• Tidak ada hasil yang ditemukan

KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING KARYA ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING KARYA ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA."

Copied!
34
0
0

Teks penuh

(1)

(SKRIPSI)

Diajengkeun pikeun Nyumponan salah sahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

Ku

NURSOLIHAH

NIM 1006816

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING KARYA

ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA

Oleh Nursolihah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Nursolihah 2015

Universitas Pendidikan Indonesia Januari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

NURSOLIHAH

KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING

KARYA ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING

KARYA ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA1

NURSOLIHAH2

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul ”Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra”, di dalamnya mengkaji persoalan aspék sosiologi sastra dalam buku kumpulan cerpen Halimun Peuting karya Iskandarwassid. Menurut Wellek & Warren, aspek sosiologi sastra meliputi sosiologi pengarang, sosiologi karya, dan sosiologi pembaca. Penelitian ini dilaksanakan untuk mengungkap hubungan yang pasti di antara keterkaitan pengarang, karya, dan lingkup sosial masyarakat yang menyertainya. Untuk mencapai tujuan tersebut, metode yang digunakan ialah metode deskriptif-analitik, yaitu metode untuk mendeskripsikan data-data, kemudian menafsirkan objek penelitian berdasarkan data-data tersebut. Teknik yang digunakan ialah teknik wawancara, studi analisis data, dan studi pustaka. Maka hasil yang diperoleh dari penelitian ini ialah: (1) proses yang dilalui Iskandarwassid dalam mencipta karya, ternyata tidak dapat dipisahkan dari kehidupan interaksi sosial yang dijalaninya. Serangkaian fakta-fakta sosial yang dilihat, didengar, dan dirasakan dari lingkungan sekitarnya, telah mampu menginspirasi Iskandarwassid. Maka dari pengalaman tersebut, ia memutuskan mengabadikannya ke dalam bentuk cerpen; (2) gagasan yang terkandung dalam kumpulan cerpen Halimun Peuting, ialah tentang kehidupan sosial kemasyarakatan, secara khusus kehidupan sosial masyarakat kecil. Karyanya merekam jejak kehidupan kaum marginal, ketika harus menghadapi kesulitan hidup dilantarankan kondisi sosial ekonomi yang menghimpit; (3) keberadaan buku kumpulan cerpen Halimun Peuting karya Iskandarwassid di tengah-tengah masyarakat telah menimbulkan dampak yang positif. Dalam pandangan para kritikus sebagai perwakilan masyarakat ahli, karya Iskandarwassid merupakan karya realis yang sederhana. Kesederhanaan karyanya telah menyentuh perasaan terdalam manusia, menambah pengalaman batin tentang kehidupan. Dapat disimpulkan bahwa buku kumpulan cerpen karya Halimun Peuting karya Iskandarwassid memberikan cermin gambaran kehidupan sosial masyarakat. Saran untuk penelitian selanjutnya ialah agar kajian terhadap ketiga aspek sosiologi sastra dapat dilakukan lebih mendalam.

Kata kunci: Halimun Peuting, sosiologi sastra

1

Skripsi dibawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M. Hum. dan Dr. Retty Isnendes, M. Hum.

2 Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas

(5)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING

KARYA ISKANDARWASSID: TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA3

NURSOLIHAH4

ABSTRACT

This thesis tittled ”Kumpulan Carpon Halimun Peuting by Iskandarwassid: The Theory of Socioligy of Literature”. According to Wellek & Warren, sociology of literature aspect includes author sociology, work sociology, and reader sociology. This research is conduct to reveal definite relation between author, work, and its range of society social. In achieving that purpose, the methode that used by writer is analytic-descriptive, it is a methode that describe datas, then explain research object acoording to its datas. The technique that used by writer is interview technique, data analysis study, and literature study. So, the result that got in this research as follow: (1) the process that passed by Iskandarwassid in creating his work obviously inseparable from his life social interaction. Sequence of social facts that seen, heard, and felt from environment surrounding has been able inspiring Iskandarwassid. So, from that experience he decided to immortalize it in short story form; (2) idea that consist in Halimun Peuting short story collection book is about life in social society, specially about social society of low people. His work record life trip of marginal clan, when they must confront life difficulty because of pressure economic social condition. (3) existance of Halimun Peuting short story collection book by Iskandarwassid among public had been caused possitive impact. According to the critics view as a representative from professional people, Iskandarwassid work is simple realist opus. The simplicity of his work has been nudged deep feeling of human being, added spiritual experience about live. From this research could be conclude that Halimun Peuting short story collection book by Iskandarwassid reflect the real life of human being. The suggestion for the next research is discuss the third aspect of sociology of literature more exhaustive.

Password : Halimun Peuting, sociology of literature

3 The thesis above is under guidance of Dr. Ruhaliah, M.Hum. and Dr. Retty Isnendes, M. Hum. 4

(6)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... v

DAFTAR EUSI ... vii

DAFTAR TABÉL ... xi

DAFTAR GAMBAR ... xii

DAFTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 5

1.3 Rumusan Masalah ... 6

1.4 Tujuan Panalungtikan... 6

1.4.1 Tujuan Umum ... 6

1.4.2 Tujuan Husus ... 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 7

(7)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB II SOSIOLOGI SASTRA, PÉRIODISASI SASTRA SUNDA, JEUNG

CARITA PONDOK SUNDA

2.1 Sosiologi Sastra ... 8

2.1.1 Wangenan Sosiologi Sastra ... 8

2.1.2 Sajarah Kamekaran Sosiologi Sastra ... 9

2.1.3 Ambahan Sosiologi Sastra ... 11

2.2 Périodisasi Sastra Sunda ... 15

2.2.1 Périodisasi Sastra Sunda Nurutkeun Yus Rusyana ... 16

2.3.Carita Pondok Sunda ... 18

2.3.1 Wangenan Carita Pondok ... 18

2.3.2 Sajarah Kamekaran Carita Pondok ... 19

2.3.3 Warna Jejer Carita Pondok Sunda... 22

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan ... 25

3.1.1 Métode Panalungtikan... 25

3.1.2 Desain Panalungtikan ... 26

3.2 Téhnik Panalungtikan... 26

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26

3.2.2 Instrumén Panalungtikan ... 26

3.2.3 Téhnik Nganalisis Data ... 27

3.3 Wangenan Operasional ... 28

3.4 Sumber Data Panalungtikan ... 29

(8)

ix

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4.2 Jejer Sosial Kamasarakatan dina Carpon Iskandarwassid ... 32

3.4.3 Ringkesan Carita Kumpulan Carpon Halimun Peuting ... 33

BAB IV TILIKAN SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON HALIMUN PEUTING KARYA ISKANDARWASSID 4.1 Sosiologi Pangarang ... 35

4.1.1 Riwayat Hirup Iskandarwassid ... 35

4.1.2 Riwayat Atikan... 38

4.2.3 Riwayat Karir ... 39

4.2.4 Kagiatan Sastra Iskandarwassid ... 40

4.2 Sosiologi Karya Sastra ... 49

4.2.1. Analisis Carpon ”Panto Tajug” ... 50

4.2.1.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 50

4.2.1.2 Analisis Sosial Masarakat Pangarang ... 52

4.2.2 Analisis Carpon ”Sripanggung” ... 53

4.2.2.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 53

4.2.2.2 Analisis Sosial Masarakat Pangarang ... 57

4.2.3 Analisis Carpon ”Badori” ... 60

4.2.3.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 60

4.2.3.2 Analisis Sosial Masarakat Pangarang ... 63

4.2.4 Analisis Carpon ”Tanah Waris” ... 65

4.2.4.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 65

(9)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.5 Analisis Carpon ”Surat keur Bapa”... 69

4.2.5.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 69

4.2.5.2 Analisis Sosial Masarakat Pangarang ... 72

4.2.6 Analisis Carpon ”Tunggul Rahayu” ... 74

4.2.6.1 Analisis Sosial Masarakat Carpon ... 74

4.2.6.2 Analisis Sosial Masarakat Pangarang ... 77

4.3 Sosiologi nu Maca Karya Sastra ... 79

4.3.1 Sawangan Ajip Rosidi ... 80

4.3.2 Sawangan Duduh Durahman ... 82

4.3.3 Sawangan Teddi Muhtadin ... 85

4.3.4 Sawangan Agus Suherman ... 88

4.4 Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Halimun Peuting ... 90

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 93

5.2 Saran ... 95

DAFTAR PUSTAKA ... 97

LAMPIRAN-LAMPIRAN ...

(10)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Hakékatna mah sastra téh fiksionalitas anu nandeskeun sual kaartistikan. Di satukangeun fiksionalitas jeung kaartistikanana téh ngajenggléng ajén-ajén kajujuran jeung bebeneran (Koswara, 2011, kc.6). Karya sastra mangrupa karya imajinatif, hartina henteu enya-enya kajadian, sanajan kitu, maksud (ma’na) tina hiji karya sastra bisa jadi mangrupa harti injeuman tina kajadian anu saenyana. Kanyataan dina kahirupan masarakat mangrupa sumber gagasan nu jadi tatapakan kaciptana hiji karya sastra. Kanyataan anu satuluyna diréka tur diwewegan ku momonés basa nu éndah, lebah dieu karya sastra disebut karya éstétik. Ajén kajujuran jeung bebeneran anu nyampak dina karya sastra mangrupa hasil prosés kréatif pangarang anu tangtuna moal leupas tina pasualan inteléktualitas. Cindekna, karya sastra anu ajénna luhung salawasna miboga maksud. Di sagigireun unsur rékaan jeung éstétis tina karya sastra, aya pesen moral anu rék ditepikeun ku pangarang.

Dumasar kana wangunna, karya sastra dibagi jadi tilu wangun, nyaéta puisi, prosa, jeung carita drama. Prosa nyaéta wanda basa karangan anu rakitanana maké basa sapopoé atawa lancaran, sedengkeun dumasar kana waktu gelarna, karya sastra dibagi jadi dua rupa, nyaéta sastra heubeul jeung sastra anyar atawa modérn. Karya sastra anu kagolongkeun kana karya sastra modérn, di antarana sajak, carita pondok, novel, jeung roman. Novél jeung carita pondok mangrupa karya sastra anu kaasup kana wangun prosa, ku sabab dicaritakeun dina wanda basa karangan lancaran. Carpon, salah sahiji wangun karya sastra anu jadi pilihan pangarang dina nepikeun gagasan sacara singget jeung padet. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Ajip Rosidi dina Koswara (2011, kc.36), anu nétélakeun yén carpon mangrupa rangkuman ide.

(11)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kumbuh jeung masarakat. Sastra méré gambaran kahirupan, sedengkeun kahirupan téh mangrupa kanyataan sosial, sanajan karya sastra ogé niron alam jeung subjéktif manusa (Wellek & Warren, 1989, kc. 109). Ku kituna dina maham karya sastra, talaah sosiologi bisa dijadikeun salah sahiji tatapakan. Dunya dina karya sastra mangrupa titiron tina dunya sosial. Élmu sosiologi bisa dipaké pikeun nalaah karya sastra, lantaran sastra jeung masarakat mangrupa hal anu raket pisan patalina.

Sosiologi nyaéta élmu anu maluruh hubungan antara masarakat jeung kahirupan sosialna, sedengkeun sastra mangrupa médium anu dipaké pikeun méré eunteung kahirupan sosial masarakat dina wangun fiksi. Sawatara ahli ngawincik talaah sosiologi sastra jadi sababaraha bagian, salah sahijina tiori anu diwanohkeun ku Wellek jeung Warren, anu ngabagi sosiologi sastra jadi tilu aspék talaah, nyaéta (1) sosiologi pangarang, (2) sosiologi karya sastra, jeung (3) sosiologi nu maca karya sastra (Ratna, 2013, kc. 22). Trilogi anu diwincik ku Wellek jeung Warren teu jauh béda jeung tiori anu diwanohkeun ku Ian Watt (dina Damono, 1979, kc.3) nyaéta (1) kontéks sosial pangarang, (2) sastra minangka eunteung masarakat, (3) jeung fungsi sosial sastra.

Cindekna, sosiologi sastra museur kana tilu perkara, nyaéta pangarang, karya sastra, jeung masarakat. Tangtu ayana karya sastra moal leupas tina saha anu nyiptakeunana, nyaéta pangarang. Pangarang dina ieu hal miboga peran anu sakitu gedéna dina gelarna hiji karya sastra. Katapisan pangarang dina mekarkeun ide jeung gagasanana nepi ka bisa ngahasilkeun hiji karya sastra anu miboga ajén luhung, mangrupa hasil prosés kréatif anu kawangun tina hasil pangalaman lahiriah jeung batiniah pangarang dina kahirupanana. Dina pamarekan ékstrinsik, kaéndahan jeung pamahaman karya sastra bisa disalusur ngaliwatan biografi pangarangna. Ayana panalungtikan kana biografi pangarang, nu maca bisa nyalusur kahirupan pangarang anu jénius, nyalusur kamekaran moral, méntal, jeung inteléktualna (Wellek jeung Warren, 1989, kc.82)

(12)

3

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ditolak, dina kasus anu tangtu talaah ngeunaan biografi masih bisa méré mangpaat. Dina élmu sastra, biografi pangarang lain curriculum vitae, tapi aspék anu mantuan kumaha maham kana prosés kréatif jeung genesis karya sastra (Ratna, 2013, kc.56-57).

Karya sastra mangrupa hasil cipta pangarang, maniféstasi tina kumpulan gagasan jeung pangalaman lahiriah batiniah, nepi ka jadi hiji karya sastra anu boga ajén luhung. Kaayaan sosial anu digambarkeun pangarang dina karyana, mangrupa hiji bukti ayana kajujuran. Kajujuran dina napsirkeun kondisi sosial anu karandapan. Analisis maksud tina karya sastra bisa ngajawab nepi ka mana karya sastra bisa jadi eunteung masarakat sosialna. Ku kituna, sawangan sosial pangarang dina karya sastra bisa jadi tatapakan dina nganalisis karya sastra.

Aspék katilu nyaéta perkara sosiologi nu maca karya sastra. Talaah kana sawangan nu maca mangrupa tarékah pikeun ngajawab pertanyaan nepi ka mana saenyana pangaruh sosial karya sastra ka masarakat. Anu dimaksud katégori masarakat dina ieu hal, nyaéta masarakat sosial sabudeureun lingkungan karya sastra, boh masarakat awam, lingkungan akademisi, jeung kritikus sastra. Talaah kana sosiologi nu maca ogé bisa méré gambaran nu leuwih teleb, nepi ka mana ajén sosial dina karya sastra aya patalina jeung ajénsosial anu aya di masarakat.

Carpon dipilih minangka objék dina ieu panalungtikan, ku sabab carpon salah sahiji wangun karya sastra anu mindeng nyaritakeun kahirupan sosial masarakat. Henteu sakabéh carpon méré gambaran kahirupan sosial sacara gembleng, kitu ogé henteu sakabéh pangarang mampuh ngébréhkeun sawangan dunyana sacara objéktif. Kamampuh pangarang diperlukeun dina hal ngébréhkeun gagasan kréatif idéologina. Kamampuh maham kana kondisi sosial tinangtu aya di sawaréh jalma, tapi kamampuh ngébréhkeun kondisi sosial tadi kana wangun karya sastra teu loba pangarang anu tapis. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, carpon anu pilih nyaéta buku kumpulan carpon anu judulna Halimun Peuting karya Iskandarwassid.

Halimun Peuting karya Iskandarwassid kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé

(13)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kajujuran, buku kumpulan carpon Halimun Peuting kalawan jujur méré kani’matan sacara teu langsung ka nu maca dina nyalusur kahirupan. Jujur dina nyaritakeunana tur éndah dina nepikeun pesen moralna. Coleridge nétélakeun yén unggal kahirupan, sanajan euweuh hartina, saupama dicaritakeun kalawan jujur, tinangtu hasilna bakal alus (Wellek jeung Warren, 1989, kc.82).

Gambaran kondisi sosial anu nyampak dina sawatara carita pondok karya Iskandarwassid téh nimbulkeun anggapan yén pangarang boga sawangan sosialna nu hayang ditepikeun ngaliwatan karyana. Ngaliwatan adegan-adegan lahiriah jeung batiniah nu nyampak dina karyana, nu maca bisa milu ngarandapan naon anu saenyana keur kajadian di masarakat hususna masalah sosial kamasarakatan. Katapisan pangarang geus hasil mawa nu maca ka alam pamikiran anu rék ditepikeun pangarang ngaliwatan karyana. Ku kituna, pikeun maluruh nepi ka mana hubungan anu kawangun di antara pangarang jeung karyana katut masarakat sastrana, dina ieu panalungtikan, baris ditalaah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan ngagunakeun tilikan sosiologi sastra.

(14)

5

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Salian ti sawatara panalungtikan ngeunaan sosiologi sastra, panalungtikan kana buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid ogé kungsi dilaksanakeun, sanajan tina aspék anu béda, nyaéta panalungtikan anu judulna “Galur Carita dina Kumpulan Carita Pondok Nu Harayang Di Hargaan jeung Halimun Peuting pikeun dijadikeun salah sahiji Alternatif Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” (Andi Sambas, 2003); “Babandingan Palaku Utama kana Ngaréspon Latar Sosial dina Kumpulan Carpon Halimun

Peuting jeung Nu Harayang di Hargaan” (Asep Kurnia, 2003); jeung

“Kamampuh Siswa dina Ngaaprésiasi Carita Pondok Halimun Peuting: Studi Deskriptif Siswa Kelas 2.4 Pasundan 8 Bandung T.A. 2004/2005” (Ruci Sucitra, 2004).

Dina wangun eséy, Duduh Durahman dina bukuna Catetan Prosa Sunda, kungsi nulis ngeunaan Iskandarwassid, judul éséyna, “Iskandarwassid, Pangarang Bulu Taneuh”. Dina wangun panalungtikan ilmiah hususna skripsi, nu nalungtik ngeunaan aspék sosiologi dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan ngeunaan “Kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra” penting dilaksanakan pikeun ngeuyeuban dokuméntasi panalungtikan ilmiah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan dina karya sastra Sunda.

1.2. Idéntifikasi Masalah

(15)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3. Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha aspék sosiologi pangarang dina kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid?

2) Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid?

3) Kumaha aspék sosiologi nu maca kana kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku kritikus sastra?

1.4. Tujuan Panalungtikan

1.4.1. Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta nalaah aspék sosiologi sastra anu nyampak dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.

1.4.2. Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: 1) kahirupan pangarang minangka subjék anu nyiptakeun karya sastra (biografi,

prosés kréatif, jeung kahirupan interaksi sosial) dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid;

2) aspék sosial karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid;

3) hasil sawangan nu maca karya, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku kritikus sastra kana kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.

1.5. Mangpaat Panalungtikan

1.5.1. Mangpaat Tioritis

(16)

7

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

matalikeun karya jeung aspék saluareunana (ékstrinsik). Ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa ngeuyeuban panalungtikan ngeunaan kasusastraan Sunda.

1.5.2. Mangpaat Praktis

Mangpaat dina ieu panalungtikan, dipiharep:

1) pikeun kamekaran élmu, bisa jadi sumber référénsi keur mahasiswa basa jeung sastra, jeung akademisi sastra dina nalungtik sastra Sunda;

2) pikeun lembaga kasundaan, bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi dina kamekaran sastra Sunda;

3) pikeun anu nalungtik, bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan;

4) pikeun masarakat, bisa nyangking gambaran prosés genesis gelarna karya sastra anu dihasilkeun ku pangarang, katut patalina jeung kahirupan sosial masarakat sastra.

1.6. Raraga Tulisan

(17)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan

3.1.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa léngkah ilmiah pikeun nyangking data kalawan tujuan jeung mangpaat anu tangtu (Sugiyono, 2008, kc. 2). Dina panalungtikan anu sipatna ilmiah, rasional, empiris, tur ngéntép seureuh, diperlukeun métode anu luyu jeung kabutuhan panalungtikan. Pamadegan Sugiyono luyu jeung Ratna (2013, kc. 34) nu nétélakeun, yén métode mangrupa cara atawa stratégi pikeun maham réalitas. Fungsi métode nyaéta ngabasajankeun pasualan anu keur disanghareupan ku panalungtik. Rupa-rupa métode diterapkeun dina panalungtikan, gumantung kana udagan anu hayang dihontal.

Sacara umum, métode panalungtikan diwincik jadi dua rupa, nyaéta métode panalungtikan kuantitatif jeung métode panalungtikan kualitatif. Panalungtikan sastra anu objékna ngawengku karya, pangarang, jeung nu maca karya, kaasup objék panalungtikan humaniora anu merlukeun interprétasi maksud (ma’na). Ku kituna métode kualitatif luyu diterapkeun kana panalungtikan sastra (Semi, 2012, kc. 31). Panalungtikan kualitatif sipatna leuwih déskriptif, sabab data anu dipaké tur dianalisis mangrupa gambaran kekecapan lain saukur angka nominal. Pikeun nyangking maksud jeung pamahaman tina hiji karya anu ditalungtik, prosés dina ngagambarkeun data pikeun dianalisis téh kawilang pentingna. Udagan utama anu hayang dihontal, nyaéta nyangking pamahaman tina karya anu sagemblengna.

(18)

26

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pamahaman anu sagemblengna. Sacara teknis, léngkah awal anu dilaksanakeun nyaéta ngadéskripsikeun data, laju manggihan unsur-unsurna pikeun dianalisis.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Aya sawatara léngkah anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan, nyaéta: tatahar, ngumpulkeun data, nganalisis data, nyieun kacindekan, jeung nyusun laporan panalungtikan. Léngkah panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.2 Téhnik Panalungtikan

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpukeun data mangrupa léngkah anu paling stratégis dina panalungtikan, lantaran udagan tina panalungtikan nyaéta meunangkeun data atawa informasi (Sugiyono, 2008, kc. 224). Téhnik ngumpukeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan, di antarana téhnik wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dilaksanakeun pikeun nyangking data ti réspondén sacara teleb. Studi dokuméntasi dipaké pikeun ngalengkepan data jeung informasi anu diperlukeun, saperti tina sumber pustaka atawa catatan-catatan leutik.

3.2.2 Instrumén Panalungtikan

Tatahar panalungtikan

Ngumpulkeun data

Nganalisis data

Nyieun kacindekan

(19)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina panalungtikan kualitatif, panalungtik téh bisa jadi instrumen (human instrument), fungsina pikeun nangtukeun puseur panalungitkan, nangtukeun

informan minangka sumber data, ngalaksanakeun tahap ngumpulkeun data, ngajén kualitas data, nganalisis data, laju méré interprétasi jeung nyieun kacindekan (Sugiyono, 2008, kc. 222). Instrumén panalungtikan kudu ngawujud, sabab mangrupa alat anu mantuan dina prosés meunangkeun data jeung informasi. Ku kituna, dina ieu panalungtikan instrumen anu dipaké nyaéta pedoman wawancara jeung kartu data. Wawancara sacara teleb (in dept interview) perlu dilaksanakeun sangkan panalungtik bisa nyangking informasi atawa data anu diperlukeun pikeun maham sacara gembleng pasualan anu keur disanghareupan dina panalungtikan, sedengkeun kartu data digunakeun pikeun dijadikeun pedoman analisis data nu kapanggih tina téks sumber data. Kartu data anu digunakeun dina ieu panalungtikan digambarkeun dina tabél ieu di handap.

Tabel 3.1

Conto Kartu Data

3.2.3 Téhnik Nganalisis Data

Nasution (dina Sugiyono, 2008, kc. 245) nétélakeun yén dina panalungtikan kualitatif, tahap nganalisis data dimimitian ti saprak ngarumuskeun jeung ngajéntrékeun masalah, saméméh turun ka lapangan, laju nepi ka lumangsungna panalungtikan. Tahap nganalisis data, dina ieu panalungtikan diruntut dina sawatara léngkah ieu di handap:

a) tahap awal aprésiasi sastra, nyaéta maca karya sastrana pikeun nyangking puseur pasualan dina panalungtikan (konsep sentral);

Judul Carpon

No. Aspék Sosial Sempalan Carita Kaca

(20)

28

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) léngkah satuluyna nyaéta milih sawatara carpon dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting anu dianggap ngawakilan konsep sentral anu geus kapanggih

saméméhna. Dina ieu panalungtikan, konsep sentral anu dimaksud nyaéta carpon anu miboga téma-téma sosial kamasarakatan;

c) nganalisis sawatara carpon anu geus dipilih dumasar kana tiori kajian sosiologi sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung saluareun karya sastra;

d) Nganalisis sakabéh data anu kapanggih tina data pangarang, karya sastra, jeung nu maca karya minangka hasil analisis sosiologi sastra sagemblengna; jeung e) méré interpretasi, gambaran anu gembleng, jeung kacindekan sabada réngséna

tahap analisis data.

3.3 Wangenan Operasional

Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap.

a) Sosiologi sastra mangrupa pamarekan anu museurkeun talaahna pikeun ngaguar ayana hubungan antara pangarang, karya, jeung masarakat. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, aspék kapangarangan jeung aspék kamasarakatan jadi sumber utama dina maham sagemblengna tina maksud karya sastra. Nalaah nepi ka mana pangarang kapangaruhan ku kalungguhanana (status sosial), lingkungan masarakat sosialna, jeung idéologina. Tina karya sastra bisa katitén rupa-rupa perkara anu nyoko kana tilu faktor: sélér bangsa pangarang, lingkunganana, jeung hirupna dina mangsa sajarah.

(21)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kumpulan carpon anu méh sakabéh jejer caritana mangrupa jejer-jejer sosial kamasarakatan.

c) Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd., nyaéta pangarang Sunda anu lahir di Cimahi 10 Mei 1939. Satamatna ti Sarjana Muda Bahasa dan Sastera Indonesia IKIP Bandung taun 1964, nuluykeun sakola ka Jurusan Bahasa dan Sastera Indonesia IKIP Bandung, lulus taun 1973. Mimiti taun 1978, jadi dosén di almamaterna. Kiwari jadi guru besar di UPI Bandung. Iskandarwassid, ngilu aktif ilubiung dina sawatara panalungtikan, saperti panalungtikan ngeunaan Yuhana. Kungsi sababaraha kali nyangking hadiah sastra Manglé. Dina taun 1992 nyusun Kamus Istilah Sastra. Buku kumpulan carponna Halimun Peuting anu medal taun 1989, kungsi dilélér hadiah Sastra Rancagé dina taun

1990. Pikeun jasana dina ngamumulé budaya Sunda, dina taun 2012, Iskandarwassid kasinugrahan Anugrah Budaya Kota Bandung ti Walikota Bandung, Dada Rosada, di widang sastra.

3.4 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan, nyaéta buku kumpulan carita pondok Halimun Peuting karya Iskandarwassid. Buku kumpulan carpon Halimun Peuting

ngamuat lima welas carita pondok nu méh sakabéhna ngandung unsur sosial kamasarakatan. Tapi sok sanajan kitu, pikeun kabutuhan panalungtikan, ukur dipilih sawatara carpon anu dianggap ngawakilan jejer sosial kamasarakatan, nu ngawengku jejer sosial politik, ekonomi, budaya, jeung relijiusitas (kaagamaan).

Sumber data séjénna, nyaéta data jeung infromasi anu dipaluruh ti individu, hususna masarakat nu maca karya sastra. Kritéria individu anu diperlukeun nyaéta anu boga interprétasi jeung pamahaman ngeunaan ajén karya sastra. Dina ieu panalungtikan individu anu dimaksud nyaéta kritikus sastra. Sumbér séjénna nyaéta tina catetan-catetan dokumén anu bisa méré tur ngalengkepan data jeung informasi panalungtikan.

(22)

30

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Buku kumpulan carita pondok Halimun Peuting mangrupa buku sastra munggaran Iskandarwassid. Ieu buku kungsi dicitak ulang dua kali. Citakan munggaran diterbitkeun ku Rahmat Cijulang dina taun 1989, citakan kadua masih diterbitkeun ku Rahmat Cijulang dina taun 1993, sedengkeun citakan katiluna diterbitkeun ku Girimukti Pasaka kalawan révisi dina taun 2011, didistribusikeun ku Kiblat Buku Utama. Buku anu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa citakan anu panganyarna, citakan katilu. Buku kumpulan carpon Halimun Peuting kandelna 185 kaca, kaaasup panganteur ti nu medalkeun jeung riwayat singget pangarangna. Carpon-carpon Iskandarwassid anu dimuat dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting, mangrupa carita-carita pondok Iskandarwassid anu dimuat dina sawatara kalawarta Sunda ti mimiti taun 1959, di antarana kalawarta Sipatahoenan jeung Manglé.

Buku kumpulan carpon Halimun Peuting ngamuat lima welas carita pondok,

nyaéta: (1) “Panto Tajug”, (2) “Kembang Tanjung”, (3) “Cikapundung Nunjang

Ngidul”, (4) “Tapak Jasa na Dadana”, (5) “Sripanggung”, saméméh révisi ieu

carpon dijudulan “Sripanggung Dogér Karawang”, (6) “Méga Mendung”, (7) “Badori”, (8) “Tanah Waris”, (9) “Hujan Panyawahan”, (10) “Halimun Peuting”, (11) “Surat keur Bapa”, (12) “Tunggul Rahayu”, (13) “Sintung Kalapa”, (14)

“Munara”, jeung (15) “Eling-Eling”.

Gambar 3.1

Cover Buku Kumpulan Carpon Halimun Peuting

(23)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Carpon-carpon Iskandarwassid ogé kungsi dimuat dina sawatara buku kumpulan carpon, di antarana saperti anu digambarkeun dina tabél ieu di handap.

Tabel 3.2

Daftar Buku Antologi Carpon

Karya Iskandarwassid anu sumebar di media citak kungsi dimuat dina sawatara buku kumpulan carpon para pangarang Sunda. Saméméh dibukukeun dina kumpulan carpon Halimun Peuting taun 1989, aya sababaraha carpon Iskandarwassid nu dimuat dina dua buku kumpulan carpon, nyaéta Kanjut Kundang: Prosa jeung Puisi Sunda Sabada Perang jeung Sawidak Carita

Pondok, sedengkeun sabada dibukukeun, aya ogé sawatara carpon Iskandarwassid

anu dimuat dina buku kumpulan carpon Kanagan: Carpon Pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana jeung buku Lir Cahya Nyorot Eunteung. Dimuatna karya

(24)

32

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4.2 Jejer Sosial Kamasarakatan dina Carpon Iskandarwassid

Buku kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid ngamuat

lima welas carita pondok, méh sakabéh jejer dina carita pondokna ngandung unsur sosial kamasarakatan. Unsur sosial kamasarakatan anu dimaksud, nyaéta nu ngawengku jejer sosial politik, ekonomi, budaya, jeung relijiusitas (kaagamaan).

Carpon Iskandarwassid dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting anu kagolongkeun ngandung unsur jejer sosial politik nyaéta carpon anu dijudulan: (1) “Panto Tajug”, nu nyaritakeun kondisi masarakat Jawa Barat dina situasi politik jaman gorombolan DI TII; (2) “Kembang Tanjung”, anu nyaritakeun kondisi politik di Indonesia nalika nyanghareupan peristiwa Pembebasan Irian Barat; (3)

“Tapak Jasa Na Dadana”, nu sarua nyaritakeun peristiwa Pembebasan Irian Barat.

Carpon Iskandarwassid séjénna dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting anu kagolongkeun ngandung unsur jejer sosial ekonomi masarakat, sacara husus ekonomi masarakat golongan handap, nyaéta carpon anu dijudulan: (1) “Sripanggung”, nu nyaritakeun kahirupan masarakat Karawang nu balangsak alatan kondisi pasawahan di lemburna teu daék ngahasilkeun; (2) “Cikapundung Nunjang Ngidul”, anu nyaritakeun kahirupan kulawarga nu miskin; (3) “Badori”, nu nyaritakeun kahirupan tukang kuli panggul di pakotaan; (4) “Surat keur Bapa”, nu nyaritakeun kahirupan budak anu ditinggalkeun maot ku bapana.

Carpon Iskandarwassid dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting anu kagolongkeun ngandung unsur jejer sosial ekonomi katut budaya dina kahirupan masarakat, sacara husus masarakat golongan handap, nyaéta carpon anu dijudulan: (1) “Tanah Waris”, nyaritakeun pacengkadan tanah waris kulawarga; (2) “Hujan

Panyawahan”, nu nyaritakeun kahirupan kulawarga nu ngandelkeun pangupa jiwa

(25)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pamungkas, carpon Iskandarwassid dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting anu kagolongkeun ngandung unsur relijiusitas atawa kaagamaan, nyaéta carpon anu dijudulan: (1) “Munara”, anu nyaritakeun kahirupan hiji kulawarga anu miboga sikep nu hadé dina nyanghareupan sagala rupa cocoba ti Alloh SWT;

(2) Tunggul Rahayu”, nyaritakeun kahirupan hiji pamuda desa nu basajan tur

nyaah ka indungna, sikep hirup ieu pamuda mangrupa eunteung tina ajaran agama Islam anu kungsi diajarkeun ku Indung Bapana (3) “Éling-Éling”, anu nayritakeun kahirupan saurang manusa anu ngalenyepan kahirupanana nalika nyanghareupan kondisi anu teu dipikahayang, tungtungna mah sakabéh hal ogé kudu dipasrahkeun ka Nu Maha Kawasa.

Sabada dipedar unsur jejer anu aya dina liwa welas carpon Iskandarwassid dina buku kumpulan carpon Halimun Peuting, pikeun kabutuhan panalungtikan, ukur dipilih genep carpon anu baris ditalaah sacara leuwih teleb. Carpon anu dipilih jadi subjek panalungtikan dianggap ngawakilan sawatara jejer sosial kamasarakatan anu ngawengku unsur jejer sosial politik, ekonomi, budaya, jeung relijiusitas (kaagamaan). Genep carpon anu dipilih di antarana: (1) “Panto Tajug” anu ngawakilan jejer sosial politik; (2) “Sripanggung”, (3) “Badori”, jeung (4)

“Surat keur Bapa” anu ngawakilan jejer sosial ekonomi; (5) “Tanah Waris”, nu

ngawakilan jejer sosial ekonomi budaya anu ilahar di masarakat; (6) “Tunggul

Rahayu”, anu ngawakilan jejer relijiusitas (kaagamaan), kagambar kumaha

sakuduna manusa miboga sifat silih asah, silih asih, jeung silih asuh, tatapakan budaya Sunda nu teu bisa raket patalina jeung ajaran Islam anu saenyana. Ku kituna, genep carpon anu baris ditalaah nyaéta: “Panto Tajug”, “Sripanggung”, “Badori”, “Tanah Waris”, “Surat keur Bapa”, jeung “Tunggul Rahayu”.

3.4.3 Ringkesan Carita Kumpulan Carpon Halimun Peuting

Ieu di handap ditataan ringkesan carita genep carpon anu baris ditalaah, nu

(26)

34

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a) Carpon “Panto Tajug” nyaritakeun ngeunaan tokoh Karya nu basa balik ka

lemburna di Cikandé, manggihan aki jeung ninina, kudu ngalaman digalaksak ku gorombolan. Cacak lamun Karya teu disumputkeun ku akina di tajug mah, moal geus maot dipaéhan ku gorombolan.

b) Carpon “Sripanggung” nyaritakeun kahirupan rombongan dogér Karawang

anu manggung ti hiji désa ka désa séjén. Kahirupan nu leuwih karasa balangsakna tibatan bagjana mah. Sripanggungna, Ceu Awang, jeung adina kapaksa ngilu aleut-aleutan néangan kipayah, ninggalkeun lembur anu keur meujeuhna usum pacéklik.

c) Carpon “Badori” nyaritakeun ngeunaan kahirupan kuli panggul di pakotaan.

Gambaran Badori, kuli panggul anu bedas tanagana, teu loba cacarita, tur tara loba paménta. Hirupna ukur dilakonan ku sabar jeung narima sakumaha ayana. Tara ngilu riweuh ku omongan batur anu sakapeung mah teu matak ngeunah kadéngéna.

d) Carpon “Tanah Waris” nyaritakeun perkara tanah waris titinggal bapa anu

kapaksa kudu digadékeun pikeun minuhan kabutuhan sapopoé. Kahayang mah sawah titinggal bapa téh tong nepi ka dijual ka batur, sasat ngan éta kaboga téh. Tapi ku alatan kabutuhan hirup anu teu weléh kacumponan, atuh kapaksa sawah titinggal bapa téh kudu dipibanda ku batur.

e) Carpon “Surat keur Bapa” nyaritakeun kahirupan hiji budak anu hirup di

kulawarga teu mampuh. Budak anu ngalaman kasusah boh lahir boh batin ti leuleutik kénéh. Budak anu boga niat hayang eureun sakola ku sabab geus teu mampuh mayar biayana. Budak anu satia marengan bapana dina nandang kasusah hirup, nepi ka ahirna mah manéhna kudu ditinggalkeun maot ku bapana.

f) Carpon “Tunggul Rahayu” nyaritakeun ngeunaan kahirupan jalma leutik di

hiji kampung. Tokoh “kuring”, jalma anu daék digawé suhud pikeun ngabiayaan hirupna jeung hirup indungna nu keur ngalaman kasakit. Tokoh

“kuring” panggih jeung Ceu Mila, randa anu boga anak hiji, sarua pada-pada

(27)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

PANUTUP

5.1 Kacindekan

Buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid nu kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina taun 1990, dianggap geus hasil ngagambarkeun kahirupan sosial masarakat anu anteb tur mundel. Pikeun ngabuktikeun éta pamadegan, ieu panalungtikan anu dijudulan “Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra” dilaksanakeun. Tilikan sosiologi sastra mangrupa élmu multidisiplinér anu matalikeun antara élmu sosiologi jeung élmu sastra, nyawang karya sastra ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra. Aspék talaah sosiologi sastra museur kana tilu aspék talaah, nyaéta sosiologi pangarang, sosiologi karya, jeung sosiologi pamaca karya. Dumasar kana tatapakan anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan museur kana tilu aspék talaah, nyaéta: (1) aspék sosiologi pangarang nu ngawéngku data riwayat hirup, prosés kréatif, jeung gambaran kahirupan interaksi sosialna; (2) aspék sosiologi karya, nyaéta nganalisis aspék sosial dina karya sastra; (3) aspék sosiologi pamaca karya, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku masarakat ahli, nyaéta kritikus sastra, pikeun nyangking gambaran maksud tina hiji karya tur kumaha pangaruhna dina kahirupan nyata.

(28)

94

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngawakilan jejer sosial kamasarakatan, anu jadi puseur paniténan dina panalungtikan sosiologi sastra.

Tina hasil panalungtikan sosiologi pangarang, Iskandarwassid nu lahir tanggal 10 Méi 1939, mimiti nulis carpon ti taun 1959, hartina karirna minangka pangarang Sunda dimimitian ti awal taun 60-an. Ti saprak asup SGA, babarengan jeung babaturanana, Min Resmana jeung Oji Setiadji, Iskandarwassid mimiti ngawarnaan hasanah kasusastraan Sunda ku karya-karya réalisna. Inyana kaasup salasahiji pangarang Sunda anu kritis dina nengetan kahirupan masarakat leutik. Demi anu jadi kasang tukang Iskandarwassid resep nyaritakeun kahirupan jalma leutik dina carpon-carponna téh, ku sabab ukur kahirupan masarakat leutik anu salila ieu aya dina titingalianana jeung dédéngéanana. Puseur paniténan Iskandarwassid kawatesanan ku hal-hal anu mindeng kaalaman ku masarakat leutik. Kahirupan kaum marginal anu mindeng dipopohokeun tur disapirakeun téh ku Iskandarwassid mah dijadikeun jejer utama dina carita-carita pondok anu diciptakeunana. Pajurawetna pangrasa hiji jalma anu katideresa jeung katalangsara digambarkeun sacara jéntré, teleb, sakumaha ayana. Iskandarwassid boga panon anu masih kénéh bisa nengetan kahirupan batur tur nurani anu masih kénéh seukeut ku pangrasa. Ketak pangarang dina nulis carita alatan ku hayang nyarita papada kaula éstu mangrupa tanggung jawab sosialna minangka individu anu hirup di masarakat

(29)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kapangaruhan ku peristiwa ceuyahna gorombolan, atawa carponna “Kembang Tanjung” jeung “Tapak Jasa na Dadana”, nu nyaritakeun peristiwa politik Pembebasan Irian Barat. Tina hasil analisis genep carpon karya Iskandarwassid,

bisa dicindekkeun, yén karya-karya sastra Iskandarwassid ngawakilan golongan masarakat anu tangtu, nyaéta masarakat leutik anu katideresa.

Carpon-carpon Iskandarwassid mangrupa karya anu réalis, nyaritakeun kahirupan anu basajan tur ilahar kajadian sapopoé. Kabasajanan Iskandarwassid dina ngébréhkeun gagasanana sual kahirupan masarakat leutik dina wangun carita, anu justru ngabalukarkeun carponna gampang dipikaharti, teu ukur tepi ka uteuk, tapi tuluy asup kana lelembutan. Hal ieu luyu jeung sawatara pamadegan para kritikus sastra Sunda, anu dina ieu panalungtikan dipaluruh sawanganana ngeunaan ajén karya Iskandarwassid. Opat kritikus sastra Sunda anu dipilih nyaéta, Ajip Rosidi, Duduh Durahman, Teddi Muhtadin, jeung Agus Suherman. Hasil sawangan para kritikus satuluyna museur kana hiji pamadegan, nyaéta karya Iskandarwassid mangrupa karya réalis anu caritana basajan tur mundel. Katapisan Iskandarwassid dina ngagambarkeun unggal pasualan anu disanghareupan ku masarakat leutik kalawan anteb tur gemet, geus hasil nimbulkeun dampak positif ka nu maca, sabab nu maca, nu dina ieu panalungtikan diwakilan ku para kritikus sastra, bisa nyangking gambaran kahirupan masarakat nu mangrupa eunteung tina kahirupan masarakat anu nyata.

5.2 Saran

Sabada panalungtikan aspék sosiologi sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid dilaksanakeun, panalungtik ngarékoméndasikeun

sawatara hal anu dianggap perlu ditepikeun, nyaéta:

1) pikeun masarakat awam sacara umum, buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid, dirékoméndasikeun pikeun dibaca jeung

diaprésiasi, ku sabab tina hasil panalungtikan bisa katitén yén ieu karya téh miboga ajén moral anu luhung;

(30)

96

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sosiologi sastra bisa ngaguar fakta-fakta anu penting, nu diperlukeun dina maham karya sastra sacara gembleng;

(31)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Abdillah, A.A. (2012). Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang di Hargaan karya Darpan. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

Andriansyah, A. (2009). Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel

(Sandékala jeung Déng) Karangan Godi Suwarna. JPBD FPBS UPI: teu

diterbitkeun.

Santoso, M.H.B. (2013). Darul Islam, Pemberontakan di Jawa Barat. Bandung: Pustaka Jaya.

Damono, S.D. (1979). Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Departemen Pendidikan Nasional (2008). Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa.

Djajasudarma, F., Gunardi, G. jeung Sobarna, C. (2010). Kamus Indonesia – Sunda, Sunda – Indonesia. Bandung: Alumni

Durahman, D. (1984). Catetan Prosa Sunda; Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid Sakola. Bandung: Medal Agung.

Ekadjati, E.S. spk. (1994/1995). Empat Sastrawan Sunda Lama. Jakarta: Depdikbud

Faruk (2010). Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Hadimadja, A. K. (1972). Aliran-Aliran Klasik, Romantik dan Realisma. Bandung: Pustaka Jaya

Iskandarwassid (1996a). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten

(32)

98

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Isnendes, R. (2000a). Piteuk Tongo Walangtaga [Online] dina alamat web:

https://chyeretty.wordpress.com/esai-budaya-sastra-sunda/piteuk-tongo-walangtaga/, [diakses tanggal 14 Desember 2014]

Isnendes, R. (2007b). Teori Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Isnendes, R. (2013c). Analisis Tugas Menulis Kritik Sastra Sunda dalam Mata Kuliah Kritik Sastra di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

Tahun Akademik 2013/201. Vol. 13 No.2. Jurnal Bahasa, Sastra dan

Pengajarannya.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. (2008). Bandung: Sonagar Press.

Karsana, A. & Isnendes, R. (2008). Lir Cahya Nyorot Eunteung. Bandung: Sonagar Press.

Kartini, T. spk. (1977/1978). Pengarang Yuhana. Bandung: Depdikbud

Kartini, T. (1979). Daeng Kanduruan Ardiwinata; Sastrawan Sunda. Jakarta: Depdikbud.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Kurnia, A. (2009). Pengarang Sunda dan Peristiwa Politik. Essey

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (1985). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Lugina, Pérspéktif Biografis kana Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

Majalah Manglé No. 2285, 19-25 Agustus 2010 (Hadi AKS: Ulin ka Sungai Ula) Manglé Online (2014). Pangalaman Assep Yusuf: Ti Lamping Gunung

Galunggung ka Sisi Walungan Musi [Online] dina alamat web:

http://mangle-online.com/pidangan/perelean-1369019542.html [Diakses

tanggal 15 Oktober 2014].

(33)

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pascasarjana Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, Universitas Suryakanca (2012). Prof. Iskandarwassid, Raih Anugrah Budaya Kota Bandung Tahun 2012[Online]

http://s2pbsiunsurcianjur.ac.id/component/content/article/17-

headline/165-prof-iskandarwassid-raih-anugerah-budaya-kota-bandung-2012.html [Diakses tanggal 15 Oktober 2014].

Pradopo, R.J. (2012). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogya: Pustaka Pelajar.

Permana, R. (2004). Aspek Sosiologi Sastra dalam Karya Ajip Rosidi. Pascasarjana UPI: teu diterbitkeun.

Ratna, N.K. (2013a). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogjakarta: Pustaka Utama

Ratna, N.K. (2013b). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A. (2000a). Ensiklopedi Sunda: Alam Manusia, dan Budaya, Termasuk

Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, A. (2003b). Apa Siapa Orang Sunda. Bandung: Kiblat.

Rosidi, A. (2009c). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat Rosidi, A. (2013d). Mengenal Kesusasteraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya Rosidi, A. jeung Sutiasumarga, R. (2013). Kanjut Kundang: Prosa jeung Puisi

Sunda Sabada Perang. Bandung: Kiblat

Ruhaliah (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.

Rusyana, Y. (1978). Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Gunung Larang

Semi, A. (2012a). Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa Semi, A. (2013b). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Seri Sundalana No.11 Tahun 2012. Aspek Visual Budaya Sunda. Bandung: Pusat Studi Sunda.

Stanton, R. (2007). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogjakarta: Pustaka Pelajar Sugihastuti (2011). Teori Apresiasi Sastra. Yogjakarta: Pustaka Pelajar.

(34)

100

Nursolihah, 2014

Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Surat Kabar Harian Tribun Jabar, 2009. (Atep Kurnia: Pengarang Sunda dan

Peristiwa Politik).

Tamsyah, B.R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda: Pikeun Siswa SD, SLTP, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia

Tim Penyusun Penulisan Karya Ilmiah (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Warsa. (2013). Kolom Basa Sunda: Gorombolan di Balandongan [Online] dina alamat web:

http://m.kompasiana.com/post/read/5611055/2/kolom-basa-sunda-gorombolan-di-balandongan.html [Diakses tanggal 15 Oktober

2014].

Wellek, R. jeung Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Yudibrata, K., spk. (2006). Undang-Undang Dasar Nagara Republik Indonésia Taun 1945: Tarjamahan Teu Resmi. Jakarta: Sekretariat Jenderal

Kepaniteraan Mahkamah Konstitusi Republik Indonesia.

tanpa nama .(2013). Pengertian Lembaga Sosial [Online] dina alamat web:

Gambar

Tabel 3.1 Conto Kartu Data
Cover Buku Kumpulan Carpon Gambar 3.1 Halimun Peuting
Tabel 3.2 Daftar Buku Antologi Carpon

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar téknik panalungtikan anu dipaké, instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta wangun tés tinulis. Tés anu dijieun dina wangun soal unjuk kerja ditepikeun saméméh

Dumasar kana masalah jeung tujuan nu rék dihontal, ieu pedaran téh eusina mangrupa analisis kana struktur caritaan novél Masyitoh, anu ngawengku téma, para palaku,

Strukturalisme génétik minangka cabang ulikan sosiologi sastra anu nekenkeun kana karya sastra sarta hubunganana jeung pangarang ogé kasang tukang sosial pangarangna

Dumasar kana kasang tukang sakumaha nu diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana, tangtu perlu diwatesanan. Kasenian bénjang mangrupa salah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan bisa diidéntifikasikeun jadi sababaraha masalah nu patalina jeung a) perluna mekarkeun kréativitas guru dina

Sangkan museur kana masalah anu baris ditalungtik, ieu tésis téh diwatesanan kana perkara kasenian anu hirup di masarakat, bahasan utama dina ieu panalungtikan nyaéta

Maca carita fiksi mikabutuh interpretasi anu luhur sangkan bisa narima naon-naon anu rék ditepikeun ku pangarang dina éta carita (Stanton, 2007, kc. Pamikiran salah sahiji

nyaéta frasa anu distribusina sarua jeung unsur puseurna anu mangrupa kecap pagawéan (KG) atawa vérba. Dumasar kana patali harti antar unsurna, frasa pagawéan téh