Eksa Dwi Ratih, 2014
Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Karya sastra nya éta hasil karya jieunan para sastrawan dina wangun lisan
atawa tulisan. Kecap sastra asalna tina basa Inggris, literature anu asalna tina basa
Latin litteratura anu hartina hurup (tulisan, letter). Dina basa Indonesia kecap
sastra asalna tina basa Sansekerta, tina akar kecap sas, nu hartina méré pituduh,
ngajar atawa instruksi. Ahiran -tra nuduhkeun alat, sarana. Ku sabab kitu, sastra
téh hartina alat pikeun ngajar, buku pituduh, buku instruksi atawa pangajaran
(Koswara, 2010:2). Karya sastra miboga ciri nepikeun ajén éstetis. Carana
rupa-rupa, bisa ngaliwatan purwakanti, gaya basa, jeung sajabana. Eusi karya sastra
biasana mah mangrupa ébréhan tina ide atawa pamikiran manusa. Di antarana waé
ayana kasusah, kabungah, pikaseurieun, kabéh éta téh dipidangkeun dina wangun
karya sastra lisan atawa tulisan.
Karya sastra miboga ajén kaéndahan (éstetis). Kaéndahan bisa nimbulkeun
rasa sukur, ni’mat, reueus jeung nu lianna nu patali jeung emosi sarta kasugemaan jiwa nu macana. Basa jeung sastra téh mangrupa hal anu dinamis, bisa robah sarta
mekar luyu jeung jaman. Dina kamekaranna, sastra Sunda dimimitian ku sastra
buhun nu ngawengku jangjawokan, pantun, wawacan, dongéng, jeung sajabana.
Diteruskeun ku sastra moderen nu ngawengku wangun carita pondok, novél,
sajak, drama, jeung sajabana. Kaayeunakeun mah aya sastra moderen anu
wangunna fiksimini.
Fiksimini anu biasa disebut fikmin mangrupa wangun karya sastra
moderen nu wangunna carita fiksi nu pondok, leuwih pondok ti batan carita
pondok. Diwatesanan ngan nepi ka 150 kecap dina unggal karyana. Masing ngan
aya 150 kecap, eusi fiksimini kudu aya jejer dina unggal caritana, miboga tokoh
carita, galur/plot jeung setting (fiksimini basa Sunda). Jadi biasana mah eusi dina
Indonésia. Ayeuna mah fiksimini gé aya dina wangun basa Sunda. Sakumaha
karya sastra liannna, fiksimini miboga ciri, nya éta ngagambarkeun kahirupan
sapopoé. Fiksimini miboga ciri mandiri anu ngabédakeun jeung karya sastra
moderen nu lianna. Fiksimini miboga pasipatan sorangan, ngabogaan dunya
sorangan, jeung logika sorangan. Fiksimini miboga kecap “mini”, nu miboga
ma’na yén fiksimini lain ngan némbongkeun sabagéan gambar kahirupan, tapi
ukur némbongkeun hiji titik dina kahirupan.
Fiksimini mangrupa wangun karya sastra Sunda moderen. Mimiti dijieun
taun 2011, fikmin dijadikeun genre anyar di karya sastra Sunda. Wangun karya
fiksimini téh mangrupa salah sahiji wangun carita fiksi (carita rékaan). Mimiti
gelarna fiksimini basa Sunda téh dina media sosial facebook. Fiksimini basa
Sunda diwadahan dina grup Facebook Fiksimini Basa Sunda. Ieu grup ditaratas
ku Nazarudin Azhar tanggal 16 September 2011, tur dikuncénan ku Nazarudin
Azhar, Godi Suwarna, Dadan Sutisna, Hadi AKS, Ki Hasan, jeung Éndah Dinda
Jénura (www.fikminsunda.com). Kaayeunakeun fiksimini téh geus dimuat di
sawatara majalah sarta media citak lokal. Contona, di koran Galamedia aya rubrik
husus Fiksimini Basa Sunda. Dina éta rubrik aya 12 fikmin anu dipedalkeun
(Sabtu, 10 November 2012).
Fiksimini gé geus medal dina wangun buku, di antarana buku kumpulan
fiksimini Binalébat, Talutug jeung Tangtang Angin, Nu Keur Néangan, jeung aya
nu panganyarna buku karangan Godi Suwarna anu judulna Lalakon Awon. Dina
tulisan anu ditulis ku lip. D. Yahya ngeunaan fiksimini basa Sunda. Anjeunna
nulis yén fiksimini basa Sunda bisa mekarkeun satra Sunda. Grup Fiksimini Basa
Sunda dina fésbuk téh mangrupa salah sahiji alternatif pikeun ngamekarkeun
sastra Sunda (www.insideindonesia.org).
Ari fiksimini dina basa Sunda, asalna can mekar, katitén ngan sababaraha
sastrawan anu remen nulis fiksimini. Tapi kiwari, sanggeus media sosial internet,
loba nu nulis fiksimini. Dina blog Fiksimini Basa Sunda waé aya leuwih ti sarébu
fikminer (sastrawan fiksimini) jeung kurang leuwih aya 40 rébu leuwih naskah
fikmin anu aya dina lapak fiksimini basa Sunda. Dina taun 2012 fiksimini geus
Naratif Fiksimini Basa Sunda.” Anu ditalungtikna ngawengku 1) unsur intrinsik
fiksimini anu ngawengku tema, galur, tokoh, jeung kasang tukang dina fiksimini,
2) waktu naratif ngawengku modus kala jeung sudut pandang, 3) konsepsi nu
mekar anu jadi identitas fiksimini. Dina ieu hal, bédana jeung panalungtikan
saacanna, panulis leuwih fokus kana analisis unsur intrinsik fiksimini. Data anu
dipaké nya éta karya Hadi AKS dina grup Fiksimini basa Sunda. Ngaliwatan ieu
panalungtikan, dipiharep bisa méré pangaweruh ka masarakat yén fiksimini basa
Sunda téh teu éléh jeung karya sastra séjén. Mangsa ayeuna, fikmin téh geus aya
dina KI KD di kelas dalapan tingkatan SMP. Fikmin jadi salah sahiji mata
pelajaran di tingkatan SMP dina KD nulis. Ku matak éta, fikmin téh kacida
pentingna dina pangajaran.
Di antara pangarang sunda, aya ngaran Godi Suwarna, Dadan Sutisna,
jeung Hadi AKS. Éta nu tiluan téh produktif dina nulis fiksimini. Dina ieu
panalungtikan karya/data nu dipaké nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS.
Kiwari Hadi AKS dipapancénan jadi admin/kuncén dina grup Fiksimini Basa
Sunda. Hadi AKS téh dipilih karyana jadi bahan panalungtikan lantaran geus
medalkeun sababaraha karya satra, di antarana kumpulan carpon “Kalapati”, nulis
buku “Peperenian”, ngadegkeun Saung Sastra Lembang, jeung admin dina grup Fiksimini Basa Sunda. Lian ti éta, loba karya nu séjénna nu geus dimuat dina
majalah. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Analisis Unsur Intrinsik
Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS dina Grup Facebook Fiksimini Basa
Sunda.”
1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Identifikasi Masalah
Dumasar kasang tukang di luhur, masalah anu ditalungtik nya éta:
1 fiksimini mangrupa aliran sastra nu anyar, ngan saeutik nu nalungtik boh
struktur boh gaya basana;
2 fiksimini karék aya dina KI KD basa Sunda;
3 fiksimini bisa dijadikeun alternatif pikeun mekarkeun karya satra Sunda;
1.2.2 Rumusan masalah
Masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di
handap.
1. Naon téma unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook fiksimini
basa Sunda?
2. Kumaha deskripsi palaku/panokohan unggal fiksimini karangan Hadi AKS
dina grup facebook fiksimini basa Sunda?
3. Latar naon baé nu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup
facebook fiksimini basa Sunda?
4. Kumaha galur anu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup
facebook fiksimini basa Sunda?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan
téh nya éta pikeun nganalisis unsur-unsur nu aya dina fiksimini basa Sunda nu aya
dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun nganalisis jeung
ngadeskripsikeun:
1 téma unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook Fiksimini Basa
Sunda;
2 palaku/panokohan unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook
Fiksimini Basa Sunda;
3 latar nu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook
Fiksimini Basa Sunda;
4 Galur anu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Teoritis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa mikanyaho unsur intrinsik nu aya dina
unggal fiksimini karya Hadi AKS nu aya dina grup facebook Fiksimini Basa
Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Dipiharep ieu panalungtikan téh bisa nambahan élmu pangaweruh
ngeunaan karya sastra moderen nu di antarana ayana fiksimini basa Sunda sarta
mikanyaho unsur-unsur intrinsikna.
1.5 Struktur Skripsi
BAB I : ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, watesan
masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan,
anggapan dasar, métode jeung téknik panalungtikan sarta sistématika nyusun
skripsi.
BAB II : ngawengku tiori ngeunaan wangenan fiksimini basa Sunda, unsur
intrinsik, jeung grup facebook Fiksimini Basa Sunda
BAB III: ngawengku métodé panalungtikan, wangenan operasional, jeung
léngkah-léngkah garapan.
BAB IV: ngawengku analisis data