PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN & SARAN
5.1Kacindekan
Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén ieu panalungtikan aspék sosiologi sastra dina novel Saéni karangan Hadi AKS, nu ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang; (2) sosiologi karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, ngagunakeun métode deskriptif-analitik. Ku téhnik studi analisis data, studi dokuméntasi, jeung téhnik wawancara, tilu aspék sosiologi sastra katut kamekaran pangarang jeung karya-karyana bisa katalungtik. Tétéla salah sahiji aspék sosiologi pangarang, nya éta kasang tukang pangarang nu lahir di basisir Banten, miboga hubungan jeung aspék sosiologi karya sastra nu euyeub ku warna lokalitas basisir Banten. Pon kitu deui dina aspék sosiologi pamaca, masarakat sastra sapuk novel Saéni dalit pisan ku unsur lokalitas basisir Banten.
Tina hasil panalungtikan sosiologi pangarang, kapaluruh yén Hadi AKS téh kaasup pangarang Sunda angkatan ’90-an. Hadi AKS ogé kawilang kritis dina niténan tur nyurahan kahirupan masarakat leutik di basisir wewengkon Banten. Hal éta jadi ciri mandiri dina karangan-karangan Hadi AKS. Kaayaan géografis, sosial, politik, moral, basa wewengkon Banten, katut kabudayaan basisir Banten éstu geus namper dina lelembutan Hadi AKS. Ku kituna, antara pangarang jeung realitas nu ditulis téh geus dalit ngahiji, méh taya jarak nu misahkeun.
58 ngabédakeunana, éta opat pangarang mah réa nyaritakeun wewengkon Priangan, sedeng Hadi AKS réa nyaritakeun wewengkon basisir Banten. Tétéla Hadi AKS leuwih milih basa nu ngalindeng pikeun ngagambarkeun kaayaan basisir nu masarakatna réa ngagunakeun basa nu garihal. Hal éta tangtu bakal mangaruhan kana gambaran kaayaan basisir nu kacangking ku pamaca. Papadaning kitu, Hadi AKS geus katitén kamampuhna dina ngawangun gaya basa nu éstétik.
Sakumaha nu geus dipedar di luhur, dina novel Saéni Hadi AKS ngasongkeun dua jagat anu béda, nya éta jagat fisik jeung jagat gaib. Dina méré tempat ka éta dua jagat, Hadi AKS geus méré tempat nu cukup adil, duanana sina lawung pada lawung. Ku kituna, ieu novel teu sakadar ngalilipur nu maca, tapi ngasongkeun dua jagat pikeun disurahan ku nu maca.
Karya sastra lain sakadar mindahkeun dunya nyata kana karangan fiksi, tapi kudu miboga jihat sawangan, atawa hasil surahan nu mandiri ti pangarangna. Éta jihat sawangan téh mindeng nguniangkeun kritik nu implisit. Pon kitu deui dina novel Saéni, katitén ngandung kritik sosial. Cindekna, tétéla novel Saéni téh ngandung kritik sosial kana ajén budaya, kritik sosial kana ajén sosial-politik, kritik sosial kana ajén moral, sarta kritik sosial ka masarakat nu mideng ngaruksak alam.
5.2 Saran
59
hareupna dipiharep aya mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, jeung masarakat akademik séjénna, nu nalungtik aspék sosiologi sastra dina novel Saéni kalawan leuwih teleb tur gemet.