• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1003285 Chapter 1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1003285 Chapter 1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BABI

BUBUKA

1.1 KasangTukangPanalungtikan

Manusa nyaéta mahluk nu miboga akal, beda jeung mahluk séjénna. Ku kituna, lantaran éta hal nu ngajadikeun manusa minangka mahluk anu miboga adab jeung aturan nu tangtu. Éta adab jeung aturan téh dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Salaku mahluk sosial, manusa teu bisa dipisahkeun jeung proses komunikasi anu dijerona aya unsur nu kalintang penting, nyaéta basa. Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Prosés komunikasi pikeun ngedalkeun eusining pikir katut haté. Ku kituna, manusa salaku mahluk sosial teu leupas tina patali marga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan kalawan ngedalkeun pikiran, gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan.

Manusa umumna, hususna urang Sunda hirup kumbuh dumasar kana palanggeran nu aya, sangkan hirup lungsur-langsar aya dina karahayuan. Sedengkeun pikeun mikawanoh jati diri, salaku urang Sunda, kudu apal kana karakter atawa idéntitasna sorangan anu kawengku dina wangun budaya jeung tradisi. Salasahiji warisan budaya nu nyampak dina kahirupan urang Sunda nyaéta

babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa minangka warisan para karuhun urang Sunda, anu mangrupa budaya koléktif, tur sumebarna sacara lisan. Babasan jeung paribasa mangrupa salasahiji bukti beungharna basa Sunda, warisan para karuhun anu susunan basa katut hartina henteu robah nepi ka kiwari. Babasan jeung paribasa beunghar ku siloka, lantaran ngaliwatan babasan jeung paribasa urang bisa nepikeun maksud jeung tujuan omongan sacara teu langsung atawa malibir, pikeun nyingget caritaan anu panjang maksudna.

Babasan jeung paribasa sok disebut peribahasa, pepatah, atawa ungkapan

▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun

(2)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

maksudna nyaéta anu henteu saujratna minangka salasahiji wanda kamonésan basa.

Minangka kamonésan basa, babasan jeung paribasa téh loba pisan patalina jeung kahirupan di sabudeureun urang. Salasahijina nyaéta patali jeung awak urang sorangan, utamana dina ngaran babagian awak sakujur. Ateul biwir, jeung

tiis ceuli hérang mata, mangrupa salasahiji conto larapna ngaran babagian awak dina babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda lain ukur kamonésan basa, tapi ngabogaan fungsi séjén, nyaéta: (1) eusina aya nu digunakeun pikeun méré naséhat; (2) bisa dipaké pikeun meupeuh arguméntasi lawan; (3) bisa ngagambarkeun situasi atawa kaayaan hiji jalma (Rosidi, 2005, kc. 7).

Dina kahirupan sapopoé urang Sunda, utamana dina prosés komunikasi, mindeng katitén kalimah atawa kekecapan nu dibalibirkeun atawa nalika diucapkeun henteu togmol. Tapi angger miboga sipat jeung maksud anu sarua pikeun ngupamakeun atawa ngabandingkeun. Minangka keur nyaruakeun jeung ngabandingkeun maksud omongan anu sabenerna, babasan jeung paribasa sok diganti ku istilah nu aya disabudeureun urang. Kayaning ngaran babagian awak sakujur.

Gelarna babasan jeung paribasa téh nyaéta taya lian ti sesebutan atawa ngaran sagala rupa anu kanyahoan ku urang: katénjo, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung kapikir. Sagala rupa anu kanyahoan ku urang téh disebut atawa dingaranan ku kecap-kecap anu tangtu. Loba faktor-faktor anu mangaruhan kana gelarna babasan jeung paribasa, katut lega pisan ambahanana. Aya nu disebut mijalma, misato, mituwuhan, sarta aya nu nuduhkeun sipat, paréntah, ogé dumasar sumber babandingan, dumasar harti atawa maksudna, jrrd. Salasahijina patali jeung ngaran babagian awa, anu nuduhkeun sawangan tina sumber babandinganana. Babasan jeung paribasa ngaran babagian awak téh nyaéta babasan jeung paribasa anu raket patalina jeung ngaran-ngaran anggota awak nu aya dina diri manusa.

(3)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sunda dina nepikeun maksud omongan téh tara togmol atawa sajalantrahna, tapi disumputsalindungkeun.

Pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda geus diguar dina buku katatabasaan hususna basa Sunda sarta dina panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Dina buku katatabasaan, upama baé: Ulikan Semantik Sunda (Sudaryat, 2010). Laju aya sababaraha panulis nu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda jadi hiji buku. Contona waé Ajip Rosidi anu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda anu kapanggih dina karya sastra meunang pangarang Sunda anu geus teu bireuk deui. Laju aya Disparbud Provinsi Jawa Barat anu ngabukukeun ungkapan tradisional Jawa Barat. Sakumaha anu kauger yén babasan jeung paribasa Sunda téh miboga kalungguhan anu kawilang penting dina kahirupan urang Sunda.

Lian ti éta, pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda ogé kapanggih dina hasil panalungtikan-panalungtikan anu geus dilaksanakeun, di antarana “Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa pikeun Bahan Pangajaran di SLTP” (Kurniawati, 2004), “Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Siswandi, 2005), “Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012), jeung “Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda” (Pertiwi, 2013), “Gaya Basa dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda (Tilikan Stilistika jeung Semantik)” (Fauziah, 2014) .

Éta panalungtikan téh medar babasan jeung paribasa Sunda tina jihat purwakanti, pangajaran, aspék psikolinguistik, antropologi, jeung kabasaan. Tina jihat purwakanti dianalisis kumaha sasaruaan sora kecap dina babasan jeung paribasa katut larapna dina prosés pangajaran. Tina jihat psikolinguistik dianalisis gambaran watek urang Sunda. Tina jihat antropologi dianalisis unsur budaya pakasaban jeung pakakas dina babasan jeung paribasa. Tina jihat kabasaan dianalisis gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda.

(4)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina ieu panalungtikan aya sasaruan jeung panalungtikan nu geus dilaksanakeun, nyaéta sarua museurkeun panalungtikanana kana babasan jeung paribasa Sunda. Najan kitu, dina ieu panalungtikan ogé aya bédana, nyaéta nalungtik jeung nganalisis ngeunaan ngaran babagian awak dina babasan jeung paribasa Sunda, anu saméméhna mémang can aya nu nalungtik dina wengkuan skripsi. Lian ti éta, dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa baris dipedar jeung dianalisis tina jihat semantik, nyaéta aspék harti jeung warna harti.

1.2 WatesanjeungRumusan Masalah

1.2.1 WatesanMasalah

Perkara babasan jeung paribasa téh bisa dianalisis tina rupa-rupa jihat, filsafat, atikan, basa, budaya, pangajaran, jsté. Dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa Sunda jeung ngaran babagian awak.

1.2.2 RumusanMasalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah téh baris dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

a. Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak? b. Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa

Sunda?

c. Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak? d. Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak?

1.3 TujuanPanalungtikan

1.3.1 TujuanUmum

(5)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 TujuanHusus

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda, ngawengku:

a. Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak; b. Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda; c. Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak;

d. Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak.

1.4 MangpaatPanalungtikan

1.4.1 MangpaatTioritis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh dina widang tata basa Sunda, nyaéta dina tataran semantik, hususna ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda.

1.4.2 MangpaatPraktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta pikeun dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, di antarana waé;

a. Bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Basa jeung Budaya Sunda.

b. Salasahiji ambahan pikeun neuleuman tata basa Sunda, hususna dina babasan jeung paribasa Sunda dumasar ulikan semantik.

c. Méré wawaran ka masarakat ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu aya patalina jeung ngaran babagian awak.

1.5 RaragaTulisan

(6)

Femy Firmansyah,2014

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

Hasil penelitian terhadap gambar-gambar tersebut menunjukkan bahwa: (1) berdasarkan keragaman gambar, bentuk geometri seperti persegi, persegi panjang, lingkaran dan segitiga

Jurusan/Program Studi melaporkan mahasiswa yang tidak memenuhi persyaratan evaluasi ke Badan Konsultasi Mahasiswa Fakultas (BKMF) atau badan konselor yang

Sasaran utama olahraga kesehatan yaitu memelihara dan/atau meningkatkan kapasitas aerobik. Setiap orang yang tidak teratur berolahraga akan memiliki kapasitas aerobik yang

Dilukiskan langkah-langkah umum kea rah tujuan kelompok dan apabila diperlukan nasihat teknis, maka pemimpin menyarankan dua atau lebih banyak prosedur-prosedur alternatif

Saya beranggapan bahwa konsumen yang datang ke Rumah makan zam-zam tidak dilayani dengan baik oleh para

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

PENGARUH GAYA KEPEMIMPINAN D EMOKRATIS KEPALA SEKOLAH TERHAD AP PROD UKTIVITAS KERJA GURU D I SMK PASUND AN 3 KOTA BAND UNG. Universitas Pendidikan Indonesia |

[r]