• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1000343 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1000343 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Sastra mangrupa kagiatan kréatif manusa atawa hasil réka cipta anu gelar dina médium basa, sarta mintonkeun rupaning kahirupan manusa jeung kaayaan alam harita. Sastra ogé bisa disebut minangka gambaran peradaban manusa sarta dianggap salaku gejala social, sabab sastra nu aya dina waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma sarta adat istiadat nu tumuwuh dina jamanna. Sanajan kitu, karya sastra sipatna fiksi atawa rékaan, bisa jadi mangrupa hasil pangalaman hirup manusa, bisa ogé mangrupa carita nu geus diréka ku panulis. Sastra mangrupa éksprési pribadi manusa nu mangrupa pangalaman, hasil mikir, rasa, ide, sumanget, kayakinan dina wangun gambaran kongkrit nu nimbulkeun perkara nu pikatajieun, kalawan basa minangka alatna.

Karya sastra téh aya tilu bagian: puisi, prosa jeung drama. Minangka salasahiji wanda prosa, novel mangrupa prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa tokoh, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi (Iskandarwassid, 1992, kc. 91).

Sastra jeung psikologi raket patalina dina kahirupan sabab patali jeung pasualan manusa salaku individu jeung mahluk sosial. Duanana ngamangpaatkeun dasar nu sarua nya éta pangalaman manusa. Pamarekan psikologi dianggap penting dina panalungtikan sastra.

Panalungtikan psikologi nu dipatalikeun jeung sastra miboga peran penting dina pamahaman sastra ku sabab ayana sawatara kaonjoyan saperti: pentingna psikologi sastra dina maluruh leuwih jero aspék penokohan; pamarekan

(2)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

dimekarkeun; sarta panalungtikan ieu mantuan pikeun nganalisis karya sastra nu patali jeung aspék-aspék psikologis (Endraswara dina Minderop, 2011, kc. 2).

Panalungtikan psikologi sastra ngawengku tilu kamungkinan, salasahijina panalungtikan karakter para palaku nu aya dina karya sastra ngaliwatan analisis palaku jeung penokohan. Psikologi sastra boga tujuan pikeun ngaréngsékeun pasualan psikologi praktis dina nyangkem aspek-aspek nu aya dina karya sastra. Psikologi sastra ngaguar masalah nu aya patalina jeung unsur-unsur kajiwaan tokoh nu aya dina hiji karya

Nyurahan aspék psikolog dina karya sastra bisa ku cara neuleuman sawatara aliran psikologi, saperti psikoanalisis, béhaviorisme, jeung humanistik. Aspék psikologi dina karya sastra ditalungtik tina kajadian-kajadian anu dialaman ku para tokoh, tina kalimah-kalimah nu diucapkeun ku tokoh, atawa tina déskripsi jeung narasi pangarang dina téks. Pikeun nyangkem eusi karya, tangtu kudu maca téks, nganalisis, nalungtik kana puseur pasualan nu hayang dipaluruh.

Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran (Concise Oxford Dictionary dina Barry, 2010, kc. 113).

Ieu novel baris ditalungtik ngeunaan salasahiji unsur kajiwaan dina karya sastra nya éta ngeunaan psikoanalisis tokoh utama dina hiji karya sastra. Panalungtikan psikoanalisis sastra téh nya éta mangrupa cara nu dipaké pikeun nalungtik karya sastra ku cara ngidentifikasikeun aspék-aspék kajiwaan anu aya dina hiji karya sastra. Aspék-aspék kajiwaan bisa ditalungtik ku cara: maham unsur-unsur kajiwaan pangarang salaku panulis, maham unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional dina karya sastra, maham unsur kajiwaan pamaca karya sastra (Ratna, 2009, kc. 343).

Novel Sabalakana karya Dadan Sutisna mangrupa karya sastra nu asup

(3)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sabalakana mangrupa kahirupan masarakat golongan handap nu hésé meunang kaadilan. Kaum Balakasontang mangrupa gambaran kaum nu ‘termarjinalkan’ sarta dianggap minangka sumber masalah. Pamarekan psikologis nyoko kana analisis karya sastra boh intrinsik boh ékstrinsik. Dina analisis penokohan perlu dipaluruh ngeunaan paripolah tokoh, naha penokohan katerap panyakit neurosis, psikosis, jeung halusinasi. Wabah sabalakana nu aya dina caritaan novel Sabalakana ampir sarua jeung gejala psikosis, nya éta gangguan tilikan pribadi balukar sindrom psikiatri, nyababkeun kateumampuhan hiji jalma dina ngajén réalita ku sabab kasieun dina fantasi dirina. Nepi ka ngarojong betusna kamarudahan nu mangrupa paripolah atawa omongan nu sacara jujur (balaka).

Dadan Sutisna sorangan nya éta pangarang nu dianggap poténsial. Dina taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan

Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Djatnika,

2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat, 2003), jeung Rasiah Kodeu Binér (Kiblat,

2010). Taun 2003 anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Tulisanana sering dimuat dina sawatara

kalawarta saperti Manglé, Pikiran Rakyat, Kompas, jrrd.

Aya sawatara panalungtikan ngeunaan psikologi, anu kacatet ti mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS-UPI Bandung, dina wangun skripsi di

anatarana: Sawangan Psikoanalisis kana Novel Pangantén Karya Deden Abdul

Aziz (Andriany, 2005); Aspek Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya

Iskandarwassid (Hapitasari, 2005); Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat Balabuh Karya Aam Amilia (Perdiwan, 2006); Tokoh Novel Pipisahan Karya

RAF (Kajian Psikologi Humanistik) (Gugun Dedi Guntara, 2008); Ulikan

Psikologis kana Novel Budak Teuneung Karangan Samsudi pikeun Bahan

Pangajaran Nyarita di SMP (Rida Lela Meiwindra, 2011); Kajian Psikologi Humanistik kana Novel Déng Karya Godi Suwarna (Hudaya, 2012); Kajian Psikologi Humanistik kana Kumpulan Carita Pondok Anak Jadah Karya Cecep

(4)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu nalungtik aspék psikolog kalayan

judul Kajian Psikoanalisis kana Novel Sabalakana Karya Dadan Sutisna. Anu

jadi alesan nalungtik éta judul pikeun mikanyaho kumaha aspék psikologi dina novél éta, kalayan dipiharep bisa ngeuyeuban atawa méré kontribusi kana khasanah sastra Sunda.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Novel Sabalakana karangan Dadan Sutisna mangrupa salasahiji wanda

novel dina kasusastraan Sunda. Analisis psikoanalisis sastra ngawengku aspék kapribadian Sigmun Freud, psikologi tokoh jeung penokohan karya sastra. Aspék nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta psikologi tokoh jeung penokohan dina hiji karya sastra.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu nyusun ngarumuskeun masalah saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel

Sabalakana karya Dadan Sutisna?

2) Kumaha karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan

Sutisna disawang tina pamarekan psikoanalisis?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Dumasar kana kasang tukang katut rumusan masalah anu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngaguar aspek-aspék psikologis nu nyampak dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna kalawan maluruh unsur-unsur carita.

(5)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngidentifikasi jeung

ngadeskripsikeun:

1) struktur carita (téma, fakta carita, sarana carita) dina novel Sabalakana karya

Dadan Sutisna;

2) karakter jeung penokohan dina novel Sabalakana karya Dadan Sutisna

disawang tina pamarekan psikoanalisis.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat teoritis pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan cara ngaaprésiasi karya sastra make sawangan psikoanalisis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis pikeun:

1) méré gambaran kumaha nganalisis atawa ngulik karya sastra hususna novel

maké sawangan psikoanalisis;

2) sacara akademis panalungtik meunangkeun pangaweruh jeung wawasan

ngeunaan psikoanalisis;

3) nambahan kabeungharan hasanah sastra Sunda sarta bisa dijadikeun bahan

acuan kamekaran karya sastra Sunda;

4) bisa jadi sumber réperénsi pikeun akademisi sastra nu nalungtik sastra Sunda;

5) bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi dina

kamekaran sastra Sunda;

6) nambahan sarta méré gambaran interprétasi atawa analisis kana wanda novel.

(6)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ieu skripsi disusun jadi lima bab nya éta Bab I, Bab II, Bab III, Bab IV, jeung Bab V.

Bab I mangrupa bagian munggaran dina karya tulis wangun skripsi. Eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga tulisan nu patali jeung kajian psikoanalisis.

Bab II. Medar ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut minangka kajian pustakana. Kajian pustaka miboga fungsi minangka landasan téoritik dina nyusun rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan. Dina kajian pustaka, panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu keur ditalungtik jeung tiori-tiori sarta hasil panalungtikan nu geus dilakukeun ku para ahli.

Dina ieu panalungtikan, kajian pustaka nu dipedar ngeunanaan wangenan novel, struktur novel nu ngawengku unsur-unsur carita Robert Stanton (téma, fakta carita, jeung sarana carita), tiori kapribadian Sigmund Freud jeung psikoanalisis.

Bab III. Medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi métode panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, jeung analisis data.

Bab IV. Dina ieu bab dibagi jadi dua bagian nya éta analisis data nu patali jeung rumusan masalah sarta tujuan panalungtikan, jeung pedaran intina atawa

analisis temuan nu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina Bab I.

Dina ieu panalungtikan, didéskrisikeun tur dianalisis struktur carita tina

novel Sabalakana karya Dadan Sutisna, sarta analisis palaku jeung penokohan

carita disawang tina pamarekan psikoanalisis.

(7)

Erin Irtanti, 2014

Kajian psikoanalisis kana novel sabalakana karya Dadan Sutisna Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

Sebagai informasi yang penting dan tambahan pengetahuan bagi petugas kesehatan khusunya perawat komunitas untuk mengetahui hubungan peran keluarga dengan pengetahuan remaja putri

PENERAPAN TEKNIK KANCING GEMERINCING DALAM PEMBELAJARAN BERDISKUSI : Penelitian Eksperimen Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMP PGRI Dago Pakar Bandung Tahun Ajaran

PERBANDINGAN GAYA MENGAJAR KOMANDO DAN GAYA MENGAJAR RESIPROKAL TERHADAP PENINGKATAN KETERAMPILAN SENI GERAK BELA DIRI TARUNG DERAJAT DI SMAN 9 BANDUNG. Penelitian bertujuan

[r]

[r]

Memberikan perlakuan pada sampel penelitian yaitu dengan menerapkan gaya mengajar komando dan gaya mengajar resiprokal, perlakuan ini di lakukan sebanyak 12 kali

[r]

PENGEMBANGAN BAHAN AJAR EKOSISTEM MANGROVE BERBASIS POTENSI LOKAL UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |