• Tidak ada hasil yang ditemukan

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK : Tilikan semantik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN BABAGIAN AWAK : Tilikan semantik."

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

(Tilikan Bemantik)1

FEMY FIRMANBYAH2

ABBTRAK

Skripsi yang berjudul Babasan jeung Paribasa Sunda nu Ngandung Ngaran Babagian Awak (Tilikan Semantik) ini merupakan suatu kajian mengenai hubungan nama anggota tubuh dalam babasan dan paribasa Sunda malalui pendekatan semantik dari segi aspek makna dan ragam makna. Penelitian ini bertujuan untuk mengkaji babasan dan paribasa nama anggota tubuh, maksud yang terkandung dalam babasan dan paribasa nama anggota tubuh, serta makna idiomatik babasan dan paribasa nama anggota tubuh. Untuk mengumpulkan data digunakan teknik studi metode deskripsi. Data penelitian ini adalah babasan dan

paribasa. Data yang didapatkan ada 240 babasan dan paribasa nama anggota tubuh. Nama anggota tubuh yang ditemukan ada 69 jenis. Berdasarkan aspek makna babasan dan paribasa nama anggota tubuh terbagi ke dalam 3 bagian yaitu, babasan dan paribasa pengalaman, perintah, dan petuah. Berdasarkan ragam makna babasan dan paribasa terbagi ke dalam empat bagian, yaitu makna idiomatik sifat, keadaan, tempat, dan perihal. Terkait dengan hasil penelitian ini, diperoleh kesimpulan terdapat 171 babasan dan paribasa pengalaman, 19

babasan dan paribasa perintah, dan 50 babasan dan paribasa pituah. Adapun berdasarkan ragam makna ditemukan 62 babasan dan paribasa bermakna idiomatik sifat, 82 bermakna idiomatik keadaan, 1 bermakna idiomatik tempat, dan 95 bermakna idiomatik perihal.

1) This research is promoted by Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., and Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun

(2)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

(Tilikan Bemantik)1

FEMY FIRMANBYAH2

ABBTRACT

(3)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BABB

BUBUKA

1.1 KasangTukangPanalungtikan

Manusa nyaéta mahluk nu miboga akal, beda jeung mahluk séjénna. Ku kituna, lantaran éta hal nu ngajadikeun manusa minangka mahluk anu miboga adab jeung aturan nu tangtu. Éta adab jeung aturan téh dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Salaku mahluk sosial, manusa teu bisa dipisahkeun jeung proses komunikasi anu dijerona aya unsur nu kalintang penting, nyaéta basa. Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Prosés komunikasi pikeun ngedalkeun eusining pikir katut haté. Ku kituna, manusa salaku mahluk sosial teu leupas tina patali marga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan kalawan ngedalkeun pikiran, gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan.

Manusa umumna, hususna urang Sunda hirup kumbuh dumasar kana palanggeran nu aya, sangkan hirup lungsur-langsar aya dina karahayuan. Sedengkeun pikeun mikawanoh jati diri, salaku urang Sunda, kudu apal kana karakter atawa idéntitasna sorangan anu kawengku dina wangun budaya jeung tradisi. Salasahiji warisan budaya nu nyampak dina kahirupan urang Sunda nyaéta

babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa minangka warisan para karuhun urang Sunda, anu mangrupa budaya koléktif, tur sumebarna sacara lisan. Babasan jeung paribasa mangrupa salasahiji bukti beungharna basa Sunda, warisan para karuhun anu susunan basa katut hartina henteu robah nepi ka kiwari. Babasan jeung paribasa beunghar ku siloka, lantaran ngaliwatan babasan jeung paribasa urang bisa nepikeun maksud jeung tujuan omongan sacara teu langsung atawa malibir, pikeun nyingget caritaan anu panjang maksudna.

Babasan jeung paribasa sok disebut peribahasa, pepatah, atawa ungkapan

(4)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

maksudna nyaéta anu henteu saujratna minangka salasahiji wanda kamonésan basa.

Minangka kamonésan basa, babasan jeung paribasa téh loba pisan patalina jeung kahirupan di sabudeureun urang. Salasahijina nyaéta patali jeung awak urang sorangan, utamana dina ngaran babagian awak sakujur. Ateul biwir, jeung

tiis ceuli hérang mata, mangrupa salasahiji conto larapna ngaran babagian awak dina babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda lain ukur kamonésan basa, tapi ngabogaan fungsi séjén, nyaéta: (1) eusina aya nu digunakeun pikeun méré naséhat; (2) bisa dipaké pikeun meupeuh arguméntasi lawan; (3) bisa ngagambarkeun situasi atawa kaayaan hiji jalma (Rosidi, 2005, kc. 7).

Dina kahirupan sapopoé urang Sunda, utamana dina prosés komunikasi, mindeng katitén kalimah atawa kekecapan nu dibalibirkeun atawa nalika diucapkeun henteu togmol. Tapi angger miboga sipat jeung maksud anu sarua pikeun ngupamakeun atawa ngabandingkeun. Minangka keur nyaruakeun jeung ngabandingkeun maksud omongan anu sabenerna, babasan jeung paribasa sok diganti ku istilah nu aya disabudeureun urang. Kayaning ngaran babagian awak sakujur.

Gelarna babasan jeung paribasa téh nyaéta taya lian ti sesebutan atawa ngaran sagala rupa anu kanyahoan ku urang: katénjo, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung kapikir. Sagala rupa anu kanyahoan ku urang téh disebut atawa dingaranan ku kecap-kecap anu tangtu. Loba faktor-faktor anu mangaruhan kana gelarna babasan jeung paribasa, katut lega pisan ambahanana. Aya nu disebut mijalma, misato, mituwuhan, sarta aya nu nuduhkeun sipat, paréntah, ogé dumasar sumber babandingan, dumasar harti atawa maksudna, jrrd. Salasahijina patali jeung ngaran babagian awa, anu nuduhkeun sawangan tina sumber babandinganana. Babasan jeung paribasa ngaran babagian awak téh nyaéta babasan jeung paribasa anu raket patalina jeung ngaran-ngaran anggota awak nu aya dina diri manusa.

(5)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sunda dina nepikeun maksud omongan téh tara togmol atawa sajalantrahna, tapi disumputsalindungkeun.

Pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda geus diguar dina buku katatabasaan hususna basa Sunda sarta dina panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Dina buku katatabasaan, upama baé: Ulikan Semantik Sunda (Sudaryat, 2010). Laju aya sababaraha panulis nu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda jadi hiji buku. Contona waé Ajip Rosidi anu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda anu kapanggih dina karya sastra meunang pangarang Sunda anu geus teu bireuk deui. Laju aya Disparbud Provinsi Jawa Barat anu ngabukukeun ungkapan tradisional Jawa Barat. Sakumaha anu kauger yén babasan jeung paribasa Sunda téh miboga kalungguhan anu kawilang penting dina kahirupan urang Sunda.

Lian ti éta, pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda ogé kapanggih dina hasil panalungtikan-panalungtikan anu geus dilaksanakeun, di antarana “Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa pikeun Bahan Pangajaran di SLTP” (Kurniawati, 2004), “Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Siswandi, 2005), “Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012), jeung “Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda” (Pertiwi, 2013), “Gaya Basa dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda (Tilikan Stilistika jeung Semantik)” (Fauziah, 2014) .

Éta panalungtikan téh medar babasan jeung paribasa Sunda tina jihat purwakanti, pangajaran, aspék psikolinguistik, antropologi, jeung kabasaan. Tina jihat purwakanti dianalisis kumaha sasaruaan sora kecap dina babasan jeung paribasa katut larapna dina prosés pangajaran. Tina jihat psikolinguistik dianalisis gambaran watek urang Sunda. Tina jihat antropologi dianalisis unsur budaya pakasaban jeung pakakas dina babasan jeung paribasa. Tina jihat kabasaan dianalisis gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda.

(6)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina ieu panalungtikan aya sasaruan jeung panalungtikan nu geus dilaksanakeun, nyaéta sarua museurkeun panalungtikanana kana babasan jeung paribasa Sunda. Najan kitu, dina ieu panalungtikan ogé aya bédana, nyaéta nalungtik jeung nganalisis ngeunaan ngaran babagian awak dina babasan jeung paribasa Sunda, anu saméméhna mémang can aya nu nalungtik dina wengkuan skripsi. Lian ti éta, dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa baris dipedar jeung dianalisis tina jihat semantik, nyaéta aspék harti jeung warna harti.

1.2 WatesanjeungRumusan Masalah 1.2.1 WatesanMasalah

Perkara babasan jeung paribasa téh bisa dianalisis tina rupa-rupa jihat, filsafat, atikan, basa, budaya, pangajaran, jsté. Dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa Sunda jeung ngaran babagian awak.

1.2.2 RumusanMasalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah téh baris dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

a. Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak? b. Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa

Sunda?

c. Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak? d. Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak?

1.3 TujuanPanalungtikan 1.3.1 TujuanUmum

(7)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3.2 TujuanHusus

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda, ngawengku:

a. Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak; b. Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda; c. Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak;

d. Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak.

1.4 MangpaatPanalungtikan 1.4.1 MangpaatTioritis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh dina widang tata basa Sunda, nyaéta dina tataran semantik, hususna ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda.

1.4.2 MangpaatPraktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta pikeun dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, di antarana waé;

a. Bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Basa jeung Budaya Sunda.

b. Salasahiji ambahan pikeun neuleuman tata basa Sunda, hususna dina babasan jeung paribasa Sunda dumasar ulikan semantik.

c. Méré wawaran ka masarakat ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu aya patalina jeung ngaran babagian awak.

1.5 RaragaTulisan

(8)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(9)

121

BABBVB

KACINDEKANBJEUNGBSARAN

5.1B KacindekanB

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu aya patalina jeung ngaran babagian awak, dumasar ulikan semantik, anu nganalisis tina jihat aspék harti jeung warna hartina, bisa dicindekeun saperti ieu di handap.

a. Babasan jeung paribasa nu ngandung ngaran babagian awak téh kapanggih

aya 240, anu nyoko kana 198 babasan jeung 42 paribasa. Ngaran babagian awak nu kapanggih dina babasan jeung paribasa kapanggih aya 69 jinis. Tina jumlah sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dua wanda, nyaéta ngaran babagian awak dumasar cicingna jeung ngaran babagian awak dumasar wujudna.

b. Ngaran babagian awak dumasar cicingna kabagi jadi tilu, nyaéta: (1) ngaran babagian awak luhur, anu kapanggih aya 35 jinis, nyaéta amis cau, beuheung, beungeut, biwir, jsté., (2) ngaran babagian awak tengah (badan), anu kapanggih aya aya 25 nyaéta, angen, balung, bayah, beuteung, curuk, dada, jsté., (3) ngaran babagian awak handap, anu kapanggih aya 17, nyaéta bincurang, birit, bitis, bool, bujur, bulu, dampal, jsté., jeung (4) ngaran babagian awak, kapanggih aya tilu jinis, nyaéta awak, badan jeung raga. Ngaran babagian awak dumasar wujudna kabagi jadi dua, nyaéta: (1) ngaran babagian awak luar, anu kapanggih aya 45 nyaéta amis cau, beuheung, beungeut, beuteung, bincurang, birit, jsté., jeung (2) ngaran babagian awak jero, anu kapanggih aya 20 nyaéta angen, ati, balung, bayah, caréham, daging, genggerong, jsté.

c. Maksud nu dikandung dina babasan jeung paribasa ngaran babagian awak,

(10)

122

jeung paribasa, jeung (3) babasan jeung paribasa pituah (panyaram lampah salah), anu kapanggih aya 50 babasan jeung paribasa.

d. Harti idiomatik babasan jeung paribasa ngaran babagian awak, anu

nuduhkeun harti injeuman jeung harti babandinganana, kapanggih aya 4 harti idiomatik anu bisa nuduhkeun (1) harti idiomatik sipat, (2) harti idiomatik kaayaan, (3) harti idiomatik tempat, jeung (4) harti idiomatik hal. Babasan jeung paribasa nu ngandung harti idiomatik sipat kapanggih aya 62 babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa nu ngandung harti idiomatik kaayaan kapanggih aya 82 babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa nu ngandung harti idiomatik tempat kapanggih ngan ukur aya hiji babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa nu ngandung harti idiomatik hal kapanggih aya 95 babasan jeung paribasa.

5.2B Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda dina ulikan semantik, aya sababaraha nu hayang ditepikeun, di antarana:

a. Ieu panalungtikan téh karék tepi kana ngaran babagian awak wungkul. Unsur nu lianna, kayaning ngaran sasatoan jeung ngaran tutuwuhun sarta unsur babandingan nu séjénna mah can kapaluruh.

b. Panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa teu ngan saukur tina tilikan semantik wungkul, tapi ku pamarekan élmu-élmu lian ogé bisa.

c. Panalungtikan semantik henteu ngan saukur diterapkeun kana babasan

jeung paribasa, bisa ogé diterapkeun kana sisindiran, sajak katut kabeungharan budaya lianna.

d. Babasan jeung paribasa Sunda perlu dihirupkeun deui, boh di lingkungan

sakola boh di lingkungan masarakat.

e. Pikeun masarakat, babasan jeung paribasa Sunda perlu dihirupkeun deui,

dipaké jeung dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

f. Pikeun masarakat umum, babasan jeung paribasa Sunda kudu dimimitian

(11)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTATA

Arikunto, Suharsimi. (1998). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: P.T. Kiblat Buku Utama.

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. (2011). Ungkapan Tradisional Jawa Barat. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat.

Hidayat, R. T., spk. (2007). Peperenian Urang Sunda. Bandung: P.T. Kiblat Buku Utama.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar.

Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1992). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Rosidi, A. (2005). Babasan & Paribasa Kabeungharan Basa Sunda. Bandung: P.T. Kiblat Buku Utama.

Sudaryat, Yayat. (2004a). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2010b). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. (2011c). Makna dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Yayat. (1991d). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., Yudibrata, K. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

T. Munawar, Candra. (2010). 1330 Babasan dan Paribasa Bahasa Sunda. Bandung: Nuansa Aulia.

Tamsyah, B., Djuanda, D., Purwati, T., (1999). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

(12)

Femy Firmansyah,2014

BABABAN JEUNG PARIBABA BUNJA NU NGANJUNG NGARAN BABAGIAN AWAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ullman, S. (2009). Pengantar Semantik. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Yusup, U. dkk. (2008). Anatomi Manusia. Bandung: FPOK UPI

Tarya Ilmiah:

Novianti, Nining. (2012). Babasan jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis). Bandung: JPBD UPI

Pertiwi, Siska. (2013). Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: JPBD UPI.

Referensi

Dokumen terkait

struktur carita, sarta ajén budaya nu kapanggih tina novel. BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékomémdasi tina hasil analisis. struktur jeung ajén budaya dina novel

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap pancén nu aya dina karangan éksposisi kelas VII-11 SMPN 43 Bandung, ditilik tina segi

Luyu jeung kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh medar ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Komunikasi nonverbal

Ieu tésis mangrupa hasil panalungtikan ngeunaan Sastra Lisan Anu Aya di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis ditingali tina Ulikan Struktur jeung Ajén

Dina ieu panalungtikan anu didéskripsikeun téh nyaéta babasan jeung paribasa ditilik tina wangun stilistika anu mangrupa ulikan gaya basa ngupamakeun sarta harti

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta ieu di handap. 1) Dumasar

Patalina jeung upaya mekarkeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda berbasis karakter nu sumberna tina ajén-inajén karakter nu kakandung dina paribasa Sunda,