63
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
3.1 Métode Panalungtikan
Metode asalna tina kecap methodos dina basa Latin. Kecap metodhos diwangun ku dua kecap meta jeung hodos. Meta hartina menuju, ngaliwatan, nuturkeun, sanggeus, sedengkeun hodos hartina jalan, cara, arah. Ratna (2010, kc.
34-35) nétélakeun yén métode mangrupa cara-cara, stratégi pikeun maham réalitas jeung léngkah-léngkah sistematis, pikeun ngaréngsékeun pasualan sabab-akibat anu bakal karandapan. Narbuko (2007, kc, 1) nerangkeun yén panalungtikan mangrupa wangun kagiatan pikeun néangan data, ngarumuskeun pasualan nu aya, sarta nganalisis, nu ahirna nyusun laporan. Sacara umum, métode panalungtikan dihartikeun salaku cara ilmiah pikeun meunangkeun data kalayan tujuan jeung kagunaanana (Sugiyono, 2015, kc. 3).
Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode déskriptif. Nurutkeun Sugiyono (2013, kc. 14), pamarekan kualitatif disebut ogé métode panalungtikan naturalistik, lantaran panalungtikanna dilakukeun dumasar kana kondisi anu alamiah (natural setting). Sedengkeun nurutkeun Bogdan jeung Taylor (dina Muhammad, 2011, kc. 19) panalungtikan kualitatif nyaéta panalungtikan anu hasilna data déskriptif, anu mangrupa kekecapan tinulis atawa lisan tina paripolah sakabéh manusa anu rék ditalungtik.
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta, anu saterusna dianalisis, teu sakadar ngadadarkeun, tapi dibarengan ku maham tur mampuh méré pedaran anu gembleng. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 3) ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalisis ku cara déskriptif.
Anapon Suyatna (2002, kc. 14) nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dina cara ngagambarkeun hungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan atawa teu meunangkeun ma’na implikasi.
Jadi déskriptif nyaéta lain saukur ngadadarkeun, tapi ogé méré pamahaman jeung pertélaan sacukupna luyu jeung tujuan anu rék dihontal dina panalungtikan (Ratna, 2010, kc. 53). Ku kituna, dina ieu panalungtikan dianalisis jeung
didéskripsikeun ngeunaan struktur, unsur sémiotik, jeung ajén-ajén étnopédagogi dina tradisi mudun lemah.
3.2 Désain Panalungtikan
Nurutkeun Guba (dina Suharsaputra, 2014, kc. 194), désain panalungtikan nyaéta perencanaan, penyusunan, jeung stratégi invéstigasi minangka pituduh atawa arahan kana jawaban pertanyaan panalungtik anu geus dijieun. Désain anu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun dina ieu bagan.
Masalah
1) Struktur tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan.
2) Unsur-unsur sémiotik dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan.
3) Ajén étnopédagogi dina tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan.
4) Larapna hasil panalungtikan tradisi mudun lemah kana bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
Sumber data ngawengku tilu rupa nyaéta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
Téhnik Ngumpulkeun data ku cara obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi
Nyusun Kacindekan
Instrumén ngumpulkeun data nyaéta pedoman obsérvasi, pedoman wawancara, alat rékam, jeung kaméra
Téhnik ngolah data nyaéta ngaliwatan téhnik struktural, sémiotik, jeung étnopédagogi, tur hasil pedaran dipatalikeun jeung bahan pangajaran
maca artikel budaya di SMA kelas XII
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina masalah anu dipedar, panalungtikan museur kana struktur tradisi mudun lemah, unsur sémiotik anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah, ajén étnopédagogi anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah, sarta hasil tina pedaran dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
3.3 Téhnik Panalungtikan
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh kabagi dua nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik panalungtikan mangrupa salah sahiji usaha anu kudu dilakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu, sangkan tujuan anu dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal. Sugiyono (2010, kc. 240) nerangkeun yén téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah mimiti dina panalungtikan, sabab tujuan utama tina panalungtikan nyaéta pikeun meunangkeun data.
Patali jeung métode anu digunakeun, téhnik anu dianggep merenah pikeun ieu panalungtikan nyaéta kieu.
1) Téhnik Obsérvasi
Sugiyono (2012, kc. 310) nétélakeun yén obsérvasi mangrupa hiji kagiatan meunangkeun informasi atawa data sacara fakta sarta teu diréka-réka. Sedengkeun nurutkeun Subagyo (2001, kc. 15) obsérvasi nyaéta pengamatan sacara sistematis kana fénoména-fénoména anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan, panalungtik datang langsung ka tempat panalungtikan, tujuanna pikeun néangan informasi jeung meunangkeun data ngeunan tradisi mudun lemah.
2) Téhnik Wawancara
Wawancara nyaéta guneman atawa tanya jawab dua urang atawa leuwih sacara langsung antara anu ngawawancara jeung anu diwawancara, anu dilakukeun ku panalungtik pikeun nyangking data informasi ti narasumber. Ieu hal luyu jeung pamadegan nurutkeun Warsito (1993, kc. 73) yén personal interview atawa wawancara nyaéta wawancara anu dina pelaksanaanna kudu sacara langsung. Stanback (dina Sugiyono, 2012, kc. 232) nétélakeun yén ngaliwatan wawancara panalungtik bakal nyangking data anu leuwih jero deui ti
narasumber ngeunaan objék panalungtikanna. Ieu hal teu bisa dicangking ngaliwatan téhnik ngumpulkeun data sacara obsérvasi. Dina ieu panalungtikan anu dijadikeun informan nyaéta sesepuh Désa Sumbakeling, anu ngalaksanakeun jeung maham kana tradisi mudun lemah, ti mimiti sajarah, prosési, alat, bahan, kadaharan anu digunakeun, jeung lianna anu aya patalina jeung éta tradisi.
3) Téhnik Dokuméntasi
Nurutkeun Sugiyono (2012, kc. 329) dokuméntasi mangrupa catetan kajadian anu geus kaliwat. Wangun dokumén bisa mangrupa tulisan, gambar atawa karya- karya penting ti hiji jalma. Dokumén dina wangun tulisan nyaéta catetan sapopoé, sajarah kahirupan, carita, biografi, aturan, jeung kawijakan. Dokumén dina wangun gambar nyaéta poto skétsa jeung lianna. Dokumén dina wangun karya contona karya seni nyaéta mangrupa gambar, patung, film, jeung lianna. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan anu bisa dilakukeun ku masarakat anu ngalaksanakeun tradisi mudun lemah.
Dumasar kana téhnik ngumpulkeun data, prosés ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah saperti kieu.
1) Ngalakukeun panalungtikan sarta ngumpulkeun data ku cara obsérvasi langsung, dina waktu acara tradisi mudun lemah keur dilaksanakeun.
2) Ngalaksanakeun wawancara ka narasumber anu mikanyaho kana tradisi mudun lemah.
3) Ngadokuméntasikeun data anu aya di lapangan ku cara nyatet, motrét, jeung ngaraékam.
4) Ngalakukeun klasifikasi data sangkan babari dina prosés analisis.
3.3.2 Téhnik Ngolah Data
Data anu geus kakumpulkeun tina hasil panalungtikan téh saterusna diolah.
Dina ngolah data digunakeun sawatara téhnik, nyaéta téhnik analisis struktural, sémiotik, jeung étnopédagogi. Téhnik analisis struktural digunakeun pikeun maluruh struktur dina tahapan atawa runtuyan prosési tradisi mudun lemah sangkan bisa dianalisis. Téhnik analisis sémiotik digunakeun pikeun nganalisis tanda tina alat jeung bahan anu digunakeun dina tradisi mudun lemah. Anapon
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
téhnik analisis étnopédgaogi digunakeun pikeun maluruh jeung meunangkeun ajén-inajén anu nyangkaruk dina tradisi mudun lemah.
Dumasar kana éta katerangan, léngkah-léngkah ngolah data dina panalungtikan ditataan saperti kieu.
1) Mariksa jeung niténan deui data-data anu geus dikumpulkeun sawaktu tahapan ngumpulkeun data.
2) Maluruh data tradisi mudun lemah dumasar kana struktur kagiatanana.
3) Nganalisis jeung ngadéskripsikeun bagian-bagian data nu kaasup kana struktur tradisi mudun lemah.
4) Nganalisis data tradisi mudun lemah dumasar kana unsur sémiotik.
5) Satuluyna, maluruh ajén étnopédagogi.
6) Hasil tina analisis struktur, sémiotik, jeung étnopédagogi dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.
7) Pamungkas, nyieun kacindekan ahir tina hasil panalungtikan.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh kabagi dua, nyaéta instrumén ngumpulkeun data jeung instrumén ngolah data.
3.4.1 Instrumén Ngumpulkeun Data
Arikunto (2010, kc. 192) nétélakeun yén instrumén nyaéta alat bantu pikeun nalungtik ku cara ngagunakeun hiji téhnik panalungtikan. Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina prosés ngumpulkeun data, sangkan panalungtik leuwih gampang sarta hasilna ogé leuwih hadé, hartina leuwih lengkep jeung sistematis sangkan babari dina ngolahna (Arikunto, 2010, kc. 203).
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kieu.
1) Pedoman Obsérvasi
Pedoman obsérvasi tujuanna pikeun maluruh kaayaaan sarta ngarojong kana hasil panalungtikan. Pedoman obsérvasi anu dipaké mangrupa pedoman céklis, anapon lembar obsérvasina bisa ditingali dina ieu tabél.
Tabél 3.1 Lembar Obsérvasi
No. Hal anu Ditalungtik Kondisi
Aya Teu Aya
1.
Tahapan/Runtuyan
 Badanten
 Kukubung
 Ngondang
 Mudun Lemah
 Babagi
√
√
√
√
√
2.
Unsur Sémiotik
 Ikon
 Indéks
 Simbol
√
√
√
3.
Étnopédagogi Moral Kamanusaan
 Ajén moral manusa ka Pangéran (MP)
 Moral manusa ka pribadi (MPr)
 Moral manusa ka manusa séjénna (MM)
 Moral manusa ka alam (MA)
 Moral manusa ka waktu (KW)
 Moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin (MLB)
√
√
√
√
√
√
2) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara narasumber, anu maham jeung ngalaksanakeun tradisi mudun lemah anu aya di Désa Sumbakeling, sangkan meunangkeun data anu akurat dumasar kana masalah anu ditalungtik.
Patalékan-patalékan dina pedoman wawancara dirumuskeun dina kalimah pananya nyaéta kieu.
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.2 Pedoman Wawancara
Pedoman Wawancara
3) Alat Rékam
Alat rékam dina ieu panalungtikan nyaéta (handycame), dipaké pikeun ngarékam data anu aya di lapangan ngeunaan objék panalungtikan, anu ditepikeun ku informan sacara lisan atawa pikeun ngarékam sakabéh paguneman sesepuh
Tempat/Tanggal Wawancara: ...
a. Data Narasumber
1) Ngaran : ...
2) Jenis Kelamin : ...
3) Umur : ...
4) Pakasaban : ...
5) Atikan : ...
b. Daftar Patalékan
1) Naon ari anu dimaksud tradisi mudun lemah téh?
2) Kumaha sajarah tradisi mudun lemah?
3) Naha aya saratna upama ngalaksanakeun tradisi mudun lemah?
4) Iraha lumangsungna tradisi mudun lemah?
5) Di mana digelarkeun tradisi mudun lemah téh? Naha di jero atawa di luar ruangan?
6) Saha anu mingpin kagiatan tradisi mudun lemah téh?
7) Naon tujuan dilaksanakeunna tradisi mudun lemah di Désa Sumbakeling?
8) Naon waé tahapan tradisi mudun lemah téh?
9) Naon anu nuduhkeun tahapan dimimitian jeung dipungkas?
10) Kumaha unggal tahapan tradisi mudun lemah téh?
11) Naha aya bédana prak-prakan tradisi mudun lemah téh?
12) Sabaraha lila kagiatan lumangsung téh?
13) Naon waé alat, bahan, sarta pakakas anu dipaké dina tradisi mudun lemah?
14) Naon mangpaatna ngalaksanakeun tradisi mudun lemah?
15) Kumaha balukarna upama teu milu nyaksian tradisi mudun lemah?
16) Saha anu teu meunang miluan nyaksian tradisi mudun lemah?
17) Naha aya pihak atawa masarakat anu teu meunang ngalaksanakeun tradisi mudun lemah?
18) Kumaha réspon masarakat Désa Sumbakeling kana tradisi mudun lemah téh?
19) Kumaha prosés ngawariskeun ieu tradisi keur ka hareupna?
Désa Sumbakeling anu weruh tur wanoh kana tradisi mudun lemah. Lian éta ogé pikeun ngarékam kagiatan tradisi mudun lemah ti mimiti prosési nepi ka réngsé.
4) Kaméra
Kaméra dina ieu panalungtikan téh mangrupa kaméra (SLR), dipaké pikeun moto nalika anu nalungtik keur ngalakukeun paguneman jeung narasumber atawa informan. Salian ti éta, pikeun ngadokuméntasikeun poto-poto kagiatan tradisi mudun lemah pikeun ngumpulkeun data anu aya di lapangan. Ku ayana poto bisa dijadikeun bukti prosés panalungtikan, yén anu nalungtik bener-bener ngalaksanakeun panalungtikan.
3.4.2 Instrumén Ngolah Data
Instrumén ngolah data dipaké pikeun analisis data kana stuktur, unsur sémiotik, jeung ajén étnopédagogi anu aya dina tradisi mudun lemah. Sangkan leuwih babari dipikaharti baris ngagunakeun tabél pedoman analisis.
Tabél 3.3
Format Pedoman Analisis Struktur dina Tradisi Mudun Lemah
No. Runtuyan/Tahapan Interprétasi Kat.
1.
2.
3.
4.
5.
Tabél 3.4
Format Pedoman Analisis Unsur Sémiotik Ikon, Indéks, jeung Simbol Tahapan/Runtuyan dina Tradisi Mudun Lemah
No. Data Interprétasi Kat.
1.
2.
3.
4.
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.5
Format Pedoman Analisis Unsur Sémiotik Ikon, Indéks, Simbol Alat jeung Bahan dina Tradisi Mudun Lemah
No. Data Interprétasi Kat.
1.
2.
3.
4.
Tabél 3.6
Format Pedoman Analisis Ajén Étnopédagogi (Ajén Moral Kamanusaan) dina Tradisi Mudun Lemah
No. Data Sawangan Hirup Urang Sunda Kat.
MP MPr MM MA MW MLB
1.
2.
3.
4.
Katerangan:
MP : Moral manusa ka Pangéran MPr : Moral manusa ka pribadi
MM : Moral manusa ka manusa séjénna MA : Moral manusa ka alam
MW : Moral manusa ka waktu
MLB : Moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin
Tabél 3.7
Format Pedoman Analisis Kritéria Milih Bahan Ajar
No. Kritéria Milih Bahan Ajar Luyu Teu Luyu 1. Dipilih dumasar kana tujuan
anu rék dihontal
2. Dianggap miboga ajén pikeun kahirupan manusa
3. Dianggap miboga ajén salaku warisan generasi saméméhna 4. Mangpaat pikeun ngawasa
salah sahiji disiplin élmu 5. Saluyu jeung kabutuh sarta
minat siswa
3.5 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan
Sangkan leuwih jelas, lokasi jeung sumber data panalungtikan baris dipedar nyaéta kieu.
3.5.1 Lokasi Panalungtikan
Gambar 3.1 Peta Wilayah
Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan pikeun nyangking data ngeunaan tadisi mudun lemah nyaéta Dusun III Pahajén, RT.01, RW.05, Désa Sumbakeling.
Désa Sumbakeling mangrupa salah sahiji désa anu alamat kantor désana aya di Jl.
Pangéran Kusuma No. 20, RT. 01, RW. 01, Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan, Provinsi Jawa Barat.
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Désa Sumbakeling legana 121.085 Ha. Wates Désa ti beulah kalér téh nyaéta Désa Danalampah, di beulah kidul aya Désa Patalagan, di beulah wétan Désa Cipinang, sarta beulah kulon Désa Pancalang. Sacara administratif, Désa Sumbakeling ngawengku 3 dusun, 5 RW, jeung 11 RT, kalawan jumlah jalma anu aya di Désa Sumbakeling téh 896 urang awéwé, sarta 937 urang lalaki.
Pakasaban masarakat Désa Sumbakeling aya nu jadi patani nyaéta 97 urang, sarta nu jadi buruh tani na aya 128 urang. Salian dina widang tatanén, masarakat Désa Sumbakeling téh aya nu jadi karyawan pausahaan swasta nyaéta 157 urang, PNS aya 14 urang, pensiunan PNS/TNI/POLRI 3 urang, bidan aya 3 urang, perawat aya 3 urang, TNI aya 2 urang, sésana aya anu jadi tukang dagang, peternak, jeung montir.
Agama anu diagem ku masarakat Désa Sumbakeling nyéta 99,99% agama Islam. Ku kituna, ieu Désa dirojong ku fasilitas umum pikeun ibadah saperti masjid nu jumlahna aya 2 jeung musola aya 22.
Désa Sumbakeling miboga sababaraha lembaga pendidikan nyaéta: PAUD (Pendidikan Anak Usia Dini) Nur’aini, TK (Taman Kanak-Kanak) Al-Hidayah, SD Negeri 1 Sumbakeling, MTs Al-Hidayah, MA Al-Hidayah, jeung MD (Madrasah Diniyah) (hasil wawancara Bendahara Désa Sumbakeling, dinten Jumaah, 15 Juli 2022).
3.5.2 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sumber data dina panalungtikan nyaéta ti mana subjék data dicangking, atawa cara anu digunakeun panalungtikan dina milih sumber data minangka objék panalungtikan. Sumber data ngawengku tilu rupa nyaéta: jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
Luyu jeung éta katangtuan, dina ieu panalungtikan sumber data anu digunakeun nyaéta kieu.
1) Jalma, mangrupa informan anu dipilih sacara purposive dumasar tinimbangan anu tangtu kana tujuan panalungtikan. Informan dipilih kalayan tinimbangan dumasar kana kaahlian dina widangna, nyaéta salah sahiji sesepuh anu jembar jeung maham kana kaweruh tradisi mudun lemah. Salian ti éta, pihak Désa Sumbakeling ogé dijadikeun informan pikeun nyangking data ngeunaan
kaayaan umum di Désa Sumbakeling. Kitu deui, data ti sababaraha jalma di Désa Sumbakeling anu ngamumulé jeung ilubiung dina tradisi mudun lemah.
2) Tempat, nyaéta di Dusun III Pahajen RT. 01 RW 05, Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningaan, nu mangrupa tempat lumangsungna tradisi mudun lemah.
3) Dokumén, mangrupa catetan hasil wawancara, hasil poto, rékaman vidéo dina prak-prakan tradisi mudun lemah. Kalayan maksud pikeun ngabantu panalungtik upama aya data anu kaliwat atawa teu kacatet ku panalungtik.
Informan dina ieu panalungtikan ditétélakeun dina ieu tabél.
Tabél 3.8 Data Informan
Data Informan
Wasta : Ono Umur : 62 taun
Pakasaban : RT jeung Patani
Padumukan : Dusun III Pahajén Rt.01 Rw.05 Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan
Wasta : Rahayu Umur : 63 taun Pakasaban : Patani
Padumukan : Dusun III Pahajén Rt.01 Rw.05 Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang
Kabupatén Kuningan
Iip Ropiatul Ulum, 2023
Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
(Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung Étnopédagogi)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Data Informan
Wasta : Usman Umur : 65 taun Pakasaban : Patani
Padumukan : Dusun III Pahajén Rt.01 Rw.05 Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang
Kabupatén Kuningan Wasta : Sana’ah
Umur : 63 taun Pakasaban : Patani
Padumukan : Dusun III Pahajén Rt.01 Rw.05 Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan
Wasta : Dewi Fitriyasari Umur : 37 taun
Pakasaban : Bendahara Désa
Padumukan : Dusun III Pahajén Rt.01 Rw.05 Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang
Kabupatén Kuningan
3.6 Prosedur/Alur Panalungtikan
Prosedur atawa alur ieu panalungtikan bisa digambarkeun saperti kieu.
Bagan 3.2 Prosedur/Alur Panalungtikan
Ngarumuskeun Masalah Nganalisis Struktur
dina Tradisi Mudun Lemah Nganalisis Unsur
Sémiotik dina Tradisi Mudun Lemah
Ngadéskripsikeun larapna hasil panalungtikan kana
pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII
Ngadéskripsikeun Data Analisis Néangan Objék
Panalungtikan
Maca Sumber Panalungtikan
Ngaidéntifikasikeun Masalah
Nganalisis Ajén Étnopédagogi
Napsirkeun Data Nyieun
Kacindekan