• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1305082 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1305082 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

1

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu BAB 1

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Atikan téh hakékatna mah salaku usaha sadar jeung sistematis pikeun ngahontal kamajuan anu leuwih hadé deui. Atikan bisa dihartikeun salaku usaha sadar nu dilakukeun ku kulawarga, masarakat jeung pamaréntah ngaliwatan bimbingan, pangajaran atawa latihan, nu lumangsung di sakola jeung di luar sakola kalawan lumangsung saumur hirup pikeun nataharkeun siswa sangkan bisa mintonkeun peran dina rupa-rupa lingkungan kalawan bener, nurutkeun Mudyahardjo (dina Maulida, 2014).

Fungsi atikan dina kontéks kabudayaan kacida pentingna, lantaran salah sahiji fungsina nyaéta pikeun ngawariskeun ajén-ajén kamanusaan anu sumebarna tina budaya bangsa. Salah sahiji sumber atikan téh nyaéta tina kabudayaan anu aya di lingkungan sabudeureun, anu kiwari dipikawanoh salaku “kearifan lokal”.

Salah sahiji produk tina kearifan lokal anu kiwari masih nyampak tur diwariskeun kénéh nyaéta tembang Sunda. Salah sahiji lagam tembang Sunda anu masih kénéh kakoncara nepi ka ayeuna nyaéta lagam Cianjuran. Cianjuran mangrupa éksprési kaéndahan anu lain baé miboga ajén éstétis tapi ogé miboga fungsi salaku média pikeun ngalemeskeun budi. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Zanten (dina Deni Hermawan, 2002, kc. 43) yénCianjuran nyaéta pikeun usaha nyangkem ma’na kahirupan. Lantaran upama ditaliti dina rumpaka Cianjuran kacangking rupa-rupa ajén kahirupan (didaktis). Teu ngan saukur ésénsi réligius, tapi ogé miboga ma’na anu leuwih jero anu bisa ngalemeskeun budi ogé akal. Éta hal téh kasampakdinarumpakana.

(2)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

pangajaran di sakola. Ajén-ajén atikan karakter nu kasebut mangrupa pancén nu kacida beuratna dina ngatikeunana, perlu dijaga sarta kudu disalametkeun pikeun ngabeungharan pangaweruh ngeunaan kasusastraan Sunda sarta bisa ditepikeun ka unggal generasi. Salah sahijina ku cara dipilah ajén-inajén nu leuwih diprioritaskeun ngajarkeunana ka parasiswa.

Wanda Cianjuran, diantarana aya wanda papantunan, jejemplangan, rarancagan, dedegungan, kakawén jeung panambih. Unggal wanda téh boga cirri hasna sewang-séwang. Upamana wanda jejemplangan, anu hasna ngagunakeun laras pélog atawa wanda papantunan mah boga has dina pirigananana anu dina unggal laguna nyaéta metik kacapi indung ku cara metik dua nada sakaligus atawa katelah ku sebutan sakempyang (Ischak, 2006, kc. 64).

Mung dina ieu panalungtikan mah wanda Cianjuran anu jadi puseur ulikan téh nyaéta wanda panambih.Wiradiredja spk. (2003, kc. 17) nétélakeun yén wanda panambih mangrupa wanda nu mibanda irama sekar tandak (ketukana tetep). Wanda panambih mimitina mangrupa lagu tambahan (ékstra, ku sabab kitu ngaran tembangna ogé disebut panambih (tambahan).

Sok sanajan rumpaka tembang Cianjuran téh réa ajén-inajénna nu nyangkaruk dijerona anu bisa ditepikeun ka balaréa, tapi éta hal téh sakapeung mah kurang kaguar. Ari nu jadi sabab, réajalma nu leuwih resep kana unsur sorana, lain kana unsur ma’na nu nyampak dina rumpakana.

Ku kituna, ajén anu ditalungtik dina rumpaka tembang Cianjuran téh nyaéta ajén atikan karakterna. Ari ulikan nu dipaké pikeun ngaguar éta rumpaka téh nya éta ngagunakeun ulikan structural jeung ajén étnopédagogik. Ari dina prakna, éta rumpaka téh dianalisis heula strukturna, tuluy dipaluruh ajén atikan karakterna ku jalan ngagunakeun tiori étnopédagogik.

(3)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Pikeun ngaguar ajén étnopédagogik tangtu kudu ngaguar ma’na anu

kacangking tina rumpaka tembang Cianjuran. Pikeun maham kana ma’na

rumpaka tembangCianjuran salahsahijina dilakukeun analisis ngagunakeun pamarekan struktural pikeun maluruh struktur sarta interprétasi hartina.

Dina ulikan struktural diulik ayana hubungan anu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (Koswara, 2013, kc. 13). Éta kaitan atawa hubungan téh saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtik dina rumpaka Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang.

Jaba ti ngandung struktur, Cianjuran téh ngandung ajén-inajén étnopédagogik. Salah sahiji aspék tina ajén-inajén étnopédagogik nyaéta ajén atikan karakter. Dina Kebijakan Nasional Pembangunan Karakter Bangsa Tahun

2010-2025 ditegeskeun yén karakter mangrupa hasil adumanis opat bahan, nyaéta

olah haté, olah pikir, olah raga, sarta olah rasa jeung karsa.

Ngaliwatan daya aprésiasi nu teleb kana hiji hal, nu dimaksud di dieu mah rumpaka tembang Cianjuran, urang bisa nyeukeutan pola pikir jalma dina nalaah eusi atawa maksud hiji karya rumpaka sangkan leuwih gampang tur katémbong pamaksudanana. Pon kitu deui siswa, hususna tingkat SMA, teu bisa disingkahan deuiyén maranéhna geus kapangaruhan ku budaya deungeun. Balukarna, siswa hésé nyangkem eusi karya budaya daérah sorangan. Ku kituna, ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep bisa ningkatkeun daya irut siswa tur pamahaman siswa kana karya sastra, hususna rumpaka tembang.

Ieu panalungtikan téh lain panalungtikan anu munggaran sabab saméméhna geus kungsi aya sababaraha panalungtikan ngeunaan tembang Cianjuran

diantarana “Tilikan Struktural jeung Sémiotik kana Rumpaka Cianjuran Wanda

Rarambatan sanggian Ubun Kubarsah pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di

SMA” (Dimas Patria, 2012). Dina éta panalungtikan, diulik rumpaka Cianjuran

wanda Rarambatan sanggian Ubun Kubarsah. Satuluyna “Rumpaka Cianjuran

(4)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Salian ti éta, aya “Rumpaka Cianjuran Wanda Rarancagan Karya Mang Bakang pikeun bahan pangajaran di SMA” (Dyna Islami, 2011). Ieu panalungtikan museurkeun panitén kana wanda rarancagan, ku kituna béda jeung wanda nu rék dilaksanakeun panalungtikan. Sok sanajan karyana sarua nyaéta karya Mang Bakang, tapi objék nu ditalungtik jeung ulikanana béda jeung panalungtikan saméméhna. Dina ieu panalungtikan dipuseurkeun kana wanda panambih.

Luyu jeung pedaran di luhur, ieu panalungtikan nu dijudulan “Ulikan

Struktural jeung Ajén Étnopédagogik dina Rumpaka Tembang Cianjuran Wanda Panambih Karya Mang Bakang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA” téh dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus diébréhkeun di luhur, kapanggih rupa-rupa masalah. Aya sawatara masalah dina ieu panalungtikan nu perlu diidéntifikasi, nyaéta:

1) Struktur puisi jeung eusi rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang;

2) Ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang Cianjuran anu luhung; jeung

3) Larapna struktur puisi, eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakangdina bahan pangajaran sastra di SMA.

1.2.2 Rumusan Masalah

(5)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Ku kituna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur puisi jeung eusi rumpaka Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang?

2) Kumaha ajén-ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang ?

3) Kumaha larapna struktur puisi, eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang dina bahan pangajaran sastra di SMA.

1.3 Tujuan Panalungtikan

Panalungtikan miboga tujuan anu dibagi jadi dua nyaéta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan sacara umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh tur ngadéskripsikeun struktur jeung ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang pikeun bahan pangajaran sastra di SMA.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun opat hal, nyaéta:

1) Struktur puisi jeung eusi rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang;

2) Ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang; jeung

(6)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 1.4 Mangpaat Panalungtikan

Panalungtikan miboga mangpaat anu dibagi jadi dua, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan tangtu moboga mangpaat pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh tembang jeung kawih. Jaba ti éta, hasil panalungtikan téh bisa dipaké ngeuyeuban widangélmu struktural jeungélmu étnopédagogik.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap,

1) Pikeun anu nalungtik, bisa jadi référénsi pikeun panalungtikan satuluyna nu aya patalina jeung rumpaka tembang Cianjuran tina segi struktural jeung ajén étnopédagogik.

2) Pikeun guru, bisa dipakénambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan ajar di sakola, ku cara ngagunakeun rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih dina bahan ajar.

3) Pikeun siswa, bisa dipaké media pikeun numuwuhkeun karesep tur karepna kana diajar Cianjuran. Lian ti éta, dipiharep ku ayana ieu panalungtikan siswa bisa leuwih neuleuman ma’na tina rumpaka tembang Cianjuran dina wanda panambih nepi ka bisa ngarobah karakter siswa, ngalemeskeun budi jeung ngalempengkeun akal.

(7)

Noni Mulyani, 2016

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 1.5 Raraga Tulisan

BAB I Bubuka, eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntiikas masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

BAB II Ulikan Tiori, eusina medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan, dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan tembang, struktural jeung ajén atikan ulikanétnopédagogik, bahan pangajaran, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tiori, jeung raraga mikir.

BAB III Métodeu Panalungtikan, eusina ngabahas ngeunaan métodologi panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.

BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, eusina medar ngeunaan déskripsi rumpaka tembang Cianjuran, analisis struktural, analisis ajén atikan karakterdumasar kana ulikan étnopédagogik jeung larapna bahan pangajaran dina pangajaran rumpaka kawih di SMA. Dina ieu bab dipedar sagemblengna hasil tina analisis panalungtikan anu dilaksanakeun.

Referensi

Dokumen terkait

Dengan ini saya memberi kuasa kepada rumah sakit, dokter atau orang lain yang memeriksa atau mengobati saya untuk melengkapi keterangan yang diperlukan PT ASURANSI AXA

Penerapan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Penanggung jawab pelaksanaan dapat dilakukan dengan membentuk m peningkatan mutu layanan klinis dan keselamatan pasien di Puskesmas, yang mempunyai program kerja yang jelas.

arbitrase bagi para pihak yang bersengketa pada Badan Penyelesaian Sengketa. Konsumen

Laporan Penelitian Tindakan Kelas yang berjudul “Pembelajaran Kooperatif TGT Model Ajataka untuk Meningkatkan Aktivitas dan Hasil Belajar Matematika Materi Soal

Kami percaya bahwa untuk mengatasi masalah yang kompleks ini diperlukan suatu metode pembangunan SQ yang tetap berlandaskan kepada nilai-nilai mulia Rukun Iman, Rukun Islam..

sesuai dengan jadwal yang termuat pada Portal LPSE http://lpse.mahkamahagung.go.id, pekerjaan tersebut diatas telah melewati masa sanggah untuk peserta lelang

Jika setelah dihitung, pada gambar konstruksi tanggal 24 September 2014 terdapat uraian pekerjaan baru, maka volume pekerjaan baru tersebut kemudian dikalikan dengan