• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104898 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104898 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

86

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Saluyu jeung hasil tina pedaran bab saméméhna hal nu didéskripsikeun nya éta (1) lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung, (2) sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung kana nyarita basa Sunda, jeung (3) hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII di SMPN 44 Bandung.

Kaayaan Lingkungan Atikan Sakola di SMPN 44 Bandung mangrupa komponén-komponén sakola ngawengku; 1) tujuan atikan, 2) manusa, nya éta guru, siswa, kapala sakola, laboran, pustakawan, tanaga administrasi, patugas kabersihan, jrrd, 3) kurikulum, 4) media atikan jeung téhnologi atikan,5) sarana, prasarana, jeung fasilitas, sarta 6) nu ngokolakeun sakola, nu di watesanan jadi manusa nu ngawengku, guru, siswa, kapala sakola, pustakawan, penjaga sakola, tanaga administrasi, pedagang kantin, jeung penjaga kaamanan. Jumlah sakabéh guru nu aya di SMPN 44 Bandung hampir 50 urang nu dibagi-bagi deui jadi guru nu saluyu jeung mata pelajaranna séwang-séwang. Aya 12 mata pelajaran téh nya éta basa Sunda, basa Inggris, basa Indonésia, PKN, IPA, IPS, matematika, Penjaskés atawa olahraga, seni budaya, keterampilan, agama, jeung bimbingan konseling atawa biasa disebut BK. Unggal taun siswa nu diajar di SMPN 44 Bandung tangtu jumlahna béda-béda, ieu hal némbongkeun yén ti taun ka taun jumlah siswa nu sakola di SMPN 44 Bandung ngaronjat nu nyirikeun minat jeung kahayang siswa pikeun ngalanjutkeun

jenjang atikan di SMPN 44 Bandung téh gedé. Sarua halna jeung kepala sakola,

(2)

87

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

sakolana sorangan, warga sakola nu ilubiung dina prosés kamajuan sakola, milu partisipasi nepika mangtaun-taun ngabdi di SMPN 44 Bandung.

Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék pentingna ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi nu lumangsung di Sakola, rata-rata siswa ngajawab satuju nu jumlahna tilu puluh dua urang kana pananya nu nétélakeun ngeunaan kudu ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Sedengkeun pananya ngeunaan pentingna diajar basa Sunda, rata-rata siswa ngajawab satuju pisan, jumlahna tilu puluh genep urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék ngeunaan kasatiaan, kareueus ngagunakeun basa Sunda, jeung kasadaran ayana norma basa, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab satuju pisan kana pananya anu nétélakeun ngeunaan ulah ngarasa éra ngagunakeun basa Sunda nalika paguneman jeung babaturan, jumlahna tilu puluh opat urang. Pananya ngeunaan basa Sunda kudu dipaké, rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlahna tilu puluh tilu urang. Pananya ngeunaan aspék kudu leuwih resep nyarita maké basa Sunda tibatan nyarita maké basa Indonésia nalika ngobrol jeung warga SMPN 44 Bandung, rata-rata siswa ngajawab biasa waé, jumlahna dua puluh dalapan urang. Aspék ngeunaan kudu ngagunakeun basa sunda nalika ngobrol jeung penjaga kantin jeung pustakawan, rata-rata siswa ngajawab biasa waé, jumlahna aya dua puluh salapan urang. Pananya ngeunaan aspék kudu bisa ngajawab maké basa Sunda nalika aya nu nanya rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlahna dua puluh salapan urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék undak usuk basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlah siswana aya tilu puluh opat urang kana aspék kudu wanoh kana undak usuk basa Sunda. Aspék kudu bisa ngagunakeun basa Sunda nu sopan nalika ngobrol jeung kapala sakola, guru, penjaga sakola, jeung penjaga kaamanan, rata-rata siswa ngajawab satuju pisan, jumlahna lima puluh urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék

penggunaan basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab biasa waé kana aspék teu nganggep kuno nyarita ngagunakeun basa Sunda., jumlahna dua puluh hiji.

(3)

88

Siti Meisaroh, 2015

HUBUNGAN LINGKUNGAN PEND ID IKAN D AN SIKAP BAHASA SISWA KELAS VII SMPN 44 BAND UNG TAHUN AJARAN 2014/ 2015

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

guru hususna kelas VII, siswa, kapala sakola, penjaga sakola, pustakawan, penjaga

kaamanan, penjaga kantin, jeung tanaga administrasi nu interaksi langsung jeung siswa di sakola, nu nyababkeun ieu komponén miboga pangaruh nu kuat kana sikep basa siswa. Komponén manusa nu dimaksud nya éta warga SMPN 44 Bandung nu leuwih sering ngagunakeun basa Sunda jeung basa Indonésia dina komunikasi sapopoé di sakola. Ieu hal nu jadi sala sahiji alesan nu nyababkeun siswana sorangan ngagunakeun basa Indonésia jeung basa Sunda di lingkungan sakola.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran atawa rékoméndasi nu hayang ditepikeun ku panalungtik. Panalungtik miharep saran atawa rékoméndasi téh miboga mangpaat pikeun siswa, guru, jeung masarakat. Guru SMPN 44 Bandung dipiharep bisa miboga karep pikeun ngaronjatkeun minat jeung kahayang siswa kana nyarita basa Sunda. Siswa SMP, husus. na SMPN 44 Bandung , dipiharep bisa numuwuhkeun deui rasa satia, kareueus, siswa dina ngamumulé basa Sunda tur bisa ngahudangkeun minat siswa sangkan teu ninggalkeun basa Sunda salaku basa Indungna.

Instansi Pendidikan dipiharep miboga karep pikeun méré informasi jeung data sangkan bisa jadi acuan dina panalungtikan saterusna.Masarakat dipiharep bisa nalungtik leuwih teleb kana ulikan sosiolinguistik salian ti sikep basa, saperti interferénsi, campur kodeu.

Referensi

Dokumen terkait

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

Terunajaya, M.Sc , selaku coordinator subjurusan Sumber Daya Air, Departemen Teknik Sipil Fakultas Teknik Universitas Sumatera Utara, yang telah memberikan izin

Alkansa no garante seguransa ne’e hanesanprioridade topu ka boot ida ba Timor-Leste no prosesu rekonstrusaun inklui dezenvolve forsa polísia profisional ho nomeasaun no promosaun

Agardh meliputi penetapan kadar air, penetapan kadar abu total, penetapan kadar sari larut air-klofroform, penetapan kadar sari larut etanol, penetapan kadar abu tidak larut

Diberikan

[r]

Penggunaan Media Audio Visual Film untuk Meningkatkan Keterampilan Menyimak dan Berbicara Siswa Kelas V SDN Inpres Cikahuripan Kabupaten Bandung Barat.. Fakultas

Seperti yang dijelaskan dalam Buku Pedoman Panduan Pelaksanaan Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat Di Perguruan Tinggi Edisi IX Tahun 2013, proses seleksi