• Tidak ada hasil yang ditemukan

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA."

Copied!
26
0
0

Teks penuh

(1)

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

CHAERUNNISA 1000736

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Oleh:

Chaerunnisa

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

©Chaerunnisa 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Juni, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

CHAERUNNISA NIM 100736

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 196408221989031001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu PERBANDINGAN MAKNA PERIBAHASA

SUNDA DAN INDONESIA UNTUK BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Chaerunnisa1), Yayat Sudaryat2),Hernawan3)

Email: chaerunnisa.aria@gmail.com, yayatsudaryat@upi.edu hernawan.upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendéskripsikan perbandingan arti peribahasa Sunda dan Indonésia yang mempunyai arti atau makna yang sama. Déskripsi dalam penelitian ini meliputi (1) jumlah peribahasa Sunda yang memiliki arti yang sama dengan peribahasa Indonésia; (2) jumlah peribahasa Sunda dan Indonésia berdasarkan bentuk kalimatnya; (3) jumlah peribahasa Sunda dan Indonésia berdasarkan maksud yang dikandungnya; serta (4) penerapannya dalam bahan ajar idiom di SMA. Dalam penelitian ini digunakan métode déskriptif dengan téknik studi pustaka. Sumber data dalam penelitian ini adalah kumpulan peribahasa 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda karya Budi Rahayu Tamsyah dkk. dan kumpulan peribahasa Super Lengkap Peribahasa Indonésia karya Ariawan Prasetyo. Data dalam penelitian ini berupa seluruh daptar peribahasa Sunda dan Indonésia dalam arti yang sama dari kedua buku kumpulan peribahasa tersebut. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa, (1) dari 199 peribahasa Sunda ditemukan 130 peribahasa yang memiliki arti sama dengan peribahasa Indonésia; (2) berdasarkan bentuk kalimatnya, ditemukan 94 peribahasa Sunda dalam bentuk kalimat tunggal dan 36 dalam bentuk kalimat majemuk, sedangkan dalam peribahasa Indonésia ditemukan 64 dalam bentuk kalimat tunggal dan 66 dalam bentuk kalimat majemuk; (3) berdasarkan maksud yang dikandungnya, peribahasa Sunda dan Indonésia ditemukan sebanyak 86 ke dalam bentuk peribahasa pengalaman, 9 ke dalam bentuk peribahasa perintah, dan 35 ke dalam bentuk peribahasa petuah; (4) perbandingan arti peribahasa Sunda dan Indonésia, dapat diterapkan dalam bahan ajar idiom di SMA melalui sebuah bahasan atau wacana mengenai peribahasa.

Kata kunci: peribahasa, makna, dan bahan ajar idiom

1 Penulis Utama 2

Penanggung Jawab 1

(5)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu THE COMPARISON OF THE MEANING OF SUNDANESE AND INDONESIAN PROVERBS FOR IDIOM TEACHING MATERIALS IN HIGH SCHOOL

Chaerunnisa1), Yayat Sudaryat2), Hernawan3)

Email: chaerunnisa.aria@gmail.com, yayatsudaryat@upi.edu, hernawan.upi.edu

Sundanese Language Education, Faculty of Language and Arts Education Indonesia University of Education

ABSTRACT

This study aims to identify and describe the comparison of meaning of Sundanese and Indonesian proverbs. The description covers the number of Sundanese and Indonesian proverbs that have the same meaning, the number of Sundanese and Indonesian proverbs based on the form of sentence, the number of Sundanese and Indonesian proverbs based on the meaning they convey, also their application for idiom teaching materials in high school. This study used descriptive method with literature study technique. The data was processed through text analysis or direct analysis technique. The sources of data in this study were the collection of proverbs 1000 babasan jeung paribasa Sunda by Budi Rahayu Tamsyah et al. and the collection of proverbs Super Lengkap

Peribahasa Indonesia by Ariawan Prasetyo. The data in this study was the list

of Sundanese and Indonesian proverbs that have the same meaning from the previous two sources of data. The result of this study concluded that (1) 130 of 199 Sundanese proverbs have the same meaning as Indonesian ones; (2) based on the form of sentence, 94 Sundanese proverbs are in simple sentence, 36 proverbs are in complex sentences, on the other hand 64 Indonesian proverbs are in simple sentence and 66 proverbs are in complex sentence; (3) based on the meaning, each Sundanese and Indonesian proverbs are experiential proverbs, 9 proverbs are command proverbs, and 35 proverbs are religious advice proverbs; (4) the result of the meaning comparison of Sundanese and Indonesian proverbs can be applied for idiom teaching materials in high school through a discourse about proverbs.

1 Author 2

Co Author 1

(6)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7)
(8)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... ix

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 3

1.4 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4.1 Tujuan Umum ... 4

1.4.2 Tujuan Husus ... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.6 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Paribasa ... 6

2.2 Paribasa Minangka Wangun Basa ... 8

2.2.1 Wangun Basa ... 8

2.2.2 Wangun Paribasa ... 12

(9)

vii

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2.2 Wangun Paribasa Indonésia ... 17

2.3 Harti dina Paribasa ... 20

2.3.1 Wangenan Harti ... 20

2.3.2 Wanda Harti ... 21

2.3.2.1 Harti Idiomatik Minangka Harti dina Paribasa ... 22

2.4 Bahan Pangajaran Idiom ... 23

2.4.1 Watesan Bahan Pangajaran ... 23

2.4.2 Bahan Pangajaran Basa Sunda dina Kurikulum ... 24

2.4.3 Tujuan, Fungsi, jeung Prinsip Bahan Pangajaran Basa Sunda ... 27

2.4.3.1 Tujuan Pangajajran Basa Sunda ... 25

2.3.4.2 Fungsi Pangajaran Basa Sunda ... 25

2.3.4.3 Prinsip Bahan Pangajaran Basa Sunda ... 26

2.4.3.5 Bahan Ajar Idiom ... 28

2.5 Raraga Mikir ... 29

2.6 Anggapan Dasar ... 30

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 31

3.1 Data jeung Sumber Data ... 31

3.2 Desain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 33

3.4 Wangenan Operasional ... 33

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 36

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN ... 37

4.1 Data Paribasa Sunda jeung Indonésia anu Hartina Sarua ... 37

4.2 Wangun Kalimah Paribasa Sunda jeung Indonésia ... 64

4.2.1 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Salancar .... 65

(10)

viii

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.1.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Salancar

Jembar ... 66

4.2.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét ... 67

4.2.2.1 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét Satata ... 68

4.2.2.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét Sumélér ... 68

4.3 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar Maksud nu Dikandungna ... 69

4.3.1 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Piluangeun ... 70

4.3.2 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Paréntah ... 71

4.3.3 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Pituah... 71

4.4 Babandingan Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan Ajar Idiom di SMA ... 72

4.4.1 Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar ... 73

4.4.2 Bahan Ajar Idiom ... 74

4.5 Pedaran ... 79

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 81

5.1 Kacindekan ... 81

5.2 Saran ... 82

DAPTAR PUSTAKA ... 83

LAMPIRAN ... 86

(11)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Cara manusa ngedalkeun gagasanna nepi ka jadi hiji basa téh rupa-rupa, nu

matak unggal wewengkon nu ditempatan ngabogaan ciri sewang-séwangan, sakur

dipikaharti di sabudeureunana. Dina nembrakkeun kedaling diri, manusa ilaharna

aya nu togmol atawa teu ngucapkeun sajalantrahna sarta loba dibalibirkeun.

Komo di tatar Sunda anu teu pati togmol téh katelahna paribasa, masarakat

lolobana maké paribasa dina komunikasi pikeun sindir sampir, nyindiran

paripolah sarta pasipatan jalma nu ngagambarkeun kaayaan dina hiji mangsa.

Paribasa teu dipikanyaho saha nu nyieunna, kumbuh kitu waé di lingkungan

masarakat, da kitu téa gumelar sacara tatalépa. Istilah paribasa ogé aya di

wewengkon séjén, dina basa Inggris paribasa téh disebut proverb, di Cina disebut

chengyu, jeung di Jepang disebut kotowaza. Komo dina basa Indonésia, boga

sebutan nu teu béda jauh jeung urang Sunda, nyaéta disebutna peribahasa.

Cervantes (dina Danandjaja, 2007, kc. 28) nétélakeun yén paribasa téh nyaéta ‘kalimat pendek yang disarikan dari pengalaman panjang.’ Ari paribasa dina KUBS (Kamus Umum Basa Sunda), nu dikaluarkeun ku LBSS (Lembaga Basa

jeung Sastra Sunda) (2007, kc. 362) nyaéta kalimah anu geus matok sarta

ngandung pituah atawa piluangeun. Ditilik tina tiori-tiori kasebut, yén saenyana

paribasa téh kekecapan ngandung pituah nu kaalaman ku manusa, pangalaman

panjang nu jadi pituah kasebut antukna bisa jadi milik saréréa sacara tatalépa. Teu

nutup kamungkinan, unggal pituah-pituah kasebut ku lantaran tatalépa jadi aya

pakuat-pakaitna, silih mangaruhan atawa saduran. Paribasa anu aya di tatar Sunda,

bisa jadi kapangaruhan kajaba ngandung harti nu sarua jeung séjénna, contona

waé jeung paribasa dina basa Indonésia. Saupama dina paribasa Indonésia aya

paribasa mentimun melawan durian, sarta dina paribasa Sunda aya paribasa

bonténg ngalawan kadu, kadua paribasa kasebut sacara basa tangtuna béda, tapi

(12)

2

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saenyana ngaliwatan paribasa urang diajar kaéndahan hasil pamikiran

manusa, saperti paribasa nu geus disebutkeun di luhur, duanana ngandung

piluangeun nu sarua, bisa dipaké ku unggal jalma. Tapi kitu téa, kanyataan jaman

ayeuna sabagéan masarakat geus teu apal kana paribasa boh wangun

kecap-kecapna boh hartina. Sabada diayakeun panalungtikan minat paribasa dina

wangun angkét ka lingkungan atikan nu ditujukeun ka murid SMA, yén

kalungguhan minat ngagunakeun paribasa bisa dicindekeun teu dipikaresep. Di

lingkungan murid SMA kalungguhan paribasa kasebutna geus héngkér, murid teu

pati loba apal paribasa, komo kana paribasa Sunda. Di lingkungan atikan, kiwari

paribasa sakur kapanggih dina buku-buku mata pelajaran hungkul, éta ogé langka

ditepikeun langsung kapentingan bahan ajar. Salian ti éta, kiwari paribasa

katangen sakur dina karangan, nu jadi mamanis dina karangan fiksi atawa non

fiksi. Ayeuna mah manggihan générasi ngora nu ngagunakeun basa Sunda téh teu

pati loba, komo ngagunakeun sarta nyiptakeun deui warisan budaya saperti

paribasa.

Ngamumulé budaya Sunda bisa ngaliwatan sababaraha cara, sahenteuna tina

hal nu leutik, kawas ngawanohkeun deui paribasa nu dilarapkeun di lingkungan

kulawarga, masarakat, sarta di sakola. Sakola salah sahiji tempat nepikeun

warisan budaya ka générasi ngora, tina ieu hal siswa bisa meunangkeun

pangaweruh nu leuwih salian ti pangajaran sakola, lantaran sacara nyamuni siswa

diajar paripolah kahirupan tina budaya. Ku lantaran kitu, salasahijina di

lingkungan sakola paribasa bisa dijadikeun bahan ajar ngaliwatan pangajaran

basa.

Nilik kana sawatara pasualan di luhur, ku kituna perlu diayakeun

panalungtikan paribasa, pangpangna ngabandingkeun harti paribasa Sunda jeung

Indonésia. Sajaba ti éta, aspék pakeman basa atawa idiom nu salah sahijina

niténan paribasa, kiwari geus aya dina Kompetensi Dasar SMA kelas XI dina

KIKD bahasa dan sastra Sunda 2013. Tangtuna, raket pakuat-pakaitna ieu

(13)

3

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngabandingkeun harti paribasa bisa jadi bahan pangajaran pikeun murid, sangkan

nambahan pangaweruh kana idiom atawa pakeman basa.

Panalungtikan ngeunaan paribasa téh saenyana mah kungsi dilaksanakeun, di

antarana waé, “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologis)”

(Nining Novianti, 2008), jeung “Babandingan Paribasa Sunda Indonésia Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana”

(Demaswati, 2004). Éta panalungtikan nu kahiji téh ngulik babasan jeung paribasa

Sunda tina jihat antropologi basa sarta semantik. Dina panalungtikan nu kadua,

panalungtik medar jumlah paribasa Sunda jeung Indonésia, nu dipasing tina

maksud nu dikandungna jeung bahan anu dibandingkeunana, can ngulik harti

paribsa Sunda jeung Indonesia tina jihat hartina.

Dumasar kana kasang tukang anu geus dijéntrékeun di luhur, panalungtikan

paribasa anu dibandingkeun antara basa Sunda jeung Indonésia perlu

dilaksanakeun. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan dijudulan “Babandingan Harti

Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan Ajar Idiom di SMA.”

1.2Idéntifikasi Masalah

Saluyu jeung kasang tukang, masalah anu diidéntifikasi dina ieu panalungtikan

nyaéta nganalisis tur ngadéskripsikeun babandingan harti paribasa Sunda jeung

Indonésia. Ieu panalungtikan ngawengku (jumlah harti nu sarua, wangun

kalimahna, sarta maksud anu dikandungna, katut larapan babandingan harti

paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA).

1.3 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan

dirumuskeun dina wangun kalimah saperti pananya ieu di handap.

a. Paribasa Sunda jeung Indonésia naon waé anu hartina sarua?

b. Kumaha wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia nu hartina sarua?

c. Kumaha wangun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar maksud anu

(14)

4

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Kumaha lamun hasil babandinganana paribasa Sunda jeung Indonésia

dijadikeun bahan ajar idiom di SMA?

1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun maluruh sarta

meunangkeun gambaran objéktif babandingan harti nu sarua dina paribasa Sunda

jeung Indonesia. Salian ti éta, tujuan panalungtikan nyaéta rumusan kalimah nu

ngébréhkeun ayana hiji hal nu dibeunagkeun sanggeus panalungtikan kasebut

dilaksanakeun.

1.4.2Tujuan Husus

Ieu panalungtikan ogé miboga sababaraha tujuan husus, nyaéta pikeun

mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. paribasa Sunda jeung Indonesia nu hasilna sarua;

b. rupa-rupa wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua;

jeung

c. rupa-rupa wangun paribasa dumasar maksud anu dikandungna

d. hasil babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonesia pikeun bahan ajar

idiom di SMA.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, tangtuna boga mangpaat pikeun kapentingan boh nu

nulis boh nu maca. Mangpaat anu baris dihontal dibagi jadi dua bagéan, nyaéta

mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.5.1Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nya éta méré pangaweruh anu

(15)

5

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kasebut engkéna aya dina ambahan semantik, sabab élmu semantik mangrupa

élmu anu maluruh basa katut harti basa nu kumbuh di masarakat. Ngajembaran

élmu semantik di dieu leuwih museur kana idiomatik ngeunaan paribasa.

1.5.2Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta:

a. méré informasi ngeunaan paribasa ka balaréa nu geus ilahar dipaké sapopoé,

sangkan bisa ngabandingkeun dina basa nu séjen, jeung deui paribasa ogé

saenyana lain saukur basa, tapi ogé ungkara nu ngandung sawangan hirup

sarta ngandung kaéndahan;

b. mangrupa salasahiji tambahan pikeun bahan pangajaran; jeung

c. nambahan pangaweruh pikeun nu lian ngeunaan paribasa pikeun bahan

panalungtikan satuluyna, dina raraga ngaronjatkeun kamampuh makéna basa

Sunda.

1.6Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina ieu panalungtikan disusun jadi lima bab. Dina Bab I

dipedar kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah,

tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II eusina

tiori-tiori nu aya dina panalungtikan nu ngawengku tiori idiom (paribasa), frasa,

sarta bahan pangajaran idiom.

Satuluyna dina bab III dipedar métode panalungtikan nu ngawengku sumber

data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional,

instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung analisis data. Dina bab

IV mangrupa analisis data sarta pedaran hasil panalungtikan. Anu pamungkas bab

V ngawengku kacindekan tina sakabéh hasil panalungtikan, katut rékoméndasi

(16)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172) sumber data nyaéta subjék data-data

panalungtikan anu dikumpulkeun ku panalungtik. Ieu panalungtikan merlukeun

sumber data pikeun meunangkeun data anu baris ditalungtik. Data dina ieu

panalungtikan nyaéta paribasa Sunda jeung Indonésia, nu disusun dumasar harti

nu sarua, maksud anu dikandungna, sarta wangun kalimahna, anu dicokot tina

sumber data. Éta susunan data téh, nyoko kana ulikan semantik.

Aya dua sumber data dina ngumpulkeun data paribasa. Kahiji, sumber data

dina ieu panalungtikan nyaéta paribasa Sunda tina buku 1000 Babasan jeung

Paribasa Sunda karangan Budi Rahayu Tamsyah, spk. Ukuran buku 14, 8 cm x

20, 8 cm, kandelna 160 kaca, diterbitkeun di Bandung ku Pustaka Setia. Jumlah

babasan jeung paribasa dina éta buku aya 1000, kalayan babasan 801 jeung

paribasa 199. Kadua, sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta paribasa

Indonésia tina buku Super Lengkap Peribahasa Indonesia, karangan Ariawan

Prasetyo. Ukuran buku 20, 5 cm x 14, 5 cm, kandelna 496 kaca. diterbitkeun di

Yogyakarta, ku Cakrawala.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés-prosés anu dibutuhkeun dina

ngararancang tur dina prak-prakanana ngalakonan panalungtikan sangkan sagala

patalékan bisa kajawab. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana

léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung

ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) nangtukeun sumber

data, 6) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 7) ngumpulkeun data, 8) analisis

(17)

32

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.2

Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Studi Pendahuluan

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumen : Kartu Data

Ngumpulekun Data: Tehnik ulikan pustaka

Nganalisis jeung Ngadeskripsikeun Data

(18)

33

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salasahiji cara pikeun ngahontal tujuan dina

panalungtikan. Sakumaha nu ditétélakeun ogé ku Arikunto (2010: 192), yén

métode dihartikeun minangka cara-cara nu bisa digunakeun pikeun ngumpulkeun

data.

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, sabab objék

panalungtikan mangrupa bagian tina peristiwa basa sarta hasil panalungtikan

mangrupa wangun tinulis.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif,

nyaéta métode anu dipaké pikeun ngaréngsékeun hiji masalah aktual waktu

lumangsungna panalungtikan. Anu didéséskripsikeun dina ieu panalungtikan

nyaéta perkara babandingan harti paribasa dina paribasa Sunda jeung Indonésia,

sarta wangun frasa dina paribasa Sunda jeung Indonésia.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nyaéta “Babandingan Harti Paribasa Sunda jeung

Indonésia pikeun Bahan ajar Idiom di SMA.” Sangkan leuwih gampang dina

nganalisis data, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung

ieu panalungtikan.

a. Babandingan atawa komparasi nyaéta tehnik analisis dua hal, kaasup unsur

basa, boh dina sawaktu (sinkronis) boh dina dua kurun waktu (dikaronis).

Dina ieu panalungtikan digunakeun unsur sinkronis, anu satuluyna

dipatalikeun kana analisis kontrastif, nyaéta analisis sasaruaan jeung bédana

dua basa dina sawaktu. Ku kituna, dina ieu panalungtikan unsur anu

dibandingkeun téh paribasa Sunda jeung Indonésia, anu disawang tina jihat

harti hususna dina konsép sémantis.

b. Paribasa nyaéta basa pakeman, kalimah anu geus matok sarta ngandung

(19)

34

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Ma’na atawa harti paribasa nyaéta maksud anu dikandung ku paribasa, atawa

dina harti idiom anu wangunna has tur mandiri, sarta harti nu dikandungna

teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti, nu

dikandung ku unsur-unsur pangwangunna.

d. Bahan pangajaran nyaéta matéri au dipaké dina prosés diajar ngajar, boh di

jero kelas boh di luar kelas. Bahan pangajaran basa bisa patali jeung

pakecapan (kabeungharan kecap), adegan basa, sarta wacana dina kamahéran

basa.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu dipaké pikeun panalungtikan dina

ngumpulkeun data, sangkan pagawéan bisa lumangsung leuwih gampang jeung

hasilna leuwih alus. Dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu

ngajadikeun data leuwih gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Instrumén anu dpaké dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun kartu data,

ku cara méré nomer kode dina data paribasa Sunda jeung Indonésia anu

dijadikeun sampel. Anapon format kartu data digambarkeun sepaerti di handap

ieu.

Tabél 3.5

Format Kartu Data Paribasa Sunda jeung Indonesia

Ditilik tina Jihat Harti

No Urut

No Kode

Paribasa Harti

1 (001) Adéan ku kuda beureum (1000 BPS/119)

Ginding ku barang batur atawa ku barang meunang injeuman. Bagai umang-umang

(SLPI/58)

(20)

35

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.5

Format Kartu Data Paribasa Sunda jeung Indonésia

Ditilik tina Wangun Kalimah

Pikeun ngitung préséntase paribasa nu disawang tina wangun kalimah, dipaké

rumus kieu:

Jumlah paribasa dumasar wangun kalimah x 100%

Jumlah daptar paribasa

Conto :

Jumlah paribasa anu kaasup kalimah salancar jumlahna aya 52 paribasa, jadi

présentasena nyaéta:

52 x 100 % = 52%

10

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

No Wangun

Kalimah

Paribasa Sunda

% Paribasa

Indonésia

%

1 Salancar Basajan

2 Salancar Jembar

3 Ngantét Satata

4 Ngantét Sumélér

(21)

36

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta ulikan pustaka

(studi bilbiografi). Téhnik ulikan pustaka mangrupa kagiatan niténan, neuleuman,

nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangaweruh. Dilaksanakeun ku cara neuleuman

buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan

pasualan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 75)

Aya sababaraha tahap dina prosés ngumpulkeun data nyaéta:

a. maca buku paribasa Sunda jeung Indonésia;

b. nangtukeun jeung nyirian paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua,

masing-masing dumasar kana wangun kalimahna, sarta masing-masing

wangun maksud nu dikandungna, katut larapanana dina bahan ajar idiom di

SMA;

c. nyusun paribasa anu geus dikumpulkeun;

d. nyalin kana kartu data

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung, ari

léngkah-léngkah ngolah datana saperti kieu:

a. mariksa deui sakabéh data kalimah dumasar kana tanggal kiriman;

b. méré kode jeung nomer kana kartu data panalungtikan;

c. nganalisis data dumasar kana: (1) harti paribasa Sunda jeung Indonésia,

(2) wangun kalimah dina paribasa Sunda jeung Indonésia (3) wangun

paribasa dumasar maksud anu dikandungna (4) larapan babandingan paribasa

Sunda jeung Indonésia kana bahan ajar idiom;

d. ngadéskrpsikeun data nu geus dianalisis; jeung

(22)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus dijéntrékeun dina bab

IV, babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia bisa dicindekkeun saperti ieu

di handap.

a. Tina hasil ngabandingkeun buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Super

Lengkap Peribahasa Indonésia, kapanggih 130 (65%) harti paribasa Sunda jeung

Indonésia nu sarua. Data kasebut dibagi-bagi deui dumasar wangun kalimahna, nu

kabagi kana dua rupa nyaéta kalimah salancar jeung kalimah jembar. Dina

paribasa Sunda wangun kalimah salancar jumlahna aya 94 (72%), nu satuluyna

dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya 51 (39%), jeung

kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 43 (33%). Dina wangun kalimah

ngantét jumlahna aya 36 (28%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah ngantét

satata anu jumlahna aya 9 (7%), jeung kalimah ngantét sumélér nu jumlahna aya

27 (21%). Dina paribasa Indonésia wangun kalimah salancar jumlahna aya 64

(49%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya

44 (34%), jeung kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 20 (15%). Dina

wangun kalimah ngantét jumlahna aya 66 (51%), nu satuluyna dibagi deui kana

kalimah ngantét satata anu jumlahna aya 24 (19%), jeung kalimah ngantét sumélér

nu jumlahna aya 42 (32%).

b. Paribasa Sunda jeung Indonésia disawang tina maksud anu dikandungna aya tilu

rupa nyaéta paribasa piluangeun, paribasa paréntah, jeung paribasa pituah.

Paribasa Sunda jeung Indonésia nu kaasup piluangeun kapanggih aya 86 (68%),

(23)

82

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh saenyana bisa dilarapkeun

kana bahan pangajaran di SMA, hal éta saluyu jeung KIKD nu kompeténsi dasarna

nyaéta matéri pakeman basa nu salasahijina nyaéta paribasa. Ku kituna, larapan

babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh bisa dijadikeun bahan ajar

idiom di SMA, nyaéta ngaliwatan maca wacana (bahasan) ngeunaan paribasa.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan babandingan harti paribasa Sunda jeung

Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA, aya sababaraha hal nu hayang

ditepikeun ku nu nulis, di antarana:

a. Ieu panalungtikan karék ngabahas babandingan harti paribasa Sunda jeung

Indonésia nu hartina sarua. Masih bisa ngabandingkeun harti pakeman basa nu

séjénna, saupama dina babasan atawa ungkapan dina basa Indonésia mah can

kapaluruh, ogé ngabandingkeun jeung basa séjenna.

b. Dina ieu panalungtikan, ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia téh

ditalungtikna tina jihat semantik. Panalungtikan ngeunaan babandingan

paribasa Sunda jeung Indonésia masih bisa ditalungtikan tina rupa-rupa

paélmuan saperti filsafat, antropologi, sosiologi, atikan, jeung sajabana.

c. Paribasa boh dina basa Sunda bh dina basa Indonésia, perlu dilarapkeun deui

dina kahirupan sapopoé, utamana jadi bahan pangajaran di sakola sangkan

(24)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Balai Pustaka.

Bagus, P. I. (2010). Analisis Kalimat. Jakarta: Refika Aditama.

Chaér, A. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: PT Rinéka Cipta.

. .(2002). Linguistik Suatu Pengantar . Bandung: Angkasa.

Danadjaja, J. (2007). Folklor Indonésia. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1989). Kamus Besar Bahasa

Indonésia. Jakarta: Balai Pustaka.

Déwan Rédaksi Énsiklopedi Sastra Indonésia. (2000). Énsiklopédi Sastra

Indonésia. Bandung: Titian Ilmu.

Déwan Rédaksi Pustaka Média. (2013). Kamus Peribahasa dan Ungkapan. Jakarta: Pustaka Média.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompeténsi dan

Kompeténsi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djajasudarma, F. (2013). Semantik 2. Bandung: PT Réfika Aditama.

Farida, E. (2009). Ragam Basa Padagang Asongan pikeun Bahan Pangajaran Nyarita

di SMP (Studi Kasus Basa Sunda Padagang Asongan dina DAMRI

Tanjungsari Kebon Kalapa). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: teu

(25)

84

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kuswari, U. & Hérnawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung; Ternaté.

Miftah, F. (2014). Kamus Lengkap Peribahasa dan Ungkapan. Jakarta: Publishing Langit.

Hornby, A. (2009). Oxford Dictionary and Thesaurus. Oxford: Oxord University Préss.

Paréra, D. (1988). Sintaksis. Jakarta: Gramédia.

Prasetyo, A. (2010). Super Lengkap Peribahasa Indonésia. Yogyakarta: Cakrawala.

Prawirasumantri, A, spk. (2007). Kamekaran, Adegan,jeung Kandaga Kecap Basa

Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Prawirasumantri, A & Suriamiharja, A . (1973). Idiomatik Sunda. Bandung: Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan.

Sudjana, N. (1996). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algésindo.

Sudaryat, Y. (2010) Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

. .(2004). Élmuning basa. Bandung: CV walatra.

(26)

85

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

. (2004). Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

Sudaryat, Y, spk. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Tamsyah, B, spk. (2003). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka

Setia.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum dan

Pembelajaran. Bandung: UPI.

Referensi

Dokumen terkait

Pembinaan Manajemen Madrasah oleh Kepala Bidang Pendidikao Madrasah Kantor Wilayah Kemcntcrian Agama Provinsi Jawa Timur.. Batik

Hukum Acara Pidana akan memberi keterangan seperti: rangkaian peraturan hukum yang menentukan bagaimana cara-cara mengajukan ke depan pengadilan, perkara-perkara kepidanaan

Terdapat kekurangan yang signifikan dalam jumlah tenaga dokter dan tempat tidur rumah sakit dibandingkan dengan permintaan calon pasien untuk mendapatkan perawatan sesuai

Membandingkan kesenjangan antara ketersediaan saat ini dengan proyeksi kebutuhan tertinggi, terdapat kekurangan kapasitas dokter di FKTP, perawat di FKTP dan FKTL, dan tempat

Hasil yang diperoleh dalam penulisan kertas karya ini adalah pengelolaan suatu objek wisata yang maksimal diserahkan kepada pemerintah setempat dan dikelola bersama masyarakat

Terdapat kekurangan yang signifikan dalam jumlah tenaga dokter, tenaga perawat, dan tempat tidur rumah sakit dibandingkan dengan permintaan calon pasien untuk mendapatkan

dan subjective well-being pada remaja awal yang tergabung di dalam SMP Negeri 15 Bandung yang telah dipaparkan pada bab sebelumnya dapat disimpulkan sebagai

Melalui kertas karya ini penulis berharap, agar pemerintah mampu mengelola wisata minat khusus yang ada di Kabupaten Karo dengan sistem bekerja sama dengan masyarakat