1 BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem
téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan
dumasar kana aturan anu tangtu pikeun ngahontal hiji tujuan. Minangka hiji
sistem basa miboga dua sipat nyaéta sistematis jeung sistemis. Disebut sistematis
lantaran basa miboga unsur-unsur anu dumuk pola-polana tur bisa diramalkeun,
sedengkeun disebut sistemis lantaran basa téh mibanda subsistem kayaning
fonologi, gramatika, léksikon, jeung semantik.
Basa anu dipaké pikeun alat komunikasi téh mangrupa wujud kedalna eusi
pikiran, kahayang, rasa, jeung rupa-rupa pamaksudan ti hiji jalma ka jalma lianna.
Cara nepikeun sarupaning pamaksudan ti diri panyatur sangkan kacangkem
maksudna, bisa ngaliwatan basa lisan atawa tulisan. Basa lisan nyaéta basa anu
ditepikeun ngaliwatan media tulis, saperti novel, carpon, ésséy, jeung sajak.
Dina hirup kumbuh, basa Sunda téh miboga ragem basa. Ari ragem basa téh
disawang tina sababaraha jihat anu makéna anu nyoko kana: 1) wewengkon, 2)
tahap atikan, 3) sikep panyaturna, 4) basa omongan, 5) sarana, basa lisan, bisa
tulisan, jeung, 6) pasosokna. Mun ditingali tina ragem basa (sarana), karya sastra
mangrupa ragem makéna basa tinulis. Sabab, di antarana ngawengku atawa
diwangun ku morfém, kecap, frasa, klausa, jeung wacana (Sudaryat, 2011, kc.3).
Nurutkeun Sudaryat (2010, kc.2) wacana mangrupa unsur gramatikal
pangjembarnaa, bisa ngawujud karangan anu gembleng (novél, buku, artikel)
atawa paragraf, kalawan mawa amanat anu lengkep. Wacana mangrupa wangun
basa pangjembarna anu diulik ku pragmatik. Ku kituna, wacana miboga sifat-sifat
pragmatis. Kapragmatisan wacana ngawengku, (1) déiksis, (2) praduga, (3)
implikatur konvérsasi, (4) adegan konversasi, jeung (5) laku basa (Levinson dina
Sudaryat, 2010, kc.10-11).
Déiksis mangrupa unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi
atawa adegan kecap nu ngan bisa ditafsirkeun acuanana ku cara ngitung-ngitung
situasi omongan. Kecap déiksis asalna tina basa Yunani deiktickos anu hartina
„hal nuduhkeun kalawan langsung‟. Déiksis dipaké pikeun ngébréhkeun fungsi
kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut
léksikal séjénna nu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumangsungna
komunikasi basa (Lyons dina Sudaryat, 2010, kc. 11).
Naon-naon anu dituduhkeun ku déiksis téh disebutna antésédén. Nilik kana
antésédénna, déiksis bisa dibédakeun jadi déiksis persona, déiksis temporal,
déiksis lokatif, déiksis wacana jeung déiksis sosial. Nilik kana kahanan antésédén,
aya déiksis luar-tuturan (eksoforis) jeung déksis jero-tuturan (endoforis). Nilik
kana posisi antésédén, aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Upamana waé,
kecap manéhna dina kalimah “Ahmad téh urang Ciamis. Manéhna kuliah di UPI.”
Kaasup kana déiksis anaforis. Déiksis anaforis jeung déiksis kataforis téh
kapanggih dina kalimah sapopoé boh lisan boh tinulis. Dina komunikasi lisan
kapanggih nalika jalma papada gunem catur, sedengkeun dina wacana tinulis
biasana kapanggih dina majalah, buku, koran, jeung karya sastra tinulis salah
sahijina nyaéta carpon.
Ieu panalungtikan téh museur kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis
dina salasahiji majalah Sunda nyaéta majalah Manglé.
Aya sababaraha panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan déiksis di
antarana waé: (1) “Déiksis dina Kumpulan Carita Pondok Jurig Paséa Jeung Nyi
Karsih karangan Tini Kartini” (Riana, 2005), (2) “Déiksis Sosial dina Novél
Payung Butut karya Ahma Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas
IX” (Purnamasari, 2010). (3) “Wanda déiksis dina Novél Béntang Pasantrén
Karya Usép Romli H.M pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA” (Nuraeni,
2012).
Dina éta tilu panalungtikan téh pada-pada dopedar perkara déiksis, nyaéta
nyaéta tina majalah Manglé. Garapan séjénna anu béda téh nyaéta dina ieu
panalungtikan dipedar ogé perkara antésédén anu diacuna. Ari panalungtikan
saméméhna mah teu kungsi nepi ka éta garapan. Ku kituna, panalungtikan perkara
déiksis utamana mah déiksis anaforis jeung déiksis kataforis katut antésédénna
masih perlu dilaksanakeun. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan anu judulna
“Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis dina Majalah Manglé” perlu
dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis téh bisa disawang
tina rupa-rupa jihat saperti tina wanda, posisi, tipe, jeung acuan. Disawang tina
wanda aya déiksis endoforis jeung déiksis eksoforis. Tina posisina aya déiksis
anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna aya déiksis persona,
temporal, lokatif jeung sosial. Ku lantaran ambahan déiksis kaitung lega. Ieu
panalungtikan diwatesanan kana rupa-rupa déiksis dumasar kana posisina. Jaba ti
éta, tina ieu panalungtikan ogé bakal diulik wangun antésédén anu diacu ku
déiksis, boh déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana éta idéntifikasi
jeung watesan masalah, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun din
wangun pananya ieu di handap:
a. Kumaha tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah
dina carpon anu aya dina Majalah Manglé?
b. Kumaha posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina
carpon anu aya dina Majalah Manglé?
c. Kumaha wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina
carpon anu aya dina Majalah Manglé?
d. Kumaha wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis
1.3 Tujuan panaluntikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung
ngadéskripsikeun déiksis anaforis jeung kataforis dina carpon anu aya dina
Majalah Manglé.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus panaluntikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun:
a. Tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina
carpon anu aya dina Majalah Manglé Wangun déiksis anaforis jeung kataforis
ékstrakalimah jeung intrakalimah dina éta carpon.
b. Posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu
aya dina Majalah Manglé.
c. Wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu
aya dina Majalah Manglé.
d. Wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina
éta carpon.
1.4 Mangpaat Panaluntikan
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat teoritis
jeung mangpaat praktis:
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, hasil panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun paélmuan,
nyaéta:
1) Nambahan pangaweruh deiksis dina katatabasaan sarta leuwih jembar deui.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina panalungtikan sacara praktis,
nyaéta:
1) Pikeun panalungtik, dipiharep tina panalungtikan ieu bisa jadi ngajembaran
pangaweruh ngeunaan katatabasaan
2) Pikeun guru, jadi bahan informasi ka masyarakat sangkan bisa weruh kana
unsur deiksis.
3) Bisa dipaké pikeun ngeuyeuban kaédah-kaédah tata basa nu geus aya, sangkan
leuwih jembar.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu panalungtikan disusun dina lima bab
Bab I Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, rumusan, tujuan,
mangpaat, jeung raraga tulisan.
Bab II ulikan pustaka, eusina ngeunaan déiksis dina wacana carita pondok
anu aya dina Majalah Manglé. Eusina ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis.
Bab III mangrupa métode panalungtikan, eusina ngeunaan desain
panalungtikan, sumber data panalungtikan, intrumén panalungtikan, ngumpulkeun
data, jeung analisis data hasil panalungtikan.
Bab IV hasil jeung pedaran, anu eusina ngawengku hasil panalungtikan, sarta
hasil panalungtikan.
Bab V kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan mangrupa intisari tina
sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka
hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékoméndasi anu ditepikeun ku nu