• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya"

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

BAB II

LANDASAN TIORI

2.1 Wawacan

Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya éta wawacan. Wawacan mangrupa salah sahiji karya sastra buhun anu loba mangaruhan pola pikir jeung pola hirup masarakat Sunda jaman harita.

2.1.1 Wangenan Wawacan

Wawacan geus dipikawanoh ku masarakat Sunda saméméhna. Wawacan ogé mangrupa karya sastra buhun anu leubeut ku ajén-ajén. Di antarana waé ajén falsafah, budaya, kaagamaan, didaktis, psikologis, jeung moral. Wawacan mangrupa carita panjang dina wangun ugeran, anu kauger ku patokan pupuh. Pupuh geus lila dipaké dina sastra Sunda, kurang leuwih abad ka-17, asalna tina sastra Jawa. Ti mangsa harita kénéh urang Sunda jadi loba nu ngarulik kabudayaan Jawa.

Ditilik tina asal kecapna (étimologis), wawacan téh asalna tina kecap waca, nu hartina maca. Jadi, wawacan téh hartina naon-naon anu dibaca. Gelarna wawacan téh tangtuna ogé sabada masarakat Sunda barisaeun maca, umumna di kalangan para ménak jeung di kalangan pasantrén, priyayi Sunda saperti bupati,

(2)

demang, jeung para pamingpin sahandapeunna, kaasup pamingpin Agama Islam, saperti panghulu jeung kalipah (Wibisana, 2006:765).

Nurutkeun Faturahman (1983: 37), wawacan téh mangrupa karangan fiksi dina wangun ugeran, lantaran kauger ku patokan pupuh. Sedengkeun Iskandarwassid (2003:168), nétélakeun yén anu dimaksud wawacan téh nya éta carita anu didangdingkeun, digelarkeun dina puisi pupuh. Ieu hal teu béda jeung pamadegan anu ditepikeun ku Rosidi (Ruhaliah, 2002: 5) anu nétélakeun yén, “Wawacan ialah hikayat yang ditulis dalam bentuk puisi tertentu yang dinamakan dangding. Dangding ialah ikatan puisi yang sudah tertentu untuk melukiskan hal-hal yang sudah tertentu pula. Dangding terdiri daripada beberapa buah bentuk puisi yang disebut pupuh”.

Dina éta pedaran disebutkeun yén wawacan téh mangrupa carita panjang anu kauger ku patokan pupuh, saperti guru lagu, guru wilangan, jeung gunta-ganti pupuh. Ari pupuh nu sok ditembangkeun taya lian Kinanti, Asmarandana, Sinom, jeung Dangdanggula (Iskandarwasid, 2003: 168). Sedengkeun maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Tapi, henteu sakabéh lalakon wawacan biasa dipidangkeun dina pagelaran beluk.

Di sababaraha daérah, beluk téh disebut macapat, meureun asalna tina basa Jawa Macapat (dibaca: macapat). Wibisana, spk (Ruhaliah, 2002: 6) méré katerangan yén macapat di Sunda mah béda jeung di Jawa. Tembang maca macapat di Jawa, hartina nembangkeun 9 pupuh, sedengkeun di Sunda mah

(3)

dipaké pikeun sakabéh pupuh anu 17, atawana sakabéh pupuh nu aya dina wawacan.

2.1.2 Gelarna Wawacan

Dina abad ka -17 M, asupna wawacan ka tatar Sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi, nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu, tulisan basa Sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat (Ruhaliah, 2002: 7).

Nurutkeun Iskandarwasid (2003: 168), mekarna wawacan di tatar Sunda téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téhnologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku, dibarengan ku karangan anu alanyar sarta wandana ogé anyar.

Nurutkeun Tamsyah (1996: 81), gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19. Saméméh asup pangaruh Mataram. Dina kasusastraan

(4)

Sunda téh geus kapangaruhan ku Agama Islam. Dina mangsa harita urang Sunda geus loba nu mikawanoh kana aksara Arab. Waktu tatar Sunda diéréh ku karajaan Mataram (Islam), para bupati Sunda, utamana anu di wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung, balikna mawa sawatara adat-cahara Mataram ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di Sunda. Kaayaan éta beuki nguatkeun adat-cahara paraménak Sunda. Pangaruhna kana widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.

Carita anu dipidangkeun dina wawacan mangsa harita umumna mangrupa salinan tina carita-carita anu jolna ti Arab jeung wewengkon sabudeureunana, upamana waé Wawacan Amir Hamzah, Wawacan Nabi Paras, jeung Wawacan Gusti Patimah Dibabarkeun. Ku kituna, wawacan anu digelarkeunana dina mangsa munggaran dianggap milik balaréa. Iraha jeung saha nu ngarangna, henteu écés kapaluruh, dalah anu nyalinna ogé sakapeung mah taya kapaluruh.

Ka dieunakeun, gelarna wawacan téh loba disalin tina sastra India jeung sastra Jawa. Malah ahirna mah carita Sunda sampakan ogé loba nu disalin jadi wawacan, upamana waé tina carita pantun jeung babad. Sanggeus urang Sunda wanoh kana percitakan, naskah wawacan téh loba anu dicitak, Mimitina dina aksara Sunda Jawa, saterusna dina aksara Latén.

(5)

2.1.3 Papasingan Wawacan

Wawacan mangrupa karya sastra Sunda buhun, eusina nyaritakeun hal-hal anu pamohalan ceuk akal mah. Upamana palakuna sarakti, lain waé jelema tapi jin, siluman, buta, déwa, jeung sajabana. Tapi, wawacan anu teu ngandung pamohalan ogé aya, saperti Wawacan Panji Wulung.

Wawacan anu kapanggih, dipasing-pasing dumasar sumber tulisan téksna, bahan, basa, aksara, eusi, jeung watek tokoh (Ruhaliah, 2002: 58).

2.1.3.1 Papasingan Wawacan

Papasingan wawacan dumasar panulisan téksna aya dua rupa, nya éta, Wawacan anu Mangrupa Saduran jeung Wawacan anu Téksna Lain Saduran.

a. Wawacan anu Mangrupa Saduran

Wawacan nu mangrupa saduran, di antarana nya éta:

1) Wawacan nu sumberna tina sastra Jawa, contona nya éta Wawacan Jaka Sandang, Wawacan Panji Wulung, Wawacan Sekar Taji, jeung Wawacan Sumpena.

2) Wawacan nu sumberna tina aksara Arab jeung kisah Islamisasi, contona nya éta: Wawacan Abdullah, Babad Mekah, Sajarah Ambiya, Wawacan Babar Nabi, Wawacan Paras Nabi, jeung Wawacan Paras Adam

(6)

b. Wawacan anu Teksna lain Saduran

Wawacan nu téksna lain saduran, di antarana waé nya éta: Purnama Alam, Endén Sari Banon, Lenggang Kancana, Dipati Imbanagara, Rusiah nu Kasép, jeung Rusiah nu Geulis.

2.1.3.2 Papasingan Wawacan Dumasar Bahan nu Digunakeunana

Papasingan wawacan dumasar bahan nu digunakeunana aya opat rupa, nya éta, Wawacan nu Ditulis dina Lontar, Wawacan nu Ditulis dina Kertas Saéh, Wawacan nu Ditulis dina Kertas Eropah, jeung Wawacan nu Ditulis dina Kertas Buatan Pabrik.

a. Naskah nu Ditulis dina Lontar

Naskah nu ditulis dina lontar (Ekadjati, 1999: 85) diantarana waé nya éta: Babad Ratu Galuh jeung Babad Galuh.

b.Wawacan nu Ditulis dina Kertas Saéh (Daluang)

Wawacan nu ditulis dina kertas saéh nya éta Surat Catetan Pribadi, Carita Nabi Yusuf, Carita Suluk Ratu Rama, Primbon Mujarobat, Tauhid, jeung Silsilah.

c. Naskah Wawacan nu Ditulis dina Kertas Éropah

Naskah nu ditulis dina kertas Éropah, di antarana nya éta Sajarah Sumedang, Sajarah Cirebon, Wawacan Carbon, Babad Godog, jeung Babad Cirebon.

(7)

d. Naskah nu Ditulis dina Kertas Buatan Pabrik

Naskah nu ditulis dina kertas buatan pabrik, nya éta Babad Galuh, Babad Cirebon, Babad Gebang, Sajarah Wali, jeung Natakusumah.

2.1.3.3 Papasingan Wawacan Dumasar Basa nu Digunakeunana

Dina wawacan, basa nu sering dipaké nya éta basa Sunda. Sedengkeun basa séjén nu digunakeun di antarana basa Jawa, Jawa wewengkon Cirebon, jeung basa Arab (Ruhaliah, 2002: 68).

Nurutkeun katalog nu disusun ku Ekadjati jeung Undang A. Darsa (Ruhaliah, 2002: 68), data ngeunaan basa nu digunakeun dina wawacan, nya éta saperti anu kasebut ieu di handap.

a. Wawacan nu Ditulis Ngagunakeun Basa Sunda

Wawacan nu ditulis ngagunakeun basa Sunda, di antarana Sajarah Kean Santang, Babad Godog, Sajarah Cikundul, Babad Cirebon, jeung Jaka Paringga.

b. Wawacan nu Ditulis Ngagunakeun Basa Jawa

Wawacan nu ditulis dina basa Jawa, diantarana nya éta Babad Cirebon, Sajarah Cirebon, Babad Pasir, Wawacan Panguragan, jeung Babad Ratu Galuh.

c. Wawacan nu Ditulis Ngagunakeun Leuwih ti Sababaraha Basa

Wawacan nu ditulis ngagunakeun leuwih ti sababaraha basa nya éta:

(8)

2) Sajarah Cirebon, ditulis ngagunakeun basa Indonesia jeung Jawa; 3) Sajarah Sumedang, ditulis ngagunakeun basa Sunda jeung Jawa; 4) Ahmad Muhammad, ditulis ngagunakeun basa Sunda jeung Arab; 5) Jst.

2.1.3.4 Papasingan Wawacan Dumasar Aksara nu Digunakeunana

Wawacan mimiti ditulis ngagunakeun aksara Cacarakan (Jawa Sunda). Aksara Cacarakan mah, lolobana digunakeun di lingkungan pamaréntahan. Di lingkungan pasantrén mah aksara Cacarakan téh jarang digunakeun, malah aksara nu sering digunakeun mah, nya éta aksara Pégon. Aksara Pégon mangsa harita, sering digunakeun téh ku lantaran masarakatna leuwih wawuh kana aksara Arab tibatan aksara Cacarakan, alatan loba pasantrén nu diadegkeun di masarakat tatar Sunda.

Sanggeus urang Sunda diajar hurup Latén, tulisan wawacan ogé loba ngagunakeun hurup Latén. Tapi teu leuwih loba ti nu ngagunakeun aksara Pégon. Loba téks wawacan nu sababaraha kali disalin ku béda-beda aksara. Ieu hal bisa jadi, alatan wawacan téh kacida dipikaresepna ku masarakat (Ruhaliah, 2002: 71). Dumasar aksara nu digunakeun, wawacan téh ngagunakeun sababaraha aksara, di antarana waé nya éta:

(9)

a. Aksara Cacarakan

Aksara nu ditulis ngagunakeun Cacarakan (Jawa), nya éta: Surat Catetan Pribadi, Sajarah Cirebon, Babad Cirebon, Wawacan Ciung Wanara, jst.

b. Aksara Pégon

Wawacan nu ditulis ngagunakeun aksara Pégon, di antarana nya eta: Sajarah Kéan Santang, Babad Godog, Sajarah Cikundul, jeung Babad Cirebon

c. Aksara Latén

Wawacan nu ditulis ngagunakeun aksara Latén, nya éta: Natakusumah, Babad Talaga jeung Lalakon Ka Tanah Suci, Danumaya, Ahmad Muhammad, jst.

d. Leuwih ti Hiji Aksara

Wawacan nu ditulis ngagunakeun leuwih ti sababaraha aksara, nya eta:

1) Uga Bandung, ngagunakeun aksara Latén, Pégon, Jepang;

2) Sajarah Dedemit Pulo Jawa, ngagunakeun aksara Pégon jeung Latén; 3) Ahmad Muhammad, ngagunakeun aksara Pégon jeung Latén;

4) Suluk Adam, ngagunakeun aksara Pégon jeung Arab; 5) Jst.

(10)

2.1.3.5 Papasingan Wawacan Dumasar Eusi Téksna

Dumasar eusina, naskah dikelompokkeun jadi naskah kelompok agama, kamasarakatan, mitologi/legénda, atikan, pangaweruh, paririmbon, sastra, sastra sajarah, sajarah jeung seni (Ekadjati, 1988: 181).

a. Agama

Conto wawacan nu eusina ngeunaan ajaran agama, nya éta: Suluk Jati Lana, Suluk Panji, Carios Imam Sapi’i, jeung Wawacan Nabi Paras.

b. Kamasarakatan

Conto wawacan nu eusina ngeunaan kamasarakatan, di antarana nya éta: Wawacan Adat-Adat Urang Désa, Wasiat Nyi Lokatmala, jeung Kidung Pangruat.

c. Mitologi

Wawacan nu eusina ngeunaan mitologi, di antarana nya éta: Aji Saka jeung Wasiat Nyi Lokatmala.

d. Atikan

Conto wawacan nu eusina ngeunaan atikan di antarana nya éta: Naskah Bunga Rampai, Wawacan Raja Budiman, jeung Wawacan Nasihat.

(11)

e. Pangaweruh

Wawacan nu eusina ngeunaan pangaweruh, nya éta: Naskah Siksa Kanda(ng) Karesian jeung Carita Sarabad.

f. Sastra

Wawacan nu eusina téks sastra, jumlahna leuwih loba dibandingkeun jeung téks-téks lianna, di antarana nya éta: Naskah Abdul Samad, Naskah Ahmad Muhammad, Wawacan Yajid, jst.

g. Sastra jeung Sajarah

Téks wawacan nu eusina ngeunaan sastra sajarah, dingaranan babad, carios, sajarah, wawacan, jeung wawacan babad (Ruhaliah, 2002: 79). Contona waé nya éta:

1) Naskah nu eusina sajarah, nya éta: Babad Cirebon, Babad Pajajaran, Carios Prabu Munding Laya, jst.

2) Naskah nu eusina ngeunaan sastra, nya éta: Babad Sunda, Carita Parahiangan, Carita Sunda, jst.

h. Paririmbon

Conto naskah nu eusina ngeunaan paririmbon, nya éta: Catetan Ramalan, Kitab Paririmbon, Mantra, jst.

(12)

i. Seni

Conto naskah nu eusina ngeunaan seni, nya éta: Wawacan Carita Wayang, Naskah Bujangga Manik, Naskah Sultan Banten, jst.

2.1.3.6 Papasingan Wawacan Dumasar Watek Tokohna

Dumasar watek tokohna, wawacan biasana ngagambarkeun jalma nu sakti, bisa ngapung, bisa ngaleungit, jst. Salian ti manusa, tokoh wawacan téh nyaritakeun jin, jeung sato nu bisa ngapung atawana nu hirup di jero laut, sarta dibantu ku barang-barang gaib (Ruhaliah, 2002: 79).

a. Wawacan nu Tokohna Jalma-Jalma Sakti

Wawacan nu tokohna jalma-jalma sakti, di antarana waé nya éta: Wawacan Rengganis, Wawacan Jayalana, Wawacan Umarmaya, jst.

b. Wawacan nu Tokohna Manusa Biasa

Wawacan nu tokohna manusa biasa, upamana waé: Wawacan Panji Wulung, Wawacan nu Kaleungitan Carogé, Wawacan Carios Munada. jst.

(13)

2.1.4. Struktur Wawacan

Karya sastra salaku hiji karya rékaan, dina hakékatna mah mangrupa struktur. Éta struktur téh diwangun ku unsur-unsur karya sastra anu silih rojong. Nurutkeun Iskandarwassid (200: 153), struktur dina sastra nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra, gembleng boga ma’na.

Struktur wawacan diwangun ku unsur-unsur téma, palaku jeung watek palaku, galur jeung latar.

Pedaran unggal-unggal unsur di luhur, dijéntrékeun ieu di handap.

a. Téma

Unggal carita anu hadé diwangun ku téma anu nangtukeun arah. Téma téh hal atawa unsur anu pangpentingna dina sakabéh carita. Dina hakékatna, pangarang nyipta hiji karya sastra téh pikeun nepikeun hiji hal ka masarakat, tegesna kanu maca.

Dina wawacan, téma téh unsur nu penting. Lain ngan pédah jadi dasar carita, tapi penting lantaran bisa nuduhkeun pasualan nu rék diasongkeun ku pangarang dina éta wawacan.

Nurutkeun Sudjiman (1988: 50), téma téh nya éta gagasan, idé atawa pikiran utama, anu jadi dadasar dina hiji karya sastra. Ieu pamadegan téh teu béda jeung pamadegan nu ditepikeun ku Faturohman (1983: 7), yén téma téh nya éta unsur poko carita, anu digelarkeun ku pangarang dina karyana.

(14)

Dina wawcan, témana téh pohara réana. Upamana waé, nya éta téma anu patalina jeung agama, ngeunaan kagagahan hiji jalma, wawales ka nu telenges, sarta hal-hal anu patalina jeung kahirupan sapopoé (Faturohman, 1983: 41).

Dumasar kana pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén dina enas-enasna mah sarua waé, téma téh nya éta idé, dasar gagasan utama atawa jejer nu aya dina eusi karya sastra.

b. Galur

Galur nya éta hiji runtuyan carita dina carita rékaan anu nunjukkeun hubungan sabab jeung akibat (Pradopo, Spk, 1985: 17). Numutkeun Stanton dina Burhan (2010:113), nya éta carita anu eusina mangrupa runtuyan kajadian, tapi unggal kajadian ngan dipatalikeun sacara sabab- akibat, kajadian nu hiji disababkeun atawa nyababkeun ayana kajadian anu séjén.

Nurutkeun Iskandarwassid (2003: 43), anu disebut lalakon galur téh nya éta lalakon-lalakon utama (poko) anu aya dina carita babonna, lain karangan anyar. Nurutkeun Salmun, (1958: 116-118), galur dina carita téh miboga tahapanana. Éta tahapan téh nya éta:

(a) Galur Mérélé

Nya éta carita nu di mimitian ku bubuka. Ieu galur téh di mimitian ku ngawanohkeun heula palaku utama, nepikeun ka ahir jalan hirup.

(b) Mobok Tengah

Karangan anu mobok tengah mah tara méré bubuka heula. Carita langsung dibawa ka tengah-tengah.

(15)

Dina ieu galur leunjeuran carita téh teu dicaritakeun ku pangarang, tapi ku jalma katilu.

(d) Pandeuri Tiheula

Dina galur pandeuroi tiheula mah pangarang nyaritakeun ti tungtung heula, geus béh luhur kakara dibali9keun deui puhuna, bepi ka lalakon téh siga tepung gelang.

c. Palaku

Dina hiji wawacan, geus tangtu aya tokoh nu ngalalakon. Sumardjo & Saini K. M. (1986: 144) nétélakeun yén tokoh cerita adalah orang yang mengambil bagian dan mengalami peristiwa-peristiwa yang digambarkan dalam plot.

Aya dua jenis palaku, nya éta palaku utama atawa palaku sentral jeung palaku bawahan. Nurutkeun Stanton (dina Pradopo, 1985:190),

“Tokoh utama senantiasa relevan dalam setiap peristiwa di dalam suatu cerita. Dengan istilah lain, tokoh pertama itu disebut protagonist, sedangkan tokoh bawahan disebut antagonis” (Sumardjo & Saini K.M., 1988:49).

Istilah penokohan leuwih lega sabab nyoko saha tokoh carita, kumaha watekna, jeung kumaha penempatan sarta gambaran dina carita, sahingga bisa méré gambaran anu jelas ka pamaca. Tokoh carita, miboga posisisstrategis salaku nu mawa pesen, amanat, moral, atawa hiji hal anu ngahaja hayang ditepikeun ka pamaca.

(16)

d. Latar (setting)

Latar téh nya éta lumangsungna hiji kajadian. Ku kituna, latar biasana patali jeung hal-hal saperti di mana tempatna, iraha kajadianana, sarta kumaha éta kajadian téh lumangsung.

Iskandarwassid (2003: 74), nétélakeun yén nu disebut latar atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jst. Anu ngalantaran kajadian carita. Tegesna mangrupa salah sahiji komponén dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeun milu nangtukeun ajén karangan.

Nurutkeun Faturohman (1983: 9), latar nya éta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian. Sedengkeun Sudjiman (1990: 44), nétélakeun yén segala keterangan, petunjuk, pengacuan, yang berkaitan dengan waktu, ruang, dan suasana terjadinya peristiwa dalam suatu karya sastra.

Dumasar kana éta katerangan, bisa dicindekkeun yén latar téh nya éta ngawengku waktu, tempat, jeung kaayaan lumangsungna kajadian dina hiji karya sastra. Nu dimaksud latar waktu, tempat, jeung kaayaan lumangsungna kajadian dina hiji karya sastra.

Nu dimaksud latar waktu, nya éta latar anu pakuat-pakait jeung lumangsungna carita, saperti sapoé, tanggal, bulan, taun, jst. Lian ti éta, nu dimaksud tempat nya éta latar anu hubunganana jeung tempat carita, saperti di désa, di kota, di leuweung, jst. Sedengkeun nu dimaksud suasana, nya éta kaayaan nu tangtu, anu sipatna gumbira, sedih, ambek, jst. Éta sakabéhna dihaja ku pangarang pikeun nandeskeun maksud atawa tujuan carita.

(17)

Latar dina wawacan bisa digolongkeun jadi tilu, nya éta kahayang (tempat déwa), bumi (tempat manusa), jeung nagri tempat ngageugeuhna dedemit (Faturohman, 1983: 41).

e. Pupuh Nu Digunakeun

Faturohman (1983: 37), nétélakeun yén wawacan téh ditilik tina wangunna, mangrupa karangan fiksi dina wangun ugeran, kauger ku patokan pupuh. Nu disebut pupuh téh nya éta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu kauger ku rupa-rupa patokan, boh wangunna boh eusina. Tina hal wangunna, kauger téh ku réana padalisan dina unggal pada, ku réana engang panungtung dina unggal padalisan (disebutna guru wilangan), jeung kauger ku sora vokal dina engang panungtung dina unggal padalisan. Tina hal eusina, kauger ku sipat eusina, naha digunakeun keur ngagambarkeun kabungah, kasedih, jst. (disebutna watek pupuh, sipat pupuh).

Pupuh dina sastra Sunda aya 17, anu kabagi jadi dua bagian, nya éta sekar ageing jeung sekar alit. Pupuh anu kaasup kana sekar ageung aya opat, nya éta pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, nu biasa disebut KSAD. Sedengkeun pupuh nu kaasup sekar alit nya éta salian ti pupuh KSAD, saperti pupuh Mijil, Pangkur, Durma, Balakbak, Maskumambang, Magatru, Gambuh, Lambang, Wirangrong, Ladrang, Jurudemung, Gurisa, jeung Pucung. Masing-masing pupuh miboga watek jeung patokan sewing-séwangan, anu luyu jeung guru laguna atawa cara nembangkeunana.

(18)

Tabél 2.1

Patokan Pupuh bisa ditabélkeun saperti ieu di handap

No Ngaran Pupuh Guru

Gatra

Guru Lagu & Guru Wilangan Watek

Pupuh

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10

1 Kinanti 6 8u 8i 8a 8i 8a 8a Prihatin

2 Sinom 9 8a 8i 8a 8i 7i 8u 7a 8i 12a Gumbira

3 Asmarandana 7 8i 8a 8e 8a 7a 8u 8a Birahi

4 Dangdanggula 10 10i 10a 8e 7u 9i 7a 6u 8a 12i 7a Gumbira

5 Mijil 6 10i 6o 10e 10i 6i 6u Prihatin

6 Pangkur 7 8a 11i 8u 7a 12u 8a 8i Napsu

7 Magatru 5 12u 8i 8u 8i 8o Prihatin

8 Durma 7 12a 7i 6a 7a 7a 5a 7i Perang

9 Pucung 4 12a 6a 8e 12a Piwuruk

10 Balakbak 6 12a 3e 12a 3e 16e 3e Dagelan

11 Maskumambang 4 12i 6a 8i 8a Prihatin

12 Wirangrong 6 8i 8o 8u 8i 8a 8a Wiring

13 Gambuh 5 7u 10u 12i 8u 8o Tambuh

14 Gurisa 8 8a 8a 8a 8a 8a 8a 8a 8a Guyon

15 Lambang 4 8a 8a 8a 8a Heureuy

16 Ladrang 4 10i 8a 8i 12a Banyol

17 Jurudemung 5 8a 8u 8u 6i 8a 8u Kuciwa

Dumasar kana pedaran pupuh di luhur, bisa dicindekkeun yén nu disebut pupuh téh nya éta tujuh belas patokan anu dipaké pikeun ngadangding, sarta

(19)

pupuh téh mangrupa iketan puisi anu kauger ku watek pupuhna sorangan, guru lagu, jeung guru wilangan.

2.2 Ajén Budaya

Karya sastra bisa disebut lain ngan ukur hiji karya sastra anu mibanda budi, imajinasi jeung émosi wungkul, tapi geus dianggap hiji karya anu kréatif (Semi, 1990: 1). Minangka karya anu kréatif, karya sastra mangrupa ungkapan pribadi manusa tina idé-idéna, pangalaman jeung pikiran dirina. Dumasar kana éta hal, karya sastra mun diteuleuman jeung diteleban ngandung ajén-ajén anu luhur.

2.2.1 Wangenan Ajén Budaya

Ari anu disebut ajén, nurutkeun Achadiati (1992: 14) nya éta, “Gagasan tentang kehidupan yang dianggap amat penting oleh suatu masyarakat atau kelompok manusia”. Sedengkeun nurutkeun Darajat, spk (1984: 260) ajén téh nya éta “Suatu perangkat keyakinan ataupun perasan yang diyakini sebagai suatu identitas yang memberikan corak yang khusus kepada pola pemikiran, perasaan, keterkaitan, maupun prilaku”.

Kecap kabudayaan asal tina basa Sansekerta buddhayah, nya éta wangun jamak tina buddhi, nu hartina budi atawa akal. Jadi, kabudayaan sacara harfiah ngandung harti sagala rupa hal anu patalina jeung akal.

(20)

Nurutkeun Sumarjan (Budimansyah, 1990: 114), kabudayaan téh nya éta sakabéh karya, rasa, jeung cipta manusa. Sedengkeun nurutkeun Linton mah, kabudayaan nya éta konfigurasi tingkah laku, anu dipimilik ku manusa ngaliwatan tingkah laku, anu unsur pangwangunna diteruskeun ku anggota masarakat nu tangtu (Budimansyah, 1990: 114).

Koentjaraningrat (1985: 41), nétélakeun nu disebut ajén budaya nya éta“ Konsépsi yang hidup di dalam alam pikiran sebagian besar warga masyarakat

mengenai hal-hal yang harus dianggap sangat bernilai di dalam kehidupan”.

Jadi bisa dicindekkeun, yén anu disebut ajén téh nya éta hal-hal anu hadé jeung goréng, sarta dijadikeun patokan nu dipaké dina hirup kumbuh nepi ka bisa mangaruhan manusa sangkan luyu kana éta hal. Sedengkeun nu dimaksud ajén budaya téh nya éta, nu ngabalukarkeun hiji hal anu hadé jadi leuwih hadé, nu ngawengku kaparigelan pangaweruh, pikeun milampah kahirupan sapopoé nu aya patalina jeung kabudayaan, nu mangrupa beungkeutan pikiran, karya, jeung hasil karya manusa.

2.2.2. Wujud Kabudayaan

Wujud kabudayaan diwangun ku tilu rupa, nya éta:

a. Wujud Ideel

Ieu wujud téh sipatna abstrak, teu bisa dirampa jeung teu bisa dipoto. Wujudna mangrupa idé-idé, gagasan, ajen-inajén, norma-norma, aturan-aturan, nu

(21)

lokasina ngan aya dina uteuk atawa dina caritaan, jeung alam pikiran manusa, tempat tumuwuh jeung hirupna hiji kabudayaan.

b. Wujud Sosial

Wujud sosial disebut ogé sistem sosial. Ieu wujud téh mangrupa kagiatan manusa dina ngayakeun sosial antara masarakat, dumasar kana adat jeung tata kalakuanana. Wujud sosial mangrupa kagiatan manusa di hiji masarakat, sistem sosial miboga sipat kongkrit, sapopoéna lumangsung di sabudeureun urang sarta bisa diobsérvasi, dipoto, jeung didokuméntasikeun.

c. Wujud Fisik

Ieu wujud téh mangrupa hasil karya dina wangun anu nyata, bisa ditempo, dirampa, jeung diambeu. Sipatna kongkrit, mangrupa barang, pakakas, jst.

2.2.3. Unsur-Unsur Kabudayaan

Unsur-unsur kabudayaan miboga sipat universal. Hartina, unsur-unsur éta téh aya jeung bisa kapanggih, dina kabudayaan mana waé. Anapon unsur-unsur budaya, nya éta sistem religi jeung kapercayaan, sistem organisasi kamasarakatan, basa, kasenian, pakasaban, sistem élmu pangaweruh, jeung téhnologi.

a. Sistem Réligi jeung Kapercayaan

Unggal masarakat ngabogaan sistem réligi jeung kapercayaan, pon kitu deui masarakat Sunda. Ti jaman karuhun, nepi ka kiwari, masih kénéh aya nu ngaragem kapercayaan kana pangaruh alam gaib atawa mistis.

(22)

Nurutkeun E. Durkheim (Koentjaraningrat, 1998: 201-102), antropologi réligi dibagi kana unsur-unsur di handap ieu, di antarana:

1) Émosi kaagamaan (kereteg haté) anu nyababkeun manusa didorong pikeun ngalakukeun kagiatan kaagamaan;

2) Sistem kapercayaan atawa titingalian manusa ngeunaan wujud dunya, alam, alam gaib, hirup, pati, jeung sajabana;

3) Sistem ritual jeung upacara kaagamaan anu ngabogaan tujuan néangan hubungan jeung alam gaib dumasar sistem kapercayaan nu kasebut (dina no. 2 di luhur);

4) Kelompok kaagamaan anu méré konsépsi sarta ngaaktifkeun réligi katut sistem upacara-upacara kagamaanana;

5) Alat-alat pisik anu digunakeun dina ritus jeung upacara kaagamaan. b. Sistem Organisasi Kamasarakatan

Dina lembaga kekerabatan aya prosés diajar pikeun anggota masarakat sangkan mikawanoh budaya lingkunganana. Mikawanoh lingkunganana dilakukeun ku cara nanyakeun, maham, ayana tinimbangan, jeung ngalakukeun adaptasi disaluyukeun jeung ajén nu dipibogana. Teu béda jeung sistem réligi/kapercayaan di luhur, sistem organisasi kamasarakatan ogé, aya di unggal masarakatna sorangan. Kitu ogé masarakat Sunda, saperti gotong-royong, pancakaki, tatakrama. Jst.

Rupa-rupa Gotong-royong, di antarana : 1) Gotong-royong dina kagiatan tatanén;

(23)

2) Gotong-royong dina kagiatan-kagiatan sabudeureun rumah tangga; 3) Gotong-royong dina acara hajatan atawa upacara;

4) Gotong-royong di waktu kamusibahan. c. Basa

Unggal masarakat, dina ngagunakeun komunikasi moal leupas tina basa. Salaku mahluk sosial, jalma moal leupas tina masarakat katut lingkunganana. Jadi, ku ayana basa, manusa bisa interaksi jeung nu lian.

d. Kasenian

Pikeun ngébrékeun rasa éndah, gumbira, jst, bisa diwujudkeun dina wangun seni. Rupa-rupa seni nya éta: seni sora, seni rupa, seni tari, seni pahat, seni musik (kaasup seni musik tradisional), seni kasustraan, jeung seni drama.

e. Pakasaban

Pikeun nyumponan pangabutuh hirupna, unggal jalma di ieu dunya kudu ngabogaan pakasaban. Kagambar dina kahirupan jalma jaman buhun, pakasabanna tara tangtu, biasana moro jeung ngumpulkeun kadaharan saperti akar-akaran jeung beubeutian. Kaayeunakeun kahirupan jalma leuwih maju. Pakasabanna ogé rupa-rupa, aya anu tani, dagang, jeung jadi wirausaha.

f. Sistem Élmu Pangaweruh

Pikeun ngaronjatkeun ajén kahirupan di masarakat, bangsa, jeung nagara, unggal jalma kudu miboga elmu pangaweruh

(24)

g. Téhnologi

Tina tujuh unsur-unsur anu geus ditataan di luhur, unsur nu pamungkas nya éta unsur tehnologi. Pikeun nyumponan jeung ngalengkepan pangabutuh masarakat, atawa sistem sosial, timbul ayana alat-alat komunikasi, pakarang, jeung kadaharan. Contona waé, nya éta telepon, radio, tv, komputer, nuklir, jst.

2.3 Kurikulum

Kurikulum mangrupa rencana jeung aturan ngeunaan tujuan, eusi jeung bahan pangajaran sarta cara nu digunakeun pikeun pedoman lumangsungnya kagiatan diajar sangkan bisa ngahontal tujuan anu geus tangtu.

2.3.1 Wangenan Kurikulum

Istilah kurikulum munggaran digunakeun dina widang olahraga. asal kecapna curir (pelari) jeung curere (tempat berpacu). Dina jaman harita, kurikulum dihartikeun salaku jarak nu kudu dihontal ku atlit lari ti mimiti start nepi ka finish pikeun meunangkeun medali atawa piala. Saterusna, wangenan ngeunaan kurikulum téh diterapkeun dina widang atikan, hartina sajumlah mata pelajaran anu kudu dihontal ku siswa ti awal nepi ka ahir program pelajaran pikeun meunangkeun ijasah kalulusan. Patali jeung éta hal Hasan nétélakeun yén kurikulum téh kabagi kana tilu diménsi, nya éta: (1) kurikulum mangrupa idé atawa gagasan, (2) kurikulum nya éta rarancang tinulis, jeung (3) kurikulum

(25)

mangrupa hiji kagiatan anu disebut hiji réalita atawa implemntasi kurikulum (Kurikulum dan Pembelajaran, 2006: 6).

Dumasar kana pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén anu dimaksud kurikulum téh nya éta rarancang eusi nu mangrupa tahapan diajar pikeun siswa. Nepikeunana ku cara ngarahkeun institusi atikan ka para siswa sangkan siswa bisa ngahontal kompeténsi anu dituju.

2.3.2 SKKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda

Standar Kompetensi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun dumasar Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan miara basa, sastra, jeung aksara Sunda. Basa jeung sastra Sunda diajarkeun di pendidikan dasar di Jawa Barat. Kawijakan éta luyu jeung jiwa UU No. 22/1999 ngeunaan Pamaréntah Daérah jeung UU No. 22/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional.

Dumasar kana éta hal, basa Sunda kudu diajarkeun di sakola-sakola formal, ti mimiti Taman Kanak-Kanak (TK) nepi ka Sekolah Menengah Atas (SMA). Ku sabab kitu, perlu disusun standar kompetensi jeung kompetensi dasar saluyu jeung satuan pendidikan.

2.3.3 Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda SMP

Standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar pangajaran basa jeung sastra Sunda SMP, nya éta program pikeun ngamekarkeun pangawéruh, kaparigelan

(26)

basa, jeung sikep positif kana basa jeung sastra Sunda siswa dina unggal satuan pendidikan.

2.3.3.1 Fungsi jeung Tujuan

a. Fungsi

Standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar ngabogaan fungsi acuan pikeun guru-guru di sakola dina nyusun kurikulum mata pelajaran basa jeung sastra Sunda nepi ka segi-segi ngamekarkeun pangawéruh, kaparigelan, sarta sikep ngagunakeun basa jeung sastra Sunda bisa kaprogram sacara hadé tur bener. b. Tujuan

Standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar ngabogaan tujuan pikeun nuduhkeun, ngarahkeun, ngajelaskeun, jeung ngagampangkeun ka nu ngokolakeun atikan di sakola dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa jeung sastra Sunda.

2.3.3.2 Standar Kompeténsi Lulusan SMP

Standar Kompeténsi lulusan SMP dina mata pelajaran basa jeung sastra Sunda ngawengku opat aspék nya éta : ngaregepkeun, nyarita, maca, nulis.

a. Ngaregepkeun

Mampuh ngaregepkeun pikeun maham jeung nyangkem ragam wacana lisan anu mangrupa paguneman, pidato, maca puisi (sajak, pupujian, jeung

(27)

guguritan), jeung maca prosa(dongéng, novél, carita pondok, berita, biografi, bahasan, jeung artikel).

b. Nyarita

Mampuh nyarita pikeun ngébréhkeun pikiran, perasaan, kahayang anu mangrupa paguneman, wawancara, nyarita, nyaritakeun, pengumuman, nelepon, ngajelaskeun, diskusi, pidato, jeung maén peran.

c. Maca

Mampuh maca pikeun maham, jeung nyangkem rupa-rupa téks anu mangrupa paguneman, prosa(sajarah, bahasan, biografi, carita pondok, dongéng, jeung novél), jeung puisi(sajak, sawér, guguritan, jeung wawacan).

d. Nulis

Mampuh nulis pikeun ngébréhkeun rupa-rupa pesen (pikiran, perasaan, jeung kahayang) sacara tinulis dina ragam karangan anu mangrupa padoman wawancara, prosa (pangalaman, biografi, bahasan, berita, ésai, surat, carita pondok, jeung laporan), jeung puisi (sajak, guguritan, jeung sisindiran).

2.3.4 Wawacan Pikeun Bahan Pangajaran Sastra

Dumasar kana éta pedaran, ieu panalungtikan dipatalikeun jeung standar kompeténsi katut kompeténsi dasar pangajaran basa jeung sastra Sunda pikeun SMP, nya éta dina aspék maca. Salah sahijina maca sempalan carita wawacan.

(28)

2.2.4.1 Tujuan Pangajaran Sastra

Pangajaran sastra mibanda kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal mangrupa-rupa aspék tujuan pendidikan. Hal ieu bisa katitén tina komponén-komponén nu mangrupa bagian dina pangajaran.

Nurutkeun Rusyana(1984: 314), tujuan pangajaran sastra, nya éta “ untuk mengapresiasi nilai-nilai yang terkandung dalam sastra, yaitu pengenalan dan pemahaman yang tepat terhadap nilai sastra, dan kegairahan kepadanya serta kenikmatan yang mendalam, tentu juga perlu pemahaman terhadap sastra. Oleh karena itu, pangajaran sastra bertujuan untuk memberikan pengetahuan tentang sastra.

Tujuan pangajaran sastra, leuwih ditétélakeun dina tujuan kurikulér jeung tujuan instruksional umum anu saluyu jeung kurikulum. Nu dimaksud tujuan instruksional, nya éta hiji rumusan atawa déskripsi robahna paripolah balukar tina hiji prosés diajar-ngajar anu geus lumangsung. Ku kituna, dina ngajar aprésiasi sastra kudu disaluyukeun kana standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar.

Pikeun meunang gambaran sacara jéntré, ieu dihandap ditulis tabél ngeunaan standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar mata pelajaran basa jeung sastra Sunda, utamana ngeunaan aprésiasi sastra.

(29)

TABÉL 2.2

STANDAR KOMPETENSI JEUNG KOMPETÉNSI DASAR ASPÉK MACA KELAS VIII

Standar Kompetensi Kompeténsi Dasar

8.3. 8.3 Mampuh maca pikeun maham jeung nyangkem rupa-rupa bacaan anu mangrupa téks kapahlawanan, carita wawacan, sajak, jeung arguméntasi.

8.3.1 Maca Wacana Kapahlawanan 8.3.2 Maca Sempalan Carita Wawacan 8.3.3 Maca Sajak

8.3.4 Maca Wacana Arguméntasi

Tina éta tabél jelas yén carita wawacan kudu diajarkeun di SMP sakumaha anu geus ditangtukeun dina SKKD Mata Pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2006, luyu jeung tingkat kamahéran jeung kaparigelan siswa, nya éta siswa kelas VIII.

2.3.4.2 Bahan Pangajaran Wawacan

Bahan pangajaran sastra disakola kudu salawasna napak kana kurikulum nu jadi bahan acuan, tapi éta hal mangrupa gurat badagna hungkul. Ku kituna, guru dina nepikeun pangajaran sastra sakuduna geus maham heula bahan pangajaran anu aya dina kurikulum.

Salah sahiji bahan pangajaran sastra nu aya dina SKKD, nya éta wawacan. Pikeun meunangkeun gambaran sacara jéntré, ieu di handap ditulis tabél ngeunaan pangajaran maca wawacan anu diluyukeun kana SKKD.

(30)

TABÉL 2.3

BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI WAWACAN DI SMP

BAHAN PANGAJARAN

Poko Bahasan Matéri Poko Kelas/Seméster

8.3 Maca

8.3.2 Maca sempalan carita wawacan

Referensi

Dokumen terkait

Yesus Tuhan ,Kaulah Tuhan Mari puji anak Allah Mahatinggi Tlah dinubuatkan oleh para nabi KepadaNya diberikan sgala kuasa Juru slamat dunia, Yesus Kristus Tuhan. Sbab

Penelitian ini berusaha menjawab permasalahan yang diajukan peneliti yaitu pembelajaran dengan penerapan model pembelajaran Think Pair Share (TPS) untuk meningkatkan

Dengan ini diberitahukan kepada rekanan, setelah diadakan Evaluasi dan Penelitian menurut ketentuan yang berlaku, maka dengan ini diberitahukan pelaksana untuk

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni. © Ayu Hilda Junaedi 2014 Universitas

FRISKA SIMATUPANG: Pengaruh Ukuran Partikel dan Kadar Perekat Terhadap Sifat Fisis dan Mekanis Papan Partikel dari Limbah Batang Kelapa Sawit dengan Perekat Urea

Tingkat Kepercayaan D iri Wasit Sebelum, Selama D an Sesudah Memimpin Pertandingan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.. DAFTAR

Demikian diterangkan untuk digunakan melengkapi syarat pendaftaran Ujian Meja Hijau Tugas Akhir Mahasiswa bersangkutan di Departemen Matematika FMIPA USU Medan. Komputer

Output Korelasi Harga Kedelai Lokal Dengan Volume Impor