BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa Sunda téh raket patalina jeung prosés mikir anu jadi dadasar basa hiji jalma. Ieu hal luyu jeung anu ditétélakeun ku Tarigan (2013, kc. 1) yén basa hiji jalma téh ngagambarkeun pikiranana. Jalma anu parigel dina ngagunakeun basana, beuki alus jeung hadé jalan pikiranna.
Ayana pangajaran di sakola téh salah sahiji cara enggoning ngalarapkeun basa Sunda anu bener jeung merenah. Dina ngalarapkeun basa Sunda anu bener, siswa kudu ngawasa opat kaparigelan basa anu ngawengku kaparigelan ngaregepkeun (listening skill), kaparigelan nyarita (speaking skill), kaparigelan
maca (reading skill), jeung kaparigelan nulis (writing skill). Ku kituna, siswa kudu
bener-bener nyangking sakabéh aspék kaparigelan basa sangkan kamampuh siswa ngaronjat dina ngagunakeun basa salaku alat komunikasi sapopoé.
Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan dina nepikeun pikiran, perasaan, jeung
kahayang sacara tinulis anu bakal ngalatih nalar hiji jalma. Ieu kaparigelan kaasup kana kagiatan produktif (ngahasilkeun tulisan) dina basa tinulis. Ngahasilkeun tulisan atawa nyieun karangan téh lain hal nu gampang. Ieu hal luyu jeung pamadegan Heaton (dina Slamet, 2008, kc. 141) yén nulis mangrupa kaparigelan anu hésé jeung kompléks. Sabab gagasan anu diébréhkeun ku nu nulis téh bisa nepi ka nu maca kalayan maham jeung ngarti kana naon anu dimaksud ku nu nulis. Kaparigelan nulis ogé teu datang sacara otomatis, tapi kudu ngaliwatan latihan jeung prakték anu rutin.
Pangajaran nulis guguritan kaasup kana salah sahiji pangajaran anu aya di SMP kelas VIII. Ieu hal luyu jeung anu aya dina Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar (SKKD) Bahasa dan Sastra Sunda SMP/MTS Kelas VIII Tahun 2006. Asupna guguritan kana pangajaran di sakola téh mangrupa salah sahiji tarékah dina ngawanohkeun sastra jeung budaya Sunda. Lantaran, kiwari geus langka anu nulis jeung midangkeun guguritan.
Kiwari, jarang siswa anu bisa nulis guguritan, maca guguritan ogé can tangtu pernah. Nulis atawa nyieun guguritan téh lain hal nu gampang, komo keur budak sakola anu teu apal kana sastra jeung budaya Sunda mah. Ku kituna, siswa anu teu wanoh kana guguritan bakal ngarasa hésé dina ngébréhkeun ide jeung kahayangna kana wangun guguritan kalayan ngagunakeun unsur-unsur guguritan anu hadé. Unsur-unsur guguritan anu lengkep tur alus ngarojong kana kualitas guguritan anu dijieunna.
Sababaraha pasualan anu geus dipedar mangrupa bangbaluh dina pangajaran nulis guguritan anu kudu dikokolakeun, sangkan kualitas pangajaran basa Sunda hususna pangajaran nulis guguritan bisa leuwih dipikaresep, dipikawanoh jeung siswa bisa nyieun guguritan kalayan kualitas anu alus. Lian ti éta, dipiharep guru boga kaparigelan dina ngokolakeun kelas jeung nepikeun bahan ajar sangkan siswa teu ngarasa bosen kana prosés diajar ngajar dina pangajaran basa Sunda.
Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan sawatara pasualan nu geus dipedar nyaéta ku cara ngagunakeun modél pangajaran. Ku ayana modél pangajaran, dipiharep ngaronjatkeun minat jeung motivasi siswa sangkan daék jeung resep diajar nulis, utamana guguritan. Modél pangajaran kudu anu aktif, kréatif tur inovatif pikeun prosés diajar ngajar. Sok sanajan euweuh modél pangajaran anu bener-bener sampurna, tapi diusahakeun guru kudu bisa néangan modél pangajaran anu cocog jeung éféktif tur bisa ngaronjatkeun kualitas prosés diajar jeung hasil diajar siswa.
Kamampuh siswa dina maham matéri guguritan nepi ka bisa nulis atawa nyieun guguritan téh gumantung kana prosés diajarna, sarta modél pangajaran anu digunakeunna. Loba rupana modél pangajaran téh, salah sahijina modél Quantum
Writing. Modél Quantum Writing nyaéta interaksi dina prosés diajar anu mampuh
nyangking hal-hal anu anyar) anu bisa ditépakeun ka jalma séjén (Hernowo, 2004, kc. 10). Modél Quantum Writing salah sahiji bongbolongan dina mekarkeun
poténsi jeung kamampuh siswa dina pangajaran nulis. Ieu modél pangajaran téh dipiharep jadi titik pamiangan pikeun ngungkulan pasualan kurangna kamampuh nulis guguritan.
Panalungtikan modél Quantum Writing pikeun ngaronjatkeun kamampuh
nulis téh geus dilaksanakeun saméméhna. Panalungtikan ku Antonius Alam Wicaksono mahasiswa Universitas Negeri Surabaya ngeunaan “Penerapan Strategi Quantum Writing Untuk Meningkatkan Keterampilan Menulis Narasi
Siswa Sekolah Dasar” kalayan hasil nu ngaronjat. Panalungtikan skripsi ku Asri Widiarti mahasiswa STKIP Bandung ngeunaan “Pembelajaran Menulis Artikel Dengan Menggunakan Metode Quantum Writing” kalayan hasil nu ngaronjat.
Panalungtikan anu dilaksanakeun ku panalungtik bédana jeung sababaraha panalungtikan saméméhna nyaéta udagan anu rék dironjatkeun ngaliwatan modél
Quantum Writing dina kamampuh nulis guguritan.
Miang tina pasualan-pasualan anu geus dipedar, panalungtikan anu judulna “Modél Quantum Writing pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Guguritan
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016)”, perlu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kasang tukang anu geus dipedar, hal anu ditalungtik ngawengku kamampuh nulis guguritan siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél
Quantum Writing jeung léngkah diajar ngagunakeun modél Quantum Writing.
Kamampuh nulis gururitan siswa diukur tina opat unsur, nyaéta unsur eusi (poko tulisan, pamadegan pangarang kana tuisan, peristiwa satukangeun tulisan, amanat, rasa nu timbul, hubungan antara pangarang ka nu maca), unsur basa (sora basa, kecap jeung kalimah, babasan jeung paribasa, jeung purwakanti), unsur pupuh (guru lagu, guru wilangan, pedotan, jeung keutuhan/gembleng), jeung
tulisan jeung amanat); unsur basa (pilihan kecap); unsur pupuh (guru lagu jeung guru wilangan); jeung unsur wangun karangan (carita).
Léngkah (syntax) dina modél Quantum Writing nyaéta pengelompokan
(clustering), draft-kasar, berbagi (umpan balik), ngaropéa (memperbaiki),
penyuntingan, nuliskeun deui (penulisan kembali), jeung évaluasi.
Dumasar kana pasualan anu geus dipedar, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél Quantum
Wriring?
b. Kumaha kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun modél Quantum
Wriring?
c. Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Quantum Wriring?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Anu jadi tujuan ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus anu kaunggel ieu di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung nguji signifikansi modél Quantum Writing dina kamampuh nulis guguritan siswa kelas
VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:
a. kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél Quantum Writing;
c. béda signifikan kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Quantum Wriring.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Unggal panalungtikan anu dilaksanakeun tangtu kudu miboga mangpaat. Mangpaat ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis anu kaunggel ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran, hususna modél Quantum Writing dina
pangajaran nulis guguritan. Hasil ieu panalungtikan dipiharep méré gambaran yén modél Quantum Writing bisa ngadeudeulan jeung ngajembaran cara ngajar
pangajaran basa Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis ieu panalungtikan nyaéta ieu di handap.
a. Pikeun Siswa, dipiharep bisa numuwuhkeun motivasi siswa dina nulis guguritan, ngaronjatkeun tingkat maham matéri guguritan, sarta leuwih aktif dina prosés diajar di kelas.
b. Pikeun Guru, bisa jadi bahan tinimbangan dina milih jeung ngagunakeun modél pangajaran basa Sunda hususna pangajaran nulis, sangkan bisa nyieun kréasi jeung inovasi modél pangajaran anu ngirut siswa sarta ngawangun kelas anu interaktif tur komunikatif.
c. Pikeun Panalungtik, sangkan bisa ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung ngalarapkeun modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nulis guguritan. d. Pikeun nu Maca, dipiharep bisa ngabeungharan wawasan jeung pangaweruh,
hususna ngeunaan modél Quantum Writing dina nulis guguritan.
1.5 Raraga Tulisan
Dina ieu skripsi, raraga tulisan diwangun ku lima bab, anu diwincik ieu di handap.
Bab I Bubuka, anu ngawengku kasang tukang, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.
Bab II Ulikan Tiori, anu ngawengku wangenan modél pangajaran, ciri-ciri modél pangajaran, rungkun modél pangajaran, komponén modél pangajaran, modél Quantum Writing, oriéntasi modél Quantum Writing, tujuan modél
Quantum Writing, prinsip modél Quantum Writing, léngkah-léngkah (syntax)
modél Quantum Writing, sistem sosial, peran/pancén guru, sistem pangrojong,
dampak instruksional, kaonjoyan jeung kahéngkéran modél Quantum Writing,
wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, wangenan guguritan, unsur-unsur guguritan, pangajaran nulis guguritan dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) mata pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda SMP/MTS tahun 2006, kamampuh nulis guguritan, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtikan, jeung hipotésis.
Bab III Métode Panalungtikan, anu ngawengku desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan, jeung téhnik analisis data.
Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, anu ngawengku kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél Quantum Writing, kamampuh nulis guguritan siswa
kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun modél Quantum Writing, analisis béda signifikan kamampuh nulis guguritan
siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Quantum Writing, jeung pedaran
hasil panalungtikan.