• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

3.7 Pamarekan Panalungtikan

Pamarekan nya éta salasahiji tatapakan anu digunakeun dina prakna ngaapresiasi hiji karya sastra (Aminudin, 2002:94). Dina panalungtikan sastra aya opat pamarekan anu diébréhkeun ku Abrams (Semi, 1989:43), nya éta pamarekan objéktip, mimétik, éksprésip, jeung pragmatik. Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan objéktip. Ieu pamarekan diwatesanan ku cara nelaah kana karya sastrana. Hal anu aya di saluareun karya sastrana, teu jadi bahan tinimbangan. Ku kituna, ieu pamarekan leuwih jero nalaah sastra tina unsur instrinsikna anu ngawangun hiji karya sastra.

118

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sastra Sunda, dumasar kana waktu gelarna dibagi kana dua rupa, nya éta sastra Sunda buhun (klasik) jeung sastra Sunda modérn. Genre sastra Sunda buhun aya carita pantun, wawacan, guguritan, mantra, sisindiran, jeung kakawihan. Genre sastra modérn aya sajak, novel, carpon, jeung drama. Nilik kana wangunna, karya sastra dibagi kana tilu wangun, nya éta puisi, prosa, jeung drama.

Salasahiji genre drama Sunda nya éta longsér. Dina alam harita longsér mangrupa alat hiburan pikeun masarakat, tapi kadieukeun mah longsér téh geus jarang kasebut deui. Pangna genre longsér melempem, lantaran carita-carita longsér anu dipintonkeun ti baheula geus teu saluyu deui jeung pangabutuh jaman ayeuna, ku sabab hésé néangan naskah longsér. Dina mimiti ayana longsér, biasana dialog téh ditambul kitu baé, tapi ka jaman béh dieukeun mah longsér téh geus maraké naskah.

Dina ieu panalungtikan strukrural-sémiotik naskah longsér “Mad Toing”,

jeung “Tiodédad” masalah anu dipedarna nya éta struktur drama anu ngawengku,

téma, fakta carita (tokoh, setting, alur), sarana carita (puseur implengan, gaya basa), unsur drama (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawacang/side text, solilokui, aside, epilog). Jeung ma’na (ikon, indéks jeung simbol) anu nyangkaruk dina naskah longsér anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan tiori-tiori anu nyoko kana garapan, sedengkeun hasilna dijadikeun salasahiji alternatif pikeun pangajaran drama di SMA/MA/SMK.

Hasil analisis naskah “Mad Toing” nya éta: Téma anu kapanggih nya éta

téma kamanusaan anu leuwih museur kana pasualan moral manusa dina nyanghareupan kahirupan; alur dina ieu naskah nya éta alur mérélé; tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah aya 11 palaku, anu kabagi jadi 1 palaku utama jeung 10

119

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

palaku tambahan; latar anu kapanggih dina ieu naskah drama aya 10, kabagi kana 3 kritéria: latar sosial aya 6 (60%), latar géografis aya 3 (30%), jeung latar waktu aya 1 (10%), hartina dina ieu naskah lolobana latar sosial anu nandakeun aya patali antara kahirupan sosial hiji masarakat di hiji tempat, mangrupa kabiasaan hirup, adat istiadat, tradisi, kayakinan, sawangan hirup, cara mikir, sikep jeung nu lianna anu kaasup latar spiritual.; tina ieu naskah longsér pangarang ngagunakeun puseur implengan persona kahiji, first person, gaya kuring; tina ieu naskah drama ogé kapanggih aya 10 gaya basa anu kabagi jadi sababaraha kritéria, nya éta gaya basa simile aya 2 (20%), gaya basa hiperbola aya 4 (40%), gaya basa ironi aya 3 (30%), jeung gaya basa eponym aya 1 (10%), hartina hartina dina ieu naskah lolobana diwangun ku paguneman anu ngandung sindir, nipu jeung pura-pura, saperti anu dilakukeun ku tokoh Mad Toing.

Unsur-unsur drama dina naskah “Mad Toing” dicindekkeun saperti kieu; kapanggih prolog anu pisan ngagambarkeun palaku, tempat kajadian, jeung gambaran awal lumangsungna carita; dialog dina ieu naskah drama aya 137 anu diucapkeun ku sakabéh palaku; ieu naskah teu kapaluruh ayana babak; adegan dina ieu naskah aya 10 anu kabagi kana adegan beurat/hésé aya dina adegan 8, adegan badéga/jongos aya dina adegan 1, 2, adegan leutik aya dina adegan 3, adegan kacau aya dina adegan 6, 7, adegan ngiket/suspénsé aya dina adegan 9, adegan hampang/hiburan aya dina adegan 4, adegan terbuka aya dina adegan 5 jeung adegan wajib aya dina adegan 10; wawancang kapanggih aya 24; teu kapanggih ayana solilokui, aside, jeung épilog.

Ieu naskah anu judulna “Mad Toing” miboga unsur sémiotik anu kaasup

kana Indéks. Mad Toing asalna tina kecap Mutahir anu ngagambarkeun kaayaan jaman harita. Mimitina mah kelompok anu ngamén méré judul carita anu

dipintonkeunna “Mad Tohir” tina kecap “Mutahir”, saterusna kecap éta

dimangpaatkeun ku tokoh anu ngaranna “Mad Toing” dipaké nipu sangkan

meunangkeun kauntungan. Tanda ikon anu kapaluruh aya 7 anu kabagi jadi 3 kritéria, nya éta ikon imagi aya 8 (85,71%), ikon diagramatis 0, jeung ikon métafora aya 1 (14,28%), hartina dina ieu naskah lolobana diwangun ku hal-hal

120

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; tanda indéks aya 21 anu kabagi kana 4 kritéria, nya éta Indéks Kalakuan aya 13 (61,9%), Indéks Gerak-gerik aya 3 (15%), Indéks Gejala fisik aya 3 (15%), Indéks Aktualisasi aya 2 (10%), Jadi dina ieu naskah leuwih loba indéks kalakuanna tibatan indéks nu séjén. Hartina paguneman-paguneman anu nyampak leuwih ngagambarkeun kaayaan anu ngawangun caritana; sedengkeun ikon simbol aya 11 jenis.

Hasil analisis tina naskah “Tiodédad” nya éta; tema anu kapanggih

mangrupa téma kamanusaan anu nyaritakeun kana luhungna martabat manusa; alur dina ieu naskah nya éta alur mérélé; tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah aya 13 palaku, anu kabagi jadi 1 palaku utama jeung 12 palaku tambahan; latar anu kapanggih dina ieu naskah drama aya 30, kabagi kana 3 kritéria: latar sosial aya 12 (40%), latar géografis aya 17 (56,6%), jeung latar waktu aya 1 (3,3%). Jadi

dina ieu naskah anu judulna “Tiodédad” leuwih loba latar géografisna tibatan latar

sosial jeung latar waktu. hartina loba anu nuduhkeun tempat jeung gaganti tempat; tina ieu naskah longsér pangarang ngagunakeun puseur implengan persona kahiji, first person, gaya kuring; tina ieu naskah drama ogé kapanggih aya 20 gaya basa anu kabagi jadi sababaraha kritéria, nya éta gaya basa alegori aya 3 (15%), gaya basa hiperbola aya 5 (25%), gaya basa ironi aya 2 (10%), gaya basa litotés aya 2 (10%), gaya basa simile aya 3(15%), gaya basa épitét aya 4 (20%), gaya basa personifikasi aya 1 (5%) jeung gaya basa métafora aya 1 (5%), Gaya basa anu kapaluruh dina ieu naskah hampir sarua jumlahna, tapi gaya basa epitet anu panglobana. Hartina dina ieu naskah loba acuan anu nétélakeun sipat atawa ciri nu husus ti salasaurang atawa sagala hal.

Analisis unsur-unsur drama dina naskah “Tiodédad” nya éta: Kapanggih prolog anu ngagambarkeun pisan palaku, jeung kabiasaanna; dialog dina ieu naskah drama aya 207 anu diucapkeun ku sakabéh palaku; ieu naskah diwangun ku sababak; adegan dina ieu naskah aya 4 anu kabagi kana; Adegan 1 kaasupna kana adegan hampang, adegan 2 kaasup kana adegan ngiket/suspense, adegan 3 kaasup kana adegan kacau, jeung adegan 4 kaasup kana adegan terbuka;

121

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

wawancang kapanggih aya 38; teu kapanggih ayana solilokui; aside anu kapanggih dina ieu naskah aya 1, dina ieu naskah ngandung epilog anu nunjukeun kumaha ahur caritana.

Dina ieu naskah anu judulna “Tiodédad” miboga unsur sémiotik kaasup

kana indéks. Tiodédad asalna tina Tisolédat, ku sabab Bapa Baplang ngomongna di cadél-cadél rubah jadi “Tiodédad” .Anu kaasup ikon aya 10 anu kabadi jadi 3 kritéria, nya éta ikon imagi aya 10 (100%), ikon diagramatis 0, jeung ikon métafora aya 0, Jadi ieu naskah diwangun ku ikon imagi anu hartina sacara langsung miboga sipat ikonis anu nampilkeun kualitas-kualitas husus saperti mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; sedengkeun tanda indéks aya 29 anu kabagi kana 4 kritéria, nya éta indéks kalakuan aya 17 (58,62%), indéks gejala alam aya 1 (3,44%), indéks fisik aya 4 (13,79%), indéks aktualisasi aya 7 (24,13%). Jadi ieu naskah diwangun ku ikon imagi anu hartina sacara langsung miboga sipat ikonis anu nampilkeun kualitas-kualitas husus saperti mampuh nunjukeun sasaruaan citrawi jeung objék nu diacuna; ikon simbol aya 11 jenis.

5.2 Saran

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Pikeun Guru

Dina ngajarkeun pangajaran drama panalungtikan ieu bisa dijadikeun cecekelan sangkan guru leuwih teleb dina merhatikeun stratégi jeung léngkah-léngkah pangajaran, saperti: ngawanohkeun, interprétasi, jeung tahap rékréasi. 2) Pikeun Panalungtik

Perlu pisan diayakeun panalungtikan kana karya séjénna pikeun ngajembaran pangaweruh jeung nambahan bahan ajar.

3) Pikeun Bahan Pangajaran

Dipiharep panalungtikan ieu cocog dijadikeun bahan ajar dina pangajaran drama di SMA/MA/SMK.

122

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2002. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung. Sinar Baru. Algensindo.

Arikunto, Suharsimi. 1996. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta

---. 2006. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Asmara, Adhi. 1983. Apresiasi Drama. Yogyakarta: Nur Cahaya.

Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas: Semiotika Sastra dan Seni Visual. Yogyakarta: Buku Baik

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda.

Departemen Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Durachman, Yoyo C. 2009. Teater Tradisional & Teater Baru. Bandung: STSI Press.

Erneste, Pamusuk. 1994. Leksikon Kesusastraan Indonesia Modern. Jakarta: Djambatan

Esten, Mursal. 1978. Kesusastraan Pengantar Teori & Sejarah. Bandung. Angkasa.

Faturohman, Taufik, dkk. 2007. Pamager Basa XI. Bandung: Geger Sunten

Hadish, Yety Kusmiati, dkk. 1994. Laporan Penelitian Drama dan Pengajarannya di Perguruan Tinggi. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Hasanudin, W.S 1996. Drama: Karya dalam Dua Diménsi. Bandung: Angkasa. Hidayat, Heri. 1997. Perbandingan Pergelaran Longser Panca Warna dengan

Juag Toed, Nyiar Gawe, dan Kuncrut. Bandung: Skripsi STSI Bandung. Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra

123

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Kosasih, Dede. 2010. Santika Basa. Bandung: Kingkilaban Kosasih Engkos. 2008. Kandaga Basa 2. Bandung: Yudhistira

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra: Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda (Diktat). Bandung. JPBD FPBS UPI.

Luxemburg, J. V, dkk. 1992. Pengantar Ilmu Sastra (Terjemahan Dick Hartoko). Jakarta: Gramedia.

Nurgiyantoro, Burhan. 2002. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Permadi, R Yudi. 2011. Telaah Semiotis Naskah Drama Putu Wijaya sebagai Alternatif Bahan Ajar dalam Pembelajaran Drama di Perguruan Tinggi (LPT) Jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia. Bandung: Tesis UPI Bandung. Pradopo, Rahmat Joko. 2010. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik dan

Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Offset.

Rohimakumullah, Sanjani. 2012. Analisis Naskah Drama Meredong Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Yudistira ANM Massardi: Ulikan Semiotik. Bandung: Skripsi UPI Bandung.

Ratna, Nyoman Kutha. 2011. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Riffandi, Nandi. 2010. Interkulturalisme Teater Modern Indonesia. Bandung: Kelir.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Semiotik dan Pengkajian Sastra. Bandung: Angkasa.

Santosa, Sandi Setiawan. 2010. Kajian Sémiotik dina Naskah Drama “Jeblog” Karya Nazarudin Azhar. Bandung: Skripsi UPI Bandung.

Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Sudaryat, Yayat. 2006. Waruga Basa. Bandung: C. V Karya IPTEK Sudaryat, Yayat. 2009. Makna Dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya.

124

Arif Firmansyah, 2013

Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. 1991. Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob dan Saini K. M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Sumardjo, Jakob. 1997. Perkembangan Teater dan Drama Indonesia. Bandung: STSI

Suryalaga, Hidayat. Kumpulan Naskah Drama. Tidak Diterbitkan.

Tamsyah, Budi Rahayu, spk. 1996. Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, Henry Guntur. 1986. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa Teeuw, A. 1982. Khazanah Sastra Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka

---. 1991. Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Waluyo, Herman J.1987. Pengkajian Cerita Fiksi. Surakarta: Sebelas Maret University Press

Wellek, Rene dan Austin Warren. 1956. Theory of Literature “Teori Kesustraan” (terjemahan dalam Bahasa Indonesia oleh Melani Budianta). Jakarta: Sumber Agung.

W. S, Hasanuddin. 1996. Drama Karya dalam Dua Dimensi, Kajian Teori, Sejarah, dan Analisis. Bandung: Angkasa.

Zeelani. Blogspot.com /2003/03. Pengertian-buku-buku-teks-menurut-beberapa. htm

Zoest, Aart Van. 1991. Fiksi dan Non Fiksi dalam Kajian Semiotik. Jakarta: Intermasa.

Dokumen terkait