• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002597 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002597 Chapter3"

Copied!
17
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

METODÉ PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi atawa tempat ngalakukeun ieu panalungtikan di SMA Kartika XIX 2

Bandung jln. Pak Gatot Raya 73 S Tlp. 2011854 Kota Bandung.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjek anu ngahasilkeun éta data

(Arikunto, 2010, kc. 129). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X

IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung anu jumlahna 35 siswa, ngawengku 20 lalaki

jeung 15 awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Champbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123) desain

panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan.

Desain panalungtikan kahiji nya éta pre-examperimental design atawa disebut ogé

ékspérimén anu can sampurna. Ku sabab kitu, sok disebut ogé quasi ékspérimén

atawa ékspérimén semu. Desain anu kadua disebut true ékspériméntal design atawa

ékspérimén murni.

Metodé panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kuasi

ékspérimén. Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu jenis desain

panalungtikan dina kategori pre ékspériméntal desain 1) One Shot Case Study, 2)

Pre-Tést jeung Post-Pre-Tést, 3) Static Group Comparison. Desain anu dipaké dina ieu

panalungtikan nya éta Pre-Tést jeung Post-Téstanu maké dua kali tés, tés awal (tés

saméméh perlakuan) jeung tés ahir (tés sanggeus perlakuan). Desain panalungtikan

(2)

Tabél 3.1

Desian Panalungtikan

O1 X O2

(Arikunto, 2010, kc. 123)

Keterangan :

O1 = Pre-tés (tés awal saméméh perlakuan)

X = Tréatmen (perlakuan maké modél Time Token Arend ) O2 = Post-tést (tés ahir sanggeus perlakuan)

3.3 Metodé Panalungtikan

Metodé nya éta cara utama anu dipaké pikeun ngahontal tujuan. Metodé anu

dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metodé kuasi ékspérimén, nya éta metodé

panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sebagian variabel, tujuanna pikeun

nyangking informasi kalawan pratés jeung postést.

Metodé ékspérimén mangrupa metodé anu dipaké ku cara ngayakeun kagitan

percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-varibel anu

ditalungtik. Tujuan dipakéna metodé ékspérimén kuasi dina ieu panalungtikan nya éta

pikeun ngukur jeung nguji kamampuh siswa dina nyarita.

3.4 Variabel jeung Watésan Opersional 3.4.1 Variabel

Variabel nya éta objek panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur

perhatian dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 161). Variabel dibagi jadi dua

nya éta variabel bebas (independent variabel) jeung varibael kauger (dependent

(3)

Variabel bebas (variabel X) dina ieu panalungtikan nya éta modél Time Token

Arend , sabab mangrupa variabel nu mangaruhan kana varibel séjén. Sedengkeun

kamampuh nyarita kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa

variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bebas.

3.4.2 Watésan Operasional

Nurutkeun Nurhayat (2011, kc. 38) watésan operasional nya éta rumusan

ngeunaan ruang lingkup jeung ciri-ciri dina konsep anu jadi poko pedaran dina

panalungtikan.

Sangkan ieu panalungtikan teu ngabalukarkeun rupa-rupa tafsiran jeung puguh

udagannana, ieu di handap baris dijéntrékeun wangenan operasional tina ieu judul

panalungtikan, nya éta:

1) Modél Time Token Arend dina pangajaran nyarita nya éta modél pangajaran anu

maké kupon waktu minangka alat pangawatés pikeun siswa nyarita dimana

tujuanna sangkan unggal siswa miboga hak sarua dina nyarita. Ieu modél

pangajaran ngungkulan siswa anu dominasi dina nyarita atawa siswa anu

cicingeun salila pangajaran nyarita lumangsung.

Léngkah-léngkah maké modél timen token Arend dina pangajaran nyarita

nya éta:

1) guru ngajelaskeun tujuan pangajaran atawa kompetensi dasar;

2) guru ngakondisikeun kelas pikeun nyieun kelompok anu anggotana 4-6

siswa;

3) guru méré ka unggal siswa kupon nyarita anu waktuna 30 detik;

4) guru méré hiji topik pasualan nu kudu didiskusikeun ku unggal kelompok;

5) siswa ngadiskusikeun topik pasualan jeung kelompok diskusina, tuluy

ngadiskusikeun topik pasulan ka kelompok nu lian;

6) siswa nu rék nyarita atawa nepikeun pamadeganna maké kupon nyaritana;

7) saumpama rengse nyarita, kupon anu dicekel siswa dibérékeun ka guru.

(4)

8) siswa anu kuponna séép, henteu miboga hak pikeun nyarita. Siswa anu

masih nyekel kupon kudu nyarita nepi ka kuponna séép. Sangkan unggal

siswa miboga hak nyarita anu sarua;

9) unggal siswa dibéré nilai luyu jeung waktu anu dipakéna;jeung

10) guru jeung siswa nyindekeun hasil diskusina.

2) Kamampuh nyarita nya éta kamampuh anu dipimilik ku hiji jalma pikeun

ngedalkeun naon anu aya dina pikiranna, kereteg haténa boh mangrupa ide atawa

gagasan ku cara omongan atawa caritaan.

Dina ieu panaluntikan nu dijadikeun aspékdina kamampuh nyarita nya éta: (1)

Akurat jeung aktualitas pedaran, (2) Hubungan antar eusi nu dipedar, (3) Adegan

basa jeung kabeungharaan kecap, (4) Kalancaran, (5) Kawajaran urutan

pedaram/eusi, jeung (6) Gaya.

Jadi anu dimaksud “Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita” nya éta pikeun maluruh sajauh mana signifikan atawa henteu

modél Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1

SMA Kartika XIX 2 Bandung.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan

(Purnamasari, 2013, kc. 4). Instrumén nya éta komponen penting dina hiji

panalungtikan anu fungsina pikeun ngahasilkeun data ngeunaan hal-hal anu

ditalungtik. Data nu dihasilkeun tina instrumén panalungtikan dipaké pikeun

ngajawab hipotésis jeung masalah anu aya dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké

dina ieu panalungtikan nya éta wangun tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés dilakukeun

dua kali, nya éta tés awal anu dilakukeun saméméh maké modél Time Token

(5)

Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun kamampuh

nyarita anu ngawengku genep aspék, nya éta akurat jeung aktualitas pedaran,

hubungan antar eusi nu dipedar, adegan basa jeung kabeungharan kecap,

kalancaran, kawajaran urutan eusi, jeung gaya (Haerudin & Suherman, 2013, kc.

128-130). Ugeran meunteun kamampuh nyarita digambarkeun saperti ieu di

handap.

Tabél 3.2

Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita

No Aspék nu Diajén Skor Tingkat

(1) (2) (3) (4)

1 Akurat jeung aktualitas pedaran

(teu akurat – akurat pisan)

2 Hubungan antar eusi nu dipedar

(saeutik pisan- sagemblengna aya

hubungan)

3 Adegan basa jeung kabeungharan kecap

(6)

70 – 79

5 Kawajaran urutan pedaran/eusi

(teu normal – normal)

Jumlah ajén/skor 300-600

Peunteun 50-100

Keterangan :

1) Akurat jeung aktualitas pedaran

a) 90 – 100 eusi caritaan akurat tur lengkep pisan luyu jeung topik;

b) 80 – 89 eusi caritaan akurat jeung topik, tapi aya sababaraha hal anu teu

kacaritakeun;

c) 70 – 79 eusi caritaan cukup akurat jeung topik, aya sababaraha teu

nyambung, jeung kurang lengkep;

d) 60 – 69 eusi caritaan kurang akurat jeung topik, jeung

e) 50 – 59 eusi caritaan teu akurat jeung topik, tur teu lengkep pisan.

(7)

a) 90 – 100 pedaran kahiji jeung pedaran nu saterusna silihpakait, tur

mibanda hubungan anu logis;

b) 80 – 89 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait;

c) 70 – 79 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait tapi henteu

sagemblengna;

d) 60 – 69 pedaran eusi kahiji jeung pedaran eusi silihpakait, tapi teu aya

kalimah anu ngahubungkeunnana; jeung

e) 50 – 59 pedaran eusi kahiji jeung pedaran saterusna teu silihpakait jeung

teu logis.

3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap

a) 90 – 100 kekecapan nu dipaké mérénah jeung variatif, luyu jeung

kaayaan sabudeureun, jeung kayaan paregep;

b) 80 – 89 kekecapan nu dipaké mérénah, variatif, tapi henteu luyu jeung

kaayaan atawa konteks caritaan;

c) 70 – 79 kekecapan nu dipaké cukup mérénah tapi kurang variatif;

d) 60 – 69 kekecapan nu dipaké kurang mérénah, kurang variatif sarta teu

luyu jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 kekecapan nu dipaké teu mérénah tur teu payus jeung kaayaan.

4) Kalancaran dina nyarita

a) 90 – 100 caritaan lancar pisan, boh tina basana boh tina nyangking

bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;

b) 80 – 89 caritaan lancar tapi kadang ngarandeg;

c) 70 – 79 caritaan cukup lancar, kadang ngarandeg, jeung kekecapanana

dibulak-balik;

d) 60 – 69 caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapanana

dibulak-balik, jeung loba cicing; jeung

e) 50 – 59 caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing jeung

kekecapanana parondok.

(8)

a) 90 – 100 caritaan sistematis pisan nurutkeun urutanana;

b) 80 – 89 caritaan sistematis tapi aya sababaraha hal anu teu kajéntrékeun

sacara jéntré;

c) 70 – 79 caritaan cukup sistematis nurutkeun urutanana tapi kurang

jéntré;

d) 60 – 69 caritaan kurang sistematis, jeung teu kaharti; jeung

e) 50 – 59 caritaan teu sistematis, teu kaharti, jeung teu jéntré.

6) Gaya/pintonan

a) 90 – 100 pasemon, réngkak, jeung péta luyu pisan jeung eusi caritaan

nepi ka ngajadikeun caritaan leuwih ngirut;

b) 80 – 89 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi masih keneh aya

pasemon atawa péta anu teu payus jeung kaayaan;

c) 70 – 79 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi loba pasemon atawa péta

anu kaleuleuwihi tur teu payus jeung kaayaan;

d) 60 – 69 pintonan, péta jeung pasemon henteu luyu boh jeung eusi

caritaan boh jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 pintonan, pasemon, réngkak jeung péta patukangtonggong jeung

eusi caritaan ogé kaayaan.

(Nurhayat, 2011, kc. 41-43)

2) Obsérvasi

Instrumén obsérvasi dipaké pikeun niténan aktivitas siswa kelas X IPS 1 SMA

Kartika XIX 2 Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran nyarita dina diskusi

saméméh jeung sanggeusmaké modél Time Token Arend. Instrumén anu dipaké

nya éta padoman obsérvasi ieu di handap.

Tabél 3.3

Ugeran Obsérvasi

(9)

Éféktif Teu Éféktif

1 Guru nepikeun matéri

pangajaran nyarita dina

diskusi

2 Tés kamampuh siswa dina

nyarita (Pratés)

3 Guru nepikeun cara-cara

nyarita dina diskusi maké

modél Time Token Arend

4 Tés kamampuh siswa dina

nyarita (postés)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta

téhnik tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh hiji objek nu ditalungtik (Arikunto,

2006, kc. 223). Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés lisan

dilakukeun dua kali, nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa saméméh maké modél Time Token Arend. Tés ahir dilakukeun sanggeus dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus maké modél Time Token Arend.

(10)

Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sakabeh

kagiatan-kagiatan salila proses panalungtikan lumangsung. Ieu téhnik dilakukeun sangkan

panalungtik nyaksian jeung maham sacara gembleng kana jejer panalungtikan ti

mimiti nepi ka ahir panalungtikan.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun ngajawab masalah-masalah dina

ieu panalungtikan. Kagiatan pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan ngaliwatan

sababaraha kagiatan, nya éta:

1) ngarobah caritaan siswa dina wangun lisan kana wangun tulisan;

2) mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa; jeung

3) meunteun kana hasil tés awal jeung tés ahir caritaan siswa. Carana nya éta maké

pedoman anu geus ditangtukeun saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

Format Ajén Kamampuh Nyarita

No Kode

Siswa

A B C D E F Kategori

Keterangan :

(11)

B = hubungan antar eusi caritaan

C = basa jeung kabeungharan kecap caritaan D = kalancaran

E = kawajaran urutan pedaran F = gaya nyarita

Sanggeus kapanggih skorna, tuluy dipeunteun dumasar rumusna:

Keterangan :

P = peunteun

∑ skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal

Kategori :

Dumasar kana kritéria ketuntasan Minimal (KKM) nu geus ditangtukeun ku

sakola, yén:

Peunteun 70, siswa dianggap tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener. Sabalikna, Peunteun ≤ 70, siswa dianggap can tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener.

4) Ngasupkeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap.

Tabél 3.5

No Kode

Siswa

Kritéria Peunteun ∑ P % Kategori

A B C D E F

P =

(12)

Data anu aya tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkahana

ngawengku(1) uji normalitas;(2) uji homogénitas; (3) uji gain; jeung (4) uji hipotésis.

3.8 Uji Sipat Data a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal

henteuna data populasi nu dipaké dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji

normalitas dilakukeun ku cara saperti:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.

2) Ngitung rentang (r) maké ieu rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlaah kelas interval (k).

4) Nangtukeun panjang kelas interval.

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké tabél ieu di

handap.

Tabél 3.6

tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir

No Kelas Interval

r = peunteun panggedena – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log N

(13)

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké rumus

di handap.

Keterangan :

X = rata-rata (mean) ∑ = jumlah

= jumlah data = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70)

7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan maké rumus ieu di handap.

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspektasi. Carana nya éta:

a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspétasi

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ekspétasi Pratés

Interval Oi BK Handap

BK Luhur

L

X =

sd = √

(14)

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bebas kelas)

e) Nangtukeun

f) Ngitung legana unggal kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ekspétasi (Ei)

h) Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273)

9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293)

10) Nangtukeun harga

11) Nangtukeun normalitas maké kritéria ieu di handap.

a. Lamun > , hartina data atawa populasi distribusina normal.

b. Lamun < , hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu

satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji

parametrik nu luyu.

Z =

̅

Ei = n x L

(15)

(Arikunto, 2006, kc. 320)

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian

populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu.

Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:

1) Ngitung variasi unggal kelompok

Variasi tés awal

Variasi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95)

2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabebasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria di handap

a) Lamun < hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun > hartina variasi sampel henteu homoogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

=

=

F =

(16)

c. Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara

hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan

pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah

dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.8

No Ngaran Siswa Peunteun tés awal

Peunteun tés ahir

D

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun

tés ahir.

2) Ngitung derajat kabebasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

4) Ngitung t, rumusuna nya éta:

Md =

dk = n - 1

d = ∑

-

(17)

Keterangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑ d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung

hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend

mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA

Kartika XIX 2 Bandung.

b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis

kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu

mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Défice Fiscal financiado através

adalah hasil kerja yang dapat dicapai oleh seseorang atau kelompok orang dalam suatu organisasi, sesuai dengan wewenang dan tanggung jawab masing-masing, dalam rangka upaya

Universitas Negeri

Undang-Undang Nomor 5 Tahun 1960 tentang Peraturan Dasar Pokok-pokok Agraria (Lembaran Negara Nomor 104, Tambahan Lembaran Negara Nomor 2043); 2. Keputusan Presiden Nomor 26

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

Ruang laboratorium komputer harus ditata dengan sebagaimana mestinya supaya siswa memiliki keleluasaan dan kenyamanan saat pembelajaran di laboratorium komputer. Menurut

Peran antar pihak terutama peran yang dimiliki oleh pemda, pemerintah desa, swasta dan balai TN (wil.1) tentunya telah memiliki tugas dan tanggung jawabnya

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan