• Tidak ada hasil yang ditemukan

PUISI SAWÉR PANGANTÉN DI KACAMATAN NUSAHÉRANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "PUISI SAWÉR PANGANTÉN DI KACAMATAN NUSAHÉRANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP."

Copied!
19
0
0

Teks penuh

(1)

v

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ...viii

DAPTAR BAGAN ... ix

DAFTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Struktur Organisasi Skripsi ... 5

BAB II PUISI SAWÉR JEUNG PANGAJARANANA 2.1 Puisi ... 7

2.1.1 Wangenan Puisi ... 7

2.1.2 Papasingan Puisi ... 8

2.2 Puisi Sawér ... 9

2.2.1 Wangenan Puisi Sawér ... 9

(2)

2.2.3 Fungsi Puisi Sawér ... 12

2.2.4 Papasingan Puisi Sawér... 12

2.2.5 Wangun Puisi Sawér ... 14

2.3 Sawér Pangantén ... 18

2.3.1 Eusi Puisi Sawér Pangantén ... 20

2.4. Bahan Pangajaran ... 22

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 22

2.4.2 Kritéria Milih jeung Nyusun Bahan Pangajaran ... 23

2.4.3 Skkd Ngaregepkeun di SMP Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 25

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data ... 26

3.1.1 Lokasi ... 26

3.1.2 Sumber Data ... 26

3.2 Disain Panalungtikan ... 27

3.3 Métode Panalungtikan ... 27

3.4 Wangenan Operasional ... 28

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.7Analisis Data ... 30

BAB IV PUISI SAWÉR PANGANTEN DI KACAMATAN NUSAHÉRANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP 4.1 Déskripsi Puisi Sawér Pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan ... 32

4.2 Wangun jeung Eusi Puisi Sawér Pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan ... 33

4.2.1 Puisi Sawér Pangantén 1 ... 33

4.2.2 Puisi Sawér Pangantén 2 ... 38

(3)

4.2.4 Puisi Sawér Pangantén 4 ... 46

4.2.5 Puisi Sawér Pangantén 5 ... 49

4.2.6 Puisi Sawér Pangantén 6 ... 52

4.2.7 Puisi Sawér Pangantén 7 ... 55

4.2.8 Puisi Sawér Pangantén 8 ... 58

4.2.9 Puisi Sawér Pangantén 9 ... 79

4.2.10 Puisi Sawér Pangantén 10 ... 82

4.2.11 Puisi Sawér Pangantén 11 ... 86

4.3 Rékapitulasi Hasil Analisis ... 89

4.3.1 Rékapitulasi Wangun Puisi Sawér Pangantén ... 89

4.3.2 Rékapitulasi Eusi Puisi Sawér Pangantén... 91

4.4 Kacindekan Analisis... 92

4.4 Puisi Sawér Pangantén pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP ... 93

4.4.1 Conto Bahan Ajar Ngaregepkeun Puisi Sawér Pangantén ... 93

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 96

5.2 Saran ... 97

DAPTAR PABUKON ... 98

LAMPIRAN ...100

(4)

1 BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

Kabudayaan nya éta hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akalna (Danadibrata, 2006: 108). Manusa jeung kabudayaan téh raket patalina, sabab ayana kabudayaan di hiji tempat téh lantaran ayana manusa nu hirup kumbuh di éta tempat. Ayana kabudayaan nu dipimilik ku hiji masarakat ngajadikeun ciri mandiri anu ngabédakeun hiji masarakat jeung masarakat séjénna.

Nagara Indonésia beunghar pisan ku kabudayaan, kabudayaan éta téh diwangun tina kabudayaan-kabudayaan daérah anu ngawujud jadi kabudayaan nasional. Salaku bagian tina nagara Indonésia, tatar Sunda ogé méré sumbangan dina ngawangun kabudayaan nasional, salah sahijina nya éta tina basa. Basa mangrupa salasahiji unsur kabudayaan anu didadarkeun ku Koentjaraningrat (1985: 2), tujuh unsur kabudayaan téh nya éta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi jeung pakakas.

Basa miboga sipat nu produktif, ngaliwatan basa manusa bisa ngaéksprésikeun kahayang, pikiran tur gagasana boh sacara langsung ngaliwatan omongan boh sacara tinulis. Basa bisa dipaké pikeun nepikeun éksprési jiwa dina wangun karya sastra. Karya sastra nya éta karya nu digelarkeun ngaliwatan médium basa, boh lisan boh tinulis. Masarakat tatar Sunda geus teu bireuk deui kana karya sastra lantaran geus gelar ti béh ditu kénéh. Masarakat baheula produktif dina nyiptakeun rupaning karya sastra anu éndah tur euyeub ku ajén-inajén nu luhung salah sahijina nyampak dina sawér.

(5)

taweuran tempat ragragna cihujan tina hateup jeung nu sok kasawéran; 2) nyawér, salah sahiji upacara dina kariaan ngawinkeun, nya éta ngawurkeun béas dicampur duit ka pangantén jeung ka nu ngariung bari ngahaleuangkeun rupa-rupa piwulang, tempatna di panyawéran; sawér pangantén, piwulang ka pangantén nu mangrupa sa’ir.

Di masarakat tatar Sunda sawér téh aya rupa-rupa gumantung kana tujuannana, upamana baé sawér tingkeban, sawér ganti ngaran, sawér orok, sawér ruatan, jeung sawér pangantén.

Masarakat kiwari hususna generasi ngora teu pati maliré kana puisi sawér lantaran basa nu digunakeunana arkais jarang dipikaharti ku maranéhanana, salian ti éta ayana puisi sawér kiwari ukur kapanggih dina acara hajat ngawinkeun wungkul éta ogé upama dina prosésina dibarung ku upacara adat. Puisi sawér kaasup kana karya sastra buhun ku kituna jarang anu ngarasa kataji ku ieu karya nepi ka kadéséh ku sastra modern saperti novel jeung sajak anu basana leuwih gampang dipikaharti. Padahal dina karya sastra buhun hususna pusi sawér loba kakandung ajén-ajén anu luhung, papatah-papatah anu bisa dijadikeun cecekelan hirup manusa, ku kituna tarékah pikeun ngamumuléna pohara diperlukeuna.

Sangkan kakayaan daérah hususna dina widang sastra teu beuki lalangitan kudu aya tarékah pikeun ngamumuléna, sangkan anak incu urang jaga wanoh kana naon nu jadi budayana sorangan. Salasahiji tarékah pikeun ngungkulan éta pasuaalan nya éta dijadikeuna karya-karya sastra heubeul pikeun bahan pangajaran basa Sunda. Sangkan aya landasan hukum anu kuat pamaréntah geus netepkeun Perda No. 5/2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda.

Tarékah pikeun ngamumulé kakayaan sastra sunda hususna ngeunaan puisi sawér datang ogé ti kaum akademisi kabuktian ku ayana panalungtikan-panalungtikan anu medar ngeunaan sawér di antarana:

(6)

2. Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén piken Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Modél Démonstrasi, skripsi Temmy Widyastuti (2005).

3. Puisi Sawér Pangantén anu aya di Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Puisi di SMA, skripsi Siti Maesaroh (2010).

Nilik kana judul-judul ngeunaan sawér di luhur, tacan aya anu husus nalungtik ngeunaan puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan nu dilarapkeun pikeun bahan pangajaran. Panalungtikan ngeunaan puisi sawér di ieu tempat perlu dilaksanakeun pikeun ngainvéntarisir, nambahan pangaweruh ngeunaan puisi sawér sarta pikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré judul Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah

Puisi sawér mangrupa salah sahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, dijerona ngandung papatah-papatah anu guna pikeun kahirupan manusa. Generasi ngora kiwari langka nu apal kana ieu karya sastra ku kituna, ieu panalungtikan ngangkat masalah ngeunaan puisi sawér pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca dina mata pelajaran basa Sunda.

(7)

1.2.2. Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan téh baris dirumuskeun dina wangun kalimah pananya, sakumaha ieu di handap.

1. Kumaha kaayaan karya puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

2. Kumaha wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

3. Kumaha eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

4. Luyu henteu puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP?

1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngainvéntarisasi puisi sawér nu aya di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

1.3.1 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1. kaayaan puisi sawér di di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

2. wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. 3. eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. 4. puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan anu luyu

(8)

1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalungtikan, sacara tioritis bisa méré sumbangan kana kamajuan paélmuan dina widang basa jeung sastra Sunda hususna ngeunaan karya sastra buhun nya éta puisi sawér.

1.4.2. Mangpaat Praktis 1. Pikeun nu nalungtik

Tina ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan hasanah sastra Sunda hususna ngeunaan puisi sawér.

2. Pikeun kelompok akademik

Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar di sakola atawa bahan perkuliahan di tingkat paguron luhur.

3. Pikeun masarakat

Mangpaat pikeun masarakat nambahan pangaweruh ngeunaan adat istiadat di tatar Sunda hususna ngeunaan sawér pangantén.

1.5Struktur Organisasi Skripsi

Ieu panalungtikan disusun dina lima bab anu sistematikana saperti ieu di handap:

1. Bab I Bubuka

Dina Bab I medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi.

2. Bab II Puisi Sawér jeung Pangajaranana

(9)

3. Bab III Métodologi Panalungtikan

Bab III medar ngeunaan lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

4. Bab IV Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP

Dina Bab IV medar ngeunaan data jeung analisis puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

5. Bab V Panutup

(10)

26 BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1Lokasi

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. Kacamatan Nusahérang téh diresmikeun tanggal 12 Januari 2001. Kacamatan Nusahérang pernahna 6 Km ti beulah kidul puseur dayeuh Kota Kuningan anu legana 1.756,453 Ha. Kacamatan Nusahérang ngawengku dalapan désa nyaéta, Désa Nusahérang, Désa Cikadu, Désa Jambar, Désa Kertawirama, Désa Haurkuning, Désa Windusari, Désa Kertayuga sarta Désa Ciasih.

3.1.2 Sumber Data

Yang dimaksud sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data dapat diperoleh. Sumber data diklasifikasikan menjadi tiga tingkatan yaitu person (manusia), tempat (place) dan paper (sumber data berupa simbol) (Arikunto 2006: 129).

Sumber data ieu panalungtikan kabagi tilu nya éta sumber data nu mangrupa tempat, sumber data manusa/ informan, jeung sumber data mangrupa téks puisi sawér anu baris dianalisis.

1. Sumber data nu mangrupa tempat (place)

(11)

2. Sumber data nu mangrupa manusa (person)

Sumber data nu mangrupa manusa (informan) nya éta jelema-jelema anu dianggap bisa méré katerangan ngeunaan puisi sawér pangantén. Informan dina ieu panalungtikan jumlahna aya genep, nya éta Ibu Yaya, Ibu Euis, Ibu Yati, Ibu Nioh, Ibu Diski jeung Ibu Tatin.

3. Sumber data nu mangrupa simbol (paper)

Sumber data nu mangrupa simbol (paper) nya éta téks puisi sawér pangantén anu baris dianalisis.

3.2 Disain Panalungtikan

Disain panalungtikan ngawengku studi pustaka, obsérvasi, wawancara jeung sadap rékam, dokuméntasi, ngumpulkeun data, nganalisis data jeung nyusun laporan. Disain panalungtikan bisa digambarkeun saperti ieu di handap:

Bagan 3.1 Disain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Kecap métode asalna tina basa Yunani: methodos anu hartina cara atawa jalan. Jadi métode mangrupa jalan nu aya patalaina jeung cara atawa léngkah gawé dina ngahontal sasaran nu diperlukeun ku pamakéna (Subagyo,1991:1). Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode panalungtikan déskriptif

Studi pustaka Obsérvasi Wawancara &

Sadap rékam

Dokuméntasi

Ngumpulkeun data Nganalisis Data

(12)

teu kawatesanan nepi ka ngumpulkeun jeung nyusun data wungkul tapi ngawengku analisis jeung interpretasi ngeunaan harti data.

Nurbuko jeung Achmadi (2008: 44) nétélakeun yén: “Penelitian deskriptif yaitu penelitian yang berusaha untuk menuturkan pemecahan masalah yang ada sekarang berdasarkan data-data, jadi ia juga menyajikan data, menganalisis dan menginterpretasi”.

3.4 Wangenan Operasional

Puisi nya éta karangan nu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna teu lancaran atawa cara basa sapopoé. Puisi Sunda aya nu ngawujud carita jeung aya nu teu ngawujud carita, sawér kaasup kana puisi anu teu ngawujud carita.

Sawér pangantén kaasup kana adat istiadat nu dilaksanakeun dina upacara kawinan.

Puisi sawér pangantén mangrupa rumpaka sawér anu biasa dihaleuangkeun ku sindén atawa juru sawér.

Bahan pangajaran nyaéta bahan ajar atawa matéri, topik anu baris diajarkeun ka murid.

Maca nya éta salah sahiji aspék kaparigelan basa nu miboga sifat réséptif, aspék kaparigelan basa séjénna nya éta ngaregepkeun, nyarita jeung nulis.

3.5 InstruménPanalungtikan

(13)

InstruménPanalungtikan

Puisi Sawér Pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan

A. Raratan Puisi Sawér Pangantén

1. Judul: __________________________________________________________________ 2. Nu nepikeun

a. Ngaran: ________________________________________________________________ b. Umur: _________________________________________________________________ c. Jenis kelamin: ___________________________________________________________ d. Pakasaban: _____________________________________________________________ e. Pendidikan: _____________________________________________________________ f. Basa nu dipaké sapopoé: ___________________________________________________ g. Padumukan: _____________________________________________________________ 3. Asal-usul puisi sawér pangantén _____________________________________________ 4. Tujuan dihariringkeun/dipagelarkeun _________________________________________ 5. Fungsi puisi sawér dipidangkeun: (dianggap karamat, sakral/ ritual, hiburan)

a. Baheula ________________________________________________________________ b. Ayeuna ________________________________________________________________ 6. Wangun karangan: _______________________________________________________ 7. Puisi sawér pangantén: ____________________________________________________ _______________________________________________________________________

Kuningan, Januari 2013

(14)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téknik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu utama dinapanalungtikan, lantaran tujuan utama tina panalungtikan téh taya lian pikeun meunangkeun data. Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

1. Studi pustaka

Studi pustaka dilakukeun pikeun meunangkeun tiori nu ngarojong kana ieu panalungtikan.

2. Obsérvasi

Nasution (Subagyo, 2011: 309) nétélakeun yén obsérvasi mangrupa dadasar sakabéh élmu pangaweruh. Élmu ukur bisa gawé dumasar kana data, nya éta fakta ngaliwatan obsérvasi. Observasi dilakukeun pikeun meunangkeun informasi sarta data-data anu jelas ngeunaan puisi sawér pangantén anu masih kénéh aya di masarakat, Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

3. Wawancara

Wawancara mangrupa paguneman antara dua jelma atawa leuwih pikeun tukeur informasi sarta ide ngaliwatan tanya jawab. Wawancara dilakukeun ka narasumber (juru sawér) pikeun meunangkeun informasi anu leuwih jero ngeunaan puisi sawér pangantén.

4. Dokuméntasi

Dokumén mangrupa catetan kajadian anu geus kaliwat. Dokumén bias mangrupa tulisan, gambar, atawa karya-karya monuméntal ti hiji jalma.

Dokuméntasi dilakukeun pikeun ngadokuméntasikeun puisi sawér ti informan.

3.7 Analisis Data

(15)

1. Nyusun data 2. Nganalisis data

(16)

96 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Puisi sawér pangantén anu kakumpulkeun ti Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan jumlahna aya 18 tapi, lantaran aya puisi sawér anu rumpakana sarua ku kituna nu dianalisis téh ukur 11 puisi sawér.

Dumasar hasil analisis, puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan aya opat wangun nu kapanggih nya éta nu wangun pupuh, sa’ir, puisi semi kauger (puisi dua saruntuy, lima saruntuy, jeung genep saruntuy), jeung sajak bébas. Wangun pupuh kapanggih dina sakabéh puisi sawér pangantén iawal, dina Puisi Sawér Pangantén 8, patokan pupuh anu dipaké dina puisi sawér pangantén nu kakumpulkeun nya éta Pupuh Kinanti jeung Pupuh Dangdanggula. Wangun puisi sémi kauger kapanggih dina Puisi Sawér Pangantén 1, Puisi Sawér Pangantén 3, Puisi Sawér Pangantén 9, jeung Puisi Sawér Pangantén 11. Wangun sa’ir kapanggih dina Puisi Sawér Pangantén 8. Wangun sajak bébas kapanggih dina Puisi Sawér Pangantén 1.

Sacara gurat badag eusi anu nyampak dina puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan ngawengku tilu hal nya éta; 1) papatah ngeunaan kaagamaan, sangkan teu poho ngajalankeun ibadah, 2) papatah pikeun pangantén awéwé jeung lalaki sangkan silih mikanyaah silih mikacinta, silih béla sangkan rumah tangga runtut raut salawasna, 3) papatah ngawangun hubungan jeung sasama hartina akur jeung dulur boh ti dulur awéwé boh ti dulur lalaki, nyaah ka nu jadi kolot jeung mitoha, sarta hadé jeung tatangga.

(17)

5.2 Saran

Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan, aya sababara hal anu perlu ditepikeun.

1. Pikeun siswa jeung mahasiswa

Parasiswa jeung mahasiswa kudu diwanohkeun kana karya sastra Sunda hususna puisi sawér pangantén, sangkan maranéhna boga rasa reueus tur mibanda kana budayana sorangan.

Karya sastra Sunda tangtuna loba kénéh nu sumebar di masarakat dipiharep aya deui panalungtikan-panalungtikan séjénna sangkan bisa kadokuméntasikeun tur dipikawanoh ku balaréa.

2. Pikeun guru

Paraguru anu nyekel mata pelajaran basa Sunda kudu boga alternatif bahan pangajaran ulah ngagugulung teuing tina buku sumber. Para guru leuwih hadé mibanda pangaweruh anu aya di masarakat sabudeureun boh ngeunaan sastra boh ngeunaan budaya sangkan leuwih deukeut jeung pamahaman siswa.

3. Pikeun pamaréntah

(18)

98 DAFTAR PUSTAKA

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda jeung PT. Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djamarah, Syaiful Bahri. Zain Aswan.2006. Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Hadish, Yetty. K dkk. 1986. Puisi Sawer Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen pendidikan dan Kebudayaan.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Retty. 2009. Panyawangan Sastra Hand Out Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

JPBD. Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi Revisi. Bandung: Sonagar Press. Koentjaraningrat.1985. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT.

Gramedia.

Mochtar, Uton&Umbara. 1994. Modana. Bandung: PT. Mangle Panglipur.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Basa Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Narbuko, Cholid& Achmadi, Abu. 2008. Metodologi Penelitian. Jakarta: Bumi Aksara.

Proyek Inventarisasi & Dokumentasi Kebudayaan Daerah. 1982. Adat & Upacara Perkawinan Daerah Jawa Barat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Rohani, Ahmad. 2004. Pengelolaan Pengajaran. Jakarta: Pt. Rineka Cipta. Rosidi, Ajip spk. 2000.. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, Ajip,. 2011. Sawér jeung Pupujian. Bandung: Kiblat

(19)

Rusyana, Yus spk. Ensiklopedi Sastra Sunda. 1997. Jakarta: Pusat Pembinaan Dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra. Bandung: Proyek Penelitian Pantun dan Foklor Sunda.

Sastrawijaya, Maryati spk. 1995. Antologi Puisi Sunda. Bandung: Universitas Padjadjaran.

Subagyo. 1991. Metode Penelitian dalam Teori dan Praktek. Bandung: Rineka Cipta. Sudaryat, Yayat. 2004. Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang:

Pamulang.

Sugiyono. 2009. Memahami Penelitian Kualitatif. Bandung: CV Alfabet.

Referensi

Dokumen terkait

BupatiMalikota dan Wakil BupatiM/akil WaliKota, yang diselenggarakan bersamaan dalam daerah yang sama, dilakukan pendanaan bersama antara pemerintah provinsi dan

SKRINING FITOKIMIA, UJI AKTIVITAS ANTIOKSIDAN DAN ANTIBAKTERI EKSTRAK METANOL DAN ETIL ASETAT DAUN PIRDOT ( Saurauia vulcani Korth) DARI..

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

manufacturing personnel that acquired the cleaning verification samples. It was 

Penerapan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori