:
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.2 Métode Panalungtikan
Arikunto (1996:150) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Dina
ngalarapkeun métodena, panalungtik kudu ngagunakeun instrumén sangkan data anu kacangking saluyu jeung tujuan panalungtikan.
Maca naskah longsér
Nganalisis struktur drama
Nganalisis ma’na
Ngolah data
Ngadéskripsikeun data
54
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina milih métode panalungtikan, diantarana: objék panalungtikan, sumber data, waktu, jeung téknik anu digunakeun pikeun ngolah data sanggeus éta data dikumpulkeun.
Dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun struktur drama, saterusna ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun ma’na dina naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga anu judulna “Mad Toing” jeung
“Tiodédad”. Jadi métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis anu dipaké pikeun ngolah data anu geus aya. Ratna (2011:53) nétélakeun yén métode anu ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna disusul ku cara nganalisis. Prosedur anu dilakonan tina métode déskriptif ngawengku (a) analisis, (b) interprétasi, (c) évaluasi. Sedengkeun métode anu husus dina ieu panalungtikan nya éta métode struktural-sémiotik. Métode struktural digunakeun pikeun ngadéskripsikeun struktur drama anu aya dina naskah longsér “Mad Toing” jeung “Tiodédad”, sedengkeun métode sémiotik digunakeun pikeun ngaidéntifikasi jeung ngaidéskripsikeun ma’na anu aya dina éta naskah.
3.3 Wangenan Operasional
Pikeun ngungkulan ayana salah tapsir ka anu maca, ieu di handap didadarkeun leuwih écés ngeunaan wangenan operasional anu digunakeun dina ieu panalungtikan.
1. Naskah longsér nya éta naskah drama tradisional, anu eusina aya pagunamen antara tokoh anu aya dina naskah, nayaga, ronggéng, jeung nu nongton.
2. Struktural-sémiotik naskah longsér anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta unsur prosa, unsur drama, jeung simbol-simbol anu nyangkaruk dina naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga.
3. Bahan pangajaran nya éta matéri pangajaran anu kudu saluyu jeung
55
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nya éta kudu miboga ajén atikan anu luhung. Dina ajén atikan biasana ngawengku: 1) ajén kaimanan, 2) ajén kajujuran, 3) ajén kasabaran, 4) ajén kaihlasan, 5) ajén kapedulian, 6) ajén kabasajanan, 7) ajén kasatiaan, 8) ajén silih tulungan, 9) ajén kataatan, 10) ajén hurmat ka anu leuwih kolot.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa pasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data (Arikunto, 2006:150). Sedengkeun instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Kartu data digunakeun pikeun nganalisis struktural-sémiotik. Salasahiji pormat kartu datana saperti ieu di handap.
Tabél 3.2
56
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 17 : nomor urut paguneman
a : nomor urut wawacang/side text 18 : kaca
a : nomor urut wawacang/side text 18 : kaca
I : adegan
Format Tabél 3.5 Kartu Data Interprétasi kana Indéks
No. Kode Objék Analisis Tipe Interprétasi
Contona: a) Kode 17/18/I b) Kode a/18/I Katerangan:
17 : nomor urut paguneman
a : nomor urut wawacang/side text 18 : kaca
I : adegan
57
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
No Kode Objék Analisis Interprétasi
Contona: a) Kode 17/18/I b) Kode a/18/II Katerangan:
17 : nomor urut paguneman 18: kaca
I : adegan a: nomor urut wawacang/side text
3.5 Sumber Data
Anu jadi sumber dina ieu panalungtikan nya éta naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga anu ditalungtik sacara struktural-sémiotik sarta dijadikeun bahan pangajaran di SMA/MA/SMK.
Tina dalapan judul naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga, anu kapaluruh naskah na ngan opat naskah nya éta “Mad Toing”, “Tiodédad”, “Nyiar
Gawé, “Kokok-Kokok (Pangadilan Longsér)”. Tapi ngan dua naskah anu
ditalungtik nya éta naskah longsér “Mad Toing” jeung “Tiodédad”, sacara tematis eusina dianggap relevan ngawakilan kaayaan jaman kiwari, miboga ma’na anu teleb, jeung luyu dijadikeun bahan pangajaran.
3.6 Téhnik Panalungtikan
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Dina ieu panalungtikan téknik ngumpulkeun datana ngagunakeun téknik dokuméntasi ku cara macaan, nalaah, jeung neuleuman eusi sababaraha bahan bacaan, boh mangrupa buku, dokumén-dokumén, atawa sumber tinulis séjénna anu aya patalina jeung panalungtikan. Data anu digunakeun nya éta naskah longsér karya H.R Hidayat Suryalaga anu judulna “Mad Toing” jeung
“Tiodédad”.
58
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ieu panalungtikan ngolah datana ngagunakeun téhnik analisis data,
pikeun ngaguar struktur drama jeung ma’na anu nyangkaruk dina naskah longsér
anu judulna “Mad Toing” jeung Tiodédad”. Léngkah-léngkahna nya éta:
1. Maca Naskah “Mad Toing” jeung “Tiodédad”
2. Nganalisis struktur pangwangun drama dina naskah “Mad Toing” jeung
“Tiodédad”
3. Nganalisis aspék sémiotikna
4. Nyusun laporan panalungtikan, dina wangun tésis.
3.7 Pamarekan Panalungtikan
118
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Sastra Sunda, dumasar kana waktu gelarna dibagi kana dua rupa, nya éta sastra Sunda buhun (klasik) jeung sastra Sunda modérn. Genre sastra Sunda
buhun aya carita pantun, wawacan, guguritan, mantra, sisindiran, jeung kakawihan. Genre sastra modérn aya sajak, novel, carpon, jeung drama. Nilik kana wangunna, karya sastra dibagi kana tilu wangun, nya éta puisi, prosa, jeung drama.
Salasahiji genre drama Sunda nya éta longsér. Dina alam harita longsér mangrupa alat hiburan pikeun masarakat, tapi kadieukeun mah longsér téh geus jarang kasebut deui. Pangna genre longsér melempem, lantaran carita-carita longsér anu dipintonkeun ti baheula geus teu saluyu deui jeung pangabutuh jaman ayeuna, ku sabab hésé néangan naskah longsér. Dina mimiti ayana longsér, biasana dialog téh ditambul kitu baé, tapi ka jaman béh dieukeun mah longsér téh geus maraké naskah.
Dina ieu panalungtikan strukrural-sémiotik naskah longsér “Mad Toing”,
jeung “Tiodédad” masalah anu dipedarna nya éta struktur drama anu ngawengku,
téma, fakta carita (tokoh, setting, alur), sarana carita (puseur implengan, gaya basa), unsur drama (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawacang/side text, solilokui, aside, epilog). Jeung ma’na (ikon, indéks jeung simbol) anu nyangkaruk dina naskah longsér anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan tiori-tiori anu nyoko kana garapan, sedengkeun hasilna dijadikeun salasahiji
alternatif pikeun pangajaran drama di SMA/MA/SMK.
Hasil analisis naskah “Mad Toing” nya éta: Téma anu kapanggih nya éta
119
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
palaku tambahan; latar anu kapanggih dina ieu naskah drama aya 10, kabagi kana 3 kritéria: latar sosial aya 6 (60%), latar géografis aya 3 (30%), jeung latar waktu aya 1 (10%), hartina dina ieu naskah lolobana latar sosial anu nandakeun aya patali antara kahirupan sosial hiji masarakat di hiji tempat, mangrupa kabiasaan hirup, adat istiadat, tradisi, kayakinan, sawangan hirup, cara mikir, sikep jeung nu lianna anu kaasup latar spiritual.; tina ieu naskah longsér pangarang ngagunakeun
puseur implengan persona kahiji, first person, gaya kuring; tina ieu naskah drama ogé kapanggih aya 10 gaya basa anu kabagi jadi sababaraha kritéria, nya éta gaya basa simile aya 2 (20%), gaya basa hiperbola aya 4 (40%), gaya basa ironi aya 3 (30%), jeung gaya basa eponym aya 1 (10%), hartina hartina dina ieu naskah lolobana diwangun ku paguneman anu ngandung sindir, nipu jeung pura-pura, saperti anu dilakukeun ku tokoh Mad Toing.
Unsur-unsur drama dina naskah “Mad Toing” dicindekkeun saperti kieu; kapanggih prolog anu pisan ngagambarkeun palaku, tempat kajadian, jeung gambaran awal lumangsungna carita; dialog dina ieu naskah drama aya 137 anu kapanggih ayana solilokui, aside, jeung épilog.
Ieu naskah anu judulna “Mad Toing” miboga unsur sémiotik anu kaasup
kana Indéks. Mad Toing asalna tina kecap Mutahir anu ngagambarkeun kaayaan
jaman harita. Mimitina mah kelompok anu ngamén méré judul carita anu
dipintonkeunna “Mad Tohir” tina kecap “Mutahir”, saterusna kecap éta
120
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; tanda indéks aya 21 anu kabagi kana 4 kritéria, nya éta Indéks Kalakuan aya 13 (61,9%), Indéks Gerak-gerik aya 3 (15%), Indéks Gejala fisik aya 3 (15%), Indéks Aktualisasi aya 2 (10%), Jadi dina ieu naskah leuwih loba indéks kalakuanna tibatan indéks nu séjén. Hartina paguneman-paguneman anu nyampak leuwih ngagambarkeun kaayaan anu ngawangun caritana; sedengkeun ikon simbol aya 11
jenis.
Hasil analisis tina naskah “Tiodédad” nya éta; tema anu kapanggih
mangrupa téma kamanusaan anu nyaritakeun kana luhungna martabat manusa; alur dina ieu naskah nya éta alur mérélé; tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah aya 13 palaku, anu kabagi jadi 1 palaku utama jeung 12 palaku tambahan; latar anu kapanggih dina ieu naskah drama aya 30, kabagi kana 3 kritéria: latar sosial aya 12 (40%), latar géografis aya 17 (56,6%), jeung latar waktu aya 1 (3,3%). Jadi
dina ieu naskah anu judulna “Tiodédad” leuwih loba latar géografisna tibatan latar
sosial jeung latar waktu. hartina loba anu nuduhkeun tempat jeung gaganti tempat; tina ieu naskah longsér pangarang ngagunakeun puseur implengan persona kahiji, first person, gaya kuring; tina ieu naskah drama ogé kapanggih aya 20 gaya basa anu kabagi jadi sababaraha kritéria, nya éta gaya basa alegori aya 3 (15%), gaya basa hiperbola aya 5 (25%), gaya basa ironi aya 2 (10%), gaya basa litotés aya 2 (10%), gaya basa simile aya 3(15%), gaya basa épitét aya 4 (20%), gaya basa personifikasi aya 1 (5%) jeung gaya basa métafora aya 1 (5%), Gaya basa anu kapaluruh dina ieu naskah hampir sarua jumlahna, tapi gaya basa epitet anu panglobana. Hartina dina ieu naskah loba acuan anu nétélakeun sipat atawa ciri nu husus ti salasaurang atawa sagala hal.
Analisis unsur-unsur drama dina naskah “Tiodédad” nya éta: Kapanggih prolog anu ngagambarkeun pisan palaku, jeung kabiasaanna; dialog dina ieu
121
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
wawancang kapanggih aya 38; teu kapanggih ayana solilokui; aside anu kapanggih dina ieu naskah aya 1, dina ieu naskah ngandung epilog anu nunjukeun kumaha ahur caritana.
Dina ieu naskah anu judulna “Tiodédad” miboga unsur sémiotik kaasup kana indéks. Tiodédad asalna tina Tisolédat, ku sabab Bapa Baplang ngomongna di cadél-cadél rubah jadi “Tiodédad” .Anu kaasup ikon aya 10 anu kabadi jadi 3
kritéria, nya éta ikon imagi aya 10 (100%), ikon diagramatis 0, jeung ikon métafora aya 0, Jadi ieu naskah diwangun ku ikon imagi anu hartina sacara langsung miboga sipat ikonis anu nampilkeun kualitas-kualitas husus saperti mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; sedengkeun tanda indéks aya 29 anu kabagi kana 4 kritéria, nya éta indéks kalakuan aya 17 (58,62%), indéks gejala alam aya 1 (3,44%), indéks fisik aya 4 (13,79%), indéks aktualisasi aya 7 (24,13%). Jadi ieu naskah diwangun ku ikon imagi anu hartina sacara langsung miboga sipat ikonis anu nampilkeun kualitas-kualitas husus saperti mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; ikon simbol aya 11 jenis.
5.2 Saran
Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun dina ieu panalungtikan, nya éta:
1) Pikeun Guru
Dina ngajarkeun pangajaran drama panalungtikan ieu bisa dijadikeun cecekelan sangkan guru leuwih teleb dina merhatikeun stratégi jeung léngkah-léngkah pangajaran, saperti: ngawanohkeun, interprétasi, jeung tahap rékréasi.
2) Pikeun Panalungtik
Perlu pisan diayakeun panalungtikan kana karya séjénna pikeun
ngajembaran pangaweruh jeung nambahan bahan ajar. 3) Pikeun Bahan Pangajaran
122
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA
Aminuddin. 2002. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung. Sinar Baru. Algensindo.
Arikunto, Suharsimi. 1996. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta
---. 2006. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Asmara, Adhi. 1983. Apresiasi Drama. Yogyakarta: Nur Cahaya.
Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas: Semiotika Sastra dan Seni Visual. Yogyakarta: Buku Baik
Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda.
Departemen Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Durachman, Yoyo C. 2009. Teater Tradisional & Teater Baru. Bandung: STSI Press.
Erneste, Pamusuk. 1994. Leksikon Kesusastraan Indonesia Modern. Jakarta: Djambatan
Esten, Mursal. 1978. Kesusastraan Pengantar Teori & Sejarah. Bandung. Angkasa.
Faturohman, Taufik, dkk. 2007. Pamager Basa XI. Bandung: Geger Sunten
Hadish, Yety Kusmiati, dkk. 1994. Laporan Penelitian Drama dan Pengajarannya di Perguruan Tinggi. Bandung: Tidak Diterbitkan.
Hasanudin, W.S 1996. Drama: Karya dalam Dua Diménsi. Bandung: Angkasa.
Hidayat, Heri. 1997. Perbandingan Pergelaran Longser Panca Warna dengan Juag Toed, Nyiar Gawe, dan Kuncrut. Bandung: Skripsi STSI Bandung.
123
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.
Kosasih, Dede. 2010. Santika Basa. Bandung: Kingkilaban Kosasih Engkos. 2008. Kandaga Basa 2. Bandung: Yudhistira
Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra: Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda (Diktat). Bandung. JPBD FPBS UPI.
Luxemburg, J. V, dkk. 1992. Pengantar Ilmu Sastra (Terjemahan Dick Hartoko). Jakarta: Gramedia.
Nurgiyantoro, Burhan. 2002. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.
Permadi, R Yudi. 2011. Telaah Semiotis Naskah Drama Putu Wijaya sebagai Alternatif Bahan Ajar dalam Pembelajaran Drama di Perguruan Tinggi (LPT) Jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia. Bandung: Tesis UPI Bandung. Pradopo, Rahmat Joko. 2010. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik dan
Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Offset.
Rohimakumullah, Sanjani. 2012. Analisis Naskah Drama Meredong Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Yudistira ANM Massardi: Ulikan Semiotik. Bandung: Skripsi UPI Bandung.
Ratna, Nyoman Kutha. 2011. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Riffandi, Nandi. 2010. Interkulturalisme Teater Modern Indonesia. Bandung: Kelir.
Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat
Santosa, Puji. 1993. Ancangan Semiotik dan Pengkajian Sastra. Bandung:
Angkasa.
Santosa, Sandi Setiawan. 2010. Kajian Sémiotik dina Naskah Drama “Jeblog”
Karya Nazarudin Azhar. Bandung: Skripsi UPI Bandung. Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.
124
Arif Firmansyah, 2013
Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. 1991. Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Sumardjo, Jakob dan Saini K. M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.
Sumardjo, Jakob. 1997. Perkembangan Teater dan Drama Indonesia. Bandung: STSI
Suryalaga, Hidayat. Kumpulan Naskah Drama. Tidak Diterbitkan.
Tamsyah, Budi Rahayu, spk. 1996. Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia.
Tarigan, Henry Guntur. 1986. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa Teeuw, A. 1982. Khazanah Sastra Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka
---. 1991. Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia
Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.
Waluyo, Herman J.1987. Pengkajian Cerita Fiksi. Surakarta: Sebelas Maret University Press
Wellek, Rene dan Austin Warren. 1956. Theory of Literature “Teori Kesustraan” (terjemahan dalam Bahasa Indonesia oleh Melani Budianta). Jakarta: Sumber Agung.
W. S, Hasanuddin. 1996. Drama Karya dalam Dua Dimensi, Kajian Teori, Sejarah, dan Analisis. Bandung: Angkasa.
Zeelani. Blogspot.com /2003/03. Pengertian-buku-buku-teks-menurut-beberapa. htm
Zoest, Aart Van. 1991. Fiksi dan Non Fiksi dalam Kajian Semiotik. Jakarta: