• Tidak ada hasil yang ditemukan

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA

DI SMA KELAS XII (Ulikan Sémiotik)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Wini Widiastuti

1000387

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA

DI SMA KELAS XII (Ulikan Sémiotik)

Oleh Wini Widiastuti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Asaretkha Adjane 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA

DI SMA KELAS XII (Ulikan Sémiotik) 1)

Wini Widiastuti 2)

ABSTRAK

Skripsi ini menjelaskan salah satu upacara ritual (zaman dahulu) yaitu tradisi ngaruat lembur dengan maksud untuk meminta keselamatan kepada Tuhan, yang dilaksanakan di setiap bulan Muharam, di Kabupatén Subang Jawa Barat. Tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan: (1) keadaan unsur budaya masyarakat Désa Tanjungsiang; (2) sejarah tradisi ngaruat lembur; (3) pelaksanaan tradisi ngaruat lembur; (4) analisis unsur sémiotik yang terdapat di dalam tradisi tersebut; dan (5) implikasi hasil penelitian terhadap bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA Kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif-kualitatif, dengan menggunakan teknik studi pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah pedoman wawancara, format observasi, handphone, dan kaméra. Hasil yang diperoleh dari penelitian ini adalah: berpedoman kepada unsur budaya yang ada, masyarakat Désa Tanjungsiang bisa dikatakan sebagai masyarakat yang kaya akan kebudayaan. Sejarah tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang berkaitan erat dengan sesepuh-sesepuh dahulu yang membangun desa tersebut, serta berkaitan dengan penyebaran agama Islam di zaman dahulu. Tradisi ngaruat lembur dilaksanakan dengan cara berkumpul untuk berdoa bersama dan meminta keselamatan kepada Tuhan. Terdapat 37 unsur semiotik yang ditemukan di dalam tradisi ngaruat

lembur, yaitu terdiri dari 5 ikon, 11 indeks, dan 21 simbol, baik dalam

pelaksanaannya maupun dalam sasajén dan alat kesenian yang digunakannya. Sebagai acuan dalam melestarikan tradisi, penelitian ini dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA Kelas XII. Saran yang ditujukan kepada Disbudpar Kabupatén Subang beserta masarakat Subang khususnya, agar tetap bisa melestarikan tradisi yang ada di masyarakat.

Kata kunci: tradisi ngaruat lembur, bahan pembelajaran membaca artikel budaya, dan semiotika

(5)

ii

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia Angkatan 2010.

NGARUAT LEMBUR TRADITIONIN THE TANJUNGSIANG VILLAGE

SUB DISTRICT OF TANJUNGSIANG SUBANG REGENCY AS A MATERIALS LEARNINGOF READING CULTURE ARTICLES

IN HIGH SCHOOL CLASS XII (Semiotic Study)1)

Wini Widiastuti 2)

ABSTRACT

This minithesis describes one ritual (long time ago) that is the ngaruat

lembur tradition with intent to request for salvation to God, which was held in

every month of Muharram, in Subang regency, West Java. The purpose of this research were described: (1) the state of cultural elements of the Tanjungsiang village; (2) the history of ngaruat lembur tradition; (3) the implementation of

ngaruat lembur tradition; (4) analysis of semiotic elements contained in that

tradition; (5) and implications the results of a study to the material learning of reading culture article in high School Class XII. The method used in this research was descriptive-qualitative method, by using the techniques of literature, observation, interviews, and documentation. The instruments used in this study were interview guides, observation formats, mobile phone, and camera. The results obtained from this study were: adhere to the existing cultural elements, Tanjungsiang village community can be regarded as a society with rich cultures. The history of ngaruat lembur in the Tanjungsiang village closely related to the first elders who built the village, as well as related to the spread of Islam in the past. Ngaruat lembur tradition implemented by gathering together prayed to God and asked for salvation. There were 37 semiotic elements found in the ngaruat

lembur tradition, which consists of 5 icons, 11 index, and 21 symbols, both in

practice and in sasajén and art tools which is used. As a reference in preserving tradition, this study used as an alternative material learning of reading culture article in High School Class XII.Advice addressed to Disbudpar Subang Regency and especially to the community of Subang that can still preserve the traditions that exist in society.

Keywords: ngaruat lembur tradition, material culture of learning to read the article, and semiotics

(6)

1) This minithesis under the guidance of Drs. Dede Kosasih, M.Si. dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

(7)

V

DAPTAR EUSI

ABSTRAK... i

PANGJAJAP... ii

TAWIS NUHUN... iii

DAPTAR EUSI... v

DAPTAR TABÉL... ix

DAPTAR GAMBAR... x

DAPTAR BAGAN... xii

DAPTAR LAMPIRAN... xiii

BAB I BUBUKA... 1

1.1 Kasang Tukang... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah... 4

1.2.2 Rumusan Masalah... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1 Tujuan Umum... 5

1.3.2 Tujuan Husus... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan... 5

1.4.1 Mangpaat Téoritis... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis... 6

1.5 5 Rangkay Tulisan... 6

BAB II TRADISI, SÉMIOTIKA, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA... 7

2.1 Tradisi... 7

2.1.1 Tradisi dina Kabudayaan... 7

2.1.2 Wangenan Tradisi... 9

2.1.3 Wanda sarta Komponén-komponén dina Upacara Tradisi... 10

2.1.4 Fungsi Upacara Tradisi... 11

(8)

2.1.6 Tradisi Ngaruat... 13

2.1.6.1 Wangenan Tradisi Ngaruat... 13

2.1.6.2 Hal-hal anu Kudu Diruat... 15

2.2 Sémiotika... 16

2.2.1 Wangenan Sémiotika... 17

2.2.2 Kamekaran Sémiotika... 18

2.2.3 Komponén Dasar Sémiotika... 19

2.2.4 Téori Sémiotika Nurutkeun Charles Sanders Peirce... 21

2.3 Bahan Pangajaran Maca... 22

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran... 22

2.3.2 Kritéria Milih Matéri/Bahan Pangajaran... 23

2.3.3 Pangajaran Maca... 24

2.3.3.1 Wangenan Maca... 24

2.3.3.2 Pangajaran Maca dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda... 25

2.3.4 Artikel Bahasan... 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 29

3.1 Lokasi Panalungtikan... 29

3.1.1 Lokasi Géografis... 29

3.1.2 Sumber Data... 31

3.2 Désain Panalungtikan... 32

3.3 Métode Panalungtikan... 33

3.4 Wangenan Operasional... 34

3.5 Instrumén Panalungtikan... 35

3.6 Téhnik Panalungtikan... 38

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data... 38

3.6.2 Téhnik Ngolah Data... 39

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan... 39 BAB IV UNSUR SÉMIOTIK DINA TRADISI NGARUAT LEMBUR

(9)

vii

MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII... 41

4.1 Unsur-unsur Budaya Masarakat Désa Tanjungsiang... 41

4.1.1 Sistem Réligi jeung Upacara Kaagamaan... 41

4.1.2 Sistem jeung Organisasi Kamasarakatan... 42

4.1.3 Sistem Pangaweruh... 43

4.1.4 Basa... 44

4.1.5 Kasenian... 44

4.1.6 Pakasaban... 44

4.1.7 Sistem Téhnologi jeung Pakakas Hirup... 45

4.2 Sajarah Tradisi Ngaruat Lembur di Désa Tanjungsiang... 46

4.3 Runtuyan sarta Prak-prakanana Tradisi Ngaruat Lembur di Désa Tanjungsiang... 49

4.3.1 Tahap Tatahar (Saméméh Upacara)... 49

4.3.2 Prak-prakanana Upacara Ngaruat Lembur... 51

4.3.2.1 Acara Ngariung... 51

4.3.2.2 Bahan-bahan sarta Kalengkepan dina Tradisi Ngaruat Lembur.. 56

4.3.2.3 Pihak-pihak anu Kalibet dina Tradisi Ngaruat Lembur... 70

4.3.2.4 Fungsi jeung Tujuan Tradisi Ngaruat Lembur di Désa Tanjungsiang... 70

4.3.3 Sabada Upacara... 71

4.4 Hasil Analisis Unsur Sémiotika anu Nyampak dina Tradisi Ngaruat Lembur Numutkeun kana Téori Sémiotik Charles Sanders Peirce... 74

4.4.1 Ikon... 79

4.4.2 Indeks... 82

4.4.3 Simbol... 86

4.5 Larapna Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya... 95

4.5.1 Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya... 96

(10)

4.5.1.2 Evaluasi (Soal-soal latihan)... 99

4.5.1.3 Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar (KIKD)... 101

4.5.1.4 Conto Silabus Maca Artikel Budaya... 102

4.5.1.5 Conto RPP Maca Artikel Budaya... 104

4.6 Kacindekan tina Bab IV... 111

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 114

5.1 Kacindekan... 114

5.2 Saran... 116

DAPTAR PUSTAKA... 117

LAMPIRAN... 120

(11)

1 BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Ayana tradisi ngaruat lembur téh raket patalina jeung kapercayaan anu aya di masarakat. Ari kapercayaan masarakat baheula téh sok patali jeung kapercayaan kana hal-hal supranatural, nya éta percaya kana hal-hal anu hésé (teu bisa) dijelaskeun ku akal, anu sipatna mitos jeung gaib. Éta kapercayaan téh biasana sok diwujudkeun ku cara ngalakonan upacara-upacara kaagamaan dina wangun tradisi. Hal éta miboga tujuan sangkan masarakatna aya dina rasa trengtrem, salamet, sehat waluya jauh tina sagala balai, bagja, sarta raharja. Kitu deui kapercayaan anu aya di masarakat Désa Tanjungsiang, sangkan masarakatna dipaparin kasalametan, kaséhatan, jeung karaharjaan, biasana masarakat Désa Tanjungsiang téh sok ngayakeun tradisi-tradisi. Salah sahiji tradisi anu masih kénéh dilakonan sarta dicekel pageuh ku masarakat Désa Tanjungsiang téh nya éta tradisi ngaruat lembur.

(12)

manusa jeung papadana, sarta patalina antara hubungan manusa jeung Pangéranna.

Sanajan éta tradisi ngaruat téh masih kénéh dicekel pageuh ku masarakatna sarta masih kénéh dilaksanakeun dina unggal taunna, tapi dina kanyataanana mah loba masarakat anu ngan saukur ngalaksanakeun wungkul, henteu ngarti kana enas-enasna, maksud sarta ku naon diayakeunana éta tradisi. Padahal saupama diteuleuman, dina éta tradisi téh nyampak ajén-inajén anu can kaguar, anu tangtu miboga ajén anu luhung ti mimiti kasangtukangna, pakakas-pakakas anu digunakeunana, nepi ka dina runtuyan-runtuyan acarana. Kiwari éta ajén-inajén téh geus dianggap teu penting, lantaran ayana pamikiran-pamikiran manusa kiwari anu sarwa logis, nya éta pamikiran anu geus teu percaya kana hal-hal anu sipatna mitos jeung gaib. Padahal saupama dilenyepan, éta ajén-inajén téh bisa jadi dadasar pikeun ngalakonan hirup sangkan henteu kaluar tina jalur anu bener tur hadé.

Ajén-inajén anu nyampak dina tradisi ngaruat lembur téh salah sahijina disilokakeun dina simbol-simbol. Ari anu disebut simbol téh nya éta lambang atawa cicirén (Danadibrata, 2009, kc. 639). Lambang téh nya éta perlambang, warna, tanda atawa gambar anu ngandung harti hal atawa barang anu abstrak anu aya hartina (Sudaryat, 2010, kc. 20). Ku kituna, bisa katitén ku urang yén dina simbol-simbol anu aya dina tradisi ngaruat téh lain ngan saukur simbol, tapi aya harti atawa maksud anu nyamuni, anu ngawujud dina wangun ajén-inajén téa.

(13)

3

Saupama geus kapedar ngeunaan maksud-maksud anu nyamuni dina éta tradisi, tangtu urang bakal nyaho ngeunaan ajén-inajén anu nyampak. Sangkan ieu ajén-inajén téh dipikanyaho ku masarakat ka asup nonoman atawa para rumaja kiwari anu bakal jadi generasi anu nuluykeun ieu tradisi, tangtuna urang kudu bisa ngawanohkeun deui tradisi-tradisi anu aya hususna ngeunaan ieu tradisi ngaruat lembur. Hal ieu miboga tujuan sangkan masarakat nyaho katut mikareueus kana tradisi nu aya, tur bisa miara jeung mekarkeun éta tradisi. Salah sahiji cara pikeun ngawanohkeun ieu ajén-inajén anu nyampak dina tradisi ngarut téh di antarana ku cara dilarapkeun dina pangajaran formal di sakola-sakola. Ku kituna, ieu tradisi ngaruat lembur téh bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

Tina sawatara skripsi anu geus dibaca, aya sawatara skripsi anu medar ngeunaan tradisi ngaruat sarta medar ngeunaan ulikan sémiotik di antarana: “Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Ruatan Bumi di Désa Parakan Garokgék Kecamatan Kiara Pedes Kabupaten Purwakarta”, ku Asep Johan Komala (2007); “Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampék Désa Salawana Kecamatan Dawuan Kabupatén Majaléngka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”, ku Euis Nur Amalia (2013); “Ajén falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum Kabupatén Subang (Ulikan Struktural Sémiotik)”, ku Deasy Hapsari Suciati (2012); “Simbol Budaya anu Nyampak dina Tradisi Sambel Séréh Sabada Ngalahirkeun di Kampung Cikonéng Langkob Désa Alam Éndah Rancabali Kabupatén Bandung”, ku Fany Oktavia (2010); “Ajén Falsafah nu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al-quran dina Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi”, ku Risna Septiani (2008), jrrd.

(14)

Artikel Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Struktural Sémiotik)” téh perlu ditalungtik. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep hasil tina ieu panalungtikan téh bisa ngalengkepan sarta jadi bahan bandingan pikeun skripsi nu geus aya.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Désa/Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang. Luyu jeung kasang tukang masalah nu geus dipedar, pasoalan anu aya dina ieu panalungtikan téh baris diidéntifikasi saperti ieu di handap.

1) Kaayaan sosial budaya masarakat Désa Tanjungsiang anu geus sarwa modern sarta pamikiran-pamikiran masarakatna anu geus sarwa logis, ngalantarankeun loba masarakat anu teu pati maliré kana tradisi-tradisi anu aya, kaasup kana tradisi ngaruat lembur.

2) Loba masarakat anu nganggap yén tradisi ngaruat lembur téh geus teu luyu jeung kamekaran jaman kiwari.

3) Loba masarakat anu teu apal kana asal muasal (sajarah) ayana tradisi ngaruat lembur, prak-prakanana, fungsi jeung tujuanana, simbol-simbol, ajén-inajén, sarta ma’na-mana anu nyampak dina éta tradisi. Ku kituna, loba masarakat anu ukur sailu-iluna dina ngalaksanakeun éta tradisi.

4) Éta tradisi ngaruat téh jaman kiwari mah dina ngalaksanakeunana geus béda kawas baheula, bahan-bahan anu digunakeunana geus jarang lengkep.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah patalékan ieu di handap.

1) Kumaha unsur-unsur budaya masarakat Désa Tanjungsiang?

2) Kumaha kasang tukang kasajarahan ayana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang?

(15)

5

4) Kumaha ulikan sémiotika anu nyampak dina tradisi ngaruat lembur anu aya di Désa Tanjungsiang numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce?

5) Kumaha larapna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat lembur pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun mikanyaho ulikan struktur sarta sémiotik dina tradisi ngaruat lembur di Désa tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadeskripsikeun: 1) kaayaan unsur budaya masarakat Désa Tanjungsiang;

2) kasang tukang kasajarahan ayana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang;

3) runtuyan sarta prak-prakanana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang; 4) ulikan sémiotik anu nyampak dina tradisi ngaruat lembur di Désa

Tanjungsiang numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce; 5) larapanana hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat lembur pikeun bahan

pangajaran maca artikel budaya di SMA.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(16)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan bisa katitén saperti ieu di handap. 1) Pikeun panalungtik sarta masarakat umum, ieu panalungtikan dipiharep bisa

nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi lokal anu aya dimasarakat Sunda, hususna ngeunaan tradisi ngaruat lembur.

2) Pikeun guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa dipaké pikeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII.

3) Pikeun siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran jeung nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi ngaruat lembur, sarta bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya Sunda.

1.5 Rangkay Tulisan

Sistematika atawa raraga tulisan anu digunakeun dina nulis ieu skripsi téh sacara gurat badagna kabagi jadi lima bab, nya éta saperti ieu di handap.

BAB I Bubuka, eusina ngeunaan sub judul nya éta kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur raraga tulisan.

BAB II Kajian Pustaka, nya éta ngeunaan tatapakan tiori anu medar ngeunaan tradisi, sémiotika, jeung bahan pangajaran maca.

BAB III Métode Panalungtikan, eusina husus medar ngeunaan lokasi panalungtikan, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

BAB IV medar ngeunaan bahasan tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII (ulikan struktural sémiotik).

(17)

29

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografis

Sacara administratif, Désa Tanjungsiang nya éta salah sahiji désa anu aya di wilayah Kecamatan Tanjungsiang, Kabupatén Subang. Luas wilayah Désa Tanjungsiang téh kira-kira 544.65 ha anu ngawengku pemukiman (46 ha), pasawahan (177 ha), kebon (47 ha), fasilitas umum saperti kantor, walungan, jalan, kuburan, jeung sajabana (99,65 ha), pangangonan (25 ha), sarta leuweung (150 ha). Jumlah penduduk di Désa Tanjungsiang téh nya éta kurang leuwih aya 6782 jiwa anu ngawengku 3465 jiwa lalaki sarta 3317 jiwa awéwé. Salian ti éta, pikeun mikanyaho wincikan jumlah penduduk dumasar kana papasingan umur bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1 Jumlah Penduduk Dumasar kana Papasingan Umur

Jarak ti ibu kota kecamatan ka Désa Tanjungsiang téh nya éta 2,5 km, jarak ti ibu kota kabupatén nya éta kira-kira 32 km, jarak ti ibu kota provinsi nya éta 60 km, sedengkeun saupama jarak ti ibu kota nagara mah nya éta kira-kira 154 km. Wates administratif Désa Tanjungsiang bisa dititénan saperti ieu di handap. 1) Belah kulon ngawates jeung Désa Kawungluwuk.

No. Kelompok Umur Data Sensus Tahun 2013

Tahap I Tahap II Tahap III

1 0 – 12 bulan 83 urang 99 urang 102 urang 2 > 1 - <5 taun 465 urang 471 urang 472 urang 3 >5 - <7 taun 256 urang 253 urang 254 urang 4 >7 - <15 taun 1.156 urang 1.155 urang 1150 urang 5 >15 – 56 taun 4.161 urang 4.177 urang 4176 urang 6 >56 taun 631 urang 623 urang 628 urang

(18)

2) Belah kalér ngawates jeung Désa Sirap sarta Desa Sindanglaya. 3) Belah wéta ngawates jeung Désa Cimeuhmal.

4) Belah kidul ngawates jeung Désa Buniara.

Tradisi ngaruat anu aya di Désa Tanjungsiang téh masih kénéh osok dilaksanakeun di tilu kampung, nya éta Kampung Manalangu, Kampung Cikembang, jeung Kampung Tanjung. Lokasi Désa Tanjungsiang jeung lokasi tilu kampung anu masih kénéh ngalaksanakeun éta tradisi téh bisa dititénan dina gambar peta di handap.

[image:18.595.117.510.238.733.2]

(19)

31

3.1.2 Sumber Data

Anu dijadikeun sumber data atawa sumber informasi dina ieu panalungtikan nya éta jalma anu dianggap kokolot/sesepuh di éta masarakat jeung jalma anu apal kana éta tradisi ngaruat lembur. Ari anu dijadikeun datana nya éta tradisi ngaruat lembur anu aya di Désa Tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang, anu masih sok dilaksanakeun di tilu kampung nya éta Kampung Manalangu, Kampung Cikembang, jeung Kampung Tanjung. Sawatara informan anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan diantarana bisa katitén dina tabél di handap.

Tabél 3.2 Informan anu Jadi Sumber Data dina Panalungtikan No. Wasta Jenis

Kelamin Umur Padumukan Kalungguhan

1 Rukman L 65 taun

Kampung Cikembang, RT 11/RW 04 Désa/Kec. Tanjungsiang

Salaku sesepuh kampung

2 Deni

Ruhiman L 38 taun

Kampung Tanjung, RT 06/RW 03 Désa/Kec. Tanjungsiang

Seniman

3 Rukmana L 55 taun

Kampung Tanjung, RT 05/RW 03 Désa/Kec. Tanjungsiang

Seniman sarta salaku sesepuh kampung

4 Dede

Mulyana L 48 taun

Kampung Manalangu, RT 23/RW 08 Désa/Kec. Tanjungsiang

Mantri sarta salaku tokoh masarakat

5 Ki Asub

Suherli L 80 taun

Kampung Sirap,

RT22/RW 06 Désa Sirap Kecamatan Tanjungsiang

(20)

3.2 Désain Panalungtikan

Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta desain deskriftif-kualitatif anu miboga sipat ngadadarkeun variabel-variabel anu ditalungtik, misalna ngeunaan saha/naon, anu mana, iraha, jeung dimana, ogé patalina variabel dina sub-sub variabelna. Désain panalungtikanana dimimitian ku ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, nyieun instrumén panalungtikan, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung ngadéskripsikeun data dina wangun skripsi.

Éta désain panalungtikan téh bisa katitén dina ieu bagan di handap. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Observasi Awal

Ngumpulkeun Data

Ngolah Data

Ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah

(21)

33

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara pikeun ngungkulan masalah panalungtikan anu dilaksanakeun sacara terencana pikeun nyangking fakta sarta kacindekan supaya bisa maham, ngajelaskeun, ngaramalkeun jeung

ngendalikeun kaayaan. Métode disebut ogé cara pikeun maham sarta neuleuman

objék anu jadi sasaranna (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 14). Sugiyono (2012, kc. 2) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara ilmiah anu digunakeun sangkan meunang data kalayan tujuan jeung kagunaan anu tangtu.

Ieu panalungtikan téh kaasup kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu data-data hasil panalungtikakana henteu dumasar kana prosedur atawa wangun itungan (Strauss jeung Corbin dina Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 73). Numutkeun Millan jeung Schumacher dina Syamsuddin jeung Damaianti (2007, kc. 74), nétélakeun yén dina panalungtikan kualitataif mah biasana panalungtik ilubiung kana kaayaaan sarta fenomena anu keur ditalungtik. Panalungtik leuwih nyiapkeun instrumén jalma ti batan instumén séjénna.

Tujuan poko tina panalungtikan kualitatif nya éta ngagambarkeun, neuleuman, sarta ngajelaskeun fénoména anu ditalungtik. Pamahaman ngeunaan

éta fénoména téh bisa dicangking ku cara ngadéskripsikeun dina wangun narasi.

Hal ieu luyu jeung pamadegan Bogdan jeung Taylor dina Ratna (2010, kc. 94) anu nétélakeun yén panalungtikan kualitatif téh ngahasilkeun data déskriptif dina wangun kecap-kecap, boh sacara tinulis boh sacara lisan. Ku kituna, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif.

Métode déskriptif disebut ogé salaku métode ngumpulkeun data pikeun méré gambaran, nandeskeun hiji konsép atawa gejala, ogé ngajawab patalékan-patalékan anu patali jeung subjék panalungtikanana (Darmadi, 2011, kc. 7). Tujuan panalungtikan déskriptif diwatesanan pikeun ngagambarkeun

karakteristik hiji hal sakumaha ayana (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc.

(22)

ngadéskripsikeun ulikan struktural sémiotik dina tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang, anu engkéna bakal dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganana, baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. 1) Tradisi ngaruat nya éta salah sahiji tradisi anu miboga tujuan pikeun

ngébréhkeun rasa sukur ka Pangéran tina sagala rupa hasil bumina, sarta salaku ébréhan rasa hormat ka karuhun. Tradisi ngaruat di Désa Tanjungsiang miboga harti salaku tradisi salametan lembur/kampung, anu dilaksanakeun dina unggal bulan Muharam, sangkan éta lembur dipaparin kasalametan ku Pangéran, anu tujuanana pikeun némbongkeun rasa sukur ka Pangéran lantaran geus dipaparin rejeki utamana tina hasil pakasaban, sarta geus dipaparin rupa-rupa ni’mat ku Pangéran.

2) Sémiotika nya éta élmu anu ngulik tur maluruh ngeunaan sistem tanda anu nyampak dina kahirupan masarakat, boh dina wangun basa boh anu lain basa, anu ngalantarankeun manusa bisa ngalakonan prosés komunikasi. Isnendes (2010, kc. 57) nétélakeun yén sémiotik nya éta élmu anu ngulik sagala hal anu miboga kalungguhan salaku wakil tina hal-hal anu séjén. Éta hal anu ngawakilan téh disebut penanda (tanda), sedengkeun anu ngawakilanana disebut petanda (ma’na).

(23)

35

4) Pangajaran maca artikel nya éta salah sahiji Kompeténsi Dasar (KD) anu aya dina Kompetensi Inti (KI) pangajaran basa Sunda di SMA kelas XII. Ari anu disebut pangajaran maca nya éta salah sahiji aspék tina opat aspék kaparigelan basa (ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis) anu aya dina Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar (KIKD) pangajaran basa jeung sastra Sunda.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Sugiyono (2012: 102) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh nya éta alat ukur dina prosés panalungtikan, salaku alat anu digunakeun pikeun ngukur

fénoména alam jeung fénoména sosial anu ditalungtik. Sacara husus éta

fénoména téh disebut variabel panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina

ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara, pedoman observasi, handphone, jeung kaméra.

1) Pedoman Wawancara

(24)
[image:24.595.106.519.169.696.2]

Tabel 3.3 Pedoman Wawancara Terbuka

No. Rumusan Poko-poko pertanyaan dina wangun pernyataan

1 Sajarah

1. Sajarah ayana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

2. Waktu munggaran ayana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

3. Réspon masarakat kana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

2 Prak-prakanana tradisi ngaruat lembur

4. Persiapan anu kudu dilakonan pikeun ngalaksanakeun tradisi ngaruat.

5. Runtuyan sarta prak-prakanana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

3 Fungsi jeung tujuan

6. Fungsi tradisi ngaruat pikeun masarakat Désa Tanjungsiang.

7. Tujuan diayakeunana tradisi ngaruat di Désa Tanjungsiang.

4

Bahan-bahan jeung kalengkepan tradisi ngaruat lembur

8. Bahan-bahan sarta kalengkepan anu dipaké dina ngalaksanakeun tradisi ngaruat di Désa Tanjungsiang.

9. Ma’na anu nyampak dina pakakas atawa simbo-simbol anu dipaké dina tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

(25)

37

2) Format Observasi

Obsérvasi digunakeun sangkan data-datana bisa kawatesanan henteu mempar tina objék panalungtikan. Format observasi anu digunakeun ngawengku tema observasi, lokasi observasi, jeung waktu observasi. Éta pedoman obsérasi téh bisa ditingali saperti ieu di handap.

a) Téma Obsérvasi : b) Lokasi Obsérvasi : c) Waktu Obsérvasi :

Tabél 3.4 Pedoman Obsérvasi dina Prak-prakanana Tradisi Ngaruat Lembur

No. Objék anu diobsérvasina Aya Teu

aya

1

Bahan-bahan sarta

Kalengkepan anu Dipaké

Parukuyan

Menyan jeung roko

Bubur beureum jeung bubur bodas Tumpeng jeung sapuratina

Rurujakan Beubeutian

Cai kopi pait jeung cai kopi amis Cai entéh pait jeung cai entéh amis Susu jeung cai hérang

Minyak kasturi Seupaheun

Jukut palias, jawér kotok jeung bako tampak

Kupat leupeut tangtang angin Hulu munding atawa embé Pakakas panggung

(26)

anu Kalibet Perangkat désa Warga masarakat Tamu uleman 3 Kasenianana Wayang

Gembyung/jaipongan 4 Unsur

Kaagamaan Istigosahan

3) Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarekam caritaan atawa data-data hasil

wawancara ngeunaan objék panalungtikan. 4) Kaméra

Kaméra digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun data-data anu sipatna dokumén.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan nya éta salah sahiji cara (prosedur) anu kudu dilakonan ku cara ngagunakeun métode anu tangtu sangkan bisa ngahontal tujuan panalungtikan anu dipikahayang (Kuswari, 2008, kc. 18). Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi.

1) Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan anu gunana pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungikan.

(27)

39

Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun nitétan upacara tradisi ngaruat lembur anu aya di Désa Tanjungsiang sangkan data anu dicangking leuwih lengkep tur jéntré. Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan prak-prakanana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang.

3) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara digunakeun pikeun nyangking data-data ngeunaan tradisi ngaruat lembur ku cara ngalakonan tanya jawab ka narasumber. Ieu wawancara téh tujuanana sangkan meunang data sacara jembar sarta bisa dipertanggung jawabkeun bebeneranana. Wawancara anu digunakeun nya éta wawancara anu henteu runtuy (wawancara tak terstruktur) atawa sok disebut wawancara terbuka, nya éta panalungtik ngan saukur mawa gurat badagna wungkul ngeunaan patalékan-patalékan anu rék ditanyakeun ka narasumber.

4) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta salaku panglengkep kana kaabsahan ieu panalungtikan anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakanana éta panalungtikan.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus kakumpul tina hasil panalungtikan téh dipariksa heula tuluy diolah ngagunakeun téhnik déskripi, nya éta kucara ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Désa/Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang sarta ngeunaan ulikan struktural sémiotikna (ngagunakeun téori sémiotika Peirce anu ngawengku ikon, indeks, jeung simbol). Data anu geus didéskripsikeun téh satuluyna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII. Ti dinya, tuluy nyieun kacindekan tina hasil ngolah jeung nganalisis data anu geus didéskripsikeun téa.

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

(28)

ngolah data, jeung tahap nyusun laporan panalungtikan (nyusun skripsi).

1) Tahap Tatahar

Lengkah-léngkah anu dilakonan dina tahap tatahar nya éta: (1) ngajukeun judul panalungtikan; (2) nyusun rarancang panalungtikan; (3) ngumpulkeun sumber-sumber sarta bahan kajian; (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; (5) nyieun proposal panalungtikan; (6) nyieun surat ijin panalungtikan; sarta (7) konsultasi jeung bimbingan ka dosén pangaping.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

Lengkah-léngkah anu dilakonan dina tahap ngumpulkeun data nya éta; (1) studi pustaka pikeun néangan bahan sarta sumber anu patali jeung tradisi ngaruat; (2) obsérvasi ka Désa Tanjungsiang ngeunaan tradisi ngaruat lembur anu aya di éta désa; (3) wawancara ka para sesepuh atawa tokoh masarakat anu ngarti sarta maham kana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang; sarta (4) ngadokuméntasikeun kagiatan panalungtikan.

3) Tahap Ngolah Data

Lengkah-léngkah anu dilakonan dina tahap ngolah data nya éta; (1) mariksa data anu geus dikumpulkeun; (2) ngadéskripsikeun data ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang; (3) nganalisis data ngeunaan ulikan struktural sémiotik anu nyampak dina tradisi ngaruat lembur anu aya Désa Tanjungsiang numutkeun kana téori sémiotik Peirce (ikon, indeks, jeung simbol).

4) Tahap Nyusun Laporan Panalungtikan (Nyusun Skripsi)

(29)

114 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Rumusan masalah anu dijawab dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan kaayaan unsur budaya masarakat Désa Tanjungsing, sajarah tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang, runtuyan sarta prak-prakanana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang, analisis unsur sémiotik anu aya dina tradisi ngaruat lembur numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce, larapna hasil panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat lembur pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif- kualitatif. Métode deskriptif-kualitatif téh nya éta métode panalungtikan anu dipedar ku cara didéskripsikeun dina wangun narasi sarta data hasil panalungtikanana téh lain dina wangun itungan. Téhnik ngumpulkeun jeung ngolah datana nya éta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Anapon instrumén panalungtikan anu digunakeunana nya éta pedoman wawancara, format observasi, handphone, jeung kaméra.

(30)

pakakas anu tradisional, upamana dina wangun imah, pakakas tatanén, jeung pakakas sapopoéna.

Tradisi ngaruat lembut téh nya éta tradisi asli masarakat Désa Tanjungsiang anu geus aya ti jaman baheula sarta diwariskeun sacara turun-tinurun. Sajarah ayana tradisi ngaruat lembur di Désa Tanjungsiang téh raket patalina jeung lalampahan kolot-kolot baheula anu nyieun lembur di éta désa sarta raket patalina jeung sumebarna agama Islam di jaman baheula. Jaman baheula mah nyebarkeun agama Islam téh salah sahijina ku cara diasup-asupkeun kana tradisi jeung kasenian-kasenian diantarana ngaliwatan tradisi ngaruat lembur téa.

Masarakat Désa Tanjungsiang museurkeun ieu tradisi ngaruat lembur pikeun ménta kasalametan ka Pangéran, sarta salaku wujud rasa sukur ka Pangéran lantaran geus dipaparin mangrupa-rupa ni’mat ku Mantenna. Dina prak-prakana éta tradisi ngaruat téh sok dilaksanakeun ku cara ngariung sukuran bari maké sasajén sarta ngukus anu seungit-seungit (menyan), ngintunkeun hadiah ka Kanjeng Nabi, maca sholawat jeung doa, dahar babarengan, sarta sok dipungkas ku acara hiburan (ketuk tilu atawa gembyung). Jaman baheula mah, sabada dahar babarengan téh sok diayakeun ritual ngubur hulu embé atawa hulu munding.

(31)

116

angin, beubeutian jeung bungbuahan, hulu embé atawa hulu munding, ketuk, terbang jeung paseuk, sarta kasenian wayang.

Dina tradisi ngaruat lembur téh euyeub ku siloka jeung ma’na-ma’na anu ngawujud dina wangun ajén-inajén. Éta ma’na-ma’na anu nyampak téh bisa dijadikeun dadasar ku masarakatna dina ngalakohan kaahirupan sapopoé. Sangkan éta ma’na-ma’na anu nyampak téh dipikanyaho ku nonoman atawa rumaja kiwari, ku kituna ieu hasil panalugtikan téh dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

5.2 Saran

Sabada ditalungtik, réa pisan mangapaat ngeunaan tradisi ngaruat lembur téh hususna pikeun panalungtik. Dipiharep éta hasil panalungtikan téh bisa nambahan pangaweruh pikeun anu maca. Anapon saran anu baris ditepikeun nya éta pikeun Disbudpar Kabupatén Subang jeung masarakat Subang, murid, mahasiswa jeung guru, sarta pikeun masarakat umum.

1. Disbudpar Kabupatén Subang jeung Masarakat Subang

Disbudpar Kabupatén Subang jeung masarakat Subang hususna, kudu bisa ngariksa tur ngamumulé tradisi anu aya di masarakatna, sangkan éta tradisi téh henteu tumpur kalindih ku jaman. Dipiharep masarakat Subang bisa ngalarapkeun ajén-inajén anu nyampak dina éta tradisi pikeun kahirupan sapopoéna.

2. Murid, Mahasiswa, jeung Guru

Dina ieu hasil panalungtikan téh loba hal-hal anu kudu diguar. Ku kituna, dipiharep hasil ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran di sakola-sakola. Guru kudu bisa ngarojong ka murid-muridna sangkan miboga sikep reueus kana tradisi-tradisi anu aya, diantarana ku cara ngawanohkeun éta tradisi ngaliwatan pangajaran-pangajaran formal.

3. Masarakat Umum

(32)
(33)

117

DAPTAR PUSTAKA

Amalia, Eu. N. (2013). Simbol-simbol dina Tradisi Upacara Guar Bumi di Blok Kampek Desa Salawana Kacamatan Dawuan Kabupaten Majalengka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Arikel Budaya di SMA Kelas

XII. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan Indonésia,

Bandung.

Aprilianty, R. (2013). Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca

Bahasan di SMA Kelas XI. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas

Pendidikan Indonésia, Bandung.

Berger, A. (2010). Pengantar Semiotika. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, J. (2007). Folklor indonésisa. Jakarta: Pustaka Utama. Darmadi, H. (2011). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1989). Penggunaan Waktu dan Pola Kehidupan Pelajar, Tradisi dan Perubahan. Jakarta: Depdikbud.

Balai Pengamatan Bahasa dan Kesenian. (2013). Kurikulum 2013 Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. Bandung: Depdikbud.

Forester Untad Blog. (2012). Makalah Tentang Budaya Ritual Upacara Adat. [Online].

Aya dina: http://forester-untad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html. Diakses 30 Desember 2013.

Goddeszen. (2013). Sekilas Tentang Menginang. [Online]

Aya dina:http://komunitaskretek.or.id/forum/showthread.php?tid=453. Diakses 3 Januari 2013.

Google. (2013). Gambar Bubur Beureum Bubur Bodas [Online] Aya dina:

https://www.google.com/search?q=gambar+bubur+beureum+jeung+bubur +bodas&client. Diakses 3 Januari 2013.

(34)

Tersedia:https://www.google.com/search?q=gambar+buah+pinang&client. Diakses 3 Januari 2013.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Google. (2013). Gambar Jawér Kotok. [Online] Aya dina:

https://www.google.com/search?q=gambar+jawer+kotok&client=firefox-a&hs=Cqg&rls=org.mozilla:en-. Diakses 3 Januari 2013.

Harjanto. 2010. Perencanaan Pengajaran. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Ikhlasiah, I. (2012). Kata Kerja Operasional Revisi Taksonomi Bloom. [Online] Aya dina: http://ifaikhlass.blogspot.com/2012/02/kata-kerja-operasional-revisi-taksonomi.html. Diakses 30 Desember 2013.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1985). Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Komaidi, D. (2011). Menulis Kreatif Teori dan Praktek. Yogyakarta: Sabda

Media.

Kuswari, U. (2008). Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: UPI. Martinet, J. (2010). Semiologi. Yogyakarta: Jalasutra.

Mustapa, H. (1996). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Nugraha, I. (2011). Ajén Sosiologis dina Tradisi Upacara Adat Ngalaksa di Desa Rancaalong Kacamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII. (Skripsi). Sekolah Sarjana,

Universitas Pendidikan Indonésia, Bandung.

Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daérah. (1979). Adat Istiadat

Daérah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.

Rahendianto. (2010). Upacara Hajat Bumi. [Online]

Aya dina: http://blogs.unpad.ac.id/radifanr/2010/06/12/upacara-adat-hajat-bumi/. Diakses 30 Desember 2013.

Ratna, N.K. (2010). Metodologi Penelitan. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Santosa, P. (2013). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: CV Angkasa.

(35)

119

Kabupatn Sukabumi. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan

Indonésia, Bandung.

Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:

Alfabeta.

Supartono. (2009). Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia Indonesia.

Syamsuddin jeung Damaianti, V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan

Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Tarigan, H. G. (1979). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembangan MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2011). Kurikulum

dan Pembelajaran. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Universitas Pendidkan Indonesia. (2013). Pedoman Penuulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Wikipedia. (2013). Tradisi. [Online]

Aya dina: http://id.wikipedia.org/wiki/Tradisi. Diakses30 Desember 2013. Wikisource. (2014). Undang-undang Negara Republik Indonesia Tahun

1945/Perubahan IV. [Online]

Aya dina:

http://id.wikisource.org/wiki/Undang-Undang_Dasar_Negara_Republik_Indonesia_Tahun_1945/Perubahan_IV.

Diakses 3 Januari 2014.

Wisahya. (2011). Ritual Hajat Lembur di Dusun Pasir Batu. [Online]

Aya dina:

Gambar

Gambar 3.1 Peta Désa Tanjungsiang
Tabel 3.3 Pedoman Wawancara Terbuka

Referensi

Dokumen terkait

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif, kalayan pamarekan étnografi, maké métode déskriptif analitik. Métode panalungtikan digunakeun

Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun

Luyu jeung kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh medar ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Komunikasi nonverbal

(3) Sasjén dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén nu mangrupa kadaharan jeung sasajén non- kadaharan. 4) Sabada

Skripsi ini berjudul “ Ajén Éstétis Kasenian Gembyung di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII ”. Penelitian ini membahas nilai estetis Kesenian

BAB I Bubuka, nya éta nu ngawengku kasang tukang masalah, watesan, jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. BAB II

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah anu aya dina upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun bahan

Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh masarakat Désa Rancakalong Kacamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang, hususna ngeunaan seni