• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1005640 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1005640 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa diciptakeun salaku mahluk sosial anu gumantung kana mahluk séjén di luar dirina boh éta sasama manusa, sato, tutuwuhan, jeung lingkunganana anu tangtu mangaruhan kana kahirupan anu dilakonan. Salasahiji élemén anu mangaruhan sacara dominan dina kahirupan manusa téh nya éta lingkungan. Lingkungan mangaruhan manusa dina nyiptakeun kabudayaan anu jadi salasahiji landasan hirup sangkan bisa nyumponan kabutuhan hirupna. Éta kabudayaan anu dilaksanakeun téh tangtu luyu jeung masarakat katut alam di sabudeureunana.

Sacara umum, kabudayaan téh nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Dina kabudayaan ogé aya anu disebut folklor atawa adat-istiadat tradisional jeung carita-carita rayat, anu sarua diwariskeun sacara turun-tumurun di hiji kelompok masarakat. Jan Harold Brunvand (dina Danandjaja, 2007, kc. 21) nétélakeun yén folklor téh dibagi jadi tilu, nya éta folklor lisan, folklor sabagéan lisan, jeung folklor nonlisan. Tina tilu babagian folklor éta, aya folklor anu pangbabarina leungit, nya éta folklor lisan. Anu kawengku dina folklor lisan téh salasahijina nya éta carita rayat atawa sakapeung mah sok disebut dongéng.

(2)

2

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

beuki ngaheureutan, sabab sumebarna ngan sacara lisan hungkul tur euweuh dokuméntasi tinulisna, anu ngabalukarkeun loba dongéng anu tungtungna leungit jeung teu dipikanyaho ku generasi ayeuna.

Salian ti jadi warisan kabudayaan dina wangun folklor lisan, dongéng ogé mangrupa salasahiji karya sastra Sunda anu jadi bukti kabeungharan sastra Sunda. Sanajan jenisna folklor lisan, tapi kaayeunakeun dijieun dokuméntasina dina wangun tinulis sangkan bisa dijaga tur diwanohkeun ka generasi ayeuna jeung generasi nu bakal datang. Di sagigireun jadi warisan budaya anu kudu dijaga, dongéng ogé jadi salasahiji pangrojong kabeungharan karya sastra Sunda anu kadieunakeun miboga bukti oténtik dina wangun tinulis.

Dongéng téh salian ti jadi salasahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, ogé bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di sakola, hususna di SMP. Ditilik tina wangunna, dongéng mibanda kaunikan anu bisa ngirut para siswa sangkan resep maca. Upamana waé katitén tina eusina, dongéng bisa mawa para siswa ka dunya imajinasi anu teu kawatesanan. Salian ti jadi bahan pangajaran, nepikeun dongéng ka para siswa ogé bisa dijadikeun média pikeun ngawariskeun kabudayaan ka generasi anyar. Lantaran, kiwari ogé jaman téh geus beuki modérn tur generasi kaayeunakeun mimiti ninggalkeun warisan budaya karuhunna. Jadi teu nutup kamungkinan lamun loba kolot ayeuna anu teu nyahoeun kana dongéng anu aya di tatar Sunda. Padahal dongéng miboga peranan anu penting dina kahirupan masarakat sabab salian ti nyuguhkeun hiburan ogé loba nyangkaruk ajén-inajén nu bisa dijadikeun conto dina kahirupan. Sarta dina kanyataanana, jaman ayeuna mah barudak masih kénéh resep kana dongéng.

(3)

3

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahir, di antarana: Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén, ku Fatimah (1997); Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP, ku Denny Indrayana Taufan (2007); Unsur Intrinsik Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majalengka pikeun Bahan

Pangajaran Sastra di SMA, ku Aef Saeful Islam (2011), Carita Rayat nu aya di Kacamatan Talaga pikeun Bahan Pangajaran di SMP, ku Yopi Gunawan (2009),

Rékontruksi Carita Rayat Situs Ciburuy di Kacamatan Bayongbong Kabupatén

Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP, ku Rini Sri Indriani (2006), jeung réa-réa deui. Sanajan kitu, tangtu loba kénéh dongéng anu can katalungtik jeung kainvéntarisir.

Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji Kacamatan anu aya di Kabupatén Tasikmalaya anu perenahna mah aya di kiduleun Kabupatén Tasik. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji daérah anu masih alami, sabab loba kénéh leuweung anu masih dijaga nepikeun ka ayeuna.

Ku lantaran kondisi Kacamatan Cikatomas anu masih alami kénéh, tangtu loba dongéng-dongéng anu sumebar sarta bisa diinvéntarisir jeung bisa ditalungtik. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Atikan dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”.

Panalungtikan ieu téh bisa dijadikeun salasahiji média pikeun bahan pangajaran maca di sakola hususna di SMP sarta diluyukeun jeung kurikulum.

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan

(4)

4

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b) jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké, c) dongéng mangrupa salasahiji média anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP sarta jadi salasahiji tarékah dina ngamumulé warisan kabudayaan.

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan anu aya di luhur aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, masalahna dirumuskeun di handap ieu:

1) Kumaha déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

2) Kumaha struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

3) Ajén atikan naon waé anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

4) Téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP?

5) Kumaha bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

1.4 Tujuan Panalungtikan

1) Ngadéskripsikeun téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

2) Ngaidéntifikasi struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

(5)

5

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Ngaidéntifikasi téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP;

5) Nyusun bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya.

1.5 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Téoritis

Panalungtikan ieu dipiharep aya mangpaatna, di antarana:

1) Pikeun panalungtik, nambahan kajembaran pangaweruh ngeunaan dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

2) Pikeun akademik, dongéng-dongéng anu diinvéntarisir jeung ditalungtik bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran maca di SMP;

3) Pikeun masarakat umum, hasil panalungtikan ieu dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan sastra hususna dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, sarta jadi motivasi pikeun ngarojong dina usaha ngamumulé kasusastraan Sunda sangkan teu leungit.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, di antarana:

1) Pikeun panalungtik, bisa nambahan pangaweruh dina widang budaya jeung sastra;

2) Pikeun guru, bisa jadi pangdeudeul atawa alternatif pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMP;

3) Pikeun murid, bisa nambahan pangweruh jeung leuwih wanoh kana kabudayaan sorangan;

(6)

6

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.6 Struktur Organisasi Skripsi

Struktur organisasi skripsi eusina ngeunaan rincian tina unggal bab jeung subbab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir. Sangkan leuwih jéntré di handap kaunggel rarancang garapanana.

Bab I mangrupa bubuka, anu di jerona diébréhkeun ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat/signifikansi panalungtikan anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sarta struktur organisasi skripsi.

Bab II mangrupa bagian skripsi anu di jerona diébréhkeun téori-téori ngeunaan dongéng, struktur, jeung bahan pangajaran.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu eusina diébréhkeun métodologi panalungtikan, anu di jerona ngawengku: sumber data panalungtikan, subjék panalungtikan, profil lokasi panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun jeung nganalisis hasil panalungtikan anu di jerona ngawengku: déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, struktur carita dongéng-dongéngna, ajén atikan anu nyampak dina dongéng, sarta larapna hasil panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng éta pikeun bahan pangajaran maca di SMP.

Referensi

Dokumen terkait

Sebagai bagian dari universitas, WRC mempunyai tanggung jawab dalam memberikan pendidikan dan pengabdian masyarakat untuk meningkatkan pengetahuan dan kesadaran berbagai elemen

Demikian laporan ini kami sampaikan dalam rangka Evaluasi di Kelurahan pelaksana terbaik Hatinya PKK Tahun 2014 Kota Tebing Tinggi, Oleh Tim

HUBUNGAN POLA ASUH ORANG TUA DENGAN MOTIVASI ANAK UNTUK BERSEKOLAH DI KELURAHAN SUKAGALIH KECAMATAN SUKAJADI KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Berdasarkan hasil penelitian, kemampuan membaca siswa pada awal sebelum dilaksanakan siklus I dan II kemampuan siswa yang sudah dapat membaca lancar atau mendapat nilai

Back to

ANALISIS KEBUTUHAN ALAT PRAKTIK UNTUK MENCAPAI TUNTUTAN KOMPETENSI PADA MATA PELAJARAN CHASSIS DAN PEMINDAH TENAGA KENDARAAN RINGAN KELAS XI DI SMK.. Universitas Pendidikan Indonesia

Berdasarkan hasil studi pendahuluan terhadap ketiga sekolah tersebut dalam pelaksanaannya terdapat permasalahan yang sipatnya umum seperti guru kurang profesional

Pembuatan Website ini menggunakan bahasa pemrograman web Joomla 1.0.13 dan web server yang digunakan untuk menjalankan Joomla