• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÉL MIND MAPPING PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÉL MIND MAPPING PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013."

Copied!
41
0
0

Teks penuh

(1)

NO. 619/FPBS/0251/2013

MODÉL MIND MAPPING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Anisa Luthfiya Rahmatillah NIM 0902395

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

NO. 619/FPBS/0251/2013

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

MODÉL MIND MAPPING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Oleh

Anisa Luthfiya Rahmatillah NIM 0902395

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Anisa Luthfiya Rahmatillah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

MODÉL MIND MAPPING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)1)

Anisa Luthfiya Rahmatillah 2) ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masalah pentingnya memilih model pengajaran yang cocok untuk digunakan dalam kegiatan belajar-mengajar, terutama dalam kegiatan menulis. Penelitian ini memiliki tujuan untuk mengukur efektivitas model Mind Mapping dalam menulis biografi. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen. Sumber data dalam penelitian ini yaitu hasil belajar menulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung tahun ajaran 2012-2013. Teknik penelitian yang digunakan yaitu teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah instrumen tes. Berdasarkan hasil penelitian diperoleh kesimpulan bahwa (1) adanya perbedaan kemampuan siswa dalam menulis biografi sebelum dan sesudah menggunakan model Mind Mapping, (2) hasil uji gain menunjukkan bahwa adanya perbedaan yang signifikan antara kemampuan siswa dalam menulis biografi sebelum dan sesudah menggunakan model Mind Mapping, yaitu meningkat 20,01% dari 54,67% menjadi 74,68%, dan (3) dari hasil uji hipotesis diperoleh titung (14,26) ttabél (2,46), hal ini menyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotésis nol (Ho) ditolak. Dengan demikian, berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan bahwa model Mind Mapping efektif digunakan dalam pembelajaran menulis biografi.

Kata Kunci: Model Mind Mapping, Nulis Biografi.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Prof. Drs. H. Usep Kuswari, M,Pd. dan Temmy Widiyastuti, S.Pd, M.Pd.

(5)

MODÉL MIND MAPPING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)1)

Anisa Luthfiya Rahmatillah 2) ABSTRACT

This research is motivated by the problem of teaching the importance of selecting a model suitable for use in teaching and learning, particularly in writing. The purpose of this study to measure the effectiveness of Mind Mapping models in writing biography. The method used in this study is quasi-experimental methods. Sources of data in this study is the result of learning to write the biography class X-9 SMA Negeri 9 Bandung 2012-2013 school year. Research techniques used are engineering tests. The instruments used in this study is a test instrument. Based on the results of the study concluded that (1) the difference in students 'abilities in writing biography before and after using Mind Mapping models, (2) the gain test results indicate that there are significant differences between students' skills in writing a biography of the model before and after using Mind Mapping, which increased 20.01% from 54.67% to 74.68%, and (3) of the test results obtained t itung hypothesis (14.26)> t table (2.46), it is stated that the working hypothesis (Ha) is accepted and the nol hypothesis (Ho) is rejected. Thus, based on the results of the study, it can be concluded that the model effectively use Mind Mapping in learning to write the biography

.

(6)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Modél Mind Mapping Pikeun Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GRAFIK ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

(7)

vii

2.1.5 Léngkah-léngkah Nulis ... 10

2.1.6 Wanda Tulisan ... 11

2.2 Biografi ... 13

2.2.1 Hakékat Biografi ... 13

2.2.2 Fungsi jeung Mangpaat Biografi ... 14

2.2.3 Wangun Biografi ... 15

2.2.4 Léngkah-léngkah Nulis Biografi ... 16

2.3 Modél Pangajaran... 17

2.3.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 17

2.3.2 Modél Mind Mapping ... 18

2.3.2.1 Wangenan Mind Mapping ... 18

2.3.2.2 Fungsi Mind Mapping pikeun Uteuk ... 19

2.3.2.3 Mangpaat Mind Mapping ... 20

2.3.2.4 Kaonjoyan Mind Mapping ... 21

2.3.2.5 Léngkah-léngkah Mind Mapping ... 22

2.3.2.6 Hukum jeung Aturan Mind Mapping ... 23

2.4 Modél Mind Mapping dina Pangajaran Nulis Biografi ... 25

2.4.1 Léngkah-léngkah Mind Mapping dina Nulis Biografi ... 26

2.5 Asumsi jeung Hipotésis ... 27

2.5.1 Asumsi ... 27

(8)

viii

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Modél Mind Mapping Pikeun Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 29

3.2 Desain Panalungtikan ... 29

3.3 Métode Panalungtikan ... 30

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 30

3.4.1 Variabel Panalungtikan ... 30

3.4.2 Wangenan Operasional ... 31

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 35

3.7 Téhnik Nganalisis Data ... 36

3.7.1 Mariksa jeung Meunteun Hasil Pretest jeung Postest ... 36

3.7.2 Uji Sipat Data ... 40

3.7.3 Uji Gain ... 46

3.7.4 Uji Hipotesis ... 47

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG ANALISIS DATA 4.1 Kamampuh Nulis Biografi Ngagunakeun Modél Mind Mapping Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 ... 51

4.1.1 Kamampuh Nulis Biografi Saméméh Ngagunakeun Modél Mind Mapping Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 ... 51

4.1.2 Kamampuh Nulis Biografi Sabada Ngagunakeun Modél Mind Mapping Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 ... 56

4.2 Analisis Kaéféktifan Modél Pangajaran Mind Mapping pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 ... 61

4.2.1 Uji Sifat Data ... 61

4.2.2 Uji Normalitas ... 61

4.2.2.1 Uji Normalitas Data Pretés ... 61

4.2.2.2 Uji Normalitas Data Postés ... 67

(9)

ix

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

4.2.4 Uji Gain ... 74

4.3.5 Uji Hipotésis ... 78

4.3 Pedaran Kaéféktifan Modél Pangajaran Mind Mapping dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 ... 80

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 83

5.2 Rékoméndasi ... 84

DAPTAR PUSTAKA ... 85

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 87

(10)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Pangajaran Basa Sunda ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), kaparigelan nyarita (speaking skills), kaparigelan maca (reading skills), jeung kaparigelan nulis (writing skills). Ieu opat kaparigelan téh kudu bisa dicangking ku siswa, sarta mangrupa hiji beungkeutan anu teu bisa dipisahkeun tur silih mangaruhan. Dumasar kana jenis kagiatanana, ieu kaparigelan téh dibagi jadi dua nya éta kaparigelan réséptif jeung kaparigelan produktif. Kaparigelan réséptif ngawengku ngaregepkeun jeung maca, sedengkeun kaparigelan anu produktif ngawengku nulis jeung nyarita.

Nulis téh mangrupa kaparigelan anu kaopat sanggeus ngaregepkeun, nyarita jeung maca. Ieu kaparigelan téh mangrupa hiji kagiatan anu produktif jeung éksprésif (Tarigan, 2008:3).

Nulis nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu mangrupa gambaran basa hiji jalma. Ieu kagiatan téh mangrupa wawakil tina gemblengan basa, nu kaasup prosés komunikasi teu langsung. Ieu hal pisan anu ngabédakeun antara nulis jeung ngagambar.

Prosés komunikasi lumangsung ngaliwatan tilu media, nya éta: (1) Visual atawa nonverbal; (2) Oral (lisan); jeung (3) Written (tulis).

Nulis téh hiji kagiatan anu bisa ngahudang mikir kritis siswa, ku sabab dina nulis aya sababaraha aspék nu kudu diperhatikeun, di antarana grafologi, struktur basa jeung kosa kecap. Ku kituna, nulis téh lain hiji kagiatan anu babari, tapi mangrupa kagiatan anu mikabutuh kaparigelan jeung prosés mikir anu jero.

(11)

2

perasaan, dan keinginan dalam bentuk terjemahan, menggunakan aksara Sunda,

serta menulis biografi.

Anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta nulis biografi. Tina standar kompetensi di luhur geus écés pisan ýen nulis biografi téh miboga tujuan sangkan siswa mampuh ngébréhkeun pikiran, rasa jeung kahayang. Disagédéngeun éta, mangpaat tina nulis biografi ogé nya éta siswa bisa nganalisis jeung ngajéntrékeun deui kahirupan jalma anu ditulisna dumasar fakta-fakta anu aya, jeung bisa nyokot picontoeun pikeun kahirupan maranéhna.

Lian di tingkatan SMA, nulis biografi ogé ditepikeun di SMP. Nilik kana ieu hal, pangalaman siswa diajar nulis biografi nalika SMP téh bisa dijadikeun acuan atawa patokan. Ku kituna, di tingkat SMA siswa diperedih pikeun bisa leuwih paham kana nulis biografi, nepika bisa nyieun tulisan anu leuwih hadé jeung jembar tibatan saméméhna.

Sok sanajan kungsi diajarkeun saméméhna, matéri nulis biografi teu bisa disapirakeun. Sabab, dina kanyataanana siswa masih kénéh can bisa méré hasil anu nyugemakeun, di antarana can nyumponan komponén-komponén anu jadi sarat dina biografi (kerangka karangan, kajadian penting jeung kronologi kahirupan), jeung tata basa anu kurang merenah. Pikeun ngahontal tujuan pangajaran, ku kituna kudu aya tarékah pikeun ngungkulan ieu masalah.

Suksésna hiji pangajaran gumantung kana kalancaran nalika prosés diajar-ngajar. Salah sahiji hal anu kudu aya jeung dijadikeun cecekelan ku guru dina ngajar nya éta modél pangajaran. Ieu hal luyu jeung pamadegan Rahman (2009:7), anu nétélakeun yén modél pangajaran mangrupa padoman pikeun guru jeung murid dina prosés diajar-ngajar.

Guru kudu rancagé pikeun milih pangajaran anu cocog, sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal, jeung ngahudangkeun karesep siswa diajar basa Sunda. Ku sabab nulis mangrupa kagiatan anu kompléks, ku kituna kudu aya hiji modél anu bisa mantuan siswa pikeun méré stimulus sangkan leuwih babari dina ngaluarkeun eusi pikiranana. Buzan (2004:32) nétélakeun:

(12)

3

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

dilakukan, memeperbaiki daya ingat dan konsentrasi secara dramatis, menstimulasikan lebih banyak bagian otak, memudahkan melihat gambaran keseluruhan perihal sesuatu”.

Mind Mapping nya éta hiji modél pangajaran anu konsépna mangrupa

gambar anu ngarancabang saperti peta. Ku ayana ieu modél, dipiharep siswa bisa ngaluarkeun ide-ide anu aya patalina jeung téma. Ieu modél téh ngarojong siswa sangkan ngébréhkeun eusi pikiran atawa gagasanana ngaliwatan pola-pola anu tangtu. Sanggeus pola-pola éta disusun ngawangun hiji beungkeutan anu sinambung, tangtuna waé siswa bisa leuwih babari nalika nulis biografi, sabab pola-pola anu geus disusun tadi bisa jadi rarancang tina hiji tulisan anu gembleng.

Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Mind Mapping lain anu munggaran dilaksanakeun. Saméméhna geus aya panalungtikan anu dilaksanakeun ku Mardhotillah (2011), kalayan judul “Modél Mind Map dina Pangajaran Nulis Karangan Déskripsi (Studi kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas

VII G SMPN 15 Bandung Taun Ajaran 2010/2011)”. Salian ti éta aya ogé panalungtikan ngeunaan Mind Mapping anu dilaksanakeun ku Fartika (2012),

kalayan judul “Modél Mind Mapping dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII D SMP Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 2011-2012)”. Lian ti panalungtikan ngeunaan modél Mind Mapping, aya ogé sawatara panalungtikan ngeunaan biografi. Di antara panalungtikan ngeunaan biografi nya éta panalungtikan anu dilaksanakeun ku Rahayu (2011), kalayan judul “Éféktifitas Media Majalah Dinding (Mading) dina Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas X Multimedia-1 SMK Pasundan 3 Kota Bandung)”, jeung panalungtikan anu dilaksanakeun ku Satriadi (2011), kalayan judul “Téknik Wawancara pikeun Ningkatkeun Kamampuh Nulis Biografi (Panalungtikan

Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-E SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran

(13)

4

Lantaran modél Mind Mapping can kungsi dilarapkeun kana pangajaran nulis biografi, panalungtik ngarasa kairut pikeun nalungtik ieu masalah. Ku kituna ieu skripsi dijudulan “Modél Mind Mapping pikeun Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung Taun Ajaran

2012-2013)”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan baris diwatesanan dumasar kana dua kategori, nya éta kategori linguistik jeung non linguistik. Tina segi linguistik, ieu panalungtikan diwatesanan pikeun maluruh ngeunaan tatabasa jeung éjahan. Sedengkeun tina segi non linguistik ieu panalungtikan diwatesanan pikeun maluruh ngeunaan eusi jeung organisasi eusi tina karangan biografi.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ku kituna masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun ieu di handap.

1. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping?

2. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun modél Mind Mapping?

3. Naha aya bédana kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Mind Mapping?

1.3 Tujuan Panalungtikan

(14)

5

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum tina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun mikanyaho éfektivitas modél Mind Mapping dina pangajaran nulis biografi di kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012-2013.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1. kamampuh siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 dina

nulis biografi saméméh ngagunakeun model pangajaran Mind Mapping. 2. kamampuh siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 dina

nulis biografi sabada ngagunakeun modél pangajaran Mind Mapping.

3. kamampuh siswa kelas X-9 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 dina nulis biografi antara saméméh jeung sabada ngagunakeun model pangajaran

Mind Mapping.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, anu baris dipedar ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban deui pangajaran Basa Sunda, utamana dina milih modél pangajaran. Guru anu bisa ngalarapkeun modél anu cocog, pasti bisa ngahontal tujuan pangajaran jeung ngirut siswa pikeun diajar.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Anapon mangpaat praktis tina ieu panalungtikan baris ditataan di handap. 1. Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh hususna

(15)

6

3. Siswa bisa nulis biografi kalawan merenah. 4. Ngaronjatkeun aktifitas siswa nulis biografi.

1.4 Raraga Tulisan Bab 1

Bab 1 mangrupa bab anu munggaran dina ieu skripsi. Ieu bab ngawengku kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeun ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan tina ieu skripsi.

Bab II

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan sacara leuwih jembar jeung leuwih jero. Ieu bab ngawengku kajian pustaka anu dijerona medar ngeunaan tiori modél pangajaran Mind Mapping, tiori nulis, jeung karangan biografi.

Bab III

Bab III medar ngeunaan metodologi anu dipaké dina ieu panalungtikan. Eusina ngeunaan pedaran anu rinci ngeunaan metode penelitian, kaasup sababaraha komponén, di antarana: sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, metode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, sarta téhnik nganalisis data. Bab IV

Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Bab opat ieu ngawengku prak-prakan panalungtikan, analisis data tina hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran

Mind Mapping dina nulis biografi.

Bab V

(16)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:172) sumber data dina panalungtikan nya éta subjék asal panalungtik meunangkeun data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis karangan biografi, kalayan maké modél Mind Mapping ka siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna 31 urang, siswa lalaki jumlahna 16 urang sedengkeun siswa awéwé jumlahna 15 urang dina pangajaran Basa Sunda semester 2 taun ajaran 2012-2013.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta One-group

pretes-postes design. Ieu desain teu maké variabel kontrol, jeung dina nangtukeun sampelna

teu dipilih sacara acak.

Dina ieu desain aya nu disebut pretes nya éta kaayaan saméméh dibéré

perlakuan jeung postest nya éta sanggeus dibéré perlakuan. Ku ayana pretest jeung

postest, hasil tina panalungtikan bisa katitén kalayan leuwih akurat, sabab

babandingan hasil tina dua kagiatan éta bisa ngagambarkeun sigifikasi anu écés. Anapon struktur tina ieu desain bisa digambarkeun saperti ieu di handap:

Katerangan:

O1 = pretés (saméméh dibéré treatment) O2 = postés (sabada dibéré treatment)

(17)

30

3.3 Metode Panalungtikan

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén (Quasi-Experimental). Ieu métode téh sok disebut ogé ékspérimén semu. Panalungtikan anu dilaksanakeun kalayan maké ieu metode, ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol.

Dina ieu metode, kamampuh siswa dina nulis karangan biografi diukur dua kali, nya éta saméméh dibéré perlakuan (pretest) jeung sabada dibéré perlakuan (postest) ngagunakeun modél Mind Mapping. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur éféktifitas modél Mind Mapping dina nulis karangan biografi ka siswa kelas X-9 SMA Negeri Bandung taun ajaran 2012-2013.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:161), variabel nya éta objék panalungtikan atawa hal-hal anu jadi puseur panitén tina hiji panalungtikan. Sedengkeun nurutkeun Sugiono (2012:61), variabel panalungtikan nya éta hiji atribut atawa sifat, objék atawa kagiatan anu miboga variasi anu tangtu, nu ditetepkeun ku panalungtik pikeun dipaluruh jeung dijieun kacindekanana.

Nurutkeun Arikunto (2010:162), dumasar ayana pangaruh hiji treatment, variabel dina panalungtikan bisa dibagi kana dua, nya éta varibel anu sifatna mangaruhan jeung variabel akibat. Variabel anu mangaruhan disebut ogé variabel penyebab, variabel bebas atawa independent variabel (X), sedengkeun variabel akibat disebut ogé variabel teu bébas, variabel gumantung, variabel kauger atawa dependent variabel.

(18)

31

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013 3.4.2 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nya éta istilah-istilah anu aya patalina jeung variabel-variabel anu aya dina prosés panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganana, baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan sakumaha anu dipedar ieu di handap.

1) Modél Mind Mapping nya éta salah sahiji modél téhnis nyatet ngaliwatan gambar grafis salaku konsép anu ngawengku ide-ide atawa informasi ngeunaan matéri sagemblengna, ku kituna bisa dijadikeun salaku raraga karangan.

2) Nulis biografi (riwayat hirup) nya éta salah sahiji kompetensi dasar anu diajarkeun ka kelas X.

3.5Instrumén Panalungtikan

Dina hiji panalungtikan mikabutuh ayana instrumén salaku alat anu ngarojong panalungtikan, sangkan lumangsung kalayan lancar. Nurutkeun Arikunto (2010:203) instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna ogé leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan datana babari pikeun diolah. Sedengkeun nurutkeun Sugiono (2012:148)., anu dimaksud ku instrumén panalungtikan téh nya éta hiji alat anu digunakeun pikeun ngukur fenomena alam atawa sosial anu ditalungtik

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés. Tés numutkeun Arikunto (2010:193) nya éta patalékan atawa latihan anu gunana pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat anu aya dina diri individu atawa kelompok. Ditilik tina sasaran atawa objék anu diévaluasina aya sawatara jenis tés, nya éta tés kepribadian, bakat, préstasi, intelegensi, sikep, minat, jeung téhnik proyéksi.

(19)

32

diajar nulis biografi ngaliwatan modél Mind Mapping.

Wangun tina ieu tés nya éta mangrupa karangan siswa anu katangtuanana a) karangan biografi b); tokoh anu dicaritakeun nya éta tokoh inspiratif; jeung c) kriteria peuteuna ngawengku eusi, organisasi eusi, tatabasa, jeung éjahan.

Sangkan siswa bisa nyieun karangan saluyu jeung nu dipiharep, ku kituna aya lembar paréntah anu ngawengku katangtuan-katangtuan di luhur. Anapon lembar paréntah anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa diilikan ieu d handap.

Lémbar Paréntah

TÉS NGARANG BIOGRAFI

Jieun hiji karangan biografi anu katangtuanna: 1. Téma : Tokoh inspiratif

2. Kritéria anu dipeunteun : - Eusi

- Organisasi Eusi - Éjahan

(20)

33

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Lembar Mind Mapping

Wasta :

(21)

34

Lembar Karangan

Wasta :

(22)

35

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013 3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung postest, anu tujuanna pikeun mikanyaho kaéféktifan modél Mind Mapping dina pangajaran nulis biografi di kelas X.

Nalika pretes, siswa dititah nyieun karangan biografi dumasar kana pangaweruh anu aya dina dirina, tanpa dibéré matéri heula, ku kituna bakal katitén kumaha kamampuh awal siswa dina nulis biografi. Satuluyna aya postes, nya éta tés anu dilaksanakeun sabada siswa dibéré matéri kalayan maké modél Mind Mapping. Hasil tina ieu tés nuduhkeun kamampuh siswa jeung kaéféktifan modél Mind Mapping pikeun nulis biografi.

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahapan saperti diébréhkeun ieu di handap.

1) Siswa dibéré pancén salaku pretes pikeun ngukur kamampuh awal siswa dina nulis karangan biografi.

2) Sanggeus mikanyaho pangaweruh awal siswa kana nulis biografi ngaliwatan pretes anu geus dilaksanakeun, panalungtik nyiapkeun matéri biografi jeung modél pangajaran Mind Mapping, sarta alat-alat anu dibutuhkeun pikeun ngalarapkeun éta modél.

3) Siswa dibéré treatment (perlakuan), nya éta ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngeunaan matéri nulis biografi kalayan maké modél Mind Mapping.

4) Sabada ngalaksanakeun treatment ngagunakeun modél pangajaran Mind

Mapping, saterusna dilaksanakeun kagiatan postés pikeun mikanyaho ngaronjat

(23)

36

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis pikeun ngajawab hipotésis atawa pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan. Ku kituna dilakukeun analisis data anu léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

3.7.1 Mariksa jeung Meunteun Hasil Pretés jeung Postés.

Pikeun mikanyaho hasil nulis biografi siswa, data pretést jeung postést dipeunteun dumasar kana pedoman anu aya dina tabél 3.1 ieu di handap.

Tabél 3.1

Eusi luyu jeung téma; nyumponan kana sarat biografi; jeung bisa nepikeun informasi anu lengkep.

4

HADÉ

Eusi luyu jeung téma; nyumponan kana sarat biografi; jeung

informasi anu ditepikeun cukup.

3

CUKUP

(24)

37

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013 2

KURANG

Eusi luyu jeung téma tapi teu nyumponan sarat biografi; jeung teu nepikeun informasi.

1

KURANG PISAN

Eusi teu aya patalina jeung téma; teu nyumponan sarat biografi; teu nepikeun informasi. urutanana logis tapi teu lengkep; hubungan antarparagraf raket.

Eusi teu luyu jeung téma; urutanana teu logis; hubungan antarparagraf kurang.

1

KURANG PISAN

(25)

38 karangan maké struktur basa anu merenah; aya leuwih ti dua kasalahan.

ungkapan remen teu luyu tapi

(26)

39 kecap jeung éjahan; tulisan teu kabaca.

1

KURANG PISAN

Tulisan teu puguh kabacana; teu pantes pikeun diajén.

Sumber: (ilikan Harfield, dkk, 1985:91; Nurgiantoro, 2010:441-442) kalayan diropéa rentang skorna katut ngaran kritériana)

Sangkan leuwih écés, skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél 3.2. Tabél 3.2

Skor Pretés jeung Postés Siswa dina Nulis Biografi

(27)

40

Katerangan: A = eusi

B = organisasi eusi C = éjahan

D = tatabasa

∑ = Jumlah total P = Peunteun % = Perséntase

Dumasar kana éta pedoman, tuluy peunteun anu dicangking dijumlahkeun tur dibandingkeun jeung skor idéal ngagunakeun rumus:

Katerangan:

Si = skor idéal

n = unsur-unsur anu diukur 5 = skala penilaian

Sabada ngabandingkeun skor siswa jeung skor idéal, kagiatan satuluyna nya éta maluruh skor ahir. Skor maksimal nulis biografi nya éta 20. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir ngagunakeun rumus:

3.7.2 Uji Sipat Data

Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Anu kahiji nya éta uji normalitas, uji normalitas ieu dilaksanakeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu. Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas data niléy siswa.

Si = n.5

(28)

41

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013 a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta salah sahiji bagian tina uji sipat data anu miboga tujuan pikeun mikanyaho normal henteuna data anu digunakeun dina panalungtikan. Data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta hasil tina kamampuh siswa dina nulis biografi. Ku kituna, ieu uji dilaksanakeun pikeun negeskeun yén kamampuh siswa mangrupa distribusi anu normal. Rumus anu digunakeun dina ieu uji nya éta rumus chi kuadrat (X2).

Saméméh ngagunakeun rumus chi kuadrat (X2), aya sawatara léngkah anu kudu dilakukeun. Éta léngkah-léngkah téh baris dipedar ieu di handap.

a) Nangtukeun niléy panggedéna jeung pangleutikna b) Ngitung rentang (range).

Daérah jangkauan data atawa range nya éta selisih data anu panggedéna (maksimum) jeung data anu pangleutikna (minimal), anu dinotasikeun dina rumus ieu di handap:

r = Xmaks – Xmin

Katerangan:

r : rentang atawa range atawa jangkauan Xmaks : skor panggedéna

Xmin : skor pangleutikna

(Subana, 2005: 38)

c) Nangtukeun jumlah kelas interval (k) ngagunakeun aturan anu diciptakeun ku H. A Struges, anu disebut aturan struges saperti ieu di handap:

(29)

42

Katerangan:

k : lobana kelas

n : lobana data (frekuensi) 3,3 : bilangan konstan

(Subana, 2005: 39)

d) Nangtukeun panjang kelas interval (p) ngagunakeun ieu rumus di handap:

Katerangan:

p : panjang kelas (interval kelas) r : rentang (jangkauan)

k : lobana kelas

(Subana, 2005: 40)

e) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal (pretés) jeung tés ahir (postés) ngagunakeun ieu rumus di handap:

Tabél 3.3

Format Frékuénsi Peunteun Pretés jeung Postés

No. Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1 2

(30)

43

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

̅

Katerangan:

̅ = rata-rata (méan) = jumlah (sigma) fi = jumlah data xi = niléy tengah

(Subana, 2005: 63) g) Ngitung standar déviasi (Sd) ngagunakeun ieu rumus di handap:

h) Ngitung frekuensi observasi jeung frekuensi ékspéktasi (perkiraan) kalayan ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap:

(1) Nyieun tabél frekuensi observasi jeung frekuensi ékspéktasi

Tabél 3.4

Perhitungan Chi Kuadrat Kelas

Interval Oi Bk Z Ztabél L Ei

(Oi+Ei)2 Ei

(31)

44

Katerangan:

Kelas interval : lobana kelas interval ngagunakeun aturan Struges Oi :frékuénsi obsérvasi

Bk : batas kelas

Z : transformasi normal standar bébas kelas Ztabél : niléy Z tina tabél distribusi data normal L : lega kelas interval

Ei : frékuénsi ékspéktasi (n x luas Ztabél)

(Subana, 2005: 125)

(2) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi), nya éta lobana data anu kaasup kana hiji kelas interval.

(3) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(4) Ngitung Z itung (transformasi normal standar bébas kelas)

̅

(5) Nangtukeun Ztabél

(6) Ngitung ambahan legana unggal kelas interval (L)

L = Ztabél 1 - Ztabél2

(7) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)

Ei = n x L

(32)

45

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

(Sudjana, 2005: 273) (9) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)

dk = k - 3

(Sudjana, 2005: 293) (10)Nangtukeun harga X2tabél

(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap: (a) Lamun X2itung X2tabél, hartina distribusi data normal. (b) Lamun X2itung X2tabél, hartina distribusi data teu normal. b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data anu dilaksanakeun sabada uji normalitas. Tujuan tina uji homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna populasi data anu diujikeun.

Léngkah-léngkah dina ngitung uji homogénitas nya éta saperti ieu di handap. a) Ngitung variasi masing-masing kelompok

(33)

46

b) Ngitung harga variasi (F)

a ia ianuleu ihge é

a ia ianuleu ihleu ik

c) Ngitung derajat kabébasan (dk)

k n

d) Nangtukeun Ftabél

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu: Saupama Fitung Ftabél, hartina variasi sampel homogén.

Saupama Fitung > Ftabél, hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005:250)

3.7.3 Uji Gain

Tujuan tina dilaksanakeunna uji gain nya éta pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan éféktivitas modél pangajaran modél Mind Mapping dina pangajaran nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013.

. Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu sabada dibéré perlakuan, dirumuskeun saperti ieu di handap.

(34)

47

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Ha : ̅pretés ̅postés, hartina henteu aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pretés jeung jumlah rata-rata postés.

Tabél 3.5

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No. Ngaran

Siswa

Peunteun pretés

Peunteun

postés D d

2

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

3.7.4 Uji Hipotésis

Pikeun nangtukeun uji hipotéssis aya dua cara anu bisa digunakeun. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data téh miboga distribusi data anu normal, éta data dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik paramétrik kalayan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu teu normal, éta data dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétrik kalayan ngagunakeun uji wilcoxon.

a) Statistik Paramétrik

Ieu statistik digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Anapon léngkah-léngkah tina statistik parametrik, ngawengku ieu di handap.

(a)Nangtukeun rata-rata (mean) tina béda pretés jeung postés kalayan ngagunakeun rumus:

(35)

48

(b) Ngitung darajat kabébasan (dk) kalayan ngagunakeun rumus:

k n

(c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, kalayan ngagunakeun rumus:

(d)

(e) Ngitung t, kalayan ngagunakeun rumus: Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil pretés jeung postés

∑ = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel

(f) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

(36)

49

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

(2) Saupama titung ttabél, hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha) ditolak, nya éta modél Mind Mapping teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013 (Arikunto, 2010: 307).

b) Statistik Nonparamétrik

Statistik nonparamétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta uji wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005:450) léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta:

(a) Asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); (b) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

(c) Itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XA1-XB1, tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;

(d) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;

(e) Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; (f) Sabada diurutkeun, asupkeun niléy jenjang kana kolom ka-5;

(g) Asupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

(h) Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misal n = 31 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;

(37)

50

Tabél 3.6 Tabél uji wilcoxon

KS XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang

XA1-XB1 Jenjang + -

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Katerangan:

XA1 = peunteun pretés XB1 = peunteun postés

(j) Ditarima henteuna hipotésis dina uji wilcoxon hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

(1) Saupama Witung(-) Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina (Ha) ditarima yén modél Mind Mapping éféktif dipaké dina pangajaran nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013.

(38)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Modél Mind Mapping Pikeun Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis ngeunaan kamampuh nulis biografi ngagunakeun modél pangajaran Mind Mapping ka siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013 saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping, masih kurang nyugemakeun. Jumlah rata-rata anu dihasilkeun nalika pretés nya eta 54,19, hartina siswa can mampuh nulis biografi kalawan hadé. Ieu hal kulantaran tina jumlah siswa 31 urang ngan 3 urang atawa 9,7% anu geus ngahontal KKM, sedengkeun 28 urang atawa 90,3 % can ngahontal KKM. 2) Kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun

ajaran 2012-2013 sabada ngagunakeun modél Mind Mapping, kawilang nyugemakeun. Jumlah rata-rata anu dihasilkeun nalika postés nya éta 74,68, hartina siswa geus mampuh nulis biografi kalawan hadé. Tina jumlah siswa 31 urang, 25 urang siswa atawa 74,48% geus mampuh nulis biografi atawa geus ngahontal KKM, sedengkeun 6 urang siswa atawa 19,35% can mampuh nulis biografi atawa can ngahontal KKM.

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh awal (pretés) saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping jeung kamampuh ahir (postés) sabada ngagunakeun modél Mind Mapping. Hal ieu katitén tina hasil uji gain aya parobahan anu signifikan nya éta 20,01%.

Ku kituna, Modél Mind Mapping éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi siswa kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013 lantaran ayana peningkatan hasil pretés (kamampuh awal) saméméh ngagunakeun modél Mind Mapping jeung postés (kamampuh ahir) sabada ngagunakeun modél

(39)

84

5.2 Rékoméndasi

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan nulis biografi ngagunakeun modél Mind Mapping di kelas X-9 SMA Negeri 9 Bandung taun ajaran 2012-2013, aya sababaraha rékoméndasi ti nu nyusun nu ditepikeun ieu di handap. 1) Tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, kabukti yén modél Mind

Mapping bisa digunakeun dina pangajaran nulis biografi. Ku kituna, ieu

modél téh bisa dijadikeun alternatif modél ku guru, pikeun ngaronjatkeun kamampuh pangajaran nulis lianna.

2) Ku sabab dina ieu panalungtikan ngan dilaksanakeun kalayan maké metode kuasi ékspérimén dina nulis biografi ka siswa X-9 SMA Negeri 9 Bandung, ku kituna kudu aya panalungtikan kahareupna ngeunaan modél pangajaran

Mind Mapping anu ditalungtik kalayan maké metode lianna, sangkan leuwih

ngabuktikeun kaéféktifan tina ieu modél.

(40)

Anisa Luthfiya Rahmatillah, 2013

Modél Mind Mapping Pikeun Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-9 Daftar Pustaka

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian; Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Buzan, Tony. (2004). How To Mind Map untuk Meningkatkan Kreatifitas. Jakarta. Gramedia Pustaka Utama.

Buzan, Tony. (2013). Buku Pintar Mind Map. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Herdian. (2009). Model Pembelajaran Mind Mapping. [ Online]. Tersedia:

http://herdy07.wordpress.com/2009/04/29/model-pembelajaran-mind-mapping/ [7 Oktober 2012]

Jurusan Pendidikan Basa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi

Revisi). Bandung: Sonagar Press.

Khajar, Santi. (2012). Penerapan Teknik Peta Pikiran (Mind Mapping) dalam

Pembelajaran Menulis Paragraf Eksposisi (Penelitian Eksperimen Semu pada Siswa Kelas X MAN 3 Cirebon Tahun Ajaran 2011-2012). Skripsi Jurusan

Pendidikan Bahasa Indonesia FPBS UPI Bandung: Teu Dipedalkeun.

Nurjanah, N. (2009). Tiori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Nurgiyantoro, Burhan. (2010). Penilaian Pembelajaran Bahasa: Berbabsis

Kompetensi. Yogyakarta : BPFE Yogyakarta.

Pahala, Rani M D. (2012). Efektifitas Penggunaan Metode Enam Tahapan

Berfikir (Six Thingking Hat) Dalam Pembelajaran Menulis Biografi. Skripsi

Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia FPBS UPI Bandung: Teu Dipedalkeun. Rahayu, Mega. (2011). Éfektifitas Media Majalah Dinding (Mading) dina

Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X Multimedia-1 SMK Pasundan 3 Kota Bandung. Skripsi Jurusan Pendidikan

Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung: Teu Dipedalkeun.

(41)

86

Rahman, Spk. (2009). Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.

Saleh, Andri. (2008). Kreatif Mengajar dengan Mind Map. Bandung: Tinta Emas Publishing.

Semi, M. Atar (2007). Dasar-Dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa Subana,. Rahadi, M,. & Sudrajat. (2005). Statistik Pendidikan. Bandung : Pustaka

Setia.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Sugiyono. (2011). Métode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Suprijono, Agus. (2012). Cooperative Learning: Teori & Aplikasi Paikem. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis: Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Uno, Hamzah. (2011). Model Pembelajaran Menciptakan Proses Belajar

Mengajar yang Kreatif dan Efektif. Jakarta: Bumi Aksara.

Windura, Sutanto. (2013). Shortcut to Genius. Jakarta: PT Elex Media Komputindo.

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Peran antar pihak terutama peran yang dimiliki oleh pemda, pemerintah desa, swasta dan balai TN (wil.1) tentunya telah memiliki tugas dan tanggung jawabnya

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan

Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mengkaji karakteristik fisik, mekanis dan struktur film bionanokomposit dari tapioka, NP-ZnO dan asam stearat, serta mengkaji

PENGARUH MODIFIKASI BOLA TERHADAP HASIL KETERAMPILAN BERMAIN SEPAKBOLA SISWA DI SMPN 1 LEMBANG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Défice Fiscal financiado através

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat