• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1003143 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1003143 Chapter3"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Métodeu jeung Désain Panalungtikan

3.1.1 Métodeu Panalungtikan

Numutkeun Djahiri (dina Heriawan,spk., 2012, kc. 73) métodeu nya éta

léngkah-léngkah atawa panta-panta ngalaksanakeun atawa ngahontal hiji hal

kalayan maké sajumlahing téhnik. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia métodeu nya éta cara “teratur” anu dipaké pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan sangkan kahontal luyu jeung kahayang (KBBI, 2008, kc. 740).

Leuwih jero deui dijelaskeun yén métodeu asalna tina basa Latin nya éta tina

kecap methodos. Methodos éta sorangan asalna tina kecap meta jeung hodos. Meta berarti “menuju”, ngaliwatan, nuturkeun, saenggeus, sedengkeun hodoshartina jalan, cara, arah. Wangenan anu leuwih lega deui nyebutkeun yén

métodeu téh dianggap salaku cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas,

léngkah-léngkah sistematis pikeun maluruh runtuyan kajadian.Métodeu miboga

fungsi pikeun ngabasajankeun masalah, sangkan leuwih gampang pikeun

dipaluruh jeung dipikaharti (Rattna, 2013, kc. 34).

Métodeu anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métodeu déskriptif

analisis. Métodeu déskriptif analisis mangrupa métodeu anu dilakukeun ku cara

ngadéskripsikeun pakta-pakta anu satuluyna dianalisis. Sacara épistimologis,

déskripsi jeung analisis berarti maluruh sarta méré pamahaman jeung

ngajéntrékeun sacukupna (Rattna, 2013, kc. 53).

3.1.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan diwincik jadisababaraha

(2)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data, 3) nganalisis data, 4) nyieun kacindekan, 5) nyusun laporan. Sangkan leuwih

jéntré, alur panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap.

Bagan 3.1

Désain Panalungtikan

3.2 Wangenan Operasional

Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di

handap:

1. Sosiologi sastra mangrupa salasahiji élmu anu ngulik karya sastra dumasar

kana hubungan social masarakatna; masarakat anu dimaksud nya éta

pangarang jeung pamaca anu jadi bagian tina masarakatna éta sorangan. Tatahar Panalungtikan

Ngumpulkeun Data

Nganalisis Data

Nyieun Kacindekkan

(3)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun klasifikasi Wellek jeung Warren, pasualan kajian sosiologi sastra

ngawengku aspék pangarang, eusi karya anu aya patalina jeung pasualan

sosial jeung aspék pamaca (Wellek jeung Warren, 1989, kc. 111)

2. Carpon nya éta carita pondok anu mangrupa karangan singget hasil tina

beungkeutan ideu. Sakabéh bagian tina carpon kudu museur kana hiji

beungkeutan jiwa anu padet tur lengkep (Rosidi dina Koswara, 2007, kc. 36).

Sedengkeun buku kumpulan carpon nya éta buku anu eusina kumpulan carpon

ti saurang atawa sababaraha pangarang.

3. Buku kumpulan carpon anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta buku

kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Dina ieu

buku euyeub pisan ku téma-téma sosial anu jadi dasar panalungtikan sosiologi

sastra.

4. Yus Rusyana, pangarang kalih akademisi Sunda anu lahir di Pameungpeuk

Garut ping 24 Maret 1938. Nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP

Bandung (1958-1964). Taun 1971 kungsi milu kuliah pascasarjana di Fakultas

Sastra Universitas Leiden Walanda. Taun 1975 ngaréngsékeun program

doktorna di Fakultas Satra Universitas Indonésia. Buku kumpulan carpon

Jajatén Ninggang Papastén anu medal munggaran taun 1988 ku pamedal

Rahmat Cijulang meunang Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989

(Rusyana, 2010, kc. 1).

5. Bahan pangajaran nya éta sagala wangun bahan anu dipaké ku guru, anu

ngawengku fakta, konsép, prinsip anu ngindung kana kurikulum, rék tinulis

atawa lain, anu méré informasi jeung disusun kalayan sistematis sangkan

kacipta lingkungan diajar anu kondusip pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman

(4)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngumpulkeun data jeung informasi ti pangarang sarta kritikus sastra Sunda.

Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman

wawancara semi struktur nya éta pedoman wawancara anu saméméh prung

wawancara panalungtik nyieun heula daftar patalékan anu rék ditepikeun.

Sedengkeun studi dokuméntasi dipaké pikeun maluruh aspék sosial pangarang,

karya jeung kritikus sastra.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta

wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun

data ti pangarang salaku narasumber utama dina ieu panalungtikan ogé ti kritikus

sastra Sunda, sedengkeun studi dokuméntasi mangrupa panglengkep pikeun

ngawewegan data-data lianna anu ngarojong kana réferénsi panalungtikan.

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data

Arikunto (2010, kc. 278) nétélakeun yén gurat badagna mah dina nganalisis

data téh ngawengku tilu léngkah dasar nya éta tatahar, tabulasi jeung

ngaplikasikeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan. Atuh dina ieu

panalungtikan, léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta:

1. maca karya sastrana pikeun maluruh pasualan anu ngawengku aspék sosiologis

dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana;

2. léngkah satuluyna nyaéta nganalisis carpon dumasar kana tiori kajian sosiologi

sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung

(5)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3. milih jeung masing-masing carpon mana anu luyu dipaké jeung anu henteu

pikeun pangajaran aprésiasi sastra di sakola; sarta

4. méré gambaran anu gembleng jeung kacindekan sabada réngséna tahap

analisis data.

3.5 Sumber Data Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, sumber data anu dipaké nya éta buku kumpulan

carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana terbitan P.T.

Kibalat Buku Utama (citakan kahiji, 2010) anu ngamuat sabelas carpon. Sumber

data lianna nya éta informasi ti para sastrawan atawa kritikus sastra anu paham

kana karya sastra, hususna buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén

karya Yus Rusyana ogé tina sumber dokuméntasi lianna anu bisa méré informasi

pikeun ieu panalungtikan.

3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén téh buku kumpulan

carpon kadua Yus Rusyana sabadana Di Luhureun Jukut Reumis anu munggaran

wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, taun 1965. Sakumaha anu dipedar di

luhur, Jajatén Ninggang Papastén ngamuat sabelas carpon diantarana:

1. Putri Jin anu kungsi dimuat dina Mangléno. 443, Séptémber 1974;

2. Di Pasaréan anu kungsi dimuat dina Manglé no. 361, Pébruari 1973;

3. Rerempon anu kungsi dimuat dina Manglé no. 399, Nopémber 1973;

4. Pasang Subaya anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 41, Pébruari 1977;

5. Apun Gencay anu kungsi dimuat dina Hanjuang no. 26, Januari 1973;

6. Kotala anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 7, Agustus 1972;

7. Nyingkur anu kungsi dimuat dina Manglé no. 418, Maret 1974;

8. Pugerwangi anu kungsi dimuat dina Manglé no. 366, Maret 1973;

(6)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

10. Geuning Gamparan Sumping anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 13, Juli

1972; sarta

11.Miang anu kungsi dimuat dinaGondéwa no. 25, Désémber 1972 (Rusyana,

1977, kc. 7).

Gambar 3.1

Cover Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

3.5.2 Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Sangkan méré gambaran ngeunaan eusi buku Jajatén Ninggang Papastén,

hususna eusi carita, ieu di handap dipedar ringkesan carita sabelas carpon anu aya

di jerona.

1. Carpon Putri Jin nyaritakeun kumaha campuhna suasana haté Wiratanudatar,

putra Aria Wangsagorapana, anu ngarasa can sanggup saupama dijadikeun

pamingpin sarta keur néangan katingtriman batin. Anjeunna neneda ka Nu Maha

Kawasa sangkan dibéré pituduh meunangkeun jajatén dirina ku anjeun; salasahiji

carana ku jalan menekung di tempat anu nyingkur (Sagarahérang).

Dina hiji mangsa keur menekung téh, Wiratanudatar disumpingan ku saurang

(7)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kataji ku kasoléhan Wiratanudatar anu antukna ménta diwurukan bagbagan élmu

kamulyaan hirup. Wiratanudatar ogé kataji pisan ku éta putri jin nepika wani

ngadatangan alam jin ménta ka ibu ramana sangkan bisa mileuleuheungkeun Nyi

Éndang Kusumah nepi ka oléng pangantenanana; malah nepi ka boga turunan,

lalaki-awéwé. Anu lalaki dingaranan Aria Suryakancana, anu awéwéna

dingaranan Radén Ajeng Éndang Kancana.

Salila-lila hirup di alam jin, Wiratanudatar sok rajeun inget ka alam manusa;

inget ka lemburna jeung inget ka ibu ramana anu antukna kasurti ku Éndang

Kusumah. Wiratanudatar turun deui ka alam manusa – ka Sagarahérang – nepi ka boga pamajikan, ogé ngarundaykeun turunan nepi ka maotna.

2. Carpon Di Pasaréan nyaritakeun buyutna si “Kaula” anu geus dikurebkeun di Wates. Ari Wates téh tempat anu geus turun-tumurun dirusiahkeun, nya aya

karep hayang kapanggih raratanana, naha mani nepi ka dibunikeun sagala. “Kaula” nyorang lalampahanana téh henteu sorangan, babarengan jeung Ki Megat.

Bada solat subuh Ki Megat hariweusweus bangun anu geus manggihan

nanahaon.Barang disalusur horéng kapanggih aya imah leutih hateup injuk anu di

jerona aya nu nungguan, jalma anu geus kacida kolotna, sok majar disebut

Olot.Olot nyaritakeun kumaha-kumaha waé piwuruk buyut “Kaula” téh.Sakabéhna dicaritakeun.Tuluy Olot ngajakan “Kaula” mapay-mapay leuweung anu antukna nepi ka pajaratan.

Moal salah deui éta téh pajaratan buyut “Kaula”.Laju didungakeun sangkan salamet dunya ahératna. Sabada éta, ras inget naha éta tempat téh dingaranan

Wates. Horéng sabada dilelemah mah sagalana gé aya wawatesanana.Rék awak,

alam sakuriling jeung anu lianna geus puguh patokanana.

(8)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngalolosna.Tapi anu leuwih jero deuina mah kecap Wates téh mangrupa hiji siloka

hirup yén urang téh hirup kudu pinuh ku aturan, kudu puguh palanggeranana ulah

sagawayah nandangan hirup.Hirup téh lir ibarat buuk dibagi tujuh – ngagambarkeun jembatan Sirotol Mustaqim – anu dimana urang bisa ngaliwatanana tangtu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan (surga).Béda deui

saupama urang tisolédat, tangtu urang téh bakal pinanggih jeung cilaka (naraka).

3. Carpon Rerempon nyaritakeun kaguligahan rasa Radén Raksagati anu indit

ka padaleman mélaan kasangsaraan rahaya bari dibarengan ku Ki Jelat. Ka

padaleman téh saenyana mah rék nepungan adina – anu jadi dalem. Nya kitu téa ceuk saliwat kayakinan mah rék mélaan rahayat anu katideresa.

Geuning kayakinan anu samodél kitu téh samar. Da geuning matak indit ka

padaleman téh pédah ngadéngé yén kuburan Ramana Radén Raksagati rék kasabet

ku jalan anu rék dijieun jalan ku Kumpeni – tangtuna alatan Rai Dalem anu nyatujuan kana éta rencana Kumpeni anu rék muka lahan keur nyieun jalan téa.

Di padaleman téh tangtuna Radén Raksagati gugujrudan jeung adina nu

pabéntar paham jeung manéhna. Da dina ieu carita pondok dicaritakeun kumaha

lalampahan Radén Raksagati anu susulumputan jeung Ki Jelat ngalolos ti para

kapetengan adina anu keur ngarudag. Nyumput dina rembetna tatangkalan

sabadana ngadagoan salila-lila di sisi walungan anu keur caah umpalan. Ari geus

meuntas mah laju indit ka tempat panyumputanana sabada papanggih jeung Aki

Mayuki anu mukakeun lawang guha keur manéhna.

4. Carpon Pasang Subaya nyaritakeun lalampahan hiji Dalem (pamingpin) anu

rék ngajorag tegal jarong pédah rék papanggih jeung Dira – kapala karaman anu purah nyieun karusuhan. Sanggeus ngaliwatan tegal jarong, eureun di pencelut

batu – Dalem jeung Dira papanggihna lebah dinya.

Sanggeus sabaraha lila, duanana ngawarangkong nepikeun maksud anu keur

(9)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

naon anu dilakukeun ku Dira purah nyieun rurusuhan téh matak nyangsarakeun

rahayat.Kitu ogé Dira, nepikeun keretegna yén kikituan téh – nyieun karusuhan – pédah geus bosen nempo rahayat anu sangsara.

Beuki ka dieu paguneman beuki ragot. Dira nanya ka Dalem naha bet leuwih

milih ngaula ka deungeun-deungeun – sigana mah maksudna ka Walanda atawa ka Jepang dina mangsa harita – nguruskeun kebon kopi anu nguntungkeun bangsa deungeun daripada ngabagéakeun rahayatna. Jeung deuih naha loba dalem (atawa

para ménak) anu ngan saukur mentingkeun kapentingan soranganana, babanda

pupulut pakaya keur ngabeungharkeun dirina séwang-séwang.

Dalem ngajelaskeun jawaban tina patalékan Dira. Nu matak Dalem milih

jalan kieu téh da puguh geus aya jalanna séwang-séwangan.Dalem ogé némbal

ulah nyaruakeun sakabéh Dalem atawa ménak téh boga talajak anu goréng

kabéh.Da pasti aya kénéh anu paduli mikiran kumaha nasib rahayatna. Lamun

kadaleman sakabéhna dicekel lain ku nu paduli ka rahayat, tangtu baé rahayat

bakal beuki sangsara.

Pondok carita, Dalem meredih sangkan Dira ulah nyieun karusuhan deui

sabab talajak kitu téh matak nyangsarakeun ka rahayat.Pon kitu deui jeung Dira,

geus nepikeun keretegna ka Dalem ngeunaan kaayaan anu kaciri ku manéhna.

5. Carpon Apun Gencay nyaritakeun Apun Gencay urang Cikembar anu jadi

béntang di lemburna. Apun Gencay katelah panggeulisna sarta dipikahayang ku

jalma réa boga papacangan urang Cipamingkis. Papacanganana urang

Cipamingkis geus boga karep lamun datang usum panén bakal datang ngalamar ka

Cikembar. Tapi salila ngadagoan usunm panén téh aya ménak anu

mileuleuheungkeun Apun Gencay ka kolotna. Ku kolotna téh dibaékeun, Apun

Gencay dipasrahkeun ka éta Ménak. Apun Gencay dijieun selir da ménak anu

mileuleuheungkeuna téh puguh geus boga pamajikan. Apun Gencay laju dibawa

(10)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sanggeus Apun Gencay ngarasa betah cicing di Cianjur jadi selir Dalem

Wiratanudatar, dina hiji mangsa, ka Pajuaran Kangjeng Dalem téh aya nu

nyampeurkeun. Barang ku dalem disampeurkeun, Dalem langsung dibedol laju

palebah manahna téh ditewek ku condré.Nu newekna diudag laju galungan.

Puguh waé jadi éar sanagara.Apun Gencay milu kabawa-bawa dipikaceuceub

ku balaréa. Ari anu newek Kangjeng Dalem téh lain sasahana, puguh urang

Cipamingkis téa anu ku Apun dipikatineung. Matak urang Cipamingkis nepi ka

kieuna gé saking ku nyaah jeung kuciwa da pédah baheula kungsi dipegat duriat.

6. Ieu carpon nyaritakeun hiji awéwé anu miharep bisa ngarundaykeun turunan

anu pinilih. Manéhna mindeng tatanya kumaha sakuduna lampah anu kudu dilakonan. Hiji mangsa keur ngadu’a di hareupeun Kabah, manéhna panggih jeung lalaki anu ceuk panyangkana bakal jadi cukang lantaran manéhna

ngalahirkeun turunan pinilih. Tapi éta lalaki teu narima kana pangajak éta awéwé.

Beuki lila éta awéwé beuki baluweng lantaran can manggih lalaki anu bisa

diajakan babarengan pikeun ngarundaykeun turunan pinilih téa. Tungtungna mah

turunan pinilih geus gumelar di tempan anu lian, lain ngaliwatan manéhna.

7. Carpon Nyingkur nyaritakeun Nyi Putri Damarséwu (salakina), Aki jeung

Nini Johén anu rék nyingkur da pédah dibeberik ku musuh. Di satengahing

lalampahan nyorang walungan, Pangéran Damarséwu mah balik deui,boga

maksud sangkan nahan anu keur ngabeberik ambéh ngungudag deui. Damarséwu

perlaya sanggeus tarung jeung anu ngabeberik.

Di tempat séjén Nyi Putri geus nepi ka Singkur tempat panyumputan anu

kacida dirusiahkeunana.Harita téh Nyi Putri keur kakandungan, teu lila laju babar,

dibarengan ku béja yén salakina geus perlaya taya di kieuna. Tapi Nyi Putri anger

(11)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

budakna. Kudu gedé wawanén, ulah nyeungceurikan anu geus pasti nandangan

kana kadar.

7. Carpon Pugerwangi nyaritakeun katunggaraan si Engkang anu ditilar ku

pamajikanana nalika ngababarkeun anak kembar, lalaki duanana. Carita

katunggara si Engkang diwawaas ku carita rumahtanggana anu kakara sawelas

bulan, pamajikanana geus kaburu dipulut ku Nu Maha Kawasa. Da puguh si

Engkang mah jalma sabar, jalma kuat imanna,teu katutuluyan ngarumas pédah

ditinggalkeun ku pamajikanana. Balik deui kana kabiasaanna anu harita,

nyalabarkeun deui élmu agama mapay lembur-lembur.

9. Carpon Du’a keur Umi nyaritakeun lalampahan Kuring anu nyiar agama ka

pasantrén-pasantrén nepi ka cunduk di pasantrén Sukamanah, pasantrén H. Zaenal

Mustafa.Di éta pasantrén Kuring papanggih jeung Umi Umaro, awéwé anu

maheutkeun jangji jeung manéhna.

Pondok carita Pasantrén Sukamanah dijorag ku soldadu Jepang anu néangan

pemberontak.Kuring ngadéngé béja yén imah Umi Umaro ogé teu kaliwat milu

dipapay diacak-acak.Mimitina mah Umi Umaro cicing teu ngalawan, tapi ari nempo kitab jeung Qur’an anu kaluluh katincakan mah Umi Umaro tungtungna mah baruntak ogé.Ti dinya Umi Umaro jeung soldadu Jepang galungan.Ngadéngé

aya anu paciweuh di jero, soldadu Jepang anu lianna anu keur aya di luar laju

asup.Ti dinya kadéngé sora bedil jedar-jedor.Umi Umaro perlaya ngabéla

kayakinana.

10. Carpon Geuning Gamparan Sumping nyaritakeun Mamang anu kasumpingan

ku Gamparan.Mamang téh puguh geus lila teu panggih jeung Gamparan.Barang

papanggi, Gamparan hayang ngariksakeun alam sakurilingna.Barang ditengetan

(12)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu naluaran, leuweung larangan geus teu dipaliré deui.Gamparan sumping téh

hayang mastikeun yén anak-incuna kahareupna bakal rahayu, bisa nyekel pageuh

kana bebeneran. Ieu carpon ogé nyaritakeun kritik ka para pamingpin anu teu bisa

ngajaga alam, ukur bisa ngamangpaatkeun bari jeung teu bisa ngajaga ngariksana.

11. Carpon Miang nyaritakeun hiji jalma anu rék miang ninggalkeun tempatna

ngumbara.Manéhna geus aya di setasion nalika haténa masih guligah mikiran

dirina anu di pangumbaraan hirup nyorangan. Di setasion geus kari sajungjungeun

indit. Kahayangna mah miang téh aya anu ngajajapkeun atawa miang téh teu jadi

da puguh geus bumetah hirup di pangumbaraan. Sanggeus lila ngalelemah,

kahayangna teu burung ngaléngkah nyorang lampah da geus puguh cunduk kana

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mengkaji karakteristik fisik, mekanis dan struktur film bionanokomposit dari tapioka, NP-ZnO dan asam stearat, serta mengkaji

Prosedur yang ada di perusahaan diterapkan dengan cara yang sama pada setiap

[r]

proses pemberian nomor agenda pada loket (eLoket) dilanjutkan proses verifikasi oleh staf perbendaharaan, dan proses approval dari Kasi Perbendaharaan dan Kabid Anggaran

LOGISTIC statusgizi = didikayah didikibu ekonomi freksidiare frekuensiispa kecacingan pama papa pemberianasi usiasapi MATCHVAR = matc PVALUE=95%.

Pelaksanaan Anggaran Belanja Pemerintah Pusat dan Daerah butuh partisipasi dan sinergi antar pemangku kepentingan .... UU 25/2004

penelitian dalam skripsi ini adalah bersifat deskriptif yaitu penelitian yang menggambarkan, menelaah, dan menjelaskan serta menganalisa suatu peraturan hukum.

[r]