• Tidak ada hasil yang ditemukan

TRADISI MUDUN LEMAH DI DÉSA SUMBAKELING KECAMATAN PANCALANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII (Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi) - UPI Repository

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2023

Membagikan "TRADISI MUDUN LEMAH DI DÉSA SUMBAKELING KECAMATAN PANCALANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII (Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi) - UPI Repository"

Copied!
11
0
0

Teks penuh

(1)

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kabiasaan unggal daérah tangtu béda-béda, tapi aya ogé kabiasaan sababaraha daérah anu sarua. Kabiasaan anu disebut tradisi mangrupa kabiasaan ti karuhun, jeung dipigawé ku masarakat saméméhna sarta diturunkeun ka generasi satuluyna.

Tradisi anu aya di unggal daérah teu lepas tina kréativitas masarakat anu aya di sabudeureunana ku sabab tradisi diciptakeun jeung digunakeun ku masarakatna.

Kahmad (2006, kc. 33) nétélakeun, yén tradisi mangrupa hal anu hésé robah lantaran geus ngahiji jeung kahirupan masarakat. Dumasar kana Kamus Basa Sunda Danadibrata (2006, kc. 108), kabudayaan atawa tradisi mangrupa hasil, tanaga, pikiran, sarta perasaan jalma pikeun nambahan kesenangan jeung kani’matan.

Kabudayaan ogé diwangun ku sababaraha unsur nyaéta: 1) sistem réligi, 2) sistem jeung organisasi masarakat, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) sistem basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, sarta 7) sistem téhnologi jeung pakakas manusa (Koentjaraningrat dina Ekadjati, 2009, kc. 11).

Masarakat Sunda dina dasarna masih kénéh mertahankeun budaya atawa tradisi anu aya di ungggal daérahna. Salah sahijina nyéta tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan anu kudu dijaga jeung dimumulé ku masarakatna. Tangtu di daérah séjén ogé aya anu miboga ieu tradisi, najan tata cara atawa prosési anu dilaksanakeun, alat, bahan, jeung kadaharan anu digunakeunna béda, tapi maksud jeung tujuanna mah sarua.

Tradisi mudun lemah téh mangrupa upacara pikeun waktu munggaran éta budak nincak taneuh (Mustafa, 2002, kc 185). Ieu tradisi biasana dilaksanakeun umur budak tujuh bulan. Dina umur sakitu budak geus bisa nyoo leungeun, ngorondang, diuk, nangtung nyalisir, seuri, jeung ngaluarkeun sora. Budak geus miboga kahayang pikeun milih jeung nyekel barang-barang anu aya di sabudeureunana ku leungeunna sorangan. Ku kituna, dina umur sakitu budak geus bisa diturunkeun tina aisan. Budak anu geus umur tujuh bulan ogé biasana geus diajaran leumpang ku kolotna atawa anu ngasuhna. Budak ditungtun leungeunna

(2)

jeung ngaléngkahkeun sukuna pikeun leumpang. Hartina budak geus kudu turun kana taneuh (Utomo, 2002, kc 21).

Réa pisan harti tina tujuan dilaksanakeunna tradisi mudun lemah, di antarana nyaéta salaku panghormat ka bumi, sabab éta tradisi dilaksanakeun ku budak anu munggaran nincak kana taneuh, jeung pikeun pépéling keur manusa, hususna ka kolot budak anu keur ngalaksanakeun ieu tradisi, sangkan kudu loba sukuran ka Pangéran lantaran dibéré budak anu séhat. Salian ti éta, tujuan dilaksanakeunna tradisi mudun lemah ogé pikeun meunangkeun gambaran kahirupan budak ka hareupna (Ono, dina wawancara, dinten Saptu, 23 Januari 2022). Sarta miboga harepan sangkan éta budak bakal jadi jalma anu jujur, taat kana agama, ahli ibadah, bisa ngamalkeun élmu atawa hal kahadéan, béréhan jeung miboga étos gawé anu luhung (Solikhin, 2010, kc. 29).

Tradisi mudun lemah kaasup kana tradisi lisan. Ciri-cirina nyaéta: 1) pewarisanana ngaliwatan média lisan sacara tuluy-tumuluy, 2) sipatna anonim jeung tradisional, 3) dipimilik ku masarakat nu tangtu (Danandjaja, 2007, kc. 153- 154). Tradisi lisan nyaéta kagiatan budaya tradisional hiji komunitas anu diwariskeun sacara turun-tumurun kalayan média lisan hiji generasi ka generasi satuluyna, boh tradisi dina susunan kecap lisan (verbal) boh tradisi séjén anu lain lisan (non verbal) (Sibarani, 2012, kc. 47).

Dina prosési tradisi mudun lemah aya léngkah-léngkahna, jeung aya alat, sarta bahan anu digunakeun. Saméméh acara di kawitan, budak dibackeun du’a heula ku sesepuh anu aya di Désa Sumbakeling, atawa nu mingpin éta acara. Tuluy aya kana tujuh balikna, hayam kampung jeung éta budak di tincakkeun pairing-iring atawa babarengan kana kadaharan (dodol, bubur, jeung cau) anu geus disadiakeun, sarta éta budak ditincakkeun ogé kana tarajé anu dijieun tina tiwu. Sanggeus bérés tujuh balikna budak diarahkeun sina milih jeung nyekel barang (emas, duit, alat tulis, jeung lianna). Sedengkeun ari hayam kampung mah diasupkeun kana ranggap. Éta barang anu dipilih ku budak téh miboga gambaran pikeun kahirupan budak ka hareupna (Ono, dina wawancara, dinten Saptu, 23 Januari 2022). Prosési anu pamungkas dituluykeun ku sawér, dina sawér aya duit récéh, béas, permén, jeung

(3)

kembang. Nurutkeun Ono sawér mangrupa prosési anu dianti-anti ku masarakat, sacara teu langsung ogé ku ayana sawér mantuan masalah ékonomi masarakat anu milu aub jeung nyaksian éta tradisi. Ku kituna, struktur tradisi lisan dina ieu panalungtikan dipedar dumasar kana tahapan atawa runtuyan tradisi mudun lemah.

Ieu prosési miboga opat tahapan/runtuyan, nyaéta: 1) badanten, 2) ngulem, 3) kukubung, 4) mudun lemah, jeung 5) babagi.

Ti mimiti prosési tradisi mudun lemah dilaksanakeun nepi ka réngséna réa pisan ajén-inajén anu kagambarkeun dina wangun simbol, sabab dina simbol atawa tindakan tina tata cara atawa prosési anu dilaksanakeun, alat, bahan, jeung kadaharan anu digunakeun teu sagawayah tapi ngandung harti jeung tujuan anu hadé sarta gedé mangpaatna. Saperti béas salaku lambang sukuran, konéng lambang kajujuran jeung duit récéh lambang kakayaan (Bratawidjaya, 1990, kc. 25). Ku alatan éta, ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan sémiotik modél Charle Sanders Peirce. Dina sémiotik modél Charle Sanders Peirce aya unsur ikon, indéks, jeung simbol. Salian ti éta, pikeun maluruh ajén-inajén dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan étnopédagogi. Nurutkeun Rustaman (dina Sulistian, 2018), étnopédagogi mangrupa salah sahiji prakték anu museur kana ajén-inajén kultural hiji étnis anu ngahasilkeun standar sikep jeung paripolah manusa. Dina unsur étnopédagogi ngawengku prilaku nyunda tri-silas, catur diri insan, gapura panca waluya (Suryalaga dina Sudaryat, 2015, kc. 124-130), jeung unsur moral ka manusa (Warnaen dina Sudaryat, 2015). Étnopédagogi anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta dumasar kamandang Warnaen anu didasaran ku tiori Kluckhon ngeunaan ajén budaya, tur dimekarkeun ku Suryalaga jadi moral kamanusaan anu ngawengku: 1) ajén moral manusa ka Pangéran, 2) moral manusa ka pribadi, 3) moral manusa ka manusa séjénna, 4) moral manusa ka alam, 5) moral manusa ka waktu, jeung 6) moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin. Ku kituna, panalungtik pikeun ngaguar tradisi mudun lemah ngagunakeun pamarekan sruktur, sémiotik, jeung étnopédagogi.

Tradisi mudun lemah mangrupa hasil cipta jeung karya ti karuhun baheula, tapi mangsa kiwari masarakat anu aya di Désa Sumbakeling réa anu teu paham kana

(4)

harti dilaksanakeunna éta tradisi, komo tina alat, bahan, jeung kadaharan anu digunakeunna mah poékeun pisan. Ieu hal bisa katitén tina kurangna minat jeung karesep barudak ayeuna kana tradisi mudun lemah. Maranéhna nganggap yén ieu tradisi téh mangrupa acara pikeun hiburan wungkul. Salian ti éta, maranéhna nganggap ieu tradisi dilaksanakeun ku jalma anu mampuh tina segi ékonomi, sedengkeun maksud jeung tujuan dilaksanakeunna ieu tradisi mah sok dibalibirkeun jeung jarang pisan anu saujratna ditémbrakkeun (Rahayu, dina wawancara, dinten Saptu, 23 Januari 2022).

Nurutkeun Ono (dina wawancara, dinten Saptu, 23 Januari 2022), masarakat Désa Sumbakeling anu ngawariskeun jeung anu teu ngawariskeun tradisi mudun lemah téh teu silih salahkeun. Kitu deui masarakat anu teu ngawariskeun éta tradisi angger ngarojong jeung nyaksian prosési dilaksanakeunna tradisi mudun lemah.

Sabagian masarakat Désa Sumbakeling anu ngawariskeun ieu tradisi percaya, upama teu ngalaksanakeun tradisi mudun lemah, batin ngarasa teu sugema jeung bakal nimbulkeun pasualan ka hareupna, salah sahijina nyaéta budak bakal geringan waé. Éta hal nurutkeun Ono, sabagian masarakat Désa Sumbakeling kabuktian, lain ngan ukur saurang dua urang budak anu babari geringan. Salian ti éta, nurutkeun Ono sabagian masarakat Sumbakeling salaku palaku budaya ngajadikeun tradisi mudun lemah sabagian tina kabutuhan hirup, sarta nganggap éta tradisi téh salaku panghormat ka karuhun.

Kurangna minat jeung karesep budak kiwari kana tradisi anu aya di Désa Sumbakeling alatan kurangna sumber anu nétélakeun yén ieu tradisi aya mangpaatna utamana pikeun anu ngalaksanakeunana. Aya kalana budak nanyakeun ka kolotna ngeunaan ieu tradisi, ngan sok jarang pisan anu dipedar sakumaha kuduna, antukna minat jeung karesep budak téh teu kamotivasi tur taya kapanasaran pikeun mikanyaho éta tradisi.

Kitu deui ku ayana globalisasi lain saukur méré mangpaat pikeun kahirupan manusa, tapi ogé méré pangaruh anu teu hadé pikeun manusa. Kiwari masarakat geus teu mikiran tradisi anu aya di lingkungan sabudeureunana. Éta hal disababkeun alatan masarakat leuwih wanoh kana budaya luar anu mangaruhan

(5)

pisan, anu ahirna masarakat boga pamikiran yén tradisi atawa budaya nu aya di lingkunganana téh teu maju jeung teu bisa ngigelan jaman.

Salah sahiji cara pikeun ngenalkeun tur ngawariskeun kabudayaan atawa tradisi dina jaman kiwari nyaéta ngaliwatan pendidikan. Ieu hal luyu jeung pamadengan Rosidi (2004, kc. 16), yén pendidikan formal atawa teu formal nyaéta sarana pikeun ngawariskeun kabudayaan. Unggal masarakat ngawariskeun kabudayaan ti generasi ka generasi supaya éta kabudayaan téh tetep hirup jeung mekar.

Dumasar kana éta pamadegan, jelas pisan yén pendidikan mangrupa salah sahiji sarana pikeun ngawariskeun tradisi atawa kabudayaan ti generasi ka generasi sacara tuluy-tumuluy. Lumangsung henteuna ieu tradisi gumantung kana masarakatna sorangan, naha ieu tradisi tetep kudu dijaga, dimumulé atawa ditinggalkeun. Hal anu ngabalukarkeun ieu tradisi leungit nayéta kurangna pamahaman masarakat kana eusi jeung inajén dina tradisi.

Pikeun ngajaga sarta ngamumulé budaya atawa tradisi anu aya di masarakat dibutuhkeun pedaran jeung katerangan anu ilmiah. Éta hal kudu dibuktikeun tur diguar ngaliwatan panalungtikan. Saéstuna panalungtikan ngeunaan tradisi mudun lemah geus dilaksanakeun dina skripsi di antarana nyaéta: “Mitos dalam Tradisi Mudun Lemah Masyarakat Osing Desa Banelan Kabupaten Banyuwangi” ku Resti Ningrum Jala Pratiwi (2019), nanging éta panalungtikan ngaguar mitosna wungkul.

Salian ti éta, tradisi mudun lemah ogé geus diguar dina skripsi nu judulna “Tradisi Turun Tanah dalam Tinjauan Aqidah Islam di Desa Waygubak Kecamatan Sukabumi Bandar Lampung” ku Maylinda Sari (2018), tapi sagemblengna ditilik tina Aqidah Islamna wungkul. Kitu deui panalungtikan tradisi mudun lemah téh geus aya nu nalungtik judulna “Nilai-nilai Pendidikan Islam dalam Tradisi Tedhak Siten di Desa Senden Kecamatan Kampak Kabupaten Tenggralek” ku Muhammad Fathurrozaq (2019), nanging panalungtikan Muhammad Fathurrozaq sagemblengna medar ajén-inajén atikan Islamna wungkul.

Salian dina skripsi, éta ulikan panalungtikan téh digunakeun dina tésis, di antarana: “Lirik Upacara Adat Pernikahan di Désa Sukamulya Kecamatan Cigugur

(6)

Kabupaten Kuningan (Studi Struktur, Semiotik, jeung Etnopedagogi)”

dilaksanakeun ku Esty Karya Astuti (2017). Salian ti éta, aya ogé panalungtikan ngeunaan “Kasenian Genye di Kabupaten Purwakarta (Kajian Struktur, Semiotik, dan Etnopedagogik)” dilaksanakeun ku Mochamad Cahyo Sucipto (2016), jeung

“Carita Pantun Bujang Pungalasan (Analisis Struktur, Semiotik, dan Etnopedagogi) dilaksanakeun ku Maryati (2016).

Aya deui disertasi anu patali jeung ieu panalungtikan di antarana: “Struktur dan Fungsi Upacara Ngalaksa di Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang dalam Perspektif Pendidikan Karakter” dilaksanakeun ku Retty Isnendes (2013). Salian ti éta, aya panalungtikan ngeunaan “A Semiotic Analysis of Toponymy in Classic Sundanese Literary Texts” dilaksanakeun ku Dedi Koswara jeung Budi Hermawan (2021). Kitu deui aya panalungtikan ngeunaan “Etnopedagogik Etnik Bugis Makasar: Studi Penelusuran Nilai-Nilai Pedagogik pada Naskah Lontaraq sebagai Pengembangan Bahan Ajar Pendidikan IPS di Sekolah” dilaksanakeun ku Irwan Abbas (2014).

Tina sababaraha panalungtikan anu geus dilaksanakeun mémang ieu tradisi téh geus kasabit-sabit tina éta pedaran, ngan teu sacara nyosok jero. Aya ogé ulikanna sarua tapi objék anu ditalungtikna béda. Tangtu ieu panalungtikan aya bédana jeung panalungtikan saméméhna. Panalungtik ngayakeun ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar leuwih jero ngeunaan struktur, unsur sémiotik, sarta ajén étnopédagogi anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah. Ku kituna, éta hal anu ngarojong panalungtik pikeun ngalaksanakeun ieu panalungtikan kalawan jejer

“Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Struktural, Sémiotik jeung Étnopédagogi)”. Hasil tina ieu panalungtikan bakal dipedar kalawan didéskripsikeun, tur dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran pedaran budaya Sunda di Sakola. Ieu hal luyu jeung kurikulum 2013 revisi 2017 KD 3.5. “Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks artikel berbahasa Sunda”.

(7)

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu:

1) masarakat umum kaasup barudak ayeuna réa anu teu paham kana tradisi mudun lemah;

2) barudak ayeuna nganggap tradisi mudun lemah téh mangrupa acara pikeun hiburan wungkul;

3) barudak ayeuna nganggap ieu tradisi dilaksanakeun ku jalma anu mampuh tina segi ékonomi;

4) ayana globalisasi méré pangaruh anu teu hadé pikeun masarakat;

5) kurangna minat jeung karesep budak kiwari kana tradisi mudun lemah alatan kurangna sumber informasi ngeunaan mangpaat éta tradisi;

6) réa masarakat anu mikir yén tradisi atawa budaya anu aya di sabudeureunana teu maju jeung teu bisa ngigelan jaman.

1.2.2 Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nyaéta kieu.

1) Kumaha struktur tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan?

2) Unsur-unsur sémiotik naon waé dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan?

3) Ajén étnopédagogi naon waé dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan?

4) Kumaha larapna hasil panalungtikan tradisi mudun lemah kana pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII?

(8)

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar masalah anu geus dirumuskeun, ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikawanoh tradisi sarta ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan struktur, unsur sémiotik, jeung ajén étnopédagogi anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah.

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan kalawan husus boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun opat hal, nyaéta kieu:

1) struktur tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan;

2) unsur sémiotik dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan;

3) ajén étnopédagogi dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan;

4) larapna hasil panalungtikan “tradisi mudun lemah” anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan, kana bahan pangajaran maca artikel pikeun siswa kelas XII SMA.

1.4 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan téh kabagi opat, nyaéta mangpaat tina segi tioritis, kawijakan, praktis, isu jeung aksi sosial.

1.4.1 Mangpaat tina Segi Tioritis

Ieu panalungtikan mibanda mangpaat tioritis nyaéta kieu:

1) pikeun ngajembaran pangaweruh élmu tradisi lisan (folklor);

2) meunangkeun gambaran anu tandes ngeunaan tradisi mudun lemah pikeun masarakat dina nanjeurkeun tradisi Sunda;

(9)

3) ngeuyeuban pangaweruh struktur, unsur sémiotik, jeung ajén étnopédagogi dina kahirupan anu nyampak dina tradisi ludun lemah;

4) kitu deui pikeun référénsi dina widang paélmuan anu ngulik tradisi mudun lemah adat Sunda.

1.4.2 Mangpaat tina Segi Kawijakan

Ieu panalungtikan miboga mangpaat tina segi kawijakan nyaéta kieu:

1) ngahudang deui pamaréntah sangkan sadar kana kabengharan budaya, utamana tradisi masih kénéh dilaksanakeun jeung dikeukeuhan ku masarakat;

2) dipiharep bisa méré pangaweruh anu hadé pikeun pamaréntah, utamana dina mikanyaho kabudayaan, hususna patali jeung tradisi mudun lemah;

3) ngayakinkeun yén budaya téh aya kénéh jeung karasa mangpaatna ku masarakat.

1.4.3 Mangpaat tina Segi Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré mangpaat nyaéta kieu:

1) pikeun panalungtik, miboga pangalaman dina prosés nalungtik ieu tradisi sahingga bisa ngajembaran pangaweruh hususna maham kana tradisi mudun lemah;

2) pikeun panalungtik saterusna, dijadikeun sumber référénsi anu leuwih teleb dina kabudayaan sarta ngeuyeuban hasil panalungtikan;

3) pikeun masarakat, méré informasi ngeunaan hasil panalungtikan tina struktur, unsur sémiotik jeung ajén étnopédagogi anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah, sarta leuwih ngaraksa jeung ngariksa kana tradisi anu aya dilingkunganana sorangan;

4) pikeun guru, bisa dijadikeun alternatif dina milih bahan pangajaran pedaran budaya Sunda di Sakola;

5) pikeun murid, bisa ningkatkeun minat maca hususna dina maca artikel budaya.

(10)

1.4.4 Mangpaat tina Segi Isu jeung Aksi Sosial

Dina ieu panalungtikan miboga mangpaat aksi sosial nyaéta kieu:

1) dipiharep bisa jadi bahan bacaan anu patali jeung struktur, unsur sémiotik, jeung ajén étnopédagogi dina budaya;

2) bisa dijadikeun tinimbangan dina ngajén kualitas karya ilmiah;

3) ngahudang deui kereteg masarakat, utamana pikeun generasi ngora kana pentingna ieu tradisi sangkan diwariskeun di mangsa kahareup;

4) ngawangun pola pikir masarakat sangkan teu apatis kana kagiatan tradisi mudun lemah, anu sipatna ngaraketkeun kahirupan sosial di lingkungan masarakat.

1.5 Raraga Tulisan

Eusi ieu tésis kabéhna ngawengku lima bab. Bab I Bubuka, dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang masalah anu ditalungtik, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu dipasing-pasing jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu kabagi opat nyaéta mangpaat tina segi tioritis, kawijakan, praktis, isu jeung aksi sosial, jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Tiori, dina ieu bab dipedar ngeunaan tiori-tiori anu dijadikeun référénsi dina ieu panalungtikan. Tiori anu dipedar nyaéta ngeunaan strukturalisme, unsur sémiotik, ajén étnopédagogi, tradisi, bahan ajar, maca, jeung artikel. Salian ti medar tiori, ieu bab ogé medar ngeunaan panalungtikan saméméhna jeung raraga mikir.

Bab III Métode Panalungtikan, dina ieu bab dipedar ngeunaan métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan anu ngawengku desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, prosedur panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

Bab IV Hasil jeung Pedaran, dina ieu bab dipedar ngeunaan déskripsi hasil tina panalungtikan anu dipatalikeun jeung rumusan masalah anu geus dijieun saméméhna, ieu bab dipidangkeun hasil analisis ngeunaan struktur dina tradisi mudun lemah, unsur sémiotik dina tradisi mudun lemah, ajén étnopédagogi dina tradisi mudun lemah, jeung larapna hasil panalungtikan tradisi mudun lemah kana pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

(11)

Bab V Kacindekan jeung Saran, dina ieu bab eusina ngawengku kacindekan hasil panalungtikan, implikasi, jeung rékoméndasi.

Referensi

Dokumen terkait

การพัฒนากิจกรรมเสริมความรู้อาสาสมัครสาธารณสุขประจำหมู่บ้าน เพื่อการใช้ประโยชน์ภูมิปัญญาสมุนไพรพื้นบ้านในการดูแลสุขภาพ THE DEVELOPMENT ACTIVITY FOR KNOWLEDGE OF THE UTILITIES OF