BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa téh hiji hal anu unik, anu dipaké pakakas komunikasi ku manusa.
Sanajan basa téh sipatna arbitrer atawa manasuka, tapi éta basa dipakéna henteu
sambarangan, sabab nyoko kana karageman atawa konvensional (Chaer jeung
Agustina, 2010, kc. 13). Contona hiji hal moal disebut suku saupama masarakat
anu ngagunakeun éta basa teu sapuk yén anu aya dina bagian handap awak
manusa nu pungsina pikeun leumpang atawa pindah ti hiji tempat ka tempat
séjénna disebut suku. Kitu ogé karuhun urang Sunda baheula dina ngagunakeun
basa téh teu asal pok baé, tapi didadasaran ku akal atawa logika (Sudaryat, 2003,
kc. 97). Saupama dilenyepan deui mah, kolot urang baheula bisa disebut romantis
atawa deuheus pisan jeung lingkunganana, utamana dina nyiptakeun basa. Ieu hal
bisa dibuktikeun ku kabeungharan kecap anu dipibanda ku basa Sunda.
Salah sahiji titinggal karuhun urang Sunda baheula téh di antarana nya éta
babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda téh salah sahiji wanda tina
pakeman basa atawa sok disebut ogé idiom. Dina babasan jeung paribasa Sunda
bisa kagambar rupa-rupa informasi, salah sahijina nya éta informasi ngeunaan
unsur lingkungan. Saenyana mah babasan jeung paribasa téh sarua baé, ngan
Nurutkeun Prawirasumantri (dina Hidayat, spk., 2007, kc. 197) mah bédana
babasan jeung paribasa téh nya éta babasan mah geus ngawangun hiji kecap
(kantétan), sedengkeun paribasa mah méh mirupa kalimah. Sudaryat ogé
nétélakeun yén bédana babasan jeung paribasa téh lebah hartina, ari babasan mah
ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa mah ngandung harti babandingan
(Sudaryat, 2003, kc. 118).
Urang Sunda biasana tara ngungkarakeun hiji hal sacéréwélna, tapi sok
dibalibirkeun heula sangkan maksud omonganana katepi jeung teu matak nyentug
kana haté. Babasan jeung paribasa jadi salah sahiji cara urang Sunda dina
nepikeun pamaksudanana. Kekecapan anu dipaké dina nyusun babasan jeung
paribasa ogé teu jauh tina naon anu katingali, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung
nurutkeun sorana, sasaruanana, bahanna, tempat asalana, nu nyieunna, nu nimuna,
sipatna, atawa sabagian anggapanana (Sudaryat, 2003, kc. 93).
Generasi ngora ayeuna geus ngésér jauh tina sipat nyaah ka
lingkunganana. Éta hal ditandaan ku loba teu apalna kana kekecapan nu
ngagambarkeun unsur lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan, jeung
kaayaan alam. Pikeun ngungkulan éta pasualan, penting di dieu numuwuhkeun
deui sipat nyaah ka lingkungan, nu salah sahiji carana nya éta ku ngawanohkeun
deui babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan.
Ngawanohkeun deui babasan jeung paribasa Sunda, bisa ngaliwatan kurikulum nu
aya di sakola, sabab nurutkeun Vigotksy (dina Yusuf jeung Sugandhi, 2011, kc.
83), sakola téh mangrupa salah sahiji agén budaya anu milu nangtukeun
kamekaran pola pikir rumaja, dina ieu hal, nya éta pikeun ngarahkeun pola pikir
rumaja kana kasadaran mikanyaah lingkunganana ngaliwatan babasan jeung
paribasa Sunda. Salian ti éta ogé, babasan jeung paribasa Sunda téh kaasup kana
salah sahiji ambahan bahan kabasaan pangajaran bahasa Sunda di sakola
(Haerudin jeung Kardana, 2013, kc. 84-89). Pakait jeung éta hal, dina KI-KD
pangajaran bahasa Sunda kelas XI SMA, aya salah sahijina pangajaran pakeman
basa. Pangajaran pakeman basa téh eusina nya éta bahasan ngeunaan pakeman
basa, anu salah sahiji eusina nya éta medar babasan jeung paribasa Sunda. Ningali
éta hal, teu salah saupama pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA
dideudeulan ku pedaran babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur
lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan jeung kaayaan alam. Salian ti
bisa numuwuhkeun deui rasa nyaah ka lingkunganana, ogé ieu panalungtikan bisa
jadi alternatif bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA.
Saacanna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah anu nalungtik babasan jeung paribasa Sunda, tapi dina ulikan anu
béda-béda. Dina taun 2004 aya tiluan nu nalungtik ngeunaan babasan jeung
paribasa nya éta Sudesti Permata Sari dina skripsi anu judulna Unsur Gaya Basa
dina 700 Paribasa Sunda Karangan R. Maskar Ganda Sudirdja Pikeun Bahan
Pangajaran di SMA, jeung skripsi Demaswati anu judulna Babandingan
Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonesia Disawang tina Maksud anu
ngajudulan skripsina Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa Sunda
pikeun Bahan Pangajaran di SLTP. Satuluyna dina taun 2012 Nining Novianti
ngaréngsékeun skripsi anu judulna Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik
Antropologis). Ari dina taun 2013 mah, Siska Pertiwi nyusun skripsi anu judulna
Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Ulikan
Gambaran Watek Urang Sunda). Sedengkeun nu anyar-anyar ieu aya skripsi anu
judulna Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan
Stilistika jeung Semantik) ku Anita Nurul Fauziah.
Sanajan babasan jeung paribasa Sunda geus réa nu nalungtik, tapi aya
bédana jeung ieu panalungtikan. Dina ieu panalungtikan mah nu diulik téh perkara
aspék lingkungan dina babasan jeung paribasa. Jaba ti éta, hasil tina ieu
panalungtikan bisa diajangkeun pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas
XI SMA. Ku sabab éta, perlu ayana panalungtikan babasan jeung paribasa Sunda
anu ngulik tina jihat unsur lingkunganana sarta hasilna jadi bahan pangajaran
pakeman basa di kelas XI SMA. Dumasar kana pedaran saacanna, ieu
panalungtikan dibéré judul “Unsur Lingkungan dina Babasan jeung Paribasa
Sunda pikeun Bahan Pangajaran Pakeman Basa di Kelas XI SMA”.
1.2 Rumusan Masalah
Sangkan ieu panalungtikan teu ka mana karep ambahanana, perlu ayana
watesan masalah. Dina ieu panalungtikan, unsur lingkungan téh diwangun ku dua
komponén nya éta komponén biotik jeung komponén abiotik (Dwidjoseputro,
1987, kc. 59). Komponén biotik téh ngawengku tutuwuhan, sato jeung mahluk
hirup séjénna kaasup manusa. Ari komponén abiotik mah nya éta ngawengku
komponén alam saperti taneuh, cai, hawa, jeung panon poé. Jadi dina ieu
panalungtikan, anu didéskripsikeun téh nya éta unsur manusa, sato, tutuwuhan,
jeung kaayaan alam nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda. Jadi, rumusan
masalah dina ieu panalungtikan, nya éta:
1) Naon waé babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan?
2) Naon waé unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda?
3) Kumaha babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan mun
1.3 Tujuan Panalungtikan
Hiji hal moal sagawayah dilaksanakeun saupama euweuh tujuanana, kitu
deui jeung ieu panalungtikan. Tujuan dina ieu panalungtikan téh aya dua, nya éta
(1) tujuan umum jeung (2) tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar saacanna, tujuan umum dina ieu
panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun unsur lingkungan anu kapanggih dina
babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI
SMA.
1.3.2 Tujuan Husus
Salian tujuan umum anu disebutkeun di luhur, ieu panalungtikan ogé
miboga tujun husus, nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun unsur
lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran pakeman
basa di kelas XI SMA. Ari anu didéskripsikeunna nya éta:
1) babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan;
2) unsur lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda; sarta
3) bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA nu medar babasan jeung
paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat dina ieu panalungtikan téh ngawengku dua aspék, nya éta (1)
mangpaat tioritis jeung (2) mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh
ngeunaan élmu pangajaran basa utamana pangajaran pakeman basa di kelas XI
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun murid,
guru, masarakat, jeung panalungtik sorangan.
1) Pikeun murid
Dipiharep tina ieu panalungtikan, murid bisa mikawanoh tur paham kana
babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Salian ti éta, ogé
dipiharep murid sakola bisa tumuwuh kasadaranana pikeun mikanyaah
lingkunganana.
2) Pikeun guru
Dipiharep ku ayana ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh guru
dina nerangkeun babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan,
hususna dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA. Salian ti éta, ogé dipiharep
guru bisa leuwih numuwuhkeun deui rasa nyaah tur ngahargaan kana lingkungan
ka muridna.
3) Pikeun masarakat
Dipiharep ogé masarakat bisa leuwih nyaah tur ngahargaan lingkungan
sabudeureunana ku cara mikawanoh babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung
unsur lingkungan.
4) Pikeun panalungtik
Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa nambahan informasi ngeunaan unsur
lingkungan nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab. Bab I medar kasang tukang
masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan ngawengku tujuan husus jeung
tujuan umumna, mangpaat tina panalungtikan, jeung raraga tulisan. Sedengkeun
bab II mangrupa ulikan pustaka anu medar unsur lingkungan, babasan jeung
dina ieu bab ogé dipedar panalungtikan saacanna katut kalungguhan tiori.
Satuluyna dina bab III dipedar métode panalungtikan anu ngawengku désain
panalungtikan, data jeung sumber data, instrumén panalungtikan, téhnik
ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV dina ieu panalungtikan mangrupa
hasil analisis data jeung pedaran panalungtikan. Pamungkas, bab V mangrupa
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus ditepikeun dina
bab IV, ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur lingkungan
pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Tina sumber data
kapanggih aya 200 babasan jeung paribasa anu ngandung unsur lingkungan, anu
ngawengku 104 babasan jeung 96 paribasa. Sedengkeun babasan anu ngandung
unsur manusa kapanggih aya 83 ungkara. Babasan jeung paribasa anu ngandung
unsur sato kapanggih aya 49 ungkara, babasan jeung paribasa anu ngandung unsur
tutuwuhan kapanggih aya 31 ungkara, sarta babasan jeung paribasa anu ngandung
unsur kaayaan alam kapanggih aya 52 ungkara.
Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur manusa kapanggih dua
rupa unsur, nya éta unsur lahir jeung batin manusa. Dina unsur lahir manusa, bisa
diwincik deui jadi dua golongan, nya éta wujud jeung bagian badan manusa. Dina
bagian badan manusa ogé bisa diwincik deui jadi lima golongan, nya éta bagian
luhur badan manusa, bagian tengah badan manusa, bagian handap badan manusa,
bagian jero badan manusa, jeung sakujur badan manusa.
Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur sato kapanggih dua rupa
unsur, nya éta ngaran sato jeung bagian badan sato. Dina golongan ngaran sato,
bisa diwincik deui dumasar tempatna, wujudna, jeung dumasar jenisna. Dina
bagian ngaran sato dumasar tempatna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta
ngaran sato nu aya di alam, jeung ngaran sato nu aya di sabudeur imah jeung
lembur. Dina bagian ngaran sato dumasar wujudna, diwincik deui jadi jadi dua
rupa nya éta ngaran sato ngarayap, jeung ngaran sato leutik. Dina bagian ngaran
sato dumasar jenisna, diwincik deui jadi jadi dua rupa nya éta ngaran sato
sabangsa lauk, jeung ngaran sato sabangsa manuk.
Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur tutuwuhan kapanggih dua
rupa unsur, nya éta ngaran tutuwuhan jeung bagian tutuwuhan. Dina golongan
ngaran sato, bisa diwincik deui jadi opat rupa, nya éta ngaran tatangkalan, ngaran
Dina babasan jeung paribasa nu ngandung unsur kaayaan alam kapanggih
tilu rupa unsur, nya éta wujud alam, unsur alam jeung kajadian alam. Dina
golongan unsur alam, bisa diwincik deui jadi tujuh rupa, nya éta unsur langit,
taneuh, cai, angi, waktu, seuneu, jeung hawa.
Bahan pangajaran babasan jeung paribasa Sunda anu ngandung unsur
lingkungan dina pangajaran pakeman basa kelas XI SMA, didadarkeun dina
runtuyan bahan ajar anu mangrupa teks déskripsi ngeunaan babasan jeung
paribasa anu ngandung unsur lingkungan.
5.2 Saran
Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan unsur lingkungan dina
babasan jeung paribasa Sunda, aya saran-saran anu hayang ditepikeun di
antarana:
a. Ieu panalungtikan karék ngabahas opat unsur lingkungan dina babasan
jeung paribasa Sunda, acan nepi kana ngabahas barang-barang nu aya
di sabeudeureun lingkungan.
b. Dina ieu panalungtikan kapanggih kecap-kecap anu ngébréhkeun
unsur lingkungan dina babasan jeung paribasa, dipiharep satuluyna aya
buku nu ngadéskripsikeun tiap babasan jeung paribasa anu ngandung
unsur lingkungan.
c. Tina hasil panalungtikan kagambar aya sababaraha ungkara babasan
jeung paribasa anu ungkarana méh sarua, dipiharep ogé satuluyna aya
panalungtikan ngeunaan variasi ungkara babasan jeung paribasa
Sunda.
d. Kecap-kecap nu nuduhkeun unsur lingkungan kudu terus dipaké.
e. Babasan jeung paribasa Sunda kudu terus dipaké dina omongan
sapopoé sarta diwanohkeun terus ka nonoman Sunda lianna.
f. Bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA kudu bisa leuwih
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta:
Rineka Cipta.
Chaer, A & Agustina, L. (2010). Sosiolinguistik. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Demaswati. (2004). Babandingan paribasa Sunda jeung paribasa Indonesia
disawang tina maksud anu dikandungna jeung bahan anu
dibandingkeunanan. Bandung: henteu medal.
Dwidjoseputro, D. (1987). Manusia dengan lingkungannya buku teks untuk
perguruan tinggi. Jakarta: Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan
Direktorat Jendral Pendidikan Tinggi Departemen Pendidikan dan
Pengajaran.
Fauziah, A. N. (2014). Gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda
(tilikan stilistik jeung semantik). Bandung: henteu medal.
Haerudin, D. & Kardana, K. (2013) Panganteur talaah buku ajar. Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia.
Hidayat, R. T., spk. (2007). Peperenian urang Sunda. Bandung: Kiblat.
Iskandarwassid & Sunendar, D. (2011). Strategi pembelajaran bahasa. Bandung:
Rosda
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran éjahan basa Sunda édisi
révisi. Bandung: Rahmat Cijulang.
Kurniawati, E. (2004). Unsur puwakanti dina babasan jeung paribasa Sunda
pikeun bahan pangajaran di SLTP. Bandung: henteu medal.
Nasution. (2001). Asas-asas kurikulum. Jakarta: PT Bumi Aksara.
Novianti, N. (2012). Babasan jeung paribasa Sunda (tilikan linguistik
antropologis). Bandung: henteu medal.
Pertiwi, S. (2013). Aspék psikolinguistik sosial dina babasan jeung paribasa
Sunda (ulikan gambaran watek urang Sunda). Bandung: henteu medal.
Ganda Sudirdja pikeun bahan pangajaran di SMP. Bandung: henteu medal.
Satjadibrata. (2008). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Sudaryat, Y. (2004a). Élmuning basa. Bandung: Walatra.
Sudaryat, Y. (2004b). Modél pangajaran kompetensi basa Sunda. Tanggerang:
CV Pamulang
Sudaryat, Y. (2003). Ulikan semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
Sudaryat, Y. (2015). Wawasan kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa
Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan
Indonesia.
Sudjana, N. (2011). Tuntunan penyusunan karya ilmiah makalah-skripsi-tesis
disertasi. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Soerdjani, M., Ahmad, T., & Munir, R. (1987). Lingkungan sumber daya alam
dan kependudukan dalam pembangunan. Jakarta: Universitas
Indonesia-Press
Supardi. (1994). Lingkungan hidup dan kelestariannya. Jakarta: Penerbit Alumni.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman penulisan karya ilmiah UPI
tahun akademik 2014/2015. Bandung. Henteu medal.
Yusuf, S. jeung Sugandhi, N. M. (2011). Perkembangan peserta didik. Jakarta: PT