• Tidak ada hasil yang ditemukan

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA : Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopédagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA : Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopédagogik."

Copied!
19
0
0

Teks penuh

(1)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI ABSTRAK……… PANGJAJAP……… TAWIS NUHUN………...…………..……….. DAPTAR EUSI………. DAPTAR TABÉL………..……

DAPTAR BAGAN……….

DAFTAR LAMPIRAN ……….

BAB I BUBUKA……….

1.1Kasang Tukang Masalah………

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah……….

1.2.1Watesan Masalah……….

1.2.2Rumusan Masalah ………

1.3Tujuan Panalungtikan………

1.2.1Tujuan Umum ……….

1.2.2Tujuan Husus ………

1.4 Mangpaat Panalungtikan………...

1.2.1Mangpaat Tioritis ………

1.2.2Mangpaat Praktis …….……….

1.5Sistematika Penulisan ….………..…………...

BAB II ULIKAN TIORI…… ………..……….…..

2.1 Ulikan Tiori ……….……….

2.1.1 Kasenian……….. ……….

2.1.2 Tujuan Kasenian ……….………

2.1.3 Kasenian Jawa Barat………

2.1.4 Kasenian Genyé……….……….

2.1.5 Struktural……….………

2.1.6 Konsép dasar Strukturalisme………. i

i v

v

v i i

x i

x i i

x i i i

(2)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.7 Struktur dina Tradisi Lisan………..

2.1.8 Sémiotik……….

2.1.9 Kamekaran Sémiotik……….

2.1.10 Unsur-unsur Sémiotik……… ………

2.1.11 Etnopedagogik……….. ………

2.1.12 Tujuan Etnopedagogik Sunda…..………...

2.2 Panalungtikan Saméméhna……….…

2.3 Raraga Mikir………

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN………

3.1 Desain Panalungtikan……….

3.2 Data jeung Sumber Data…. ……….……….

3.2.1 Lokasi Panalungtikan ……….………..

3.2.2 Pupuan…………..……….

3.2.3 Data Kasenian Genyé (KG) .………

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data………

3.4 Pedoman Panalungtikan ……….

3.4.1 Pedoman Observasi………...………

3.4.2 Pedoman Wawancara ………....

3.4.3 Alat Rekam………

3.5Analisis Data………

BAB IV TIMUAN JEUNG PEDARAN ………..

4.1 Timuan ………

4.1.1Sajarah KG………

4.1.2Struktur KG………

4.1.2.1Runtuyan Kagiatan KG……….

4.1.2.2Latar Tempat Gelarna KG……… .

4.1.2.3Palaku KG………

4.1.2.4Waktu Dilaksanakeunna KG………

(3)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2.6Waditra KG………...

4.1.2.7Pakakas KG………

4.1.3Usur-unsur Semiotik………

4.1.4Ajén-Inajén Étnopédagogik KG………

4.1.4.1Moral Manusa……….

4.1.4.2Catur Diri Insani………

4.1.4.3Gapura Panca Waluya………

4.2 Pedaran….. ……….………

4.2.1Struktur KG ……….. ………

4.2.2Unsur Semiotik KG………

4.2.3Ajén-Inajén Étnopédagogik KG……….

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ……….... 5.1 Kacindekan……… 5.2 Saran………. ………

DAPTAR PUSTAKA……….. 4 7

4 7

5 1

5 3

5 7

5 8

5 9

6 1

6 1

6 3

6 9

7 6

7 6

7 7

(4)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR TABEL

Tabél:

3.1 Pedoman Obsérvasi……….... 29

3.2 Identitas Narasumber……….. 31

3.3 Kisi-kisi Pertanyaan Rumusan Masalah….………. 31

4.1 Pakakas Genyé Badag………. 48

4.2 Pakakas Genyé Leutik……… 48

4.3 Kostum Panari KG………. 49

4.4 Unsur Semiotik dina KG……… 54

4.5 Fisik Genyé……… 54

(5)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR BAGAN

(6)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

[image:6.595.114.491.151.588.2]

DAFTAR GAMBAR

Gambar:

2.1 Objek Kajian Tradisi Lisan Robert Sibarani……….. 14

2.2 Tanda Numutkeun Barthes………. 15

2.3 Proses Sémiosis Umbérto Eco jeung Jacques Derrida…………..…… 16

2.4 Raraga Mikir………..……… 23

3.1 Peta Kabupaten Purwakarta.………. 27

4.1 Pola Lantai 1………. 40

4.2 Pola Lantai 2………. 40

4.3 Pola Lantai 3………. 40

4.4 Pola Lantai 4………. 41

4.5 Pola Lantai 5………. 41

4.6 Pola Lantai 6………. 41

4.7 Pola Lantai 7………. 42

4.8 Pola Lantai 8………. 42

4.9 Pola Lantai 9………. 42

4.10 Pola Lantai 10………...………. 43

4.11 Pola Lantai 11………. 43

4.12 Pola Lantai 12………. 43

4.13 Pola Lantai 13………. 44

4.14 Pola Lantai 14………. 44

4.15 Pola Lantai 15………. 44

4.16 Pola Lantai 16………. 45

4.17 Pola Lantai 17………. 45

4.18 Pola Lantai 18………. 45

4.19 Pola Lantai 19………. 46

4.20 Pola Lantai 20………. 46

4.21 Pola Lantai 21………. 47

(7)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran:

1. Surat Keputusan Pengesahan Judul Tésis

dari Sekolah Pascasarjana UPI Bandung……… 86

2. Surat Permohonan Izin Melakukan Studi Lapangan/Observasi

dari Sekolah Pascasarjana UPI Bandung……… 88

3. Daftar Gambar……… 89

(8)

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

Kamajuan ékonomi, tehnologi, jeung inpormasi geus mawa parobahan kana

tatanan kahirupan budaya, pon kitu deui kana budaya Sunda. Éta parobahan katitén

dina sawatara hal utamana dina interaksi sosial jeung lingkungan hirup masarakat.

Parobahan jaman anu datang ti luar geus mawa pangaruh anu gede boh pangaruh

positip boh pangaruh negatip. Ajén-ajén anu aya dina sawangan hirup urang Sunda saperti “silih asah silih asuh silih asih” jeung dina paribasa Sunda “sareundeuk saigel sabobot sapihanéan” kiwari geus teu dipikawanoh ku barudak ngora, bisa jadi leungit dina kahirupan interaksi sosialna.

Tarikna kamajuan ngabalukarkeun barudak ngora ayeuna sibuk kana gadget

jeung media-media sosial anu dipibanda ku maranéhna. Dampak negatip tina éta

media sosial nyaéta ngajauhkeun nu deukeut jeung ngadeukeutkeun nu jauh.

Sakapeung maranéhna boga babaturan nu sakitu réana dina média sosial tapi teu

wanoh jeung tatanggana, padahal tatangga minangka jalma anu pangdeukeutna di

lingkungan urang salian ti kulawargana.

Ditilik tina aspék lingkungan, kamajuan ekonomi, téhnologi jeung inpormasi

geus méré pangaruh kana robahna pungsi-pungsi alam, saperti sawah jadi perumahan,

leuweung dibabadan dijieun pabrik-pabrik, unggal lembur jalanna dicor, nepi ka

carang manggihan taneuh kosong pikeun nyerep cai hujan. Salian ti éta, ditambahan

ku runtah nu teu dipiceun ka tempatna, anu balukarna mamala di mamana saperti

caah, urug, jeung sajabana anu diakibatkeun ku paripolah teu hade ti manusa dina

ngajaga lingkunganna.

Pamarekan budaya minangka salah sahiji tarekah pikeun ngabebenah

paripolah hirup kumbuh masarakat. Budaya mangrupa hasil jeung sarana manusa dina

nyaluyukeun hirup jeung lingkungan sosialna. Manusa disebut mahluk anu mibanda

budaya lantaran paripolahna dipangaruhan ku budi jeung akalna. Ku kituna, pikeun

ngabédakeun manusa jeung mahluk séjénna bisa dititénan tina paripolahna.

(9)

2

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kabudayaan mangrupa konsép umum tina istilah culture (Inggris), anu sacara leuwih

lega ditétélakeun ku E.B Taylor dina Danandjaja (2002 kc. 6) minangka hiji hal anu

sipatna gembleng anu ngawengku élmu pangaweruh, kapercayaan, kasenian, moral,

hukum, adat istiadat, sarta sagala rupa kamampuh jeung kabiasaan anu dipibanda ku

manusa salaku anggota masarakat.

Kabudayaan bakal hirup sarta mekar saupama aya pangrojong ti masarakatna,

Sabalikna, hiji masarakat moal ajeg saupama teu mibanda kabudayaan. Jadi, antara

kabudayan jeung masarakat téh raket pisan patalina. Koentjaraningrat (2009, kc.165)

nétélakeun tujuh unsur kabudayaan anu ngawengku sistem réligi jeung upacara

kaagamaan, sistem organisasi kamasarakatan, sistem pangaweruh, basa, kasenian,

sistem pakasaban, jeung sistem pakakas.

Kasenian minangka salasahiji unsur kabudayaan anu mangrupa sarana pikeun

ngaéksprésikeun rasa kaéndahan anu aya dina jiwa manusa. Kurdiana (1996, kc. 93)

nétélakeun yén seni sacara basajan bisa dihartikeun mangrupa ébréhan éstétis tina

kabudayaan salaku manipéstasi kréatipitas kahirupan manusa anu raket patalina jeung

kaéndahan lahir batin. Kasenian nu dipibanda di unggal daérah tangtu béda, lantaran

éta kasenian jadi ciri anu has di eta daérah. Heryana (2003, kc. 72) nétélakeun yén

hiji wangun seni bisa ngagambarkeun masarakat tempat éta kasenian diciptakeun.

Paripolah hiji wewengkon kagambar ku cara niténan wangun kasenian anu hirup

jeung mekar di éta wewengkon, anu bisa jadi ngawarnaan jati diri jeung watek

masarakatna.

Salah sahiji wewengkon anu aya di Jawa Barat nyaéta Kabupatén

Purwakarta,mibanda rupa-rupa kasenian, saperti kesenian buncis, domyak, wayang

golek, seni ulin kobongan, jaipong, jeung kesenian Genyé (KG, satuluyna ditulis

singgetanna baé). Salah sahiji kasenian anu keur jadi bahan caturan boh di masarakat

Purwakarta boh di masarakat Jawa Barat anu aya di désa Ciseureuh Purwakarta anu

dimekarkeun ku Sanggar Leuweung nyaéta kasenian Genyé. Minangka hiji wujud

kabudayaan, KG tangtuna mibanda ajén-inajén anu hayang ditepikeun ka para

generasi saterusna anu bakal mekelan dirina ku kearifan budaya lokal

(10)

3

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina rupa-rupa aspék kahirupan. Dina ieu hal, étnopedagogik nilik kana pangaweruh

atawa local wisdom salaku sumber inovasi jeung kaparigelan anu bisa dironjatkeun

pikeun karaharjaan masarakat (Alwasilah spk, 2009 kc.50). Local wisdom nyaéta

prosés kumaha pangaweruh dihasilkeun, dimumulé, dipaké, jeung diwariskeun.

KG mangrupa kasenian wanda anyar dina wangun helaran anu di pidangkeun

dina acara milangkala Kabupatén Purwakarta. Ajén-inajén anu aya dina kasenian

genyé bisa dijadikeun pedoman hirup dimumulé tur dipiara katitén tina maksud

simbol anu aya dina unggal properti anu dipaké, saperti busana anu dipake ku para

penari, waditra anu mirig éta kasenian, igelan para penarina, wanci gelarna éta

kasenian, nepi ka sagala rupa pakakas anu dipaké dina gelarna KG. Pakakas utama

dina éta kasenian nyaéta nyéré anu mangrupa simbol pikeun bebersih tina hal anu

kotor boh sacara lahiriah boh sacara batiniah.

Aya hiji panalungtikan anu maluruh ngeunaan KG nyaéta skripsi beunang

Hilda Maulany (2013) “Kasenian Genyé di Sanggar Leuweung Seni Kabupatén Purwakarta”. Ieu panalungtikan medar perkara kasang tukang dijieuna kasenian genyé nu didéskripsikeunana perkara : wangun raja genyé, prajurit genyé jeung

rakyat genyé. Salian ti éta, aya hiji panalungtikan kana kasenian helaran anu sarupa

jeung KG medar perkara ulikan sémiotik jeung étnopedagogik. Judil panalungtikanna “Ajén Kaarifan Lokal Kasenian Sisingaan di Desa Ciasem Baru Kacamatan Ciasem Kabupatén Subang pikeun Mekarkeun Atikan Karakter (Ulikan Sémiotik-Étnopedagogik)” Tésis beunang Ayu Wahyuni (2012) medar perkara ajén budaya lokal pikeun mekarkeun atikan karakter ngaliwatan ulikan sémiotik jeung

étnopedagogik.

Kalayan nilik kana éta tinimbangan, panalungtik boga karep pikeun nganalisis

ajén-inajén étnopedagogik sarta medar KG dina ulikan struktural sémiotik. Ku

lantaran kitu, ieu panalungtikan téh dibéré judul “Kasenian Genyé di Kabupatén Purwakarta Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopedagogik”. Bédana panalungtikan anu baris dipigawé jeung panalungtikan anu geus aya nyaéta dina

(11)

4

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan museur kana masalah anu baris ditalungtik, ieu tésis téh diwatesanan

kana perkara kasenian anu hirup di masarakat, bahasan utama dina ieu panalungtikan

nyaéta perkara struktur, tuluy maluruh simbol-simbol atawa unsur Sémiotik anu aya

dina KG. Sangges kitu, panalungtik medar ngeunaan ajén-inajén étnopedagogik anu

nyangkaruk dina Kasenian genyé di Kabupatén Purwakarta dumasar kana hasil ulikan

struktural sémiotik.

Dumasar kana watesan masalah, rumusan ieu panalungtikan dina kalimah

pananya.

a) Kumaha Sajarah KG di Kabupatén Purwakarta?

b) Kumaha struktur KG di Kabupatén Purwakarta?

c) Unsur sémiotik naon waé anu aya dina KG di Kabupatén Purwakarta?

d) Ajén-inajen étnopedagogik naon anu aya dina KG di Kabupatén Purwakarta?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta sangkan KG di Kabupatén

Purwakarta dipikawanoh ku masarakat, jeung masarakat wanoh kana ajén-inajén anu

aya dina éta kasenian.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun mikanyaho tur

ngadéskripsikeun opat hal, nyaéta:

a. Sajarah KG di Kabupatén Purwakarta.

b. Struktur KG di Kabupatén Purwakarta.

c. Unsur sémiotik dina KG di Kabupatén Purwakarta.

(12)

5

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat

praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngabeungharan

pangaweruh perkara ulikan budaya Sunda, utamana dina wengkuan tiori-tiori

struktural sémiotik jeung kajian étnopedagogi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan téh dipiharep aya mangpaatna pikeun:

a. pikeun panalungtik, sangkan nambahan kajembaran ngeunaan ajén

étnopedagogik, stuktur jeung sémiotik dina KG di Kabupatén Purwakarta;

b. pikeun nu maca, ku ayana ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh dina hal

budaya, sarta dipiharep bisa nambahan pangaweruh jeung motivasi pikeun

ngarojong dina usaha ngamumulé kabudayaan/tradisi Sunda;

c. pikeun masarakat dipiharep bisa nambahan kareueus jeung bisa ngamumulé kana

budaya.

1.5 Sistematika Tulisan

Sistematika ieu Tésis dipidangkeun dina lima bab, nyaéta:

a. Bab I Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung

sistematika tulisan.

b. Bab II Ulikan Tiori, anu ngawengku tiori anu baris dipaké dina nganalisis KG,

tiori anu baris di pedar nyaéta (1) struktur; (2) sémiotik; (3) ajén-inajén

étnopedagogik.

c. Bab III Metode Panalungtikan, anu eusina medar sumber data, desain

panalungtikan, metode panalungtikan, wangenan operasional, instrument

panalungtikan, teknik panalungtikan, teknik ngumpulkeun data, prosedur

(13)

6

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Bab IV Analisis jeung deskripsi, struktur, unsur sémiotik, jeung analisis jeung

déskripsi ajén étnopedagogik dina KG di Kabupatén Purwakarta anu eusina

medar prilaku nyunda tri-silas, catur diri insan, panca rawayan (gapura panca

waluya) jeung moral kamanusaan.

e. Bab V Kacindekan jeung Saran, eusina ngawengku kacindekan panalungtikan

(14)

76

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

KG mangrupa kasenian kréasi anyar anu diciptakeun ku para seniman

Purwakarta. Diciptakeunna ieu kasenian ku lantaran kacida pentingna aya hiji

kasenian has Purwakarta jeung jadi kareueus Kabupatén Purwakarta. Ieu

panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngadéskripsikeun struktur, unsur sémiotik,

jeung ajén-inajén étnopédagogik dina KG di Kabupatén Purwakarta.

Struktur anu ngawagun éta kasenian, nyaéta runtuyan kagiatan KG, anu

mibanda tilu tahap nyaéta, tahap tatahar, tahap inti, jeung panutup. Latar tempat KG,

nyaéta tempat anu lega diluar rohangan. Palaku KG, nyaéta nyaéta tokoh pandita, nu

mawa umbul-umbul, panari prajurit genyé, panari nyéré/rakyat genyé, panari pencak

silat, panari raja genyé, jeung panari belok. Waktu dilaksanakeunana, biasana KG

dipintonkeun dina acara Milangkala Kabupatén Purwakarta, féstival, jeung kirab

budaya. Koréografi, anu dipaénkeun dina KG nyaéta jaipong, pencak silat, jeung

tarian panari belok. Dina mintonna KG mibanda 21 pola lantai. Waditra, anu dipaké

dina KG nyaéta kendang badag, kendang leutik, tarompét, bedug, genjring, senér,

jeung goong. Pamungkas nyaéta pakakas jeung kostum, pakakas anu dipaké dina

ngawangun badawang genyé nyaéta sapu nyéré, sapu songkét, ayakan, tampir, awi,

jeung daun bumbuay.

Cara maénkeun genýe leutik ku cara di gandong ku panari genyé leutik,

lamun genyé badag di gotong ku sababaraha jalma. wangun pertunjukannana nyaéta

helaran anu saacanna mintonkeun tarian anu ngawangun sababaraha pola lantai dina

tempat anu lega. Tapi teu nutup kamungkinan pikeun digelar di jero rohangan.

Jumlah panari pamayang dina KG teu kawatesanan, tapi gumantung kana kabutuhan

pintonan. Jumlah panari pamayang dina mintonkeun genyé antara 50-100 pamaén.

(15)

77

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Unsur sémiotik anu nyampak dina KG ngawengku tilu unsur sémiotik

numutkeun tiori Peirce nyaéta ikon, indéks, jeung simbol. Dina KG unsur ikon anu

kapanggih nyaéta tina kostum panari belok jeung dina tarian belok. Ieu unsur asup

kana ikon lantaran ieu kasénian hayang ngawanohkeun yén Purwakarta boga

wewengkon tempat nyieun pakakas tina taneuh lio. Laju anu kaasup kana indéks dina

KG aya dua unsur, nyaéta kostum panari umbul, jeung dina tarian

umbul-umbul. Sacara pungsi umbul-umbul nandaan ayana hiji kariaan di hiji tempat, ku

lantaran kitu ieu unsure kaasup kana indéks. Pamungkas nyaéta simbol, aya 26

simbol anu nyampak dina KG, eta simbol mibanda harti pikeun manusa beberesih

tina kokotor boh lahir boh batin.

Ajén-inajén étnopédagogik kapanggih dina anu nyampak dina KG nyaéta

ngeunaan sadrasa (moral manusa ka pangéran, moral manusa ka dirina, moral manusa

ka manusa, moral manusa ka alam, moral manusa ka waktu, jeung moral manusa dina

ngahontal kasugemaan lahir batin). Catur diri insani ieu mangrupa sikep manusa anu

ditandaan ku luhung élmuna, pengkuh agamana, jembar budayana, jeung rancagé

gawéna. Gapura pancawaluya nyaéta manusa anu mibanda moral atikan jeung

pangajaran. Gapura Pancawaluya nyaéta ditandaan ku sikep manusa anu cageur,

bageur, bener, pinter, jeung pinter. ieu ajén-inajén katitén dina simbol-simbol anu

dimaknaan ku para seniman pikeun ngelingan masarakat dina raraga beberesih, boh

lahir boh batin.

5.2 Saran

Panalungtika ieu dipiharep bisa ngeuyeuban kajembaran tradisi jeung

kasenian di Tatar Sunda sarta bisa nambahan pangaweruh di dunya atikan pikeun

mekarkeun ajén-inajén atikan dumasar kana étnopédagogik boh pikeun murid sakola

boh masarakat sacara umum.

a. Lembaga Atikan

Lembaga atikan dipiharep maké hasil panalungtikan ieu mekarkeun ajen-inajén

(16)

78

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

guru sangkan diaprésiasi ku muridna. Ku kituna perlu pangrojong ti lembaga

pikeun mekarkeunana.

b. Guru

Guru dipiharep maké hasil panaungtikan ieu pikeun media pangajaran, tujuanna

ambeh siswa mikawanoh kana kasenian daérahna, kana budayana jeung

nimbulkeun kareueus ka daérah asalna.

c. Siswa

Siswa dipiharep leuwih mikawanoh kana pangaweruh ngeunaan kasénian

daérahna. Salian ti éta, hasil panalungtikan ieu méré inpormasi ngeunaan atikan

moral tina sadrasa, catur diri insani, jeung gapura pancawaluya, nyaéta pikeun

ngawangun karakter barudak anu masagi.

d. Masarakat

Masarakat mikawanoh ajén-inajén anu luhung pikeun kahirupanna dina ngajaga

tur ngariksa alam sabudeureunana. Ngajaga tina hal-hal goreng anu muncul ti diri

manusa, nyaéta mangrupa kokotor lahir jeung batin. Ngariksa kana diri manusa

salaku mahluk sosial, mahluk religius, jeung mahluk individu. Ajén-inajén anu

nyangkaruk nyaéta ngeunaan bebersih jeung gawé bareng diantara masarakatna di

(17)

79

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A.Ch dkk. 2009. Etnopedagogi (Landasan Praktek Pendidikan Dan

Pendidikan Guru). Bandung: Kiblat

Ayatrohaedi .1986. Kepribadian Budaya Bangsa (Local Genius). Jakarta: Pustaka

jaya

Budiman, K. 2011. Semiotika Visual, Konsep, Isu, dan Problem Ikonisitas.

Yogyakarta: Jalasutra

Budiman, K. 2005. Ikonisitas: Semiotika Sastra dan Seni Visual. Yogyakarta:

buku baik

Danandjaja. J. 2002. Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti

Danadibrata., R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama

Ekadjati, S.E. 1991. Kebudayaan Sunda. Jakarta: Yayasan Pembangunan

JawaBarat

Heryana, A. 2009. Kajian Sosial Budaya Seni Pertunjukan Masres Kota

Cirebon-Jawa Barat. Bandung: Badan pelestarian sejarah dan nilai tradisional

DEPBUDPAR

Isnendes. R. 2013. Tradisi Ngalaksa di Kecamatan Rancakalong Kabupatén

Sumedang. Desertasi UPI (tidak diterbitkan)

Koentjaraningrat. 1990. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta; PT

Gramedia Pustaka Utama

Koentjaraningrat. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta

Koswara, D. 2013. Racikan Sastra (diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia

Kurdiana, R. 1996. Ilmu Budaya Sunda. Bandung: Universitas Pasundan

(18)

80

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Luxemburg, J.V. 1992. Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: PT. Gramedia

Maulany, H. 2013. Kesenian Genyé di Kabupaten Purwakarta. Skripsi UPI (tidak

diterbitkan)

Nurharismana, S. 2012. Karinding Kawung (Kajian Hérmeneutik Kana Seni

Tradisional Di Cinéam). Tesis –UPI (tidak diterbitkan)

Pradopo, R.D. 1995. Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan Penerapannya.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Pudentia. 2008. Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan

Putra, H.S.A . 2001. Srtukturalisme Levi-Strauss: Mitos dan Karya Sastra.

Yogyakarta: Galang Press

Ratna, Ny.K. 2011. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta:

pustaka Pelajar

Rosidi, A. 2009. Manusia Sunda. Bandung: Kiblat

Samani, M.H. 2013. Pendidikan Karakter. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya

Santosa, P. 2013. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:

Angkasa

Sibarani, R. 2010. Kerifan Lokal, Hakikat, Peran, dan Metode Tradisi Lisan.

Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL)

Sobur A. 2009. Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya

Sucipto, T. 2006. Kesenian Sisingaan di Kabupaten Subang. Bandung: Badan

pelestarian sejarah dan nilai tradisional DEPBUDPAR

Sucipto, M.C. 2014. Kesenian Genye, Kearifan Lokal Masyarakat Purwakarta.

Bali: Pascasarjana IHDN (Artikel Lokakarya Bahasa dan Budaya dalam

Membangun Karakter Bangsa kerjasama Pendidikan Bahasa dan Budaya

Sunda Pascasarjana UPI Bandung dengan Program Magister Sastra Agama

(19)

81

Moch Cahyo Sucipto, 2015

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sudaryat, Y. 2015. Wawasan Kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah UPI Bandung

Sugiyono. 2011. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta

Sugiyono. 2013. Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung:

Alfabeta

Suryalaga, H. 2009. Kasundaan (Rawayan Jati). Bandung: Yayasan Nur Hidayah

Teeuw, A. 2003. Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya

Tirmizi, P. 2012. Seni Pertunjukan Indonesia Di Era Globalisasi. Yogyakarta:

Gajah Mada University Press

Universitas Pendidikan Indonesia. 2014. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitas Pendidikan Indonesia 2014. Bandung: Universitas Pendidikan

Indonesia

Wahyuni. A. 2014. Ajén Kearifan Budaya Local Kasenian Sisingaan Di Desa

Ciasem Baru Kecamatan Ciasem Kabupaten Subang Pikeun Mekarkeun

Atikan Karakter (Ulikan Semiotik-Etnopedagogik). Tesis UPI (tidak

Gambar

Gambar:  2.1  Objek Kajian Tradisi Lisan Robert Sibarani…………………………..   14

Referensi

Dokumen terkait

Dalam kuesioner ini tidak ada jawaban atau penilaian yang benar atau salah, semua data yang Bapak/Ibu/Saudara/Saudari berikan akan kami rahasiakan dan hanya

Demo images and fonts used in our preview files: Graphic elements: flaticon.com/packs/font-awesome subtlepatterns.com iconsmind.com Images: flickr.com/photos/astragony unsplash.com

Analisis Vegetasi Tumbuhan Bawah Pada Tiga Tipe Komunitas Kebun (Studi Kasus: Kebun Kopi, Kebun Kakao dan Agroforestri di Desa Telagah, Kabupaten Langkat, Sumatera

This testing should be performed on the constituted or diluted product through the proposed in-use period on primary batches as part of the formal stability studies at initial

Field

The 2010 LPI also provides a snapshot of selected performance indicators in nearly 130 countries, including expanded information on the time, cost, and reliability of import

Penggunaan larutan GOl back-slopping ke 1 (satu) dan ke 2 (dua) dengan penambahan GDl kembali dalam pembuatan "Quick Tempe " pada skala industri rumah tangga

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kemampuan pemahaman, komunikasi serta kemandirian belajar siswa yang masih rendah. Dari berbagai literatur kajian pustaka dan penelitian