• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105898 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105898 Chapter3"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Cici Maulani, 2015

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab, dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu eusina ngeunaan

desain panalungtikan, sumber data, téhnik ngumpulkeun data sarta instruménna,

jeung téhnik nganalisis data anu dipaké dina ieu panalungtikan.

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, panalungtik nyoko kana pamarekan kualitatif anu

tangtu ngagunakeun métode panalungtikan. Ari métode panalungtikan nya éta

cara anu digunakeun ku nu nalungtik dina ngumpulkeun data panlungtikanana

(Arikunto, 2010, kc. 203). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

métode déskriptif.

Métode déskriptif nya éta métode anu dipaké pikeun nganalisis data sacara

déskriptif ku cara ngumpulkeun data di lapangan, tuluy dianalisis jeung

didéskripsikeun dumasar kana fakta-fakta jeung sipat-sipat nu tangtu. Dina

panalungtikan anu ngagunakeun métode déskriptif henteu nguji hipotésis jeung

teu nyieun ramalan.

Ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun rarangkén tukang dina

karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Anu

didéskripsikeunna nya éta perkara struktur, fungsi jeung harti rarangkén tukang.

Dina ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan anu

gunana pikeun ngagambarkeun sakabéh prosés panalungtikan sangkan nyaho kana

léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun ku panalungtik.

Desain panalungtikan disusun dumasar léngkah-léngkah: 1) nangtukeun

masalah, 2) ngumpulkeun tiori anu ngadeudeul kana ieu panalungtikan tina

buku-buku sumber, 3) nangtukeun métode panalungtikan jeung instrumén

panalungtikan, 4) ngumpulkeun data rarangkén tukang tina sumber data, 5)

analisis jeung deskripsi data, jeung 6) nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.

Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah panalungtikan digambarkan saperti bagan

(2)

26

Cici Maulani, 2015

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan pangalaman pribadi

siswa kelas VII SMPN 44 Bandung Taun Ajaran 2014-2015. Ari datana nya éta

sakabéh kecap anu dirarangkénan tukang dina karangan pangalaman pribadi

siswa. Data anu kapanggih tuluy dianalisis dumasar kana struktur, fungsi jeung

hartina.

Dina ngumpulkeun sumber data, panalungtik ngagunakeun tinimbangan

ngeunaan kecap anu dirarangkénan tukang anu cumpon dina unggal karangan

pangalaman pribadi siswa. Ku lantaran kitu tina jumlah sakabéh sumber data anu

aya nya éta 356 karangan, nu dijadikeun sumber datana 15% tina jumlah karangan

nya éta 53 karangan.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés jeung kartu data.

Instrumén tés pikeun ngumpulkeun data anu digunakeun aya dina wangun

paréntah. Instrumén kartu data pikeun nganalisis data rarangkén tukang anu

kapanggih. Cara nangtukeunana nya éta unggal kecap anu dirarangkénan tukang

anu kapanggih dina hasil karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII digurat Nangtukeun Masalah

Nyieun Kacindekan tina hasil ngolah data

Ngumpulkeun tiori anu ngadeudeul kana ieu panalungtikan tina buku-buku

sumber

Ngumpulkeun data rarangkén tukang tina sumber data

Nganalisis jeung Deskripsi Data

Nangtukeun métode panalungtikan jeung instrumén

(3)

27

Cici Maulani, 2015

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

handapan tuluy disalin kana kartu data. Sanggeus kitu dina kartu data téh eusina

nya éta rarangkén tukang dilengkepan ku no. sumber data, paragraf, jeung

kalimah jeung baris dicokotna éta kecap, tuluy analisis rarangkén tukang dumasar

kana struktur, fungsi jeung hartina.

Contoh kartu data:

Katerangan:

KPS1 : Karangan Pribadi Siswa nu kahiji

P : Paragraf

B : Baris

K : Kalimah

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik

tés jeung studi pustaka atawa telaah pustaka pikeun néangan tiori-tiori anu

ngadeudeul kana ieu panalungtikan. Téhnik studi pustaka nya éta téhnik

ngumpulkeun tiori-tiori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon dina

ngayakeun panalungtikan.

Téhnik ngumpulkeun data anu jadi objék panalungtikan nya éta:

1) ngayakeun tés ngarang pangalaman pribadi;

2) ngumpulkeun hasil karangan pangalaman pribadi siswa;

3) macaan karangan pribadi siswa;

4) nyirian kecap anu maké rarangkén tukang anu kapanggih;

5) nyalin kecap anu maké rarangkén tukang kana kartu data;

6) nganomeran kartu data.

Imah nini kuring aya di kuloneun pasar Banjar. (KPS1/P2/B1/K1)

Kecap : kuloneun

Struktur: -eun

Fungsi : kecap barang

(4)

28

Cici Maulani, 2015

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4 Analisis Data

Téhnik dina nganalisis data ngagunakeun téhnik analisis unsur sacara

langsung, nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun

unsur saluhurureunana (Hocket dina Sudaryat, 2004, kc. 32).

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun 2 modél analisis, nya éta modél tata

unsur jeung modél paradigma. Modél tata unsur nya éta téhnik analisis basa anu

nyingkahan aspék waktu, tapi ngadadarkeun basa dumasar kana unsur-unsur nu

aya katut cara natana (Sudaryat, 2004, kc. 34). Ieu modél digunakeun pikeun

nganalisis struktur anu ngawangun kecap rundayan hasil ngararangkénan tukang.

Ari modél paradigma nya éta téhnik analisis basa anu nganggap yén kecap

mangrupa unsur pangutamana dina tata basa (Sudaryat, 2004, kc. 35). Ieu modél

digunakeun dina nganalisis fungsi anu mucul balukar napelna rarangkén tukang

kana wangun dasarna. Anapon léngkah-léngkah dina ngolah jeung nganalisis data

ditataan di handap.

1) Mariksa deui kalawan rinci data anu aya dina kartu data.

2) Mindahkeun data nu aya dina kartu data kana wangun tabél.

3) Nangtukeun papasingan data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti.

4) Nganalisis data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti

5) Ngadéskripsikeun data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti.

Referensi

Dokumen terkait

Berdasarkan hasil evaluasi administrasi, teknis, biaya dan kualifikasi pada paket pekerjaan Pembangunan/peningkatan jalan usaha tani, Bersama ini kami mengundang

Berdasarkan hal diatas perlu dilakukan penelitian terhadap penilaian higiene penjualan dan perilaku penjual sate asongan di pusat jajan pasar bengkel, Serdang Bedagai Tahun

LOGISTIC statusgizi = didikayah didikibu ekonomi freksidiare frekuensiispa kecacingan pama papa pemberianasi usiasapi MATCHVAR = matc PVALUE=95%.

Pelaksanaan Anggaran Belanja Pemerintah Pusat dan Daerah butuh partisipasi dan sinergi antar pemangku kepentingan .... UU 25/2004

"E-KTP yang sudah jadi, chip berada di dalam, berbeda dengan e-KTP uji coba di mana chip ada di luar," kata Mendagri saat ditemui di Pangkalpinang dalam

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat