• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202954 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202954 Chapter1"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina kahirupan sapopoé manusa teu bisa dipisahkeun tina prosés diajar, lantaran diajar mangrupa kagiatan anu ngabédakeun manusa jeung mahluk séjénna. Salian ti éta, diajar jadi kabutuhan nu hakiki dina kahirupan manusa. Ku kituna, diajar mangrupa energi kahirupan manusa nu bisa ngangkat harkat kamanusaanna jadi hiji jalma anu miboga adab jeung martabat. Lumangsungna prosés diajar-ngajar dipangaruhan ku stratégi pangajaran. Ari stratégi pangajaran mangrupa salah sahiji bagian tina komponén pangajaran. Dina hakékatna komponén pangajaran téh mangrupa pangaruh, bimbingan, arahan ti hiji jalma anu geus dewasa, mandiri, jeung miboga kapribadian anu hadé.

Pangajaran basa, hususna pangajaran basa Sunda aya masalah dina nepikeun matéri. Salah sahiji masalahna nyaéta siswa kurang maham basa Sunda, ku sabab jarang dipaké dina kahirupan sapopoé. Ieu hal téh ngabalukarkeun siswa hésé maham matéri nu ditepikeun ku guru. Masalah séjénna anu jadi pasualan nyaéta saperti: guru anu teu ngawasa kana matéri nu dipedar, sora guru anu kawatesan ngabalukarkeun siswa teu bisa nyangking matéri anu dipedar, sarta cara ngajar anu matak tunduh jeung bosen pikeun siswa di kelas.

Di jaman kiwari, guru diperedih kudu bisa ngararancang jeung ngalaksanakeun kagiatan pangajaran nu bisa ngirut minat siswa kana diajar. Kaasup di jerona guru kudu bisa ngamangpaatkeun jeung nyiptakeun média pangajaran sarta ngagunakeun modél pangajaran anu meredih siswa sangkan aktif di kelas, luyu jeung pangajaran anu ditepikeunana.

(2)

mangrupa dua kamahéran anu sipatna réséptif, sedengkeun nyarita jeung nulis mangrupa dua kamahéran anu sipatna produktif. Nyarita téh mangrupa prosés komunikasi papada jalma ngaliwatan basa lisan pikeun ngébréhkeun atawa nepikeun informasi ti panyatur ka paregep. Dina pangajaran nyarita kapanggih aya sababaraha masalah dina prak-prakanana. Salah sahiji masalahna nyaéta nalika siswa nyarita dina basa Sunda, loba kekecapan anu kamalayon atawa pacampur jeung kecap tina basa Indonesia ku sabab basa Sundana jarang digunakeun dina kahirupan sapopoé.

Kamampuh nyarita dina pangajaran di sakola raket patalina jeung karya sastra. Salah sahiji bahan ajar anu matalikeun kamampuh nyarita jeung karya sastra nyaéta dina pangajaran novél di kelas IX. Novél nyaéta salah sahiji wangun prosa naratif fiktif. Tujuan dina pangajaran novél salah sahijina nyaéta bisa nyaritakeun deui eusi atawa ringkesan tina novél anu geus dibaca.

Pikeun ngungkulan masalah nu dipedar di luhur, diperlukeun hiji modél pangajaran nu mampuh méré gambaran jeung ngalibatkeun siswa sacara leuwih aktif jeung kréatif, sarta bisa ngirut minat diajar siswa. Salah sahiji alternatifna nyaéta ngagunakeun modél pangajaran cooperative script. Modél pangajaran cooperative script nyaéta modél pangajaran anu meredih siswa pikeun gawé bareng jeung siswa séjén dina kelompokna, sarta dina prak-prakanana ngagunakeun script atawa naskah. Modél pangajaran cooperative script téh meredih siswa pikeun aktif di kelas, nyaéta silih tukeur informasi nu dicangking siswa ku cara silih genti dina nepikeun informasi.

Panalungtikan nu geus aya ngeunaan cooperative script di antarana panalungtikan anu dilaksanakeun ku Mirnawati dina taun 2011, judul

(3)

Anu ngabédakeun panalungtikan saméméhna jeung ieu panalungtikan nyaéta dina ngukur kamampuh basana. Dina ieu panalungtikan, kamampuh basa nu diukur nyaéta kamampuh dina nyarita.

Dumasar kasang tukang di luhur, panalungtikan “Modél Pangajaran Cooperative Script dina Ningkatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung Taun Ajaran

2015/2016)” perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, puseur masalah dina ieu panalungtikan ngawengku kamampuh siswa dina nyarita (nyaritakeun eusi novél) saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script sarta prak-prakanana.

Kamampuh nyarita ditilik tina aspék kabasaan jeung nonkabasaan. Aspék kabasaan ngawengku: lentong, diksi, jeung volume sora, sedengkeun aspék nonkabasaan ngawengku: gerak jeung paroman, sarta kalancaran dina nyarita.

Dumasar pedaran di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung saméméh ngagunakeun modél pangajaran cooperative script?

2) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script?

3) Naha aya bédana anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script?

1.3 Tujuan Panalungtikan

(4)

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji, cocog henteuna modél pangajaran cooperative script dina ningkatkeun kamampuh nyarita.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung saméméh

ngagunakeun modél pangajaran cooperative script;

2) kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script; sarta

3) béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat saperti mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis hasil panalungtikan dipiharep méré mangpaat sarta ngajembaran pangaweruh pikeun ngagunakeun modél pangajaran anu ngirut minat siswa sarta luyu jeung bahan ajar.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktisna ieu panalungtikan téh bisa méré mangpaat pikeun guru, pikeun siswa, sarta pikeun panalungtik sorangan.

(5)

3) Pikeun panalungtik, dipiharep bisa jadi sawangan pikeun ka hareupna dina ngajar, sarta bisa jadi rujukan pikeun panalungtikan satuluyna anu rélavan.

1.5 Sistematika Skripsi

Bab I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika skripsi.

Bab II Kajian Tiori, eusina ngeunaan ulikan tiori, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis panalungtikan.

Bab III Métode Panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan jeung téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data sarta nganalisis data.

Bab IV Hasil jeung Pedaran, eusina ngeunaan kamampuh nyarita saméméh ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, kamampuh nyarita sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, béda kamampuh nyarita saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, sarta pedaran hasil panalungtikan modél pangajaran cooperative script dina ningkatkeun kamampuh nyarita.

Referensi

Dokumen terkait

Perkebunan Nusantara III (Persero) PKS Rambutan Tebing-tinggi selalu ingin berusaha memberikan pendidikan dan pelatihan karyawan untuk menambah pengetahuan dan kemampuan dalam

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

PENGEMBANGAN BAHAN AJAR EKOSISTEM MANGROVE BERBASIS POTENSI LOKAL UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Pengaruh Penerapan Pendekatan Problem Centered Learning (PCL) Terhadap Peningkatan Kemampuan Penalaran Adaptif Siswa SMP.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Penelitian ini menjelaskan dan menganalisis tentang masalah perceraian dan pemenuhan hak-hak anak dengan mengambil lokasi penelitian di Desa Sei Semayang Kecamatan Sunggal

Eddy Syafri Husein Ritonga, 2016, Judul Skripsi : Tata Cara dan Adat Perkawinan Pada Masyarakat Etnis Angkola (Di Luat Halongonan Kabupaten Padang Lawas Utara)..

“untuk menyesuaikan diri saya biasa bebas bergaul jadi membaur dengan siapa saja,membaur dengan lingkungan entah mungkin di lingkungann sosial saya yang baru di luar seminar

Peran antar pihak terutama peran yang dimiliki oleh pemda, pemerintah desa, swasta dan balai TN (wil.1) tentunya telah memiliki tugas dan tanggung jawabnya