Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1
BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Pikeun nedunan kahayang, kereteg, jeung hasratna dina perkara kahirupanana, manusa ngagelarkeun rupaning kasenian. Nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 165), kasenian téh kaasup kana salasahiji tujuh unsur kabudayaan (religi sistem
kapercayaan), sistem kamasarakatan, élmu pangaweruh, basa, kasenian, sistem
pakasaban jeung téhnologi. Éta tujuh unsur kabudayaan téh ngajanggélék dina tilu
wujud kabudayaan nu ngawengku sistem budaya (ideas), sitem sosial (activities),
jeung unsur-unsur kabudayaan fisik (artefak).
Sakabéh unsur kabudayaan boh dina sistem religi boh dina kasenian pasti miboga ajén anu bisa dijadikeun cecekelan atawa pieunteungeun pikeun ngalakonan kahirupan. Ajén nya éta salah sahiji hal anu dijadikeun tatapakan pikeun nangtukeun hal anu dianggap bener atawa salah, hadé atawa goréng, jeung sajabana. Dina enas-enasna mah sakabéh ajén nyoko kana agama jeung budaya anu aya. Ku kituna, unggal kasenian bisa ditalungtik tina jihad kasopanan (ajén moral), kaéndahan (ajén éstetika) jeung ajén-inajén séjénna, asal teu méngpar tina aturan agama jeung tradisi anu aya.
Kasenian téh bisa dibagi kana dua wanda, nya éta tradisional jeung modérn. Kasenian tradisional biasana dirojong ku masarakat anu masih kénéh ngukuhan kana hukum adat. Dina kasenian tradisional biasana aya katangtuan boh sacara lisan boh tinulis nu kudu dikeukeuhan ku masarakat nu ngarojongna. Kasenian modérn biasana dibarengan ku masarakat anu mibanda pola pikir kontémporér. Cirina taya lian ngahargaan kana ayana parobahan.
Patalina jeung kasenian tradisional, Umar Khayam dina Herlinawati (2010, kc. 731) nétélakeun yén aya opat ciri anu mandiri tina kasenian tradisional, di antarana: (1) kawatesanan ku lingkungan masarakat anu ngarojongna, (2) gambaran tina kabudayaan anu mekarna telat, (3) henteu kawatesanan ku pola spésialisasi, jeung (4) lain hasil karya individu, tapi digelarkeunana dumasar koléktivitas masarakat nu ngarojongna.
Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
téh kacatet kurang leuwih aya 243. Tina jumlah sakitu, 40 kasenian di Jawa Barat dianggap geus carem lantaran inohong-inohong kasenianana geus maot, teu
ditaranggap deui ku masarakat, jeung kasilih ku kasenian kontémporér (Pikiran
Rakyat, 23 Pébruari 2012).
Salasahiji kasenian tradisional di Jawa Barat anu nepi ka kiwari masih kénéh hirup nya éta bénjang. Kasenian bénjang téh mangrupa salah sahiji bentuk kasenian Jawa Barat anu hirup di daérah suku Gunung Manglayang, hususna di daérah Kacamatan Ujungberung, Cibolérang jeung Cinunuk, Kabupatén Bandung. Bénjang geus dipikawanoh ti mimiti taun 1820. Tokoh bénjang nu kawéntar harita nya éta H. Hayat atawa katelahna Anom Haji. Kecap bénjang asalna tina kecap “ambén” jeung “bujang”. Kecap “ambén” tina bahasa Jawa hartina balé nu dijieun tina awi, jadi bénjang téh mangrupa kaulinan bujang dina wangun béla diri, nu dilakukeunna dina abén atawa balé (Widjaya, 2013, kc 19). Teu kapaluruh sacara pasti saha nu mimiti méré ngaran ieu kasenian. Bénjang mangrupa hiji seni béla diri anu mibanda gerakan olah raga siga gulat.
Kadieunakeun kasenian bénjang ngalaman parobahan fungsi. Masarakat lain saukur ngajadikeun bénjang minangka seni béla diri, tapi geus diwuwuhan ku hal-hal anu sipatna hiburan. Kasenian bénjang nu kapanggih kiwari diwangun ku tilu pintonan, nya éta bénjang helaran, topéng bénjang, jeung bénjang gelut. Bénjang helaran nya éta wangun seni arak-arakan pikeun ngarak budak sunatan, ieu seni nyoko kana budaya Islam. Topéng bénjang mangrupa tari topéng anu dipagelarkeun sabada pintonan bénjang arak arakan. Bénjang Gelut nya éta seni bela diri jiga gulat yudo jeung pencak silat.
Patalina jeung kasenian bénjang di daérah Ujung Berung aya sababaraha paguron seni benjang, salah sahijina nya éta paguron seni Benjang Lingga Buana. Ieu paguron téh aya di kampung Pasir Luhur RT 01/RW 04 Désa Cipanjalu, Kacamatan Ciléngkrang, Kabupatén Bandung. Paguron Bénjang Lingga Buana mimiti ngadeg taun 2009, nu mingpinna Bapa Aséng.
Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
daérah bisa kajadian lamun masarakatna geus teu boga rasa reueus kana budayana sorangan.
Ayana mordénisasi jeung parobahan-parobahan sosial di masarakat,
ngabalukarkeun bénjang kurang dipikawanoh sacara teleb ku masarakat, hususna
para rumaja. Pikeun ngawanohkeun deui ieu kasenian perlu ayana bahan bacaan, sangkan masarakat bisa neuleuman jeung ngaaprésiasi ieu kasenian. Ku kituna, ieu panalungtikan dipatalikeun jeung pangajaran maca artikel ngeunaan pedaran kasenian bénjang di Paguron Seni Benjang Lingga Buana.
Lian ti ngawanohkeun kasenian bénjang, ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa ngarobah sikep para rumaja kana karep jeung kahayang nu leuwih hadé, sarta numuwuhkeun rasa reueus kana kasenian bénjang. Pangajaran
ngeunaan kasenian bénjang dipiharep lain saukur méré pangaweruh (kognitif), tapi
ogé bisa numuwuhkeun sikep (apektif) sarta kaparigelan (psikomotor).
Geus aya sababaraha panalungtikan anu ngaguar ngeunaan bénjang jeung
ngeunaan ajén-ajén nu nyampak dina kasenian, di antarana: ”Kandaga Kecap dina
Kasenian Bénjang di Désa Ciporéat Kacamatan Cilengkrang Kabupatén Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” (Intan Nurhasanah (2011)); “Ajén inajén Kasenian Burok di Desa Pabedilan Wétan Kacamatan Pabedilan Kabupatén Cirebon pikeun Bahan Pangajaran di SMP (Nur Aisah (2010)); ”Ajén Budaya dina Kasenian Dur Ong di Désa Cikalong Wétan Kab Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA kelas XII” (Novi Destia (2015)); ” Nilai Budaya Sunda dalam Kasenian Gaok di Désa Kulur Kabupatén Majaléngka pikeun Pangajaran Maca di SMA Kelas XII “ (Ida Aridah (2013)).
Luyu jeung pedaran di luhur dina ieu panalungtikan téh didéskripsikeun kumaha asal-usul jeung kamekaran bénjang, kumaha pintonanna, ajén seni naon
waé nu nyampak dina kasenian bénjang sarta luyu henteuna dijadikeun bahan
panggajaran di sakola. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Seni dina
Kasenian Bénjang Paguron Seni Bénjang Lingga Buana pikeun Bahan Pangajaran
Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang sakumaha nu diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana, tangtu perlu diwatesanan. Kasenian bénjang mangrupa salah sahiji kasenian anu kudu dimumulé salaku warisan kabudayaan ti karuhun. Dina kasenian bénjang ngandung ajén-inajén anu bisa dijadikeun cecekelan pikeun kahirupan, di antarana ajén réligi, ajén éstetika, ajén moral, jst. Sangkan teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan diwatesanan, ngan saukur ngaguar ngeunaan ajén seni anu nyampak dina kasenian bénjang, satra mangpaatna pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII. Wincikna masalah ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap.
1) Kumaha sajarah kamekaran paguron Seni Bénjang Lingga Buana?
2) Kumaha prak-prakan kasenian bénjang di paguron Seni Bénjang Lingga
Buana?
3) Ajén seni naon waé nu nyampak dina kasenian bénjang paguron Seni Bénjang
Lingga Buana?
4) Kumaha larapna kasenian bénjang dijadikeun bahan pangajaran maca artikel
di SMA kelas XII?
1.3Tujuan Panalungtikan
Unggal panalungtikan dina hakékatna pasti miboga tujuan, kitu deui dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan aya udagan anu hayang dihontal. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan saperti ieu di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Ieu panalungtikan téh miboga tujuan umum, nya éta numuwuhkeun rasa reueus kana kabudayaan jeung ngariksa budaya tur kasenian nu aya di masarakat,
sarta maluruh ajén seni dina kasenian bénjang pikeun bahan pangajaran”Maca
Artikel” di SMA kelas XII.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun:
1) sajarah kasenian bénjang Paguron Lingga Buana;
2) prak-pkrakan kasenian bénjang dipagerakeun;
Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) bahan pangajaran ngeunaan ajén seni nu nyampak dina kasenian bénjang
pikeun bahan pangajaran “Maca Artikel” di SMA kelas XII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Salian miboga udagan, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat. Aya dua mangpaat dina ieu panalungtikan, nya éta mangpaat anu sipatna tioritis jeung mangpaat anu sifatna praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, panalungtikan ieu dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan kasenian anu dipimilik, sarta dihasilkeun ku masarakat Kabupatén Bandung.
1.4.2 Mangpaat Praktis
1) Panalungtik
Ngaliwatan ieu panalungtikan, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan, hususna kasenian bénjang nu aya di Paguron Seni Bénjang Lingga Buana di Kampung Pasir Luhur RT 01/RW 04 Désa Cipanjalu, Kacamatan Ciléngkrang, Kabupatén Bandung.
2) Masarakat
Panalungtikan ieu bisa muka wawasan masarakat, bisa nambahan pangaweruh salaku hiji pintonan anu unik, sarta sangkan masarakat bisa leuwih ngaraksa jeung ngariksa kana kasenian bénjang.
3) Guru
Ngaliwatan ieu panalungtikan, guru bisa nyusun bahan ajar pikeun alternatif bahan pangajaran, contona pangajaran maca artikel ngeunaan kabudayaan.
4) Siswa
Arlindi Pertiwi, 2016
AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.5Struktur Organisasi
Ieu skripsi disusun jadi lima bab nya éta Bab I, Bab II,Bab III, Bab IV jeung Bab V.
Bab I. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis jeung struktur organisasi.
Bab II. Ieu bab eusina mangrupa kajian ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung masalah panalungtikan, ti mimiti wangenan kabudayaan, wangenan kasenian, fungsi kasenian, ma’na seni, kasenian bénjang, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tiori jeung raraga mikir.
Bab III. Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu digunakeun dina panalungtikan anu ngawengku désain panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.
Bab VI. Eusina mangrupa analisis data nu patalina jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan sarta pedaran hasil analisis nu dipatalikeun jeung tiori.