• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1201775 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1201775 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Kaparigelan basa Sunda ngawengku opat aspék kaparigelan. Nya éta kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Éta opat kaparigelan basa téh mangrupa hal anu kudu ditepikeun dina proses diajar-ngajar disakola.

Ieu hal luyu jeung pamanggih Tarigan (2008: 4) nétélakeun yén kaparigelan nulis mibanda kalungguhan anu penting nya éta mangrupa alat pikeun nyatet atawa ngarékam, ngayakinkeun, ngalaporkeun atawa méré nyaho, jeung mangaruhan jalma lian. Kaparigelan nulis mangrupa proses komunikasi teu langsung bisa jadi hiji média pikeun nepikeun gagasan dina wangun tinulis.

Nulis mangrupa salasahiji kaparigelan ngagunakeun basa tina opat aspék kaparigelan ngagunakeun basa nu diajarkeun di sakola, saluyu jeung Kurikulum 2013 pangajaran basa Sunda, disagigireun ti ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Salasahiji kompeténsi dina pangajaran nya éta siswa kudu miboga kaparigelan nulis. Dina nulis sajak siswa kudu bisa ngébréhkeun gagasan nu aya dina pikiran nu antukna ngajanggélék jadi hiji tulisan. Nalika nulis sajak urang ngabutuhkeun kréativitas, intuisi, imajinasi sarta pangaweruh jeung pangalaman nu nulis. Dina proses mikir éta sok mindeng loba bangbaluh pikeun ngalaksanakeunana.

(2)

Salasahiji cara anu bisa dipaké pikeun ngarojong siswa sangkan produktif dina nulis, nya éta ku diterapkeunna média pangajaran anu bisa ngirut siswa.

Loba cara anu bisa dilaksanakeun ku guru pikeun ngungkulan éta masalah, salasahiji tarékahna nya éta ku cara ngagunakeun média pangajaran. Guru diperedih kréatip dina nyieun atawa ngagunakeun média pangajaran. Guru ogé dituntut pikeun mampuh ngagunakeun alat-alat teknologi anu saluyu jeung kamekaran jaman, guru ogé sakurang-kurangna bisa ngagunakeun alat anu murah jeung éfisien, sanajan alatna basajan tapi éta alat bisa jadi média pikeun ngahontal tujuan pangajaran sarta ngaronjatkeun kualitas hasil diajar siswa. Saperti nu ditétélakeun ku Sudjana (2011, kc 7), yén média pangajaran bisa ngaronjatkeun kualitas proses diajar-ngajar, anu bisa mangaruhan kualitas hasil diajar siswa.

Dumasar hasil observasi awal, kurangna variasi dina pangajaran nulis ngabalukarkeun kurangna kamampuh siswa dina pangajaran nulis. Dumasar kana hal éta, guru kudu parigel milih média pangajaran sarta ngamangpaatkeun sagala fasilitas nu aya di jero atawa luar kelas. Prosés diajar moal lumangsung sacara éféktif upama guru teu parigel milih média pangajaran anu ngirut minat siswa kana diajar nulis sajak.

Média nyaéta alat atawa bahan pikeun nepikeun informasi atawa pesen boh sacara lisan atawa tulisan. Média pangajaran miboga peran penting dina pangajaran lantaran ku digunakeunana média nu luyu bakal ngirut minat jeung motivasi siswa sangkan resep diajar basa Sunda husuna nulis sajak. Lobana média anu digunakeun dina proses diajar ngajar bisa jadi sarana pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Média visual anu mangrupa gambar bisa jadi salasahiji média anu bisa digunakeun salaku alat pikeun ngajarkeun kaparigelan nulis. Salasahijina nya éta kaparigelan nulis sajak. Gambar bisa ngamotivasi siswa sangkan nyaritakeun hal-hal naon waé anu aya dina gambar, ngaéksprésikeun naon anu katingali dina gambar. Salasahiji média gambar anu bisa digunakeun dina pangajaran sajak ieu nya éta kolase.

(3)

saperti koran, kertas, foto tina majalah, kaén sésa atawa perca anu ditémpélkeun dina karton atawa média séjén anu antukna bisa ngawangun hiji objék. Kecap kolase éta sorangan hartina seni menempel. Média gambar kolase bisa nyiratkeun gambar anu bentuknya dikolasekeun anu antukna siswa dipiharep bisa ngebrehkeun imajinasi anu ditingali dina wangun tulisan anu mangrupa sajak.

Tujuan diterapkeunna média gambar kolase dina pangajaran nulis sajaknya éta sangkan pangajaran leuwih variatif sarta bisa méré inspirasi ka siswa ku sabab ayana média gambar motivasi siswa bisa kabentuk, ogé siswa bisa leuwih maham kana matéri anu diajarkeun. Ku ayana média gambar kolase dipiharep siswa bisa leuwih kreatif néangan kosa kecap pikeun nyieun sajak, lewih ngarti kana matéri sajak sabab gambar kolase midangkeun gambar kalawan unik.

Saméméhna kungsi diayakeun panalungtikan skripsi ngeunaan média gambar kolase dina pangajaran nulis karangan narasi nya éta panalungtikan nu dilakukeun ku Maulidia 2011 anu judulna “Eféktifitas Penggunaan Média Gambar Kolase Dalam Pembelajaran Menulis Karangan Narasi Bahasa Jerman (Studi Eksperimen Kuasi Pada Siswa Kelas XII SMAN 9 Bandung)”. Ieu panalungtikan museur kana nulis karangan narasi, sedengkeun média gambar kolase pikeun nulis sajak mah can aya nu nalungtik.

Dumasar kana pedaran diluhur, panalungtikan anu judulna “Média Gambar Kolase pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016)”, perlu dilaksanakeun.

1.2Rumusan Masalah

Saméméh dirumuskeun, ieu masalah panalungtikan téh bisa di watesanan jadi sababaraha hal, nya éta masalah anu aya patalina jeung kamampuh nulis sajak anu ngawengku diksi, implengan, gaya basa, téma, jeung amanat, sarta masalah masalah nu patalina jeung média gambar kolase nu mangrupa salasahiji média anu bisa dipaké pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas XI SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016.

(4)

a. Kumaha kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 dina nulis sajak saméméh ngagunakeun média gambar kolase?

b. Kumaha kamampuh siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 dina nulis sajak sabada ngagunakeun média gambar kolase?

c. Kumaha ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa Kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 saméméh jeung sabada dilarapkeuna média gambar kolase?

d. Naha aya béda nu signifikan atawa henteu antara kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak saméméh jeung sabada ngagunakeun média gambar kolase?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus. 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta nguji cocok henteuna Média Gambar Kolase pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 2015/2016.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun:

a. kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak saméméh ngagunakeun Média Gambar Kolase;

b. kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak sabada ngagunakeun Média Gambar Kolase; jeung

c. signifikan atawa henteuna antara kamampuh siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung dina nulis sajak saméméh jeung sabada ngagunakeun Média Gambar Kolase.

(5)

Ieu panalungtikan tangtuna ngahasilkeun sababaraha mangpaat. Diantarana aya mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat élmu ngeunaan média pangajaran hususna média gambar kolase anu bisa nambahan pangaweruh nu maca, ogé bisa dijadikeun référénsi pikeun panalungtikan-panalungtikan séjénna anu aya patula-patalina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, salian éta bisa ogé pikeun référénsi dina maké média gambar kolase pikeun pangajaran hususna pangajaran nulis sajak.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun siswa, guru, jeung panalungtik

a. Pikeun siswa, bisa jadi motivasi sakaligus pangalaman anu anyar sarta bisa nambahan pangaweruh dina nulis sajak;

b. Pikeun guru, bisa jadi référénsi ngagunakeun média hususna média gambar kolase dina pangajaran nulis sajak; jeung

c. Pikeun panalungtik, jeung umum bisa nambahan pangaweruh ngeunaan makéna média dina pangajaran.

1.5Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun kasang tukang panulis dina panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus. Mangpaat tulisan boh éta mangpaat praktis atawa mangpaat tioritis dina ieu skripsi.

(6)

kaparigelan kolase, kaonjoyan média kolase, bahan-bahan kolase, wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, rupa-rupa tulisan, wangenan sajak, jenis-jenis sajak, unsur-unsur sajak, struktur sajak, léngkah-lengkah nulis sajak, média gambar kolase dina nulis sajak, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung hipotesis panalungtikan.

Bab III eusina ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku desain panalungtikan, subjek panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumen panalungtikan, prosedur panalungtikan, jeung analisis data.

Bab IV eusina ngeunaan hasil panalungtikan jeung pedaran, anu ngawengku kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung saméméh ngagunakeun média gambar kolase, kamampuh nulis sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung sabada ngagunakeun média gambar kolase, beda signifikansi antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média gambar kolase, jeung pedaran hasil panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

70 Tahun 2012 beserta petunjuk teknisnya serta ketentuan teknis operasional pengadaan barang/jasa secara elektronik maka pelelangan dinyatakan GAGAL karena tidak

Dengan Hak Bebas Royalti Non- Eksklusif ini, Universitas Sumatera Utara berhak menyimpan, mengalih media, memformat, mengelola dalam bentuk data-base , merawat dan mempublikasikan

Défice Fiscal financiado através

o Developing an economic model to estimate current impact of tourism expenditure in.. the economy and forecast potential of

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

PUISI, GURINDAM DUA BELAS, KAJIAN SEMIOTIK, DAN PENGAJARAN SASTRA A.. Pengertian