Chaerunnisa, 2014
Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Cara manusa ngedalkeun gagasanna nepi ka jadi hiji basa téh rupa-rupa, nu matak unggal wewengkon nu ditempatan ngabogaan ciri sewang-séwangan, sakur dipikaharti di sabudeureunana. Dina nembrakkeun kedaling diri, manusa ilaharna aya nu togmol atawa teu ngucapkeun sajalantrahna sarta loba dibalibirkeun. Komo di tatar Sunda anu teu pati togmol téh katelahna paribasa, masarakat lolobana maké paribasa dina komunikasi pikeun sindir sampir, nyindiran paripolah sarta pasipatan jalma nu ngagambarkeun kaayaan dina hiji mangsa. Paribasa teu dipikanyaho saha nu nyieunna, kumbuh kitu waé di lingkungan masarakat, da kitu téa gumelar sacara tatalépa. Istilah paribasa ogé aya di wewengkon séjén, dina basa Inggris paribasa téh disebut proverb, di Cina disebut chengyu, jeung di Jepang disebut kotowaza. Komo dina basa Indonésia, boga sebutan nu teu béda jauh jeung urang Sunda, nyaéta disebutna peribahasa.
Cervantes (dina Danandjaja, 2007, kc. 28) nétélakeun yén paribasa téh nyaéta
‘kalimat pendek yang disarikan dari pengalaman panjang.’ Ari paribasa dina KUBS (Kamus Umum Basa Sunda), nu dikaluarkeun ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) (2007, kc. 362) nyaéta kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Ditilik tina tiori-tiori kasebut, yén saenyana paribasa téh kekecapan ngandung pituah nu kaalaman ku manusa, pangalaman panjang nu jadi pituah kasebut antukna bisa jadi milik saréréa sacara tatalépa. Teu nutup kamungkinan, unggal pituah-pituah kasebut ku lantaran tatalépa jadi aya pakuat-pakaitna, silih mangaruhan atawa saduran. Paribasa anu aya di tatar Sunda, bisa jadi kapangaruhan kajaba ngandung harti nu sarua jeung séjénna, contona waé jeung paribasa dina basa Indonésia. Saupama dina paribasa Indonésia aya paribasa mentimun melawan durian, sarta dina paribasa Sunda aya paribasa
bonténg ngalawan kadu, kadua paribasa kasebut sacara basa tangtuna béda, tapi
Chaerunnisa, 2014
Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Saenyana ngaliwatan paribasa urang diajar kaéndahan hasil pamikiran manusa, saperti paribasa nu geus disebutkeun di luhur, duanana ngandung piluangeun nu sarua, bisa dipaké ku unggal jalma. Tapi kitu téa, kanyataan jaman ayeuna sabagéan masarakat geus teu apal kana paribasa boh wangun kecap-kecapna boh hartina. Sabada diayakeun panalungtikan minat paribasa dina wangun angkét ka lingkungan atikan nu ditujukeun ka murid SMA, yén kalungguhan minat ngagunakeun paribasa bisa dicindekeun teu dipikaresep. Di lingkungan murid SMA kalungguhan paribasa kasebutna geus héngkér, murid teu pati loba apal paribasa, komo kana paribasa Sunda. Di lingkungan atikan, kiwari paribasa sakur kapanggih dina buku-buku mata pelajaran hungkul, éta ogé langka ditepikeun langsung kapentingan bahan ajar. Salian ti éta, kiwari paribasa katangen sakur dina karangan, nu jadi mamanis dina karangan fiksi atawa non fiksi. Ayeuna mah manggihan générasi ngora nu ngagunakeun basa Sunda téh teu pati loba, komo ngagunakeun sarta nyiptakeun deui warisan budaya saperti paribasa.
Ngamumulé budaya Sunda bisa ngaliwatan sababaraha cara, sahenteuna tina hal nu leutik, kawas ngawanohkeun deui paribasa nu dilarapkeun di lingkungan kulawarga, masarakat, sarta di sakola. Sakola salah sahiji tempat nepikeun warisan budaya ka générasi ngora, tina ieu hal siswa bisa meunangkeun pangaweruh nu leuwih salian ti pangajaran sakola, lantaran sacara nyamuni siswa diajar paripolah kahirupan tina budaya. Ku lantaran kitu, salasahijina di lingkungan sakola paribasa bisa dijadikeun bahan ajar ngaliwatan pangajaran basa.
Chaerunnisa, 2014
Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngabandingkeun harti paribasa bisa jadi bahan pangajaran pikeun murid, sangkan nambahan pangaweruh kana idiom atawa pakeman basa.
Panalungtikan ngeunaan paribasa téh saenyana mah kungsi dilaksanakeun, di antarana waé, “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologis)”
(Nining Novianti, 2008), jeung “Babandingan Paribasa Sunda Indonésia
Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana”
(Demaswati, 2004). Éta panalungtikan nu kahiji téh ngulik babasan jeung paribasa Sunda tina jihat antropologi basa sarta semantik. Dina panalungtikan nu kadua, panalungtik medar jumlah paribasa Sunda jeung Indonésia, nu dipasing tina maksud nu dikandungna jeung bahan anu dibandingkeunana, can ngulik harti paribsa Sunda jeung Indonesia tina jihat hartina.
Dumasar kana kasang tukang anu geus dijéntrékeun di luhur, panalungtikan paribasa anu dibandingkeun antara basa Sunda jeung Indonésia perlu dilaksanakeun. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan dijudulan “Babandingan Harti
Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan Ajar Idiom di SMA.”
1.2Idéntifikasi Masalah
Saluyu jeung kasang tukang, masalah anu diidéntifikasi dina ieu panalungtikan nyaéta nganalisis tur ngadéskripsikeun babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia. Ieu panalungtikan ngawengku (jumlah harti nu sarua, wangun kalimahna, sarta maksud anu dikandungna, katut larapan babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA).
1.3 Rumusan Masalah
Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah saperti pananya ieu di handap.
a. Paribasa Sunda jeung Indonésia naon waé anu hartina sarua?
b. Kumaha wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia nu hartina sarua?
c. Kumaha wangun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar maksud anu
Chaerunnisa, 2014
Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
d. Kumaha lamun hasil babandinganana paribasa Sunda jeung Indonésia
dijadikeun bahan ajar idiom di SMA?
1.4Tujuan Panalungtikan
1.4.1Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun maluruh sarta meunangkeun gambaran objéktif babandingan harti nu sarua dina paribasa Sunda jeung Indonesia. Salian ti éta, tujuan panalungtikan nyaéta rumusan kalimah nu ngébréhkeun ayana hiji hal nu dibeunagkeun sanggeus panalungtikan kasebut dilaksanakeun.
1.4.2Tujuan Husus
Ieu panalungtikan ogé miboga sababaraha tujuan husus, nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:
a. paribasa Sunda jeung Indonesia nu hasilna sarua;
b. rupa-rupa wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua; jeung
c. rupa-rupa wangun paribasa dumasar maksud anu dikandungna
d. hasil babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA.
1.5Mangpaat Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, tangtuna boga mangpaat pikeun kapentingan boh nu nulis boh nu maca. Mangpaat anu baris dihontal dibagi jadi dua bagéan, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.5.1Mangpaat Tioritis
Chaerunnisa, 2014
Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kasebut engkéna aya dina ambahan semantik, sabab élmu semantik mangrupa élmu anu maluruh basa katut harti basa nu kumbuh di masarakat. Ngajembaran élmu semantik di dieu leuwih museur kana idiomatik ngeunaan paribasa.
1.5.2Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta:
a. méré informasi ngeunaan paribasa ka balaréa nu geus ilahar dipaké sapopoé, sangkan bisa ngabandingkeun dina basa nu séjen, jeung deui paribasa ogé saenyana lain saukur basa, tapi ogé ungkara nu ngandung sawangan hirup sarta ngandung kaéndahan;
b. mangrupa salasahiji tambahan pikeun bahan pangajaran; jeung
c. nambahan pangaweruh pikeun nu lian ngeunaan paribasa pikeun bahan
panalungtikan satuluyna, dina raraga ngaronjatkeun kamampuh makéna basa Sunda.
1.6Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu panalungtikan disusun jadi lima bab. Dina Bab I dipedar kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II eusina tiori-tiori nu aya dina panalungtikan nu ngawengku tiori idiom (paribasa), frasa, sarta bahan pangajaran idiom.