BAB III
MÉTODEU PANALUNGTIKAN
3.1Desain Panalungtikan
Dina ngalaksanakeun panalungtikan, perlu pisan ayana métodeu salaku
léngkah-léngkah gawé panalungtikan. Lantaran éta métode bisa ngagampangkeun
dina ngalaksanakeun panalungtikan sarta bisa nyingkahan ayana salah paham,
salian ti éta éta métodeu ogé bisa méréskeun masalah.
Métodeu panalungtikan nya éta kumpulan aturan, kagiatan, sarta prosedur nu
dipaké nalika panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif
kalayan métodeu déskriptif. Nurutkeun Gunawan (2013, kc. 80) panalungtikan
kuantitatif nya éta "sebuah metode penelitian yang digunakan dalam
mengungkapkan permasalahan dalam kehidupan kerja organisasi pemerintah,
swasta, kemasyarakatan, kepemudaan, perempuan, seni dan budaya, sehingga
dijadikan suatu kebijakan untuk dilaksanakan demi kesejahteraan bersama”.
Ari nurutkeun Sugiyono dina (Gunawan, 2013, kc. 81) panalungtikan
kualitatif nya éta panalungtikan anu digunakeun pikeun nalungtik kondisi objék
alamiah. Dina ieu hal panalungtik mangrupa instrumén konci. Tujuan utama
panalungtikan kualitatif nya éta sangkan pakta babari dipikapaham jeung mun
bisa mah ngahasilkeun hipotésis anyar.
Nilik kana wangenan di luhur bisa di cindekkeun yén panalungtikan kualitatif
nya éta panalungtikan anu miboga tujuan pikeun menangkeun pamahaman anu
leuwih jero ngenaan masalah-masalah manusa jeung sosial, sarta panalungtikan
dilakukeun dina latar anu alamiah lain hasil manipulasi variabel.
. Métodeu déskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun
jeung méré intérprétasi kana objék saayana, kalawan henteu migawé kontrol jeung
manipulasi variabel. Saluyu jeung pamadegan Azwar (2012, kc 7) yén métodeu
deskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun sacara sistematik,
jeung akurat. Ieu métodeu ogé ngainterpretasikeun objék saayana.
Nurutkeun Masyhuri jeung Zainudin (2008, kc. 35) Métodeu déskripsif nya
éta métodeu panalungtikan nu miboga maksud penyandraan sacara sistematis,
Panalungtikan deskripsi ogé sok disebut panalungtikan survei sarta miboga
ciri-ciri: (1) méré gambaran kana fenomena, (2) ngajéntrékeun hubungan (korelasi),
(3) nguji hipotésis anu diajukeun, (4) nyieun prédiksi kajadian, (5) méré harti
atawa ma’na kana hiji masalah anu ditalungtik. Jadi panalungtikan deskripsi miboga cakupan anu leuwih jembar.
Dumasar kana éta pamadegan, bisa dicindekkeun yén metodé déskriptif nya
éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun jeung méré interprétasi kana
objék saayana, sacara sistematis, faktual, jeung akurat kalawan henteu migawé
control jeung manipulasi variabel. Jadi, tujuan dipakéna métodeu deskripsif dina
ieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun gambaran ngenaan basa Sunda
dialék Cibiuk (Ragam basa Ciak) anu aya di Kacamatan Cibiuk sacara ngéntép
seureuh, faktual, jeung akurat.
Desain panalungtikan nya éta padoman atawa prosedur sarta téhnik dina
perencanaan panalungtikan, gunana salaku panduan pikeun ngawangun strategi
anu ngahasilkeun model panalungtikan. Dumasar kana pamarekan kualitatif
kalawan métodeu deskriptif, desain panalungtikan nu digunakeun nyoko kana
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Nangtukeun Rumusan Masalah:
- Asal-usul ragam basa Sunda Ciak di
Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut
- Kandaga kecap ragam basa Sunda Ciak
- Adegan kecap ragam basa Sunda Ciak
- Pola parobahan kecap ragam basa Sunda
Ciak
Ngumpulkeun Data - Téhnik wawancara, - Téhnik Obsérvasi, - Téhnik Angkét - Téhnik dokuméntasi
Instrumen: - wawancara - Kartu Data - Observasi - Kaméra
Analisis jeung Deskripsi data
- Ngadéskripsikeun asal-usul ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk
- Kandaga kecap lulugu di pasing-pasing dumasar kelompok istilah
- Ngadéskripsikeun ragam basa Ciak dumasar kana pamarekan morfologi
- Ngadéskripsikeun ragam basa Sunda Ciak
3.2Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan
3.2.1 Lokasi Panalungtikan
Kacamatan Cibiuk nu mangrupa salah sahiji ti 42 kacamatan nu aya di
Kabupatén Garut. Ieu kacamatan mangrupa pamekaran ti Kacamatan Kadungora.
Masarakat Cibiuk mayoritas nganut agama Islam, sarta miboga pakasaban tani,
dagang, PNS, TNI, Polri jeung Swasta.
Wilayah nu aya di Kacamatan Cibiuk diwangun ku 5 désa anu miboga basa
nu mandiri sarta has nu digunakeun pikeun komunikasi antar masarakatna. Lima
desa anu aya di Cibiuk nya éta Desa Cipareuan, Desa Cibiuk Kidul, Desa Cibiuk
Kaler, Desa Majasari jeung Desa Lingkung Pasir. Kacamatan Cibiuk téh miboga
wates wilayah nya éta:
Beula wétan : Kacamatan Cibatu
Beula kalér : Kacamatan Balubur limbangan
Beulah kidul : Kacamatan leuwigoong
Beulah kulon : Kacamatan Kadungora
Sacara géografisna, Kacamatan Cibiuk miboga luas wilayah ±2.078 Ha. Anu
ngawengku 655 Ha wilayahna mangrupa sawah, 914 Ha mangrupa tegal/ kebon,
10 Ha mangrupa huma, 19 Ha mangrupa balong, 16 Ha mangrupa lahan tani, 241
Ha bangunan sarta 101 Ha mangrupa leuweung. Jumlah masarakatna dumasar
kana hasil ngadata taun 2015 aya 33.361 jiwa, ngawengku 17.282 urang lalaki
jeung 16.085 urang awéwé. Sedengkeun jumlah KK nya éta 8.328 KK.
Ieu lokasi téh dijadikeun tempat panalungtikan. Pangna ieu daérah dijadikeun
tempat panalungtikan lantaran di Kacamatan Cibiuk aya basa anu has atawa husus
dipaké ku masarakatna dina kahirupan sapopoé di jaman penjajahan, éta basa téh
sok disebut basa Ciak.
3.2.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik.
(Arikunto, 2006, kc. 129). Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma
(person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban
2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan
cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun
métodeu obsérvasi.
3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data anu mangrupa
tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa
objek nu dipaké pikeun métodeu dokuméntasi.
Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu
panalungtikan nya éta:
1) Sumber data anu mangrupa jalma (person) nya éta masarakat di Kacamatan
Cibiuk Kabupatén Garut.
2) Sumber data anu mangrupa tempat (place), nya éta Kacamatan Cibiuk nu
ngawengku lima désa.
3) Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén (paper), nya éta
dokumén-dokumén nu mangrupa catetan jeung rekaman ragam basa Sunda Ciak.
Tina éta sumber data, kecap-kecap nu dipaké téh aya dina kahirupan sapopoé
masarakatna. Kandaga kecap dikumpulkeun dumasar kana (a) istilah pancakaki,
(b) istilah gaganti jeung sesebutan, (c) istilah kahirupan jeung masarakat, (d)
istilah babagian awak, (e) istilah imah jeung babagianna, (f) istilah pakakas, (g)
istilah kadaharan jeung inuman, (h) istilah panyakit, (i) istilah pakasaban, (j)
istilah pakéan, (k) istilah tutuwuhan jeung bungbuahan, (l) istilah sasatoan, (m)
istilah kaayaan jeung usum, (n) istilah budi parangi, (o) istilah kaulinan, (p) istilah
pagawéan, (q) kecap pananya, panyambung, panambah jeung panganteb, (r)
istilah bilangan. Éta istilah nu dijadikeun bahan ulikan atawa sampel tina
panalungtikan lantaran réa dipaké dina kahirupan sapopoé.
3.3Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumen Pangumpul Data
Pikeun ngumpulkeun data panalungtikan diperlukeun ogé instrumén
panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil panalungtikan. Instumén
panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun
dina ieu panalungtikan nya éta: (1) padoman wawancara, (2) angkét, (3) padoman
obsérvasi, jeung (4) kaméra.
1) Padoman Wawancara
Nurutkeun Setyadin (Gunawan, 2013, kc. 160), wawancara nya éta hiji
paguneman (interaksi) yang diarahkeun kana masalah nu tangtu sarta mangrupa
prosés tanya jawab sacara langsung nu dilakukeun ku dua urang jalma atawa
leuwih. Interview sok disebut ogé wawancara atawa kuesioner lisan, nya éta
dialog sacara langsung anu dilaksanakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun
informasi ti informan (Arikunto, 2006, kc. 132). Nurutkeun Prawiraatmaja (1979,
kc. 191) padoman wawancara anu baris digunakeun di antarana mangrupa
3 kahirupan désa jeung masarakat 4 babagian awak
13 kaayaan alam jeung usum 14 budi parangi
2) Angkét
Angkét nya éta sajumlahing pananya tinulis nu digunakeun pikeun nyangking
informasi ti réspondén ngeunaan hal-hal anu dipikanyahona. Ku kituna,
Nurutkeun Prawiraatmaja (1979, kc. 189) format kuésionér informan nu jadi
titincakan dina panalungtikan diébréhkeun saperti ieu di handap.
KUESIONER INFORMAN
Kampung:……… Desa/ Keurahan:………
Kacamatan: Cibiuk Kabupatén: Garut
1) Ngaran :………..
2) Umur :……… taun
3) Jenis kelamin : L/P
4) Tempat Pinggumelar :……….
5) Pakasaban :………...
6) Atikan :………...
7) Status kulawarga : kawin/can kawin
8) Pangalaman cicing d luar daérah :
(1) Di mana :………
(2) Sabaraha lila :………
9) Aktivitas di luar daérah :………
10) Basa nu di gunakeun sapopoé :
(1) di kulawarga :………
(2) di masarakat :………
(3) di pakasaban :………
(4) Nalika anjang-anjangan:……….
Wawancara Tanggal…………..2015
di………Jam……….
3) Padoman Obsérvasi
Nurutkeun Bungin (2012, kc. 118) obsérvasi mangrupa kamampuh hiji jalma
pikeun ngagunakeun panalungtikanna ngaliwatan hasil pancaindra mata sarta
dibantu ku pancaindra lianna.
Obsérvasi dilaksanakeun pikeun mikanyaho kekecapan nu biasa dipaké ku
unggal masarakatna. Tujuanna sangkan panalungtik meunangkeun data nu leuwih
lengkep ti informan ku cara nuliskeun kekecapan nu dianggap béda jeung
masarakat séjénna.
4) Kaméra
Kaméra mangrupa salah sahiji alat pikeun ngadekuméntasikeun dina prosés
panalungtikan, boh nu mangrupa foto boh nu mangrupa video atawa rekaman
sora.
3.3.2 Téknik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik wawancara, téhnik
kuesioner, jeung téhnik obsérvasi.
a. Téhnik Wawancara
Nurutkeun Bungin (2012, kc. 111) wawancara nya éta prosés menangkeun
katerangan pikeun tujuan panalungtikan ku cara tanya jawab sacara langsung
antara nu ngawawancara jeung informan (jalma anu diwawancara). Wawancara
téh mangrupa hiji cara anu dilakukeun pikeun ngumpulkeun data ku jalan méré
patalékan-patalékan sacara langsung ka masarakat anu tangtu.
b. Téhnik Angkét atawa Kuesionér
Kuesioner nya éta téhnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan
tinulis kalayan gemet, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori jeung masalah inti dina
c. Téhnik Obsérvasi
Nurutkeun Arikunto (Gunawan, 2013, kc. 143) obsérvasi mangrupa hiji
téknik ngumpulkeun data anu dilakukeun ku cara ngayakeun panalungtikan sacara
taliti, sarta nyatét sacasa sistematis. Tujuan obsérvasi nya éta ngarti kana ciri-ciri
jeung luasna signifikansi dari interelasina elemen-elemen paripolah manusa kana
fenomena sosial nu kompléks dina pola-pola kultur nu tangtu.
Obsérvasi dilaksanakeun sangkan boga gambaran anu nyata ngenaan kaayaan
daérah anu keur ditalungtik ku jalan pengamatan jeung pencatatan. Téhnik
obsérvasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan niténan sakabéh
paripolah informan dina ngagunakeun basa Sunda nu dipaké dina Kahirupan
sapopoé.
d. Téhnik Dokuméntasi
Dokuméntasi mangrupa salah sahiji cara pikeun ngadokuméntasikeun data nu
dikumpulkeun dina wangun gambar, video atawa rekaman sora.
3.4Analisis Data
Gunawan (2013, kc. 209) nétélakeun yén “analisis data merupakan bagian
sangat penting dalam penelitian karena dari analisis ini akan diperoleh temuan,
baik temuan substantif maupun formal”. Dina hakékatna, analisis data nya éta hiji
kagiatan pikeun ngatur, ngurutkeun (nyusun), ngelompokkeun, méré tanda, jeung
ngatégorikeun éta data sahingga menangkeun hasil dumasar fokus ayawa masalah
anu hayang dijawab.
Dina ngolah data, digunakeun téhnik analisis tina kecap-kecap Basa Sunda
Dialék Cibiuk (Ragam Basa Ciak) anu geus dikumpulkeun nalika wawancara.
Anapon dihandap ieu aya léngkah-léngkah ngolah datana, nya éta:
a. Mariksa data anu geus dikumpulkeun;
b. Nganalisa data dumasar kana kaayaan;
c. Ngadéskripsikeun data;
d. Nganalisis ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk kabupatén
Garut; jeung